The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by widya pustaka SMP Negeri 5 melaya, 2021-03-09 01:23:38

Dongeng 2 sasakala

cerita rakyat

Keywords: #ebook#dongengsasakala

$ __PNRI

$ . . ._~ PNRI



Dongeng-dongeng
SASAKALA

Djilid 3

KmgIn9'~

R. SATJADIBRATA

P.N. Balai Pustakn

DJAKARTA 1966

$~ PNRJ . . ._

Dikaluarkcun ku:
P.N. Dalai PUitaka

Ditjitak ku:
Dalai Pustaka
B P No. 1579
Halt nu ngarang ditangtajungan ku Undang2

Gambar kulit: Ire Maaruf

~ PNRI $...:J_

EUSINA

Bubuka: 7

1. Talaga Bagendit 11
2. Tjiudjung djeung ~jiberang
3. Tubuj 14
4. Palabuan Ratu
5. Sunjaragi 22
6. Tjurug Tjaweni 29
7. Djanurkuning 32
8. Toradja 35
9. Borobudur 39
10. Minangkabow 43
II. Kota Pontianak 47
12. Dorna tanpadaksa 52
13. Basa djadi rupa2 55
14. Tjai laut djadi asin 61
15. Mantup 67
16. Munding nurut ka djelema 70
17. Badjing Selong 74
18. Pulo Djawa tata-tengtrem 77
80
85

$~ PNRI . . ._

19. .. ralaju Tandjung 83
92
20. Buda 96
21. Dulur tilu djadi monjet 103
110
22. Rawa Djawura 115
23. 1ataram 121
24. Topeng 125
25. Pasir Kudjang 129
26. Artja Putri Badariah 132
27. Tampaksiring
28. Huaplingkung

~ ~PNRI ..... _

BUBUKA

aon bedana donge~g cljeung tjarita? Bi-
asana ketjap2 nu beda pokpokanana, tangtu
hartina ge beda. Tapi racljeun aja ketjap2 nu
sarua pokpokanana, arti hartina mah becla.
Sabalikna aja ketjap2 nu hecla pokpokanana,
ari hartina sarua, atawa aja oge ketjap nu pok-
pokanana hecla, hartina meh sarua, seperti:
milang - ngitung, baraja-dulur, ulah - entong,
meunang- beunang, kawas-djiga djeung 5a-
terusna. Tah ketjap2 nu kitu, ajeuna mah
dipakena pasclup hae. Ketjap2 dongeng djeu~g
tjarita ge sakapeung sok matak samar hartina.
Kolot anu mapatahan sok discbut ngadongeng-
an, sanadjan teu make dongeng.

Sakur nu ditjaritakeun, disebutna tjarita.
Ari tjarita pamohalan dischut dongeng. Ba-
heula mah memeh sare sore2 hiasana nini2
sok mangdongengkeun ka barudak, m~nangka
atikan kalemcsan budi atawa kasosialan djeung
kadjudjuran. Dina kasusastran Sunda djaman
ajeuna, dongeng2 teh di-pasing2 djadi rupa2

7

$- PNRI 6p __..

golongan, nja eta: dongeng tuladan, dongeng
Sakadang Peutjang, dongeng Si Kabajan.
dongeng Abunawas, dongeng gugujon djeung
dongeng Sasakala.

Ari ls.etjap "sasakala" kira2 asalna rnah:
Sasakala:le Djaman Saka = Djarnan Baheula.-
tapi ajeuna geus rabah harti. Uparna aja nu
ngomong: "Nu matak utjing djeung andjirtg
teu daek lajeut, eta teh aja sasakalana = aja
asal-muasalna. Dongeng2 sasakala henteu sa-
eutik, saTta beunang didjieun dua bagian:
Kahidji dongeng2 sasatoan, kaduana dangeng
kaajaan alamo Dongeng2 sasakala teh lalabana
dongeng baheula, upamana: sasakala Gu-
nung Tangkubanparahu, sasakala Artjadamas
djeung saterusna. Aja age nu teu beunang
disebut dongeng baheula, malah sa-cnja2na
lain dongeng, sabab kaasup sedjarah, saperti :
Rantjadarah, Tjadas Pangeran, Tegalwangi
djueng saterusna. Tjindekna mah sasakala=asal
muasal = sebab tina sarupaning kadjadian.

Sakuliah dunja age teu kurang ngaran tern-
pat djeung saterusna nu aja sasakalana, upama:
Tandjung Pangharepan, Tg. Guardafui, SNat
Babel Mandeb, SNat Djabaltar (Gibraltar),

8

~ ~PNRI ............

Pulo Ladronen, Rio de Janoiro, Pula Vuur-
land djeung saterusna.

Keur simkuring budak keneh, barang njaho,
jen aja kota nu ngarana Pontianak, geus nga-
rasa panasaran, boa2 pontianak teh sarua
djeung kuntianak. Ajeuna geus kanjahoan,
jen ~nja kitu, malah dina ieu buku ditjarita-
keun sasakalana, nu matak eta kota dingaranall
Pontianak, nurutkeun dongeng urang dinjana,
lain fantasi simkuring. Di Sumatra aja dongeng
sasakala Minangkai:'owatawa Menangkabow.
Di Sulawesi aja dongeng sasakala Dano Poso.
Ari di Pulo Djawa mah komo di tanah Pasun-
dan, geus loba anu kapanggih rupa2 sasakala
teh.

Ngaran Pulo Putri oge tangtu aja sasaka-
lana tjuktjrukeun pamuda pamudi-Sunda anu
Progresip. Mun aja nu panasaran kana sasa-
kala Palabuan Ratu, dina ieu buku geus
diasupkeun.

Aja dongeng sasakala anu didjieun antjer2
atawana patokan : Naon anu disebut topeng?
Di dieu ditetelakeun, kumaha sasakalana,
kumaha kedokna, k'umaha dangdananana, ku-
maha igelna kumaha laguna djeung saterusna.
Engke urang bisa terang, nu kumaha ari to-

9

$~ PNRI . . ._

pcng nu Ilurutkeun antjerl . 'akitu pepekna
sasakala teh. Tjek saha dongeng2 sasakala
henteu sarua pentingna jeung dongeng2
mythologie?

S. di B.
DJatinegara, 11 ~Iei 1960

$ __~ PNRI

1. TALAGA B GENDIT

Di wewengkon Garut aja talaga nu ngaranna
kawentar ka mana2, nja eta Talaga Bagendit.
Katjida kadjodona teh. Saban poc, upadi poe
Ahad atawa poe pakantji, ramena teh luar
biasa. Ti nu deukcut ti nu djauh djeIema teh
munggah merul nu rek ngadon sukan2, babak-
kuna lalajaran.

Tjek s3sakalana mah, tjek dongcng nu sok
didongengkeun deui, eta Talaga Bagcndit
asal-muasalna kieu :

Baheula, geus rebuan taun ka tukang, aja

hidji rand:! beunghar kateIahn'L ~ T Endit.

leu teh saenjana mah menl~hna, da ngaranna
sadjati ITIah ji Bagendit. Manehna tch ka-
tjida pisan kumedna. Geus taja nu b:reuk
deui kana kakumcdanana. Salain ti pakatjar2-
ua mah tara aja anu larsup ka imahna. Estu-
ning lain babasan eta mah hirup njorangan
teh. Kadjaba ti teu aja nu ngawawuhan, ji
Endit teh memang djalma nunggul pinang,
geus teu kadang teu warga, hirupna tch estu

]1

$ . . ._~ PNRI

Dunggelis. Ari beungharna tea mah tetela.
Beh kebonna beh sawahna, imahna ge pang-
gedena di saltmbur eta mah. Turug2 ngahadja
mentjilkeun maneh, ngababakan di t~ngah
pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu
aja lain, ku bawaning embung tjampur djeung
babaturan, da sieun kasora tea. Teu kitu mah
atuh moal disebut mtdit.

Katjaturkeun keur usum panen, di ditu
di dieu tjeujah anu dibaruat. Ka sawah Nji
£ndit oge rea nu gatjong. Ari sarengse dibuat
djeung sanggeus parena dika-leuitkeun, saku-
maha tali paranti, ji Sndit njieun sidekah
ngondang Lebe djeullg sawutara tatangga.
Popolahna saniskara ku sorangan, teu aja nu
ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu
mantuan ngakut tuluj diondang, ngariung
tumpeng. Atuh anu ngariung teh nepi ka aja
ratusan, tapi sadia tumpcngna teu sabaraha,
_ - nepi -lea- ngan-sak()t~p -ge-us-oores, 9ari -ting-- - -
karepat keneh.

Keur meudjeuhna balaketjrakan, solong-
krong aja aki2 bongkok nu njampeurkeun.
Ku pribumi teu ditari teu ditakon, nja pok
aki2 waleh, jen teu kawawa lapar, sugan aja

lih piwelas. Ana gantawang teh Nji :Bndit

12

$~ PNRI ....,__

et njarekan, njeklek-njeklekkeun , padjarkeun
teh taja kaera, teu ngahutang gawe, menta
bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki2
dititah .njingkah. Tjilldekna mah geus lain
pitjaritaeun.

Aki2 indit bari djemarigdjeug, bangun teu
nangan. ~1emeh indit manchna ngomong
kieu: "Sagala ge boh ka nu hade boh ka nu
goreng, moal taja wawalesna."

Ngomongna kitu teh kasaksian ku sakur nu
aja di dinja.

Sarengsena nu dalahar tuluj amit rek baralik.
Kakara ge patinglaleos, rugreg ngarandeg,
sabab aja nu tinggarero: "Tjaah! tjaah!
tjenah.

Henteu kanjahoan deui ti mana datangna
tjai, ngan leh bae pakarangan.

ji BDdlt teh geus kakeueum. Atuh katjida
ributna, djalma2 geus teu inget ka diri batur,
asal salamet dirina bae. Nji Endit oge nja kitu,
niat rek njingkirkeun tjai, tapi barang kaluar
pisan ti imahna, tjai teh nepi ka lir ombak laut
tinggaruling ka palebah Nji Bndit. Imahna
terus kakeueum meh laput.

ji :Bndit angkleung-angkleungan, bari sa-
tungtung bisa mah teu weleh2 sasambat menta

13

~ $PNRI ..,.,......

tulung. Tapi h"nteu kungsi lila djep bae dj~m
pc, sihorcng gcus tik~rel~p. Imahna ge geus
teu tembong. Sumawonna sawahna nu upluk-
aplak geus aja di dasar tjai. Lembur sakuriling
bungking geus salin rupa djadi talaga, anu
nepi ka ajeuna disebut Talaga Bagendit tea.

2. TJIUDJU G D]EU G TJIBERANG

Sababaraha abad memeh lahir Nabi !sa
di Hoewajang aja hidji radja kagungan putra
pameg~t anu katelah Pa Udjung, sabab ka-
wentar pinter udjungan. Djaba ti kana udjung-
an aja deui kalang~nan putra Radja Hoewa-
jang teh, njata kana bubudjeng

Ari dina hidji poe Pa Udjung ngempClkeun
para pamatang djeung rentjang~, rek bubu-
dj ng ka leu w ung Tjakrabuana. anggeus
samakta Pa djung nitih kuda, diaping ku
scnapati anu sarakti, diobeng ku para gegeden,
diasuh ku para dukun nu l~pus. Bring aleutan
ti nagara lir anu rek mapag musuh. Teu ka-
tjatur di djalanna, tjaturkeun geus andjog ka-
nu didjugdjug. G ~r ngamimitian ngandjingan.

14

.$ __~ PNRJ

Sato lcuweung ting belcsat lalulnpatan rareu-
waseun, ngadenge ragegna andjing djcung
tingsorowokna pamatang.

Sabot kitu lar aja untjal ranggah ngaJiwat
ka pajuneun Pa Udjung, SW mu .nu tjapecun
pisano Pa Udjung hcnteu talangke, enggaJ
ngagedig kudana, ngabeIfdig untjal anu djiga
limpeu, tapi barang diudag mah lumpatna
beuki tarik, ngan kudana geus biasa ngaberik
untjal, tungtungna kasusul oge. Bawaning ku
sieun lapur, Pa U djung luntjat tina kudana,
kersana rek newak untjal. Tapi aneh, untjal
teh b.arita kcnch les bae leungit tanpa lebih
ilang taupa karana.

Pa Udjung ngaraos hemeng, turug2 geus
djauh pisan ti rcntjang2na, mangkaning pa-
non poe gens tunggang gunung. Lila pisan
ngcmut2 pidjalaneun geusan mendakan ren-
tjang~na, ari panonpoe gcus reureupan.

Katjarita para pamatang anu teu barisa
njusul ka dunttngan, tungtungna teh tinglaliud
sa-batur2, g us kumpul di pasanggrahan bari
ngantosan ang Radjaputra. Maranchna ka-
tjida risieunana, bisi dunungan mcunang tjo-
nang tjotjoba, gawcna ngan tinghariul bari
pakumaha-kL,maha. Sabot kitu djol kuda tu-

15

~ ~PNRJ ... _

tunggangan datang, tapi kosong. Atuh kabeh
katjida heraneunana, nepi ka aja anu ragragan
tjipanon, bawaning bingung mikiran dunung-
an. Gantjangna ditareangan, diub~k didjero
leuweung, njarieun obor sapirang - pirang.
Sapeuting djeput disaksrak ka nu barala, di-
sungsi kanu saruni, tapi weleh teu aja urut2na
atjan. Barang braj beurang maranehna nga-
rasa perlu gantjang undjukan ka Radja, bring
arindit ti djero leuweung rek ka nagara bari
nga-muga2, susuganan Pa Udjung kapanggih
di djadjalanan.

Sadatangna ka nagara, terus bae maranehna
arundjukan ka Sang Radja, sakumaha anu
geus kadjadian di leuweung. Dasar Radja
pinandita, ngadangu putra leungit teh teu aja
riuk2na, ngan njaurkeun, jen geus kitu kersa-
ning Maha Kuwasa. Ti dinja mah gantjang
bae abdi2 teh baralik ka sa-imah2na.

Katjarita Pa Udjung anu leuweung. Barang
reup peuting tereke1 andjeunna naek kana
tangkal kai, taki2 bisi aja sato galak. Sapeu-
peuting andjeunna teu jasa kulem, mantcng
meleng ka lang Agung, njuhunkeun ditang-
tajungan. Barang braj beurang kakara an-
djeunna lungsur, tuluj angkat bari samar anu

16

~ PNRI.$ ....._

disedja, wantuning kasarung tea. Beuki beu-
rang beuki beurang, lila2 djog hae andjeunna
andjog ka hidji talaga anu kadjida gedena,
tjaina herang ngagenjas. Andjeunna ngadeg
sisi talaga bari ningalikeun lauk warna2• Sabot
kitu andjeunna teh ningali parahu lapat2 ma-
dju ti tengah talaga nudju ka lcbah andjeunna.
Ku lantaran henteu sidik, saha nu tumpak
parahu, gantjang andjeunna njalingker ka
tukangeun tangkal kai anu gede bari njerang-
keun. Eta parahu beuki lila beuki deukeut,
djeung tetela anu tumpakna teh istri geulis lir
widadari turun ti langit. Kakara andjeunna
teteg manahna, emutanana piraku ari istri
mah ngagunasika. Tuluj bae ngadcg deui sisi
talaga, kawas anu mapag tatamu. Ari parahu
geus deukeut pisan, Pa Udjung teh nga-wani2-
keun a'ndjeun, naros ka nu anjar sumping,
saurna: "Mugi henteu djadi bendu, bade
naroskeun djenengan".

Walonna : "Engke heula. Kaula rek nanja
heula. Andjeun njaho, sana anu ngageugeuh
ieu talaga? Bisi andjeun henteu terang, ieu
talaga digeugeuh ku Radja Djin, bapa kaula.
Naha andjeun kumawani datang ka dieu?"

Pa Udjung rada reu'waseun. Tapi tina teu

Dongeoa-donaena Sisakala 2 17

$ __~ PNRI

aja maksud nu goreng, andjeuna teu pisan
rentag. Tuluj bae njarioskeun lalakonna, jen
rek bubudjeng tapi kas!lrung, teu uninga di
djalan pimul'heun. alaI njuhunkeun ditu-
duhkeun djalan sorangeun.

Walon putri djin: "Kaula menta tempo,
rek undjukan heula ka bapa. Isuk2 haneut
mojan kaula ka dieu. Sanggeus kitu, parahuna
diboseh deui terus njuruwuk ka tengah. Mi-
nangka amitanana ka nu dikantun, ngan ukur
imut saeutik, djiga pisan nu tahan harga.

Saur Pa U djung djeroDing manah: "leu

djClema geulisna taja tandingna, ngan han-

djakal rada tungi. Tapi sageuj lamun imutna
taja hartina. Matak naon lamun ku aing di-
lamar? Lalaki mah ngan ditampa djeung di-
tampik" .

Teu m tjag tina djangdjina. Isukna anu
geulis teh kurujung deui dina parahu, diiring
ku tilu pameget anu saregut. Sauran~ ti nu
tiluan tea handjat ka darat, njarioskeun jen
Pa Udjung disaur ku Sang Radja Djin, kudu
ngiring kana parahu. Pa Udjung utttung2an,
itung2 nambahan luang, teu rion deui, tjlak
bae kana parahu. Teu katjatur di djalanna,
katjaturkeun gens nepi bae ka karatan Kadji-

18

~ PNRI$ ..._

nan. Ku Radja Djin Pa Udjung teh dipiwarang
njario8keun lalakonna. arabat bae ditjarios-
keun ti awal nepi ka achir, gemet taja nu ka-
liwat. Piundjultna ditungtungan ka panuhun
njuhunkeun ditampi djadi eusi bumi, hisi Tji
Putri teu· atjan aja gandekna.

Saur Radja Djin: "Maksud maneh geUJ
kaharti. Lain hajang djadi gandek, maneh teh
aja pikiran ka anak kami. Ngan handjakal
anak kami teh geus boga papatjangan ka sa8a-
rna djin deui, kakasihna Sangiang Berang.
Tapi kami saenjana hajang minantu ka manu-
sa: Sumawonna ka diri maneh kami panudju
katjida. Saupama maneh sanggup, ku kami
rek diadukeun djeung Sangiang Berang, sarta
lamun maneh meunang, nja bakal djadi mi-
nantu kami. Kumaha sanggup?"

Tina sabab katjida kapintjutna Nji Putri,
Pa Udjung memeh ngadjawab, njaur lOeu
lebeting manah: "Lamun deh aing paeh.
Nja mending paeh, manan Putri teu kapimilik.
Lamun meunang aing bag~ja" . . .. Geus kitu
mah pok ngadjawab: "S"'dja ngiringan kana
pangersa."

"Ajeuna kieu", ~aur Radja Djio, "kami mere
tempo tudjuh poe. Ari kadalapan poena isuk2

19

bararig meletek srangenge ti dajeuh Hoewa-
jang maneh kudu lumpat nepi ka manggih ban-
dera di deukeut w.ngkal kondang. Tah dina
sawaktu reudjeung, Sangiang Berang oge kudu
lumpat ti tempat nu ditangtukeun anu sarna
djauhna kana tjiri pameunangan. Saha2 anu
pangheulana datang, tah nja eta anu meunang.
Pek ajeuna maneh peureum, sangkan bisa balik
heula, geusan njarita ka bapa maneh."

Reup Pa Udjung teh peureum. Ari braj
beunta, geus aja dinagarana, ditarangisan ku
rama djeung ku pangeusi karaton. Sanggeus
reureuh, pok Pa Udjung undjukan ka ramana,
.akumaha anu geu's dilakonan ku andjeunna.
Ibu ramana saruka galih, sarta tuluj njaur
dukun anu lepus, dipiwirang tapakur, sangkan
putrana hasil maksudna, ngarepok djeung
Putri Djin.

Barang nepi kana waktu nu geus ditetepkeun
tea, berebet bae Pa Udjung lumpat. Teu kungsi
- - -----lila- geus-- n-epi- ka- --±andjakan ~a-mbakbaja;- - -
Andjeuna ngaraos wegah njorang tandjakan
anu sakitu netekna;tuluj njandak djalan sedjen
ou henteu nandjak, tapi tangtu leuwih djauh.
Ku sabab eta kana djog andjog kana tjiri
pameunangan, bet geus njampak Sangiang

20

~ 6p-PNRI .......,..... ..... __

Berang, keur djalang-djeleng, bari muril2 ku-
miSe Sabi2 nu diutus ku Radja Djin oge kum-
pul di dinja. Sakumaha pihandjelueunana
Pa Udjung, ku urang geus katjipta. Andjeunna
asa ditipu, sabab Sangiang Berang mah tangtu
teu njorang tandjakan. Ari andjeunna memeh
njimpang ti ndjakan teh diselang ngarandeg
heula, lebah l~mbur nu ajeuna disebut Mandeg.

Teu kungsi lila burudul aleutan Putri anu
nitikan djampana. Barang lungsur tina djam-
pana, Putri teh tuluj dipangku djeung diga-
lentor papatjanganana, nja eta Sangiang
Berang.

Pa tJdjung teu antaparah, gabrug bae nga-
rantok Sangjang Berang. Der galungan, ~ilih
beubeutkeun silih bantingkeun, sarua gagah

rongkahna. Lila2 Sarighiang Berang teu tahan,

didjundjungkeun ku Pa Udjung, dibalangkeun
keuna kana awi bitung nepi ka rangkas, sarta ti
wangkid harita eta tempat ditelahkeun Rang-
kasbitung tug nepi ka kiwari.

Sangiang Berang rek dimangsakeun ku Pa
Udjung, kaburu diharalangan ku utusan Ra-
dja Djin, sarta terus ditetepkeun, jen Sangjang
Berang nu meunang Putri. Geus kitu mah tuluj
hae pipanganteneun teh di-iring-iringankeun

21

~PNRI $ ...-

nepi ka karaton Kadjinan. Pa Udjung mulih _
njalira ka nagarana, bari ngaraos sungkawa
ka-bina2•

Kersaning Anu Kawasa djalan urut lumpat
Pa Udjung djadi walungan anu katelah Tji-
udjung. Ari djalan urut lumpat Sangiang Be-
rang djadi Tjiberang. Eta dua ungan teh
ngahidjina teu djauh ti Rangkasbitung. Tjeuk
bedja mah tjai walungan Tjiudjung mah sala-
wasna kiruh, minangka djadi siloka kana ki-
ruhna rnanah Pa Udjung.

3. TUBUJ

Di Bantcn aja hidji lembur anu dingaranan
Tubuj. Tjek urang dinja mah "tubuj" teh
robahan tina mubuj, nu hartina sarua bae
djeung mubus, sabab tjenah di dinja teh tern-
pat mubus Sangiang Putjuk Umun, lantaran
eleh djadjaten ku Maulana HasanudlnL !l~

- - nJeoarlteun-agama [siam di- Banten. Pedara-

nana kaungel di handap ieu.
Djero waktu nu teu sabaraha lilana, geus

katjida lobana urang Banten nu anut Islam.
Diantarana panganut2 tea aja duaan nu ka-
tjida kadeuheusna, lantaran enja2 ta'atna

22

kana saniskara piwedjang Maulana Hasanudin,
nja eta Mas Djong djeung Agus Djo anu beu-
nang dingaranan dwitunggal, tina sabab ka-
tjida pisan lajeutna, sabata sarimbagan sabobot
sapihanean. Ari dina hidji poe eta anu duaan
teh undjukan ka Maulana Hasanudin, jen nu
djadi pupunden urang Banten, nja eta Ki
Adjar Putj Umun perIu disumpingan, ma-
lakmandar kersaeun anut Islam~ Moal aja
urang Banten nu teu daek anut Islam, saupa-
ma geus diidinan ku Putjuk UmUD, nu diang-
gap satengah dewa, malah djaba ka urang
Banten, ka urang Lampung oge pangaruhna
gede pisano Ari padumukanana Putjuk Umun
teh di Giripawana, pemahna di tutugan Gu-
nung Aseupan, deukeut ka sirah Tjilemer.

Ngadangu piundjuk nu djadi kapertjante-
nan, Maulana Hasanudin ngaraos bingah
katjida, tuluj djangdji dina waktu nu mustan
baris angkat ka Giripawana, ngalaksanakeun
panuhun dwitunggal. Ari dina hidji poe subuh2
Maulana Hasanudin djeung dwitunggal katut
piran'g2 pangiring ngaleut ka Giripawana.
Sangkan ulah torodjog ~tanpa larapan. aja
sawatara utusan nu dipiwirang tiheula ngi-
beran ka Ki Adjar Putjuk Umun.

23

~ PNRI 6p ....._

Sadatangna eta utusan, gantjang a~u ka-
gungan bumi tatan2, sajagi nampi tatamu
agung, sa-aja2 di kampung. Atuh dina sum-
pingna teh Maulana Hasanudin ngaraos BU-
gema pisan, reh pribumi taja pisan kutjiwana,
someah hade ka semah.

Sanggeus silih bageakeun, tatamu djeung
pribumi teh tuluj tjaralik, sarta tuluj tuang
leueut sa-aja2 bari salasauran tanda mimitran.
Barang pribumi tumaros, aja pikersaeun naon
sadjatina, anu matak rurumpaheun kersa
sumping ka pagunungan, barabat ditjarios-
keun ku Maulana Hasanudin hal tudjuan
agama Islam, ditungtungan ku pangadjak,
sangkan Adjar Putjuk Umun luntur galih,
kersa lebet agama Islam.

Satamatna Maulana Hasanudin sasauran,
ditema ku Putjuk Umun, nganuhunkeun kana
kasaenan manah tatamu, ngadjak kana djalan
- - -kasatameta-n-dunJa-alierat. Ngan perkara anut
Islam, andjeunna njuhunkeun tempo, rek nga-
manah2 heula. Babakuna andjeunna teh ho-
jongeun ningali heula kasaktian Maulana
Hasanudin. Kieu saurna: "Ajeuna mah sae
mulih heula hae. Genep dinten katudjluhna

24

* $PNRI .......-..

geura sumping deui kadieu. Tangtos kuring
parantos gaduh pamadegan anu pasti".

Enggal bae Maulana Hasanudin saren-
tjangna marulih, sarta djangdji rek sumping
deui ka Giripawana dina poe anu geus di-
tangtukeun tea.

Katjarita dina waktu Maulana Hasanu-
din sarentjangna sarumping dew, Putjuk U-
mun henteu aja dibumina. Tjek badegana
geus maot. Tuluj bae tatamu teh didjadjap-
keun ka kuburan, sabab Maulana Hasanu-
din hojongeun djarah.

Barang sumping ka kuburan, Maulana
Hasanudin nepak makam bari saurna: "He
makam! tjaba ngomomg. Naha enja ieu teh
makam Adjar Putjuk Umun atawa lain?U

Harita keneh didjero makam aja nu ngo-
mong, pokna: "leu teh taneuh diurugan bae,
sanes makam. i Adjar Putjuk Umun mah
itu di lebak, keur njieun sumur.u

Tidinja tatamu teh kabeh ngaleut ka lebak,
rek ngabuktikeun saara gaib tea. Sihoreng
enja Putjuk U mun kasondong aja di lebak
keur ngadamel sumur tea. Ku Nlaulana Ha-
sanudin ditaros, naon maksudna pang-
njieun sumur didinja, wal6nna: "Ongkoh eng- •

25

~ PNRI 6p ....._

ke lamun kuring anut Islam kudu salat. Me-
meh salat kudu wulu. Tja di sumur ieu wuluna.
Saparantos njieun sumur rek njieun masdjid.
Ajeuna kuring ulah diganggu. Anggur gera-
marulih bae. Genep dinten katudjuhna sa
rumping deui kadieu."

Maulana Hasanudin moal eleh ku atah2,
wantuning genteng kadekna legok tapakna,
tur tindakan Putjuk Umun teu aja pisan njen-
tugna kana manahna, atuh diajonan bae
sakahojongna. Gantjangna pek uluk salam,
tuluj mulih sarentjangna. Heuleut genep
poe sarumping deui. Putjuk Umun teu ka-
sampak deui bae dibumina, keur angkat ka
Pasir Gotra. Ku Maulana Hasanudin diausul,

kasondong keur senang2 dipasanggrahan. Ta-

tamu naros, naon kersana numatak aja didi-
nja. Diwalon ku nu ditaros, jen keur ngareui-
reuhkeun palaj, sarta heuleut genep poe deui.
andjeuna baris aja dibumi, nganto8 tatamu.
- - - Bina- wntu -Mautaria- MasanuQin -sum-: - -

ping deui, Putjuk Umun teu kasondong deui
bae, sabab angkat ka Gunung Pulosari, njan-
dak kanteh katut pakara sapuratina. Harita
keneh disusul sarta ditaros ku Maulana Ha-

sanudin. Putj uk Umun ngawalonna bari .e-

26

~ PNRI$ __

mu s~nang pisan, sakitu katingalieun, jen
tatamu katjida semu palajna, nandjak sakitu
luhutna. Kieu lahirna: "Kaula arek ninun,
hajang boga samping poleng paranti salat,
lamun engke geus asup Islam".

Sanggeus sasauran kitu, les 'Putjuk Umun
teh leungit tarlpa lebih ilal}g tanpa karana.
Teu kungsi lila bet muntjui di Gunung Pajung
(Udjung Kulon), gugupaj djeung ngagoro-
wok sangkan disusul. Tapi ari geus kasusul
ku Maulana H'asanudin, leg deui bae leungit.
Gorowok bari gugupaj di Pulo Panaitan.
Disu8ul deui les deui. Teu lila gorowok deui
lebah Samangka (Lampung). Disusul deui
les deui, gorowok deui di Bangkaulu, geus
kitu batik deui ka Tulangbawang (Lam-
pung) . Maulana Hasanudin teu weleh nju-
,uI2• Di Tulangbawang badami. Putjuk Umun
rek ka Giripawarla deui, sarta heuleut g ~p
poe rek gempungan djeung para adjar di sa-
kuliah Banten, sangkan djedjeg djumlah para
adjar tea dalapan puluh. Maulana Hasa-
nndin disuhunkeun, supaja kersa ngaln'uhan
eta gempungan.

27

-$ . . ._>$. PNRI

Gantjangna tjarita bae gempungan geus

diajakeun. Sanggeus kumpul para adjar djeung

geus sumping Maulana Hasanudin, Putjuk

Umu n sasauran, njarioskeun jen aja agama

anjar nu disebut agama Islam, njembah ka

Batara Tunggal nu digebut Gusti Allah, djeung

pertjaja ka nu djadi utusanana, nja eta Kang-

djeng Nabi Muhamad. Sanggeus kitu para

adjar dipariksa, kumaha pamadeganana. Para

adjar ngawalonna saur manuk, jen ngiringan

lapangersa Sangjang Putjuk Umun. •

"Ajeuna kieu bae," pilahir Putjuk Urn un

teh. "Maulana Hasantidin ku kaula rek diadjak

ngadu hajam. Saha nu hajamna rneunang,

eta nu djaja. Sabalikna eta nu apes."

Teu kungsi lila der bae ngadu hajam. Mimi-

tina katjida pisan ramena. Hajam sarua kuat-

na, sHih patjok sHih bintih, taja nu mundur.

Lila2 hajam Putjuk U mUll limpeu. Dipatjok

lebah huluna, ngeok sarta terus rubuh teu

menjat deui."

Putjuk Umun sasauran: "Dulur-dulur! Ku

arandjeun geus kasaksian, jen nu djaja Man-

lana Hasanudin, nja eta nu baris njebarkeun

agama Islam di Banien. Ku sabab eta, ka-

ula moal ngahalang-halang, saupama aran-

28

~ ~PNRI __

djeun rek asup Islam. Ngan kaula pribadi
henteu wasa ngalesotkeun tjetjekelan para ka-
rohun. Ajeuna kaula rek Duturkeun aran-
djeuna nu geus taja dikieuna. Muga2 arandjeun
mangka salamet."

Harita ge les Putjuk Umun teh leungit,
henteu djauh ti tegal papak sampalan badak
atawa tegal Lantjar, lebah lembur nu disebut
Tubuj tea.

4. PALABUAN RATU

Dina babad Bogar ditjaritakeun, jen Sang
Prabu Lutungkasarung sanggeus nikah djeung

ji Putri Purbasari, geus djadi satria deui nu
djenengan Guruminda Kahiangan, andjeunna
teh miwarang njieun wawangunan di lebah
b~ung~anK~~eu~wwaran~~~m~_ _
(kebon bubuahan) di lebah kampung Tadjur,
sisi djalan nu ti Bogor ka Tjiawi. Ti harita
andjeunna teh bumen2 di Wangun tea, sarta
ngagentos djenengan djadi Maharadja Prabu
Anggalarang.

Teu kungsi lila Sang Prabu Anggalarang

29

$~ PNRI . . ._

teh ngalih ka Pakuan Padjadjaran lebah Batu-
tulis ajeuna. Prameswari Purbasari harita
hobot, ari tjarogena amit rek ngabagawan.
Purbasari hojongeun ngiring, tapi teu dilak-
sanakeun, lantaran nu tatapa mah teu meu-
nang njandak istri. Purbasari henteu maksa.
Ari Prabu Anggalarang terus ngabagawan bae
di patapan Gunung Padang, wewengkon Tji-
andjur.

_ u dikantun di karaton, barang nepi kana
mangsana, brol babar, putrana pameget, kaka-
sihna Raden Siliwangi, nu engkena sanggeus
sawawa ngalalana ka Sumedang, sarta di dinja
kagungan garwa ka . ji Raden Radjamantri,
bari ngagem gelaran Maharadja Prabu Sill-
wangi. Engkena andjeunna kagungan putra
nu katelah Maharadja Anom Mantri Sunda,
apuputra Sunan Pada, anu padjaratanna di
Pagerageung dcsa Karedok (Sumedang). Putra
istri Sunan Pada nu djenengan Gedeng Waru
- di-pigat-\ 'a-kn- Pangeran ---(jeusan -Ulun SU
medang.

Sige eta kotjap ki Djampang di Kadupan-
dak kagungan putra dua, nu djenengan GeIap
• jawang djeun()' Kidang Panandjung. Ki
Djampang katut putra-putrana arangkat ka

30

~ PNRI .$ . . ._....

Sumedang, sedja ulun kumawula ka Prabu
Sil~wangi. Tiluannana kamanah pisan ku
Sang Prabu, tina satria kumawulana tur aja
djadjatenna, beunang didjeun andelan.

Lila ti lila Sang Prabu Siliwangi teh ha-
jongeun mulih ka Pakuan Padjadjaran. Saba-
ba aha poe sasadiaan tjandakeun. Sanggeu8
samakta, bring bae andjeunna sarentjangna
djengkar ngantunkeun Sumedang. Putra Ki
Djampang tea age duanana teu tinggaleun,
lajeut pisan lir putra sakembaran, nepi ka
djenenganana sok di'iebut Purwakali, disa-
kalikeun, sabab salampah-lampahna sDk ba-
barengan bae.

AtIlgkatIia ti Sumedang teh Sang Prabu
Siliwangi madju ngidul tuluj nurutkeun Tji-
tannuj, djol bae Nusa Larang ( T usa Kam-
ba.tgan). Ti dinja ngambah lautan nudju ka
kulun. Ti lebah Unjung Genteng mengkol
ngill r, ngar watan muara Tjimandiri, tuluj
baJabuh sarta tuluj handjat ka daral. Ti
dinja kebat badarat ka Pakuan Padjadjaran.
Ti harita Sang Prabu Siliwangi njakrawati
di Padjadjaran, sarta karadjaannana tambah
madiu. Ti kulonna diwatcsan ku SeIat Sunda,

31

ti wetanna ku Tjipamali, ti kalerna ku Laut
Djawa, ti kidulna ku Lautan Hindia.

Ari tempat handjatna tea ti harita diteIah-

.keun Palabuan Ratu tug nepi ka kiwari.

5. SUNJARAGI

Lamun urang mapaj djalan ti Tjirebon ka
Kuningan, sanggeus ngaliwat karamat Dja-
bangbaji, rnanggih djalan simpangan ka beulah
kuton, nja eta djalan ka guha Sunjaragi, nu
djauhna ti dajeuh Tjirebon feh kira2 aja dua
satengah km.

Ari ngaran SuI1jaragi didjadikeun ku ketjap
8unja (sunia, suni, sirna) djeung ragi (raga).
Djadi atuh hartina Sunjaragi. teh = Sirnaraga.
Raga saha anu sirna? Batja bae tjarita di han-
dap ieu.

Eta guha baheulana paranti masamoan

WaH Sanga (sanga = salapan). Di tengahna

aja tembok anu dirupakeun medja. Deukeut
ka dinja, guha teh katjida njangkeredongna
aarupa torowongan. Tjek pakuntjen mw eta
teh djalan ka Mekah, ou 10k disorang ku

32

~ ~_PNRI .......

para wall tea. Tapi djaba ti eta ge loba deui _
-DU djiga torowongan teh. Ari si~i2 guha aja
rupa2 artja nu aralus. Ukiran-ukirannana,
Jdtu deui ukiran dina bilik guha tea katjida
matak res!pna. M rada heran oge, reh
gUlla teh dibagi-bagi di sawatara pangkeng.
Tjeuk pakuntjen, eta teh nja pangkult!man

para wall.
Di hareupeun eta gUlla aja halong, ari sisi

eta balong aja ad~gan. Tjeuk pakuntjeD, nja
dina eta ad~gan, para wall 10k ngadaram~l

kens.

An anu panganehna, nurutkeun tjarita

pakuntien, nja eta waktu aia pasamoan para
wall nu lu1uguan ku Seh Sjarif Hidajatullah.
Sanggeus hadir para wall nu dalapan, aran-
djeunna ngantosan heula Seh Lemah Abang

alias Seh Siti Djenar (lemab = siti = taneuh;

abang = djenar = heureum), nja eta wall al1U
henteu ngadjalankeun elmu sjara. Kan ~er·
- - -tjija anka-Uusti Allah mah--:- - - -

Tina lila diarantosan, tuluj bae Seh Lemah
Abang teh disusulan. Saur andjeunna ka DU
njusulan: "Teu aja Seh Lemah Abang di dieu
mah. Aja soteh Gusti Allah."

Nu njusulan balik deui, ngundjukkeun ka

DonpDI-dongeng Sasakala 3 33

$ __~ PNRI

sauran Seh Lemah Abang "kitu, ka Seh Sjarif
Hidajatullah.

"Ari kitu mah," saur Seh Sjarif Hidajatullah,
"haturkeun ka andjenna, Gusti Allah diIu-

lungsur."
Seh Lemah Abang ng walon deui, saurna:

.,Teu aja Gusti Allah, aja soteh Seh Lemah
Abang."

Utusan kuntieur deui, ngundjukkeun kasa-
uran kitu ka nu miwarang njusulan.

"Wajahna sakali deui," saur Seh Sjarif
Hidajatullah, "ajeuna mah anu dilulungsur
teh, nja Seh Lemah Abang nja Gusti Allah."

Dasar eta dipikahojong ti tadi, djeung gcUJ
nista madja utama, cnggal bae Seh Lcmah
Abang angkat ka pasamoan diiringkcun ku-
utusan.

D:na prungna babantenan, Seh Lemah
Abang teu gedog pangkon, ngedalkeun pa-
mad W gan, jen Gusti Allah tch aja di unggal
raga nu sutji. Djeung andjeunna pertjanten-
neun kana kakawasaan Gusti Allah. Ari tina
perkara maot, saur andjeuna nurutkeun adjal.

adjan djeIcma dipeuntjit, moal maot, ari
tatjan adjalna mah.

Ccusan ngabuktikeun kajakinannana, nu-

34

~ PNRI$ ....._

rutkeun usul para wali, Seh L~mah Abang
dipeuntjit, tapi maotna teu lila, djanggelek
djum~n~ g deui. Geus kitu dipeuntjit deui,

kara maot, da geus nepi kana adjal. Ku
abab getihna bodas, tuh Seh Lemah Abang
teh ku para waH disebut kapir. Harita keneh
g~tihna djadi beureum. Geus kitu para para
wali teh sasauran, jen djclema anu sutji, sok
ditjandak raga badagna ku Gusti TU Maha Su-
tji. Dadak sakala lajon. Seh Lemah Abang
teh Irs leungit tanpa lebih ilang tanpa kaTana.

Tah kitu sasakala anu matak eta guha di-
ngaranan Sunjarag;, nu hartina Simaraga,
tegesna tempat raga anu sirna atawa raga nu
leungit, nja eta raga Seh Lemah Abang alias

Seh Siti Djenar, Wallahu'alam!

G. TJURUG 1JA\VENI

Di wewcngkr n katjamatan Sagaranten ka-
wadanan Djampangtengah kabupaten Suka-
bumi, aja lembur anu disebut Tjidolog, sabab
kasorang ku walungan Tjidolog. Eta walungan
aja tjurugna nu katNah Tjurug Tjaweni, lan-

35

~ PAl 6p _ _

taran didi Ja aja artja batu nu manlYrl'l.-..a
ri geulis, nu disebut Putri Tjaweni.

Urang dinja rea nu apal kana dongeng ka-
ruhunna turon tum run, kumaha sasakalana
eta artja, nja eta tjenah djaman Padjadjaran
narldjung, aja putri ti karaton Tjirebon an
ditundung. Duka naon latarannana, henteu
aja nu nerangkeun. Wantuning anu prihatin,

putri teh angkat saparan-paran, li1a2 nja

nepi ka Tjidolog, sarta aja anu ngandeg, tu-
luj bae matuh didinja.

Tina kageulisanana, loba pisan djadjaka
anu kabongroj, tapi teu aja nu wani ngotjal2,
cia ngarana ge putri, turug2 sakti deuih, nepi
ka iasaeun njaatkeun sagara, nja eta hidji
teluk anu teu kotjap ngaranna, tapi djauh
njolok ka darat. Sanggeus eta sagara 9aat,
kamashur kamana-mana, lantaran loba nu
manggih inten, malah nelah djadi lembur Sa-
garainten ajeuna nja djadi katjamatan anu
kasebut diluhur.

Nadjan kasebut sakti ge, wantuning istri,
tur aja oge babadna, nja eta menak ti Padja-
djaran, tungtungna putri teh nikah, tapi ngan
sapeuting pisan, panganten 'henteu kungsi
sapatemon, kaburu tjaroge pupus. Teu kung-

36

~ PNRJ .6.$- _._

.i lila nikah deui ka menU Padjadjaran, tapi
kitu deui b e, ngan sapeuting papanganten
teu sapat~mon, djadi beunang ~utkeun
aja bagdja teu daulat. Unggal kagungan tja-
lOge ngan aapeuting2• Randa oge dis~butna
randa bearat, da angger tjawene keneh. Sang-
gens opat puluh kali tjarogean, putri sasat
njumpah andjeun, moal kersa kagungan
deui tjaroge, tuluj tapa di tjurug Tjidolog tea.
Teu katjatur sabaraha lilana tapa, ngan ka-
tjatur geus teu tuang leueut. Lila2 salirana
djadi artja, nu disarebut artja putri Tjaweni
tea, tug tepi ka ajeuna. Tjaweni teh meureun
maksudna tjawene, sakumaha nu geus ka-
ungel di luhur. Nu matak djadi tjaweni, nga..
tab ulah negel teuing, da anu djadi aetja teh
tina putri, istri nu kudu dihormat. Lamun
disebut tjawene, djadi asa kurang hormat,
nurutkeun rasa kasopanan urang mah.

Eta artja tempatna teh deukeut pisan kana
tjurug, larta teu aja eureuna sok katjeretan,
tapi aneh bet teu lukutan, katinggalna tetep
~rsih rada bodas. Ari ditukangeun aetja aja
guha, urut tatapa Putri Tjaweni. Rea keneh
nu pertjaja, madjar didj~ro guha teh aja naga.
Radjeun aja nu hajang njaho kana artja djeung

$~ PNRI _ 31

guhana, tapi kudu dibarengan ku anu djaeli
kuntjen. Henteu aja nu wani datang ka dinja
sosoranganan.

Didjaman urang Djepang ngagalaksak eli
urang, radje~n oge soldadu2 Djepang dara-
tang ka deukeut tjurug bari ngaronda, sarta
neangan gahel-gaheleun, wantuning tjek ba-
rudak ge, ari s'oldadu Djepang teh keresepna
melak djarak djeung kaliki, keur harak loba
kabeuki. Maranehna meunang bedja, jen di-
guha aja naga, nu ngadjaga artja Putri Tja-
weni tea.

D~antara eta soldadu2 aja anu teu pertja-
ja kana bedja nu kitu teh, sarta meureun
hajangeun nembongkettn wawanen, da ra-
sana teu aja kasieun tea. 1anehna turun
orangan kana tjurug, n:pi kan:l lebah artja
Putri Tjaweni. Tidlnja teu antaparah, dor
artja teh dibcdil, tapi teu keuna. gabedilna
hehteu mindo, sabab manehna ngarasa lieur,
gegeroan menta tulung ka baturna, tuluj atuh
diparajang ku baturna dibawa ka baledesa.
Teu kungsi lila nu gering teh molotot, nepi

ka narongtot panona duanana. Geus kitu pek

tjalangap henteu bisa balem deui. Ari letahna
geus lain nge1el deui, ieu mah ngulur beuki

sa

~PNRI $ ............

pandjang-beuki pandjang tur baloboran getih.
Tungtungna teu usik deui, balik ngaran ka
nagarana. Tah' kilu tjek nu njarita, nu
p~rtjaja kana kaangkeranana eta artja Putri

Tjaw~ni.

Wallahu'alam bissawab !

7. DJANURKUNING

'Anu di~ebut djanur teh nja eta putjuk ka·
tapa. Djanurkun.ing hartina putjuk kalapa
nu koneng keneh. Tapi panakawan ·di kraton
Djawa sok marake "djanurkuning" dina pun-
dukna, sarta tungtungna duanana dihidji.
keun di lebah dada. Tah djanurkuning eta
minangka tironan putjuk kalapa. Tina hal
eta urang tjaritakeun deui engke.

Lamun aja karamean geus biasa di Pasun.
dan ge sok ngagunakeun putj uk kala pa, mi-

nangka perhiasan babndongan djeng sate-
rusna. Ajeuna urang pedar sasakalana.

Tjarita Nji Lara Kidul geus moal aja nu
bireuk. Bisa djadi ajeuna ge loba keneh nu
pertjaja, jen eta teh Ratu SHuman nu nga-

~ PNRI 6p _ _ 39

guegeuh Laut Kidul (Lautan Hindia). UrJDg
Djawa loba oge nu p!rtjaja, jen Nji Lara Ki-
dul teh djadi prameswari rasiah Radja Ma-

taram, tur 10k lumping ka Mataram, minang-
Ita nohonan papantjen DU djadi garwa b. tja-
ragena. Djadi istri anu kilir ka pameget. Da
lamun Radja Mataram nu kudu kilir, atuh
meureun kudu angkat ka dasar iaut, nja eta
tempat karaton ji Lara Kidul.

Lamun sumping ka Mataram, andjeuna
sok njandak balad sapirang-pirang. Ari sum-
pingna dina saban bulan purnama. Bedjana
10k kadarenge ti kadjauhan ngaguruh kawas
hudjan silantal1g. Mun geus deukeut sok ka-
denge ngagurudug sora kareta nu ditarik ku
kuda genep pasang. Tapi kabeh ngan ka-
denge sorana bae, wantuning siluman tea.
Ari ku Radja Mataram mah katingal.ijeun.
Andjeuna ngantosanana di munara nu d~ebut
Sangga Buana, nja eta tempat oleng pangan-

ten.

Sapeuting eta abdi2 taja nu sare. Kabeh
panto djeung djandela dibaruka, njareungeut
damar saboga-boga, minangka ngahormat ka
pupundenna nu tepang sono.

Hidji mangsa waktu Njl Lara Kidul ka-

40

kara handja~ di builir, bdi2 eli dinja 10

nu djahat. Andjeuna teh mi g

baJadna ngahukum anu djarahat • Wan-
tuning sHuman tea, henteu bisa ngabedakeun
nu djahat djeung nu bageur, atub sakur nu
kapanggih dipaehan. ~resepna ka baru-
dak sengserang panon nu gareulis djeung nu
karasep. Nu beunang teh sok tu)uj bae eli-
djadikeun sHuman.

Kitu bae balad2 siluman teh sapandjang
djalan nepi ka dajeuh Mataram. Loba dje-
lema pating k~ pek, sabab ngarasa ditje-
kek beuheung ku leungeun anu ka~ida ku-
atna, nu teu katembong. Atuh di djero sa-
peuting nu hHang geus teu ka bHang,

Isukna abdi2 teh ngutus hidji kapertjajaan,
undjuk uninga ka Radja, jen geus kadjadi-
an kitu, tara2 ti sasari. Ku Sang Radja di-
tjarioskeun ka Nji Lara Kidul, nja eta nu geus
miwarang ngahukum abdi2 nu djarahat
tea.

"Ajeuna mah", saur Njai Lara Kidul, "pi-
keun tanda jen teu djahat, kudu ngongkojang-
keun djanurkuning, sangkan euweuh nu nga..
ganggu. Ti harita unggal2 bulan purnarna

~ PNRI 6p ....._ 41

urang Mataram 10k marake putjuk kalapa.
sangkan salamet.

Patali djeung kapertjajaan anu baheula,
jen mun aja karamean, sok aja djurig nu njili-
wari, aja siluman nu ngulajaban, nja tuluj
ilahar di mana2 sok ngagunakeun putjuk kala-
pa, diatur di-alus2, didjicun perhiasan djeung
sai barat tumbal, keur panjinglar dedemit nu
goreng peudjit.

Pikeun tanda kamadjuan dina rasa kaen-
dahan, eta putjuk kalapa teh tuluj diganti ku
pasmen rubak atawa buludru anu disuat.
djeung tungtungna duanana dirarawisan ku
gim, dipakena kawas daun kalapa baheula tea,
sarta disebutna age djanurkuning keneh bae.
Eta teh minangka tanda djadi panakawan eli
karatan. Panajagan karaton mah sok garinding
tur tambah surup ku kongkojang djanurkuning,
matak rcscp katingalna.
- - - - -srlSulfan~Ham~ngku-Buana IX waktu dju-
mencng Mantri Pertahanan, kungsi ngaluar-
keun pangumuman pikeun rajat nu ngaganggu
kaamanan, nu 10k njieun karusuhan, supaja
gantjang S'umerah diri ka nagara, ngeureunan
lampah dursila. Sarta nu babalik pikir nu rek
asup ka masarakat, kudu make djanurkuning

42

op __..$ PNRI

(putjuk kalapa biasa), minangka tanda. Anu
matak andjeunna marentah kitu, saperkara
teu h~e neangannana putjuk kalapa, kaduana
minangka pa-ngem ut2 ka nu baheula.

8. TORADJA

Di Sulawesi Tengah aja wewtngkon nu die
ngaranan Toradja. Anu matak eta tanah nga-
rana kitu, dongengna dipedar di handap ieu.

Djaman baheula teu katjarita, kumaha di-
sebutna wewengkon lebah dinja teh, ngan ka-
tjatur radjana bae sugih mukti beurat beung-
har, rea ketan rea keton teu aja anu mapakan.
Tapi djenengannana mah taja nu njaho. Ari
dina hidji poe eta radja ngersakeun siram di
talaga nu tjaina herang ngagenjas. Sakumaha
biasa bae memeh siram andjeunna mukaan
heula panganggo, sarta tuluj dilumbukkeun
sisi talaga, malah lclepenna oge, nja eta lelepen
emas matana mustika-asem dilaan, ditum-
pangkeun kana panganggo.

Sabot Radja nudju raos2 siram, aja hidji
budak lalaki ngaranna Toto, ngaliwat ka deu-

43

keut panganggo Radja. Ldepen Radja <Ii;jo-
kot ku eta budak, dipindahkeun ka pat

ledjen, larta tuluj manehna njumput ka tu-

kangeun tangkal kai.

San~geus siram tuluj Radja ngangg02 bar·
henteu weleh heran, reb lelepenna teu aja.
Kokotetengan andjeunna di lebah dinja, lele-
pen teh weleh teu kapendak bae. Sabot kitu
ret andjeunna ningali si Toto tea, tuluj budak
teh disaur, dipiwirang ngabantunan neangan
lelepenna. Eta budak api-api teu njabo bae,
rada lila neangan lelepen teb. Geus kitu mah
top lelepen ditjokot beri njebut "ieu geuning,H
sarta tuluj disanggahkeun ka nu kagung-
aD.

Radja katjida bingaheunana. Si Toto teh
ditjandak ka karaton, dipaparin kadaharan
nu ngareunah katut papakean nu aralus. Hari-

--- t-a-llIDUr--si--'f-oto- kira2- aja- opa-cweIai -tiliuD.- ---

Heweut sawatara taun ti harita aja hidji
sudagar beunghar datang, ngadeuheus ka
Radja, rek ngabuktikeun tjarita, madjar Radja
terus tingal weruh sadurung winarah. Suda-
gar teh mawa meri sadjodo keur djumantung,
tatjan katjiri bikang atawa djagona. Eta meri

~PNRI __

ana ditogentj u iteuk pandj nu
djung-puhun .

dipariba ku Radja, 8 daga teh
balaka bae, jen hajang njaho di kaJ'l·ttl~ran
Radja, wireh manehna pribadi teu un
ngabedakeun eta meri, djago atawa b· gna,
djeung iieukna teu katara udjung-puhuna.

Radja emut ka si Toto, tuluj disaur. Barang
datang, pek ku Radja disaurkeun, naon mak-
sud eta, sudagar, sarta lamun si Toto bisa
neguh, bakal meunang gandjaran kapaJ katut

~usina.

"Lain ti sudagar bae", saur Radja teh,
"kami oge arek ngagandjar ka maneh. Lamun
maneh bisa neguh, ali kami mustika asem nu
hargana tanpa wilangan; bakal dibikeun ka
maneh, malah maneh arek didjenengkeun
radja ngaganti kami. Sabalikna upama henteu
kateguh maneh baris diteukteuk beuheung".

Si Toto bati melengek, suka patjampur
djeung duka. Henteu pandjang piundjukna,
ngan njuhunkeun sarantos, bade mikir2 heula.
Gantjang bae manehna amit mundur. Sadja-
djalan manehna ngomong sorangan, pokna:
"Moal salah dosa aing njumputkeun lelepen
Radja, ku andjeunna geus kauninga. u matak

45

~ PNRI$ __

ajeuna aing baris dihukurn. Tapi batan di-
teukteuk beuheung, leuwih hade nguntjlung-
keun maneh ka laut. Paeh ge teu panasaran,
moal aja nu nendjokcun".

Gilig pisan pikir si Toto kitu teh. Teu ha-
jangeun balik ka imah, tuluj bae manehna
nudju ka laut, luluasan rck njieun poe bung-
luna. Datang2 ka basisir, tuluj manehna nga-

ahan, belrsat lumpat, brus ngagubruskeun
maneh. Pangirana tangtu titeuleum ka djcro
lau , sarta disantok ku hiu. Tapi rnanehna
hent u titeuleum, sabab tjai laut ngotjor nga-
rupakeun walungan. Si Toto kabawa palid ku
tjai laut nudju kana lpbah kapal bogana su-
dagar tea, keur balabuh rada beh tcngah. Dek
si Toto neumbag kapal, njah hac manehna
beunta. endjo kapal anu sakitu aluspa, rna-
nehna ngomong djeroning hate, boga rasa aja
bagdja teu daulat. Eta kapallain pimilikeuna-
na, da manehn3. taja petana b'sa neguh sualan
sudagar tea. Sabot kitu di kapal aja nu ngo-
mong, nanjakeun dunungannana, saudagar
tea. Diwalon ku nu saurang, jen sudagar keur
ngadeuheus ka Radja, rek naroskeun meri
mana anu djago djeung mana nu bikangna,
djeung naroskeun nu mana puhu iteukna.

6.

• PNRI ..,J.- ............

"Ah kabeh ge babari", tjek nu nanja teh .
.,Kumaha kitu? Da kuring mah teu njaho".
"Meri duanana kudu disina ngodjaj di tjai.
Mana l1U teuleum ti heula, tah nja eta djagona.
Iteuk ge nja kitu hae, kudu dikanatjaikeun.
Tangtu tungtungna nu hidji rada ngalelep,
da leuwih heurat. Tah eta nu leuwih heurat
tangtu puhuna".
Eta kabeh kadcngeeuan ku si Toto, tuluj hae
manehna ngodjai sakua -kuat, hajangeun geu-
ra undjukan ka Radja. Teu kotjap tjapena
ngodjaj, teu katjatur ngad;gd;gna ti basisir,
katjarila geus nepi hae ka karaton, tuluj un-
djukan ka Radja, sarta' gantjang didjalankeun
papatah nu tadi tea.
\Vantuning Radja baheula tara tjidra kana
djangdji. Harita kench si Toto didjungdjung
lungguh, dipasrahan karadjaan sapuratina.
Katjcluk ka a.wun2 kawentar ka mana2, si Toto
geus djencng radja scrta nelah Tc t':> Radja. Li-
la2 nagarana gc d:s -but 'Totoradja, tujul fO-
bah djadi Toradja tug n-pi ka kiwari.

9. BOROBUDUR
Dina buku tuduh-djalan "Picnic ke Sjurga

4-7

*' $PNRI ..._

Djawa Timur" karangan Njoo Cheong Seng
aja "Dongeng Borobudur" saperti di handap
leu:

Djaman baheula para dewa teh sok min-
deng lungsur ka martjapada (dunja) pikeun
memeres surgi rlu kum~lip dina hal kakurang-
anana. Nja kitu deui ti antara widadari2 di
kahiangan sok aja ou mikatjinta bangsa manu-
sa. Tjek sakeol para dewa nu nikah ka manum
teh sok nuruokeun bangsa buta (raksasa) nu
sarakti lir dewa atawa nurunkeun para baga-
wan nu laluhung adjianana.

Kotjapkeun di Djawa Tengah aja nu sakti
du~an, nu hidji putu Batara Brahma, ari nu hi-
dji deui anak raksasa. Anak raksasa teh pohara
njerieun hatena djeung sirikeunana ka putu B.
Brahma tea, sarta boga niat djahat (hasud) rek
ngaganggu eta putu Batara. Brahma ou geus
djadi bagawan linuhung. Ari eta sang bagawan
gens garwaan ka istri geuIis, sarta kagungan
putra istri hidji, nu geuiis kawanti-waoti endah
ka-bina2• Waktu anak raksasa nu rek ganggu
tea ningal kageulisanana, manehna teh djadi
kapintjut. Gantjangna tjarita, eta putri teh
dilamar, tapi ditolak ku ramana, sabab moal

48

. ' 6p .PNRI ~ ..... _


Click to View FlipBook Version