Panganteur Basa Sunda
Tujuan Pembelajaran
Unit Tujuan Pembelajaran
1 Setelah selesai mempelajari materi Permainan Tradisional peserta didik
dapat menceritakan kembali isi teks, menjelaskan jenis-jenis permainan,
menggunakan kalimat aktif dan pasif, menjelaskan tatacara pelaksanaan
permainan, dan mempraktikkan permainan tradisional.
2 Setelah selesai mempelajari materi Peristiwa dalam Kehidupan peserta
didik dapat menceritakan isi teks narasi, menentukan pokok pikiran
setiap paragraf, merangkum teks bacaan, menggunakan kata tanya, dan
menggunakan tanda baca dalam kalimat.
3 Setelah selesai mempelajari materi Hidup Rukun peserta didik dapat
menjelaskan unsur-unsur pupuh Wirangrong, menjelaskan isi pupuh
Wirangrong, menggunakan istilah hidup rukun dalam kalimat, dan
menyanyikan pupuh Wirangrong.
4 Setelah selesai mempelajari materi Kesehatan itu Penting peserta didik
dapat menceritakan isi teks percakapan, menggunakan istilah kesehatan
dalam kalimat, mengubah kalimat langsung menjadi tak langsung,
membuat cerita pendek sesuai gambar.
5 Setelah selesai mempelajari materi Bangga sebagai Bangsa Indonesia
peserta didik dapat menjelaskan isi kawih (syair), menggunakan istilah
geografi dalam kalimat, menggunakan imbuhan ka-an dan pang-na, dan
menyanyikan kawih Sabilulungan dan Katargan Pahlawan.
6 Setelah selesai mempelajari materi Memelihara Lingkungan peserta
didik dapat menjelaskan isi sajak, memparafesekan isi sajak menjadi
prosa, menggunakan kata denotatif dan kata konotatif dalam kalimat,
menggunakan kata berimbuhan dalam kalimat, dan mendeklamasikan
sajak.
9
Unit Tujuan Pembelajaran
7 Setelah selesai mempelajari materi Makanan Tradisional peserta didik
dapat menceritakan isi teks eksposisi, membuat kesimpulan dari teks
eksposisi, menjelaskan istilah dalam makanan tradisional, menyusun
kata acak menjadi kalimat sempurna, menjelaskan cara membuat
makanan tradisional.
8 Setelah selesai mempelajari materi Peristiwa Alam peserta didik dapat
menceritakan isi cerita pendek, menyimpulkan isi teks cerita pendek,
melengkapi kalimat dengan istilah peristiwa alam, membuat cerita
pendek sesuai gambar.
10 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Unit
1 Kaulinan Barudak
Kompetensi Dasar
3.1. Memahami teks deskripsi tentang kaulinan barudak yang menggunakan benda di
sekitar.
4.1. Memeragakan kaulinan barudak yang menggunakan benda di sekitar.
Indikator
3.1.1. Menjelaskan isi teks deskripsi tentang kaulinan barudak.
3.1.3. Menunjukkan istilah kaulinan pada bacaan.
3.1.4. Menunjukkan kalimat aktif dalam bacaan.
3.1.5. Menjelaskan tata cara kaulinan berdasarkan bacaan secara kelompok.
3.1.6. Menjelaskan benda-benda di sekitar yang bisa dipergunakan sebagai alat kaulinan
barudak berdasarkan bacaan secara kelompok.
4.1.1. Meragakan kaulinan barudak yang menggunakan benda di sekitar secara
berkelompok yang mengutamakan kerja sama kaulinan gatrik.
Nilai Kemanusiaan
• Kerja sama.
• Sportivitas.
Urang Sunda boga rupa-rupa kaulinan barudak. Kaulinan barudak téh
ngandung rupa-rupa ajén kahirupan, di antarana waé, ajén hiburan, ajén
olahraga, jeung ajén masarakat. Ayeuna ogé hidep bakal diajar ngeunaan
kaulinan barudak.
11 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 11
Hayu Maca
Ieu di handap aya prak-prakan kaulinan oray-orayan. Pék geura baca
sing gemet, tuluy petakeun jeung babaturan!
Oray-Orayan
Barudak ngumpul limaan atawa genepan. Tuluy nguntuy bari nyekel taktak
babaturanana anu aya hareupeunana. Budak nu panghareupna jadi hulu oray, ari
nu pangtukangna jadi buntut oray. Geus kitu, leumpang ngénca jeung ngatuhu, nurutan
ngaléor siga oray. Bari luar-léor téh babarengan ngawih. Ari kawihna kieu:
Oray-orayan luar-léor mapay sawah entong ka
sawah paréna keur sedeng beukah Oray-
orayan luar-léor mapay leuwi
entong ka leuwi Di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan luar-léor mapay kebon entong
ka kebon, di kebon loba nu ngangon
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi anu mandina pandeuri
Budak nu jadi hulu oray tuluy ngudag-ngudag budak nu jadi buntut orayna bari
ngucapkeun “Kok, kok, kok…”. Lamun kacekel, budak nu jadi buntut oray pindah ka
hareup, sarta jadi hulu oray. Kitu jeung kitu saterusna.
Sumber: Wahyu Wibisana, 2000. Lima Abad Sastra Sunda
Pikeun maham eusi téks deskripsi di luhur, pék jawab ieu panalék
di handap ku jalan diskusi jeung babaturan!
1. Naon sababna kaulinan oray-orayan kudu lobaan?
2. Kumaha cara-carana ari kaulinan oray-orayan?
3. Naon sababna dina kaulinan oray-orayan kudu aya nu jadi huluna jeung
aya nu jadi buntutna?
4. Nyaritakeun naon eusi kakawihan oray-orayan téh?
12 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 12
5. Naon sababna kaulinan oray-orayan kudu luar-léor?
6. Keur naon tujuanana budak nu jadi hulu oray-orayan ngudag-ngudag
budak nu jadi buntutna?
7. Naha oray téh éntong ngaléor ka sawah?
8. Di mana cenah loba nu mandi téh?
9. Kumaha nurutkeun pamadegan hidep kaulinan oray-orayan téh?
10. Naon kacindekan téks bacaan di luhur téh?
Hayu Ngaregepkeun
Pék titénan rupa-rupa kaulinan barudak ieu di handap!
Rupa-rupa Kaulinan Barudak
Ngaran Kaulinan Pakakas/Alat
cingciripit dampal leungeun
béklen kuwuk, bal
bancakan gundukan bata/batu
boy-boyan genténg, bal kasti
galah asin gurat-gurat
gatrik potongan kai ukuran 30cm
bébénténgan batu bata/tihang/tangkal
alatna tina plastik/taneuh/kai
congklak aya 7x2 lombang
ubin leutik
engklék beling/pecahan kaca
ucing beling kepelan dampal leungeun
endog-edogan
13 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 13
Ngaran Kaulinan Pakakas/Alat
éncrak bal leutik jeung kewuk
sorodot gaplok batu
Cocogkeun kecap di luhur nu saluyu jeung ieu gambar di handap!
1. 2.
3. 4.
5. 6.
14 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 14
7. 8.
9. 10.
Hayu Nulis
• Kalimah aktip nyaéta kalimah anu subjéknya ngalakukeun pagawéan.
Conto kalimah aktip: Kuring meuli buku.
• Kalimah pasip nyaéta kalimah anu subjékna dipaké ku batur.
Conto kalimah pasif: Buku dibeuli ku kuring.
Conto: Barudak ngeusian kewuk kana lombang congklak. (Kalimah aktip)
Kewuk dieusikeun kana lombang congklak. (Kalimah pasip)
Latihan
Pigawé kawas conto di luhur!
1. Wati ngawurkeun kewuk ka luhur bari ngalungkeun bal.
2. Wati nyokotan kewuk nu acak-acakan.
15 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 15
3. Barudak ngalungkeun batu sina padeukeut-deukeut.
4. Toni nyimpen batu dina tonggong dampal suku.
5. Barudak ngagunakeun batu dina kaulinan éngklék.
Hayu Nulis
Prak-prakan dina kaulinan!
Di handap iyeu aya kaulinan anu dipikaresep ku barudak. Biasanya barudak
ulin di buruan. Kaulinan ieu téh sok diulinkeun ku loba jelma. Ku saba éta,
pék baca aya sabaraha rupa kaulinan di tanah Sunda.
1. Cing Ciripit
Kaulinan cing ciripit atawa sok aya ogé nu nyebut dingding kiripit. Ieu
kaulinan téh basajan pisan. Cukup ku tiluan atawa opatan tur carana
gampang. Salasaurang namprakkeun leungeun, ari nu séjénna neundeun
curuk kana dampal leungeun nu ditamprakkeun téa. Sanggeus kitu, nu
namprakkeun leungeun téh ngawih kieu.
Cing Ciripit
Cing ciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu paré
bulu paré seuseukeutna
jol pa dalang mawa wayang
jrék-jrék nong….
Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy
dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk téa. Saha-saha nu
kacapit curukna, jadi ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakkeun dampal
leungeun bari kakawihan “Cing Ciripit”.
16 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 16
2. Congklak
Congklak disebut kaulinan ku lantaran pakakas nu dipakéna ngarana
congklak. Ari congklak téh djieunna tina kai, panjangna kira-kira 40 cm,
lébarna kira-kira 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji, aya nu
sapuluh aya nu dua welas. Unggal logak dieusian ku kewuk, siki salak,
batu, jsté. Lobana tujuh siki. Cara ulinna piligenti, tepi ka siki congklak béak
(arasup kana logak indung).
3. Encrak
Éncrak téh kaulinan husus barudak awéwé. Parabot nu dipakéna bal leutik
jeung kewuk atawa tutup botol limun sababaraha hiji. Carana, kewuk
diawurkeun ka luhur bari ngalungkeun bal. Kewuk nu acak- acakan
téh kudu dicokotan hiji-hiji. Nyokotna henteu sagawayah, tapi kudu bari
ngalungkeun deui bal.
Waktu bal di luhur kewuk kudu geus kacokot. Lian ti éta, dina hiji bagian,
kewuk kudu diawurkeun sina pindah kana tonggong dampal leungeun,
dikaluhurkeun saeutik, terus dirawu (dicakep). Dina kaulinan éncrak
biasana diperlukeun batur duaan atawa tiluan.
4. Engke
Dina kaulinan éngklé téh digunakeun batu. Biasana baladan (duaan atawa
tiluan séwang). Carana, mimiti nyieun heula tanda dina taneuh (maké
rokrak, cangkang kerang, atawa tutup botol limun). Lian ti nyieun tanda,
kudu nyieun gurat sababaraha méter jauhna tina tanda. Ieu gurat téh
tempat caricing mun rék ngalungkeun batu.
Ari batu téh dialungkeun sina padeukeut-deukeut kana tanda. Sabaraha
urang nu pangdeukeutna kana tanda sabaraha urang anu jauh. Anu
deukeut jadi balad sarta pangheulana maén. Cara maénna nyaéta
batu disimpen dina tonggong dampal suku, dijungjungkeun saeutik
ka luhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka hareup pikeun diadukeun
(ditémbakkeun) kana batu musuh nu geus dipasang.
17 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 17
Prak ayeuna hidep nyarita di hareupeun kelas bari metakeun prak-
prakan kaulinan di luhur sacara kelompok
Petakeun Kaulinan di Handap!
Ambil-ambilan
Ilaharna kaulinan ambil-ambilan téh merlukeun réa batur. Kumaha prak-
prakanana ieu kaulinan téh? Dua urang pahareup-hareup, tuluy leungeunna pacekel-
cekel, bari rada dikaluhurkeun. Barudak nu séjénna ngantay bari silih cekel taktak.
Budak nu aya di tukang nyekel taktak budak nu aya di hareupeunana. Geus kitu,
barudak nu ngantay téa arasup ka kolong leungeun nu duaan, nu tadi leungeunna
geus pacekel-cekel téa. Kituna téh bari kakawihan. Kieu kakawihanana téh.
Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil Kuring
mah budak pahatu Purah
nutu purah ngéjo Purah
ngasakan baligo Purah
tunggu balé gedé
Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
Aya ubarna urat gunting sampuragé
Tiguling nyocolan dagé
Barudak anu arasup kana sela-sela leungeun nu duaan téh, tuluy aya nu
dikurungan ku leungeun. Budak nu kakurung ku leungeun, tuluy ditanya: “Rék milih
mana, bulan atawa béntang?” Ceuk nu duaan. Lamun némbal milih bulan, kudu
18 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 18
terus nyalingker ka Beulah katuhu. Lamun milih béntang, kudu nyalingker ka belah
kénca. Lamun nu ngaruntuy geus milih kabéh, boh kénca boh katuhu, gundukan
barudak belah kénca jeung gundukan barudak beulah katuhu, tuluy pacekel-cekel
jeung silih betot. Barudak nu kabetot disebut éléh sarta sok terus dibawa lumpat.
Ku lantaran barudak téh ngagunduk dumasar pilihan jawaban bulan atawa béntang,
kaulinan ambil-ambilan téh disebut ogé kaulinan “Bulan Béntang”.
Kamus Alit
Kecap Sunda Harti
ngatry Indonesia
nguntuy
taktak berderet
mapay
ngaléor bagian luhur puhu lengen pundak
Sedeng beukah
beukah ngaliwatan menyusuri
leuwi
ngangon indit keur oray pergi (ular)
teuleum beuneur berisi (untuk padi)
pandeuri
tonggong ngembang mengembang
namprakkeun
piligenti walungan sungai
sagawayah
balad nalingakeun sato nu menggembalakan
ngantay dikencarkeun
purah
nyalingker ngalelep menyelam
kacugak
kaliagé tungtung paling belakang
ngéjo
bagian tukang awak punggung
nadahkeun leungeun menadahkan tangan
silih ganti bergantian
sangeunahna sembarangan
sobat sahabat
nguntuy berderet
pagawéan mengerjakan
nyumput sembunyi
katojos tertusuk
tangkal pohon
nyangu menanak nasi
19 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 19
Lenyepaneun x
x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Mun ulin leuwih hadé sosorangan waé.
2 Kaulinan barudak téh teu kudu diulinkeun.
3 Kaulinan barudak téh kudu dimumulé.
4 Mun ulin jeung babaturan kudu alakur.
Paniatan ka Hareup
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Ulin mah rék babarengan sangkan ramé.
2 Kaulinan barudak kudu diprakeun di lembur.
3 Kuring rék jadi peserta alimpaido taun hareup.
4 Moal nyieun codéka ka batur.
20 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 20
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Saurang namprakkeun dampal leungeun. Nu séjénna nunjukkeun
curuk kana luhur dampal leungeun. Engké bari ngawih pagancang-
gancang metot curukna. Anu telat metot sarta kacekel jadi ucing.
Kudu tuluy jadi nu namprakkeun dampal leungeun, ngaran kaulinan nu
kitu nyaéta …
A. cingciripit B.
boy-boyan C.
oray-orayan
D. ambil-ambilan
2. Kaulinan anu maké alat djieunna tina kai, panjangna kira-kira 40
cm,lébarna kira-kira 15 cm, luhur namaké logak sababaraha hiji, aya
nu sapuluh, aya nu dua welas. Unggal logak dieusian ku kewuk, siki
salak, batu, jeung sajabana. Lobana tujuh siki. Cara ulinna piligenti,
Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta.
A. Engklék C. Congklak
B. Encrak D. Gatrik
3. Kaulinan barudak awéwé, parabot nu dipakéna bal leutik jeung kewuk
atawa tutup botol limun sababaraha hiji. Carana, kewuk ka luhur bari
ngalungkeun kewuk nu acak-acakan téh kudu hiji-hiji. Nyokotna henteu
sagawayah, tapi kudu bari ngalungkeun deui bal.Ngaran kaulinan nu
kitu nyaéta ….
A. Engklék C. Congklak
B. Encrak D. Gatrik
4. Cara maénna nyaéta batu disimpen dina tonggong dampal suku,
dijungjungkeun saeutik ka luhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka
hareup pikeun diadukeun (ditémbakkeun) kana batu usuh nu geus
dipasang. Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta ….
A. Éngklék C. Congklak
B. Éncrak D. Gatrik
21 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 21
5. Barudak ngumpul limaan atawa genepan. Tuluy nguntuy bari nyekel
taktak babaturanana anu aya hareupeunana. Budak nu jadi hulu
oray, ari nu pangtukangna jadi buntut oray. kitu, leumpang ngénca
jeung ngatuhu, Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta ….
A. Cingciripit C. Boy-boyan
B. Oray-orayan D. Ambil-ambilan
6. Dua urang pahareup-hareup, tuluy pacekel-cekel, bari rada dika-
luhurkeun. Barudak nu ngantay bari silih cekel taktak. Budak nu aya
di tukang nyekel taktak budak nu aya di hareupeunana. Geus kitu,
barudak nu ngantay arasup ka kolong nu duaan, nu tadi leungeunna
geus pacekel-cekel téa. Kituna téh bari kakawihan, Ngaran kaulinan
nu kitu nyaéta ….
A. Cingciripit C. Ambil-ambilan
B. Oray-orayan D. Boy-boyan
7. Unggal logak congklak … ku kewuk.
A. dieusian C. eusi
B. ngeusian D. kaeusian
8. Barudak . Unggal logak congklak ku kewuk.
A. dieusian C. eusi
B. ngeusian D. kaeusian
9. Bal leutik jeung kewuk … dina kaulinan Éncrak.
A. kapaké C. make
B. dipaké D. sapaké
10. Kaulinan Éncrak … bal leutik jeung kewuk.
A. apaké C. make
B. dipaké D. sapaké
II. Eusian ieu titik-titik di handap ku jawaban nu merenah!
1. Dina kaulinan cingciripit nu kacapit téh …
2. Anu nyapit tulang bajing téh ….
3. Inditna oray-orayan téh ka ….
4. Oray-orayan téh ulah ka sawah sabab ….
5. Budak pahatu dina kaulinan ambil- ambilan téh gawéna …
22 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 22
III. Cocogkeun kecap di beulah katuhu saluyu jeung kalimahna!
1. Kuwuk jeung bal pakakas nu digunakeun dina galah asin
kaulinan …. cinciripit
bébénténgan
2. Genténg, bal kasti pakakas nu digunakeun dina boy-boyan
kaulinan …. béklen
3. Batu bata/tihang/tangkal pakakas nu digunakeun
dina kauilnan ….
4. Dampal leungeun pakakas nu digunakeun dina
kaulinan ….
5. Gurat-gurat pakakas nu digunakeun dina
kaulinan ….
IV. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Tuliskeun kaulinan nu sok diulinkeun ku budak awéwé jeung budak
lalaki!
2. Tuliskeun prak-prakkan kaulinan cingciripit!
3. Tuliskeun prak-prakkan kaulinan gatrik!
4. Naon mangpaatna kaulinan oray-orayan?
5. Naon mangpaatna kaulinan congklak?
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 23
Unit
2 Kajadian Dina Kahirupan
Kompetensi Dasar
3.2. Memahami teks narasi tentang peristiwa dalam kehidupan (pengalaman yang
menyenangan, menyedihkan, atau berkesan).
4.2. Membuat ringkasan dari teks narasi tentang peristiwa dalam kehidupan.
Indikator
3.2.1. Membaca teks narasi tentang peristiwa dalam kehidupan.
3.2.2. Membuat pertanyaan dan jawabanya berdasarkan teks bacaan.
3.2.3. Menggunakan tanda baca yang tepat pada kalimat.
3.2.4. Berdiskusi kelompok untuk menentukan pokok pikiran tiap paragraf.
4.2.1. Membuat ringkasan berdasarkan pokok pikiran tiap paragraf.
Nilai Kemanusiaan
• Percaya diri.
• Berpikir logis.
Dina kahirupan sapopoé urang mindeng manggih atawa ngalaman hiji
kajadian. Kajadian téh aya rupa-rupa. Aya kajadian anu leutik, sedeng, jeung
rongkah. Kajadian bisa tumiba lamun urang migawé hiji pagawéan. Lamun
urang keuna ku hiji kajadian nu teu dipiharep kadang teu ngarasa salah,
padahal éta kajadianna téh bisa jadi balukar tina kalakuanana sorangan. Ku
kituna urang kudu taliti tur ati-ati dina migawé hiji pagawéan.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 25
Hayu Maca
Ieu di handap aya bacaan kaayaan di sakola. Pék geura baca sing gemet!
Bebersih Di Sakola
Geus ilahar saban poé Jumaah di SD Campaka sok diayakeun kerja bakti.
Barudak sakola sok beberesih luyu jeung katangtuan sakola dina enggoning ngarojong
kawijakan pikeun ngabiasakeun lingkungan beresih.
Biasana kagiatan beberesih téh dilaksanakeun saréngséna kagiatan diajar di
kelas séwang-séwangan. Harita ogé murid kelas 5 geus saged pikeun beberesih.
Barudak téh dibagi jadi sababaraha kelompok. Unggal kelompok jumlah aya 6 urang.
Kelompokna Dédé nyaéta Wawan, Toni, Dimas, Rudi, jeung Fahmi. Maranéhna
marawa pakakas pikeun kerja bakti diantarana sapu, elap, pél, pengki, jeung wadah
runtah.
Sanggeus saged, deker baé barudak digarawé, migawé pancéna séwang-
séwangan, da mémang geus ngabaku.
Sajongjongan mah barudak téh taya nu ngomong. Dédé ngalaan cai bari
meresihan kaca, Wawan noongan kolong méja bisi aya runtah, bari ngeprukan méja
ku kamoncéng, Toni jeung Dimas ngelapan méja jeung korsi maké elap baseuh,
sedengkeun Rudi jeung Fahmi pada sasapu ngarah téréh anggeus cenah.
Apan kitu saur Bu Guru ogé, yén hiji pagawéan bakal téréh anggeus lamun éta
pagawéan téh dipigawé babarengan.
Keur jongjon migawé pagawéan séwang-séwangan kitu, kadéngé sora anu
ngagubrag. Anu digawé areureun heula, matana ngarérét ka arah datangna sora.
Wawan ngajanteng ningalian pot kembang anu paburantak di kolong meja. Gog,
manehna cingogo, rék meresan anu paburantak. Teu lila, “aduuh! cenah kadéngé sora
anu ngagorowok, tétéla anu ngagorowok téh Wawan.
“Ku naon deui, Wan?” ceuk Dimas bari nyampeurkeun Wawan anu keur
muringis nahan kanyeri. Kabéh baturna nyalampeurkeun.
Wawan ngasongkeun leungeuna anu baloboran ku getih.
“Iiiih! ceuk Dimas ngabirigidig. Da puguh manéhna mah sieuneun lamun ningali
getih téh.
Torojol Fahmi hurungah-harengoh, “cing, kadieukeun leungeuna!” pokna bari
ngarawél leungeun Wawan anu keur tatu. Terus dibetot ka luar. Leungeun Wawan
nu tatu terus dikumbah ku cai haneut tina gelas. Kek! dibeungkeut ku pléster.
26 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
“Anu Matak ari barang gawé téh sing tarapti, ambéh teu nyilakakeun kana awak
sorangan, Rudi semu nu nyalahkeun Wawan. Toni ukur ngadilak, geus kitu Toni
neruskeun hanca gawéna.
Karya: Sakeus Darman, 2019
Pék jawab panalék di handap ieu luyu jeung bacaan di luhur!
1. Naon biasa dipilampah ku barudak SD Campaka dina poé Jumaah?
2. Saha baé tokoh anu dicaritakeun dina wacana di luhur?
3. Naon tujuan Wawan noongan kolong méja?
4. Kumaha sifat Fahmi dina bacaan di luhur?
5. Naon sababna leungeun Wawan baloboran getih?
6. Naon sababna Dimas ngabirigidig?
7. Saha tokoh anu nuduhkeun kabélana ka babaturan?
8. Saha tokoh anu teu paduli ka babaturan?
9. Kumaha hadéna migawé pagawéan sangkan gancang anggeus?
10. Kumaha balukarna lamun urang digawé henteu tarapti?
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 27
Hayu Ngaregepkeun
Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu dipaké pikeun nanyakeun hiji hal anu
miharep jawaban. Kalimah pananya téh sok ditungtungan ku tanda tanya (?)
sarta dibarengan ku kecap pananya.
Rupa-rupa kecap pananya pikeun ngawangun kalimah pananya:
1. Ku naon pikeun nanyakeun sabab.
Contona: Ku naon Adi teu asup sakola?
2. Ka mana pikeun nanyakeun tempat tujuan.
Contona: Ka mana ucing téh lumpatna?
3. Iraha pikeun nanyakeun waktu.
Contona: Iraha Rani rék indit ka Jakarta?
4. Saha pikeun nanyakeun jelema, Malaékat, Pangéran.
Contona: Saha nu kagiliran pikét poé ieu?
5. Sabaraha pikeun nanyakeun jumlah
Contona: Sabaraha ari harga panto di hareup imah teh?
6. Kumaha pikeun nanyakeun kaayaan atawa cara pikeun ngalakukeun hiji
hal.
Contona: Kumaha carana nyieun langlayangan téh?
Pék lengkepan ieu kalimah-kalimah di handap ku kecap pananya anu
merenah!
1. … rék diayakeun pentas seni di SD Campaka téh?
2. … urang murid kelas lima nu milu kerja bakti?
3. … Udin teu milu piknik?
4. … carana sangkan kelas tetep beresih?
5. … nu kamari teu maké baju seragam?
28 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Hayu Nulis
Tanda Baca
Tanda baca penting dina basa tulis, pikeun ngajelaskeun eusi atawa maksud
kalimah.
Conto rupa-rupa tanda baca:
1. Tanda peun atawa titik (.)
a. Digunakeun ditungtung kalimah wawaran.
b. Digunakeun dina singgetan ngaran jeung gelar.
c. Digunakeun dina misahkeun angka jam, menit, jeung detik.
2. Tanda koma (,)
a. Digunakeun di antara wincikan nu aya dina kalimah.
b. Digunakeun di antara ngaran jeung gelar akademis nu diteundeun di
tukangeun ngaran.
3. Tanda peun/titik dua(:)
a. Digunakeun di tungtung bagian kalimah lamun éta bagian kalimah
téh dituturkeun ku wincikan.
b. Digunakeun pikeun nuliskeun omongan nu nuduhkeun paguneman,
upamana dina téks drama.
4. Tanda panyeluk (!)
Tanda panyeluk biasana digunakeun di tungtung kalimah paréntah.
5. Tanda tanya (?)
Kalimah pananya ngagunakeun tanda tanya di tungtung
Pék tulis kalimah anu maké tanda baca:
1. Panyeluk :
2. Tanya :
3. Koma :
4. Peun/titik :
5. Panyeluk :
6. Titik dua :
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 29
Hayu Nyarita
Pikiran Utama Dina Paragraf
Pikiran utama dina paragraf nyaéta hal utama dina eusi paragraf.
Conto : Basa kamari, abdi sareng réréncangan indit ka taman kota.
Abdi mios ka dinya nganggé sapéda. Salami di jalan, Abdi jeung
réréncangan téh ngiuhan heula jeung sakaligus istirahat. Saatos nepi
ka taman kota, Abdi diuk dina korsi nu geus disadiakeun.
Kalimah utama: Indit ka Taman Kota.
Pék tulis pikiran utama dina paragraf-paragraf di handap ieu!
1. Geus ilahar saban poé Jumaah di SD Campaka sok diayakeun kerja
bakti. Barudak sakola sok beberesih luyu jeung katangtuan sakola
dina enggoning ngarojong kawijakan pikeun ngabiasakeun lingkungan
beresih.
2. Keur jongjon migawé pagawéan séwang-séwangan kitu, kadéngé sora
anu ngagubrag. Anu digawé areureun heula, matana ngarérét ka arah
datangna sora.
3. Harita ogé murid kelas 5 geus saged pikeun beberesih. Barudak téh
dibagi jadi sababaraha kelompok. Unggal kelompok jumlah aya 6 urang.
30 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
4. Kelompokna Dédé nyaéta Wawan, Toni, Dimas, Rudi, jeung Fahmi.
Maranéhna marawa pakakas pikeun kerja bakti di antarana sapu, elap, pél,
pengki, jeung wadah runtah.
5. “Anu Matak ari barang gawé téh sing tarapti, ambéh teu nyilakakeun
kana awak sorangan, Rudi semu nu nyalahkeun Wawan. Toni ukur
ngadilak, geus kitu Toni neruskeun hanca gawéna.
Kamus Alit
Kecap Harti
ilahar Sunda Indonesia
kawijakan
séwang-séwangan lumrah biasa
pakakas
saged putusan keputusan
ngeprukan
noongan sorangan-sorangan masing-masing
jongjon
muringis parabot alat
baloboran
hurungah-harengoh siap digawé siap bekerja
ngadilak
ngeprakan membersihkan
ningali melihat
tonggoy asyik
nahan kanyeri meringis
bobolokot berlumuran
engap-engapan terengah-engah
ngagilerkeun panon mendelik
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 31
Lenyepaneun
1. Kudu kumaha sikep urang lamun ngalakukeun hiji pagawéan?
2. Naon baé mangpaat urang lamun gawé babarengan?
Paniatan ka Hareup
1. Taliti tur ati-ati migawé hiji pagawéan.
2. Gawé rék babarengan sangkan téréh anggeus.
32 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Kerja bakti téh geus ilahar dipigawé ku masarakat di padésaan.
Ilahar hartina ….
A. lumrah C. wajib
B. sering D. mindeng
2. Barudak tonggoy migawé pagawéana séwang-séwangan. Tonggoy
ngandung harti ....
A. riweuh C. jongjon
B. cicing D. sibuk
3. Barudak tonggoy migawé pagawéana séwang-séwangan. Séwang-
séwangan ngandung harti ....
A. sorangan-sorangan C. tilu urang
B. dua urang D. lobaan
4. Pakakas nu digunakeun keur ngeprukan kebul dina méja nyaéta ....
A. elap C. sapu
B. kamoncéng D. sikat
5. Ngagilerkeun panon disebut ogé ....
A. riweuh C. jongjon
B. cicing D. ngadilak
6. … Wali kelas 5 téh? Kecap pananya keur ngalengkepan kalimah di
gigir nyaéta ….
A. iraha C. sabaraha
B. naon D. saha
7. Kecap pananya pikeun nanyakeun alesan nyaéta ....
A. saha C. mana
B. kunaon D. iraha
8. Lamun urang nanyakeun jumlah hiji barang, kalimahna maké kecap
pananya ….
A. sabaraha C. di mana
B. kumaha D. kunaon
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 33
9. Tanda baca nu digunakeun di antara wincikan nu aya dina kalimah
nyaéta ....
A. ( . ) C. ( ? )
B. ( , ) D. ( ! )
10. Dina kalimah paréntah biasana ditungtungan ku tanda ....
A. ( . ) C. ( ? )
B. ( , ) D. ( ! )
II. Eusian titik- titik di handap ku kecap nu merenah!
1. Biasana kagiatan beberesih téh dilaksanakeun saréngséna kagiatan
diajar di kelas séwang-séwangan. Séwang-séwangan hartina ….
2. Wawan ngasongkeun leungeuna anu baloboran ku getih. Baloboran
hartina ….
3. Keur jongjon migawé pagawéan séwang-séwangan kitu, kadéngé
sora anu ngagubrag. Jongjon hartina ….
4. Gog, manéhna cingogo, rék meresan anu paburantak. Cingogo
hartina ….
5. Wawan noongan kolong méja bisi aya runtah. Noongan hartina ….
III. Cocogkeun tanda baca di beulah katuhu saluyu jeung kalimahna!
1. Di perpustakaan mah buku bacaan téh Tanda pananya ( ? )
lengkep (…) Tanda koma ( , )
Tanda kekenteng (" ")
2. Cing, Ibu pangnyandakkeun buku dina Tanda panyeluk ( ! )
méja (…) Tanda titik ( . )
3. Ku saha kelas diberesihanana téh (…)
4. Jig geura (…) sapuan buruan nu kalotor
téh!
5. Dimana kerja bakti téh diayakeunana (…)
34 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
IV. Pék tuliskeun poko pikiran pikeun paragraf-paragraf di handap ieu!
1. Dina wanci libur panjang sakola taun kamari pas pisan barengan jeung
taun baru 2017, kuring jeung kulawarga indit liburan sakola ka daérah
Puncak nu aya di Bogor, Jawa Barat.
2. Puncak Bogor salah sahiji lokasi wisata anu hadé. Di Puncak Bogor
suasanana sejuk pisan, loba tatangkalan, sarta perkebunan téh. Teu
héran loba pisan jalma anu wisata ka dinya, komo deui lamun pas
poé liburan sakola atawa tanggal beureum, pasti ramé di dinya téh.
3. Kuring jeung kulawarga ngéndong di Puncak Bogor salila dua poé,
kuring ulin ka sawatara lokasi anu éndah nu aya di dinya. Kuring
ogé popotoan jeung kulawarga di dinya, ulin ka perkebunan téh,
jeung sajabana. Suasana éndah pisan jeung hawa anu tiis karasa
ditempat éta téh.
4. Dina peutingna tau baru 2020, kuring meuleum jagong jeung hayang.
Katempo di dinya oge loba batur anu beubeuleuman bari ngadagoan
baganti taun baru 2020.
5. Loba kenangan sarta pangalaman anu alus pisan salila kuring aya
di daérah Puncak Bogor salila dua poé éta téh. Pokona saprakna ka
dinya, leungit kabéh kacapé. Sanggeus datang ka dinya téh.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 35
Latihan Penilaian Tengah Semester 1
Pék baca sempalan pupuh di handap!
Sobat Dalit
Urang kudu boga sobat dalit,
Keur silih tulungan,
Silih titipkeun nya diri,
Ngarah hirup henteu susah,
Sobat dalit bisa sarua jeung wargi,
Bisa duduluran,
Silih bantu silih aping,
Waktu susah reujeung senang.
Sumber Dicutat tina Pamekar Basa
I. Jawab pananya di handap saluyu jeung pupuh Asmarandana di luhur!
1. Naon nu dicaritakeun ku eta pupuh?
2. Kudu kumaha ari jadi jalma?
3. Keur naon urang rea batur?
4. Diri urang kudu kumaha jeung batur?
5. Naha urang bet kudu silih titipkeun?
II. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Kaulinan anu maké alat djieunna tina kai, panjangna kira-kira 40 cm,
lébarna kira-kira 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji, aya
nu sapuluh aya nu dua welas. Unggal logak dieusian ku kewuk, siki
salak,batu, jsté. Lobana tujuh siki. Cara ulinna piligenti.
Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta
A. Gatrik
B. Éncrak
C. Éngklék
D. Congklak
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 37
2. Cara maénna nyaéta batu disimpen dina tonggong dampal suku,
dijungjungkeun saeutik ka luhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka
hareup pikeun diadukeun (ditémbakkeun) kana batu usuh nu geus
dipasang.
Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta ….
A. Gatrik
B. Éncrak
C. Éngklék
D. Congklak
3. Dua urang pahareup-hareup, tuluy pacekel-cekel, bari rada dikaluhur-
keun. Barudak nu ngantay bari silih cekel taktak. Budak nu aya di tukang
nyekel taktak budak nu aya di hareupeunana. Geus kitu, barudak nu
ngantay arasup ka kolong nu duaan, nu tadi leungeunna geus pacekel-
cekel téa. Kituna téh bari kakawihan.
Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta ….
A. Cingciripit B.
Boy-boyan C.
Oray-orayan
D. Ambil-ambilan
4. Barudak ... Unggal logak congklak ku kewuk.
A. eusi
B. kaeusian
C. dieusian
D. ngeusian
5. kaulinan Éncrak … Bal leutik jeung kewuk.
A. maké
B. dipaké
C. kapaké
D. sapaké
6. Kerja bakti téh geus ilahar dipigawé ku masarakat di padesaan .
Ilahar hartina ...
A. wajib
B. sering
C. lumrah
D. mindeng
38 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
7. Barudak tonggoy migawé pagawéana séwang-séwangan. Tonggoy
ngandung harti ....
A. cicing
B. sibuk
C. riweuh
D. jongjon
8. Ngagilerkeun panon disebut ogé ....
A. cicing B.
riweuh C.
jongjon D.
ngadilak
9. Kecap pananya pikeun nanyakeun alesan nyaéta ....
A. saha
B. mana
C. iraha
D. kunaon
10. Tanda baca nu digunakeun di antara wincikan nu aya dina kalimah
nyaeta ....
A. (.)
B. (?)
C. (,)
D. (!)
11. Nu teu kaasup watek pupuh wirangrong nyaéta …
A. piwuruk
B. papatah
C. Piwulang
D. pikalucueun
12. Tungtung sora (vokal) dina unggal padalisan disebutna …
A. guru lagu
B. guru wilangan
C. kecap barang
D. kecap wilangan
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 39
13. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh wirangrong dina unggal pada
(bait)nyaeta….
A. 8i – 8o – 8u – 8i – 8a – 8a
B. 7i – 7o – 7u – 7i – 7a – 7a
C. 5i – 5o – 5u – 5i – 5a – 5a
D. 6i – 6o – 6u – 6i – 6a – 6a
14. Meuli baju téh ulah nu mahal atuh, nu … ogé loba nu alus.
A. butut
B. hadé
C. murah
D. weuteh
15. Rerencangan téh bumina aya nu tebih, aya oge anu ....
A. jauh
B. caket
C. deukeut
D. anggang
III. Eusian titik-titik di handap ku kecap nu merenah!
1. Wati ngawurkeun kewuk ka luhur bari ngalungkeun bal.
Kewuk … ku Wati ka luhur bari ngalungkeun bal.
2. Toni nyimpen batu dina tonggong dampal suku.
Batu … ku Toni dina tonggong dampak suku.
3. Tuluy nguntuy bari nyekel taktak babaturanana anu aya hareupeunana.
Nguntuy hartina ….
4. Budak nu jadi hulu oray tuluy ngudag-ngudag budak nu jadi buntut
orayna bari ngucapkeun ….
5. Kaulinan cingciripit atawa sok aya ogé nu nyebut ….
6. Kecap pananya pikeun nanyakeun tempat tujuan nyaéta ....
7. ... urang murid kelas lima nu milu kerja bakti?
8. Geus ilahar saban poé Jumaah di SD Campaka sok diayakeun
kerja bakti. Barudak sakola sok beberesih luyu jeung katangtuan
sakola dina enggoning ngarojong kawijakan pikeun ngabiasakeun
lingkungan beresih.
Pikiran utama paragrap di luhur nyaéta ….
40 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
9. Maranéhna marawa pakakas pikeun kerja bakti di antarana sapu,
elap, pel, pengki, jeung wadah runtah. Pakakas hartina ….
10. Loba kenangan sarta pangalaman anu alus pisan salila kuring aya
di daérah Puncak Bogor salila dua poé éta téh. Pokona saprakna ka
dinya, leungit kabéh kacapé sanggeus datang ka dinya téh.
Pikiran utama paragrap di luhur nyaéta ….
11. Jeung batur silih ajénan. Silih ajénan hartina ….
12. Sopan santun ka sasami, Ulah rék silih élédan. Élédan hartina ….
13. Dani budak nu getol ngapalkeun, teu cara Ridwak budak ....
14. Hasil tina dagang téh loba ... na tibatan kauntungana.
15. Ngajawab soal matématika loba kénéh nu salahna ti batan nu ....
IV. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Jéntrékeun prak-prakkan kaulinan encrak!
. Pék larapkeun tanda baca nu merenah!
a) Buku téh dibaca sing imeut, ulah aya nu kaliwat
b) Iraha Ujang téh disepitanana
c) Di perpustakaan mah buku bacaan téh lengkep
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 41
3. Jieun kalimah maké kecap pananya!
a) Naon
b) Kumaha
c) Sabaraha
4. Pék baca sempalan pupuh di handap!
Urang kudu boga sobat dalit,
Keur silih tulungan, Silih
titipkeun nya diri, Ngarah
hirup henteu susah,
Pék tulis guru wilang jeung guru laguna!
5. Urang hirup di dunya henteu mandiri,
teu sosoranganan, perlu
aya batur deui, pikeun
hirup babarengan.
Pék caritakeun ku basa sorangan eusi pupuh di luhur!
42 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Unit
3 Hirup Rukun
Kompetensi Dasar
3.3. Memahami isi teks guguritan tentang hidup rukun.
4.3. Menembangkan dan menceritakan isi guguritan tantang hidup rukun.
Indikator
3.3.1. Mengamati téks pupuh Wirangrong dengan cara membaca atau menyimak.
3.3.2. Melakukan tanya jawab tentang isi teks pupuh Wirangrong.
3.3.3. Menentukan guru lagu dan guru wilangan pupuh.
3.3.4. Menyusun dan melengkapi lirik pupuh.
3.3.5. Mencari dan menggunakan istilah tentang hidup rukun di masyarakat.
4.3.1. Menirukan menembangkan pupuh Wirangrong seperti contoh yang ditembangkan
guru atau media lain.
Nilai Kemanusiaan
• Gotong royong.
• Saling menghargai.
Dina kahirupan sapopoé urang teu bisa hirup nyorangan lantaran merlukeun
sasama. Silih asih, silih pikanyaah jeung silih hargaan jadi modal urang pikeun
ngawangun hirup rukun babarengan. Hayu urang nembangkeun sasarengan
pupuh wirangrong nu eusina piwuruk pikeun hirup rukun, dicontoan ku bapa
atanapi ibu guru.
43 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 43
Hayu Maca
Di handap ieu aya pupuh. Pupuh iyeu kasohor pisan.
Pupuh Wirangrong
Barudak mangka ngalarti Ulah
rék kadalon-dalon Enggon-
enggon hirup kumbuh Jeung
dulur sing silih asih Jeung
baraya mikanyaah Jeung
batur silih ajénan
Campur gaul sing taliti
Tebihan sipat nu awon
Ngawujudkeun akur rukun
Sopan santun ka sasami
Ulah rék silih élédan
Jauhan papaséaan
Panambih
Barudak mangka ngalarti Ulah
rék kadalon-dalon Enggon-
enggon hirup kumbuh Jeung
dulur sing silih asih Jeung
baraya mikanyaah Jeung
batur silih hargaan
Ngutamakeun duduluran
Mikadeudeuh mikahéman
Sumber: Dicutat tina Pamekar Basa
Hidep geus diajar jeung ngawalakeun pupuh wirangrong.
Ayeuna hidep bakal ngajawab ieu panalék di handap.
Pék jawab panalék di handap ieu!
1. Kudu kumaha ari jeung dulur téh?
2. Kudu kumaha ari jeung baraya téh?
44 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 44
3. Kudu kumaha ari jeung batur téh?
4. Saha baé nu ku urang kudu diajénan?
5. Nu kumaha ari hirup santun téh?
6. Kumaha akibatna lamun teu akur jeung sasami?
7. Naon mangpaatna lamun urang akur rukun?
8. Naon judul pupuh wirangrong di luhur téh?
9. Aya sabaraha pada pupuh di luhur téh?
10. Pék caritakeun ku basa hidep pupuh di luhur!
Hayu Ngaregepkeun
Pupuh Wirangrong
Pupuh wirangrog téh kaasup salah sahiji tina 17 pupuh sarta kaasup kana
sekar alit. Watekna ngagambarkeun piwulang, piwuruk atawa papatah. Pupuh
ogé kalebet wangun karangan anu kauger.Ugeran dina pupuh wirangrong:
1. Guru wilangan nyaéta jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan
(jajar)
2. Guru lagu nyaéta tungtung sora (vokal) dina unggal padalisan
3. Dina sapadana (sabait) pupuh wirangrong aya 6 padalisan
4. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh wirangrong dina unggal pada
(bait) nyaéta:
Padalisan/jajaran Guru wilangan Guru lagu
Kahiji 8 engang i
Kadua 8 engang o
Katilu 8 engang u
45 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 45
Padalisan/jajaran Guru wilangan Guru lagu
Kaopat 8 engang i
Kalima 8 engang a
Kagenep 8 engang a
Pék tuliskeun guru wilangan jeung guru lagu pupuh wirangrong di
handap ieu!
Rumpaka/lirik Guru wilangan Guru lagu
Kuring moal deui-deui
Gaduh panata nu awon
Ngabantah nu jadi indung
Sieun dibendon ku Gusti
Kawas Dalem Boncél téa
Doraka ti ibu rama
Pék lengkepan ieu pupuh wirangrong di handap ku kecap anu merenah!
Barudak mangka ….
Ulah rék ….
Enggon-enggon nungtut ....
Mangka getol mangka ….
Pibekeleun ….
Modal bakti ka ….
46 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 46
Hayu Nulis
Kecap sabalikna (antonim) nyaéta kecap lalawanan hartina tina kecap
séjén.
No. Kecap Harti/Antonim
1 adab kasar
2 adigung handap asor
3 alus butut
4 bageur galak
5 beresih kotor
6 béréhan pedit
7 beunghar miskin
8 bener salah
9 kauntungan karugian
10 kedul getol
11 hayang embung
12 mahal murah
13 tebih caket
14 hampang beurat
15 boros hambur
Pék lengkepan ieu kalimah di handap ku kecap sabalikna (antonim)!
1. Dani budak nu adab tapi Ridwan mah budak ….
2. Mun hayang pinter mah kudu getol diajar atuh ulah …!
3. Hasil tina dagang téh loba … na tibatan kauntungana
4. Meuli baju téh ulah nu mahal atuh, nu … ogé loba nu alus.
5. Budak … mah loba nu ngadeukeutan, ari nu galak mah loba nu ngajauhan
6. Imah téh ari di jerona beresih tapi di buruana mah ....
7. Ngajawab soal matematika loba kénéh nu salahna tibatan nu ….
8. Kuring embung baso tapi mi ayam ....
9. Sapatu Doni mah … teu siga nu kuring geus ....
10. Rerencangan téh bumina aya nu tebih, aya ogé anu ....
47 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 47
Kamus Alit Sinonim Harti
kamalinaan Indonesia
Kecap masarakat
wargi lupa waktu
kadalon-dalon saling masyarakat
kumbuh kulawarga saudara
dulur tatakrama saling
silih heureuy keluarga
baraya deudeuh sopan
santun réncang bercanda
élédan hargaan sayang
nyaah paréa-réa omong teman
batur menghargai
ajénan bertengkar
paséa
Lenyepaneun x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Hirup kadalon-dalon.
2 Silih asih jeung dulur.
3 Paséa jeung babaturan.
4 Jeung batur silih élédan.
5 Silih pikanyaah jeung baraya.
48 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 48
Paniatan ka Hareup x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Ulin moal kamalinaan.
2 Mun aya nu gering rék dilongok.
3 Mun adi ulang taun, rék méré kado.
4 Rék ménta hampura tina sagala kasalahan.
5 Heureuy téh ulah kaleuleuwihi bisi nyeri haté.
49 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 49
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Pupuh anu kaasup sekar alit nyaéta ….
A. Sinom C. Wirangrong
B. Kinanti D. Asmarandana
2. Nu teu kaasup watek pupuh wirangrong nyaéta ….
A. piwuruk C. piwulang
B. papatah D. pikalucueun
3. Jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan (jajar) disebutna
.…
A. guru lagu C. guru wilangan
B. kecap barang D. kecap wilangan
4. Tungtung sora (vokal) dina unggal padalisan disebutna .…
A. guru lagu C. guru wilangan
B. kecap barang D. kecap wilangan
5. Dina sapadana (sabait) pupuh wirangrong aya … padalisan.
A. 5 C. 7
B. 6 D. 8
6. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh wirangrong dina unggal pada
(bait) nyaéta ….
A. 8i - 8o - 8u - 8i - 8a - 8a
B. 5i - 5o - 5u - 5i - 5a - 5a
C. 7i - 7o - 7u - 7i - 7a - 7a
D. 6i - 6o - 6u - 6i - 6a - 6a
7. Lamun hayang pinter mah kudu getol diajar atuh ulah …!
A. baong C. ngedul
B. bandel D. poho
8. Meuli baju téh ulah nu mahal atuh, nu .... ogé loba nu alus.
A. murah C. butut
B. hadé D. weuteh
50 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 50
9. Imah téh ari di jerona beresih tapi di buruana mah ….
A. raresik
B. barala
C. kalotor
D. rarujit
10. Réréncangan téh bumina aya nu tebih, aya ogé anu ....
A. jauh
B. caket
C. anggang
D. deukeut
II. Eusian ku kecap anu merenah!
1. Ulah rék kadalon-dalon. Kadalon-dalon hartina ….
2. Jeung dulur sing silih asih. Silih hartina ….
3. Ngutamakeun duduluran. Guru wilang jeung guru laguna nyaéta ….
4. Tebihan sipat nu awon. Awon hartina ….
5. Budak … mah loba nu ngadeukeutan, ari nu galak mah loba nu
ngajauhan
III. Cocogkeun ieu kecap sinonimna di beulah katuhu saluyu jeung
kalimahna!
1. Ulah rék kadalon-dalon. Sinonim kadalon- hargaan
dalon nyaéta …. kamalinaan
paréa-réa omong
2. Jeung baraya mikanyaah. Sinonim baraya
nyaéta …. heureuy
kulawarga
3. Ulah rék silih élédan. Sinonim élédan nyaéta
….
4. Jauhan papaséaan. Sinonim papaséaan
nyaéta ….
5. Jeung batur silih ajénan. Sinonim ajénan
nyaéta ….
51 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 51
IV. Pék jawab saluyu jeung panitah!
Hirup Babarengan
Urang hirup di dunya henteu mandiri,
teu sosoranganan,
perlu aya batur deui,
pikeun hirup babarengan.
Dina ngalakonan hirup sing walagri,
kudu sauyunan,
ulah sok pahiri-hiri,
komo jeung papaséaan.
Dicutat tina Pamekara Basa
1. Naon nu dicaritakeun ku éta pupuh téh?
2. Kumaha urang hirup di dunya téh?
3. Perlu naon urang hidup di dunya?
4. Kudu kumaha dina ngalakonan hirup?
5. Urang jeung batur ulah ngalakonan naon?
52 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Unit
4 Séhat téh Penting
Kompetensi Dasar
3.4. Memahami isi teks percakapan tentang sehat itu penting.
4.1. Memeragakan dan menceritakan isi percakapan tentang sehat itu penting.
Indikator
3.1.1. Menjelaskan isi teks percakapan tentang sehat itu penting melalui membaca.
3.1.2. Melengkapi teks percakapan dengan istilah kesehatan yang disediakan.
3.1.3. Membuat kalimat langsung dan tak langsung.
4.1.1. Menceritakan gambar seri tentang menjaga kesehatan.
Nilai Kemanusiaan
• Membiasakan hidup sehat.
• Mandiri.
Kaséhatan masarakat mangrupa pangaweruh jeung paripolah ngeunaan
cara nyinglar panyakit. Hirup sehat teh hartina jauh tina panyakit. Kasehatan
teh jadi modal utama pikeun kahirupan nu leuwih maju. Kabeh warga kudu
miluan ngobragkeun kasadaran kana miara kaséhatan dina kahirupan
sapopoé.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 53
Hayu Maca
Ieu di handap aya paguneman. Pék baca heula dina jero haté. Geus kitu,
petakeun ku duaan! Aya nu metakeun Dudi, aya ogé nu metakeun Andri.
Ngararey
Dudi : Sampurasun… Punten?
Andri : Rampés, éh… Dudi? Hayu, mangga ka jero. Urang rada keur teu ngarenah
awak euy, meuni ngararey ti kamari kénéh.
Dudi : Oh, pantes wéh atuh kamari teu asup sakola, geus ka puskésmas can,
manéh?
Andri : Puguh gé éta, Bapa jeung ema urang saribuk gawé waé euy, kararagok lah
rék ménta anteurna oge.
Dudi : Ih manéh mah, hayu atuh jeung urang ayeuna, meungpeung urang mawa
sapédah yeuh!
Andri : Ah jadi ngarepotkeun manéh engké?
Dudi : Deuh, ngarepotkeun naon, émang geus kuduna babaturan mah kudu silih
tulungan. da kadieu gé émang ngahaja rék ulin.
Andri : Nuhun saancana Dud, pasosoré wéh nya mangkatna, ayeuna mah panas
kénéh?
Dudi : Terserah manéh éta mah, da heu euh sih panas kénéh ayeuna mah
tanggung lohor deui.
Andri : Heuh Dud. Nginum heula wéh nya meningan ku urang dipangnyieunkeun?
Dudi : Geus teu kudu kalem wé, ké hayang mah nyieun sorangan wéh.
Andri : Komo urang mah asa teu ngareunah we nginum cai susu teh. Bieu nyieun
deui oge kalah bahe.
Dudi : Nya puguh wéh atuh, éta gara-gara naon manéh bisa ngararey kitu?
Andri : Urang sering begadang waé meureun, maén game sapeupeuting.
Dudi : Tah, nu kitu tah anu kurang alus téh, maén gamé digedékeun manéh mah,
Menang sih menang maén game ngan ulah kamalinaan teuing. Kudu aya
asupan gizi éta.”
Andri : Maksudna?
Dudi : Nya kudu ngajaga kaséhatan manéh, kucara sering-sering ngadahar buah
jeung sayur, kurangan konsumsi gula, rajin olah raga, luangkeun saré ti
peuting ulah begadang waé.
54 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 54
Andri : Nuhun Dud saranna. Urang gé moal begadang waé, ah… rék dikurangan
maén gamé ayeuna mah.
Dudi : Alus ari kitu mah. Geus wé urang gancang lah ka puskésmas ayeuna?
Andri : Hayu…
Karya: Yeti, 2020
Sangkan hidep nyangkem kana eusi paguneman di luhur, pék ayeuna
ngelompok lima urang. Jawab pananyana, tuluy bacakeun jawabanana
di hareupeun kelas ku salasaurang ti kelompokna!
1. Saha waé nu keur guneman?
2. Naon hartina ngararey?
3. Ku naon urang teu meunang bagadang?
4. Naon papatah Dudi ka Andri?
5. Kudu kumaha ngajaga kaséhatan téh?
6. Naha Dudi nurut kana papatah Andri?
7. Diajak kamana Adri ku Dudi?
8. Naon ceunah nu karasa ku Andri téh?
9. Ka mana Bapa jeung emana Andri?
10. Ku naon Andri ngarasa ngararey?
55 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 55