Hayu Ngaregepkeun
Istilah Kaséhatan
Dina paguneman di luhur aya kecap ngararey. Eta kecap téh kaasup kana
istilah kaséhatan. Réa kénéh ngaran-ngaran nu patali jeung kaséhatan séjéna.
Kecap Hartina
batuk
borok Ateul dina tikoro
cacar Kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu
cacingeun karadak.
cénang
Kuris, kasakit kulit nu babari tépa.
gondongeun
Kasakit dina beuteung lantaran cacing.
hileudeun
Sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan, biasana
jengkoleun lantaran ateul nu digaro, tuluy infeksi.
leuncangeun Kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur,
tumerapna henteu lila, sok disebut ogé kasakit anjing.
mengi
Kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku,
rieut ngandung nanah tur nyanyautan karasana.
rorombeheun
Kasakit nyeuri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya
sakalor dina buah jéngkol.
Kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa
bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana
ateul.
Asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama
katiisan, bisa nepa lamun pacorok wadah kadaharan.
Nyeri sirah
Kasakit dina dampal suku pangpangna dina
keuneung, kulitna bareulah.
Kasakit sarap, nu boga kasakit sakalor teu karasa
puguh sababna sok ngadadak teu éling, tuluy
ngagolépak kapaéhan sungutna ngabudah.
56 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 56
Kecap Hartina
salatri Kasakit anu timbul lantaran kosong beuteung, karasa
lieur, sebel, tur kaluar késang tiis.
kalikiben
Rasa nyeri di jero beuteung anu sok timbul upama
salesma tas dahar kageujreug-geujreug ku lulumpatan.
sariawan
Kasakit di jero irung, lantaran katiisan
turuwisen
uuseupan Kasakit nu ngalantarankeun barusuh atawa kaluaran
getih tina irung atawa gugusi.
jeungjeuriheun
Kasakit sarupa cenang dina biwir panon.
Kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, asa aya
useupan.
Kasakit nyeri kiih lantaran nginum cai atah.
Ayeuna hidep diajar ngalarapkeun istilah kaséhatan kana kalimah!
1. Ma Icih tenggekna … margi kakirangan yodium. hapur koléra
2. Panyakit … babari nerekabna. cenang
3. Panyakit … mah upama kakésangan sok karasa bungkul
ateul. busung lapar
4. Ubaran geura … téh ku getah gedang. gondongeun
5. Ulah dicoo waé … téh bisi jadi bisul.
6. Kiwari loba barudak nu kaserang panyakit …. ewateun
7. Eta mah lain bisul atuh, tapi … da euweuh mataan. biri-biri
8. Bareuh dina beuheung modél kitu mah pasti …. rorombeheun
9. Ari … mah tong sok dicoo bisi ngalobaan. gondokeun
10. Kasakit … mah kakurangan vitamin B.
57 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 57
Hayu Maca
Kalimah Langsung jeung Teu Langsung.
Titénan conto kalimah di handap!
a. Dudi nanya ka Adri, “Geus di pariksa ka puskésmas?”
b. Dudi nanya ka Andri, yen geus dipariksa ka puskesman acan.
Kalimah (a) disebut kalimah langsung lantaran nuliskeun langsung (nyutat)
omongan batur dina wangun kalimah, biasana dihapit ku tanda kekenténg
(“…”). Ari kalimah (b) kaasup kalimah teu langsung lantaran nyaritakeun deui
omongan batur dina wangun kalimah wawaran. Dina kalimah teu langsung,
kalimah henteu dihapit ku kekenténg.
Robah ieu kalimah langsung di handap jadi kalimah teu langsung!
1. “Abdi badé diparios ka dokter.” Saur Ani.
2. Bu Guru nyarios,”Teu kenging jajan tambarakan di sakola!”
3. Anto nanya, ku naon Kamari Iwan teu sakola?”
4. “Iraha katerapna panyakit koléra téh?” Ceuk Dudi nanya ka Apip.
5. “Déd, kumaha karasana salatri téh?” Wéndi nanya ka Dédi.
Robah ieu kalimah teu langsung di handap jadi kalimah langsung!
1. Roni nyarita, yén manéhna téh katarajang panyakit gondongeun.
2. Arman ngomong, yén ayeuna beuteungna karasa mules.
3. Rini nanya ka Tuti, yén meuli ubar téh di mana.
4. Pa Guru nitah, yén barudak téh kudu ngajaga kaséhatan.
5. Jajang nyebutkeun, yén manéhna ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.
58 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 58
Hayu Nyarita
Paguneman téh obrolan antara dua jalma atau leuwih.
Ayeuna hidep diajar nyusun paguneman. Sangkan babari, hidep cukup
ngalengkepan paguneman ieu di handap.
Reni : Pa, tadi abdi di sakola diajar perkawis istilah kasakit. Namung kirang
ngartos anu dimaksud ciri-cirina jalmi katarajang koléra, Pa?
Bapa :
Reni : Naon anu ngalantarankeun koléra téh, Pa?
Bapa :
Reni : Kedah dipasihan naon supados teu miceun waé?
Bapa :
Reni : Oh muhun atuh abdi ngartos ayeuna mah.
Bapa :
Pék ayeuna hidep nyusun carita saluyu jeung ieu gambar seri di handap
tong hilap aya pagunemanna!
1. 2.
3. 4.
59 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 59
Lamun geus disusun caritana tuluy éta paguneman téh petakeun ku
hidep di hareupeun kelas sacara kelompok!
Kamus Alit
Kecap Harti Indonesia
Sinonim demam
ngararey muriang tanggung
kararagog pameng berangkatnya
mangkatna inditna tumpah
bahé kaluar lantaran wadahna déngdék tentu
puguh tangtu tidur malam
begadang saré ti peuting keenakan
kamalinaan kangeunahan kasar
karadak keusrah menular
tépa keuna kanu sején terkena
tumerapna kakeunaan berbintil
marentis cenang bernapas
ngambekan ngarénghap bercampur
pacorog pacampur tergeletak
ngagolépak ngagolér keringat
késang karingeu menelan
neureuy neleg
60 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 60
Kecap Harti
nerekabna Sinonim Indonesia
ewateun nyebar menyebar
tambarakan jarawat jerawat
sagawayah sembarangan
Lenyepaneun x
x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Jajan di sakola tambarakan.
2 Ngadahar kadaharan anu taya gizian
3 Mandi mah cukup sapoé sakali.
Paniatan ka Hareup
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Ngadahar kadaharan nu loba gizina.
2 Milih jajanan anu séhat.
3 Hirup rék berséka.
61 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 61
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Awakna ngarasa ngararey ti kamari kénéh. Ngararey hartina ….
A. harééng C. tiris
B. muriang D. mual
2. Rasa nyeri di jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar
kageujreug-geujreug ku lulumpatan disebutna ….
A. kalikiben C. koléra
B. jeungjeuriheun D. rorombéheun
3. Pasosoré wéh nya mangkatna, ayeuna mah panas kénéh. Mangkat
saharti jeung ….
A. datang C. indit
B. balik D. torojol
4. Kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila,
sok disebut ogé kasakit anjing. Disebutna ….
A. cenang C. gondok
B. ewateun D. gondongeun
5. “Iraha katerapna panyakit koléra téh?” Ceuk Dudi nanya ka Apip.
Mun dijadikeun kalimah teu langsung nyaéta ….
A. Apip nanya ka Dudi, iraha katerap panyakit kolérana téh.
B. Dudi nanya ka Apip, iraha katerap panyakit kolérana téh.
C. Apip nanya ka Dudi, yén iraha katerap panyakit kolérana téh.
D. Dudi nanya ka Apip, yén iraha katerap panyakit kolérana téh.
6. Ubaran geura … téh ku getah gedang.
A. leuncangeun C. uuseupeun
B. rorombeheun D. sariawan
7. Asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan, bisa
nepa lamun pacorok wadah kadaharan. Ngambekan saharti jeung
….
A. ngarénghap C. neleg
B. neureuy D. bendu
62 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 62
8. Nu boga kasakit sakalor teu karasa puguh sababna sok ngadadak teu
éling, tuluy ngagolépak kapaéhan sungutna ngabudah. Ngagolépak
saharti jeung ….
A. saré
B. ceurik
C. ngagolér
D. ngalamun
9. Jajang nyebutkeun, yén manéhna ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.
Kalimah langsungna nyaéta ….
A. Jajang nyebutkeun, “Kuring ngarasa nyanyautan jeroeun kuku.”
B. Jajang nyebutkeun, “Manéh ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.”
C. Jajang nyebutkeun, “Anjeunna ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.”
D. Jajang nyebutkeun, “Manéhna ngarasa nyanyautan jeroeun
kukuna.”
10. Ari … mah tong sok dicoo bisi ngalobaan.
A. batuk
B. gondok
C. cenang
D. ewateun
II. Eusian titik-titik di handap ku kecap nu merenah!
1. Cenang sarupa … ngan leutik, aya nanahan, biasana lantaran ateul
nu digaro, tuluy inféksi.
2. Turuwisen kasakit sabangsa cenang dina ….
3. Jeungjeuriheun kasakit nyeri kiih lantaran ….
4. Kalikiben, rasa nyeri di jero … anu sok timbul upama tas dahar
kageujreug-geujreug ku lulumpatan.
5. Leuncangeun, kasakit dina séla-séla ramo …, marentis atawa
bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
63 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 63
III. Cocogkeun kecap sinonim di beulah katuhu saluyu jeung kalimahna!
1. Kasakit kulit sabangsa hapur, warnana a. kasar
bodas, semu karadak, karadak hartina … b. ngagolér
c. ngarenghap
2. Bisa népa lamun pacorok wadah kadaharan. d. keuna
Népa hartina …. e. kanu
f. sejen
3. Kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, g. kakeunaan
tumerapna henteu lila, tumerap hartina …
4. Asma, kasakit hésé ngambekan, ngambekan
hartina ….
5. Tuluy ngagolépak kapaéhan sungutna
ngabudah. Ngagolépak hartina ….
IV. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Naon nu dimaksud paguneman?
2. Tuliskeun 3 kasakit nu katarjangna dina beuteung!
3. Tuliskeun 3 kasakit nu katarajangna dina kulit!
4. Tuliskeun 2 kasakit nyeri kiih!
5. Tuliskeun 2 kasakit nu katarajangna dina beuheung!
64 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Latihan Penilaian Akhir Semester 1
Pék Baca Paguneman nu Aya Di Handap!
Waktu pangajaran Basa Sunda. Kelompok 4 nyaeta Tuti, Anton, Santi,
jeung Rido nyawalakeun ngeunaan kaséhatan diri.
Tuti : Ton, ari kaséhatan téh aya kaitanana jeung naon baé nya?
Anton :
Santi : Ceuk urang mah aya kaitanana jeung gizi, lingkungan sabudeureun, jeung
Rido : olah raga.
Santi :
Bener pisan Ton, kadaharan anu ngandung gizi téh kudu ngandung unsur-
Tuti : unsur karbohidrat, protéin, lemak, vitamin, mineral, jeung cai.
Anton :
Naon mangpaatna unsur-unsur éta téh, San?
Rido :
Santi : Karbohidrat pikeun sumber tanaga, protéin pikeun ngawangun sél jeung
Anton : zat dina awak, lemak pikeun nangtayungan organ-organ dina awak,
Tuti : vitamin pikeun ngatur tumuwuhna awak.
Naha cai penting pikeun awak urang?
Kacida pentingna Tut, kurang leuwih 70% awak urang diwangun ku cai.
Cai téh gunana pikeun ngatur panas awak, miceunan racun tina awak,
ngatur pungsi kulit.
Ari nu dimaksud lingkungan sabudeureun téh naon, San?
Lingkungan anu aya di sakuriling urang upamana di kulawarga, bumi téh
kudu beresih ti rupa-rupa kokotor, kekebul, jeung runtah.
Tah, lamun urang hayang séhat nu kudu diperhatikeun téh olah raga.
Olah raga téh bakal ngalancarkeun ngamalirna getih dina awak urang.
Wah, kacida lobana pangaweruh nu dipiconto sangkan urang hirup séhat.
I. Prak jawab pananya di handap saluyu jeung téks paguneman di luhur!
1. Saha waé anu keur guneman?
2. Naon waé anu kudu diperhatikeun sangkan séhat?
3. Nu kumaha kadaharan anu ngandung gizi?
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 65
4. Naha cai penting pikeun awak?
5. Kudu kumaha lingkungan sabudeureun téh?
II. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Kaulinan anu maké alat djieunna tina kai, panjangna kira-kira 40 cm,
lébarna kira-kira 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji, aya
nu sapuluh aya nu dua welas. Unggal logak dieusian ku kewuk, siki
salak, batu, jsté. Lobana tujuh siki. Cara ulinna piligenti,
Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta ….
A. gatrik
B. encrak
C. engklék
D. congklak
2. Cara maénna nyaéta batu disimpen dina tonggong dampal suku,
dijungjungkeun saeutik ka luhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka
hareup pikeun diadukeun (ditémbakkeun) kana batu usuh nu geus
dipasang. Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta ….
A. gatrik
B. encrak
C. engklék
D. congklak
3. Dua urang pahareup-hareup, tuluy pacekel-cekel, bari rada dikalu-
hurkeun. Barudak nu ngantay bari silih cekel taktak. Budak nu aya
di tukang nyekel taktak budak nu aya di hareupeunana. Geus kitu,
barudak nu ngantay arasup ka kolong nu duaan, nu tadi leungeunna
geus pacekel-cekel téa. Kituna téh bari kakawihan.
Ngaran kaulinan nu kitu nyaéta ….
A. cingciripit B.
boy-boyan C.
oray-orayan
D. ambil-ambilan
66 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
4. Barudak tonggoy migawé pagawéana séwang-séwangan. Tonggoy
ngandung harti ....
A. sibuk
B. cicing
C. riweuh
D. jongjon
5. Pakakas nu digunakeun keur ngeprukan kebul dina méja nyaéta ….
A. elap
B. sapu
C. sikat
D. kamonceng
6. Lamun urang nanyakeun jumlah hiji barang, kalimahna maké kecap
pananya ….
A. kunaon
B. di mana
C. kumaha
D. sabaraha
7. Pupuh anu kaasup sekar alit nyaéta ….
A. Sinom
B. Kinanti
C. Wirangrong
D. Asmarandana
8. Jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan (jajar) disebutna
.…
A. guru lagu
B. kecap barang
C. guru wilangan
D. kecap wilangan
9. Mun hayang pinter mah kudu getol diajar atuh ulah …!
A. poho
B. baong
C. ngedul
D. bandel
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 67
10. Réréncangan téh bumina aya nu tebih, aya ogé anu ....
A. jauh
B. caket
C. deukeut
D. anggang
11. Rasa nyeri di jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar
kageujreug-geujreug ku lulumpatan disebutna ….
A. koléra
B. kalikiben
C. rorombeheun
D. jeungjeuriheun
12. Kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila,
sok disebut ogé kasakit anjing. Disebutna ….
A. cénang
B. gondok
C. ewateun
D. gondongeun
13. Ubaran geura … téh ku getah gedang.
A. Sariawan
B. leucangeun
C. Uuseupeun
D. Rorombeuheun
14. Nu boga kasakit sakalor teu karasa puguh sababna sok ngadadak teu
eling, tuluy ngagolépak kapaéhan sungutna ngabudah. Ngagolépak
saharti jeung ….
A. saré
B. ceurik
C. ngagoler
D. ngalamun
15. Jajang nyebutkeun, yén manéhna ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.
Kalimah langsungna nyaéta ….
A. Jajang nyebutkeun, “Kuring ngarasa nyanyautan jeroeun kuku.”
B. Jajang nyebutkeun, “Manéhna ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.”
C. Jajang nyebutkeun, “Anjeunna ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.”
D. Jajang nyebutkeun, “Manéh ngarasa nyanyautan jeroeun kukuna.”
68 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
III. Eusian titik-titik di handap ku kecap nu merenah!
1. Oray-orayan téh ulah ka sawah sabab ….
2. Budak pahatu dina kaulinan ambil- ambilan téh gawéna .…
3. Kuwuk jeung bal pakakas nu digunakeun dina kaulinan ….
4. Wawan ngasongkeun leungeuna anu baloboran ku getih. Baloboran
hartina ….
5. Gog, manéhna cingogo, rék meresan anu paburantak. Cingogo
hartina ….
6. Dina wanci libur panjang sakola taun kamari pas pisan barengan jeung
taun baru 2017, kuring jeung kulawarga indit liburan sakola ka daerah
Puncak nu aya di Bogor, Jawa Barat.
Poko pokiran paragraph di luhur nyaéta ….
7. Ngutamakeun duduluran. Guru wilang jeung guru laguna nyaéta ….
8. Tebihan sipat nu awon. Awon hartina ….
9. Jauhan papaséaan. Sinonim papaséaan nyaéta ….
10. Jeung batur silih ajénan. Sinonim ajénan nyaéta ….
11. Jeungjeuriheun kasakit nyeri kiih lantaran ….
12. Kalikiben, rasa nyeri di jero … anu sok timbul upama tas dahar
kageujreug-geujreug ku lulumpatan.
13. Leuncangeun, kasakit dina sela-sela ramo …, marentis atawa
bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
14. Kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu karadak,
karadak hartina ….
15. Bisa népa lamun pacorok wadah kadaharan. Népa hartina ….
IV. Prak pigawé saluyu jeung panitah!
1. Tuliskeun kaulinan nu sok diulinkeun ku budak awéwé jeung budak
lalaki!
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 69
2. Kuring jeung kulawarga ngéndong di Puncak Bogor salila dua poé,
kuring ulin ka sawatara lokasi anu éndah nu aya di dinya, teu poho
kuring ogé foto-foto jeung kulawarga di dinya, ulin ka perkebunan
téh, jeung loba deui sajabana. Suasana éndah pisan jeung hawa
anu tiis mimiti karasa ditempat éta téh.
Tuliskeun poko pikiran paragraph di luhur!
3. Urang hirup di dunya henteu mandiri,
teu sosoranganan, perlu
aya batur deui, pikeun
hirup babarengan.
Tuliskeun eusi pupuh di luhur!
4. Tuliskeun 3 kasakit nu katarjangna dina beuteung!
5. Tuliskeun 3 kasakit nu katarajangna dina kulit!
70 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Unit
5 Reueus Jadi Urang Indonesia
Kompetensi Dasar
3.5. Memahami teks kawih tentang bangga sebagai bangsa Indonesia.
4.5. Melantunkan dan menceritakan isi kawih tentang bangga sebagai bangsa Indonesia.
Indikator
3.5.1. Menjelaskan isi teks kawih yang dilantunkan guru atau dari audio visual.
3.5.2. Menggunakan istilah geografi pada kalimat.
3.5.3. Menggunakan rarangken ka-an dan pang-na pada kalimat.
4.5.1. Melantunkan kawih.
Nilai Kemanusiaan
• Cinta Tanah Air
• Patriotisme.
Indonésia gemah ripah loh jinawi, Alam éndah héjo lémblok sugih mukti,subur
tutuwuhan, beunghar pepelakan, daun héjo ngémploh karaharjan lemah cai.
Urang kudu ngarasa reueus lahir di Indonésia.
71 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 71
Hayu Maca
Ieu di handap aya rumpaka kawih. Geura pék baca heula dina jero haté,
tuluy kawihkeun! Ku ibu bapa guru dicontoan cara ngawihkeunana.
Cinta Nusa
Sanggian: Mang Koko
Indonésia gemah ripah loh jinawi, Alam
éndah héjo lémbok sugih mukti, Subur
tutuwuhan, beunghar pepelakan, Daun
héjo ngémploh karaharjan lemah cai,
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung,
Petétan ngawujud sirung pagulung-gulung,
Piraku rék réla, piraku rék téga,
Alam nu ngémploh héjo pinarengan ngarangrangan teu kariksa.
Tutuwuhan nutup alas bandawasa,
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma,
Peryoga dijaga diraksa diriksa,
Kakayon mangpaat sumber kahirupan bangsa,
Mamala tanah ngeblak nungtun gimir ketir,
Bahaya gunung urug padataran banjir,
Rampak pada dokoh samakta sosoroh
Ngagarap tanah ngeblak dipelakan, tatangkalan héjo ngémploh.
Di luhur aya rumpaka nu mangrupa babasan. Babasan nyaéta ungkara
anu ngandung harti konotasi/ harti kias/ harti anu lain sabenerna.
• gemah ripah loh jinawi = masyarakatnya banyak dan sejahtera.
• héjo lémbok sugih mukti = subur dan kaya
• héjo ngemploh = lebat dan segar daunnya
• alas bandawasa = hutan rimba
• bagja kamayangan = sangat sejahtera
Prak jawab pananya saluyu jeung eusi kawih ku jalan disawalakeun!
1. Kumaha kaayaan alam Indonésia téh?
2. Kumaha kaayaan pepelakan jeung tutuwuhan di Indonésia?
72 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 72
3. Naon nu ngawujud sirung pagulung-gulung téh?
4. Alas bandawasa téh katutupan ku naon?
5. Ari tatangkalan nutup naon deui?
6. Naon mangpaat kakayon keur kahirupan bangsa?
7. Bakal kumaha mun tanah diantepkeun sina ngeblak?
8. Kudu kumaha urang dina ngagarap tanah Indonésia?
9. Bakal kumaha mun tatangkalan teu diriksa?
10. Naon nu dimaksud ngemploh héjo téh?
Hayu Ngaregepkeun
Istilah Géografi
Dina cutatan kalimah di luhur aya kecap gunung jeung padataran. Kecap
gunung jeung padataran téh kaasup kecap istilah géografi. Pék ayeuna
titénan kecap géografi jeung hartina.
Kecap Hartina
gunung tanah anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir.
padataran tanah rata atawa tanah lempar.
alun-alun tanah lapang hareupeun kacamatan atawa kabupatén.
babakan bagian walungan anu leah tur déét.
jungkrang legog nu jero sarta sisi-sisina gurawés.
kebon tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan.
lamping bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan.
73 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 73
Kecap Hartina
leuwi bagian walungan anu jero sarta biasana lega
muara tungtung walungan di hilir.
pasir gunung leutik sarta handap.
talaga situ alam nu jadi ku manéh.
situ sarupa balong ngan leuwih gedé.
huma tanah darat nu dipelakan paré.
lembur kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah.
mumunggang bagian gunung pangluhurna.
reuma tanah darat urut huma.
tanjung jojontor, tanah anu nyodor ka laut.
teluk bagian basisir anu ngelok ka darat.
wahangan walungan, cai gedé nu ngocor ti girang ka muara.
Pikeun maham harti istilah geografi, pék lengkepan kalimah di handap!
1. Ulah ulin di … bisi aya oray!
(bagian walungan anu jero sarta biasana lega).
2. Kamari aya musibah beus asup ka ….
(legog nu jero sarta sisi-sisina gurawés).
3. Nina mah rajin melak kekembangan di ….
(tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan).
4. Di … mah mindeng diayakeun paméran hasil pembangunan.
(tanah lapang hareupeun kacamatan atawa kabupatén).
5. Pasosoré barudak ulin di …
(gunung leutik sarta handap).
6. Rendi kungsi leumpang nepi ka ….
(bagian gunung pangluhurna).
7. Beubeutian alusna dipelakna di ….
(tanah darat nu dipelakan paré).
8. …. Bodas mah tempat rekreasi anu hadé pikeun niis.
(situ alam anu jadi ku manéh).
74 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 74
9. Tong sok miceun runtah ka …. Matak caah.
(walungan, cai gedé nu ngocor ti girang ka muara).
10. Rendi jeung Ani paparahuan di ….
(sarupa balong ngan leuwih gedé).
Hayu Nulis
Kalimah Kaayaan
Kalimah kaayaan nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap kaayaan.
Geura titénan kalimah di handap!
• Tatangkalan héjo ngémploh.
• Tatangkalan = kecap barang (KB)/jejer
• Héjo ngémploh = kecap Sipat (KS)/caritaan
Jieun kalimah kaayaan maké kecap-kecap ieu di handap!
1. Ipis nyempring ….
Kalimahna: ….
….
2. Héjo lémbok ….
Kalimahna: ….
3. Beureum euceuy
Kalimahna:
4. Hérang ngagenclang
Kalimahna:
4. Poék mongkléng
Kalimahna:
75 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 75
Gunakeun rarangkén barung ka-an kana ieu kecap-kecap di handap,
tuluy larapkeun kana kalimah!
Conto:
Hirup = ka- + hirup + -an = kahirupan
Kahirupan urang Indonésia umumna ngandelkeun tina hasil tani.
1. Beurang ....
Popi … lantaran di jalanna macét.
2. Liwat ....
Imah Jaya mah henteu … ku angkot.
3. Saré ....
Bakating ku capé, Dani … dina korsi.
4. Hujan ....
Popoéan téh baseuh deui, lantaran tadi ….
4. Cocok ....
Cai téh henteu ngocor, pancuranana … ku taneuh.
Gunakeun rarangkén barung pang-na kana kecap-kecap di handap,
tuluy larapkeun kana kalimah!
Conto:
pinter = pang- + pinter + -na = pangpinterna
Galih téh pangpinterna di kelas lima mah.
1. Sonagar ....
Dewi téh … di sakolana.
2. Punjul ....
Dina soal ngawih mah, Néni téh ….
76 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 76
3. Deukeut ....
Jarak imah Rudi ka sakola téh ….
4. Gancang ....
Lempang Galih téh ….
5. Kasep ....
Arjuna téh …. di antara pandawa lima mah.
Hayu Nyarita
Ieu di handap aya kawih sanggian Mang Koko.
Hayu urang kawihkeun babarengan!
Sabilulungan Kataragan Pahlawan
Sabilulungan, Teu honcéwang sumoréang
urang gotong-royong Tékadna pahlawan bangsa
Sabilulungan, urang Cadu mundur pantrang mulang
silih rojong Mun maksud tacan laksana
Sabilulungan, Berjuang keur lemah cai
génténg ulah potong Lali rabi tur tégang pati
Sabilulungan, Taya basa ménta pamulang tarima
persatuan témbong Iklas rido keur korban merdéka
Tohaga, rohaka Sinatria danalaga
Rempug jukung ngabasmi Béla bangsa jeung nagara
pasalingsingan Dibarengan tékad suci
Satia, sajiwa Berjuang keur lemah cai
Rempug jukungngabasmi Teu ngingetkeun ka dirina
pasalingsingan Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 77
Kamus Alit Sunda Harti
makmur Indonesia
Kecap beunghar
subur makmur
gemah leuweung kaya
sugih bungah subur
ngemploh tatangkalan hutan
alas binih bahagia sekali
bagja daunna marurag pepohonan
kakayon karawat bibit tumbuh-tumbuhan
petétan sieun berguguran daunnya
ngarangrangan tanah air terpelihara
kariksa akibat takut/segan
ketir migawé tanah air
lemah cai nyorang mara bahaya
mamala sanjatana lengkep menggarap
ngagarap jadi mengarungi
ngambah longsor bersenjata lengkap
samakta tumbuh dengan subur
tumuwuh longsor
urug
78 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Lenyepaneun x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Urang leuwih reueus lamun maké barang-barang jieunan
mancanagara.
2 Lamun urang nulungan ka batur téh lantaran hayang
kapuji.
3 Ngeusi kamerdékaan cukup ku diajar salsé.
4 Ku cara gotong royong bisa ngawujudkeun hirup sauyunan.
Paniatan ka Hareup x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Reueues maké barang-barang jieunan Indonésia.
2 Nulungan batur kudu iklas.
3 Ngeusi kamerdékaan ku jalan diajar soson-soson.
4 Rék ngalaksanakeun gotong royong.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 79
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Ceuk kawih “Cinta Nusa” kaayaan Indonésia téh ….
A. gemah ripah C. héjo ngemploh
B. sugih mukti D. balangsak
2. Indonésia gemah ripah loh jinawi, hartina ….
A. Indonésia gomplok tur seger.
B. Indonésia subur tur loba rejeki.
C. Indonésia beunghar tur hirup senang.
D. Indonésia gegek cacah jiwana sarta raharja.
3. Tutuwuhan nutup alas bandawasa. Alas bandawasa hartina ….
A. bagja pisan
B. leuweung gedé
C. gomplok tur seger
D. gegek cacah jiwana
4. Tanah anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir disebut ….
A. babakan C. lamping
B. gunung D. mumunggang
5. Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan disebut ….
A. babakan C. lamping
B. gunung D. mumunggang
6. Anu henteu kaasup kalimah kaayaan nyaéta ….
A. Bukuna aya tilu.
B. Daunna héjo ngemploh C.
Bajuna beureum euceuy. D.
Sapatuna héjo ngagedod.
7. Urang kudu loba ngalakukeun ….
Kecap rundayan pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….
A. dihadéan C. kahadéan
B. panghadéna D. ngahadéan
80 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
8. Tulisan Anisa … di sakolana.
Kecap rundayan pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….
A. kaalusan C. ngalusan
B. dialusan D. pangalusna
9. Di Asia Tenggara mah Indonésia téh nagara …
Kecap rundayan pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….
A. kasuburan C. disuburkeun
B. nyuburan D. pangsuburna
10. Petétan ngawujud sirung pagulung-gulung. Petétan saharti jeung ….
A. binih C. daun
B. daun D. tatangkalan
II. Eusian titik-titik ku kecap nu merenah!
1. Kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah disebut ….
2. Tanah darat urut huma disebut ….
3. Daun héjo ngémploh karaharjan lemah cai. Ngémploh hartina ….
4. Kakayon mangpaat sumber kahirupan bangsa. Kakayon hartina ….
5. Ngagarap tanah ngeblak dipelakan. Ngagarap hartina ….
III. Cocogkeun kecap di beulah katuhu saluyu jeung kalimahna!
1. Sabilulungan, urang silih …. a. tarima
2. Sabilulungan, genténg ulah …. b. mulang
3. Rempug jukung ngabasmi …. c. rojong
4. Cadu mundur pantrang …. d. potong
5. Taya basa ménta pamulang …. e. pasalingsingan
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 81
IV. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Indonésia gemah ripah loh jinawi, Alam
éndah héjo lembok sugih mukti, Subur
tutuwuhan, beunghar pepelakan, Daun
héjo ngémploh karaharjan lemah cai,
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung,
Petétan ngawujud sirung pagulung-gulung,
Piraku rék réla, piraku rék téga,
Alam nu ngémploh héjo pinarengan ngarangrangan teu kariksa.
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
2. Tutuwuhan nutup alas bandawasa,
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma,
Peryoga dijaga diraksa diriksa,
Kakayon mangpaat sumber kahirupan bangsa,
Mamala tanah ngeblak nungtun gimir ketir,
Bahaya gunung urug padataran banjir,
Rampak pada dokoh samakta sosoroh
Ngagarap tanah ngeblak dipelakan, tatangkalan héjo ngémploh.
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
82 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
3. Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genténg ulah potong
Sabilulungan, persatuan témbong
Tohaga, rohaka
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
4. Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 83
5. Sinatria danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
84 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Unit
6 Miara Lingkungan
Kompetensi Dasar
3.6. Memahami teks sajak tentang menjaga kelestarian lingkungan.
4.6. Membacakan sajak tentang menjaga kelestarian lingkungan.
Indikator
3.6.1. Menjelaskan isi teks sajak tentang menjaga kelestarian lingkungan yang dibacakan
guru.
2.5.1. Merubah sajak menjadi prosa.
2.5.2. Menjelaskan arti denotatif dan konotatif.
2.5.3. Menggunakan kata berimbuhan pada kalimat.
4.6.1. Mendeklamasikan sajak.
Nilai Kemanusiaan
Peduli lingkungan.
Tanggung jawab.
Miara lingkungan téh penting pisan pikeun lumangsungna kahirupan mahluk di
alam. Rupa-rupa cara miara lingkungan téh di antarana melak tatangkalan dina
lahan kosong, miceun runtah teu di mana waé. Dina pangajaran ieu
pék urang titénan sajak anu eusina ngeunaan miara lingkungan.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 85
Hayu Nulis
Ieu di handap aya sajak. Eusina ngeunaan miara lingkungan urang. Pék
baca heula dina jero haté, geus kitu baca bedaskeun!
Lembur Kuring
Sanggian: Rahmawati
Ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh
aya bagéa séah angin na daun awi
sit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat
manuk hujan mopoeun nyadaan hujan
ngageuri
Ngahuleng di tungtung leuweung Cibuluh
dipapag sawér kembang mahoni
deudeuh teuing jati nu ngarangrangan
Béh ditu gunung beuki bedegul
kidang tinggal beureumna
tikukur ngari sorana
jalak di tegalan teu bulu-bulu acan
surili dina kiara
taya di kieuna
Ucang-ucang dina cukang leuwi
kuring ngembeng cimata nyangray
batu parentul teu disarimbut ka
marana ari dulur, baraya
poho rumat, hilap riksa
Nikreuh dina jalan satapak leuweung Cibuluh
Weléh teu bisa tepung jeung amis mata
Deudeuh teuing sono kuring
Ukur bisa lumengis jeroeun dada
Dicutat tina: Majalah Manglé, No. 2041
86 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Pikeun maham éta sajak, pék sawalakeun sarta jawab panalék ieu di
handap.
1. Pada kahiji, kadua, jeung katilu dina sajak diwangun ku sabaraha jajar?
2. Kumaha kaayaan basa ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh
téh?
3. Dipapag naon basa ngahuleng di tungtung leuweung Cibuluh téh?
4. Ceuk pada katilu, kumaha kaayaan di gunung jeung di tegalan téh?
5. Naon nu geus teu nyésa di tegalan jeung di kiara téh?
6. Di wangun ku sabaraha jajar pada kaopat dina éta sajak?
7. Ceuk pada katilu, kumaha kaayaan kuring téh?
8. Kumaha sikep dulur jeung baraya téh?
9. Kumaha lampah kuring di jalan satapak leuweung Cibuluh téh?
10. Kumaha sikep kuring kana kaayaan leuweung Cibuluh téh?
Hayu Ngaregepkeun
Harti Dénotatif jeung Harti Konotatif
Titénan kecap anu didéngdékkeun dina kalimah ieu di handap!
1. Manuk ngelak nyeungceurikan tigerat
2. Si Ujang nyeungceurikan indungna nu indit.
Dina cutatan kalimah di luhur aya kecap nyeungceurikan. Kecap nyeung-
ceurikan dina kalimah ka (1) maksudna sora-sora manuk anu disada, harti
nu dipiboga ku éta kecap sipatna henteu langsung, tapi injeuman (kiasan)
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 87
lantaran manuk mah teu bisaeun ceurik. Anu sok ceurik mah manusa. Ku
kituna harti kecap anu teu langsung atawa injeuman disebut harti konotatif.
Sabalikna kecap nyeungceurikan dina kalimah ka (2) hartina anu dipiboga
ku éta kecap sipatna langsung, sabenerna, atawa saujratna. Ari sababna
memang nu sok ceurik mah manusa. Ku kituna harti kecap anu langsung
atawa sabenerna nuduhkeun barangna disebut harti dénotatif
Sangkan hidep leuwih paham kana perkara harti dénotatif jeung harti
konotatif, pék titénan kalimah di handap!
No. Kalimah Harti Harti
Dénotatif Konotatif
1. Bah Sakri diharudum ku sarung.
2. Gunung-gunung diharudum ku halimun.
3. Intan katelah kembang désa.
4. Néni metik kembang di taman.
5. Lamun manggu geus euweuh cupatan
sok téréh.
6. Kalakuan jelema mah moal jauh ti
cupatana.
7. Neng Santi sorana mani lemes.
8. Kaén buludru mah karasana lemes.
9. Ku sabab ngedul diajar, Rudi ngendog
di kelas 5.
10. Hayam mang Sulé ngendogna aya lima
welas.
88 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Hayu Nulis
Ngalarapkeun kecap rundayan kana kalimah.
Titénan conto kalimah ieu di handap!
a. Koran Sunda keur dibaca ku Bapa.
b. Dudi keur macaan majalah, rek neangan sajak Sunda.
c. Tut, pangmacakeun surat, geus kurang kabaca ku Nini!
d. Di perpustakaan mah réa buku bacaan.
e. Bunda keur mangmacakeun dongéng ka Dédé.
Dina conto di luhur aya rupa-rupa kecap rundayan nu asalna tina kecap baca.
Éta kecap rundayan téh nyaéta dibaca, macaan, pangmacakeun, bacaan,
jeung mangmacakeun.
Lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap nu geus disadiakeun!
1. Ucing hideung téh … pak Somad. miara
2. Imah nu kosong bisa … ku barudakna. piaraan
3. Dédi … hayam jago di imahna. dipiara
4. Lauk dina aquarium … sangkan galedé. pipiaraan
5. Domba téh … ku Mang Udi. piaraeun
6. Wan, cing … sawah nu di lebak! piarakeun
7. Ibu … hayam nu keur nyileungleum. kapiara
8. Bi Unéh boga … manuk puyuh. dipangmiarakeun
9. Kebon warisan téh … anak-anakna. mangmiarakeun
10. …, wéh sawah téh ka Mang Rustam pangmiarakeun
sangkan ngahasilkeun.
Hayu Nyarita
Déklamasi
Déklamasi téh midangkeun sajak ditalar hareupeun umum maké pepeta
jeung wirahma.
Ieu di handap aya sajak. Pék ku hidep apalkeun! Geus kitu, déklamasikeun
di hareupeun kelas! Giliran ka hareup saurang-saurang!
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 89
Kota Bandung
Sanggian: Azahra Annisa Putri
Kota Bandung anu asri
Tempat kalahiran abdi
Kota pendidikan jeung budaya
Abdi resep jadi urang Bandung
Bandung kota nu seungit lir kembang
Hayu urang wangun babarengan
Ngarah jadi kota nu bersih tur éndah
Bandung Kota Bermartabat
Ti bihari jadi pupujaning ati
Hayu urang rempug jukung
Ngawangun Bandung urang
Sangkan nanjung salawasna dipigandrung
Ditata-dijaga-diriksa
Kota Kembang nu raresik
Kama’muran, Pendidikan
Agamana, seni Budaya gé penting
Tong poho Lingkungan Hirup
Dirawat dipiara
Kaséhatan, Olahraga ulah suwung
Masarakat Bandung cerdas
Kréatip jeung berpréstasi.
Dicutat tina: Majalah Manglé, No. 2263
Kamus Alit
Kecap Harti
ngajanteng Sunda Indonesia
tanjakan nangtung berdiri
ngelak netek menanjak
nembang bernyanyi
90 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Kecap Harti
tigerat Sunda Indonesia
sit uncuing
ngageuri usum paceklik kekeringan
ngahuleng
dipapag manuk leutik burung kecil
deudeuh
ngarangrangan rumahuh mengeluh
bedegul
kidang ngalamun melamun
ucang-ucang dijajap dijemput
ngembeng nyaah sayang
nyangray
rumat marurag daunna berguguran
riksa
nikreuh botak gundul
sono
lumengis mencek rusa
diharudum
cupatan diuk rada luhur bari ngarum-
suwung
nanjung baykeun suku duduk berjuntai
pinuh berlinang
ngasakeun teu maké minyak dipanggang
ditata disusun
piara pelihara
leumpang berjalan kaki
hayang papanggih rindu
ceurik menangis
dikurudung diselimuti
sikep perilaku
kosong kosong
luhur harkat berpangkat
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 91
Lenyepaneun x
x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Pepelakan teu kudu dicébor.
2 Pasir-pasir nu turundul kudu dipelakan.
3 Kabéh tatangkalan dituaran.
4 Miara lingkungan kalawan daria.
Paniatan ka Hareup
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Nyébor pepelakan unggal poé.
2 Melak pepelakan.
3 Nuar tatangkalan maké aturan.
4 Miara lingkungan.
92 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh. Ngajanteng hartina
….
A. diuk C. nangtung
B. cingogo D. sideku
2. Sit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat.
Maksud kalimah di luhur ngupamakeun kaayaan haté anu keur ….
A. bungah C. gumbira
B. sedih D. reueus
3. Jalak di tegalan teu bulu-bulu acan
Surili dina kiara
Taya di kieuna
Anu geus teu nyésa di tegalan jeung Kiara téh nyaéta ….
A. daun jeung buah C. tangkal jeung jukut
B. manuk jeung monyet D. cai jeung hawa
4. Nyangray batu parentul teu disarimbut.
Kecap anu kaasup harti konotatif nyaéta ….
A. nyangray C. batu
B. parental D. disarimbut
5. ka marana ari dulur, baraya
poho rumat, hilap riksa
nurutkeun kalimah di luhur sikep jalma ….
A. miara lingkungan C. ngurus lingkungan
B. ngajaga lingkungan D. ngantep lingkungan
6. Béh ditu gunung beuki bedegul
Kidang tinggal beureumna
Tikukur ngari sorana
kecap kidang saharti jeung ….
A. mencek C. munding
B. manuk D. hayam
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 93
7. Weléh teu bisa tepung jeung amis mata.
Kecap anu kaasup harti konotatif nyaéta ….
A. amis C. tepung
B. weleh D. mata
8. Wan, cing … sawah nu di lebak!
Kecap rundayan pikeun ngalengkepan kalimah nyaéta ….
A. dipiara C. piaraan
B. mangmiarakeun D. miara
9. Imah nu kosong bisa … ku barudakna.
A. dipiara
B. kapiara
C. piaraan
D. pangmiarakeun
10. Kota Bandung anu asri.
Tempat kalahiran abdi .
Kota pendidikan jeung budaya.
Abdi resep jadi urang Bandung.
Nurutkeun sajak di luhur, jujuluk kota Bandung nyaéta ….
A. kota asri
B. kota resep
C. kota éndah
D. kota pendidikan
II. Eusian titik-titik ku kecap nu merenah!
1. Deudeuh teuing sono kuring. Sono hartina ….
2. Ukur bisa lumengis jeroeun dada. Lumengis hartina ….
3. Nikreuh dina jalan satapak leuweung Cibuluh. Nikreuh hartina ….
4. Sit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat. Tigerat hartina ….
5. Kaséhatan, Olahraga ulah suwung. Suwung hartina ….
94 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
III. Cocogkeun kecap istilah geografi di beulah katuhu saluyu jeung
kalimahna! a. tegalan
b. leuwi
1. Ngajanteng di … tanjakan Cibuluh. c. mumunggang
2. Ngahuleng di tungtung … Cibuluh.
3. Béh ditu … beuki bedegul.
4. Jalak di … teu bulu-bulu acan. d. leuweung
5. … kuring ngembeng cimata. e. gunung
IV. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Kota Bandung anu asri
Tempat kalahiran abdi
Kota pendidikan jeung budaya Abdi
resep jadi urang Bandung Bandung
kota nu seungit lir kembang Hayu
urang wangun babarengan Ngarah
jadi kota nu bersih tur éndah.
Tulis eusi sajak di luhur ku basa sorangan!
2. Bandung Kota Bermartabat Ti
bihari jadi pupujaning ati
Hayu urang rempug jukung
Ngawangun Bandung urang
Sangkan nanjung salawasna dipigandrung
Ditata-dijaga-diriksa
Kota Kembang nu raresik
Tulis eusi sajak di luhur ku basa sorangan!
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 95
3. Kama’muran, Pendidikan
Agamana, seni Budaya gé penting
Tong poho Lingkungan Hirup
Dirawat dipiara
Kaséhatan, Olahraga ulah suwung
Masarakat Bandung cerdas
Kréatip jeung berpréstasi.
Tulis eusi sajak di luhur ku basa sorangan!
4. Jieun kalimah maké kecap harti dénotatif jeung harti konotatif ku
kecap:
a) kembang
b) ngendog
c) harudum
5. Jieun kalimah make kecap rundayan tina kecap:
a) mersihan
b) beberes
c) dibersihan
d) pangbersihna
e) kabersihan
96 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Latihan Penilaian Tengah Semester 2
Pék tengetan sajak di handap!
Alam Padésaan
Sanggian: Astri Martiani Irawan
Éndah alam padésaan
Éstu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kalér, wétan
Plung-plong, matak waas téténjoan
Éndah alam padésaan Upluk-
aplak pasawahan Leuweung
héjo ku tatangkalan Arula-
arileu wahangan
Ngocorkeun cai canémbrang hérang
Éndah alam padésaan
Taneuhna subur tatanén ma’mur
Rohmat ti Gusti nu Maha Gofur
Sangkan mahluk-Na daék tafakur
Éndah alam padésaan
Wajib diraksa jeung diriksa
Ulah diruksak digunasika
Keur sampeureun anak incu jaga
Dicutat tina: Majalah Manglé, No. 2414
I. Jawab panalek di handap saluyu jeung eusi sajak di luhur!
1. Kumaha kaayaan alam padésan téh?
2. Matak kumaha kana haté urang alam padésan téh?
3. Kumaha kaayaan wahangan di padésan téh?
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 97
4. Kumaha kaayaan taneuh di alam padésan téh?
5. Ti mana urang meunang alam nu éndah téh?
II. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Indonésia gemah ripah loh jinawi, hartina ….
A. Indonésia gomplok tur seger.
B. Indonésia subur tur loba rejeki.
C. Indonésia beunghar tur hirup senang.
D. Indonésia gegek cacah jiwana sarta raharja.
2. Tanah anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir disebut ….
A. gunung
B. babakan
C. lamping
D. mumunggang
3. Anu henteu ka asup kalimah kaayaan nyaéta ….
A. Bukuna aya tilu.
B. Daunna héjo ngemploh.
C. Bajuna beureum euceuy.
D. Sapatuna héjo ngagedod.
4. Tulisan Anisa … di sakolana.
Kecap rundayan pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….
A. dialusan
B. kaalusan
C. ngalusan
D. pangalusna
5. Petétan ngawujud sirung pagulung-gulung. Petétan saharti jeung ….
A. binih
B. daun
C. daun
D. tatangkalan
98 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
6. Tutuwuhan nutup alas bandawasa. Alas bandawasa hartina ….
A. bagja pisan
B. leuweung gedé
C. gomplok tur seger
D. gegek cacah jiwana
7. Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan disebut ….
A. gunung
B. lamping
C. babakan
D. mumunggang
8. Ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh. Ngajanteng hartina
….
A. diuk
B. sideku C.
cingogo D.
nangtung
9. Jalak di tegalan teu bulu-bulu acan
surili dina kiara
taya di kieuna
Anu geus teu nyésa di tegalan jeung kiara téh nyaéta ….
A. cai jeung hawa
B. daun jeung buah
C. tangkal jeung jukut
D. manuk jeung monyet
10. ka marana ari dulur, baraya
poho rumat, hilap riksa
Nurutkeun kalimah di luhur sikep jalma ….
A. miara lingkungan B.
ngurus lingkungan C.
ngajaga lingkungan D.
ngantep lingkungan
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 99
11. Béh ditu gunung beuki bedegul
kidang tinggal beureumna
tikukur ngari sorana
Kecap kidang saharti jeung ….
A. manuk
B. hayam
C. mencek
D. munding
12. Wan, cing … sawah nu di lebak!
Kecap rundayan pikeun ngalengkepan kalimah nyaéta ….
A. miara
B. dipiara
C. piaraan
D. mangmiarakeun
13. Kota Bandung anu asri
Tempat kalahiran abdi
Kota pendidikan jeung budaya
Abdi resep jadi urang Bandung
Nurutkeun sajak di luhur, jujuluk kota Bandung nyaéta ….
A. kota asri
B. kota resep
C. kota éndah
D. kota pendidikan
14. Sit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat.
Maksud kalimah di luhur ngupamakeun kaayaan haté anu keur ….
A. sedih B.
reueus C.
bungah D.
gumbira
15. Nyangray batu parentul teu disarimbut.
Kecap anu kaasup harti konotatif nyaéta ….
A. batu
B. parental
C. nyangray
D. disarimbut
100 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
III. Eusian titik-titik di handap ku jawaban nu merenah!
1. Kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah disebut ….
2. Tanah darat urut huma disebut ….
3. Daun héjo ngémploh karaharjan lemah cai. Ngémploh hartina ….
4. Kakayon mangpaat sumber kahirupan bangsa. Kakayon hartina ….
5. Ngagarap tanah ngeblak dipelakan. Ngagarap hartina ….
6. Sabilulungan, urang silih ….
7. Rempug jukung ngabasmi ….
8. Deudeuh teuing sono kuring. Sono hartina ….
9. Ukur bisa lumengis jeroeun dada. Lumengis hartina ….
10. Nikreuh dina jalan satapak leuweung Cibuluh. Nikreuh hartina ….
11. Sit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat. Tigerat hartina ….
12. Kaséhatan, Olahraga ulah suwung. Suwung hartina ….
13. Béh ditu … beuki bedegul.
14. Ngajanteng di … tanjakan Cibuluh
15. … kuring ngembeng cimata.
IV. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genténg ulah potong
Sabilulungan, persatuan témbong
Tohaga, rohaka
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 101
2. Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
3. Kota Bandung anu asri
Tempat kalahiran abdi
Kota pendidikan jeung budaya Abdi
resep jadi urang Bandung Bandung
kota nu seungit lir kembang Hayu
urang wangun babarengan Ngarah
jadi kota nu bersih tur éndah.
Tulis eusi sajak di luhur ku basa sorangan!
4. Jieun kalimah maké kecap harti denotatif jeung harti konotatif ku
kecap:
a) kembang :
b) ngendog :
c) harudum :
5. Jieun kalimah make kecap rundayan tina kecap:
a) mersihan :
b) bebersih :
c) dibersihan :
d) pangbersihna :
e) kabersihan :
102 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Unit
7 Kadaharan Tradisional
Kompetensi Dasar
3.7. Memahami teks eksposisi sederhana tentang makanan sehat dan bergizi (makanan
tradisional Sunda).
4.7. Menyajikan teks eksposisi sederhana tentang makanan sehat dan bergizi (makanan
tradisional Sunda) baik secara lisan maupun tulis.
Indikator
3.7.1. Menjelaskan isi teks eksposisi sederhana tentang makanan sehat dan bergizi
(makanan tradisional Sunda).
3.7.2. Menuliskan kesimpulan dari teks eksposisi yang disediakan.
3.7.3. Menjelaskan istilah kadaharan tradisional.
3.7.4. Menyusun kecap acak menjadi kalimat.
4.7.1. Menceritakan kembali bacaan eksposisi dengan menggunakan kalimat sendiri.
Nilai Kemanusiaan
• Membiasakan hidup sehat.
• kreatifitas.
Kadaharan dina kahirupan masarakat Sunda téh réa rupana. Bahan keur
nyieunna ogé rupa-rupa, di antarana waé, béas jeung sampeu. Jaba ti
éta, aya deui rupa-rupa inuman has Sunda saperti bajigur jeung bandrék.
Dina pangajaran ieu pék urang titenan teks eksposisi anu eusina ngeunaan
kadaharan tradisional.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 103
Hayu Maca
Ieu di handap aya téks pedaran (éksposisi). Eusina ngeunaan kadaharan
tradisional Sunda. Pék ku hidep baca dina jero haté!
Sampeu
Sampeu téh basa latinna nyaéta Casave, robah
dina Basa Sunda jadi kasapeu, sedengkeun di Priangan
mah disebut sampeu. Sabangsa tutuwuhan nu babari
diseték, beutina sagedé leungeun, ngandung aci. Ari
daunna kawas ramo leungeun ngan jumlah daunna
rata-rata tujuh lambar, pucukna bisa dipaké lalab keur
nyoél sambel, atawa dijieun buntil. Ku urang Batak
mah sok dijieun botok.
Nu loba gunana téh beutina sabab bisa dijieun rupa-rupa kadaharan. Upamana
baé bisa dijieun gaplék, nyaéta sampeu meunang mesék téh dikeueum heula
sapeuting, terus dicacag, tuluy dipoé. Sanggeus garing ditutuan sing nepi ka
laleutik. Sanggeus garing kawas béas, tuluy digeberan ngarah tiis. Tah kitu cara nyieun
sangu tina sampeu téh.
Sajaba ti kitu gaplék téh bisa dijieun peuyeum. Carana sanggeus diseupan,
ditiiskeun, tuluy diragian, dipincukan ku daun cau laleutik. Dua poé ti harita sampeuna
geus amis jadi peuyeum. Di Ciranjang mah béda deui nyieun peuyeumna. Peuyeum
sampeu teh gelempengan digantung, kasohorna peuyeum gantung téa. Kitu deui
di Désa Cimenyan, éta mah dijieun peuyeum biasa dina tolombong, ngajualna
ditanggung diiderkeun ka pilemburan.
Kicimpring kadaharan sabangsa opak anu bahanna tina sampeu. Di wewengkon
Kuningan mah kicimpring téh disebut béca. Dina nyieun kicimpring jaba ti bahan baku
nu mangrupa sampeu, perlu ogé samara saperti uyah, bawang daun, céngek, atawa
cabé. Ari cara nyieunna kieu. Sampeu dipesek cangkangna, tuluy dikumbah, sarta
diparud. Parudan sampeu dicampuran ku uyah, bawang daun beunang nyiksikan
saperluna. Geus kitu mah galokeun nepi ka rata. Adonan sampeu diemple-emple
ipis tur dibuleudkeun atawa dilonjongkeun dina tutup panci. Geus kitu diseupan ngarah
asak. Geus asak mah dijait, tuluy dipoé nepi ka garing. Kakara geus garing, opak
digoréng atawa didéangkeun nepi asak.
Kadaharan séjénna tina bahan sampeu téh kacida réana, upamana comro,
katimus, putri noong, ongol-ongol, getuk, lémét, sawut, misro, cimplung, gatot, jeung
tiwul.
104 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Urang perlu ngabudidayakeun sampeu, sabab melak sampeu mah teu pati
hésé komo mun harga béas mahal mah, sampeu téh kudu bisa jadi kadaharan
poko gaganti béas nu penting mah lain sampeuna, tapi deugeun sanguna kudu nu
bergizi.
Dicutat tina Mustika Basa
Pikeun maham eusi téks éksposisi di luhur, pék jawab ieu panalék di
handap!
1. Tutuwuhan nu kumaha ari sampeu?
2. Naha beutina sampeu loba gunana?
3. Kumaha prak-prakan nyieun gaplék?
4. Naon bédana peuyeum Ciranjang jeung peuyeum Cimenyan?
5. Di wewengkon mana kicimpring disebut béca téh?
6. Naon waé samara kicimpring téh?
7. Kumaha cara ngasakan kicimpring?
8. Kadaharan naon waé nu bahanna tina sampeu?
9. Kumaha cara ngasakan peuyeum nu bahanna tina gaplek?
10. Di mana nu kosohor peuyeum gantung téh?
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 105