Hayu Ngaregepkeun
Eusi teks éksposisi di luhur téh ngeunaan kadaharan tradisional anu bahan
pokona tina sampeu . Pék titénan kadaharan tradisional séjénna di handap!
Ngaran Kadaharan Bahan Asalna Cara Ngasakanana
karédok sayuran diréndos
bakakak hayam hayam kampung dibeuleum
sangu timbel béas diseupan
gepuk daging sapi diungkep
saté maranggi daging embé dibeuleum
géco togé, tauco dikulub
basréng baso digoréng
ciréng tipung aci digoréng
seblak kurupuk kulit digoréng
dodol tipung béas ketan digodog
mochi tipung ketan dikulub
galéndo hampas kalapa disangray
gemblong tipung ketan digoréng
jalabria tipung ketan digoréng
gurandil tipung aci dikulub
jojorong tipung béas diseupan
colénak peuyeum dibeuleum
bandros tipung béas dipanaskeun kana
citakan
ali agrem tipung ketan digoréng
cuhcur tipung béas digoréng
kalua jeruk cangkang jeruk digodog
keremes hui digoréng
naga sari tipung béas digodog
Sumber: https://tempatwisataindonesia.id/makanan-khas-sunda/
106 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 106
Cocogkeun istilah kadaharan tradisional di luhur jeung gambarna!
1. 2. 3.
4. 5. 6.
7. 8. 9.
Hayu Nulis
Di handap aya kecap-kecap acak, pék ku hidep susun jadi kalimah anu
merenah!
1. Beunang – daun – panci – digodok – gedang – dina – ngala.
107 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 107
2. Cau – lombang – nu atah – dipeuyeum – kénéh téh – dina.
3. Katél – suuk téh – dina – sangray.
4. Cau – nyiksikan téh – nyiru – dina – dipoé – beunang.
5. Jeruk téh – dikeueum – ciapu – dina – cangkang.
6. Meungkeut – dibeuleum – para seuneu – dina – jagong – beunang.
7. Ngumbah téh – sampeu – dituuskeun – beunang – tuluy.
8. Dikulub – waluh téh – langseng – dina – keur.
9. Hawu – dina – opak téh – digarang.
10. Nyaéta – bubuahan – digodog – kalua – anu – cigula – ku.
Hayu Nyarita
Di handap aya pedaran ngeunaan prak-prakan nyieun kadaharan tra-
disional, pék pilih salah sahiji tuluy caritakeun di hareupeun kelas sacara
bagilir!
Kicimpring
Kicimpring kadaharan sabangsa opak anu bahanna tina
sampeu. Di wewengkon Kuningan mah kicimpring téh
disebut béca. Nyieun kicimpring jaba ti bahan baku nu
mangrupa sampeu, perlu ogé samara saperti uyah, bawang
daun, céngek, atawa cabé. Ari cara nyieunna kieu. Sampeu
dipesék cangkangna, tuluy dikumbah, sarta diparud. Parudan
sampeu dicampuran ku uyah, bawang daun beunang
nyiksikan saperluna.
108 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 108
Geus kitu mah galokeun nepi ka rata. Adonan sampeu diemplé-emplé ipis tur
dibuleudkeun atawa dilonjongkeun dina tutup panci. Geus kitu diseupan ngarah
asak. Geus asak mah dijait, tuluy dipoé nepi ka garing. Kakara geus garing, opak
digoréng atawa didéangkeun nepi asak
Kiripik Cau
Bahanna cau siem atawa cau raja, cai, gula bodas,
gula beureum, uyah, jeung minyak goréng. Cau dipesék
cangkangna, tuluy disiksik ka panjangna sing aripis.
Lamun rék nyieun kiripik asin, cau beunang nyiksikan
dikeueumkeun kana ciuyah. Anteupkeun sakeudeung
ngarah ciuyah nyerep, kakara digoréng. Tapi lamun rék
nyieun kiripik amis, cau beunang nyiksikan digoréng
nepi ka asak. Geus kitu, digalokeun kana cigula.
Kamus Alit
Kecap Harti
rérégéan Sunda Indonesia
nyoél Teu rata tidak beraturan
dikeueum mencocol
mesek nyocol direndam
dicacag mengupas
ditutuan dicicingkeun kanu cai dipotong-potong
digeberan ditumbuk
diseupan dipiceun cangkangna dikipasin
dipincukan dipotongan baradag dikukus
gelempengan
ditanggung direndos dibungkus daun
diiderkeun batangan
dihihidan dipikul
diasakan ngagunakeun saab diedarkan
cai ngagolak
dibungkus
lenjeran
mawa make rancatan
didagangkeun
109 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 109
Kecap Harti
wewengkon Sunda Indonesia
samara wilayah daerah
digalokeun bumbu
dijait bumbu diaduk
dideangkeun diangkat
teu pati dicampurkeun diasap
komo tidak terlalu
dikulub diangkat apalagi
dibeuleum direbus
direndos digarang dibakar
disangray diulek
teun sabaraha disangrai
nyerep
meungkeut leuwih meresap
dituuskeun mengikat
nyiksikan digodog ditiriskan
mengiris
digarang
digerus
diasakan dina katel teu make
minyak
nyerep
ngiket
digaringkeun
motong aripis
Lenyepaneun x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Géngsi kadaharan kadaharan tradisional téh.
2 Kadaharan tradisional téh loba ngandung gizi.
3 Kadaharan tina sampeu mah éléh ku mie instan.
4 Mun jajan kudu milih tempat nu bersih.
110 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 110
Paniatan ka Hareup x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Reueus boga kadaharan tradisional.
2 Moal poho ka nu kadaharan tradisional.
3 Mikaresep kadaharan olahan tina sampeu.
4 Ngajaga kabersihan kadaharan nu rék didahar.
111 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 111
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Daun sampeu kawas ramo leungeun ngan jumlah daunna rata-rata
….
A. 6 lambar C. 8 lambar
B. 7 lambar D. 9 lambar
2. Bagian sampeu anu sok dijieun buntil atawa botok nyaéta ….
A. daunna C. dahanna
B. beutina D. akarna
3. Sampeu nu dijieun kawas béas atawa sangu disebut ….
A. katimus C. peuyeum
B. awug D. gaplék
4. Sampeu bisa dijieun peuyeum kucara dibéréan ….
A. uyah C. ragi
B. gula D. tipung
5. Peuyeum gantung kasohor di daérah ….
A. Padalarang C. Ciranjang
B. Cimenyan D. Sukabumi
6. Cara nyieun kicimpring tina sampeu téh, sanggeus sampeuna
dipesék jeung dikumbah tuluy ….
A. diparud C. dicacag
B. disiksik D. diréndos
7. Bahan pikeun nyieun karédok nyaéta ….
A. bubuahan C. sayuran
B. beubeutian D. sisikian
8. Kadaharan tradisional anu bahanna tina hampas Kalapa nyaéta ….
A. galéndo C. jojorong
B. jalabria D. comro
9. Colénak nyaéta kadaharan tradisional anu bahanna tina ….
A. tipung béas C. hui
B. tipung ketan D. peuyeum
112 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 112
10. Nu sok dijieun kalua téh nyaéta ….
A. kalapa C. apel
B. kadongdong D. cangkang jeruk bali
II. Eusian titik-titik di handap ku kecap nu merenah!
1. Kadaharan tradisional Sunda mah lolobana diwancah, ari comro
wancahan tina ….
2. Kadaharan tradisional Sunda mah lolobana diwancah, ari misro
wancahan tina ….
3. Kadaharan tradisional Sunda mah lolobana diwancah, ari cireng
wancahan tina ….
4. Kadaharan tradisional Sunda mah lolobana diwancah, ari colénak
wancahan tina ….
5. Kadaharan tradisional Sunda mah lolobana diwancah, ari géco
wancahan tina ….
III. Cocogkeun kecap istilah ngasakan kadaharan di beulah katuhu
saluyu jeung kalimahna!
1. Daun gedang beunang ngala … dina panci. a. diseupan
2. Jagong meunang meungkeut … dina paraseuneu. b. disangray
3. Waluh téh keur … dina langseng. c. digarang
4. Suuk téh … dina katél d. dibeuleum
5. Opak téh … dina hawu. e. digodog
IV. Pék jawab saluyu jeung panitah!
1. Tuliskeun prak-prakan nyieun gaplék!
2. Tuliskeun prak-prakan nyieun kicimpring!
113 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 113
3. Tuliskeun prak-prakan nyieun kiripik cau!
4. Tuliskeun 5 kadaharan tradisional anu bahanna tina tipung ketan!
5. Naon bédana dikulub jeung diseupan, digoréng jeung disangray?
114 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Unit
8 Musibah Alam
Kompetensi Dasar
3.8. Memahami teks carpon tentang suatu peristiwa alam (bencana/musibah).
4.8. Menceritakan kembali dengan bahasa sendiri isi carpon tentang peristiwa (bencana/
musibah.
Indikator
3.8.1. Menjelaskan isi teks carpon tentang musibah caah.
3.8.2. Melengkapi kalimat dengan istilah peristiwa alam.
3.8.3. Menyusun kalimat dengan rarangken pi-eun dan pika-eun.
4.8.1. Menceritakan gambar yang berkaitan dengan bencana alam.
Nilai Kemanusiaan
• Cinta lingkungan.
• Syukur atas ciptaan Tuhan.
Musibah alam nyaéta musibah anu datangna ti alam, nu kaasup musibah alam
di antarana urug, gunung bitu, caah, lini. Urang teu bisa ngahalang- halang
musibah alam éta tapi urang bisa nyegah sangkan teu ngabalukarkeun
sangsara anu kacida. Cara ngajagana téh nyaéta ku cara mulasara
lingkungan sangkan teu ruksak.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 115
Hayu Maca
Mapag Taun Anyar ku Caah
Harita téh dinten Jumaah, abdi nuju liburan semesteran, nu rencanana badé
ngéndong ka bumi Bibi nu aya di daérah Bekasi. Sasih Désémber tos lebet usum ngijih,
seueur kawartosan di mana-mana banjir sareng longsor. Dongkap ka bumi bibi téh
ngahaja dinten Jumaah énjing-énjing tos dijajapkeun ku Bapa, teras mulih deui bapa
margi aya pidameleun.
Ti énjing-énjing tos ngeprul hujan, dugi ka siang breg téh hujan turun ageung pisan
kawas nu dicicikeun ti langit. Dugi ka wengi hujan téh teu raat-raat, jaba dinten ieu téh
badé ngumpul mapag baganti taun.
Ku sabab ngecrek baé hujan abdi mah ngaringkuk baé di kamar ngahod-hod
katirisan disimbut. Reup baé mondok tibra dugi ka subuh.
Hawar-hawar di kamar kakuping sora pating jorowok, caaah… caaaaahh…!!
Bakating ku reuwas abdi nepi ngagabrug ka Bibi. “ Aya naon Bi?” mani ramé kitu?”
naros ka Bibi.
“Hih…. Ari Dadi … sugan téh apal komplék urang téh caah, tah geura déngékeun
mani ngaguruh kitu!”
Muhun wé leres pas ditoong tina jandéla téh cai upluk-aplak kawas laut, ngan
ieu mah caina kiruh da pacampur sareung leutak. Pas ditingal ka ruang tamu
sihoréng cai téh tos lebet dugi satuur jalmi sawawa.
Tina kajadian ieu aya sababaraha bumi anu kakeueum, anu katingal mung
suhunan wungkul. Kitu oge mobil loba nu ngambang nepi kabawa palid. Untung wé
bumi Bibi mah teu kakeueum da bumina aya 2 lanté, bénten sareng bumi sanés.
Seueur warga anu ngarungsi ka masjid sareng ka bumi warga anu teu kacaahan.
Matak karunya seueur barudak anu ngéar narangis. Seueur ogé anu tiwas akibat caah
dina mapag taun anyar nyaéta 2020. Seueur mobil ngarambang ka bawa palid ku
sabab teu bisa nahan cai anu kacida gedéna.
Enjingna, teu sakara-kara cai téh tos orot, ngan orokaya leutakna mani kandel.
Cai téh harita mah katingalna ayem kacida, caina ogé ngorotan. Seueur mobil, geus
puguh parabot.
Saur Bibi mah pami hujan ageung, di komplék bibi mah sok sering kacaahan,
margi seueur walungan pinuh ku runtah, lepat saha? Abdi ogé kirang ngartos.
Mung harita abdi kungsi maos di Google upami di daérah Bekasi téh saur Bapa
Wali Kota Bekasi nu ngalantarankeun caah téh aya dua nyaéta curah hujan tinggi
116 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
ngabalukarkeun walungan teu bisa nampung aliran cai. Nu kadua lantaran kiriman
cai ti Bogor ngaliwatan Cikéas jeung Cileungsi.
Harita ogé abdi nelepon ka Bapa supados énggal-énggal dijemput. Siangna
bapa ngajemput. Margi énjingna tos kedah lebet sakola. Bibi ogé teu hilap diajak, mung
alimeun. Atuh Bapa ogé teu tiasa maksa. Kaleresan ameng ka bumi Bibi téh
ngabantun oléh-oléh, pangalaman ningal caah nu sakitu ageungna. Lumayan kanggo
presentasi di kelas pami aya pelajaran ngeunaan bencana alam.
Karya: Yeti, 2020
Pikeun maham eusi carpon di luhur, pék jawab pananya saluyu jeung
eusi carpon di luhur!
1. Saha waé tokoh tina carpon di luhur?
2. Di mana latar tempat kajadian téh?
3. Kumaha gagasan poko paragrap kahiji?
4. Kumaha kaayaan bumi Bibi?
5. Naon nu ngalantarankeun caah?
6. Naon sababna Bumi Bibi teu kakeueum?
7. Ka mana warga ngungsina?
8. Kumaha kaayaan komplek Bibi téh?
9. Kudu kumaha mu teu kacaahan téh?
10. Naon anu ngalantarankeun caah saur Bapa Wali kota?
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 117
Hayu Ngaregepkeun
Istilah Kajadian Alam
Di luhur aya kecap “caah”. Sarua hartina jeung banjir, nyaéta ngagedéan caina
(walungan) sarta kiruh lantaran katambahan cileuncang nu pohara lobana.
Pék titénan istilah kajadian alam séjénna!
Kecap Hartina
Caah dengdeng Caah nu teu disangka-sangka, lantaran hujan ti
girang.
Lini Oyagna bumi lantaran aya gunung bitu atawa
parobahan nu hébat di jero bumi.
Urug longsor.
Angina topan Angin badag tur pohara hébatna.
Bitu Ngaluarkeun lahar.
Hujan angin Hujan gedé dibarung ku angin.
Samagaha Poék waktu bulan kakalangkangan ku panon poé.
Usum mamareng Usum halodo, rék mimiti ngijih.
Usum ngijih Usum hujan.
Angkeub Ceudeum, reueuk, poék ku pihujaneun.
Usum katiga Usum halodo.
Guludug Guruh aweuhan sora gélédég.
Kilat Cahaya nu ngaburinyay di langit lantaran aliran listrik
alam nyamber tangkal.
Layung/katumbiri Cahaya konéng semu beureum di langit waktu
panonpoé surup.
Mega Saab nu ngumpul di awang-awang.
Ibun Saab nu jadi cai ti peuting sarta narapel kana
dangdaunan nepi ka isuk.
Halimun pepedut, saab (embun) nu handap kénéh, nu deukeut
kénéh kana taneuh tacan mumbul ka luhur.
118 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 118
Pék lengkepan kalimah di handap ku istilah kajadian alam!
1. Tadi beurang sigana aya … kadéngé tingbeletak kana kenténg.
2. Pasir téh … nepi ka jalan liliwatan mobil katutupan.
3. Tah kadéngé sora … biasana rék hujan.
4. Waktu … mah loba balong anu bentas.
5. Lamun peutingna tas hujan, isuk-isuk dina dangdaunan sok aya ….
6. Réa tangkal anu rungkad basa aya ….
7. Keur mah hujan angin, katambah … tingburinyay di langit.
8. Di lembur mah mun … téh sok sasadiaan suluh.
9. Waktu …. réa kenténg imah nu ngarapung.
10. Lantaran subuh hujan, isuk-isuk geus dikepul ku ….
Hayu Nulis
Rarangkén pika-eun jeung pi-eun.
Titénan kalimah di handap ieu!
a) Udin mah lamun ngomong téh sok pikaseurieun.
(pikaseurieun hartina nu ngalantarankeun seuri)
b) Meuli tarigu téh jang pikuéheun.
(pikuéheun hartina bahan keur nyieun kuéh).
Pék ayeuna hidep nyieun kalimah maké kecap di handap!
1. pikalucueun
2. pikarunyaeun
3. pikasieuneun
4. pikaseudiheun
5. pikabetaheun
119 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 119
6. piimaheun
7. piomongeun
8. piinumeun
9. pibuaheun
10. pipintereun
Hayu Nyarita
Ayeuna urang nyarita ku jalan nyocogkeun gambar jeung carita anu
luyu, tuluy pék caritakeun di hareupeun babaturan sakelompok!
1. 2.
3. 4.
120 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
5. 6.
1. Gurat konéng semu beureum tingarudat ngahiasan pipi langit. Mingkin
lila sabagian payung jagat hibar ku cahaya muncrat. Ti dinya, panonpoé
lalaunan mucunghul ti Beulah wétan di tungtung cakrawala.
2. Ombak gedé, laut siga ngajangkungan, ukur memenitan ombak geus
nyéréd ka sisi lembur.
3. Ngawurkeun lebu, dibarengan keusik panas, mudalkeun kubikan keusik
mancawura ka mamana, kana walungan ngamalirkeun lahar panas.
4. Méga ngumpul mangrupa angin tornado, ujug-ujug ngagésérna
lémpéngan bumi, dibarengan ku oyagna bumi.
5. Amblesna imah, lamping bareulah, tatangkalan daréngdék, dibarengan
ku sora nu ngaguruh.
6. Hujan gedé dibarengan ku angin ngagelebug ngarampid sakur nu aya di
sabudeureunana
Kamus Alit
Kecap Harti
ngéndong Sunda Indonesia
dijajapkeun mondok menginap
ngeprul dianteurkeun mengantar
raat ngepruy Hujan rintik-rintik
Eureun hujan reda
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 121
Kecap Harti
ngecrek Sunda Indonesia
ngaringkuk hujan tuluy-tuluyan hujan terus-terusan
ngahod-hod morongkol berbaring
mondok ngadedeg katirisan menggigil
hawar- hawar saré tidur
ngaguruh kadéngé saeutik sayup-sayup
upluk- aplak sora nu gandeng bergemuruh
leutak lega pisan luas
sawawa taneuh leyur lumpur
kakeueum dewasa dewasa
suhunan katutupan cai terendam
palid hateup Atap rumah
ngéar kabawa ku cai hanyut
orot sora budak ceurik menangis
orokaya ngurangan berkurang
ayem ngan bae hanya saja
ngamalirkeun tenang tenang
bentas malidkeun mengalirkan
rungkad bobol jebol
tingburinyay runtuh tumbang
darengdek cahaya kilat petir
tingarudat daroyong miring
hibar loba gurat-guratna banyak cacat
cahaya nu nyebar bercahaya
122 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
Lenyepaneun x
x
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Miceun runtah mending di mana waé.
2 Lamun tatangga kacaahan urang mah teu kudu nulungan.
3 Lamun aya kajadian alam urang kudu ngucap syukur ka
Gusti.
4 Lingkungan kudu dipiara sangkan teu nimbulkeun
musibah.
Paniatan ka Hareup
Bere tanda () anu nuduhkeun kalakuan hade!
Bere tanda (x) anu nuduhkeun kalakuan goreng!
No. Uraian
1 Miceun runtah kudu kana tempatna ngarah teu kacaahan.
2 Urang kudu silih tulungan jeung tatangga.
3 Ngucap syukur ka Gusti tos dipaparin alam.
4 Miara lingkungan ku jalan miara tutuwuhan.
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 123
Latihan Ulangan Harian
I. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Sasih Désémber tos kalebet usum ….
A. ngijih C. paceklik
B. halodo D. mamareng
2. Caah nu teu disangka-sangka, lantaran hujan ti girang disebut ….
A. caah C. urug
B. caah dengdeng D. lini
3. Réa tangkal anu rungkad basa aya ….
A. angin topan C. angin
B. angin ngagelebug D. angin ngahiliwir
4. Ceudeum, reueuk, poék ku pihujaneun, nyaéta harti istilah kajadian
alam tina kecap ….
A. samagaha C. ibun
B. guludug D. angkeub
5. Ku sabab ngecrek baé hujan abdi mah ngaringkuk baé di kamar
ngahod-hod. Ngahod-hod nuduhkeun ….
A. tiris C. panas
B. ngelekeb D. haredang
6. Tina kajadian ieu aya sababaraha bumi anu kakeueum, anu katingal
mung suhunan wungkul. Bahkan mobil loba nu ngambang nepi
kabawa palid. Untung wé bumi Bibi mah teu kakeueum da bumina aya
2 lanté, bénten sareng bumi sanés. Seueur warga anu ngarungsi ka
masjid sareng ka bumi warga anu teu kacaahan. Matak karunya
seueur barudak anu ngéar narangis. Seueur ogé anu tiwas akibat caah
dina mapag taun anyar nyaéta 2020. Seueur mobil ngarambang ka
bawa palid ku sabab teu bisa nahan cai anu kacida gedéna.
Ringkesan paragrap di luhur nyaéta ….
A. Bumi kakeueum C. Akibat tina caah
B. Mobil kabawa palid D. Warga anu ngungsi
124 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
7. Saur Bibi mah pami hujan ageung, komplek Bibi mah sok sering
kacaahan, margi seueur walungan pinuh ku runtah, lepat saha? Abdi
ogé kirang ngantos. Mung harita abdi kungsi maos digoogle upami di
daérah Bekasi téh saur Bapa Wali Kota Bekasi nu ngalantarankeun
caah téh aya dua nyaéta curah hujan tinggi ngabalukarkeun
walungan teu bisa nampung aliran cai. Nu kadua lantaran kiriman
cai ti Bogor ngaliwatan Cikéas jeung Cileungsi.
Gagasan poko paragrap di luhur nyaéta ….
A. saur bibi mah
B. maos di google
C. ngalantarankeun caah
D. Bapa wali kota Bekasi
8. Harita ogé abdi nelepon ka bapa supados énggal-énggal dijemput.
Siangna bapa ngajemput. Margi énjingna tos kedah lebet sakola.
Bibi ogé teu hilap diajak, mung alimeun. Atuh bapa ogé teu tiasa
maksa. Kaleresan ameng ka bumi bibi téh ngabantun oléh-oléh,
pangalaman ningal caah nu sakitu ageungna. Lumayan kanggo
presentasi di kelas pami aya pelajaran ngeunaan bencana alam.
Gagasan poko paragrap di luhur nyaéta ….
A. Lebet sakola
B. Bencana alam
C. Bapa ngajemput
D. Ameng ka bumi Bibi
9. Gurat konéng semu beureum tingarudat ngahiasan pipi langit.
Mingkin lila sabagian payung jagat hibar ku cahaya muncrat. Ti
dinya, panonpoé lalaunan mucunghul ti beulah wetan di tungtung
cakrawala.
Kaasup kajadian alam ….
A. medalna srangégé C. urug
B. gunung bitu D. lini
10. Ombak gedé, laut siga ngajangkungan, ukur memenitan ombak
geus nyéréd ka sisi lembur.
Kaasup kajadian alam ….
A. lini C. tsunami
B. urug D. angin topan
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 125
II. Eusian titik-titik di handap ku kecap nu merenah!
1. Cahaya konéng semu beureum di langit waktu panonpoé surup
disebut ….
2. Lamun peutingna tas hujan, isuk-isuk dina dangdaunan sok aya ….
3. Ngawurkeun lebu, dibarengan keusik panas, mudalkeun kubikan
keusik mancawura ka mamana, kana walungan ngamalirkeun lahar
panas, kaasup kajadian alam ….
4. Hujan gedé dibarengan ku angin ngagelebug ngarampid sakur nu
aya di sabudeureunana, kaasup kajadian alam ….
5. Lantaran subuh hujan, isuk-isuk geus dikepul ku ….
III. Cocogkeun kecap rundayan di beulah katuhu saluyu jeung kalimahna!
1. Tadi peuting hujan angin dor-dar gelap, pipintereun
éstu matak … pijauheun
pisuluheun
2. Tangkal kai di sisi jalan téh geus ropoh pikapaureun
pisan, matak … nu ngaliwat pikasieuneun
pikamelangeun
3. Lamun geus waktuna balik ulah terus ulin,
ulah matak … kolot
4. Budak … mah tara ngabantah kana
panitah kolotna.
5. Awi … téh meunang ngala ti leuweung.
IV. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Tuliskeun 5 kajadian alam!
2. Naon nu ngalantarankeun caah déngdéng?
126 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
3. Naon bédana lini jeung tsunami?
4. Kudu kumaha sangkan teu kakeunaan bencana alam?
5. Jieun carpon saluyu jeung gambar di handap!
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 127
Latihan Penilaian Akhir Tahun
Pék Baca Sempalan Bacaan di handap Sing Gemet!
Jabar Rawan Urug
Bencana alam téh rupa-rupa. Di antarana baé caah, urug, lini, jeung tsunami. Tapi
di Jawa Barat mah bencana alam anu pangmindengna téh nya éta urug. Sapertiluna
(37%) bencana alam di Jawa Barat mah urug. Réa wewengkon ti 13 kabupatén tina
25 kabupatén/kota di Jawa Barat anu tanahna gampil urug.
Dumasar data Direktorat Vulkanologi dan Mitigasi Bencana Geologi, Jabar
mangrupa provinsi anu pangmindengna kajadian urug. Salila taun 2001-2005,
unggal taunna rata-rata kajadian 30 kali urug, anu ngalantarankeun korban jiwa
rata-rata 57 urang per taun.
Taun 2005, upamana, 88 persén tina 33 kali urug di Indonésia kajadianana di Jawa
Barat. Musibah urug pangréana kajadian di Kabupatén Bandung, nya éta tujuh kali,
ditéma ku kabupatén Sumedang lima kali.
Mindengna kajadian urug di Jabar, dilantarankeun ku faktor alam jeung kagiatan
jelemana. Ditilik tina alamna, di Jabar loba jurang jeung lamping lungkawing anu
diwangun ku lilipitan kulit bumi. Salian ti éta, alam Jabar ogé geus loba anu keuna
ku érosi. Ditambah ku kagiatan jelemana anu henteu merhatikeun kaayaan alam, beuki
ngaronjatkeun poténsi bencana alam.
Sumber: dicutat tina Piwulang Basa
I. Jawab pananya di handap saluyu jeung bacaan!
1. Naon waé anu kaasup bencana alam téh?
2. Bencana alam naon anu pangmindengna di Jabar?
3. Sabaraha kali rata-rata kajadian urug di Jabar?
4. Di mana pangréana musibah urug?
5. Naha di Jabar rawan urug?
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 129
II. Cakra (x) aksara A, B, C, atawa D anu kaasup jawaban pangbenerna!
1. Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan disebut ….
A. lamping
B. gunung
C. babakan
D. mumunggang
2. Urang kudu loba ngalakukeun ….
Kecap rundayan pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….
A. dihadéan
B. kahadéan
C. ngahadéan
D. panghadéna
3. Petétan ngawujud sirung pagulung-gulung. Petétan saharti jeung ….
A. binih
B. daun
C. gagang
D. tatangkalan
4. Nyangray batu parentul teu disarimbut.
Kecap anu kaasup harti konotatif nyaéta ….
A. batu
B. parental
C. nyangray
D. disarimbut
5. Béh ditu gunung beuki bedegul
kidang tinggal beureumna
tikukur ngari sorana
kecap kidang saharti jeung ….
A. manuk
B. hayam
C. mencek
D. munding
130 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
6. Kota Bandung anu asri
Tempat kalahiran abdi
Kota pendidikan jeung budaya
Abdi resep jadi urang Bandung
Nurutkeun sajak di luhur, jujuluk kota Bandung nyaéta ….
A. kota asri
B. kota resep
C. kota éndah
D. kota pendidikan
7. Bagian sampeu anu sok dijieun buntil atawa botok nyaéta ….
A. akarna
B. beutina
C. daunna
D. dahanna
8. Sampeu bisa dijieun peuyeum kucara dibéréan ….
A. ragi
B. gula
C. uyah
D. tipung
9. Cara nyieun kicimpring tina sampeu téh, sanggeus sampeuna dipesék
jeung dikumbah tuluy ….
A. diparud
B. dicacag
C. disiksik
D. diréndos
10. Kadaharan tradisional anu bahanna tina hampas Kalapa nyaéta ….
A. comro
B. jalabria
C. galéndo
D. jojorong
11. Caah nu teu disangka-sangka, lantaran hujan ti girang disebut ….
A. lini
B. urug
C. caah
D. caah dengdeng
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 131
12. Ceudeum, reueuk, poék ku pihujaneun, nyaéta harti istilah kajadian
alam tina kecap ….
A. ibun
B. guludug
C. angkeub
D. samagaha
13. Tina kajadian ieu aya sababaraha bumi anu kakeueum, anu katingal
mung suhunan wungkul. Bahkan mobil loba nu ngambang nepi
kabawa palid. Untung wé bumi Bibi mah teu kakeueum da bumina aya
2 lanté, bénten sareng bumi sanés. Seueur warga anu ngarungsi ka
masjid sareng ka bumi warga anu teu kacaahan. Matak karunya
seueur barudak anu ngéar narangis. Seueur ogé anu tiwas akibat caah
dina mapag taun anyar nyaéta 2020. Seueur mobil ngarambang ka
bawa palid ku sabab teu bisa nahan cai anu kacida gedéna.
Ringkesan paragrap di luhur nyaéta ….
A. Bumi kakeueum
B. Akibat tina caah
C. Mobil kabawa palid
D. Warga anu ngungsi
14. Harita ogé abdi nelepon ka Bapa supados énggal-énggal dijemput.
Siangna bapa ngajemput. Margi énjingna tos kedah lebet sakola.
Bibi ogé teu hilap diajak, mung alimeun. Atuh bapa ogé teu tiasa
maksa. Kaleresan ameng ka bumi bibi téh ngabantun oléh-oléh,
pangalaman ningal caah nu sakitu ageungna. Lumayan kanggo
presentasi di kelas pami aya pelajaran ngeunaan bencana alam.
Gagasan poko paragrap di luhur nyaéta ….
A. Lebet sakola
B. Bencana alam
C. Bapa ngajemput
D. Ameng ka bumi Bibi
132 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
15. Ombak gedé, laut siga ngajangkungan, ukur memenitan ombak
geus nyéréd ka sisi lembur.
Kaasup kajadian alam ….
A. lini
B. urug
C. tsunami
D. angin topan
III. Eusian titik-titik di handap ku jawaban nu merenah!
1. Kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah disebut ….
2. Daun héjo ngemploh karaharjan lemah cai, Ngemploh hartina ….
3. Ngagarap tanah ngeblak dipelakan. Ngagarap hartina ….
4. Ukur bisa lumengis jeroeun dada. Lumengis hartina ….
5. Sit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat. Tigerat hartina ….
6. Nikreuh dina jalan satapak leuweung Cibuluh. Nikreuh hartina ….
7. Géhu wancahan tina togé jeung tahu, aru colénak wancahan tina ....
8. Cilok wancahan tina aci dicolok, ari misro wancahan tina ....
9. Daun gedang beunang ngala … dina panci.
10. Waluh téh keur … dina langseng.
11. Cahaya konéng semu beureum di langit waktu panonpoé surup
disebut ….
12. Lamun peutingna tas hujan, isuk-isuk dina dangdaunan sok aya ….
13. Ngawurkeun lebu, dibarengan keusik panas, mudalkeun kubikan
keusik mancawura ka mamana, kana walungan ngamalirkeun lahar
panas, kaasup kajadian alam ….
14. Hujan gedé dibarengan ku angin ngagelebug ngarampid sakur nu
aya di sabudeureunana, kaasup kajadian alam ….
15. Lantaran subuh hujan, isuk-isuk geus dikepul ku ….
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V 133
III. Prak jawab saluyu jeung panitah!
1. Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genténg ulah potong
Sabilulungan, persatuan témbong
Tohaga, rohaka
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Pék tuliskeun ku basa sorangan eusi kakawihan di luhur!
2. Jieun kalimah maké kecap harti denotatif jeung harti konotatif ku
kecap:
a) kembang
b) ngendog
c) harudum
3. Tuliskeun 5 kadaharan tradisional anu bahanna tina tipung ketan!
4. Tuliskeun 5 kajadian alam!
134 Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
5. Jieun carpon saluyu jeung gambar di handap!
Panganteur Basa Sunda Pikeun SD/MI Kelas V
135