The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by henasum72, 2022-03-16 15:38:43

PPT MATERI CARPON

PPT MATERI CARPON

M HENA SUMARNI, S.Pd., M.Pd.
A SMP NEGERI 9 CIMAHI
T
É PANGAJARAN
R BASA SUNDA
I
KELAS VIII
CARITA PONDOK

P
O
K
O

TUJUAN PEMBELAJARAN

 Melalui kegiatan telaah teks, peserta didik dapat
menyebutkan jumlah tokoh dalam carita pondok
yang dibacanya dengan cermat.

 Melalui kegiatan telaah teks dan diskusi, peserta
didik dapat menganalisis karakter tokoh dalam
carita pondok yang dibacanya dengan cermat.

 Melalui kegiatan telaah teks dan diskusi, peserta
didik dapat menganalisis latar dalam carita
pondok yang dibacanya dengan cermat.

 Melalui kegiatan telaah teks dan diskusi, peserta
didik dapat menyimpulkan tema dalam carita
pondok yang dibacanya dengan cermat.

WANGENAN (DEFINISI)

Carita rékaan (fiksi) nu ditulis dina basa
lancaran. Carpon eusina nyaritakeun
kahirupan sapopoé anu méré kesan lir
enya-enya kajadian. Eusina biasana teu
leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun
pieunteungeun atawa picontoeun hususna
anu macana (Sudaryat, spk., 2007:146)

UNSUR-UNSUR INTRINSIK
KARYA SASTRA

TÉMA TOKOH LATAR

GALUR AMANAT

NGANALISIS UNSUR INTRINSIK

TOKOH KARAKTER
LATAR SUASANA
INTI CARITA
TÉMA

CUTATAN CARITA PONDOK

Nu Beunghar
Tetti Hodijah
Réngsé solat subuh, Usih gesat-gesut dangdan, teu
ngurus mandi heula, bisi kabeurangan. Rap baju haneut, rét
ka Si Sujang, keur saré bangun tibra. Celengok tarangna
dicium.
“Heug sing tibra anaking, tong poho engké Ema
papagkeun ka sisi jalan,” gerendengna laun.
Turun tina golodog, leumpangna ngiciprit, bangun
inggis béakeun beulieun. Mangkaning pesenan Ibu Pabrik
ogé daging hayam lima kilo, buncis sapuluh kilo, cabé héjo
lima kilo, daging sapi tilu kilo, tambah sasamaraan wéh.

Teuing rék hajat nanahaon tah nu beunghar téh, tara-
tara, pesen daging sagala. Pan biasana mah cukup nyandak
tahu atawa témpé, tambahna togé atawa waluh siem.
Angeun cangkorang bongkang, basana gé, piraning keur
pagawé. Cacak lauk tinggudibeg di balong, béjana mah
aya guramé nu beuratna lima kilo hiji, tapi bangun teu
hayangeun meuleum atawa ngagoréng. Puguh baé laukna
rék galedé ogé, balongna ogé keur gedé téh aya opatna,
lima jeung nu leutik paranti mijahkeun, cenah. Domba di
kandangna mah piduiteun wungkul. Ngan manuk jigana nu
ukur dijieun hiasan jeung nganteur karesep téh. Kitu ogé mun
niat mah moal hésé ngaduitkeunana, ceuk béja mah harga
hijina téh taya nu kurang ti dua ratus rébu mangkaning aya
sapuluhna.

Ari batur, ngala duit téh bangun dirawuan. Ku Gusti
bangun disungkun, da geuning rejekina téh sakitu nyayeudna.
Beunghar béakeun ku sorangan. Geura wé, mobil treuk di
pabrik aci, aya sawelasna. Acan colt bak jeung sédan paranti
ulin. Pabrikna lain hiji, pan kagungan heuleur jeung
pausahaan gabah. Hasil tatanén masarakat di lelewek ieu
sasat lalumpatan ka Pa Sudjani. Sampeuna, paréna, ka suluh-
suluh, dibeuli ku manéhna mah.

Usih teu ngaleuleungit, ngarasa kadangiangan ku Ibu
Sudjani téh, enya Ibu Pabrik. Sasat anjeunna nu mayeng
langganan unggal poé, jeung balanjana tara saeutik, najan
ukur lauk asin jeung waluh. Tara hésé mayar, sabaraha baé
digebroan.

“Pasar...pasar..pasar....!, kenék colt mini ngacungkeun
curukna basa Usih anjog ka sisi jalan.

“Kabeneran,” gerentesna. Clak tumpak, diukna rada
nyanggéyéng, bubuhan kabagéan deukeut panto, na
jojodog. Keun wéh untung kabagéan kénéh diuk ogé, cacak
henteu mah kudu ngadagoan mobil séjén, beuki beurang
baé.

“Sinarieun Euceu, wayah kieu karék mangkat!” Si
Sondang namprakeun leungeun.

“Nanya atawa ménta ongkos?” Usih ngodok pésak,
song duit kencring saratusan dua siki. Ngahaja sakalieun keur
ongkos mah sok diteundeun dina pésak baju haneut, tara
dihijikeun dina dompét ambéh babari nyokotna. Nepi ka
pasar, enya baé nu malasar sisi jalan geus rék bubaran,
bubuhan kendaraan geus mimiti pasuliwer, ngaheurinan
jalan.

“Ké lanan Kang, tong waka pépérén!” Usih sasat
ngajleng tina mobil muru Kang Udin , tukang sayur
langganana. Sasat balantik gé, ari kudu balanja ti jero pasar
mah, hahargaan lain beulieun tukang dagang.

“Euh...sugan téh Si Nyai peré heula, boro teu
dipangiloankeun ti tadi”, Kang Udin nu geus kukud-kukud téh
buru-buru ngilo sayuran.

“Nu aralus, Kang, aya pesenan Ibu Pabrik. Pisahkeun
deuih pesenan mah rék disakarungkeun”, Usih paciweuh
milihan cabé héjo nu garendut harérang.

“Keur nu beunghar mah teu kudu nu alus-alus, da lain
dahareun manéhna ieuh”, Kang Udin nyéréngéh.

“Si, ari ateun téh”, Usih milu seuri.
“Enya, loba sotéh rajakayana, boa kanimatan dahar
mah éléh ku urang, nu ukur koréh-koréh cok”, Kang Udin tapis
naker nalian karung dieusi sayuran.

Sumber:
KANAGAN
Kumpulan Carpon Pinilih Manglé Hadiah Uu Rukmana,
2010: 139-147
Geger Sunten - Bandung

Tokoh atawa palaku dina
carita:

Usih Sondang Kang Udin

Tokoh atawa palaku dina carita pondok “Nu Beunghar”

Tokoh jeung karakterna

Usih: nyaah pisan ka nu jadi anak, getol
usaha, dagang sayur ngider, tangginas

Sondang: disiplin kana tugasna

Kang Udin: padagang anu
daréh, ngamulyakeun nu
balanja

Latar
(tempat kajadian, waktu, suasana)

Imah Usih, dina mobil colt mini, di pasar

Sanggeus solat subuh

Saregep, gesat-gesut

Téma
(poko carita)

 Nyaritakeun kahirupan sosial masarakat
 Nyaritakeun saurang awéwé tukang

dagang sayur

Kacindekan
(Kesimpulan)

 Carpon ditulis dina wangun prosa atawa
basa lancaran. Caritana pondok
midangkeun hiji pasualan. Pasualan anu
dipidangkeun mangrupa pasualan
sapopoé anu mindeng karandapan dina
kahirupan masarakat.

 Unsur-unsur intrinsik karya sastra prosa:
téma, tokoh, latar, galur, jeung amanat

HATUR NUHUN


Click to View FlipBook Version