The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.

BUKU GURU SUNDA KLS 2 - 2014

Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by handayanigcr, 2021-08-18 09:49:25

BUKU GURU SUNDA KLS 2

BUKU GURU SUNDA KLS 2 - 2014

Keywords: BUKU GURU

Pamekar Diajar

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013
Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas II

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer:Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna
Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi
ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku
taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum
luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep
bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

PANYUSUN:
Tatang Sumarsono

Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat

Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H.Yayat Sudaryat

Risnawati

PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.

Dr. Hj.Ai Sofianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri

Drs.Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto

Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar
Rarancang Jilid : Edi laish

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3
Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)
978-602-1300-17-6 (Jilid 2)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning
nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal
Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.
Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng
buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan
pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013,
ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul
bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi
Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku,dipiharep implementasi kurikulum 2013,hususna ngeunaan
pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan
merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah,
dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh
pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance;
behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.
Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning
ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan,
saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna
gè kalebet guru basa daèrah deuih,tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun
kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi
guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah
kènging pangajèn.


iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina
dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning
lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013
Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,
Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA
Pembina Utama Madya
NIP 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional.
Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal
di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-
elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar
kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan
kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah
anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24
jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten
buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun
sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar
sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi
dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé
mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku
guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,
sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu
dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng
penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas
Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan
Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs,
SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat
Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah
pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

v

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan
langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah,
ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu,
teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina
ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan
pajaman.

Bandung, Désember 2013
Kepala Balai
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,
Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd
NIP. 196110051986031014

vi

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK)
pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad
ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup
kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna
pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung
kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna
karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan
ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa
Sunda.

Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina
pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak
SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina
ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina
kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah,
ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina
prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery
learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya,
nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal
kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih
gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu
engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa
jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun
nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

Panyusun

vii

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA: PANGAJARAN 4 _33
1. Kepala Dinas Pendidikan Tema : Lingkungan sakola _33
Provinsi Jawa Barat _iii
2. Kepala Balai Pengembangan PANGAJARAN 5 _40
Tema : Hirup beresih tur séhat _40
Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas
Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v PANGAJARAN 6 _48
Tema : Cinta jeung Reueus
PANGJAJAP _vii jadi Bangsa Indonésia _48

DAPTAR EUSI _viii

BAB I PITUDUH UMUM _1 PANGAJARAN 7 _55
Tema : Miara sasatoan
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 jeung tutuwuhan _55
B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2
C. Tatapakan Formal _4 PANGAJARAN 8 _62
D. Sistem. Prinsip, jeung pamarekan Tema : Ngajaga kasalametan
di imah jeung di jalan _62
pangajaran _4
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 BAB III PITUDUH MEUNTEUN _69
F. Proses Pangajaran _5
G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi A. Kritéria Meunteun Katutasan
Minimal (KKM) _70
Dasar (KIKD) _5
H. Tema jeung Bahan Ajar _8 B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)
_70
BAB II PITUDUH UMUM _9
C. Rubrik Meunteun Sikep _71
PANGAJARAN 1 _10 D. Rubrik Meunteun Latihan _71
Tema : Hirup sauyunan _10 E. Daftar Peunteun Murid _72
F. Refleksi Guru _72
PANGAJARAN 2 _18
Tema : Kaulinan di imah jeung BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _73

sabudeureun _18 A. Kaweruh Basa jeung Sastra _74
B. Glosarium _77
PANGAJARAN 3 _26 Daftar Pustaka _80
Tema : Pancén sapopoé _26

viii

1Bab

Pituduh
Umum

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun
kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.
1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi

dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.
2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung

tur ngamalir.
3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah

hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun
masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda.
4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid.
6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,
anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar
murid di imahna séwang-séwangan.
7. Pituduh maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh,
jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka.Ari paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,

ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal

diulikna.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku
babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.

Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu
dipidangkeun dina ieu buku.
1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran.

Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah
nu hadé.

2 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun,
pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung
kacana.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén
lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.

7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya,
nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa
waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM);
b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali

jeung sosial budaya Sunda.
10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat

téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa
jeung Sastra Sunda.
11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).
12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik,
ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif
nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan
kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun
méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan
alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.
14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan
kompeténsi.
15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.
16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus
hiji téma atawa bahan réngsé.
17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh
cerdas tur bisaeun.
18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina
nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-
tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat,
waktu, jeung bahan ajar.

Bab 1 Pituduh Umum 3

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dinaieu buku dumasarkana Kurikulum
2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda
atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung
Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan
Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna,
ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah
kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Husuna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sund anu disusun ku BPBDK téh
diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun
mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-
ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina
katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan
katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar.Ari sababna, naon-naon
nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun
tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-
ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya
masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana
néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim. Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedara, ulikan, jeung latihan
dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé.
Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana
saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran
1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero
pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui
dina ulikan jeung latihan.

Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé
dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun
kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1
atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.

Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih.
Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya,tah,tingkat kasulitan
dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur
tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna
(panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina
eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

4 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK
Sikep
Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun
Kaparigelan
Kaweruh Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab
dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam
sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun

Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur
rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta
wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik.Ari léngkah-léngkahna keiu.
1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton
2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)
5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)
Kelas II SD/MI

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

2.1 Menerima dan menjalankan 2.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha
ajaran agama yang dianutnya Esa atas penciptaan bahasa Sunda
sebagai bahasa daerah dan unsur budaya
bangsa serta alat komunikasi masyarakat
penuturnya melalui teks pupuh,
narasi, deskripsi, PAGUNEMAN, dan
kakawihan.

Bab 1 Pituduh Umum 5

2.2 Memiliki perilaku jujur, 2.1.2 Memiliki perilaku santun, disiplin, dan
disiplin, tanggung jawab, 2.1.3 jujur dalam menjalin kerukunan hidup
santun, peduli, dan percaya 2.1.4 dalam kemajemukan melalui teks pupuh
diri dalam berinteraksi 2.1.5 (Tema 1)
dengan keluarga, teman, dan 2.1.6
guru 2.1.7 Memiliki perilaku santun, jujur, rukun,
2.1.8 dan toleransi dalam kegiatan bermain di
2.1.9 lingkungan keluarga dan di lingkungan
sekitar melalui teks narasi. (Tema 2)

Memiliki perilaku disiplin, jujur, tanggung
jawab dalam melaksanakan tugasku sehari-
hari melalui teks narasi atau deskripsi.
(Tema 3)

Memiliki perilaku tanggung jawab dan
disiplin sebagai pelajar yang baik dalam
merawat lingkungan sekolah melaui teks
deskripsi. (Tema 4)

Memiliki perilaku disiplin dan tanggung
jawab dalam menjaga hidup bersih dan sehat
melaui teks PAGUNEMAN (Tema 5).

Memiliki perilaku disiplin dan tanggung
jawab dalam memelihara lingkungan alam
sekitar (air, bumi, dan matahari) melaui
teks deskripsi. (Tema 6)

Memiliki perilaku disiplin dan tanggung
jawab dalam memelihara hewan dan
tumbuhan melaui teks deskripsi. (Tema 7)

Memiliki perilaku tertib, tanggung jawab
dan disiplin dalam menjaga keselamatan
di rumah dan perjalanan melaui teks
kakawihan. (Tema 8)

2.2 Memahami pengetahuan 2.2.1 Mengenal teks pupuh tentang kerukunan
faktual dengan cara 2.2.2 hidup dalam kemajemukan. (Tema 1)
mengamati [mendengar,
melihat, membaca] dan 2.2.3 Mengenal teks narasi tentang kegiatan
menanya berdasarkan rasa 2.2.4 bermain di lingkungan keluarga dan di
ingin tahu tentang dirinya, lingkungan sekitar (Tema 2)
makhluk ciptaan Tuhan dan
kegiatannya, dan benda- Mengenal teks narasi tentang tugasku
benda yang dijumpainya di sehari-hari (Tema 3)
rumah, sekolah
Mengenal teks deskripsi tentang
pentinngnya merawat lingkungan sekolah.
(Tema 4)

6 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2.2.5 Mengenal teks PAGUNEMAN tentang
2.2.6 menjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5).
2.2.7
2.2.8 Mengenal teks deskripsi tentang
lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan
matahari). (Tema 6)

Mengenal teks deskripsi tentang cara
pemeliharaan hewan dan tumbuhan.
(Tema 7)

Mengenal teks kakawihan atau pupuh
tentang menjaga keselamatan di rumah
dan perjalanan. (Tema 8)

2.3 Menyajikan pengetahuan 2.3.1 Melantunkan teks pupuh tentang
faktual dalam bahasa 2.3.2 kerukunan hidup dalam kemajemukan.
yang jelas dan logis dan 2.3.3 (Tema 1)
sistematis, dalam karya yang 2.3.4
estetis dalam gerakan yang 2.3.5 Menceritakan isi teks narasi tentang
mencerminkan anak sehat, 2.3.6 kegiatan bermain di lingkungan keluarga
dan dalam tindakan yang 2.3.7 dan di lingkungan sekitar. (Tema 2)
mencerminkan perilaku 2.3.8
anak beriman dan berakhlak Menceritakan isi teks narasi tentang
mulia pelaksanaan tugasku sehari-hari .

(Tema 3)

Menuliskan isi teks deskripsi tentang
pentingnya merawat lingkungan sekolah.
(Tema 4)

Memperagakan teks PAGUNEMAN
tentang menjaga hidup bersih dan sehat.
(Tema 5)

Menuliskan isi teks deskripsi tentang
lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan
matahari). (Tema 6)

Menuliskan isi teks deskripsi tentang cara
merawat hewan dan tumbuhan. (Tema 7)

Melantunkan teks kakawihan tentang
menjaga keselamatan di rumah dan
perjalanan. (Tema 8)

Bab 1 Pituduh Umum 7

H. Tema jeung Bahan Ajar Tema 1 : Hirup Sauyunan
Bahan : Pupuh
Tema 5 : Hirup beresih
jeung séhat

Bahan : Paguneman

Tema 6 : Lingkunga alam Tema 2 : Ulin di
(Cai, Bumi, Lingkungan
Panonpoé) Bahan : Déskripsi

Bahan : Sajak TEMA
&
Tema 7 : Miara sasatoan
jeung tutuwuhan BAHAN AJAR

Bahan : Déskripsi Tema 3 : Pancén sapopoé
Bahan : Déskripsi

Tema 8 : Kasalametan di Tema 5 : Hirup beresih
imah jeung di jalan jeung séhat
Bahan : Paguneman
Bahan : Kakawihan/Pupuh

8 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2Bab

Pituduh
Husus

PANGAJARAN 1

Tema : Hirup Sauyunan
Bahan : Pupuh
Média : Téks jeung Gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa nembangkeun pupuh pucung jeung

maham eusina, mikaweruh kandaga kecap, nulis kalimah, ngalarapkeun tatakrama basa,
nembangkeun pupuh, ngalengkepan kalimah, jeung nyaritakeun gambar.
Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran.Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian,
nyaéta (1) ngaregepkeun tembang, (2) ngalisankeun jawaban: maham eusi tembang, (3)
mikanyaho sasaruaan kecap, (4) nulis kalimah, (5) ngalemeskeun kecap, (6) nembangkeun
pupuh, (7) maham pupuh, (8) ngalengkepan kalimah, jeung (9) nyaritakeun gambar.
Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid ngaregepkeun pupuh pucung nu témana “Hirup
Sauyunan” nu ditembangkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét kalawan
saregep. Nu dipilih pupuh pucung lantaran katimbang babari jeung pondok.

2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh pucung. Geus kitu,
murid giliran sajajar-sajajar bangku nembangkeun pupuh pucung.

B. NGALISANKEUN JAWABAN : Maham Eusi Tembang

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan pupuh pucung nu geus ditembangkeun kalawan saregep.
2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan tina eusi pupuh

pucung. Pananya nu kudu dijawab ku murid ditujukeun pikeun ngahualkeun
kamampuh murid kana pupuh pucung.

10 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

3. Jawaban ti murid cukup ku ngalengkepan naon-naon nu ditanyakeun.
Pananya jeung jawabanana kieu.

Pék jawab pananya ieu di handap!
1. Jalma téh kaasup kana naon? Mahluk hirup.
2. Teu bisa naon jalma téh? Hirup nyorangan.
3. Kudu loba naon urang téh? Loba wargi.
4. Keur naon urang loba wargi? Pikeun hirup babarengan sauyunan.
5. Kudu kumaha jeung batur? Kudu sauyunan.
6. Keur naon loba batur? Hirup urang jadi loba duduluran.
7. Asalna batur bisa jadi naon? Jadi wargi.
8. Sangkan naon silih tépakeun pangarti? Sangkan nambahan kabisa.
9. Urang kudu nyiar naon? Pangabisa.
10. Tungtungna bakal kumaha? Loba pangalaman.

C. MIKANYAHO KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap dina kalimah.
wargi = dulur
Urang kudu loba wargi.
Urang kudu loba dulur.

2. Guru nitah murid sangkan weruh kana harti kecap ku cara dibéré sinonimna
tur larapna dina kalimah.

D. NULIS KALIMAH

1. Murid disina diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap pananya.
2. Bisi héséeun, murid dibéré heula conto makéna kecap pananya.
3. Kecap pananya anu kudu dilarapkeun nyaéta di mana jeung saha.

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap pananya di mana jeung saha
dina kalimah.
1. Yadi meuli buku.
_______ Yadi meuli buku?
Di mana Yadi meuli bukuna?
2. Yadi meuli buku.
_______ nu meuli buku?
Saha nu meuli bukuna?

Bab 2 Pituduh Husus 11

2. Guru nitah murid sangkan diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap
pananya. Murid ngan ngalengkepan ku kecap pananya di mana jeung saha.
Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya di mana.
1. Déni rék mandi.
Di mana Déni rék mandina?
2. Barudak keur arulin.
Di mana barudak keur arulinna?
3. Murid keur dialajar basa Sunda.
Di mana murid diajar basa Sundana?
4. Nénéng jeung Yési keur sapintrong.
Di mana Nénéng jeung Yési sapintrongna?
5. Dadang ngagambar gunung.
Di mana Dadang ngagambar gunungna?

Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya saha.
1. Déni rék mandi.

Saha nu rék mandi?
2. Barudak keur arulin.

Saha nu keur arulin?
3. Murid-murid diajar ku bu guru.

Saha nu diajar ku bu guru?
4. Nénéng jeung Yési keur apintrong.

Saha nu keur sapintrong?
5. Dadang ngagambar gunung.

Saha nu ngagambar gunung?

E. NGALEMESKEUN KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan kecap kasar jeung kecap lemes dina kalimah nu
patali jeung anggahota awak.
leungeun = panangan

Dédé dahar ku leungeun katuhu.
Dédé dahar ku…………….. katuhu.
Bapa tuang ku panangan tengen.

12 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2. Guru nitah murid ngeusian kalimah nu dicopongkeun ku kecap lemes.
Pikeun mantuan murid, dipidangkeun gambar nu patali jeung anggota awak.
Pananya jeung jawaban ngalemeskeun kecap dina kalimah.

1. pipi = damis
Pipi aya di kénca jeung katuhu.
Damis aya di kénca jeung katuhu.

2. panon = soca
Gunana panon paranti nempo.
Gunana soca paranti ningal.

3. ceuli = cepil
Ucing téh ceulina getihan.
Dadang téh cepilna getihan.

4. biwir = lambey
Biwir Déni dibalemkeun.
Téh Susi lambey nuju balem.

5. irung = pangambung
Dina irung Féri aya karang.
Karang dina pangambug Téh Déwi aya dua.

6. huntu = waos
Kudu ngosok huntu unggal poé.
Kang Rudi mah ngosok waos unggal dintén.

7. tarang = taar
Wawan tarangna tidagor kana panto.
Kang Ujang taarna tidagor kana panto.

8. suku = sampéan
Nana, sukuna titajong kana batu.
Téh Wiwin sampéanana titajong kana batu.

9. ramo = réma
Cik, nempo ramo nu belah katuhu.
Réma Téh Yanti mani laléncop.

10. beuteung = patuangan
Wéndi, beuteungna dibaluran ku balsem.
Wanti nuju nyeri patuangan.

Bab 2 Pituduh Husus 13

F. NEMBANGKEUN PUPUH

No. Kagiatan
1. Sanggeus murid ngaregepkeun, guru nitah murid sina nembangkeun pupuh

pucung babarengan.
2. Guru nitah murid sina nembangkeun pupuh pucung bagilir saurang-saurang.

Hé barudak urang kudu loba batur,
ngarah duduluran,
jauh rasa hiri dengki,
mana komo ka batur bari culika.
3. Guru meunteun murid dina nembangkeun pupuh pucung tina jihat titilaras,
wirahma, jeung éksprési.

G. MAHAM PUPUH

No. Kagiatan
1. Pikeun maham pupuh, murid disina ngalengkepan kalimah nu patali jeung

teks pupuh pucung. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi
pupuh.
2. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi pupuh. Pananya
jeung jawaban pikeun maham eusi pupuh kieu.

Pék lengkepan ieu kalimah!
1. Hé barudak urang kudu loba batur.
2. Urang kudu jauh tina rasa hiri dengki.
3. Mana komo ka batur bari culika.
4. Hirup guyub babarengan jeung batur.
5. Barang gawé kudu ihlas tina manah.
6. Henteu jail kaniaya ka babaturan
7. Sobat dalit sarua baé jeung dulur.
8. Sobat dalit bisa silih pikanyaah.
9. Daék ngahibur nu keur sedih.
10. Sobat dalit bisa ngahibur mun urang nandangan kasusah.

14 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

H. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan
1. Murid disina paham kana sasaruaan kecap (sinonim).Ari sinonim téh

nyaéta kecap anu wangunna béda tapi hartina sarua. Singgetan, sinonim téh
kecap anu sarua hartina.
2. Murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap sinonimna.
1. sobat dalit = babaturan deukeut

Urang kudu boga sobat dalit.
Urang kudu boga babaturan deukeut.
2. hiri dengki = goréng haté
Ulah sok hiri dengki ka batur téh.
Ulah sok goréng haté ka batur téh.
3. guyub = akur
Hirup kudu guyub jeung batur.
Hirup kudu akur jeung batur.
4. culika = jail
Budak culika mah sok pada mikangéwa.
Budak jail mah sok pada mikangéwa.
5. sirik pidik = dengki
Ulah sok sirik pidik mun batur boga untung téh.
Ulah sok dengki mun batur boga untung téh.
6. kaniaya = telenges
Henteu hadé sok jail kaniaya ka batur téh..
Henteu hade sok telenges ka batur téh.
7. nandangan = ngarandapan
Kudu ngahibur nu keur nandangan kasusah.
Kudu ngahibur nu keur ngarandapan kasusah.
3. Guru meunteun pagawéan murid bener henteuna dina ngalarapkeun
sinonim.

Bab 2 Pituduh Husus 15

I. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan gambar kajadian, tuluy disina nyaritakeun dina

wangun kalimah.
Didi jeung Wawan keur silihcekel.
2. Gambar nu dipidangkeun patali jeung sikep sauyunan atawa sabalikna.
Eusina kieu.

1. Hardi keur neunggeul ucing.
2. Susan keur ngala kembang.
3. Néndah keur sasapu di imah.
4. Bébén keur maraban hayam.
5. Angga keur méré duit ka nu barangmaén.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina nyaritakeun deui gambar.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 1, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung pupuh “Hirup Sauyunan”.
Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh
murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan
diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana
bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

16 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas

Kritéria Meunteun Enggeus Encan

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG
B. NGALISANKEUN JAWABAN
C. MIKANYAHO KECAP
D. NULIS KALIMAH
E. NGALEMESKEUN KECAP
F. NEMBANGKEUN PUPUH
G. MAHAM PUPH
H. NGALENGKEPAN KALIMAH
I. NYARITAKEUN GAMBAR

Bab 2 Pituduh Husus 17

PANGAJARAN 2

Tema : Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun
Bahan : Narasi
Média : Téks jeung Gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun téks narasi, maham

eusi téks, nyangkem harti, nyaritakeun, ngalarapkeun kecap, ngajembaran kaulinan,
ngahartikeun kecap, ngalarapkeun kecap anteuran, sarta nyebutan ngaran bungbuahan
jeung tatangkalan.
Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran.Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian,
nyaéta (1) ngaregepkeun téks narasi, (2) maham eusi téks narasi, (3) nyangkem harti
kecap, (4) nyaritakeun kaulinan, (5) ngalarapkeun kecap, (6) ngajembaran kaulinan, (7)
ngahartikeun kecap, (8) nyebutan kecap anteuran, jeung (9) nyebutan ngaran bungbuahan
jeung tatangkalan. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN TEKS NARASI

No. Kagiatan

1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2. Guru nitah murid ngaregepkeun ték narasi nu témana “Kaulinan” nu
ditepikeun ku guru. Nu dipilih kaulinan “Pacublek-cublek Uang” lantaran
katimbang babari jeung pondok.

3. Guru ngalatih murid sina niténan téks lisan ku cara ngaregepkeun kalawan daria.
Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. MAHAM EUSI TEKS

No. Kagiatan

1. Sanggeus ngaregepkeun téks nu diucapkeun ku guru, murid disina maham
eusi téks narasi ku cara ngajawab pananya.

18 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2. Muriddisinangajawabpananyakucarangalengkepankalimahnudicopongkeun.
Jawaban dumasar kana téks narasi nu geus ditepikeun ku guru.
Pananya jeung jawabanana kieu.
1. Urang tangtu boga naon? Boga babaturan.
2. Babaturan deukeut disebutna naon? Sobat dalit.
3. Sok kumaha waé ari babaturan deukeut? Sok bareng di mana waé
4. Kumaha babaturan deukeut mun di kelas? Diuk sabangku.
5. Mun aya nanaon, sok kumaha babaturan deukeut?
Sok nulungan jeung ngabéla urang.
6. Arulin naon barudak awéwé téh? Pacublek-cublek uang.
7. Dikumahakeun dampal leungeunna? Dikeupeulkeun.
8. Budak nu purah mepegan peureup batur disebutna naon? Indung.
9. Di kamanakeun leungeun nu sabeulah deui? Dikahandapkeun.
10. Saha nu kudu kakawihan dina éta kaulinan?
Nu jadi indung (Néng Uni).

3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi téks kaulinan.
Jawaban nu bener dipeunteun 10.

C. NYANGKEM HARTI KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna sarta larapna dina
kalimah.

2. Guru nitah murid sina ngalarapkeun kecap nu mibanda sinonim kana
kalimah.
1. ulin = ameng
Maranéhna ulin babarengan.
Maranéhna ameng babarengan.
2. babarengan = sasarengan
Mun urang jajan ka warung sok babarengan.
Mun urang jajan ka warung sok sasarengan.

3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan kecap katut
sinonimna.

Bab 2 Pituduh Husus 19

D. NYARITAKEUN KAULINAN

No. Kagiatan
1. Guru nitah murid nyaritakeun deui kaulinan pacublek-cublek uang. Hal-ha

anu dicaritakeun aya tilu hal.
1. Saha waé nu arulin pacublek-cublek uang téh?

Néng Uni, Risa, Héna, jeungYanti.
2. Kumaha prak-prakanana “Pacublek-pacublek Uang” téh?

Anu arulin ngeupeulkeun dampal leungeun, tuluy leungeun nu sabeulah
disimpen di handap. Engké aya saurang nu jadi indung nyaéta purah
mepegan. Salahsaurang neunggeulan peureup babaturan nu séjén.
Leungeun nu kénca ogé sarua dikahandapkeun.
Tuang mepegan leungeun nu keupeulkeun, tuluy ngawih.
3. Kumaha kakawihan “Pacublek-pacublek Uang” téh?
Pacublek-cublek uang,

Si Ujang maung lentér,
matata-matiti
Si Titi mau kawin
pa emh, pa emh emh…..
2. Guru meunteun murid dina nyaritakeun deui kaulian pacublek-cublek uang.

E. NGALARAPKEUN KECAP

No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto kecap asal jeung kecap rundayan nu

dirarangkénan tengah –ar-.
deukeut → dareukeut
Aya babaturan anu deukeut aya babaturan anu jarauh.
Barudak téh imahna dareukeut jeung sakola.

2. Kecap asal jeung kecap rundayan dicontoan heula dina dua kalimah.
3. Murid disina ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tengah –ar-.

20 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

4. Murid disina ngalarapkeun éta kecap rundayan kana kalimah.

1. kumpul → karumpul
Tilu budak kumpul di imah Uni.
Para siswa keur karumpul di buruan sakola.

2. jauh → jarauh
Adang mah imahna jauh ka sakolana.
Di lembur mah, barudak téh jarauh ka sakolana.

3. indit → arindit
Yudi indit ka sakola isuk-isuk.
Nu rék ka sawah téh geus arindit bieu.

4. ulin → arulin
Tiluanana keur ulin di imahna Néng Uni.
Barudak awéwé keur arulin di pos Ronda.

5. ngariung → ngarariung
Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti ngariung tiluan.
Nu rék kerja bakti geus ngarariung di sisi lapang.

6. ngajawab → ngajarawab
Yudi ngajawab pananya ti Bu Guru.
Waktu ditanya, Barudak cicing teu ngajarawab

7. dipeureupkeun → dipareureupkeun
Leungeun Féri dipeureupkeun.
Sok ayeuna leungeunna dipareureupkeun.

8. dikeupeulkeun → dikareupeulkeun
Sanggeus namprak, leungeun Néng Uni dikeupeulkeun.
Barudak téh dikareupeulkeun leungeunna.

9. cicing → caricing
Risa jeung Yanti cicing deukeut tangkal jambu.
Geura prak digawé, ulah caricing baé atuh.

10. nginum → ngarinum
Héna nginum make cangkir pelastik.
Hayam téh keur ngarinum dina wadah cai nu disadiakeun.

5. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngawangun jeung ngalarapkeun
kecap nu dirarangkénan tengah –ar-.

Bab 2 Pituduh Husus 21

F. NGAJEMBARAN KAULINAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan kaulinan barudak ku cara maca ték nu judulna
“Lalandakan”.

2. Guru nitah murid maham eusi téks ku cara ngajawab pananya nu geus
disayagikeun.
Pék jawab pananya ieu di handap!
1. Keur naraon barudak lalaki téh? Keur karumpul.
2. Saha waé nu karumpul téh? Yudi, Rangga,Wawan,Acép, jeung Réja.
3. Di mana barudak téh arulinna? Di lapang badminton.
4. Arulin naon barudak téh? Lalandakan.
5. Saha nu mimiti ngajak ulin téh? Yudi.
6. Naon hartina lalandakan téh? Niru-niru landak.
7. Sakalian naon cenah lalandakan téh? Sakalian olahraga.
8. Cau jeung tiwu téh keur dahareun iraha? Hakaneun janari.
9. Cau jeung tiwu téh keur bekel ka mana? Bekel miang ka Batawi.
10. Jurig naon waé nu disebutan ku barudak téh? jurig jarian,
jurig tangkod, juring pacilingan, jeung jurig onom.

3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi teks
kaulinan.

G. NGAHARTIKEUN KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna.
2. Pikeun leuwih maham hartina, guru nitah murid niténan kecap nu sinonim

téh dilarapkeun dina kalimah.
1. niru-niru = nurutan
Ari lalandakan téh hartina niru-niru landak.
Ari lalandakan téh hartina nurutan landak.
2. ngabeberik = ngudag-ngudag
Nu jadi landak kudu ngabeberik babaturan séjénna
Nu jadi landak kudu ngudag-ngudag babaturan séjénna

22 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

H. NGALARAPKEUN KECAP ANTEURAN



No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap anteuran jeung larapna.
kop
Kop jurig jarian tah méré.
………jurig jarian tah méré.
Kop jurig jarian tah méré.

2. Guru nitah murid ngalarapkeun kecap anteuran nu geus disadiakeun kana
kalimah.
Pigawé cara conto!
1. jol
Ragga jol datang.
2. gék
Gék Wawan diuk.
3. Jung
Jung Yudi nangtung.
4. berebet
Barudak téh berebet lalumpatan.
5. térékél
Jang Adun téh térérék naék kana tangkal jambu.
6. léos
Ngan léos wéh Maman téh indit.
7. jrut
Mamah jrut turun tina béca.
8. trét
Réza téh tuluy trét nulis dina keretas sacewir.
9. gorowok
Atuh gorowok baé Yudi téh ngagentraan babaturanana.
10. nyéh
Basa panggih jeung Wa Iding, nyéh Yana imut.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngaarapkeun kecap anteuran
kana kalimah.

Bab 2 Pituduh Husus 23

I. NYEBUTAN NGARAN BUBUAHAN JEUNG
TATANGKALAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap nu patali jeung bubuhan atawa
tatangkalan. Contona:
Kop cau kop tiwu….
Cau saturuy.

2. Guru nitah murid ngajawab pananya nu geus disayagikeun ku cara milih kecap
tur ngalengkepan kalimah.

Ayeuna hidep nyebutan ngaran bubuahan atawa tatangkalan.
Piliha jawaban ku kecap nu aya gigireunana.

1. Jéngkol sapérékét. A. kalapa
2. Peutuy sapapan. B. awi

3. Kalapa samanggar. C. jéngkol
D. tanah
4. Awi saleunjeur. E. peuteuy

5. tanah sahéktar.

Pék sebutan naon ngaranna. Pilih jawaban nu aya gigireunana!

6. Buah nu carucukan tur seungit disebut kadu A. rambutan

7. Buah nu ngagonyok loba cucukan disebut salak B. mélon

8. Buah nu bareureum loba buluan disebut rambutan C. kadu

9. Buah nu semu amis jeung haseum disebut jeruk D. jeruk

10. Buah nu buleud kulitna semu konéng disebut mélon É. salak

3. Guru meunteun bener henteuna murid dina ngajawab pananya. Nu
jawabanana bener dipeunteun 10.



Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 2, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).

24 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas

Kritéria Meunteun Enggeus Encan

A. NGAREGEPKEUN
TEKS NARASI

B. MAHAM EUSI TEKS

C. NYANGKEM HARTI

D. NGALARAPKEUN KECAP

E. NGAJEMBARAN KAULINAN

F. NGAHARTIKEUN KECAP
G. NGALARAPKEUN

KECAP ANTEURAN
H. NYEBUTAN NGARAN

BUBUAHAN JEUNG
TATANGKALAN


Bab 2 Pituduh Husus 25

PANGAJARAN 3

Tema : Pancén sapopoé
Bahan : Narasi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, ngalisankeun jawaban,

mikaweruh kecap, nyaritakeun, ngalarapkeun undak usuk basa, maca narasi ngajembaran,
ngalengkepan kalimah, jeung néangan deui narasi séjén.
Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE

No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru

nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu témana“Pancén Sapopoé”

nu judulna “Rajin”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi wacana lisan ku cara maca kalawan daria.

Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. NGAJAWAB PANANYA : Maham Eusi Téks

No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks narasi, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara

ngajawab pananya nu disadiakeun.

26 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan.
1. Kumaha watek Yudi téh? Bageur.
2. Kumaha Yudi di sakolana? Pinter.
3. Kumaha sobat-sobat Yudi? Réa pisan.
4. Kumaha sikep Yudi ka batur? Soméah.
5. Iraha Yudi mandina? Subuh-subuh.
6. Tara poho naon mun Yudi mandi? Disabun jeung ngosok huntu.
7. Kumaha kaayaan awak Yudi téh? Séhat tur berséka.
8. Geus ngamparkeun sajadah, tuluy naon Yudi téh? Solat subuh.
9. Réngse solat dikumahakeun sajadah téh? Ditilepan.
10. Keur naon Yudi ngeunteung? Bisa aya nu kaliwat tur teu rapih.
11. Dina naon dasi téh cicingna? Dina beuheung.
12. Ari topi paranti nutupan naon? Sirah.
13. Sasarap téh ngarah teu naon? Sangkan teu salatri.
14. Mun sasarap, tanaga urang bakal kumaha? Kuat tur séhat.
15. Mun aya tanaga, kumaha dina narima pangajaran?
Kana mikir jeung narima pangajaran bakal sayaga.

C. MIKAWERUH KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna.

2. Guru nyontoan kecap jeung sinonimna nu ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah.

1. mandi = ibak
Subuh-subuh Yudi mah geus mandi.
Subuh-subuh Yudi mah geus ibak.

2. soméah = lemah-lembut
ka sasaha ogé Yudi mah soméah.
ka sasaha ogé Yudi mah lemah-lembut.

3. Guru ngaroris murid paham heteuna kana kecap-kecap nu dilarapkeun kana
kalimah.

D. NYARITAKEUN EUSI BACAAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina maca deui bacaan “Rajin” dina jero haté.

Bab 2 Pituduh Husus 27

2. Geus kitu, murid disina nyaritakeun deui eusi bacaan di hareupeun
babaturanana.Tujuanana murid dilatih wanter jeung parigel nyarita.

3. Dina nyaritakeun eusi bacaan, murid dibéré jejer pikiran nu kudu diaritakeun.
1. Kagiatan Yudi isuk-isuk.
2. Kagiatan Yudi sanggeus mandi.
3. Kagiatan Yudi sanggeus solat.
4. Kagiatan Yudi saméméh sakola.

E. NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina niténan kecap lemes jeung kecap kasar dina kalimah.
Titénan ieu conto kalimah:
mios = indit
Abdi mios ka sakola.
Bapa angkat ka kantor.

2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-
kecap nu geus disadiakeun.

Eusikeun kecap-kecap ieu di handap kana tempat nu dikosongkeun!

nyandak sumping ngagaleuh
ngadangukeun nyarios teu damang
mastaka siram waos
panangan

1. dongkap = ………………….
Rudi dongkap ti sakola.
Bapa Rudi ……………………. ti Jakarta.

2. ngupingkeun = …………………….
Abdi ngupingkeun radio.
Bapa ogé nuju ……………………radio.

3. ngabantun = ……………………….
Abdi ka sakola ngabantun sapédah.
Bapa guru mah ka sakola ……………… motor.

4. nyanggem = ……………………….
Abdi nyanggem ka bu guru.
Bu guru …………………… ka bapa kapala sakola.

28 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

5. mésér = ………………………….
Abdi mésér roti ka warung.
Pa guru mah …………………….. roko ka warung.

6. udur = ……………………………
Rudi téh teu sakola lantaran udur.
Pa guru …………………. da teu ngawulang.

7. mandi = …………………………..
Sateuacan ka sakola, abdi mandi heula.
Sateuacan angkat ka kantor, Bapa ……………….. heula.

8. sirah = ………………..
Dadan téh sanggemna nuju nyeri sirah.
Aya wartos pa guru téh nuju nyeri ………………..

9. huntu = ………………
Wawan pipina kembung keur nyeri huntu.
Kang Dadang ogé nuju nyeri …………….

10. leungeun = ………………………..
Lamun dahar kudu maké leungeun katuhu.
Upami tuang kedah nganggo ……………… tengen.

F. MACA NARASI NGAJEMBARAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu judulna “Kabiasaan”
pikeun ngajembaran wawasan murid.

2. Guru nitah murid niyéna eusi téks narasi nu nu judulna “Kabiasaan”.

3. Guru ngalatih murid sina paham kana eusi téks ku cara diskusi kelompok.
Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga
ingetanana.
Pananya jeung jawaban nu kudu didiskusikeun téh kieu.
1. Samémeh sakola,Yudi sok kumaha heula ka mamahna?
Uluk salam heula.
2. Naon nu dibawa ku Yudi ka sakola? Nyoréndang kantong buku.
3. Mun geus datang ka sakola, sok naraon barudak téh?
Sok ngarariung heula hareupeun kelas.

Bab 2 Pituduh Husus 29

4. Dikumahakeun kuku barudak ték ku guru? Dipariksa.
5. Bari kumaha barudak diuk dina korsi? Sidakep.
6. Saméméh diajar, barudak sok naon heula? Ngadunga heula.
7. Kudu kumaha urang kana sagala piwuruk guru?

Siperhatikeun enya-enya.
8. Naon kawajiban urang sapopoé jadi budak sakola? Diajar.
9. Kudu kumaha urang diajar boh di imah boh di sakola?

Kudu suhud jeung rajin.
10. Urang bakal kumaha mun teu diajar soson-soson?

Bakal kaduhung ahirna.

G. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna sarta larapna dina
kalimah. Contona:
Indit = mios
Isuk-isuk Yudi indit ka sakola.
Isuk-isuk Yudi ………….. ka sakola.
Isuk-isuk Yudi mios ka sakola.

2. Guru nitah murid maham kecap nu sinonim tur ngalarapkeun kana kalimah.
Pigawé cara conto!

1. uluk salam = ngucapkeun salam
Méméh indit sok uluk salam heula ka mamahna.
Méméh indit sok ngucapkeun salam heula ka mamahna.

2. nyoréndang = ngagantungkeun dina taktak
Yudi ka sakola nyoréndang kantong buku.
Yudi ka sakola ngantungkeun kana taktak kantong buku.

3. ngarariung = karumpul
Isuk-isuk barudak geus ngarariung di buruan sakola.
Isuk-isuk barudak geus karumpul di buruan sakola.

4. dipariksa = dititénan
Unggal kuku ramo barudak dipariksa saurang-saurang.
Unggal kuku ramo barudak ditténan saurang-saurang.

30 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

5. ngadunga = nunuhun ka Gusti Alloh
Saméméh diajar barudak ngadunga heula.
Saméméh diajar barudak nunuhun ka Gusti Alloh heula.

6. ditungtun = dipingpin, dituyun
Ngadunga ditungtun ku ibu atawa bapa guru.
Ngadunga dipingpin ku ibu atawa bapa guru.

7. Jaligrah = ijigimbrang bari atoh
Babaturan jaligrah lantaran aralus niléyna.
Babaturan ijigimbrang bari atoh lantaran aralus niléyna.

8. lalawora = gagabah
Ulah sok melid komo bari jeung diajar lalawora.
Ulah sok melid komo bari jeung diajar gagabah

9. suhud = getol
urang kudu diajar sing suhud jeung rajin.
urang kudu diajar sing getol jeung rajin.

10. Kaduhung = hanjakal
Mun teu diajar soson-soson bakal kaduhung ahirna.
Mun teu diajar soson-soson bakal hanjakal ahirna.

H. MIGAWÉ PANCÉN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nu
dikosongkeun ku kecap-kecap tina kagiatan sapopoéna.

2. Murid ngajawab pananya cukup ku ngalengkepan kalimah nu dikosongkeun
luyu jeung kabiasaan dirina. Jawaban kumaha murid.
1. Hudang saré hidep sok tuluy mandi.
2. Isuk-isuk hidep sok sasarap heula.
3. Saméméh ka sakola, hidep ka mamah sok amitan heula.
4. Samémeh dahar, hidep sok kokocok panangan.
5. Lamun geus dahar, hidep sok ngadunga.
6. Saméméh mondok, hidep sok kokocok suku.

Bab 2 Pituduh Husus 31

7. Lamun mandi hidep sok disabun jeung ngosok huntu.
8. Lamun diajar hidep kudu suhud tur rajin.
9. Lamun leumpang hidep kudu di sisi jalan belah kénca.
10. Lamun panggih jeung guru kudu uluk salam tur rengkuh.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 3, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas

Kritéria Meunteun Enggeus Encan

A. MACA JERO HATE
B. NGALISANKEUN JAWABAN
C. MIKAWERUH KECAP
D. NYARITAKEUN
E. MENERKEUN KALIMAH
F. MACA NGAJEMBARAN
G. NGALENGKEPAN KALIMAH
H. MIGAWE PANCEN

32 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

PANGAJARAN 4

Tema : Lingkungan Sakola
Bahan : Déskripsi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman,

nyebutan gambar, ngalengkepan kalimah, nyaritakeun, ngawangun kalimah, ngalarapkeun
undak usuk basa.
Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE

No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru

nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan

Sakola” nu judulna “Di Sakola Yudi”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria.

Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN

No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Di SakolaYudi”, guru nitah murid maham eusi

bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

Bab 2 Pituduh Husus 33

2. Pikeun maham eusi bacaan, guru nitah murid disina ngajawab pananya tina
bacaan ku cara lisan.
Ayeuna hidep kudu ngajawab pananya. Jawaban dituliskeun heula, engké
dilisankeun.
1. Di mana Yudi sakolana? Di SD Guna Darma.
2. Sok kumaha barudak di buruan sakolana? Arulin.
3. Arulin naon barudak lalaki di buruan sakola?
Sok méngbal ku bal pelastik.
4. Geus dialajar naon barudak di sakolana? Beberesih sakola.
5. Mun aya runtah sok dikumahakeun?
Sok dicokot ka wadah runtahkeun.
6. Kumaha kaayaan lingkungan sakola? Beresih tur raresik.
7. Murid-murid geus dilatih naon? Dibéré tanggung jawab.
8. Dibéré tugas naon barudak téh? Tugas pikét.
9. Kumaha barudak téh pikétna? Tugas pikétna béda-béda.
10. Naon nu kudu dilaksanakeun enya-enya téh? Tanggung jawab.

3. Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya.

C. NYEBUTAN GAMBAR

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan gambar jeung kalimahna nu geus disayagikeun.

2. Guru nitah murid nyebutan gambar tina segi gunana.
Sapu injuk gunana paranti ……………………

Sapu injuk gunana paranti sasapu di jero imah.

Pigawé kawas conto!
1. Sapu nyéré gunana paranti sasapu di buruan.
2. Wadah runtah gunana paranti ngawadahan runtah.
3. Embér téh gunana paranti ngala atawa wadah cai.
4. Pamupus gunana paranti mupus.
5. Elap tina lamak gunana paranti ngelap.
6. Pamupus bor gunana paranti mupus tulisan dina bor.
7. Spidol gunana paranti nulis saperti dina whiteboard.
8. Mangkok cai gunana paranti wadah cai.
9. Kapur gunana paranti nulis dina bor.
10. Kamocéng gunana paranti meresihan kekebul.

3. Guru meuteun bener henteuna murid ngajawab pananya.

34 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

D. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina diajar mikir ku cara milih kecap.
2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-

kecap nu geus diadiakeun.

beberesih, sasapu, ngelapan, mupus, miceun, ngangkut,
dipulungan, mantuan, ngeprukan, mérésan

Lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap nu dikurungan.
1. Barudak keur mérésan korsi di kelas .
2. Keretas nu ngabarak di kelas keur dipulungan ku barudak.
3. Déwi keur sasapu di buruan sakola.
4. Jajang mantuan bu guru némpélkeun gambar.
5. Bandi ngelapan kaca jandéla ku elap.
6. Réndi ngeprukan kekebul dina méja ku kamocéng.
7. Panji ngangkut cai ku émbér.
8. Ari miceun runtah kudu kana wadahna.
9. Barudak keur beberesih di jero kelas.
10. Atuh ari mupus Bor mah kudu ku pamupus.

E. NYARITAKEUN

No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca bacaan nu judulna “Pasapon” dia jero haté.
2. Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan nu judulna “Pasapon” kalawan

gemet.
3. Guru nitah murid sina nyaritakeun deui eusi bacaan.

Bacaan “Pasapon” téh caritakeun deui ku basa sorangan.
Hal-hal anu kudu dicaritakeun deui:
1. Di sakola aya saha? Pasapon.
2. Naon tugasna pasapon? Nyapuan buruan sakola jeung beberesih.

Bab 2 Pituduh Husus 35

3. Sok maké naon pasapon beberesihna? Maké sapu.
4. Sok dikumahakeun runtah téh? Digundukkeun, tuluy diduruk.
5. Kumaha watek Mang Barna? Bageur pisan.
6. Di mana imahna Mang Barna? Tukangeun sakola.
7. Saha nu sok ngonci sakola? Mang Barna.
8. Kumaha panto gerbang sakola mun isuk-isuk? Dibuka.
9. Kumaha barudak téh ka pasapon? Mantuan beberesih di kelas.
10. Naon tujuan beberesih di sakola? Sangkan sakola beresih tur asri.
4. Guru meunteun bener henteuna komponén nu dicaritakeun ku murid.

F. NGAWANGUN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah aktif jeung kalimah pasif.
ngonci → dikonci
Mang Barna téh sok ngonci panto gerbang sakola.
Panto gerbang sakola téh sok dikonci ku Mang Barna.

2. Guru nitah murid sina latihan ngarobah kecap nu maké rarangkén hareup N-
ku rarangkén hareup di-.

3. Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap pasif nu geus diwangunna kana
kalimah.
Pananya jeung jawaban ngawangun kecap tur larapna kana kalimah saperti
kieu.
1. mupus → dipupus
Rijki mupus bor maké pamupus.
Bor dipupus ku Rijki make pamupus.

2. ngelap → dielap
Déwi keur ngelap kaca jandéla.
Laca jandéla keur dielap ku Déwi.

3. meuli → dibeuli
Barudak meuli cilok di pipir sakola.
Cilok dibeuli ku barudak di pipir sakola.

4. nulis → ditulis
Murid-murid keur nulis kalimah.
Kalimah keur ditulis ku murid-murid.

36 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

5. maca → dibaca
Yadi keur maca buku basa Sunda.
Buku basa Sunda keur dibaca ku Yadi.

6. ngarang → dikarang
Barudak keur ngarang sajak.
Sajak keur dikarang ku barudak.

7. ngagambar → digambar
Wéndi keur ngagambar gunung.
Gunung keur digambar ku Wéndi.

8. ngariung → diriung
Barudak keur ngariung Kang Nandi.
Kang Nandi keur diriung ku barudak.

9. ngajul → diajul
Kang Undang keur ngajul buah.
Buah keur diajul ku Kang Undang.

10. Ngeduk → dikeduk
Mang Dadi keur ngeduk solokan.
Solokan keur dikeduk ku Mang Dadi.

G. MENERKEUN TULISAN

No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah nu awalna ditulis ku huruf

leutik. Eta kalimah tuluy dibenerkeun cara nulisna ku huruf kapital.

hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait.
Hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait.

Bab 2 Pituduh Husus 37

2. Guru nitah murid disina ngarobah kalimah nu dimimitian ku huruf leutik,
dirobah jadi ku huruf kapital.
Kalimah ieu di handap, ku hidep benerkeun cara nulis aksara gedéna.
1. nénéng melak kembang dina pot.
Nénéng melak kembang dina pot.
2. yudi sakola di sd sukamaju.
Yudi sakola di SD Sukamaju.
3. rangga keur diajar maca.
Rangga keur diajar maca.
4. ajat téh putrana bu euis.
Ajat téh putrana Bu Euis.
5. bapa kawitna ti tasik.
Bapa kawitna ti Tasik.
6. dédé boga ucing dua.
Dédé boga ucing dua.
7. di lembang réa sapi diingu.
Di Lémbang réa sapi diingu.
8. barudak keur arulin di buruan.
Barudak keur arulin di buruan.
9. dadang resep macaan buku carita.
Dadang resep macaan buku carita.
10. urang kudu diajar apik jeung berséka.
Urang kudu diajar apik jeung berséka.

3. Guru meunteun bener henteuna murid dina ngarobah hurif kecil menjadi
huruf kapital dalam kalimah.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 4, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).

38 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas

Kritéria Meunteun Enggeus Encan

A. MACA JERO HATE
B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN
C. NYEBUTAN GAMBAR
D. NGALENGKEPAN KALIMAH
E. NYARITAKEUN
F. NGAWANGUN KALIMAH
G. MENERKEUN TULIAN


Bab 2 Pituduh Husus 39

PANGAJARAN 5

Tema : Hirup beresih jeung séhat
Bahan : Paguneman
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa molahkeun paguneman, maham eusi

paguneman, ngalarapkeun kecap, ngalengekepan kalimah, ngajembaran paguneman,
jeung nembangkeun pupuh.
Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru

nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana“Hirup Beresih

jeung Séhat” nu judulna “Apik jeung Berséka”.
3. Guru nitah murid ngelompok, tuluy disina molahkeun paguneman nu judulna

“Apik jeung Berséka”.
4. Guru ngalatih murid sina niténan eusi paguneman ku cara maca deui

kalawan daria.Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin
tur sayaga ingetanana.

40 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

B. NGAJAWAB PANANYA

No. Kagiatan
1. Sanggeus maca jeung molahkeun téks paguneman “Apik jeung Berséka”, guru

nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
2. Murid ngajawab pananya bisa ku cara mandiri bisa babarengan jeung batur

sabangkuna.
Jawaban tina pananyana téh kieu.
1. Saha nu keur ngalobrol téh? Yudi jeung Bébén.
2. Ari nu gering téh saha? Rangga.
3. Gering ku naon cenah? Nyeri beuteung.
4. Balukar ku naon geringna téh? Jajan és.
5. Urang ulah jajan nu kumaha? Sambarangan (gagabah).
6. Kudu kumaha urang dina dahar? Apik.
7. Kudu kumaha urang dina maké pakéan? Kudu berséka, ulah odoh.
8. Sangkan beresih, kudu dikumahakeun pakéan téh? Diseuseuh.
9. Maké naon nyeuseuh pakéan téh? Maké sabun.
10. Ngarah rapih, kudu dikumaha pakéan téh? Disetrika.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham
eusi paguneman.

C. NGALARAPKEUN KECAP

No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.
2. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna dina kalimah sangkan

paham hartina.
Titénan ieu conto:

tambarakan = sagala didahar
Rangga téh sok jajan tambarakan.
Rangga téh sok jajan sagala didahar.

Bab 2 Pituduh Husus 41

3. Guru nitah murid sina néangan sasaruaan kecap atawa sinonimna, tuluy
dilarapkeun kana kalimah.

Pigawé kawas conto!
1. apik = taliti
Urang kudu apik dina dahar.
Urang kudu taliti dina dahar.
2. berséka = apik
Urang kudu ngajaga awak sing berséka.
Urang kudu ngajaga awak sing apik
3. odoh = jorok
Ulah odoh kana papakéan.
Ulah jorok kana papakéan.
4. kokocok = kukumbah
Mun rék dahar kudu kokocok panangan heula.
Mun rék dahar kudu kukumbah panangan heula.
5. dikumbah = diberesihan
Piring kotor kudu dikumbah heula.
Piring kotor kudu diberesihan heula.
6. Tengi = hapeuk
Kadaharan nu geus tengi matak jadi panyakit.
Kadaharan nu geus hapeuk matak jadi panyakit.
7. dituruban = ditutupan
Nyimpen dahareun kudu dituruban bisi ku laleur.
Nyimpen dahareun kudu dututupan bisi ku laleur.

D. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan kalimah nu dicopongkeun jeung kecap gigireunana.

2. Guru nitah murid sina milih kecap nu disadiakeun, tuluy dieusikeun kana
kalimah anu copong kalawan merenah. Kalimah jeung jawabanana téh kieu.

Lengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu aya gigireunana!
1. Méméh dahar, urang kudu … F … leungeun heula. A. katuhu
2. Lamun mandi, kudu maké …… J …………………. B. sikat seuseuh
3. Awak kudu diruru maké ………… G …………….. C. pamitan
4. Lamun buuk dikuramas, kudu maké…… I ……… D. ngadunga
5. Ari dahar kudu maké leungeun………… A ……… E. laleur

42 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II


Click to View FlipBook Version