6. Samémeh reup saré, urang kudu… D …. heula. F. kokocok
7. Ari ngosok huntu kudu maké………… H ……… G. batu
8. Ari rék indit ka sakola, kudu …… C … heula. H. odol
9. Dahareun kudu ditutupan bisi ku ……… E …….. I. sampo
10. Sikat seuseuh béda jeung …… B ……. huntu J. sabun
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah.
E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks paguneman nu judulna “Ka
Puskesmas”, tuluy sina dibaca dibedaskeun atawa dipolahkeun di kelas.
2. Guru nitah murid sina niténan eusi paguneman kalawan daria.
3. Guru nitah murid sina maham eusi paguneman ku cara ngajwab pananya nu
geus disadiakeun dina buku. Kieu paréntah jeung jawabanana téh.
Sanggeus hidep maca paguneman di luhur, pék jawab pananya ieu di handap!
1. Gering naon Randi téh? Rieut jeung panas tiris.
2. Akibat naon Randi gering téh? Tas ulin papanasan, tuluy kahujanan.
3. Dibawa ka mana Randi téh ku ibuna? Ka Puskesmas.
4. Ka mana ibuna Randi meuli karcis? Ka lokét.
5. Disina kumaha Randi téh ku dokter? Ngagolér dina kasur.
6. Dikumahakeun baju Randi téh ku dokter? Disénglédkeun.
7. Ku dokter, dipariksa maké naon Randi téh? Stétoskop.
8. Diantelkeun kana naon stétoskop téh ku dokter? Kana dada jeung Beuteung
Randi.
9. Dibéré naon Randi ku dokter téh? Obat.
10. Sabaraha kali obat téh diinumna? Sapoé dua kali.
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman jeung
ngajawab pananya ngeunaan eusi paguneman.
Bab 2 Pituduh Husus 43
F. NYUSUN PAGUNEMAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina latihan nyusun paguneman pondok.
2. Ngarah babarieun, guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu
dicopongkeun dina paguneman.
Ieu di handap aya paguneman anu can anggeus nu kudu dilengkepan
ku murid. Paguneman lengkepna kieu.
Yudi : Ran, ku naon kamari teu sakola?
Randi : Udur.
Yudi : Naon anu karaos?
Randi : Awak karasana paranas tiris.
Yudi : Oh, demam atuh, nya?
Randi : Enya, ceuk dokter ogé demam.
Yudi : Iraha ka dokterna kitu?
Randi : Kamari dua poé ka tukang.
Yudi : Ka dokter mana?
Randi : Eta dokter di Puskesmas.
Yudi : Jeung saha ka dokterna?
Randi : Jeung Mamah.
Yudi : Dikumaha waé ku dokter téh?
Randi : Nya dipariksa, maké alat nu diantelkeun kana dada.
Yudi : Oh, maké stétoskop meureun.
Randi : Enya, maké Stétoskop éta ogé.
Yudi : Disuntik henteu?
Randi : Ah, henteu ngan dibéré obat wungkul.
Lamun geus dilengkepan, téks paguneman téh disina dipolahkeun ku duaan.
Dipeunteun cara maca jeung lentongna.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina maca jeung molahkeun
paguneman.
44 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
G. NEMBANGKEUN PUPUH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks pupuh asamarandana nu patali
jeung hirup berséka.
2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh asmarandana.
3. Guru nitah murid nembangkeun pupuh babarengan sakelas, tuluy bagilir
sajajar-sajajar bangku. Geus kitu, nembangkeun pupuh saurang-saurang.
4. Guru meunteun murid alus henteuna dina nembangkeun pupuh
asamarandana.
5. Guru nitah murid sina maham eusi pupuh asmarandana ku cara ngajawab
pananya nu geus disayagikeun dina buku.
Sanggeus nembangkeun pupuh, murid sina maham eusina, anu
jawabanana kieu.
1. Murangkalih téh kudu éling.
2. Urang ulah odoh ka panganggo.
3. Mun pakéan kotor geuwat seuseuhan.
4. Lamun pakéan soéh geuwat kaputan.
5. Kana pakéan buruk masing butuh.
6. Ari kana pakéan anyar masing lebar.
6. Guru nitah murid néangan harti kecap tur ngalarapkeun kana kalimah.
Ngarah teu héséeun, murid disina niténan heula contona.
Contona:
éling-éling = sadar-sadar
Éling-éling murangkalih
…………………murangkalih
Sadar-sadar murangkalih
Pigawé kawas conto di luhur! Jawabanana kieu.
1. murangkalih = barudak
Éling-éling murangkalih.
Éling-éling barudak.
Bab 2 Pituduh Husus 45
2. panganggo = pakéan
Ulah odoh ka panganggo.
Ulah jorok ka pakéan.
3. geuwat = gancang
Mun kotor geuwat seuseuhan.
Mun kotor gancang seuseuhan.
4. buruk = butut
Ka nu buruk masing butuh.
Ka nu butut masing butuh.
5. lebar = nyaah
Ka nu anyar masing lebar.
Ka nu anyar masing nyaah.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 5, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
46 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
EVALUASI
Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun Enggeus Encan
A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN
B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN
C. NGALARAPKEUN KECAP
D. NGALENGKEPAN KALIMAH
E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN
F. NEMBANGKEUN PUPUH
Bab 2 Pituduh Husus 47
PANGAJARAN 6
Tema : Cinta jeung Reueus jadi Bangsa Indonésia
Bahan : Dadaran (déskripsi)
Média : Téks jeung gambar
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan,
miwanoh kecap, ngarobah kalimah, nyusun omongan, nadomkeun pupujian, jeung
ngajembaran dadaran.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. MACA JERO HATÉ
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan
Alam Sabudeur” nu judulna “Urang jeung Alam”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria.
Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.
B. NGALISANKEUN JAWABAN
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid maham
eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
48 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
2. Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan.
Pananya jeung jawabanana kieu.
1. Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran.
2. Jalma, sasatoan, jeung tutuwuhan kaasup mahluk Hirup.
3. Unggal poé urang sok nyeuseup hawa.
4. Mun euweuh hawa, urang moal bisa ngambekan.
5. Keu nginum, urang perlu cai.
6. Urang bisa moyan lantaran aya cahaya panonpoé.
7. Alam dunya bakal moal caang mun euweuh cahaya panonpoé.
8. Ti peuting di langit aya bulan jeung béntang.
9. Bulan moncorongna buleud.
10. Ari béntang mah caangna tingkarelip.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham
eusi téks.
C. MIKAWANOH KECAP
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid
niténan kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun kana kalimah.
2. Guru nitah murid sina maham kecap-kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun
kana kalimah.
Contona:
ciciptan = jieunan
Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran.
Manusa jeung alam kaasup mahluk jieunan Pangéran.
3. Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap
nu geus diyagakieun. Paréntah jeung jawabanana kieu.
Lengkepan kalimah-kalimah ieu di handap ku kecap-kecap anu aya
gigireunana.
1. Angin téh karasana ………… C …………… A. mongkléng
2. Ti peuting bulan caang mani…… D ……… B. ragrag
3. Isuk-isuk panonpoé …… E …….. ti wétan. C. ngahiliwir
4. Mun ti peuting, kaayaan poék…… A ……. D. mabra
5. Ti langit hujan ………………… B ………………. E. moncorong
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeuaan
ngalengkepan kalimah.
Bab 2 Pituduh Husus 49
D. NGAROBAH KALIMAH
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid
niténan kecap pagawéan aktif jeung kecap pagawéan pasif.
2. Guru nitah murid sina niténan kalimah aktif jeung kalimah pasif.
Contona:
dipelak → melak
Tangkal kembang sok dipelak ku jalma.
Jalma sok ……………….. tangkal kekembangan.
3. Guru nitah murid sina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan
aktif, tuluy dilarapkeun kana kalimah.
Paréntah jeung jawabanana kieu.
Pigawé kawas conto!
1. diseuseup → nyeuseup
Hawa diseuseup ku mahluk hirup.
Mahluk hirup nyeuseup hawa.
2. dikali → ngali
Taneuh dikali ku tukang sumur.
Tukang sumur ngali taneuh.
3. dituar → nuar
Tangkal dituar ku Mang Bébén.
Mang Bébén nuar Tangkal.
4. disiuk → nyiuk
Cai disiuk ku Néni tina bak.
Néni nyiuk cai tina bak.
5. dirabut → ngarabut
Tangkal sampeu dirabut ku Kang Ruslan.
Kang Ruslan ngarabut tangkal sampeu.
6. diundeur → ngundeur
Daun sampeu diundeur ku Bu Nénéng.
Bu Nénéng ngundeur daun sampeu.
7. dipetik → metik
Kembang di buruan dipetik ku Téh Éma.
Téh Éma metik kembang.
50 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
8. dipacul → macul
Tanah kebon keur dipacul ku Mang Karwa.
Mang Karwa keur macul tanah kebon.
9. diala → ngala
Paré di sawah keur diala ku ibu-ibu.
Ibu-ibu keur ngala paré di sawah,
10. diajul → ngajul
Gedang keur diajul ku Mang Yoyo.
Mang Yoyo keur ngajul gedang.
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngarobah kecap pagawéan pasif
jadi kecap pagawéan aktif sarta ngalarapkeunana dina kalimah.
E. MENERKEUN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kalimah anu runtuyan kecapna diacak.
Contona:
hudang—isuk-isuk—kénéh—hudang—geus—Yudi
Kalimahna: Isuk-isuk kénéh Yudi geus hudang.
2. Guru nitah murid sina menerkeun runtuyan kecap-kecap sangkan jadi kalimah
anu bener tur merenah.
Paréntah jeung jawabanana saperti kieu.
1. maca – keur – Yayan – basa Sunda
Yayan keur maca basa Sunda.
2. nyéboran – di buruan – Néni - kembang
Néni nyéboran kembang di buruan.
3. di dapur – nuju – mamah – masak
Mamah nuju masak di dapur.
4. koran – di tepas – bapa – maca – keur
Bapa keur maca koran di tepas.
5. macul – di kebon – keur – Mang Karya
Mang Karya keur macul di kebon.
6. ngaput – mesin -- Bi Inah -- dina – keur
Bi Inah keur ngaput dina mesin.
Bab 2 Pituduh Husus 51
7. keur—barudak—arulin—di—buruan
Barudak keur arulin di buruan.
8. santri—keur—barudak—di masigit – ngaraji
Barudak santri keur ngaraji di masigit.
9. tivi—baba-bapa—lalajo—dina—keur – méngbal
Bapa-bapa keur laajo méngbal dina tivi.
10. Persib—Persija—keur—si Jalak harupat—tanding --- jeung --- di
Persib jeung Persija keur tanding di si Jalak Harupat.
3. Guru meunteub murid bener henteuna dina nyusun kalimah nu kecap-
kecapna diacak.
F. NADOMKEUN PUPUJIAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca heula dina jero haté téks pupujian nu
judulna “Bab Cai”.
BAB CAI
Dupi sadayana cai,
nu sok dianggo susuci,
éta aya tujuh rupi,
walungan anu kahiji.
Cai laut kaduana,
cai sumur katiluna,
cai ibun kaopatna,
cai és nu kalimana.
Cai nyusu kagenepna,
cai hujan katujuhna,
éta cai sadayana,
sah dianggo susucina.
2. Guru ngajak murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”.
3. Guru nitah murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”
4. Pikeun maham eusi pupujian, guru nitah murid disina ngajawab pananya nu
disadiakeun.
Sanggeus murid ngalagukeun atawa nadomkeun pupujian di luhur, sangkan
paham kana eusina, pék jawab ieu pananya.
1. Aya sabaraha cai nu sok dipaké susuci? Aya tujuh rupa.
52 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
2. Cai naon nu kahijina? Cai walungan.
3. Ari cai és nu kasabaraha? Nu kalima.
4. Rupa-rupa cai téh sah dipaké naon? Susuci.
5. Cai naon anu karasana tiis? Cai és.
6. Ari cai hujan ti mana asalna? Ti langit.
7. Cai laut kumaha rasana? Asin.
8. Naon ngaranna cai nu ngaburial tina jero taneuh? Cai nyusu.
9. Cai naon nu ngagarendang isuk-isuk dina daun? Cai ibun.
10. Sah dipaké naon cai nu tujuh rupa téh? Susuci.
G. NGAJEMBARAN DADARAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté bacaan nu judulna “patempatan“.
2. Guru disina niténan kalawan imeut eusi bacaan “Patempatan”.
3. Guru nitah murid sina nyebutan deui ngaran-ngaran tempat nu geus
dicontoan.
Sanggeus hidep maca bacaan nu eusina ngaran patempatan, ayeuna hidep
néangan deui ngaran patempatan. Bisa diskusi jeung babaturan. Jieun dina
buku tugas!
1. Patempatan patali jeung ci- saperti Cinangka, Cicaheum, Cileunyi, …
2. Patempatan patali jeung pasir saperti Pasirimpun, Pasiripis, Pasirimpun,
Pasirkoja, ….
3. Patempatan patali jeung ranca saperti Rancabolang,Rancakalong,Rancabuaya,
Rancabali, …
4. Patempatan patali jeung rawa saperti Rawabogo, Rawabango, Rawamerta,
….
5. Patempatan patali jeung leuwi saperti Leuwiliang,Leuwipanjang,Leuwigajah,
Leuwimunding, Leuwisari, ….
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 6, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Bab 2 Pituduh Husus 53
EVALUASI
Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun Enggeus Encan
A. MACA JERO HATE
B. MAHAM EUSI BACAAN
C. MIWANOH KECAP
D. NGAROBAH KALIMAH
E. NYUSUN OMONGAN
F. NADOMKEUN PUPUJIAN
G. NGAJEMBARAN DADARAN
54 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
PANGAJARAN 7
Tema : Miara sasatoan jeung tutuwuhan
Bahan : Dadaran (déskripsi)
Média : Téks jeung gambar
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan,
ngalengkepan kalimah, nyusun karangan, ngalarapkeun kecap, jeung nyusun omongan.
Kagiatan Diajar
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. MACA JERO HATÉ
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Miara
Sasatoan jeung Tutuwuhan” nu judulna “Melak Kembang”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan
daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur
sayaga ingetanana.
B. NGALISANKEUN JAWABAN
1. Murid disina maca deui téks bacaan.
2. Murid disina paham kana eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
Bab 2 Pituduh Husus 55
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid maham
eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
2. Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan.
Pananya jeung jawabanana kieu.
1. Resep naon Ibu téh? Melak kembang.
2. Saha deui nu gaduh karesep kawas Ibu? Téh Nani.
3. Ibu sareng Téh Nani osok naon? Melak kembang.
4. Di mana dipelakna kembang téh? Dina pot.
5. Kumaha ngurusna kembang téh? Kudu diceboran jeung digemuk.
6. Kumaha warnana kembang srangéngé téh? Konéng.
7. Kumaha rasana seureuh beureum téh? Pait.
8. Kembang naon nu make ngaran sasatoan? Kuping gajah, lidah buaya.
9. Ti mana mun urang rék meuli gemuk? Ti toko kembang.
10. Ari di kampung sok aya gemuk naon? Gemuk kandang.
C. NGALENGKEPAN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi“Melak Kembang”,guru nitah murid sina wanoh
kana ngaran babagian tatangkalan.
2. Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-
kecap nu disayagikeun. Kecap-kecap anu bisa dipilihna patali jeung ngaran
babagian tutuwhan.
Pék lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap gigireunana!
1. Ibu melak ………… E ………… dina pot. A. beutina
2. Tangkal rambutan téh…… C ……leubeut. B. akarna
3. Tangkal sampeu mah…… A …..dina jero taneuh. C. buahna
4. Tangkal téh …… B …... nyeceb kana taneuh D. pendul
5. Méméh jadi buah, peuteuy asalna…… D …. É. Kembang
6. Buah salah téh ngagonyok jeung……… J …… F. dawegan
7. Bisa dipaké ubar ……… E ……. kumis ucing mah. G. paria
8. Buah ……… G …….. téh rasana pait. H. céngék
9. ……… F ……….. keur meujeuhna lumého. I. kembang
10. Kembang …… H …….. disebutna méncéngés. J. cucukan
56 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
D. NYUSUN KARANGAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sangkan maca téks déskripsi “Ngukut Ucing” keur
conto tur gambaran déskripsi.
2. Guru nitah murid disina nyusun karangan wangun dadaran (déskripsi).
3. Ngaran henteu héséeun, guru nitah murid disina ngalengkepan karangan nu
dicopongkeun. Murid cukup nuluykeun karangan.
Paréntah jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap.
MIARA LAUK DINA AKUARIUM
Wéndi téh miara lauk dina akuarium.Tacan lila miara laukna ogé. Kakara
lima poé. Akuariumna beunang nyieun bapana. Akuarium téh dijieunna tina
kaca. Kacana anu kandel. Pikeun nyambungkeun tungtung kaca, biasana sok
ngagunakeun lém husus keur kaca.
Wangun akuarium téh umumna pasagi panjang. Bagian ti tukangna sok
ditémpélan gambar tatangkalan. Jadi, katempona latarna siga jujukutan.
Dina akuarium sok maké alat sangkan panyedot sangkan cai ngaberekbek. Eta
téh ngahaja ngarah siga dina cai anu ngocor kawas dina balong atawa susukan.
Cai ngocor téh matak betaheun kana lauk.
Aya rupa-rupa lauk nu diingu ku Wéndi téh.Aya lauk koki, sepat, arwana,
…
Ngarah caina beresih, dina akuarium sok dipelakan lauk sapu. Lauk
sapu mah tara gérak kawas lauk séjénna, tapi sok ngadaplok wé dina kaca
akuarium.
Lauk akuarium mah aya husus parabna. Eta parab téh bisa dibeuli di toko
lauk atawa toko akuarium. Béda jeung lauk biasa nu aya di balong. Lauk balong
mah parabna ogé bisa huut bisa dangdaunan atawa sangu.
Sabulan sakali cai dina akuarium mah kudu diganti. Tujuanana sangkan
caina tetep hérang, henteu kiruh jeung kotor atawa lecek.
Lamun akuarium dikumbah, lauk-laukna kudu dipindahkeun saheulaaan
kana tempat séjén.
Bab 2 Pituduh Husus 57
E. NGALARAPKEUN KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sangkan wanoh kana ngaran babagian lauk, pakakas
paranti ngala lauk, ngaran babagian sasatoan, ngaran babagian tatangkalan
jeung ngaran tatangkalan.
Titénan ieu kalimah:
Wéndi téh miara lauk dina akuarium.
Guru nerangkeun ka murid yén “lauk mah hirupna téh dina cai.Tangtu
ngabogaan alat husus keur ngambekanana. Ieu di handap aya gambar lauk.
Hulu lauk asang cécépét sisit buntut
2. Guru nitah murid disina nyieun kalimah ku kecap-kecap ngaran babagian
sasatoan, tatangkalan, atawa tutuwuhan.
58 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
3. Guru nitah murid disina ngucapkeun kalimah anu ngandung ngaran-ngaran
babagian sasatoan, tatangkalan, atawa tutuwuhan.
Ayeuna jieun kalimah maké kecap-kecap ieu di handap.
1. pamatuk
Hayam téh nyatuan hakaneun ku pamatukna.
2. jawér
Hayam bikang henteu jawéran kawas hayam jago.
3. siih
Siih hayam jago téh seukeut. Cicingna dina cékérna lebah jero.
4. jangjang
Jangjang hayam jago téh kikiplik mun keur kongkorongok.
5. buntut
Hayam bikang mah buntutna henteu ngarumbay kawas hayam jago.
4. Guru meunteun murid bener henteuna ngalarapkeun ngaran babagian sato
kana kalimah.
F. MENERKEUN TULISAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sina niténan conto nyusun kalimah anu runtuyan
kecap-kecapna diacak.
2. Guru nitah murid disina niténan kalimah anu geus dibenerkeun runtuyan
kecapna.
Titénan contona:
keur – Yudi – nembang – diajar
Kalimahna: Yudi keur diajar nembang.
3. Guru nitah murid disina nyusun kalimah tina kecap-kecap anu runtuyanana diacak.
1. arulin-di-barudak-sakola-buruan
Barudak arulin di buruan sakola.
2. kakawihan-bari-barudak-ulin-téh
Barudak téh ulin bari kakawihan.
Bab 2 Pituduh Husus 59
3. ngawarnaan-Ayi-gambar-keur
Ayi keur ngawatnaan gambar.
4. kembang-keur-Yani-dipelak
Kembang keur dipelakYani.
5. sajak-keur-Didi-ngarang-diajar
Didi keur diajar ngarang sajak.
6. balong-Héri-lauk-marab-keur
Héri keur marab lauk di balong.
7. lalajo-Dadang-keur-dina-méngbal-tivi
Dadang keur lalajo méngbal dina tivi.
8. Dédi-gunung-ku-digambar-keur
Gunung keur digambar ku Dédi.
9. jeung-Uci-kerja kelompok-Nana-di imah Féri
Nana jeung Uci kerja kelompok di imah Féri.
10. ka-istirahat-barudak-tukang dagang-jarajan-waktu
Waktu istirahat barudak jarajan ka tukang dagang.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 7, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
60 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
EVALUASI
Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun Enggeus Encan
A. MACA JERO HATÉ
B. MAHAM EUSI BACAAN
C. NGALENGKEPAN KALIMAH
D. NYUSUN KARANGAN
E. NGALARAPKEUN KECAP
F. MENERKEUN TULISAN
Bab 2 Pituduh Husus 61
PANGAJARAN 8
Tema : Ngajaga Kasalametan di Imah jeung di jalan
Bahan : Kakawihan jeung Pupuh
Média : Téks jeung Gambar
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun kakawihan, maham
eusi kakawihan, ngahariringkeun kakawihan, ngalengkepan kakawihan, ngajembaran
kakawihan, ngalarapkeun kecap, jeung nembangkeun pupuh.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN
1. Murid disina ngaregepkeun kakawihan nu dihariringken ku guru atawa kasét.
2. Murid babarengan ngahariringkeun kakawihan.
3. Murid disina latihan ngahariringkeun kakawihan sorangan.
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru ngajak murid pikeun babarengan ngahariringkeun kakawihan “Cing
cangkeling” jeung “Eundeuk-eundeukan”.
Cing Cangkeling
Cing cangkeling,
manuk cingkleung cindeten,
plos ka kolong,
Bapa Satar buleneng.
62 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
Eundeuk-eundeukan
Eundeuk-eundeukan lagondi,
meunang peucang sahiji,
leupas deui ku nyai,
beunang deui ku santri,
leupas deui ku nini,
beunang deui ku aki.
3. Guru nitah murid sina ngahariringkeun kakawihan “Cing cangkeling” jeung
“Eundeuk-eundeukan” babarengan kalawan daria.Tujuanana sangkan murid
mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.
4. Guru meunten murid beer henteuna ngahaeieingeun kakawihan.
B. NGALISANKEUN JAWABAN
No. Kagiatan
1. Sanggeus ngahaeieingeun kawih,guru nitah murid sina niténan deui kakawihan
nu dihariringkeun.
2. Guru nitah murid sina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya.
3. Guru nitah murid ngajawab pananya ku cara lisan.
1. Naon judulna éta kakawihan téh? Cing cangkeling
2. Keur naon manuk cingkleung téh? Cindeten.
3. Ka mana plosna manuk téh? Ka kolong.
4. Kumaha Bapa Satar téh? Buleneng.
5. Eundeuk-eundeukan? Lagondi.
6. Meunang sabaraha hiji peucang téh? Sahiji.
7. Ku saha leupasna peucang téh? Nyai.
8. Ku saha beunangna peucang téh? Sastri.
9. Jaba ti ku nyai, ku saha deui peucang leupasna? Nini.
10. Jaba ti ku santri, ku saha deui peucang beunangna? Aki.
C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN
1. Murid disina babarengan ngahariringkeun kakawihan.
2. Murid disina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya nu
disadiakeun.
1. Jawab murid cukup ku ngalengkepan kalimah pananya.
Bab 2 Pituduh Husus 63
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina babarengan ngahariringkeun kakawihan “Bangbang
Kalima gobang”.
2. Guru nitah murid sina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya nu
geus disadiakeun.
Sanggeus ngawih, guru nitah murid sangkan paham kana eusi kakawihan
ku cara ngajawab pananya ieu di handap.
1. Di mana ayana bangkong? Di tengah sawah.
2. Ngalakukeun naon guru téh saban poéna? Ngajar.
3. Aya lisung jeung naon? Halu.
4. Kumaha kaayaan kapal udara téh? Ragrag di Jakarta.
5. Rék ka mana haji téh? Haji rék ka Mekah.
6. Buah téh meunang naon? Beunang ngala.
7. Ari lauk meunang naon? Beunang nyobék.
8. Anu meunang muter téh naon? Béker.
9. Ari péna téh gagang naon? Gagang kalam.
10. Jeung saha ngadu pipina? Nu ompong.
D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kakawihan anu kalimahna dicopongkeun.
2. Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah dina kakawihan nu dikosongkeun.
UCANG ANGGE
Cang ucang-ucang angé, gedé
mulung muncang ka papanggé, digogog
digogog ku anjing gedé, cungungung
anjing gedé nu Mang Lebé, anggé
ari gog-gog cungungung muncang
NÉLÉNGNÉNG KUNG
Néng néléng néng …kung, sakola
geura gedé …geura….jangkung, kung
geura …sakola…ka Bandung, indung
geura makayakeun …Indung… geura
64 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
TRANG-TRANG KOLÉNTRANG
Trang-trang koléntrang, durukan
si londok paéh nundutan, gobang
tikusruk kana …durukan, trang
mesat …gobang kabuyutan. paéh
3. Guru nitah murid babarengan ngahariringeun kakawihan nu geus
dilengkepan.
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan wacana
kakawihan.
E. NGAJEMBARAN KAKAWIHAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté kakawihan “Di Dieu meuncit Reungit”
nu disadiakeun keur ngajembaran kaweruhna.
2. Guru nitah murid disina ngahariringkeun kakawihan nu geus dibaca dina jero
haténa.
3. Guru nitah murid nyatet istilah nu dipaké dina kakawihan. Geus kitu,
kakawihan téh dikawihkeun babarengan!
F. NGALARAPKEUN KECAP
1. Murid disina niténan kecap jeung sinonimna.
2. Kecap jeung sinonimna ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah.
3. Murid disina paham kana kecap-kecap nu dilarapkeun kana kalimah.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.
2. Guru nitah murid disina néangan kecap anu sinonim nu dilarapkeun kana
kalimah. Contona:
mesat = nyabut
Mang Bagja mesat gobang.
Mang Bagja ……………. gobang.
Mang Bagja nyabut gobang.
Bab 2 Pituduh Husus 65
3. Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap-kecap kana kalimah.
1. leungit = euweuh
Di dieu beuki leungit.
Di dieu beuki euweuh.
2. loba = réa
Di dinya beuki loba.
Di dinya beuki réa.
3. henteu aya = euweuh
Di dieu mah henteu aya.
Di dieu mah euweuh.
4. tambah = beuki
Di dinya tambah peurih.
Di dinya beki peurih.
G. NEMBANGKEUN PUPUH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid maca heula pupuh pucung dina jero haté.
2. Guru ngajak murid pikeun babarengan nembangkeun pupuh pucung nu
judulna “Ati-ati”.
ATI-ATI
Kana sagala rupa tong gurunggusuh,
ulah lalawora,
nanaon kudu tarapti,
ngarah urang henteu pinanggih cilaka.
3. Pikeun maham eusi pupuh, guru nitah murid disina nganggeuskeun kalimah
anu dicopongkeun.
Pikeun maham pupuh Pucung, ayeuna hidep kudu nganggeuskeun ieu
kalimah.
1. Kana sagala rupa, urang entong gurunggusuh.
2. Kana nanaon, urang kudu tarapti.
3. Ngarang teu pinanggih cilaka.
4. Kudu nurut kana piwuruk sepuh.
66 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
5. Urang kudu tapis diri.
6. Urang kudu nyingkahan rupa-rupa nu matak bahaya.
7. Di satengah jalan kudu tarapti jeung ati-ati.
8. Urang kudu tigin kana jangji.
9. Nu utama kasalametan kudu dijaga.
10. Kasalametan urang kudu jadi ……………………
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 8, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Bab 2 Pituduh Husus 67
EVALUASI
Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun Enggeus Encan
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN
B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN
C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN
D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN
E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN
F. NGALARAPKEUN KECAP
G. NEMBANGKEUN PUPUH
68 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
3Bab
Pituduh
Meunteun
A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM)
1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid.
2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah
komonén dina unggal pangajaran.
3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna.
4. Conto rubrik KKM Pangajaran 8
Kritéria Katutasan Minimal (KKM)
Kritéria Meunteun Katerangan Tutas
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN Enggeus Encan
B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN
C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN
D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN
E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN
F. NGALARAPKEUN KECAP
G. NEMBANGKEUN PUPUH
B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)
Kritéria ALus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1)
Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain
Komunikasi non- Ngaréspon Kurang réspon Api lain
verbal
Ilubiung AKtif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun
Omongan Nepikeun Nepikeun Cicingeun
pamadegan pamadegan kurang
ngaruntuy ngaruntuy
Katerangan:
1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun.
70 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
2. Cara meunteun : Total peunteun
____________ x 10
12
3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8
____________ x 10 = ____ = 6,7
12 12
C. Rubrik Meunteun Sikep
No. Sikep Encan Mimiti Mimiti Dibiasakeun Kat.
écés écés Mekar
1. Taliti
2. Tanggung jawab
3. Disiplin
4. Jujur
5. Santun
6. Peduli
7. Percaya diri
D. Rubrik Meunteun Latihan
1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana.
2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10.
3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.
Bab 3 Pituduh Meunteun 71
E. Daftar Peunteun Murid
(Kaweruh jeung Kaparigelan)
No. Ngaran 1 Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran 9 M
Murid 2345678
1.
2.
3.
4.
5.
F. Refleksi Guru
Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna,
guru kudu ngajawab pananya ieu di handap.
1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup?
Kumaha léngkah-léngkahna?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
72 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
4Bab
Bahan
Pangjembar
A. Kaweruh Basa jeung Sastra
1. Tembang, Kawih, jeung Kakawihan
Tembang ilaharna ébréh dina wujud pupuh, boh tina guguritan boh tina wawacan.
Aya rupa-rupa pupuh nu sok ditembangkeun. Dina kahirupan sastra Sunda dipiwanoh
aya 17 pupuh, anu ngawengku 4 pupuh sekar ageung jeung 13 pupuh sekar alit. Anu
kagolong kana sekar ageung disengget KSAD, nyaéta KInanti, SInom, Asmarandana,
jeung Dangdanggula. Sésana sekar alit kayaning pucung, magatru, balakbak,
maskumambang, mijil, …
Ieu di handap dipidangkeun salasahiji sekar ageung nyaéta pupuh asmarandana.
Pupuh asmarandana kaasup kana pupuh sekar ageung.Watekna nuduhkeun asmara
atawa kacinta. Dina sapadana (sagundukna) diwangun ku tujuh padalisan (jajaran). Guru
wilangan jeung guru laguna 8-I, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, jeung 8-a.
Aturan guru lagu jeung guru wilangan pupuh asmarandana ébréh dina tabél ieu di
handap.
É- GURU WILANGAN JEUNG GURU LAGU Jumlah
ku- Ling é- ling mu- rang ka- lih 8-i
u- ka 8-a
Mun Du a- pik jeung ber- sé go 8-o
so- an 8-a
Ka Lah o- doh ka pa- ngang
Ka 7-a
ko- tor geu- wat seu- seuh- tuh 8-u
bar 8-a
Éh geu- wat ka- put- an
Nu bu- ruk ma- sing bu-
Nu a- nyar ma- sing le-
Kagiatan ngahariringkeun tembang disebutna nembang. Nembang aya bédana jeung
ngawih. Ngawih ilaharna mangrupa kagiatan ngahariringkeun kawih. Upamana waé
kawih “Tanah Sunda”.
TANAH SUNDA
Karya: Mang Kokok
Tanah Sunda gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda sawawa
Sing towéksa percéka
Nyangga dharma anu nyata.
74 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
Seuweu Pajajaran
muga tong kasmaran
sing tulatén jeung rumaksa
miara pakaya mémang sawajibna
getén titén rumawat tanah pusaka.
Titén kana harta banda
Mo kaduhung waktu jaga
Anu lian moal bisa
Ngatur ngolah jeung ngariksa.
Gembleng sauyunan
Singkil babarengan
Ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonésia.
Jaba ti tembang jeung kawih, aya nu disebut kakawihan. Kakawihan mangrupa kawih
anu umumna dihariringkeun ku barudak dina waktu arulin. Kakawihan sok babarengan
jeung kaulinan barudak. Upamana waé, kakawihan “Cing cangkeling”.
CING CANGKELING
Cing cangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng.
2. Kecap Pananya
Kecap pananya téh kagolong kana warna kecap sulur atawa kecap gaganti nyaéta
kecap anu gunana pikeun nyuluran hal atawa barang anu ditanyakeun. Lebah dieu, kecap
pananya nyaéta kecap anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal ka jalma lian. Kecap pananya
ngawangun kalimah pananya, nyaéta kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal sarta
miharep rénsponsi nu mangrupa jawaban. Aya rupa-rupa kecap pananya saperti (1) saha
nanyakeun jalma, (2) iraha nanyakeun waktu, (3) (di, ti, ka) mana nanyakeun tempat, (4),
naha nanyakeun alesan, jsté.
Aya deui kecap pananya séjénna kayaning kecap pananya waktu: iraha, kecap pananya
sabab: naon sababna, kecap pananya alesan: ku naon; kecap pananya palaku: ku saha; kecap
pananya tujuan: keur saha.
Bab 4 Bahan Pangjembar 75
3. Kecap Lemes
Kecap lemes mangrupa bagian tina tatakrama basa atawa undak usuk basa.Tatakrama
basa mangrupa kaédah sopan santun dina makéna basa patali jeung status sosial,kaakraban,
sarta hubungan antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun. Kecap lemes
digunakeun keur ngajénan batur jeung diri sorangan. Aya dua kecap lemes nyaéta kecap
lemes keur diri sorangan (Jalma 1 (J-1)) saperti neda, aya kecap lemes keur ka batur (Jalma
2 (J-2)) saperti tuang. Boh kecap lemes keur diri sorangan boh keur ka batur boga kecap
sedengna saperti dahar atawa kecap kasarna nyatu.
4. Kalimah Aktif jeung Kalimah Pasif
Kalimah aktif nyaéta kalimah anu jejerna ngalakukeun pagawéan, ilaharna dicirian
ku caritaan kecap pagawéan nu ngandung rarangkén hareup N-.Ari kalimah pasif nyaéta
kalimah anu jejerna kakeunaan ku pagawéan,ilaharna dicirian ku caritaab kecap pagawéan
nu ngandung raarangkén di-, ka-, jeung ti-. Ku kituna, pikeun ngalatih murid ngawangun
kalimah aktif jeung kalimah pasif, murid disina ngarobah kecap nu dirarangkénan hareup
N- ku kecap nu maké rarangkén hareup di-.
5. Rarangkén
Rarangkén (BI: imbuhan atawa afiks) nyaéta wangun basa pangleutikna (morfém)
kauger anu milu nangtukeun harti kecap. Aya lima rupa rarangkén dina basa Sunda
saperti ieu di handap.
(a) Rarangkén hareup (awalan), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél hareupeun kecap
saperti di-, N-, ka-, ti- dina kecap dibaca, maca, kabaca, tidagor, jsté.
(b) Rarabfkén tengah (seselan), nyaéta rarangkén anu cicingna nyelap di tengah-tengah
kecap saperti –ar-/-al-, -um-, jeug –in- dina kecap barudak, laleuleus, gumeulis, tinulis,
jsté.
(c) Rarangkén ahir (ahiran), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél tukangeun kecap
saperti –an, -eun, -keun, -ing/-ning dina kecap seuseuhan, seuseuheun, asupkeun,
mungguhing, wantuning, jste.
(d) Rarangkén barubg (konfiks) nyaéta dua rarangkén anu ngawangun kecap kalawan
babarengan saperti pa—an,ka—an,sa—eun dina kecap padataran,kadaharan,sahuapeun,
jsté.
(e) Rarangkén gabung (ambifiks) nyaéta dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun
kecap henteu babarengan saperti di-+-keun jeung N-+-keun dina kecap diasupkeun
jeung ngasupkeun, jsté.
76 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
B. Glosarium
apik = taliti
balénan = balikan
berséka = apik
berséka = apik tur beresih
buleneng = gundul
buruk = goréng
butut = goréng
caangna mabra = caang ngebrak, caang pisan
capétang = pinter nyarita
ciciptan = ciciptaan, diwangun tina kecap cipta ditambah Rdp+-
cindeten an, jieunan
cinyusu = eunteup, cicing
= cai nu tuluy kaluar tina jero taneuh, biasana dina
culika
dalém gawir
dangdaunan = jail, julig, resep nyilakakeun batur
diomékeun = ménak
diparaban = rupa-rupa daun
disénglédkeun = dibenerkeun
= dibére kahakanan
diundeur = diwangun tina kecap séngléd ditambah rarangkén
gemuk
genaheun gabung di-+-keun, hartina diangsrodkeun ka luhur.
getén = daun nu dipetik pucungna wungkul
= pupuk
geuwat = ngeunaheun
gurunggusuh = tulatén, némbohkeun rasa nyaah ku mindeng
guyub
harééng ngalongokan/ngurus
hiri dengki = gancang
jaligrah = gagancangan
janari = akur
jarian = muriang, paranas turus
kabuyutan =
= arataoh, barungah
kakaut = waktu samémeh subuh
kalam = juru buruan pamiceunan runtah
= diwangun tina kecap buyut jeung rarangkén barung
ka—an, pancakaki kalima ka luhur atawa turunan
katilu; kabuyutan hartina karamat.
= kokoét ku kuku
= péna, alat paranti nulis maké mangsi
Bab 4 Bahan Pangjembar 77
kaniaya = telenges, nganyenyeri
kecap bilangan panangtu = kecap nu nangtukeun wanda bilangan
urang keur jalma: Barudak téh aya lima urang.
turuy keur cau: Cau téh aya lima turuy.
Perékét keur jéngkol: Cing ngala jéngkol lima pérékét
mah.
kokocok = kukumbah leungeun
kujur = awak, badan
lagondi = laban, ngaran tangkal nu kaina sok diaréng, daunna
dipaké ubar.
lalawora = gagabah, ceroboh
layeut = sauyunan, tara pasé
lebar = nyaah
makayakeun, diwangun tina kecap pakaya (harta) jeung
rarangkén gabung N-+-keun, hartina matéahkeun
atawa ngokolakeun
melid = males
meuheuy = leubeut buahna
mimitran = mimitraan, duduluran, sosobatan
mindeng = sering
moyan = cicing di nu panas kira-kita jam 8-an sangkan awak teu
katirisan
muncugug = nonjol ka luhur
mupus = ngaberesihan
nandangan = ngalaman
ngahiliwir = diwangun tina kecap hiliwir dirarangkénan hareup di-,
niup lalaunan (angin)
ngarandeg = eureun
ngémploh = dangdaunan anu gomplok
ngingu = miara sasatoan
ngukut = miara sasatoan
nyoréndang = nyalindangkeun kantong kana taktak
océs = bangor, teu daék cicing
odoh = jorok, lodroh
omat-omatan = wanti-wanti
ompong = euweuh huntuan
osok = sok, biasa
pacilingan = pamiceunan, sarua gunana jeung toilét, tapi aya di
balong.
pamandangan = panénjoan, panorama
panganggo = papakéan
78 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
pangaweruh = kaweruh, kanyaho, pengetahuan (B. Ind)
papanggé = golodog, babancik
pasapon = pasapuan, diwangun tina kecap sapu jeung rarangken
pinanggih barung pa—an
= diwangun tina kecap panggih dirarangkénan tengah
poék mongkléng
–in-, papanggih
rarat-rérét = poék meredong, poék pisan teu katémbong curuk-
raresik
réngsé curuk acan
rikat = nempo ka kénca ka katuhu ku juru panon
sabilulungan = beresih, bérés sarta alus
saged = anggeus
sasarap = tangginas, cepet dina sagala rupa gerak
satengahing = babarengan, sauyunan
sauyunan = siap-siap, sayaga
sayaga = dahar isuk-isuk
silih asah = tengah-tengah
silih asih = babarengan
silih asuh = siap-siap
sirik pidik = silih béré kanyaho atawa pangalaman
sobat dalit = silih pikanyaah
soméah = silih aping, silih bimbing
soson-soson = dengki
srangéngé = babaturan deukeut
suhud = handap asor
susuci = enya-enya, daria, giat
tambarakan = panonpoé
tapis = getol, rajin
tarapti = beberesih awak
tengi = sagala didahar
tigin = parigel, mahér
tiis tingtrim = bérés, sagala sadia pikeun indit
tingkarelip = hapeuk
tumuwuh = tukuh, kukuh, pageuh
= adem ayeum
tutuwuhan = tingcarélak, cahaya kucap-kiceup tina jarak anu jauh
= diwangun tina kecap tuwuh dirarangkéna hareup di-,
uluk salam
jadi.
= diwangun tina kecap tuwuh ditambah Rdp+-an, sakur
tangkal nu
= ngucapkeun salam “assalamualaikum”
Bab 4 Bahan Pangjembar 79
DAPTAR PUSTAKA
Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat.
Hadi,Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya.
Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya.
Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi
Jawa Barat.
Wibisana,Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya.
Bandung: SPs UPI.
80 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II