KATA PENGANTAR
Alhamdulillah, puji sinareng syukur urang panjatkeun ka
Allah nu Maha Gofur ku ridho mantenNa ieu buku tiasa
réngsé disusun. Ieu buku mangrupa kumpulan karya
literasi siswa-siswa kelas 8A dina wangun carpon,
artikel, sajak jeung sisindiran.
Buku “Ti Handap ka Luhur, Ti Luhur ka Handap” tangtu
jauh tina sampurna, tapi panulis miharep mudah-
mudahan ieu buku bias mangpaat pikeun pamacana.
Pikeun ngaronjatkeun kamampuh tur kaparigel panulis
dina widang nulis, kritik jeung saran kacida dipiharep
pisan.
Bandung, November 2022
Siswa-siswi 8A
DAFTAR ISI
KATA PENGANTAR
DAFTAR ISI
Carita Pondok
Ti Handap Ka Luhur, Ti Luhur Ka Handap.............1
Peurih Nu Jadi Peurah ……………………………18
Ngajaga Haté ………………………………….…..22
Yu Lawan Si Tukang Bully…………………….... 25
Sagala Teu Bener…………………………….…... 28
Ahmad Si Tukang Pamer …………………..……..31
Murid Korét ……………………………………... 34
Artikel
Janten Versi Diri Anjeun………………………... 38
Nyaah Ka Diri, Saéméh Nyaah Ka Batur…….…. 41
Akal Sehat Mental Kuat………………………… 44
Hayang Jauh Ti Setrés ……………………….….46
Tong Stres Lamun Hayang Sukses……………… 49
Lirén Ngaroko Sateuacan Rokok Ngeureunkeun
Kahirupan Anjeun ……………………………….52
Réaksi Stress, Di Manusa …………………….....54
Sisindiran ……………………………………….56
Sajak
Kasehatan Jasmani ................................................65
Hirup Normal ....................................................... 66
Pikeun Diri Jung Bagja......................................... 67
Kuatkeun Diri .......................................................68
Stop Perundungan ................................................69
Kasuksesan Merlukeun Usaha .............................70
Méntal Diri ..........................................................71
Stop Perundungan ................................................72
“TI HANDAP KA LUHUR, TI LUHUR KA
HANDAP”
Kinanti Putri J. - 8A
Di salah sahiji kota, nyaéta Kota Bandung.
Aya kulawarga anu sederhana saréng bagja. Dina
kulawarga éta, lahir hiji mojang geulis, nu boga
kulit coklat saréng boga lesung pipi anu imut.
Nyaéta Zyva Ateeya Nurfauziah, putri ti tukang roti
keliling.
Zyva téh anak rajin, tos ngaraih loba
panghargaan. Salah sahijina, anjéunna meunang
juara 1 tingkat Kota Taekwondo. Zyva boga sobat
satia tur bageur ngaranna Jiya. Beda jeung Zyva,
Jiya teh anak pangusaha beunghar. Tapi Jiya ramah
tur teu sombong sanajan lahir ti kulawarga
beunghar.
Dina hiji poe, bapana Zyva nyoba usaha sareng
rerencanganna di luar kota. Bapa sareng Ibu na
Zyva tukang roti sareng kue anu cukup dipercaya.
Roti na dipikaresep ku réa jalma. Bapana Zyva
nyobaan ngajual barang daganganana di Toko
sobatna nu kawentar di Jakarta.
“Bu, kumaha upami Kueh saréng roti di titipkeun di
toko?” saur bapa ka ibu
1
“Hayu atuh, tapi kueh-kueh urang teh teu sabanding
saréng kueh-kueh di Toko, kumaha lamun teu
ditarima?”
“ Muhun bu, kueh saréng roti dititipkeun di toko
Mande bu, anu basa eta ngabantuan dagang
Penyeum. “
“Wah, sukses ayeuna mah Mande”
“Muhun bu, abdi nelepon heula ka Mande.”
Nalika nelepon
“Assalamualaikum, kumaha damang?”
“Waalaikumsalam, Eh Pa, Alhamdulillah damang,
Bapa kumaha damang?”
“Alhamdulillah damang De, nuju sibuk atanapi
henteu De?”
“Aya naon kitu Pa?”
“Ieu bapa saréng Ibu teh ayeuna nuju usaha kueh
sareng roti, sabab di dieu tos séér nu ngajual
Peyeum.”
“ Teu kunanaon pa, Mande ogé peryogi produk
deui, Bade iraha pa? “
“ Insya Allah minggon payun upami tiasa. “
“ Muhun atuh, Persiapanana engké dibantosan ku
Mande.“
2
“ Hatur nuhun pisan De, Berkah pikeun usahana. “
“ Aamiin, hatur nuhun ogé pa. “
“ Muhun, Wassalamualaikum. “
“Waalaikumsalam. “
Mande satuju pikeun damel bareng sabab
Mande ogé peryogi produk anyar pikeun tokona
supados langkung dipikaresep. Mande téh
pangusaha nu biasa mantuan bapa ngajual Peyeum
tiheula. Ayeuna anjeunna suksés berkat bapa anu
nginjeumkeun artos kanggo Mande ka Jakarta.
Mande boga 34 cabang toko anu populér pisan.
“Ibu, Zyva, minggon payun urang ka Jakarta.”
“ Hah?” saur ibu saréng Zyva
“ Leres, Mande satuju usaha saréng bapa, cenah
minggon payun, sok datang ka Jakarta “
“ Atuh Bapamah .... Minggon payun Zyva aya
rencana saréng Jiya, ka alun-alun “ saur Zyva ka
Bapa.
“wah, kumaha atuh? “ saur ibu
“ Zyva mah alim ka Jakarta, Zyva hoyong di dieu”
“Naha?” saur bapa ka Zyva
“ Pokonamah Zyva alim ngalih ka Jakarta, sok we
3
Bapa saréng Ibu. Zyva mah badé didieu saréng
Jiya.“ Zyva ceurik térus lumpat ka kamarna.
“ Muhun ah ai tos kitu mah, énjing urang usahakeun
ngabujuk.” Saur Ibu
Sanggeus ngadangu bapana ngomong bakal
pindah ka Jakarta, Zyva pohara kaciwa ka bapana
sarta Zyva sieun manehna teu boga babaturan di
Jakarta. Di sakola, manéhna sok teu marahmay
sabab Zyva téh jalma sepi tur asalna ti jalma biasa.
Hiji-hijina anu hoyong ngabaturan Zyva nyaéta
Jiya. Éta sababna Zyva sieun kaleungitan Jiya.
Nu ditunggu tunggu Bapa sareng Ibu tos tiba.
Waktos dimana kulawarga Zyva bade angkat ka
Jakarta.
“Pa, tos rengse sadayana?” saur ibu ka bapa
“ Ai ibu, naroskeun deui, naroskeun deui, sadayana
tos rengse bu tatadi ogé.”
“Muhun, punten, Zyva mana? tos rengse kitu
beberesna?”
“ Zyva teu acan kaluar ti kamar tatadi oge.”
“ Ehhh nya budak teh hese lamun diajak sukses.”
Ibu hoyong lebet ka kamar Zyva, tapi Zyva nuju
nelepon Jiya bade pamitan. Tapi Zyva nelepon Jiya
4
bari cimataan, Ibu ngadangukeun heula obrolan
Zyva saréng Jiya di luar.
Sanggeus nelepon, Ibu lebet ka kamar Zyva.
“ Zyva, kunaon bageur? Ibu térang Zyva teu hoyong
ka Jakarta sabab teu hoyong pisah sareng Jiya, tapi
hayu urang ka Jakarta, urang dagang, Ibu mah,
mikirkeun masa depan Zyva saréng mayar
tunggakan nu tos séér. Ibu yakin Zyva ngartos,
sareng paduli ka Ibu sareng Bapa, sanés? “
“ Zyva nyaah ka Ibu saréng bapa, zyva oge karunya
ka Ibu sareng Bapa, sabab Zyva sakola, Ibu Sareng
bapa kudu kerja keras, tapi Zyva ogé nyaah ka Jiya,
Jiya bageur.”
“ Enya Jiya nyaah pisan ka Zyva, tapi Zyva oge
kudu mikiran masa depan Zyva, kumaha lamun
urang masih keneh kieu, teu hoyong siga Jiya? “
“Abdi hoyong sapertos Jiya, tiasa gaduh artos
nyalira, henteu kedah ngiring pasanggiri. “
“ Naha ngomong kitu, jadi Zyva teu hoyong ngiring
pasanggiri deui? “
“ Sanes bu, maksad abdi Zyva hoyong gaduh artos
anu teu kedah di antosan “.
“ Sadayana ogé butuh perjuangan saréng kerja keras
5
bageur, tos ayeuna mah tong ceurik deui, hayu
urang angkat “
“Muhun bu, tapi Ibu teu tiasa nyéwa kandaraan
apanan? da teu cukup artosna. “
“ Ceuk saha ah, Ibu aya artos, buktina mah bisa
meser émam, bisa meser kabutuhan sapopoe. oge
tiasa nyandak mobil ka Jakarta “
“ Leres bu? “
“Enya, hayu urang angkat ah. “
Zyva teu pernah menta nanaon nu kaluar tina
biasa, tapi hiji pamundut, Zyva ngan hoyong boga
duit saku leuwih. Biasana duit saku Zyva ngan 2
rebu, Zyva ngan hoyong duit saku nu leuwih unggal
indit ka sakola. Éta kahayang Zyva, ngan hoyong
leuwih duit saku.
Tos nepi di Jakarta, Ibu, Ayah, Saréng Zyva
langsung ka toko Mande. Sagala waragad, ti
kandaraan nepi ka bumi di Jakarta, ditanggung ku
Mande, minangka wujud rasa sukur ka bapa sareng
Ibu.
“Wah, ageung pisan, ieu milik A mande, leres?
Namina teh Yumm mi Sss nak Barrr keuu ri, alah
meni hese. “ saur Zyva
“ Ai hese mah tong di baca. “ saur ibu, ngawaler
Zyva.
6
“Assalamualaikum Bapa, Ibu. wilujeng sumping di
Jakarta” saur Mande, nyapa ka Ibu saréng Bapa
“ Waalaikumsalam “ saur Bapa saréng Ibu
“ Hatur nuhun, Mande Sholeh, Hebat, Sukses “ saur
Ibu, Muji Mande
Bapa, Ibu saréng Zyva lébét ka Toko Mande,
reuwas ningali kamewahan toko Mande. Ibu saréng
bapa mimiti ngulik saréng ngajaran alat-alat
elektronik nu aya didinya, Zyva sibuk ningalian
unggal juru Toko Mande. Saparantos diajar saréng
ningalian toko Mande, Ibu, Bapa, sareng Zyva di
ajak ka bumi Mande kanggo istirahat.
Tilu poe ti harita, Ibu saréng Bapa mulai damél
di warung Mande, Saluruh pagawe di dinya
ngahormat ka Ibu sareng Bapa. Pagawé di dinya ogé
bageur ka Ibu sareng Bapa. Kumaha upami Zyva?
Zyva sakola di SD Swasta Lintang Selatan. Zyva
mimiti sakola nalika Ibu sareng Bapa ngamimitian
damel.
Mimiti Sakola Zyva isin pisan, tapi aya awéwé
nu nepungan anjeunna sareng ngajak Zyva lebet ka
sakola.
“Ehmmm, sakola anu saé, tapi ... “ saur Zyva
“Halo, Murid enggal nya? Abdi Riva, murid kelas
6F” saur Riva nyapa ka Zyva
7
“ Ehmm, halo Riva, abdi Zyva, oge murid enggal di
kelas 6F. “
“ Wah... sakelas, namina oge mirip Zyva sareng
Riva “
“ Enya, sami “
“ Hayu ngurilingan sakola, pasti hoyong ningal
kan?”
“ Muhun hayu atuh. “
Nalika Riva datang ka Zyva, Zyva mimiti sieun
tapi sanggeus aranjeunna ngobrol, Zyva muka deui
ka Riva. Zyva ngajadikeun Riva sahabatna, salaku
gaganti Jiya. Riva ngajak Zyva ngurilingan sakola,
Riva nerangkeun unggal ruangan ka Zyva taliti, ti
juru ka juru.
Zyva sareng Riva lebet ka kelas, tuluy Zyva
ngenalkeun dirina ka Bu Lana saréng
rerencanganna. Tapi Zyva ngenalkeun dirina ka
rerencangan anyarna di kelas kalayan sieun, gugup,
sareng éra.
“ Zyva, wilujeng sumping di kelas 6F, sok
perkenalkeun diri .” Saur Bu Lana
“ Nepangkeun wastapun Zyva Ateeya Nurfauziah,
abdi pindah ka dieu kusabab abdi ngiring saréng Ibu
Bapa abdi damel di Jakarta. Abdi asalna ti
Bandung.”
8
“ Hai Zyva .” saur Riva saréng Nis
“ Méni kudu fasih sunda lemés “ saur Syakhira,
julid ka Zyv
“ Komen wae ! “ saur Nisa, nu kapancing ku
omongan Syakhira
“ Mangga Zyva calik sareng Riva . “ saur Bu Lana
Sanggeus ngenalkeun dirina, Zyva calik saréng
Riva sarta ngobrol sareng sobat anyarna.
“ Hai Amel, Syakhira” saur Zyva
“Enya urang geus nyaho. “ saur Amel, nu ngarasa
geleuh ka Zyva
“ Diuk kaditu, tong ngaganggu. “ saur Syakhira,
ngusir Zyva
Zyva jadi sieun deui malah hoyong ceurik, tapi
Zyva teu hoyong boga pangalaman goréng dina
mimiti sakola.
Sanggeus sababaraha jam Zyva sareng Riva
diajar, tos waktuna istirahat. Zyva, Riva, saréng
Nisa istirahat babarengan. Amel saréng Syakhira teu
ngiringan, teu hayang panggih jeung Zyva sabab
asalna ti kulawarga sederhana. Tapi Amel jol
nepungan Zyva.
“ Aya nu nuju tuang.ngeunah ih dahar roti daging “
saur Amel
9
“ Naon Mel, Palingan oge mulung ti sampah,
tuangeun di Toko Yummy Snack Barkery (toko
mande) langkung sae. “ saur Syakhira, ngahina
Zyva
Maranehna teu nyaho yén Ibu Sareng Bapana
Zyva nyieun roti saréng kueh di toko Yummy Snack
Barkery. Zyva ngan natap ka handap cicing sareng
ngeureunkeun tuangna.
“ Nggeus, mun teu hayang ngomong mah tong
maksakeun, lipstikna luntur engke. “ saur Nisa,
ngaledek Amel
“ Ieu lipstik mahal. “
“ Muhun, lipstik mahal luntur, Ahahha. “
“ Cicing, ieu lipstik panganyarna ti Jepang. “
“ Manya... “
“ Tong ribut. “ saur Riva
Tétéla Amel saréng Syakhira téh sombong tur
resep ngabully ka jalma anu leuwih handap ti
maranéhna. Aranjeunna salawasna ngarasa leuwih
unggul ti batur. Kusabab anjeunna lahir di
kulawarga beunghar.
Waktosna mulih sakola, sateuacan mulih Zyva
nyarioskeun ka Riva sadayana ngeunaan
kahirupanna. Zyva miharep Riva henteu ngabenci
ka dirina. Tétéla Riva narima sagala batesan Zyva,
10
kitu ogé Nisa. Silih ngadukung. Zyva ngarasa kuat
ngeunaan Riva salaku gaganti Jiya.
Pas bade kaluar ti gerbang sakola, Zyva dicegat
ku Amel sareng Syakhira..
“ Heh, kadieu maneh. “ saur Amel
“ Naon, Zyva karek asup teu nyaho nanaon. “ saur
Nisa
“ Nyaho maneh salah, pas istirahat sangeunahna
nyolot ! “.
“ Enya kunaon maneh kudu ka Zyva, kadieu mun
wani “
“ Salaku pelampiasan, Ahaha. “
“ Mana duit maneh? “ Saur Syakhira, malak Zyva
“ hmm, ieu. “
“ Ngan 2 rebu wungkul? oh nya, hilap apanan
maneh mah miskin.”
“ Geus miskin, so imut, matak geuleh. “ saur Amel.
Zyva lumpat kaluar sakola bari ceurik.
“ Ngan sakadar nyaho yeuh nya!! manéhna ti
kulawarga Mande, nu boga toko Yummy Snack
Barkery, Ibu Bapana nyieun roti jeung kueh
didinya. roti panganyarna. Roti nu didahar ku
maneh! “ saur Nisa ka Amel
11
“Huh. Janten urang dahar roti tina leungeun jelema
miskin? geleuh! “
“ geleuh hah? Tadi dipuji ku ngeunahna, ayeuna
dihina. “ saur Riva
“ urang muji nu séjén. “
“ dahar roti na tadi ogé. “ saur Nisa
“ Ehmmm . Tong neang masalah jeung urang. “
“ Menta hampura didinya ka Zyva. “ saur Riva
Zyva mulang ka Riva sareng Bu Lana.
“Oh, kieu kalakuan Amel. “ saur Bu Lana
“ nteu bu. punten. “
“ Sadayana ka ruang BK ayeuna. “
“ Awasnya maneh, Zyva Ateeya Nurfauziah. “ saur
Amel ka Zyva
“ Tos, tong di kupingkeun. “ saur Riva
Nalika di Ruang Bk...
“ Sok saha nu tiasa ngajelaskeun naon anu
lumangsung? “ Saur Bu Lana
“ Eta si Amel sareng rerencanganana! “ saur Nisa
“ cicing maneh! “ Saur Syakhira
“ Eh nya, leres-leres akting bu eta mah. “
12
“ Heh, naha kalah gelut? Riva cobi jelaskeun naon
anu lumangsung. “ Saur Bu Lana
“ Tadi abdi hoyong uih bu, tapi aranjeunna nyegat
abdi sareng Zyva. Amel nyungkeun acis Zyva, Zyva
masihkeun acisna ka Amel tapi dihina sabab ngan 2
rebu. “
“ Leres kitu Amel? “ Saur Bu Lana
“ Muhun bu... “
“ Amel, tos sabaraha kali Ibu nyarioskeun ka Amel
supados ngarobih sikap. Ayeuna Ibu henteu
percanten, upami Amel henteu nga robih sikap, Ibu
bakal ngaluarkeun Amel ti sakola. “
“ Ntong bu ... “
Tétéla Amel saréng Syakhira mineng disauran
ku guru kusabab kalakuanana anu henteu
pikarésépeun. Bu Lana negèskeun yén anjeunna
bakal ngantep Amel kaluar upami Amel henteu
hoyong robih. Amel jangji rék ngarobih sikap sarta
menta hampura ka Zyva. Sagalana geus bener
dibahas kalawan Bu Lana. Zyva dianteur ka toko A
Mande ku Riva sareng Bapana Riva.
Nepi di Toko, Zyva inget wae kana kajadian
di sakola. Zyva ngadadak reuwas ningali loba jalmi
di Toko. Tétéla éta wartawan anu ngawawancara
Bapa, Ibu, saréng Aa Mande lantaran roti nu di
damel ku Bapa sareng Ibu Viral. Pangunjung di
13
dinya ogé meser loba roti sareng kueh. Urang
Jakarta résép pisan ka roti saréng kue didieu,
Pajabat saréng pangusaha beunghar oge mésér roti
saréng kueh di dieu.
“ Alhamdulillah Ibu saréng Bapa gaduh
panghasilan kurang langkung 50juta. séér jalma nu
mesen kueh saréng roti pikeun acara ageung. “ Saur
Mande
“ Artos saha eta teh A? “ Saur Zyva
“ Alhamdulillah, Panghasilan Ibu saréng Bapa. “
Saur Bapa
“ Wahh, séér pisan.”
Sabab Mande kersa damel sareng Ibu saréng
Bapa, Bapa saréng Ibu jantén suksés ngan ukur 3
dintén ngajual roti saréng kueh. Upami urang ningal
ieu saderhana sapertos malikkeun panangan, tapi
henteu. Ibu saréng bapa kudu berjuang heula di
Bandung, ti mimiti usaha Peyeum nepi ka Roti
saréng Kueh. Panghasilan bapa saréng Ibu dipaké
pikeun mayar tunggakan, ngarénovasi bumi di
Bandung, malah meser bumi anyar di Jakarta. Zyva
ogé tos minuhan sakabéh impianna, nyaéta meser
laptop sareng gaduh artos saku sorangan.
Isukna Zyva lebet sakola. Zyva bagja pisan
sabab ayeuna Zyva boga artos leuwih. Tapi
sanggeus ningali Amel, Zyva sieun saréng reuwas.
14
Zyva ngawanikeun diri ngadeukeutan Amel saréng
réréncanganna.
“Puntén” Saur Zyv
“ Naon siah.” Saur Syakhira
Zyva reuwas sabab ngarasa di sentak. Zyva
ngeclakeun cimata, tapi tetep nyoba ngobrol sareng
Amel saréng réréncanganana.
“ Punten ai abdi ngaganggu mah, abdi hoyong
naros, Amel kunaon ? “
“ Mamih saréng Papihna bangkrut lantaran ditipu.
Ehh alah siah kaceplosan puntén Mel” Saur
Syakhira
“ Maneh mah kadon ngagogoreng Aing! “ saur
Amel
“Sing sabar nya Amel... “ Saur Zyva
“ Naon? Rék ngahina? abong maneh geus beunghar!
“ saur Amel
“Mel, abdi moal ngahina anjeun, abdi yakin anjeun
bisa ngarobah sikap. Baheula, abdi oge henteu
kantos muka ka sadayana. Abdi ngan ukur tiasa
ngobrol saréng Jiya sobat anu bageur. Tapi saprak
abdi ngalih ka dieu, abdi tos ngalaman parobahan
nu bener ngajadikeun abdi bungah pikeun
parobahan. “
15
Maranehna silih hampura, teu silih nyalahkeun.
Ayeuna Amel mangrupikeun aya di posisi
munggaran Zyva. Mamih Papihna bangkrut jadi
Amel teu bisa dibanggakeun ku kamewahan deui.
Sanggeus silih hampura, Riva saréng Nisa
datang. Aranjeunna ngadeukeutan Zyva, Nisa
nyangkana panginten Zyva keur bully deui.
“ Rek naon siah, kunaon maneh ngadeukeutan
Zyva? Zyva mah jago taekwondo, potongkeun wéh
leungeunna ngarah teu gelo deui, sangeunahna
mentaan duit batur! “ Saur Nisa
“ Naon sih, datang datang a'ambékan. “ Saur
Syakhira
“ Hapunten pisan, abdi jangji moal ngulang
kalakuan abdi. “ Saur Amel
“ Tobat eta teh? “ Saur Nisa
“ Tong gelut deui ih era isuk kenéh, Zyva aya naon
ieu téh? “ Saur Riva
“ Teu aya nanaon, Amel tos nyungkeun hampura. “
“ Urang tengtrem! “ Saur Nisa
“ Meunang teu abdi jadi réréncangan Zyva? “ Saur
Amel
“ Teu meunang! “ Saur Nisa
“ Sombong pisan. “ Saur Syakhira
16
“ Sanes maksad na Teu meunang nolak, leres Nisa“
Saur Riva
“ Ehehe... “
Tungtungna aranjeunna rerencangan saréng
Amel. Amel saréng rerencanganna parantos menta
hampura saréng henteu sombong. Caca, Lisa saréng
Syakhira teu daek nandangan nasib anu sarua siga
Amel, ayeunamah mindeng ngabagi dahareun ka
rerencanganna di kelas.
Baheula Zyva di handap, Amel di luhur.
Ayeuna Zyva suksés, tapi Amel bangkrut. Panginten
ieu mangrupikeun balesan pikeun naon anu
dilakukeun ku Amel salami ieu. Urang teu kudu
ngarasa luhur saréng sombong ngan pédah loba
harta, urang kudu bersyukur kana sagala nu urang
boga. Da harta mah moal bisa di babawa wae.
17
PEURIH NU JADI PEURAH
Dinejad Rabbani – 8A
Aya siswi SMPN 6 Jaya namina Ferdy,
anjeunna teh murid anu paling rajin di sakola. Ti
kawit alit kénéh teu gaduh Bapa, indungna ukur
dagang jajanan, hirupna sederhana pisan. Di sakola
ambéh saréréa timburuan manéhna dihina ku
babaturanana sabab sok dibangga-banggakeun ku
guruna. Waktu nuju solat waktu Dzuhur, manéhna
papanggih jeung budak nu pangbangorna di kelasna
ngaranna Arif.
Arif nanagih duit jajan Ferdy, sorana
nyentak bari semu ngahina “Hey budak yatim mana
duit jajanan maneh?” ceuk Arif.
Ferdy ngajawab “Kuring teu boga duit pisan
indung kuring ayeuna ngan meunang duit saeutik
cenah”
Arif teu narima katerangan Ferdy. “Kuring
teu hayang nyaho da kudu aya!" ceuk Arif.
18
Ferdy ngajawab "Serius kuring teu boga duit
pisan, ngan mawa kueh ti indung kuring." kecap
Ferdy dipotong ku Arif.
"Urang mah teu hayang kuéh anu dijieun ku indung
manéh, duit wéh, mun henteu tempokeun!”. Arif
langsung ngarérét ka Ferdy kalayan kasar. Ferdy
dibawa ku Arif ka tempat ngumpulna babaturan
Arif
"Eh, tingali budak yatim kurang ajar ieu” ceuk Arif
"Aduh ieu budak yatim bangor, ceuk salah saurang
babaturanna, kadieu dibantuan” ceuk salah saurang
babaturan Arif.
Ferdy langsung digebugan ku Arif jeung
babaturanana, tapi Arif jeung babaturanana teu
sadar yen kalakuanana divideokeun ku anggota
OSIS nu ngaranna Kevin, sanggeus Ferdy balik ti
sakola, manéhna balik ka imah, balik ka imah
kalawan tatu sakujur awakna. Indungna langsung
neuteup Ferdy kalayan hanjelu, indungna ogé nanya
19
ka Ferdy "Kunaon atuh Ferdy téh?" Indungna
langsung ceurik.
Ferdy langsung nenangkeun indungna
ambéh eureun ceurikna.
"Kumaha mun urang ngadamel jajanan
kanggo Enjing waé Mah?" Ceuk Ferdy sangkan
indungna bagja isukna.
Kevin ngirimkeun vidéo anu dirékam kamari
ka salah saurang guru Bimbingan Konseling nyaéta
Bu Mukti. Sanggeus Bu Mukti ningali vidéo anu
dikirimkeun ku Kevin, Bu Mukti langsung
ngageroan Ferdy, Arif, jeung babaturan Arif. Bu
Mukti langsung nyampeurkeun Arif jeung
babaturanana kalayan nada tegas. “ Naha bisa Arif
bisa ngalakukeun hal nu teu ras-rasan kitu?
Nasib Ferdy robah drastis ti harita, Arif
jeung babaturanana ménta hampura. Ferdy ogé ku
sakolana dibéré béasiswa.
20
Sapuluh taun ti harita Ferdy jadi jajaka nu
boga usaha jajanan panggedéna di luar negri jeung
sedengkeun Arif ayeuna ukur jadi pangangguran.
21
“ NGAJAGA HATE “
Marva Grania - 8A
Dinten senen di sakola aya rerencangan abdi
nami na teh Kardun. Kardun dicarekan ku
rerencanganna, kumargi tos nganyerihatekeun ku
cariosan nu matak teu genah kana hatena. Pedah
korsina ngadupak korsi batur anu eukeur nulis
pokus, padahal mah korsina mah aman teu
kunanaon, Kardun ngarasa ambek pedah korsi na di
dupak.
Ari nu ngadupak teu aya basa teu aya carita,
jol jol langsung kabur. Ambek ka pegung, Kardun
nyepak nu keur lempang di jalan, nepi ka geubis
tijalikeuh janten weh masalah jeung rerencangan.
ku Bu Rina di riung keun di ruang BKk, sareng di
papatahan. Kardun kuduna bisa nahan emosi jeung
ambek ka batur, lamun Kardun di posisi nu lempang
bade kumaha, teu puguh-puguh jol disepak. Kardun
cicing rumasa salah
Kardun menta hampura kanu jalmi nu di
sepak, Kardun menta hampura
"Hanpunten nya…."
Untung nu disepakna teu nungtut naon-naon.
Guru nanya ka Kardun "Ari Kardun teh kunaon,
Kardun nuju aya masalah?"
22
Kardun ngajawab "Enya Bu, Kardun stres bieu
Kardun di carekan ku rerencangan, cariosanna teu
genah kana hate, matak Kardun ambek!"
Guru nyarios ka Kardun kieu,
"Ku jaman kiwari, urang kedah pintet ngajaga haté,
ngajaga lisan, ngajaga lampah, insyallah hirup bakal
bagja dunia akherat. Ulah ngayeurihatekeun batur,
kedah ngaragap angen sorangan, kaséhatan haté,
urang kudu bisa ngajaga, salah ucap bisa jadi
masalah anu ge’ed. Kumaha urang nu
ngalakonana.“
“Dina lampah urang kudu bisa ngajaga, jalmi mah
ulah loba nganyeurihatekeun batur, urang sing
tenang ngalakonan hirup, allah mah maha uninga
naon nu di lampah ku urang di dunia, hate jalmi
mah saha nu bisa neuleuman, ukur Allah nu teurang.
Jalmi tiasa naék darajatna ku lampah nu saé.
Paréntah pangeran gusti anu maha suci, pan aya
laguna Kardun apal teu ? yeuh regepkeum ku
Kardun nya sok!”
“Jagalah hati jangan kau kotori
Jagalah hati lentera hidup ini
Jagalah hati jangan kau nodai
Jagalah hati cahaya Illahi
Bila hati kian bersih
23
Pikiran pun akan jernih" tah kitu lagu na teh
Kardun.
Kardun ngajawab "Oh enya bu Kardun terang basa
eta Kardun diajar lagu jaga lah hati eta, tapi Kardun
hilap dei lagu na hehe "
Guru ngadoa "Mudah-mudahan Kardun sholeh
pinter bisa ngajagi diri atawa hate sok ku ibu di
do'a keun Kardun"
Kardun ngajawab "Muhun Bu hatur nuhun atos
masihan terang ka Kardun"
Jadi ayena Kardun mikir kumaha cara ngolah stress
nya eta sholat jeung ngaji ameh hate teh tenang
damai tentram, insyaallah bisa.
Kardun ngomong "Muhun bu Kardun insyaallah
kaharep na bisa ngajaga hate jeung nahan emosi
rejeng Kardun bade rajin sholat sareng ngaji sakali
deih hatur nuhun nya bu guru"
Bu Guru ngajawab "Alhamdulillah Kardun atos
terang, Bismillah Kardun tiasa ka harepna"
Pagetona Kardun teh bener bisa nahan emosi rajin
sholat jeung rajin ngaji Alhamdulillah Kardun teh
tos pinter sholeh nurut ka ibu bapa guru
Alhamdulillah nya Kardun
tamat…
24
“ YU LAWAN SI TUKANG BULLY “
Zahra Nazrya – 8A
Di hiji kota cicing hiji budak lalaki, anu
hirup nyorangan sabab indungna maot, sarta bapana
ninggalkeun anjeunna nyalira sanggeus indungna
maot, anjeunna mindeng bullied di sakola pikeun
ngabogaan awak begang, tur hideung.
Anjeunna Fazza. Fazza di sakola ngan boga
hiji sobat. Sanajan kitu, Fazza bungah pisan indit ka
sakola sabab indungna amanat anjeunna neruskeun
sumanget sakola sarta ngahontal cita-cita. Di sakola,
Fazza sering di-bully ku gorombolan premanisme.
Siga ayeuna si Fazza aya di gudang sakola, keur
ditalian, digebugan, tuluy digoda ku gorombolan
tukang bully.
“Kudu budak geeky kawas anjeun teu di sakola ieu”
ceuk Arga’gang of bullies .
“Geus begang, hideung, gering, teu bisa nanaon
deui HAHAH” Arga jeung babaturanana
ngabarakatak Fazza nyaring pisan.
“Yeuh, indungna maot, ku bapana ditinggalkeun
deuih, teu anéh bapana ninggalkeun gé, sabab
hirupna ngan saukur beban,” ceuk Arga.
25
Fazza anu keur dibully ngan ukur bisa ceurik
tanpa bisa ngabales perlakuan Arga anu
neunggeulan. Tabuh 12.30 bel sakola langsung
disada tanda jam istirahat, Arga jeung babaturanana
langsung ngabongkar tali anu dipaké pikeun
ngabeungkeut fazza, sieun ku guru ningali jeung
dihukum.
Kadéngé aya nu ngagegroan Fazza ti luar
gudang, eta jalma langsung lumpat pas ningali si
Fazza diriung, tuluy mantuan si Fazza nu keur nyeri.
Nu gegeroan téh tétéla Galang, babaturan sakelasna
Fazza anu jago silat. Di kelasna, ngan Galang nu
daék sosobatan jeung Fazza.
“Manéh teu kunanaon Fazza?”
“Henteu, nuhun geus dibantuan” jawab Fazza bari
imut.
“Nya santai wae”
Tuluy Galang ngabantuan Fazza asup ka
kelas sarta nulukeun pelajaran poé ieu.
Poé demi poé terus lumangsung, Fazza
masih kénéh sering dibully ku gorombolan Arga,
sok ngagebugan Fazza, nyokot duit Fazza,
meungkeut Fazza di gudang. Galang ningal Fazza
karunyaeun pisan sabab sok dibully, jadi hayang
mantuan Fazza ku cara ngumpulkeun vidéo nalika
geng bullying ngabully Fazza jeung murid séjénna.
Mun videona geus dikumpulkeun tuluy Galang boga
26
niat rék mikeun vidéo ka guru BK. Galang oge
gereget hayang pisan ngajarkeun silat ka Fazza ,
ngarah Fazza ulah sok ditindes waé.
Sababaraha minggu ti harita gorombolan
bullying digeroan ku guru BK. Arga jeung gengna
menta hampura ka Fazza jeung sakabéh murid anu
sok di bully ku maranéhna.
“Fazza, urang rek menta hampura, urang
sering ngabully ka maneh, daék henteu manéh jadi
babaturan urang?”
“Nya teu nanaon abdi geus ngahampura
saméméh manéh ménta hampura.”
Sababaraha minggu ti harita, Fazza ahirna
bisa mopohokeun sagala kajadian ngeunaan
manéhna anu kungsi dibully, sarta Fazza, Galang
jeung Arga ayeuna sosobatan.
“Ulah meunteun jalma ti luarna wungkul.”
- -
27
“ SAGALA TEU BENER “
Nayla Azzahra Fadhillah - 8A
"It's Okay Not To Be Okay, kuciwa, sedih, ambek,
jeung sajabana Éta sadayana émosi anu tiasa
dirasakeun ku manusa."
— HaiKalea —
Kalea ayeuna aya di perpustakaan kota, tempat
anu sering didatangan ku anjeunna. Panonna museur
kana buku hareupeunana. Teu karasa ujian tengah
semester rék dimimitian.
Poé-poé terus ngaliwat, nepi ka waktuna ujian
tengah semester geus deukeut jeung ayeuna poé-
poéna geus dijumlahkeun. Kalea anu geus lila
nyiapkeun diri pikeun ujian, ogé hariwang, lantaran
teu yakin kana naon anu dilakonan salila ieu.
Nepi ka poé nu ditunggu-tunggu ahirna datang,
kabéh murid nu rék ujian ngarasa tegang, kitu deui
jeung Kalea, gugupay pisan.
Poé-poé ujian geus kaliwat, sanggeus saminggu
murid-murid nyoba ngerjakeun soal-soal ujian
ahirna réngsé. Ayeuna aranjeunna ngan ukur kedah
ngantosan hasil ujian diumumkeun.
Sanggeus sababaraha poé ngadagoan, hasil
ujian anu ditunggu-tunggu diumumkeun. Aya siswa
28
anu sugema jeung aya ogé anu sugema kana hasil.
Kitu deui jeung Kalea, manéhna ngarasa kuciwa
jeung teu sugema kana hasil ujianana. Manéhna
ngarasa kuciwa jeung hanjelu dina dirina, manéhna
geus usaha teuas pikeun test ieu, tapi naon manéhna
meunangkeun teu nurutkeun ekspektasi-Na.
"Abdi kuciwa pisan, Kal. Abdi leres-leres kuciwa ka
diri abdi," ceuk Kalea ka Haikal, babaturan budak
leutikna. Duanana ayeuna aya di kantin sakola.
"Abdi geus ngusahakeun nu pangalusna abdi pikeun
meunangkeun peunteun nyugemakeun tur alus, tapi
naon anu abdi meunang goréng," humandeuar
Kalea.
"Hush, anjeun teu bisa ngomong éta. Anjeun geus
dipigawé pangalusna anjeun, anjeun hébat, jadi ulah
ningali diri goréng," ceuk Haikal.
"Tapi abdi capé, Kal. Sadaya usaha abdi sia sia.
Abdi kuciwa, abdi sedih, Kal.." sora Kalea rada
ngageter.
“Teu kunanaon, Lea, ayeuna anjeun tiasa kuciwa,
sedih, atanapi ambek ka diri anjeun, tapi ulah lami-
lami, nya? Anjeun kudu gugah jeung surak up deui!
Inget abdi bakal salawasna ngadukung sareng aya di
sisi anjeun. Janten, ulah nyerah, oke?" ceuk Haikal
semu ikhlas pisan.
"Muhun abdi kedah diajar langkung giat, nya,
Kal?" tanya Kalea. Pikiran ngarencanakeun masa
29
depan. "Abdi bakal diajar leuwih giat pikeun ujian
semester hareup!" ceuk Kalea beuki bungah.
"Enya kitu. Tapi sing inget, kaséhatan ogé kudu
merhatikeun, ulah nepi ka gering. Kitu waé, ulah
telat dahar, utamana lamun teu dahar pisan. Tong
sering begadang, kudu istirahat cukup!" ceuk Haikal
panjang lebar. "Enya, Haikal. Janten cerewet. Ha ha
ha. Hatur nuhun, parantos ngadangukeun keluhan
abdi," saur Kalea.
"Sumuhun, sakieu wae. Leres wae, jiga sareng
saha wae," jawab Haikal. Sajujurna, Kalea jadi hadé
sanggeus bébéja ka Haikal. Anjeunna salawasna aya
pikeun anjeunna nalika anjeunna ngalaman masalah.
Batur anu salawasna aya sareng anjeun nalika
anjeun sedih atanapi senang. Kalea bagja pisan boga
sobat nu hade kawas Haikal.
Saprak harita, Kalea geus boga sumanget pikeun
nyoba diajar leuwih getol, tapi manehna teu malire
kaséhatan dirina ogé. Manéhna geus jangji baris
terus sumanget tur salawasna cageur sakumaha ceuk
sobat na. Anjeunna oge sadar, teu kunanaon mun
teu damang atawa istilah basa Inggris It's Okay Not
To Be Okay, kuciwa, sedih, ambek, jeung sajabana
Éta sadayana émosi anu tiasa dirasakeun ku manusa.
Janten, ulah sok nyimpen sadaya émosi éta pikeun
diri anjeun, anjeun tiasa ngémutan parasaan éta ka
batur.
30
“ AHMAD SI TUKANG PAMER “
Dhika Nurhidayah -8A
Dina hiji poe aya budak ngaranna Ahmad,
manehna sakola di SMP Bukit Tinggi, di sakola
manehna katelah jalma nu pang sombong jeung
pelit. Dina hiji mangsa libur sakola,
“ Aya nu beda kan” nunjuk kana kotak dahareun.
“ Asik, meuli dimana?” jawab babaturan sakelasna.
“ Di toko nu mahal lima ratus jutaan”
“ Bodo, sombong pisan minimal 25 rebu”
“Naon cenah, ngan 25 rebu, ditambahan edisi
terbatas”
“ Aduh si eta mah ngan 25 rebu yeuh! “bari nunjuk
ka tempat dahar nu sarua.
“ Nya palsu, naon nu nyata, lain palsu”
“ Kumaha dinya wehlah”
“ Muhun, da ari miskin mah moal mampu
“ Manéh!! “ bari rék neunggeul Ahmad
“Eh tong maén fisik ah, mun jadi jelema ulah
sombong, teu hade ogé lamun dijauhan ku
babaturan “
“ Leres, abdi lepat, hapunten “
31
“ Enya, teu kunanaon, Ahmad, tapi ulah diulang
deui”
“ Nuhun Sobat!.”
Isukna,
“ Hey barudak, nuju naraon?”
“Abdi nuju ngerjakeun PR”
“Hayu ath urang garap”
“Nya, hayu atuh”
“ Ayeuna geura kaluarkeun barang anyar” Ahmad
ngomong sorangan
Ahmad ogé ngaluarkeun barang anyar, nya
éta kotak patlot jeung patlot jangkar”
“Hmm pasti rék sombong deui “ ngomong sorangan
“Hehehe enya karek meuli kamari “ bari ngelus-elus
kotak pensil
“Iyalah “ masih ngomong sorangan
“mahal teu?”
“, ngan harga biasa”
“: enya, sabaraha eta”
“ Abdi oge teu terang”
32
“ hmm, sigana geus robah” ceuk babaturan Ahmad
di kelas
“ Hehehehe”
“Hayu urang neruskeun nugas.”
Sanggeus bérés sakola,
“ Rek kumpul deui atawa henteu??”
“ Sakelas ??”
“Enya kitu, hatur nuhun kang Ahmad”
“ Sumuhun”
Tina kajadian éta, Ahmad mimiti robah, tina
sombong jadi sabar. Tina carita di luhur, urang bisa
diajar yén sombong moal ngajadikeun anjeun jadi
jalma anu cool, tapi kudu soméah sangkan
babaturan sakelas bisa ngajénan anjeun.
33
“ MURID KORÉT “
Hazen Wafa Fajri -8A
Di SMP Bima Sakti, aya saurang murid anu
kacida korétna ngaranna Ilham. Anjeunna
dipikawanoh pisan pelit ku sakabéh babaturan
sakelasna. Manéhna teu hayang babagi nanaon
jeung babaturanana jadi teu boga babaturan. Ilham
ogé resep pisan pamer barang-barang anu mahal
nalika di sakola.
Hiji sore waktu bel istirahat sakola disada,
Zahran poho teu mawa dahar beurang, "Ilham, abdi
tiasa tuang tuang anjeun?", "Heueuh," ceuk Ilham.
Ilham teu paduli ka Zahran nu kalaparan lantaran
teu boga nanaon. Beni datang mawa dahareun keur
zahran. "Ieu sababaraha tuangeun kanggo anjeun,
anjeun pasti kalaparan." Zahran narima jeung
ngahaturkeun nuhun ka Beni.
"Hatur nuhun Beni, anjeun henteu sapertos Ilham
anu pelit".
SMP Bima Sakti bakal ngayakeun
pangajaran di luar sakola di Taman Mini Indonesia,
34
Zahran teu bisa milu diajar di luar sakola lantaran
teu boga duit.
Beni salaku pingpinan kelas bakal nyieun
udunan pikeun Zahran sangkan bisa ilubiung dina
pangajaran,
"Hey babaturan, hayu urang bagikeun duit keur
Zahran." Kabéh murid di kelas ngumpulkeun duit
iwal ti Ilham.
"Kunaon anjeun ngumpulkeun artos kanggo
Zahran? Ieu runtah artos." ceuk Ilham.
Duit Zahran ogé geus kakumpul jeung cukup
keur ilubiung diajar di luar sakola. Ari keur diajar di
luar sakola, Ilham katémbong méwah, geus nepi ka
tempat nu dituju.
Ilham lapar hayang dahar di restoran,
"Ih, lapar yeuh, dahar heula ah".
Tanpa idin ti guruna, Ilham langsung dahar
di restoran. Sanggeus dahar Ilham balik deui ka
rombongan babaturanana tanpa disadari arloji
emasna ditinggalkeun dina meja makan restoran.
"Eh, naha jam abdi teu aya!?"
35
Ilham panik sarta ngalaporkeun ka guruna,
"Pak, arloji abdi leungit."
"Tos ti mana waé?" ceuk guru.
"Tadi abdi indit ka réstoran pikeun dahar
sabab abdi lapar."
"Naha teu idin heula, Ilham?" Ceuk guru
dina nada ambek.
Tuluy guru nitah ka sakumna murid néangan
arloji Ilham nu leungit. Sakumna jalma néangan
arloji Ilham. Sanggeus sababaraha jam, Zahran
ahirna manggihan arloji Ilham.
"Ieu arloji anjeun leres Ilham?". Ceuk
Zahran,
"Enya, ieu jam abdi," ceuk Ilham.
Ilham tungtungna tenang teu panik deui.
“Hatur nuhun, Zahran, tos mendakan arloji
abdi”, dina haté.
Ilham isin ka Zahran lantaran sombong pisan
jeung pelit. Sawatara poé ti harita, di sakola, Ilham
ayeuna geus sadar kana kalakuanana jeung geus teu
sombong jeung pelit. Ilham rek menta hampura ka
babaturanana tapi isin. Ilham sababaraha poé teu
36
sakola lantaran pelit jeung sombong ka
babaturanana. Zahran ogé nuturkeun imah Ilham.
“Ilham, naha tos sababaraha dinten teu sakola?”
ceuk Zahran.
"Hampura Zahran, tadi mah pelit jeung sombong ka
manéh, kitu deui babaturan nu séjén." ceuk Ilham.
“Teu kunanaon Ilham mah tos ngahampura, tong
isin menta hampura, Ilham,” ceuk Zahran.
Isukna Ilham indit ka sakola jeung menta
hampura ka babaturanana. "Hampura nya abdi
janten sombong sareng pelit, abdi moal sapertos kitu
deui." ceuk Ilham. Babaturanana ogé ngahampura
Ilham. "Teu kunanaon Ilham, tungtungna anjeun
sadar kana naon anu anjeun lakukeun." ceuk
babaturanana. Ayeuna Ilham jeung babaturanana
ulin babarengan jeung hirup rukun jeung tenang.
37
JANTEN VERSI DIRI ANJEUN
Gadiza Zalfa A.R - 8A
Nurutkeun panalungtikan, jadi diri sorangan jeung teu
kudu jadi batur, sabab manusa nu panghadé-hadéna
nyaéta jalma nu lampah sakumaha dirina jeung teu hirup
dina pura-pura.
Unggal manusa boga kahayang anu béda-béda.
Manusa jiga ayeuna loba nu teu jadi diri sorangan, urang
teu kudu jadi batur sabab anjeun tetep anjeun,nu lain
lain jelema lain, teu kudu hariwang saha anjeun, teu
masalah dimana anjeun asalna, anjeun hiji-hijina tur éta
naon ngajadikeun anjeun geulis tur husus dina cara
sorangan. “Dina sababaraha waktos anjeun kedah
mutuskeun pikeun diri anjeun anu badé janten. Teu tiasa
ngantep saha waé anu nyandak kaputusan éta pikeun
anjeun. ”(Moonlight.)
Entong nempatkeun diri anjeun sareng maksakeun
diri pikeun pura-pura riang nalika anjeun ngarasa sedih.
“Nalika anjeun terang diri anjeun, maka éta
mangrupikeun awal kasuksésan.” Tong maksakeun diri
sangkan sampurna jeung ulah heuras teuing ka diri
38
sorangan, teu aya manusa nu sampurna di bumi ieu,
urang kudu ngaku kalemahan. Diajar janten langkung
saé dina masa depan sareng bangga janten diri anjeun.
Kami leres-leres henteu terang naon anu bakal
kajadian di hareup. Tapi urang terang naon anu
lumangsung ayeuna. Anu paling penting nyaéta naon anu
urang lakukeun ku kajadian ayeuna, supados dinten
ayeuna tiasa nangtoskeun masa depan. ”(narJobs).
“Waktos urang terbatas, janten tong miceunan hirup
batur.” (Steve Jobs)
Dina kahirupan ieu, urang henteu kedah nyobian
janten jalma anu dipikahormat, bahkan dipikaajrih. Tapi
jadi jalma anu mangpaat pikeun saha wae di
sabudeureun urang “Teu kudu serbaguna, cukup ku getol
dina hiji wewengkon anu bisa jeung hebat ku eta”
Jadi naon maneh, tanpa hayang jadi batur, kadang
hese dilakonan, utamana lamun urang hayang
némbongkeun hiji hal ka batur, bari urang yakin kana
kamampuhan nu urang boga, aya karaguan dina
kabingungan jeung diri urang sorangan. Kaunggulan
urang boga. Maksimalkeun poténsi anjeun. Janten jalma
anu salawasna hoyong ngabagikeun sareng nu sanes.
39
Saatos urang ngaku kalemahan, diajar janten
langkung saé ka hareup. “Upami urang ragu ngeunaan
ngalakukeun hiji hal, urang kedah naroskeun ka diri naon
anu urang pikahoyong ka hareup tina naon anu urang
lakukeun sateuacanna.
40
NYAAH KA DIRI, SAÉMÉH NYAAH KA BATUR
Ipah - 8A
Numutkeun kana panilitian, cinta sareng miara diri
mangrupikeun konci pikeun kabagjaan, kaséhatan
méntal, nyegah depresi sareng kahariwang.
Kiwari, loba dewasa, rumaja, komo barudak
ngalaman broken home. Kahirupan ibarat jalan anu kudu
urang sadayana lewati. Tungtungna, urang bakal eureun
leumpang sarta nepi ka tujuan urang sadayana. Tapi dina
perjalanan anu panjang éta, urang sadayana gaduh seueur
hal anu kedah dilakukeun.
Aya rupa-rupa halangan anu kudu urang lalui.
Masing-masing jalma gaduh halangan anu béda-béda,
sabab gaduh kaunggulan sareng kalemahan sorangan.
Sanajan kitu, beurat atawa henteu halangan gumantung
kana diri urang sorangan. Capé meunang, nyerah ulah.
Masih aya isukan, masih seueur tanggung jawab anu
kedah dijalankeun, masih aya deui dinten anu bakal
bagja upami kamari pinuh ku tatu, Gusti moal hilap
masihan ubar. Tenang, pasti aya jalan kaluarna. Henteu
ayeuna tapi bakal aya engké.
41
Paling sering, urang sadayana sok nyalahkeun
urang sorangan. Contona, lamun nilai sorangan leutik.
Kapasitas otak unggal jalma béda-béda, jadi tong
nyalahkeun diri sorangan, sabab urang pasti geus ikhtiar.
Usaha moal ngahianati hasil, mun urang sadayana
tetep ikhtiar jeung ngadoa. Usaha tanpa doa mah
sombong, doa tanpa usaha bohong. Janten urang
sadayana peryogi duanana pikeun ngahontal naon anu
dipikahoyong.
Mikiran penilaian batur ka urang moal aya
tungtungna. Nu aya malah urang sorangan depresi.
Salami anjeun ngarasa naon anu anjeun lakukeun henteu
ngarugikeun batur. Sumuhun, ngarasakeun eta.
Dengekeun naon anu patut didangu. Sarta ulah
ngadangukeun naon teu patut ngadangukeun. Hal anu
pangsaéna nyaéta ngan ukur urang anu terang saha
urang.
Lamun hate sorangan alatan kaliwat nu Anjeun
ngalaman, kaliwat bakal salawasna jadi kenangan atawa
palajaran. Moal dipopohokeun tapi pikeun dijadikeun
référénsi dina mangsa nu bakal datang sangkan ulah
ngulang kasalahan anu sarua. Ku kituna, ulah dijadikeun
42
halangan, tapi jadikeun palajaran sangkan kahareup
urang teu malikan deui kasalahan nu sarua. Lamun
ragrag téh hujan jeung rising téh panonpoé, urang
peryogi duanana pikeun ningali katumbiri. Anjeun tong
fokus teuing kana kalemahan anjeun. Iraha anjeun bakal
tiasa ningali kaunggulan .
43
"AKAL SEHAT MENTAL KUAT"
Adha Putra Rizdany - 8A
Mental mangrupikeun masalah anu aya
hubunganana sareng pikiran sareng sifat manusa.
Kalayan kecap séjén, kaséhatan méntal nyaéta kaayaan
nalika haté jeung pikiran manusa dina kaayaan normal,
tengtrem tur tenang, sangkan bisa ngalakonan kagiatan
jeung ngarasakeun hirup sapopoé. kuat.
Di jaman siga kieu urang kudu pinter ngajaga
kasehatan sorangan, utamana kaséhatan jiwa, loba pisan
pangaruh anu bisa ngaganggu kaséhatan mental urang,
contona tina pikiran obsesip, pesimis jeung low harga
diri, pikiran obsesip bisa timbul. alatan sieun
kaleuleuwihan kamungkinan sarta rasa inferiority bisa
timbul salaku hasil tina gagal nekat.
Ngajaga kaséhatan méntal penting pisan dina
jaman ieu, loba jalma anu teu bisa ngajaga kaséhatan
méntal maranéhanana jadi loba ngalaman depresi, stress,
sarta bagian awon aya pikiran pikeun ngeureunkeun
kahirupan maranéhanana, hanjakalna, lolobana rumaja
maranéhanana mikir ngeunaan tungtung. hirupna
lantaran boga masalah anu disangka teu bisa
44
direngsekeun, sanajan bisa nyaritakeun ka jalma anu
pangdeukeutna, meureun jalma anu pangdeukeutna oge
bisa nulungan jeung mere solusi.
Cara ngajaga kaséhatan méntal Pikeun ngajaga
kaséhatan méntal nyaéta kieu: 1. Tetep positif, sabab
lamun urang mikir positif, urang moal mungkin
ngalaman stress/depresi 2. Cinta ka diri sorangan, lamun
urang bogoh ka diri urang sorangan moal mikir négatip
ngeunaan diri urang sorangan 3. Atur stress ogé 4. Dahar
kadaharan anu séhat 5. Latihan, sabab lamun urang kuat
fisik mangka mental urang bakal kuat ogé 6.
Laksanakeun hal-hal anu ngajantenkeun urang bagja.
Tapi lamun mental urang kaganggu, urang teu kudu boga
pikiran negatif ngeunaan ngalakukeun hiji hal.Leuwih
alus saré, sabab saré bakal nyieun urang tenang
45