NU NYERAT
AGHNI AL GHIFARI
HCAADPEÉUEHUY
Ieu catetan pikeun tugas
KBS III : Penulisan Ilmiah jeung Kreatif
01
13 SÉPTÉMBER 2022
Sateuacanna seja nepangkeun wasta pun
Aghni Al Ghifari nénéhanna Bughni. Sim
kuring didieu badé ngawitan nyerat catetan
poéan. Catetan poéan ieuteh saleresnamah
pikeun tugas KBS III nu diampu ku Pak Tedi,
Pak Torah, sareng Pak Rahmat. Tapi, sim
Kuring téh émang ti baheula kitu geus aya
kahayang pikeun nulis catetan poéan teh
ngan can aya aksina. Meren ngaliwatan mata
kuliah ieu Kuring bisa ngawitan jeung
insyallah tiasa majeung wé nulis saumur
hirup. Amin.
Saleresna tugas nyerat catetan poéan téh
kuduna diserat ti pas dua minggu ka tukang
tapi kuring karék aya kadaék ayeuna jang
ngawitan nyerat. Lain ku kadaék hungkul
bisa mulai nyerat téh da émang dua minggu
katukang téh asa sibuk pisan ku nu lian ker
mah KBS III téh méré tugasna teu hiji deuih
sakalina sok ngaburudul. Pa Torah nu mére
tugasna, kabéh tugas KBS III ti Pa Torah da
Pa Tedi jeung Pa Rahmatmah jongjon-
jongjon waé malihan ti mata kuliah lian mah
can méré tugas nanaon paling hiji ti mata
kuliah fakulta Kebudayaan Indonesia éta gé
gampang tugasna téh.
Catetan Bughni
02
Tapi, sim Kuring hampuraeun ka Pa Torah
sabab geus telat ieu ngawitan nyerat catetan
poéan. Tapi ogé, insyaAllah sim Kuring moal
nepi ka tugas ieu hungkul nyerat téh tapi
arék majeung nepi ka geus seuweu siwi.
Poé tadi Kuring kuliah dua matkul nyaéta
matkul KBS III jeung matkul Idéntifikasi,
Katalogisasi, jeung Digitalisasi Naskah. Isuk-
isuk kuring hudang kira-kira jam setengah 7,
dihudangkeun ku Indra nu geus mandi.
Kuring ngontrak imah di Ciseke jeung si
Febri, Indra, jeung Faiq. Di ieu Imah aya opat
kamar, dua tengah imah, hiji dapur, jeung
hiji wc. Lamun kuliah asup jam setengah
dalapan hudang téh kudu isuk pisan jam lima
atau jam genep sabab kudu silih genti mandi
di wc nu ngan hiji. Ari poé tadi mah hudang
téh henteu di wanci nu dipaharep. Hudang
jam setengah tujuh tapi untungna si Indra
geus mandi jadi kuring kari mandi jeung nu
ngantri tingal duaan deui si Febri jeung si
Faiq. Allhamdulilah poé tadi mah teu
kabeurangan asup kuliah téh kalayan geus
nyarap ngagoréng sangu make kécap jeung
enog siki sapiring séwang.
Bérés ti cai geus dibaju giliran si Fébri
giridig ka cai. Di harep kontrakan, geus aya
si Caca atawa Siska jeung Pipah atawa si
Khopipah geus nyamper.
Catetan Bughni
03
Di Ciséké, salian ti urang nu ngontrak aya
ogé si Marsa, Caca, Pipah, jeung si Jey nu
ngekos di Ciséké téh. Urang nu ti Ciséké sok
bareng indit ka kampus téh kecuali si Jey da
manéh namah tara ulin jeung urang jaba sok
mawa motor inditna ari urang nikreuh
babarengan méh ramé sanajan si Faiq aya
motor tapi motorna tara dibawa.
Poé tadi mah ngan si Caca jeung si Pipah
hungkul duaan nu nyamper téh henteu jeung
Marsa, teuing kamana si Marsa mah eweh
kabar sanajan nu cicing di Ciséké nyieun grup
dina Whatsapp tapi poé harita grup téh
tiiseun. Ari biasana mah sok aya ngirim pesen
"Bareng moal?".
Asup matkul kahiji KBS III ku Pa Tedi jeung
Pa Torah, harita urang sadaya dipaparin
matéri carita humor. Saméméh Pa Tedi
maparin pangaweuruh, Pa Torah nu méré
heula pangjajap ka sadayana. Harita Pa Torah
hayang urang sadaya nyaritakeun dongéng
humor atawa carita bodor nu pernah
kaalaman. Didinya loba pisan nu ngacung
nyaritakeun carita bodorna kabéh gé eweh nu
pikaseurieun kaasup Kuring gé nyaritakeun
hiji carita.
Catetan Bughni
04
Bérés matkul kahiji, lajeung matkul kadua
Idéntifikasi, Katalogisasi, jeung Digitalisasi
Naskah ku Pa Rahmat jeung Pa Adit.
Saméméh kuring asup ka kelas nu di Gedung
C FIB, kuring cicing heula udud jeung
barudak di harep Gedung C aya tempat nu
dingaranan Tangkal. Tangkal éta téh
harepeun potokopian sisieun gazebo biasana
tempat éta jadi panyicingan budak Pamass
salian ti Sékré jeung Pakilun. Di Tangkal,
Kuring udud heula jeung barudak téh
sabatang séwang bari ngadagoan jam 9.20 .
Keur ngobrol torojol datang jelama make
kacamata, make jakét koneng, jangotan
saeutik, jeung pangawakanna letik jangkung
nu mantenna mah éta téh Pa Adit. Pa Adit
nyampeurkeun urang sadaya minjem panékér
jang nyunut udud Magnum anjeuna. Cekés
panékér ngaduruk udud nu geus aya dina
biwir Pa Adit, ngebul haseup bodas kaluar
tina udud jeung biwir Pa Adit. Gok diuk Pa
Adit ngilu nongkrong jeung barudak bari
ngombrol. Bungah pisan harita Kuring bisa
nongkrong nyantai jeung dosén asa jiga
jeung mahasiswa deui.
Catetan Bughni
05
Pa Adit jelema nu bisa nempatkeun kana
situasi, dina harita méméh kelas Pa Adit
nempatkeun anjeung salaku mahasiswa nu
bisa nyieun atmosfer nyaman teu kaku
interaksi jeung mahasiswa tapi sanggeus
asup di kelas Pa Adit bisa ngaleungitkeun
éta jeung nyieun perkuliahan lempang
sakumaha kuduna nu dibarung ku rasa daria.
Sanggeus béres kuliah Kuring aya agénda
jeung barudak Scholl of Leader di Shokudo
salah sahiji kantin di FIB. Didinya nu aya di
Shokudo si Suryo ti Biologi, Dinda ti
Kedoktera, jeung Radit ti Statistika. Nu
kudunamah aya duaan deui teu ngilu ku
sabab jadwal kuliah nu béda nyaéta si Rian ti
Agropreneur jeun si Zhavira si Keperawatan.
Kuring jeung barudak bieu ditimukeun tina
kagiatan Scholl of Leader nu mana kagiatan
ieuteh saperti latihan kepemimpinan tingkat
universitas di Unpad. Harita di Shokudo,
Kuring jeung kelompok téh titah néangan
potongan QrCode pikeun ngabéréskeun hiji
tantangan di Scholl of Leader.
Ti Shokudo, Kuring giridig lajeung ka Balé
Wilisa 6 asramana si Bunga jeung lian pikeun
nyondong kana rapat acara Pamass Silih
Asuh salah sahiji porgram gawéna Biro
PSDMO Ais Pangampih Pamass.
Catetan Bughni
06
Datang kadinya Kuring telat sabab tadi lila ti
Shokudo heula aya nu kudu ditéang jeung
barudak Scholl of Leader. Di Pamass Silih
Asuh Kuring asup ka divisi PDD jeung si
Febri, Aél , Caca, Devi, jeung Indra. Di divisi
PDD dipupuhuan ku si Febri, ari cek tadina si
Bunga nu boga éta acara hayang Kuring jadi
pupuhu PDD téh tapi Kuring nolak sabab
geus loba kasibukan. Geus leuheung kuring
narima tawaran ngilu panitia Pamass Silih
Asuh téh da ku sabab teu ngenah ku si Bunga
sok sanajan capé ogé ku kagiatan nu lian.
Wanci kalangkang satantung, lekas rapat
Pamass Silih Asuh téh. Kuring balik ka Ciséké
bareng si Indra, Febri, jeung Marsa da si
Faiq, Pipah, jeung Caca mah rék lanjut aya
panitia ospek jurusan di kampus. Cék tadina
hayang buburu balik ka kontrakan teras
hayang ngedit vidio nu can digawéan ker di
instagram BEM Kema Unpad. Tapi, saban ker
lempang karék di Gerlam Unpad aya nu
ngagero "Bughni" Kuring ngalieuk ka tukang
pék mah si Bina nu ngagero, manehna jeung
si Kevin ogé si Locita, jeung si Akbar.
Manéhna opatan téh ker ngawawancara
mahasiswa Unpad pikeun nyieun vidio jang
mapag Poé Ozon Sadunia. Cék tadina Kuring
hayang buburu ka kontrakan téh teu jadi
gagara si Bina.
Catetan Bughni
07
Kuring jadi ngilu ngabaturan maranéhna
ngawawancara sabab éta program kerja
Kuring ogé di BEM Kema Unpad. Singget
carita, bérés ngawawancara nepi ka wanci
tunggang gunung. Kuring giridig balik
sorangan ka kontrakan.
Sapuluh menit ti gerlam nepi ka kontrakan
langsung muka laptop. Muka aplikasi edit
vidio jeung bari ngadownload vidiona tina
drive nu geus aya. Karasa beuteung lapar
jeung hayang udud bari jeung kabita si Indra
jeung si Febri ker dalahar ogé. Indit wé
Kuring neangan dahar ka luar, meuli
deungeunna hungkul da sangu geus
dipangnyangukeun ku si Indra. Bérés dahar,
Kuring Udud biasa. Tapi, ari geus dahar kitu
sok jadi hoream nanaon nu tungtungnamah
nyoo hp bari gogoleran dina keramik nu
terus ka saréan nepi jam setengah tujuh.
Hudang langsung buburu nyanghareup
laptop nu caang nyorot kana beungeut nu
aya cileuhan nyeukeul mouse plek dipencet
ngawitan ngedit vidio.
Vidio can bérés da aya bahan vidio nu can
disayogikeun ku si Kamal. Ayeuna éta
pagawéan jadi can bérés sabab kudu
nungguan heula nu kurang. Sanggeus
ngaluarkeun aplikasi édit vidio.
Catetan Bughni
08
Lajeung muka Zoom Meeting jam 19.45 téh
aya papanggih munggaran jeung barudak
magang BEM Kema Unpad. Saleresna teu
kudu ngilu ogé teu nanaon ngan asa hayang
nempoan jeung ngobrol ka barudak magang
téh nu nyaéta mahasiswa anyar Unpad. Maju
ka wanci sareureuh budak aya rapat panitia
inti simposium budaya liwat Google Meet.
Jadi, aya dua papanggihan dina sawaktu
maké dua paranti online.
Béres papanggihan online nu dua étatéh
lajeung aya nu nelepon ti Kang Zamzam
jeung si Dudu ngobrolkeun salah hiji
program di BEM Kema Unpad nyaéta
Eksplora. Loba pisan obroleun jeung Kang
Zamzam ogé si Dudu nepi ka 55 menit.
Teleponan éta jadi panutup kagiatan Kuring
salila ping 13 Séptémber. Poé ieu asa lungsé
pisan loba ngaluarkeun tanaga jeung pikiran.
Catetan Bughni
09
14 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu Kuring hudang rada berang jam
setengah salapan lantaran peutingna saré
jam 1 jeung da isukna gé kuliah luring jam
setengah hiji. Jadi, asa rada nyantai wé
hudang téh. Tapi, beunta mélonh kaayaan
loba pisan nu kudu dipigawé di kontrakan.
Barudak nu tiluan sararé kénéh kapaksa
Kuring nu kudu pigawé kabéh. Mimiti Kuring
bébérés, nyapu, jeung ngepel kontrakan nu
geus balatak, bala, heg kotor da geus
sabaraha poé can dibérésan geus jiga kapal
pecah wé ieu kontrakan téh. Geus éta tuluy
Kuring masak, da di ieu kontrakan téh nu
bisa jeung daék masak ngan Kuring hungkul
jadi kapaksa wé Kuring nu migawé sangkan
beuteung barudak kaeusi loba tanpa kudu
ngaluarkeun duit gedé. Wanci pecat sawed,
sagala pagawéan bérés tingal giliran mandi
tatan-tatan indit kuliah jam dua welas.
Kuring kuliah maké baju tangan hideung
dilapis ku jaket levis warna hideung
kahandapna make calana jeans donkér nu
sarobék belah dua tuurna tuluy maké sapatu
hideung nu talina konéng teu poho maké tas
biru eusina hiji buku jeung pulpén.
Catetan Bughni
10
Di kampus, Kuring pasalingsing jeung dosén
nu rék ngawulang di kelas kuring nyaéta Pak
Taufik Ampera. Anjeuna geus rapih
dikacamata buuk klimis make baju batik héjo
kahandapna calana bahan hideung
ngagandong tas ku sabelah tak-tak dina
leungeunna nyeukeul tumbler warna ungu.
Panon anjeuna nempo ngarérét Kuring terus
nyorot kana calana Kuring nu sarobék téa.
Rarasaan Kuring didinya asa teu ngenah
lantaran tiheula Pak Ampera téh pernah
ngomong yén salah sahiji penilian ajeuna
ditempo tina étika. Nu dipikasieun ku Kuring
nyaéta calana sobék éta jadi nilai étika
kasopanan di kampus. Tapi, ari ceuk Kuring
masalah papakéan teu jadi masalah kana
prosés diajar lantaran hal ieu jadi hak
kebébasan pikeun tiap individu nu
independen, nu jadi masalah dina prosés
diajar nyaéta pikiran nu teu bérés. Asup ka
kelas mata kuliah Manajemen Produksi
Kearifan Lokal nu diwulang Pak Ampera.
Kuring diuk di tukang méh teu katempo
calana Kuring nu sobék. Tapi, Pak Ampera
ngajar téh bari gudag-gidig muteran
mahasiswa nu jadi Kuring rada sieun calana
Kuring disorot ku Pak Ampera.
Catetan Bughni
11
Tapi, Allhamdulilah Pak Ampera teu pernah
ngamasalahkeun cara papakéan mahasiswana
jeung prosés perkuliahan jalan kalayan ramé
jeung kondusif. Jeung Kuring yakin dosén nu
siga Pak Ampera moal ngamasalahkeun
perkara leutik siga kitu lantaran Pak Ampera
dosén nu logis, étis, jeung rancagé pisan.
Bérés kuliah, Kuring ngarasa geus eweh
kagiatan nanaon deui. Kuring indit
nongkrong ka sékré Pamass ngariung jeung
barudak. Teu karasa ngagorolong waktu téh
dug asar, Kuring balik ka kosan milu ka
babaturan dianterkeun nepi ka kontrakan.
Pas keur gogoléran sabari nempoan hp aya
pesen whatsapp asup ti si Haifa "Bughni di
mana? Jadi ngilu rapat? " Kuring karék inget
yén poé ayeuna téh aya rapat luring divisi
PDD Fibaw padahal peutingna Kuring geus
nyaho yén poé ieu bakal aya rapat. Ku Kuring
dijawab "éh poho wkwkwkkwk, iraha
rapatna? " Langsung dijawab deui ku si Haifa
"Ayeuna pisan". Kuring poho mun tadi inget
Kurinh teu kudu balik heula jadi moal capé
bulak-balik. Tungtungna, Kuring byur indit
kana motor si Faiq balik deui ka FIB jang
nyondongan rapat. Nepi ka magrib rapat
karék lekas.
Catetan Bughni
12
Kuring inget sanggeus ti FIB Kuring rék ulin
ka kosan si Azah di Caringin bari hayang
ménta dahar. Pas keur rék balik di parkiran
motor di tukang aya nu ngageroan "Bughni!
Ka mana?" Rét ka tukang si Tesya budak
Sastra Rusia.
Kuring : "Balik."
Tesya : "Rék ngilu rapat divisi acara Fibaw
moal?"
Kuring : "Moal ah rék ka babaturan."
Tesya : "Hayu milu wéh kadieu méh ramé."
Kuring : "Embung ah barina gé teu warauh
jeung budak acara."
Tesya : "Hayu wé kembaé ih milu wé bari
jeung kenalan."
Kuring : "Émang di mana kitu? "
Tesya : "Di kosan si ridho di Caringin. "
Ari dipikir deui mah, kosanna deket jeung
kosan si Azah di Caringin ogé. Ah, milu waé
wé Kuring téh ngahayukeun. Tapi, saacan
milu rapat divisi acara Kuring ulin heula ka
si Azah sakedeng bari ménta ngasakan mie.
Nepi ka kosan si Azah aya si Syahra, Dewi,
kanida, Siti, Lilis, Revita, Gina, jeung si Juan.
Ari si Gina jeung si Juan sok aya waé
lantaran bobogohan jeung kosan si Azah
sarua jeung si Gina.
Catetan Bughni
13
Asa teu ngenah ulin ka si Azah téh ngan
sakedeng ngan milu dahar mie hungkul,
ngabéakeun samangkok makroni, jeung ngilu
metis. Sanggeus ti si Azah lajeung indit ka
harep saétik ti kosan si Azah ka kosan si
Ridho pikeun ngaluuhan rapat acara. Datang
kadinya jigana geus bérés rapatna da ker
maraén Uno. Di kosan si Ridho lila pisan
geus maén kaulinan uno jeung Undercover
jeung ngawangkong ngalér ngidul. Wanci
sareureuh kolot, teu karasa waktu
ngagorolong gancang nu kudu misahkeun
papanggihan éta jeung budak acara balik ka
kosanna séwang.
Catetan Bughni
14
15 SÉPTÉMBER 2022
Poe ieu eweh kuliah luring jadi gantina
kuliah daring, matkul poe ieuteh dialéktologi
nu biasana diajar ku bu Aci di gedung C
lantai 3. Poe ieu ibu Aci diganti heula ku
Prof. Cece. Prof. Cece nyaéta hiji-hijina
dosen di sastra sunda ayeuna nu nyangking
gelar profesor, Prof. Cece téh ahli widang
bahasa atau linguistik.
Prof. Cece mah pikaresepeun, diajar jeung
anjeuna téh sok sumanget sanajan daring
ogé. Bakuna Prof. Cece diajat téh daring
sabab anjeuna sibuk penelitian waé tara aya
di kampus. Ceuk lancek mah sok ngomong
kieu "Ari gabutna mahasiswa mah luntang-
lantung teu puguh, ari gabutna Prof. Cece
mah penelitian".
Beda jeung bu Aci, Bu Aci mah tegas, cuplas-
ceplos, teu pikaresepeun pokonamah ku
batur gé. Pernah tiheula gé ngomong kieu ka
si Jeay "nahanya ayeuna lalaki té siga
awéwé" Pedah tiheula si Jeay make kain jadi
jiga androk. Padahal ceuk Urang mah kemabé
wé nya da étatéh kebabasan beréksprési.
Catetan Bughni
15
Terus anéhna bu Aci, naha ari kuliah tara
maké basa Sunda ongkos kudu ngamumulé
basa tapi ari diajar make basa Indonésia waé.
Poé ieu ramé pisan kuliah jeung Prof. Cece,
menang élmu loba jeung deuih mahasiswa
gé loba nu aktif diajar jeung Prof. Cece mah.
Poé ieu kuring kuliah daring babarengan di
kontrakan jeung si Faiq, Indra, Ebi,Marsa,
Lina, jeung Caca. Kuring jeung barudak
kuliah hiji laptop ku lobaan. Sanggeus bérés
kuliah Kuring jeung barudak maén Uno di
kontrakan nepi ka magrib.
Catetan Bughni
16
16 SÉPTÉMBER 2022
Kamari peuting ceu Hasna ngabéwarakeun di
grup réhna isuk beurang aya rapat divisi
médkraf sanggeus jumaahan. Isukna Kuring
jeung si Ebi indit sanggeus jumaahan ka
Pamass, ari pék mah can aya sasaha. Jam 2
na kuring téh rék ngilu aksi ka gedung DPRD
Kota Bandung. Sementara di Pamass rapat
téh can aya sasaha, nepi jam setengah 2
leuwih 20 menit Kuring nungguan, tung-
tungnamah indit waé widi ka ceu Hasna
tiheula. Ceu Hasna ngaeunyakeun.
Kuring indit ngahiji ka Brooklyn Barat jeung
barudak BEM FIB. Ceunah inditna jam 2 tapi
nungguan kénéh jelema lain. Lila kuring
nungguan di Brooklyn bari jeung loba jelema
nu teu wauh sanajan safakuktas, ngan wauh
jeung si Yayan, Ali, jeung si Paung hungkul.
Kuring ti Brooklyn indit waé ka UKM Barat
nyampeurkeun barudak BEM Unpad. Di UKM
Barat, sarua saetik nu wauh téh ngan ka
Bang Vindo, si Iki, jeung si Qais. Tapi, Kuring
capé bulak-balik geus wé cicing di UKM
Barat.
Catetan Bughni
17
Kudunamah indit téh jam 2. Tapi inditna jam
3, Kuring indit jeung si Iki Kadept Adsosmas
kana motor. Nyimpang heula ka pom
jatinangor anu ngantrina panyang pisan siga
oray amazone. Nu tung-tungna inditna mah
jam 4 asar da lila nungguan bensin.
Nepi kaditu jam setengah 5, di hareup
gedung DPRD Kota Bandung geus ramé, geus
loba dudurukan, loba orasi, jeung pager
cucukna geus jebol. Almamaterna aya nu
biru, koneng, beureum, hejo, ungu, oren,
jeung sajabana loba pisan nu daratang ka
gedung DPRD. Tapi, ceunah mah ieuteh can
kabéh. Kabayang mun geus kabéh mah pasti
nepi Gedung Saté pinuh nagé. Taun ieu aksi-
aksian di Bandung téh can pernah deui
dibarengan ku ITB, sabab ceunahmah politik
di ITB ayeuna eweh fokus jang kana aksi.
Catetan Bughni
18
17 SÉPTÉMBER 2022
Peuting Kuring balik aksi langsung saré,
bakateuing capé saré téh meni tibra pisan.
Isukna, Kuring kaberangan sabab ku capé téa
disaréna. Ari lamu poé biasamah sabanerna
teu kaberangan Kuring téh hudang jam 7 tapi
sabab aya pancén kudu ngajurian lomba
aksara sunda barudak smp di cileunyi jadi
kaberangan da kuduna jam 7 téh geus aya di
tempat.
Kuring hudang nempo hp geus loba nu
neleponan. 27 panggilan tak terjawab ti
Ayang, 8 panggilan tak terjawab ti ceu usi,
15 panggilan tak terjawab ti Rinrin, sareng ti
si Unga 22. Baku da Kuring mah lamun saré
téh ari can waktuna mah moal waka hudang
sanajan di telepon jeung make alarm saloba
kumaha gé, kecuali dihudangkeun langsung.
Hudang saré geuwat ka cai, reuwas sieun teu
kaburu ngajurian jaba ieumah lain acara
Pamass. Acara Pamass onaman telat gé teu
nanaon ds geus budayana. Geus mandi,
Kuring langsung gap kana hp mesen gojek,
rék aya rék eweh promo ditumpakan wé da
butuh.
Catetan Bughni
19
Byurrr indit ka Cileunyi jeung mang gojek,
Kuring nepi ka ditu jam 8 kurang. Untung
kénéh kaburu can nanaon keur tatahar
kénéh.
Datang ka lokasi, Kuring disambut si Unga
bari teteleponan jeung Kuring da Kuring teu
apal di mana. Sup ka jero rohangan panitia,
Didinya geus aya Ceu Usi, Ceu Fitri, Ceu Kiki,
Kang Rangga, Jeung Rinrin. Kabéh pada
nannya pada seuri sabab kalakuan Kuring nu
kebluk. Keur ramé ngobrol jeung Juri nu lain,
Kuring jeung nu lainna digeroan ku Kang
Asep dititah ka posisi sewang-sewangan.
Kang Asep téh alumni Pamass Entragan
2010, saentragan jeung ibu Gégé.
Kuring di kelas diuk papisah jeung Ceu Usi
sabab méjana pajauh. Lomba dimulai, Kuring
diuk, nguriling, diuk, nguriling, jeung diuk
kitu wé di rohanganna téh pas keur sési
nyerat aksara mah. Bérés sési nyerat,
dilajeung ku sési maca aksara sunda. Kuring
ngabanungan barudak wé, aya nu ugag-igeg,
aya nu lancar néréléng, aya ogé nu teuing
maca naon étamah samacana wé sigana.
Bérés ngajurian, Kuring jeung Ceu Usi titah
langsung ngitung saha pinunjulna, dikebut
pisan.
Catetan Bughni
20
Kuring panglilana kadua sanggeus juri
pinunjul nulis carpon. Kuring sieun nilai
Kuring teu objektif teu sarua jeung Ceu Usi
ku sabab Kuring kan kikieuan kakara. Tapi
henteu geuning, nilai Kuring jeung nilai Ceu
Usi Akur.
Catetan Bughni
21
18 SÉPTÉMBER 2022
Si Bombom bogaeun kabogoh orang Solo
kuliahna di UIN Bandung, Cibiru. Manéhna
pernah dibelikeun ku kabogohna baju jeung
barang nu lain saharga 300 rébu. Ayeuna
manéhna hayang malikeun éta sabab
kabogohna milangkala.
Si Bombom datang ka kontrakan ménta saran
kado jang kabogohna hayang nu murah tapi
berkesan ceunah téh. Kabeneran, Kuring
boga ideu. Siga si Dilan ari méré hadiah téh
sok murah pisan, malahmah teu kudu
ngaluarkeun duit ogé bisa berkesan. Tah
kebeneran si Bombom ogé hayang kitu.
Kuring : "Kumaha lamun urang neangan nu
dagang mesin capit bonéka, terus bonéka éta
jadi hadiah kabogoh manéh engké?"
Bombom : "Embung ah éra, kikituan siga
budak bolon."
Kuring : "Ehh kéheula, ieu mémang
katempona siga budak leutik tapi aya kesan
tersembunyi dibalik ieu kabéh."
Bombom : "Sok kumaha atu kumaha?"
Catetan Bughni
22
Kuring : "Ayeuna urang néangan mesin capit
ka warung di Jatinangor, nu sakoinna
sarébuan. Terus ké manéh maén,ké ku Urang
dividiokeun nepi menang bonéka. Terus ké
Vidiona bikeun ka kabogoh manéh jeung
bonékana. Lucu pisan ka, jeung keren. Tak
hanya hadiah yang Kau berikan tapi juga
keringat yang Kau rasakan pun ikut
tercurahkan ke dalam hatinya."
Bombom : "Bedas, hayu gaslah."
Kuring duaan indit ngurilingan Jatinangor
néangan warung nu aya mesin capit bonéka.
Geus ka Jatiroké, byurr ka Cikuda, turun ka
Sukawening, teruskeun ka Sayang, méngkol
ka Caringin, balik deui ka GKPN, diteruskeun
ka Cipacing, da eweh manggih ieu nu
dipikahayang téh. Tung-tungnamah capé
haté Urang indit ka Jatos wé lah nu puguh
aya ngan mahal.
Ceuk tadina hayang murah tapi berkesan téh
eweh, asup ka Jatos harga mesin capitna
sakoin 13 rébu hég laleutik deui bonéka
natéh, meuni hesé pisan menangkeun nagé.
Si Bombom béak saratus rébu teu menang
kénéh éta bonéka, balik wé da geus béak
modal.
Catetan Bughni
23
Geus capé, Si Bombom tung-tungnamah
meuli bonéka wé nu badag langsung balik
deui ka Jatos téh. Tapi, keukeuh vidio nu tadi
dikirimkeun jeung bonéka nu meunang
meuli. Nya, Sanajan Bonékana meuli tapi
saméméhna si Bombom geus usaha jang
méré hasil paling alus jang kabogohna.
Catetan Bughni
24
19 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu Kuring kaberangan deui hudang téh
jam 9, teu kuliah matkul Pak Torah. Tapi
sabenerna, Kuring téh rada ngahaja hudang
jam 9 sabab haro kuliah matkul Pa Torah téh.
Kuring geus hudang jam 7 tapi kuliah jam
setengah 8, sementara barudak kontrakan
ogé sarua karék harudang deuih, atu meren
ngantri di cai téh. Ah Kuringmah saré deui
wé.
Pasosoré, Kuring cicing di Pamass. Aya si Aze
jeung babaturanna rék ngayakeun "Bedah
Buku" di Téras Abu FIB. Kuring diajakan
maca Puisi, Kuring ngahayukeun. Indit
Kuring ngilu jeung si Aze, milu briefing.
Didinya téh aya nu ngarana Rahi angkatan 19
budak Sastra Rusia ngajak Kuring jadi
stuntman di Puisi manéhna. Kuring
ngahayukeun deui. Jadi, didieu Kuring boga
dua peran. Kahiji, Kuring jadi stuntman
puisina si Rahi. Kadua, Kuring maca sajak.
Kuring jadi dukun pas jadi stuntman si Rahi.
Si Rahi maca sajak mantra karya W.S Rendra,
sastrawan kasohor lemah cai.
Catetan Bughni
25
Kuring maké totopong, joged siga dukun bari
maca mantra-mantra jeung mawa cai. Si Rahi
nitah Kuring nyembur manéhna kana awakna.
Tapi, ari Kuring ku spontan jeung menjiwai
pas harita, nyembur téh kamana wé. Kuring
nyembur tilu kali ka awak si Rahi sakali kana
beungeutna.
"Mantap-mantap Bugh", ceuk si Rahi ka
Kuring. "Maaf ya Bang", ceuk Kuring ka
manéhna bari sura-seuri. "Baé teu nanaon
alus pisa, tapi aing geus ieu kudu mandi 7
kembang hahahahaha", ceuk si Manéhna bari
ceuleukeuteuk seuri.
Catetan Bughni
26
21 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu Kuring nungguan Kabogoh Kuring
rék balik ka Bandung ti Depok ceunah.
Manéhna indit ti Depok jam 1 beurang nepi
kadieu ceunahmah jam 10 peuting. Ku sabab
naék kareta jadi turun naék.
Jam salapan peuting, Kabogoh Kuring geus di
Padalarang. Nepi, ka Kiaracondong jam 10
leuwih menit. Biasa da ari karéta murah mah
sok lila transitna.
Kuring indit ngajemput si Tika, kabogoh
Kuring téa jam setengah sapuluh kurang.
Indit maké motor si Faiq, ayeunamah hégaé
indit jajauhan maké motor manéhna sabab
geus diservice. Kamarimah teu bisa dipaké
jajauhan sabab kampas rémna béak, lamun
ngeurém hareup téh sok disada.
Kuring nepi ka stasiun Kiaracondong jam
sapuluh pas. Kusabab Kuring ngebut di jalan
sieun si Tika nungguan lila, tapi jalan téh
jam sakitu mah molongpong jadi gancang
nepina.
Catetan Bughni
27
Nepi diditu, Kuring sup heula ka Alfapoint
sisieun stasiun tapi jero aréa stasiun. Kuring
meuli rokok camel ungu, cai nginum, jeung
pop mie, da si Tika pesen ceunah ké hayang
dahar heula emih méméh indit ka kosan.
Béak sabatang teu kungsi lila aya disada
"Kedatangan kereta api Cikuray
Kiaracondong-Pasar Senen dari Jalur 1". Eta
téh karéta nu ditumpakan ku si Tika. Kuring
langsung geuwat indit ka peron nungguan
manéhna bisi barang bawa loba moal
kuateun. Bener wé barang bawa loba, geus
biasa si Tika mah ari balik téh kabéh sagala
dibawa, kajeun beurat di jalan sejahtera di
kosan. Kuringmah béda mending sejahtera di
jalan beurat di kosan.
Catetan Bughni
28
22 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu Kuring hudang rada isuk nyaéra jam
6 padahal eweh kuliah isuk. Poé ieu kuliah
jam 1 nepi ka jam 4. Poé ieu barudak geus
jangjian ti kamari rék maké batik atawa
berkaén ceunah.
Kuringmah teu boga kaén jadi maké batik.
Tapi, Kuring téh hayang maké kaén da alus
asa keren wé katempo natéh. Saperti biasa
Kuringmah maké batik héjo, da ngan hiji-
hijina batik téh nu éta hungkul. Eta gé batik
Lanceuk si Heru.
Méméh asup kelas, barudak geus ngarumpul
di Tebu pikeun dipoto. Kompak kabéh
ieumah maraké batik jeung kaén, eweh nu
henteu.
Asup ka kelas, Matkul Ibu Aci nu teu
pikareuseupeun hehe. Barudak maraké batik
jeung berkaén geus garaya gareulis karasép.
Geus 20 menit Bu Aci can datang kénéh,
Barudak garandéng aya nu ngobrol, nyoo hp,
nyoo laptop, nugas, tiktokan, ngontén, jeung
sajabana loba kénéh paripolah barudak.
Catetan Bughni
29
Balik kuliah barudak PSA (Pamass Silih Asuh)
mah méngkol heula ka Aula Gedung B rék
gladi bersih jang isukan acara PSA. Kuring
ogé sabanernamah budak PSA ngan horéam
gladi keur Kuring eweh plotingan jang
isukan. Jadi, milih balik wé ah.
PSA téh di pupuhuan ku si Bunga, mingkin
horéam sabab si Bunga ayeuna ngajauh ti
Kuring geus boga batur anyar soalna jadi
poho ka Kuring.
Catetan Bughni
30
22 SÉPTÉMBER 2022
Jumaah 22 Séptéber 2022, Pamass Silih Asuh
di Aula Gedung B FIB. Pamass Silih Asuh
ayeuna ngabogaan jeujeur "21st Century
Skills : Collaboration". Dina ieu acara
ngadatangkeun Kang Aléh alumni Pamass
2013, pernah jadi pupuhu BEM Gama ogé.
Kuring datang ka kampus jam 7, da ceunah
jam 7.40 kudu geus dimulai. Tapi, Kuring
datang kadinya can aya sasaha karék barudak
panata calagara wé hungkul.
Emang harése barudak Pamass kana acara
imah sorangan gé, kantun ceunah kudu
guyub urang téh tapi aya acara nu kieu
meuni hésé ngarojong natéh. Anéh Kuring
mah.
Padahal pupuhu PSA boga target yén PSA ieu
hayang diramékeun ku 70 jelema. tapi sigana
eweh satengah-satengahna acan. Ari Kang
Aléhmah meren geus teu apal bakal moal
saloba ieu nu datang sabab masalah ieutéh
geus datang ti baheula kénéh.
Catetan Bughni
31
Aya momén alus di poé ieu nyaéta list
barudak nu rék nyondong PSA di grup WA :
List hadir PSA
️ Enjing, dinten Jumaah, 23 Séptémber 2022
⏰ 07.40 WIB dugi ka rengsé
Aula Gedong B
Raksukan batik/kain
1. Wildan Solehudin Siap
2. Rizky davis chaniago
3. Bughni Putra Rajodani
4. Muhammad Hujjatul Haq Al
Qoimmmmmmm anak Fapsi UGM
5. Ungeeee
6. Ismaa
7 Indra
8. Febri
9. Rizki Alif
10. Gudang garam Surya 12
11. Bomz
12. Mars to the moon
13. Alexander Capung Humaniora Medicine
Simposium Budaya Elite Pic Pendidikan
Integritas penjahat kelamin dokter goblog
14. Putry PS FIB Awards 2022 udah punya
pacar
15. Zahro
Catetan Bughni
32
16. Lee lis istrinya Jimin namjoon please ini
mah maksa
17. Sity pake Y kalo pake S dingin dan siti
rungkad pemilik agen pelacur Unpad
18.aell azaleaaa cita2 jadi BA kokokrunch +
punya pacar koko2
19. caca marica hey hey
Lajeng
20. Gina susilawati istri jokowidodo anak
bapa prabowo
21. Sagara Rizal Antonius Hanafi (pengusaha
muda)
#Nu teu hadir di Apélan!!!!!
Catetan Bughni
33
24 SÉPTÉMBER 2022
Kuring hudang jam 7 isuk, tadina jam 9 isuk
téh rék ngapél ka si Atika ka Cileunyi. Tapi,
jam 8 téh aya Bang Vindo nelpon Kuring
nitah datang ka kontrakan manéhna, nitah
méréskeun disén postingan propagandan
deforestasi.
Vindo : "Bugh di mana?
Kuring : "Di Kosan Bang, ada apa?"
Vindo : "Ini postingan tabir deforestasi
gimana Bugh?"
Kuring : "Hehe, belom bang. susah kalo jadi
2x3, susah motong atas sama bawahnya."
Vindo : "Coba manéh datang ke sini ada Isroq
yang bakal bantuin manéh disénnya."
Kuring : "Boléh Bang, jam berapa?"
Vindo : "Jam 10 harus udah ada di sini ya
Bugh"
Ieu téh gawéan nu geus lila pisan sabenerna
ti bulan Juni kénéh ngan loba pisan drama
dina prosés nyieun ieu propaganda. Mulai ti
nu nyieun kajianna lila , terus révisina lila
ogé. Geus bérés éta dibikeun ka Kuring
salaku tukang disén, di Kuring teu langsung
digawéan da Kuring gé loba kénéh gawéan
nu lain jadi dicicicingkeun heula.
Catetan Bughni
34
Saban lila ti barudak kajian méré kajian,
Kuring karék digawéan. ngagawéanna mah
sapoé dua poé gé bérés ngan révisina nu jadi
lila na téh. Komo kahayang Bang Vindo nu
loba jeung ku kritis manéhna wah loba pisan
pokonamah. Pokonamah ieu gawéan téh lila
ku révisina wé hungkul.
Catetan Bughni
35
25 SÉPTÉMBER 2022
Poé minggu Kuring boga hutang ka si Atika,
soalna kamari teu jadi ngapél ka Cileunyi
sabab dititah méréskeun disén propaganda.
Kamarina si Tika geus ngamuk pundung deui
ka Kuring soalna hayoh wé Kuring téh geus
ngomong rék ka Cileunyi tapi tung-tungna
teu jadi deui teu jadi deui. Biasa émang
panyakit Kuring ka si Tika kitu tara bener
kana jangji, sanaja Kuring henteu ngomong
jangji ka si Tika téh.
Kuring hudang saré jam 10, hudang saré teu
langsung mandi, bébérés sagala macem tapi
biasa wé nyoo hp heula lila. Kuring karék
indit ka Cileunyi jam 1, matak si Tika méméh
Kuring datang pundung heula sabab Kuring
jangji datang isuk-isuk.
Kuring indit maké motor si Faiq, da biasana
peré mah manéhna jarang kamana-mana
kecuali mun ker aya acara naon wé kitu
karék indit. Tapi, poé ieu manéhna keur
eweh kagiatan matak saré kénéh waé pas
Kuring indit téh.
Catetan Bughni
36
Kuring nepi ka kosan si Tika jam 13.20, ari
inditkeun ka Cileunyi téh da sok rada lila ti
batan balikeun sabab inditkeun mah ti
Jatinangor téh jalanna muter heula jaba
ngaliwatan terminal loba angkot ngeutém
deuih, puguh wé lila jaba panas.
Sup ka kosanna, biasa wé si Tika mah
nyeumpod tukangeun lomari palastik ker
nyoo hp mun teu nyoo hp nonton filem di
laptopna. Manéhna pas nempo Kuring
datangtéh jamedud tapi rada atos ogé da
Kuring datang ka manéhna.
Catetan Bughni
37
26 SÉPTÉMBER 2022
Berang ieu aya jadwal jeung barudak
Kampanye Lingkungan. Barudak rék nyieun
podcast. Nyieun podcast di apartemen Easton
Park unit si Malika, Pupuhu Departemen
Lingkungan Hidup BEM Kema Unpad.
Unitna si Malika geunaheun pisan sabab
tempoeunna amparan Sumedang, Bandung,
jeung Sumedang. Panontéh hérang tapi ceuli
gandéng. Ceuk si Malika téh, Unit manéhna
ngan 13,5 juta geus jeung jeroanna. Ceuk
Kuring téh naha bisa? Manéhna téh meuli ti
babaturanna nu keur butuh pisan duit jadi
wé meunang sakitu murahna. Untung pisan.
Kuring podcast jeung si Bina, Coy, Andra,
Vira, jeung Kevin. Dina podcast munggaran
Kuring ayeuna, Kuring jeung barudak
ngomongkeun ngeunaan krisis iklim. Materi
ieu dasar pisan sabab tujuanna hayang
ngenalkeun naon ari krisis iklim téh
ngaliwatan média podcast.
Catetan Bughni
38
27 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu Kuring dilieurkeun Simposium
Budaya sabab Kuring ti geus lila diteror waé
titah danusan, ku Kuring can digawéan
kéneh. Kuring geus lila aya di Simposium
Budaya, kira-kira geus aya kana tilu bulanan
tapi Kuring can ngahasilkeun duit pisan
padahal Kuring divisi fundraising divisi nu
dipiharep pisan ku kabéh divisi pikeun
kalancaran acara. Alesan Kuring teu bisa
jalan téh ku sabab pupuhu divisina teu balég
leungit-leungitan waé, Kuring teu resep
jelema nu boga tanggung jawab tapi
manéhna leungit-leungitan megatkeun
komunikasi ditambah ku staf Kuring gé nu
ngalalengit deuih. Capé Kuringmah.
Kuring poé ieu diteken ku Pupuhu jeung
Wakil Pupuhu Simposium Budaya pikeun
kudu danusan isukan pisan. Kuring bingung
can boga véndor di Jatinangor di mana? Tapi,
Kuring boga véndor di Bandung tatangga
Kuring nu sok jualan risol ngeunah. Enggeus
wé Kuring téh mesen didinya méh teu lieur
deui néangan.
Catetan Bughni
39
Poé ieu Kuring bingung pisan teu boga
pangalaman jang danusan nu kieu. Kuring
kapikir ti Simposium téh asa hayang kaluar
asa teu jelas pisan acara téh teu maju-maju
ditambah Pupuhu jeung Wakil Pupuhu nagé
eweh pangalaman-pangalaman acan. Jadi,
Ngalieurkeun wé tung-tungnamah.
Catetan Bughni
40
28 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu Kuring arék lanjut danusan deui,
sabab nu kamari satengah deui aya kénéh
jualeun jeung goréngeun. Kuring ngahaja
hudang isuk-isuk sabab rék ngagoréng risol
sawaréh deui can digoréng.
Isuk-isuk meuli minyak heula ka warung nu
dina botol saléter. Kuring ngadekul di dapur
ngagoréngan sorangan eweh nu ngabantuan
deui. Kamari si Arsyla Pupuhu Simposium
Budaya ngomong rék mantuan ngagoréng
tapi damang wé eweh tangara ah. Prinsip
Kuring mah ari masih bisa kénéh ku
Sorangan arék naon ku batur.
Bérés ngagoréng jam 9, bébérés kabéh lanjut
ka cai. Jam 10 indit ka kampus bari mawa
kérésék risol tapi ayeunamah diasupkeun
kana jero tas da éra kudu mamawa riringkid.
Sarua siga kamari polana téh ngajual ka
babaturan deket tapi ayeunamah dibantuan
ku barudak divisi Acara. Allhamdulilah
ayeuna gé béak laku tarik. Ceunah ceuk nu
meuli mah risol ieu ngeunah pisan tapi
émang ceuk Kuring gé émang risol ieu
ngeunah pisan.
Catetan Bughni
41
29 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu Kuring loba pisan PR gawéeun disén
BEM. Tapi, Kuring kalah hudang berang
deuih jam 11 jaba kuliah nepi jam 4 soré
deuih. Nempo to do list bener-bener loba
pisan ieu gawéeun, bakal gadang wé nepi
peuting ieumah ngagawéan hungkul disén
BEM.
Kuliah berang jam setengah hiji jeung Bu
Aci, matkul dialéktologi. Ari kuliah jeung Bu
Aci téh anéh sok tara neureup teuing kunaon
kalah jadi gabut wé nyoo hp di baris tukang.
Balik kuliah jam 4, Kuring langsung geuwat
indit ka kontrakan. Kuring langsung muka
laptop, muka aplikasi Photoshop. Aya opat
disén nyabakeun Kuring poé ayeuna. Eweh
deui picaritaeun poé ayeunamah sabab nepi
peuting jam 1 Kuring karek bérés ngadekulan
disén ku sorangan.
Catetan Bughni
42
30 SÉPTÉMBER 2022
Poé ieu aya rapat umum PMBS VIII, Kuring
indit ka kampus jam 1 sanggeus jumaaahan.
Rapat umum ieu siga biasa diayakeun ku
kabéh divisi tapi teu kabéh panata calagara
ngilu. Nya kabiasan Pamass mah teuing
kunaon kana tanggung waler téh hésé.
Ceuk Kang Ibram mah kakulawargaanna
Pamass téh raket pisan nepi ka rasa sifat
profésionalitas téh luntur gara-gara
kakulawargaanana.
Kuring di PMBS asup kana divisi Média
Kréatip. Pupuhu divisi ieu téh Ceu Hasna
entragan 19 jeung Wakil Pupuhuna Ceu Ica
entragan 20.
Kuring asup akan bagéan disén wé di mana-
mana gé. Di bagéan disén Kuring jeung si
Eby jeung si Dio entragan 19. Tapi, anggeur
wé nu loba gawé mah Kuring si Eby
ngabantuan saeutik sabab si Eby sok tara si
hulu jeung Kuring téh. Aya si Dio can pernah
gawé sakali ogé sabab manéhna siga nu teu
mentingkeun kana ieu pancén ditambah
Kuring jeung si Eby maké Photoshop jang
ngadisénna ari si Dio teu maké.
Catetan Bughni
43
Tapi da lamun ku Kuring diganti kana Canva
nu ku manéhna bisa teu yakin manéhna
bakal bisa mancén gawé bareng jeung Kuring
katut si Eby.
Rapat umu ieu nepi ka jam 4 soré dilanjut ku
rapat divisi sakedeng. Diana rapat divisi ieu,
Ceu Hasna méré pagawéan anyar pikeun
Kuring jeung si Eby katut si Dio tapi nu
ahirna kabéh gawéan si Eby jeung si Dio
bakal ku Kuring digawéanna.
Catetan Bughni
44
1 OKTOBER 2022
Poé ieu, Kuring aya jadwal rapat Bidang
Kemasyarakatan BEM Kema Unpad. Tapi, ari
biasanamah rapat bidang téh di aréa Unpad
jiga di Sékré BEM Unpad, di Gor Jati, atau di
Balé Tatanén. Ari ayeunamah ceunah rék di
villa daérah Tanjungsari. Jiga baheula pernah
mimiti keur munggaran kabentuk Bidang
Kemasyarakatan ngumpul di villa daérah
Lembang.
Kuring dititah mayar 100 rébu jang ka Villa
ayeuna, ari baheula mah titah mayar 150
rébu. Tapi baheula, Kuring dipangmayarkeun
ku si Malika sabab harita Kuring keur teu
boga duit pisan. Kuring nu ayeunamah arék
mayar tapi rék satengahna heula.
Barudak dititah kumpul jam 4 jeung jam 6
soré di sékré BEM, ceunah aya dua kloter
jang nu aya kagiatan kénéh bisa nyusul jam
6 inditna. Kuring indit ka sékré BEM jam
setengah 6. Kuring bébérés ngasupkeun baju,
sarung, calana, alat jang mandi, jeung
sajabana sup diasupkeun kana tas si Indra da
Kuring minjem.
Catetan Bughni
45
Kuring datang can aya sasaha pisan karék
Kuring wé hungkul. Kuring nyieun pesen di
grup "Pada di mana gais? ", dijawab ku si
Abram " Sabar bugh". Anéh ceuk Kuring. Ari
tadi dititah hayu-hayuan tapi geus prakna
areweh anéh. Kuring nungguan geus
satengah jam karék daratang. Ari pék ka
Villana teu jadi ceunah. Hadeuh.
Ka Villa ieu minangka rék nyambut barudak
magang BEM bari rék diospék saeutik sabab
ari bidang kemasyarakatan mah kudu pisan
diospék téh soalna kudu kuat méntal jeung
kawani pikeun nyanghareupan jelema nu
boga wateuk rupa-rupa. Jam 9 peuting mulai
ngospék barudak magang nu jadina mah di
Arborétum Unpad.
Peuting ieu, Kuring kapancénan ngajagaan
post 3 jeung si Andra jeung si Teguh. Si
Andra budak LH nu tara ngilu kukumpulan
jeung bidang matakna teu wauh ka si Teguh
budak adsosmas. Si Andra didinya ku si
Teguh diec waé sabab manéhna ngospé
barudak magang nitah nyaho ka kabéh
barudak Kemasyarakatan tapi manéhna teu
wauh-wauh acan ka si Teguh. Kuring
ngospék barudak nepi jam 3 subuh. Ngumpul
dahar di Sékré BEM nepi jam 5 subuh. Kuring
balik ka kontrakan jam 6 langsung dug saré
Catetan Bughni
46
3 OKTOBER 2022
Kuring kabeurangan deui teu asup matkul
ibu Hera Morfologi. Ayeunamah rugi pisan
teu asup matkuk Bu Hera téh sabab unggal
pertemuan sok aya kuis, kuis ieu sok jadi
nilai tatambah jang mahasiswa hég kuis mah
teu bisa susulan. Kuring hudang jam 8, teu
langsung geuwat mandi sabab ké kuliah deui
jam setengah hiji mata kuliah Pak Undang.
Kuring nyoo hp wé lika nepi jam 10 karék
hanjat tina pangadeungan. Kuring mandi
bébérés jeung sajabana, karék indit ka
kampus jam 12 téng.
Balik Kuliah, Kuring aya rapat jeung barudak
BEM di sékré BEM Unpad. Kuring datang
ngawakilan tim Kuring nyaéta Tim Kampanye
Lingkungan. Kuring ogé dibaturan ku si Aini,
Kamal, Coy, jeung si Bina nu sarua hadir di
éta rapat. Rapat bérés nepi peuting jam 9.
Ari rapat oplén téh sok lila sabab loba ku
ngobrol, istirahat jeung kaditu kadieu.
Catetan Bughni
47
4 OKTOBER 2022
Poé ieu aya mata kuliah Pak Torah jeung Pak
Undang deui tapi matkul pak Undangmah
beda ngaran matkul, tapi sabenerna nu
ditepikeun ku Pak Undang téh éta-éta kénéh.
Jiga kamari, Kuring kaberangan deui sabab
hésé pisan hudang isuka téh ditambah ku
matkul Pak Torah nu pikahoréameun.
Tapi teu siga kamari, Kuring hudang jam 8
geuwat langsung mandi sabab jam 9 aya
matkul pa Undang. Jam salapan kurang,
Kuring indit kuliah sorangan lempang.
Kuring ngaliwatan jalan mabal sisieun
kontrakan Kuring. Naék odong ti gérlamna
nu jalur IPS, da lamun maké jalur IPAmah
moal nepi.
Poé ayeuna Pa Adit, Pa Rahmat, jeung Pak
Undang komplit, Kuring diajar idéntifikasi
naskah sacara fisik bisa nyabak langsung.
Pak Adit ménta vollunter 2 mahasiswa
awéwé jeung lalaki kaharep jang
ngidéntifikasi langsung. Kuring maju lalakina
disusul ku si Bunga awéwéna. Kuring horéam
pisan disusul ku si Bunga kahareup téh. Naha
teu ku nu lain kitu saha wé atu nu hareup
téh?
Catetan Bughni
48
Kuring maké sarung leungeun médis bodas
pikeun nyabak naskahna. Didinya kuring
diajar ngidéntifikasi kumaha kondisi
naskahna? Aya teu lamar nu ewehan?
Sabaraha sénti ukuran buku jeung sampulna?
Jeung sajabana.
Catetan Bughni
49
5 OKTOBER 2022
Poé rebo ieu, Dananjaya aya jadwal KPD
atawa Kongrés Pamuda Dananjaya. Kongrés
ieu diayakeun pikeun néang solusi jeung
jalan pikeun masalah nu disanghareupan ku
Dananjaya. KPD nu ayeuna téh KPD nu katilu.
Saméméhna pernah geus 2 kali ngayakeun
KPD.
KPD nu mimiti di kelas sanggeus mata kuliah
pa Undang ngomongkeun bakal masalah
naon nu kudu dibéréskeun ku Dananjaya.
KPD nu kadua di kontrakan Kuring
ngomongkeun Pupuhu PPU jeung Calon
Pupuhu Ais. KPD nu katilu ayeuna rék
muguhkeun saha nu bakal naék jadi Calon
Pupuhu Ais Pangampih Pamass 2022/23.
Hasil tina KPD 3 téh, barudak netepkeun 3
pasang nu bakal maju jadi Calon Pupuhun
jeung Wakil Pupuhu Pamass 2022/23. Tina 3
pasang éta aya 6 jelema di jerona, aya si
Juan, Faiq, Wildan, Rizqi Alif, Bunga, jeung
Rinrin. Sagédengeun tina hasil KPD 3, aya
hasil KPD 2 nyaéta naékna Kuring jadi
Pupuhu PPU Pamass 2022 ayeuna.
Catetan Bughni