The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.

Bughni mangrupakeun rumaja ahli dina widang percintaan jeung widang pertolongan pertama. mangga nu penasaran tiasa aos wae ieu buku.

Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by amirfebriansyah1933, 2022-12-12 22:38:27

Tapak Entog - Catetan Poean Bughni

Bughni mangrupakeun rumaja ahli dina widang percintaan jeung widang pertolongan pertama. mangga nu penasaran tiasa aos wae ieu buku.

50

Kuring bakal nengahan barudak nu naraék
jadi Calon Pupuhu jeung Wakil Pupuhu.
Kuring kamari téh rada hésé néang pasangan
jang Kuring di PPU, tapi ahirna Kuring
menang si Nabila jadi pasangan Kuring di
PPU.
Ahir tina KPD nu katilu ieu, Barudak salian ti
ngobrolkeun Calon Pupuhu Ais Pangampih,
barudak gé ngomongkeun unék-unék nu aya
dina dirina séwang-séwanganna. Barudak
ahirna balaka kana salah jeung nu boga
salah, pada ceurik kabéh kana kabéh
kasalahan silih ngarasakeun. Tapi, Kuring
can bisa balaka ka si Bunga soal masalah
Kuring jeung manéhna tapi Kuring
tatangkeupan silih ngahampura jeung si
Bunga. Ngan, Kuring jeung si Bunga bérés
masalah sabab can saling balaka.

Catetan Bughni

51

6 OKTOBER 2022

Poé ieu, Kuring jeung barudak maraké batik
jeung berkaén saperti biasa dina raraga
kemis batik. Mata Kuliah Ibu Aci ayeuna
diajar ngeunaan pertanyaan penelitian
dialéktologi.

Balik kuliah, Kuring aya rapat jeung Nabila
duaan ngabahas ngeunaan persiapan open
recruitment PPU Pamass 2022. Sabenernamah
lain rapat atu ari duaan hungkul mah, leuwih
ka ngobrol wé.

Kuring jeung Nabila ngobrolkeun arék divisi
naon waé nu diayakeun di PPU ieu. Sanggeus
loba ngobrol Kuring jeung Nabila nyapukan
kana 6 divisi nu diantarana aya divisi Acara,
divisi Humas, divisi PDD, divisi LO, divisi
Konsumsi, jeung divisi Logistik jeung
Dékorasi. Sanggeus ngomongkeun éta,
Kuring jeung Nabila ngomongkeun saha waé
kandidat nu rék dijadikeun pupuhu divisi
diantarana aya Yayan divisi acara, Ael divisi
PDD, Marsa divisi humas, Lina divisi LO,
Windi divisi Konsumsi, jeung Denis divisi
logistik jeung Dékorasi.

Catetan Bughni

52

Salian ti 6 divisi éta, Kuring jeung Nabila
nyieun calon panata harta jeung girang serat
ogé, dina ieu posisi aya sababaraha calon
pikeun dijadikeun panata harta jeung girang
serat diantarana meren lamun di panata
harta mah aya si Gina jeung Siska lamun di
girang serat aya Putry jeung Firlika.

Catetan Bughni

53

7 OKTOBER 2022

Kuring menang tangara ti dua poé katukang
yén bakal aya outbound ka luar nyaéta ka
Balééndah nu tegesnamah di SPLPP Faperta
Unpad, Ciparay. Outbound ieu téh minangka
level 2 SOL (School of Leader).

Tiheula saméméh ieu, Kuring ngiluan SOL
level 1 nyaéta kagiatan natéh pematérian
unggal poé Minggu di Unpad, tempatnamah
téh di sababaraha Aula Fakultas nu aya di
Unpad. Ceunah di Level 2 ieu bakal leuwih
ramé sabab aya ulinan di luar nyaéta di
Ciparay téa. Kuring jeung Barudak SOL nu
lain titah ngumpul di UKM Barat Unpad jam
4 soré sabab rék indit ka Ciparay.

Kuring geus tatan-tétén ti pabeberang kénéh
jang indit ka Ciparay geus ngasupkeun
sagala kabutuhan baju logistik sagala
macem. Kuring minjem tas si Indra deui da
didieu tas si Indra anu alus jeung gede téh.
Kuring indit ka UKM Barat jam 4 kurang
huhujanan sabab poé ieu kalah hujan gede
rék indit téh jadi maksakeun wé maké jas
hujan da bisi ditinggalkeun.

Catetan Bughni

54

Kuring jeung rombongan dina beus indit jam
setengah lima ti Jatinangor ka Ciparay, tadi
nungguan heula barudak nu lain 30 menit
sangkan méré waktu pikeun maranéhna nu
telat. Beus Kuring nepi ka tempat tujuan jam
7 sabab macetna moal aya di daérah
Muhammad Toha, Bojongsoang kadituna.
Kuring datang-datang disadiaan dahar sangu
kotak jeung geus dibéré kamar pikeun saré.
jam 9, Kuring dititah lanjut ngumpul di Aula
aya sési wilujeng sumping jeung tata tertib
sagala macem nu kudu dipikanyaho salila
kagiatan level 2 ieu lumangsung. Jam 11
karék bérés,Kuring, Radit, jeung Suryo
babaturan sakelompok Kuring teu langsung
saré tapi cicing heula ngopi sisieun sawah
nepi jam 12, sanggeus éta karék ceungkat
indit ka kamar jang saré.

Catetan Bughni

55

8 OKTOBER 2022

Saré jam 12 peuting, Kuring dihudangkeun
ku panitian jam 3 pikeun sholat tahajud
ceunah. Kuring maksakeun indit sholat
tahajud da hayoh wé digebra-gebra ku
panitia nitah sholat tahajud. Kuring rada teu
ngarti ka panata calagarana SOL naha naon
coba ujug-ujug nitah sholat tahajud padahal
eweh kasapukan pikeun sholat tahajud. anéh.

Jam 8 isuk, acara dilanjut ku sési pematerian
deui. Pematérian ayeuna dieusi ku Kang
Hilman Hirmansyah tentang build
organization nepi jam 12 berang. Jam 1
berang, dilanjut pematerian ku Teh Nada
urut Kabem ITB taun 2020. Kuring geus 2
kali jeung ayeuna panggih jeung Téh Nada
ieu sabab baheula pernah panggih pas
mimiti katarima di BEM Kema Unpad, harita
aya sési pematerian ogé ti Téh Nada pikeun
beubeukel urang salaku anggota BEM. Materi
nu ayeuna sarua persis jeung matéri nu
ditepikeun di BEM tiheula. Kuring
sabenermah geus bosen sabab matérina
padet tapi étatéh matéri nu kalintang
pentingna ayeuna.

Catetan Bughni

56

Peutingna dilanjut ku acara Inaugurasi
angkatan. Dina Acara ieu, Barudak satiap
kelompok mintonkeun pidangan nu rupa-
rupa pikeun nyukséskeun ieu inaugurasi, aya
nu nyanyi, teatrikal, drama, téater, puisi,
jeung sajabana. Kuringmah ngawakilan
kelompok Kuring mintonkeun Puisi. Kuring
maca Puisi Doa karya Chairil Anwar jeung si
Zhafira duét sabab émang kelompok Kuring
peuting éta nyésa duaan hungkul jeung
Zhafira. Acara ieu nepi jam 11 peuting deui
siga kamari.

Catetan Bughni

57

9 OKTOBER 2022

Kuring saré jam 12 peuting. Kuring
dihudangkeun deui jam 3 janari tapi
ayeunamah lain pikeun sholat tahajud tapi
pikeun pos-posan siga Kuring tiheula
ngospék barudak magang BEM maké sistem
pos-posan.

Aya sababaraha pos nu kudu urang liwatan
jeung satiap pos béda-béda matéri aya nu
posna téh kaulinan, terus aya nu pos
pangaweruh ngeunaan Unpad, terus aya pos
nu paling boga kesan nyaéta pos
kapamimpinan jeung Kabem Unpad, Kang
Iyang. Tapi, aya pos anu pikasebeleun jeung
teu kudu aya soalna teu jelas pisan nyaéta
pos tugas jeung barudak kurikulum sarta
asésor. Sanggeus éta, Kuring jeung barudak
asup ka Aula nyaéta pos panutup. Kuring
jeung barudak ditanyaan hiji-hiji siga nanya
arék jadi naon manéh geus lulus di SOL?
Alesan manéh asup SOL naon? nu kararitu
pokonamah.

Jam 7, Kuring senam bari maéan game jeung
barudak nepi jam 9. Jam setengah 11 dilanjut
deui kana sési bedah buku peserta séwang-
séwangan. Kuring dina sési ieu mawakeun
buuk

Catetan Bughni

58

buku kumpulan carpon 18. Kuring nepikeun
eusi buku ieu jeung nepikeun kata
panganteur ti kaprodi Sastra Sunda nu aya
dina hareup lamar buku.
Sési bedah buku bérés jam 1. Kuring istirahat
dahar jeung dititah bébérés pikeun balik.
Kuring nungguan lila datangna beus nu
jangji jam 2 datang tapi jam 3 karék datang.

Catetan Bughni

59

10 OKTOBER 2022

Kuring saré jam 12 peuting. Kuring
dihudangkeun deui jam 3 janari tapi
ayeunamah lain pikeun sholat tahajud tapi
pikeun pos-posan siga Kuring tiheula
ngospék barudak magang BEM maké sistem
pos-posan.

Aya sababaraha pos nu kudu urang liwatan
jeung satiap pos béda-béda matéri aya nu
posna téh kaulinan, terus aya nu pos
pangaweruh ngeunaan Unpad, terus aya pos
nu paling boga kesan nyaéta pos
kapamimpinan jeung Kabem Unpad, Kang
Iyang. Tapi, aya pos anu pikasebeleun jeung
teu kudu aya soalna teu jelas pisan nyaéta
pos tugas jeung barudak kurikulum sarta
asésor. Sanggeus éta, Kuring jeung barudak
asup ka Aula nyaéta pos panutup. Kuring
jeung barudak ditanyaan hiji-hiji siga nanya
arék jadi naon manéh geus lulus di SOL?
Alesan manéh asup SOL naon? nu kararitu
pokonamah.

Jam 7, Kuring senam bari maéan game jeung
barudak nepi jam 9. Jam setengah 11 dilanjut
deui kana sési bedah buku peserta séwang-
séwangan. Kuring dina sési ieu mawakeun
buuk

Catetan Bughni

60

11 OKTOBER 2022

Poé Kuring kudu nyiapkeun birokrasi pikeun
ngalancarkeun acara PPU Pamass 2022
khususna dina segi pendanaan jeung
perijinan. Kuring jeung Nabila ayeuna ngyieu
propopasal jeung nyieu timeline palsu sabab
lamun hayang cair ayeuna acarana kudu
seméméh bulan Oktober jadi wé kuring téh
kudu nyieun timeline asli jeung timeline
palsu.

Kuring geus jangjian jeung Nabila rék nyieu
proposal di Kontrakan soré. Pasosoré Kuring
mulai nyieun proposal jeung Nabila.
Mimitina Kuring salaptop ku duaan jeung
Nabila tapi asa kadon lieur. Kalah loba
ngobrol kanu lain wé jeung si Nabila téh.

Kuring jeung Nabila silih tanya ngeunaan
gap year. Nabila téh geuningan gap year
jeung pas ku Kuring ditanya salila gap yeur
nanaonan? Bimbel di Nurul Fikri ceunah nu
terkenal mahal téa. Manéhna di Nurul Fikri
méakeun duit nepi ka welasan juta
dipangmayarkeun ku mangna tapi manéhna
asup Sastra Sunda padahal targetna hayang
ka UGM. Tapi, manéhna gé pernah katrima di

Catetan Bughni

61

taun nu sarua di UIN Bandung jurusan
Hukum Kulawarga tapi manéhna leuwih
milih Sastra Sunda sabab hayang ngaran
Unpadna téa.
Loba ngobrol tung-tungnamah proposal can
bérés karék 80%. Jam 7 peuting si Nabila
kalah buburu hayangeun balik jadi proposal
rék dituluykeun isukan.

Catetan Bughni

62

12 OKTOBER 2022

Kuring poé ieu milu kelas isuk matkul KBS III
nu aya Pak Torah dosén natéh. Kuring
ayeuna hudang awal kénéh sabab teuing
kunaon ujug-ujug bisa hudang isuka terus
mandi jadi teu kaberangan deui asup matkul
KBS III, ditambah émang Kuring keur hayang
kuliah isuk téh.

Ayeuna poé salasa téh kuliah ngan saukur
nepi jam 11. Tapi, Kuring poé ieu boga loba
target. Mimiti ayeuna, Kuring rék méréskeun
heula proposal jeung Nabila terus rék
langsung diajeungkeu ka prodi jeung ka
fakultas menta tawisan. Kuring bérés
prosposal jam 2 langsung diprint. Kuring
ngeprint mahal nu salamarna 1500,
tungtungnamah si Nabila mimiti jotos 20
rébu.

Kuring indit ka Ibu Aci pikeun dicék nu
salah-salahna sabab ayeunamah nanaon nh
rék diajukeun ka fakuktas kudu dicék heula
ka Bu Aci. Allhamdulilah, Kuring jeung
Nabila dibaturan ku Marsa menang révisi ku
Bu Aci dina kasang tukang kagiatan.

Catetan Bughni

63

Ayeunamah Bu Aci leuwih teges deui kasang
tukang téh minimal kudu 2 paragraf. Kuring,
Nabila, jeung Marsa geuwat ngarévisi sabab
Bu Aci nepi jam 4 hungkul. Allhamdulilah,
Kuring bérés proposal saméméh jam 4 jeung
menang tawisan ti Ibu Aci. Tinggal isukan
diajengkeun ka fakultas jeung ka bagéan
pencairan fakultas.

Catetan Bughni

64

13 OKTOBER 2022

Kuring poé keu aya udageun kénéh pikeun
méréskeun birokrasi ka dékanat. Kuring ka
Dekanat ti isuk soalna ayeunamah kuliah
berang heg nepi jam 2 pasti moal kaburu
lamun birokrasina beurang.

Kuring mawa proposal jeung kabéh
susuratan geus lengkep pokonamah. Kuring
ka dékanat jam 9 isuk menuni geus loba
jelama di dékanat téh sabab poé ieuteh poé
pamungkas pikeun birokrasi isukanmah geus
teu bisa.

Kuring mimiti indit ka pa Inu heula ménta
tawisan salaku wakil dekan, da ari ka dekan
langsung mah teu bisa. Mun teu salah pak
Inu téh Wakil Dekan Bidang Kamahasiswaan
jadi sagala urusan acara mahasiswa jeung
sajabana pasti diurus ku Pak Inu jeung kudu
pisan ménta tawisan ka Pak Inu.

Geus menang tawisan ti Pak Inu, Kuring
lajeng ka bagéan tata usaha nyaéta bagéan
pendanaan. Kuring nungguan di luar heula
sabab geus ngantri pisan jelema téh poé éta
ti kabéh kagiatan araya kabéh lamun cek
kasar namah ker marénta duit jang
kagiataanna.

Catetan Bughni

65

14 OKTOBER 2022

Poé ieu, Kuring Hudang rada berang sabab
kuliahna berang jam setengah hiji tapi nepi
ka jam 4. Kuring hudang saré langsung
geuwat hanjat tina kasur sabab hayang ka
cai, jadi sakalian langsung mandi ogé. Kuring
bérés mandi langsung ngahudangkeun
barudak nu sararé kénéh pikeun marandi
jang kuliah.

Ayeuna peuting, barudak Pamass arék aya
futsal silaturahmi jeung ngawilujeng
sampingkeun ka barudak manyar nu raresep
futsal. Barudak Pamass ngajangjikeun Jam
tujuh futsal ceunah di Ifi Futsal, Cikeruh.

Kuring datang sapuluh menit dimulai. Kuring
pamanasan heula mé teu nyareri awak.
Ayeunamah Kuring geus kuat maé futsal rada
lika téh, sabab baheula sok latihan jeung
Kang Agoy rék turnamen jang porseni. Ari
biasamah Kuring maén lima menit waé geus
engap jeung capé teu kuat.

Catetan Bughni

66

Jam 9, karek bérés futsal tapi tetep awakmah
nyareri. Allhamdulilah, Kuring ayeunamah
maén rada lila sabab geus kuat téa. Tapi,
ayeunateh jempol suku Kuring ker bareh jadi
mingkin nyeuri jaba teu maké sapatu da
sapatu Kuring jebol ku si Faiq.

Catetan Bughni

67

15 OKTOBER 2022

Kuring jeung Nabila rék mersiapkeun jang
pendaptaran staf PPU Pamass. Ari
pandappataran PPU ieu téh geus dibuka ti
ping 12 kénéh, tapi teuing karék saetik nu
dalaptar téh anéh. Ayeuna Kuring jeung
Nabila arék nyieun vidio tiktok propganda
jang ditaekeun di ig Pamass dina story
sangkan loba deui nu dalaptar.

Kuring jeung Nabila geus pasini di kontrakan
jam 2 berang. Kuring nyieun konsep hungkul
sajam nepi jam 3 soré. Meuni lalieur
baringung rék nyieun vidio nu kumaha?
Kuring ahirnamah menang hiji konsép nu
dirasa Kuring jeung Nabila sapuk. Tapi
sanggeus masalah dina konsep bérés ayeuna
aya masalah dina nyokot vidiona loba salah,
loba ngulang, loba itu ieu loba pisan drama.

Kuring bérés jam 4, si Nabila geus balik ogé.
Kuring ayeuna rencanana rék balik ka
Bandung minagka rék babantu ka si A Heru
bari rék menta duit, tapi ari geus di Bandung
mah teu kudu dipenta gé sok otomatis méré.

Catetan Bughni

68

Kuring ker teu padet minggu ayeuna téh
mangpang-mengpeng bisa balik ka Bandung
sabab si A Heru gé sok nananyakeun iraha
balik jeung komo si Hirza hayang papanggih
waé jeung Kuring.

Catetan Bughni

69

16 OKTOBER 2022

Kuring poé ieu aya di Bandung di Fotokopi si
A Heru. Ari Rutinitas didieu mah pasti kitu-
kitu waé eweh nu berkesan. Kuring unggal
poé pasti ngalakukeun éta mun henteu éta
gé pasti ieu.

Kuring hudang téh sok jam 6 atau jam 7
paling berang sabab Kuring saré di Potokopi
si A Heru sok ka toko jam 7 otomatis Kuring
kudu hudang jeung kudu langsung mandi.
Kuring lamun saré deui teu bisa soalna toko
pasti muka jeung Kuring éra wé lamun kudu
saré deui ari nu lain ketrak-ketrok garawé,
jiga jelama malés teuing.

Sanggeus mandi, Kuring biasa sok indit ka
Kontrakan si A Heru jang sarapan jeung
ngasuh si Hirza nepi jam 9 atau jam 10. Geus
éta sok indit deui ka toko jang ngabantuan
ngajagaan toko nepi peuting. Kuring sok
dititah ngedit produk shoppee jualeun si Aa
lamun éta gé teu dititah nungguan toko. Kitu
wé pasti Rutinitas wajib natéh.

Catetan Bughni

70

17 OKTOBER 2022

Jiga kamari, Kuring poé ayeuna Rutinitasna
sigana kamari. Tapi, aya nu béda saetik ti nu
kamari. Kuring poé ieu rék balik deui ka
Jatinangor sabab isukan senen geus kudu
asup kuliah deui.

Kuring rék balik naék karéta nu peuting jam
7. Kuring ayeuna ngajagaan potokopi ngan
saukur nepi jam 12 hungkul sabab ku si A
Heru titah ngasuh si Hirza si seubeuh. Si
Hirza téh lamun eweh Kuring sok
nananyakeun waé jeung sok ngalamun waé
saadaina aya Kuring sok kacaritakeun ku
manéhna. Ku kituna, si A Heru nitah Kuring
nyeubeuhkeun si Hirza poé éta saméméh
Kuring indit deui. Kuring biasana jeung si
Hirza sok momotoran nempo karéta, sabab
éta kudu wajib pisan dilakukeun jeung si
Hirza.

Kuring rék naék karéta nu jam 7 peuting,
Kuring dianterkeun ku si A Heru 20 menit
saacanna ari di Cimindi kalah macet ti
Cibeureum kénéh. Tung-tungna Kuring indit
naék karéta nu jam 9. Nepi ka Rancaékék jam
11 peuting, menta jemput ka si Ebi.

Catetan Bughni

71

18 OKTOBER 2022

Poé Kuring Kuliah isuk mata kuliah Bu Hera
ka kampus. Allhamdulilah, Kuring ayeuna
teu kaberangan deui. Saperti biasa ayeuna
Kuring indit Kuliah disamper ku si Marsa
jeung si Pipah. Kuring jeung barudak biasa
ngaliwatan jalan mabal nu ké tembusna ka
sisieun Kantor Kacamatan Jatinangor,
dilanjut naék odong.

Sanggeus kelas jam 2, kudunamah jam 3 téh
aya nyieun vidio PMBS kabéh panata
calagara. Tapi, ari Kuring kalah balik heula
ka kontrakan hég kasaréan deuih. Kuring
hudang jam setengah opat. Kuring teu
kabagéan vidio PMBS kabéhan panata
calagara. Kuring kabagaéan di sési nu vidio
per divisi. Tapi allhamdulilah, kabagéan
keneh kavidio.

Catetan Bughni

72

19 OKTOBER 2022

Poé ieu, Kuring aya tugas ti Ceu Hasna kudu
ngadisén jang PMBS loba pisan. Kuring ka
kampus isuk-isuk sabab aya matkul pa Torah.
Kuring mawa laptop jang ngadisén. Kuring
sok ngadisén di Pamass.

Méméh ngadisén kuring dahar heula di PSBJ,
sabab di PSBJ murah lamun nyokot sorangan
teu siga di kansasmah marahal. Kuring dahar
jeung goreng tempe hiji, sayur lodéh, jeung
kurupuk hiji ngan 8 rébueun. Kuring dahar
jeung Nabila, Putry, Ael, sarta Capung.
Sanggeus dahar Kuring indit ka Pamass
pikeun ngadisén, di Pamass geus aya
angkatan salapan welas keur caricing.

Kuring ngadisén nepi kasaréan hudang jam 7

peuting sorang di sékré Pamass. Kuring rék

balik kalah hujan hég eweh motor. Kuring

cicing hareupeun gamelan nungguan

pangaharepan aya jelema nu mawa motor

terus bisa diiluan balik ka Ciséké. Ehh, kalah

aya si Jeay jeunh si Bunga naék motor duaan

rék nonton voli ka Balsan. Hadeuh.

Catetan Bughni

73

20 OKTOBER 2022

Poé ieu Kuring aya Rpat Bidang
kamasarakatan di Balé Tatanén jam 2
berang. Allhamdulilah, Kuring bisa
ngaluuhan rabid henteu telat sabab di rabid
mah lamun telat sok didenda duit, ké duitna
dibelikeun dahareun jang kabéhan.
Sabenenrna di rabid mah sok seubeuh ari
urangna teu telat mah tapi ari telat gé sebeh
ogé sih tapi ngaluarkeun duit.

Kuring rabid jam 2 berang di Balé Tatanén,
saacan jam 2 Kuring geus aya di tempat tapi
nu hadir téh marék opatan. Jadi, kana
rabidna té ngarét malihan si Bang Vindona
sorangan nu ngarétna téh. Rabid dimulaina
satengah 3 tapi tétép wé loba keneh nu telat
téh, jadi didarenda. Puas. Kuring seubeuh
ieumah euy.

Kuring rabid nepi jam 10 peuting, balik maké
motor si Faiq ti Balé Tatané mawa dua
awéwé nébéng nyaéta si Sabil jeung
Kusyanti. Kuring seubeuh ogé balik-balik
tinggal saré sabab tadi dahar martabak loba
pisan jeung nginumna nu aya sodaan sprite
jeung fanta.

Catetan Bughni

74

22 OKTOBER 2022

Poé ieu Kuring indit ka DU atau Dipati Ukur
tegesna ka Unpad. Kuring jeung barudak
angkatan 19-22 dititah nonton drama ku Pak
Torah. Terus ké drama éta bakal jadi bahan
tugas Urang kabéhan. Hadeuh capé.

Kuring diuk dipangtukangna jeung si Yayan
jeung Juan. Kuring tumaninah pisan nempo
drama éta tapi aya hiji drama nu ku Kurang
kurang resep nyieun Kuring saré. Hiji
dramanatéh 30 menit jadi lumayan wé jang
saré mah karasa.

Sanggeus nempo drama, aya rapat divisi
Acara PPU. Kuring kabeneran kabagéan
mantau divisi acara, jadi Kuring ngilu heula
wé rapat divisi. Heg ieu téh radiv acara PPU
nu munggara pisan jadi kudu diaping pisan
ayi-ayi.

Catetan Bughni

75

23 OKTOBER 2022

Kuring ayeuna aya dina gladi resik PMBS VIII.
Isukan teu karasa, PMBS baris dikawitan tilu
poé ti tanggal 24-26 Oktober 20222. Kuring
di poéna kapancénan jadi dokumentasi.
Kuring sabenerna can bisa nyekeul kamera
slr téh kumaha? Ngan kembaélah jang diajar
ieuh Kuring lakonan.

Indit ka Kampus jam 1 berang, da ceunah
mah divisi medkraf datang jam 1 waé
gladina. Kuring datang jeung si Ebi bareng
ka PSBJ langsung da PMBS VIII diayakeunna
di PSBJ FIB Unpad. Da sagala acara nanaon
nu butuh panggung jeung indoormah pasti di
PSBJ.

Kuringmah sok anéh naha kitu eweh ti
pamaréntah Jawa Barat nu hibah duit jang
nyieun aréa husus kabudayaan Sunda di FIB
atau Unpad. Éléh ku Pamaréntah Jepang
jauh-jauh méré duit ti Jepang jang nyieun
aréa jejepangan di Jatinangor sakingku
paduli jeung ekspansi budaya manéhanana.

Catetan Bughni

76

Kuring di PMBS VIII gladi ayeuna teu loba
gawé ngan kotrak-kotrék kamera wé. Kuring
diajar heula kaméra ka si Fajar sangkan isuka
cékgur dipakéna. Nyiapkeun kaméra mana nu
ku Kuring rék dipaké isukan. Isukan panata
calagara PMBS VIII kudu geus aya di kampus
jam 6 isuk ceunah.

Catetan Bughni

77

24 OKTOBER 2022

Poé ieu, Kuring kaberangan hudang jam
setengah 7 padahal kuduna Kuring kudu
geus aya di kampus jam 6 di kampus pikeun
PMBS VIII. Kuring hudang langsung geuwat
indit ka cai, tapi saméméh ka cai Kuring
ngahudangkeun heula si Ebi jeung sj Faiq da
sarua sararé kénéh jeung sarua ogé panata
calagara PMBS VIII.
Kuring indit maké motor kang BE ka kampus
duaan jeung si Ebi jam 7. Ceu Hasna jeung
Panata calagara nu laianna geus ngadadago
Kuring pikeun tatahar ngadokumentasi.
Kuring kabagéan dokumentasi bagian sisi
kénca, sisi katuhu ku ceu fani.

Catetan Bughni

78

25 OKTOBER 2022

Kuring poé ieu kaberangan deui tapi
ayeunamah disamper ku Ceu Ica wakil
Pupuhu divisi Medkraf. Kamari manéhna geus
jangji rék nyampeur soalna méh teu telat
teuing, sanajan kénéh telat tapi aya nu
ngahudangkeun.

Jiga kamari Kuring tétép jadi dokumentasi di
sisi kénca motoan patandang-patandang nu
keur midang. Poé ieumah hasilna tina potoan
Kuring arulus carékas ngeunah ditempona
gé, teu siga kamari barutut soalna kamari
mah karék penyesuaian kénéh Kuringna kana
kaméra nu dipaké.

Poé ieu PMBS VIII, bérés nepi jam 7 jiga
kamari sarua. Evaluasina sok lila pisan,
padahal da PMBSna mah jam 5 gé geus
bérés. Kuring balik mawa gawéeun saabreug
ti nu lain nu can digawéan nu nyieun ayeuna
Kuring Gadang.

Catetan Bughni

79

29 OKTOBER 2022

Poé ieu, Kuring peré eweh pagawéan keur
bener-bener bebas pisan poé ieu. Kuring rék
ngajak si Tika malam mingguan. Kuring geus
lila henteu ngajak si Tika dahar di luar ti
saprak bulan puasa bukber di Jatos. Kuring
asa loba dosa pisa asa can pernah
ngabagjakeun si Tika nepi ka ayeuna téh.
Kuring sok sibuk ku dunia Kuring sorangan di
kampus, loba kasibukan hésé méré wanci ka
si Tika téh. Tapi, Kuring ayeuna rék ngajak
heula mempeng ker boga duit jeung boga
waktu.

Kuring indit nyampeur si Tika jam lima soré.
Kuring jeung si Tika indit ka Mie Ayam Ibu
Kokom di Rancaékék, harepeun stasiun
sanggeus magrib. Dahar didinya ngeunah
pisan murah, loba, jeung ngeunah
pokonamah geus porsi sunda pisan wé ieu
mah. Tempatna gé tumaninah ngeunaheun
léséhan. Dina méa geus sadia saos, kécap,
uyah, mécin, jeruk nipis, senok, jeung garfu.

Kuring jeung si Tika rada lila didieu nepi jam
8. Kuring balik muter ka jalan Sayang terus
ka Jatinangor heula. Sajajalan Kuring loba
cumarita jeung si Tika nepi ka teu karasa
nepi ka kosan si Tika.

Catetan Bughni


Click to View FlipBook Version