The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by SMP Negeri 3 Pangandaran e-Katalog, 2023-11-13 09:19:38

GALURA BASA PANGANDARAN KLS VII

GALURA BASA PANGANDARAN KLS VII

Keywords: Kurikulum Merdeka

WIWAHA BASA | KELAS VII 52 1. MEMBACA A Membaca Nyaring Lauk Laut jeung Kalapa Kasebutna urang Pangandaran, sohorna ka wewengkon luar mah jaradi pamayang. Tangtu baé nu nyarebut kitu téh aya alesanana, duméh di Pangandaran aya basisir. Padahal dina kabuktianana anu boga pacabakan séjén gé loba, utamana molah lahan, naha nyawah atawa ngebon. Anu jaradi pamayang mah maratuhna di wewengkon basisir, di Pananjung, Bojongsalawé, jeung Batukaras. Geus ti baréto mula pakasabanana kana ngala lauk. Malah lain padumuk asli Pangandaran wungkul, tapi deuih katambahan ku anu bubuara ka di dinya, lolobana ti wewengkon Jawa Tengah. Anu matak padumuk di wewengkon basisir mah nyampur. Geus ti baréto kénéh, lauk ti Pangandaran dipasarkeunana ka wewengkon séjén. Lolobana mah anu geus diolah heula dijieun lauk asin. Tapi sanggeusna ramé ku kagiatan wisata mah, lauk beubeunangan pamayang téh dipaké nyumponan pangabutuh di tempatna sorangan, hususna anu sok dipaké ménu utama réstoran, kayaning hurang, cumi-cumi, kakap, atawa kerapu. Dina keur loba nu piknik mah, lauk beubeunangan pamayang di Pangandaran téh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh réstoran. Antukna sok ngadatangkeun lauk laut ti wewengkon séjén, misalna ti Cirebon jeung ti Indramayu. Gambar pamayang jeung gambar kebon kalapa


Kurikulum Merdéka 53 Komo deui apan ari kasebutna ngala lauk di laut mah gumantung musim. Aya waktuna ceuyah, pamayang loba beubeunanganana. Aya deuih waktuna teu loba beubeunangan, malah jadi katitih rugi mun diitung jeung waragad sakalina indit ka laut. Biasana ari keur usum hujan, lauk téh jadi langka, sabab arus cai handapeun beungeut laut jadi tarik. Kitu deui mun keur musim gedé angin, pamayang langka anu daékeun ngalaut, sabab gedé pibahayaeunana. Sajaba ti ngala lauk, anu anu ngandelkeun panghasilan tina tutuwuhan gé loba. Nya tangtu ari nu digedékeun mah melak kalapa, sabab mémang iklimna cocog. Ari tangkal kalapa mah apan alusna dipelak di wewengkon basisir. Pangandaran kawentar ku produksi kalapana. Hasilna teu ngan dipaké nyumponan pangabutuh di Pangandaran wungkul, tapi deuih dipasarkeun ka wewengkon séjén, ka Banjar, Ciamis, Tasik, Bandung, malah kanjat ka Jakarta sagala. Aya nu dijual huluan, kalapa meunang nurunkeun tina tangkal, langsung diakut kana treuk. Aya deuih nu diolah heula jadi kopra. Ka dieunakeun ngolah kalapa téh nambahan deui, da aya pabrik anu ngolah cipatina, terus deuih anu ngolah cai kalapa jadi inuman kemasan. Malahan mah tapasna ogé ayeuna mah geus diolah pikeun bahan jok korsi mobil, matras, atawa kasur. Hasil kaolahan tina tapas kapala téh di antarana diékspor ka Jepang jeung ka Cina. Sajaba ti diala buahna, tina tangkal kalapa téh sok disadap lahangna deuih, pikeun bahan nyieun gula beureum. Lahang meunang nyadap téh terus ditaheur, sina ngagogoplak, terus engkéna jadi kimpel. Geus kitu mah terus waé dicitak jadi gula ganduan. Anu kaahlianana kana nyadap jeung nyieun gula disebutna paneresan. Hanjakalna téh kiwari loba tangkal kalapa nu geus kolot teuing, misalna waé geus leuwih ti 50 taun. Anu kitu mah hasilna geus kurang, jaba leuwih hésé ditaékanana, sabab tangkalna jangkung pisan. Tangkal kalapa anu geus karolot, anu katimbangna geus teu loba kaala buahna, kudu sagancangna diganti ku tangkal anu alanyar. Ngan nya kitu, melak kalapa mah lila ka buahan. Ti mimiti melakkeun kitri tepi ka ngahasilkeun téh sakurang-kurangna tujuh taun. Perbendaharaan Kata bubuara = mengembara ceuyah = banyak karena sedang musim ditaheur = dijerang gula ganduan = gula merah hasil cetakan yang berbentuk bulatan


WIWAHA BASA | KELAS VII 54 gumantung = tergantung handapeun beungeut laut = di bawah permukaan air laut hurang = udang katitih = terhitung lahang = nira, air sadapan dari tangkai bunga kelapa atau kawung (rasanya manis) pacabakan = pekerjaan sebagai sumber kehidupan padumuk = penduduk pamayang = nelayan paneresan = orang yang keahlian atau pekerjaannya menyadap kelapa atau kawung sebagai bahan pembuat gula merah ti baréto mula = dari sejak dahulu waragad = biaya, modal RINGKASAN Sebagai wilayah yang memiliki pantai, Pangandaran dikenal banyak nelayan. Padahal banyak juga penduduk yang mempunyai pekerjaan di bidang lain. Hasil tangkapan ikan laut para nelayan digunakan untuk kebutuhan di daerah sendiri, dan sebagian lagi dijual. Seiring dengan berkembangnya kegiatan wisata, pasokan ikan kadang-kadang tidak cukup, sehingga harus mendatangkan dari luar. Penghasilan lainnya dari Pangandaran sebagai daerah pantai yaitu kelapa. Sayang sekali pada saat ini sudah banyak pohon yang sudah tua, sehingga hasilnya menjadi berkurang. Karena itu, perlu dilakukan peremajaan. Menjawab Pertanyaan Jawablah pertanyaan di bawah ini sesuai dengan isi bacaan! 1. Kumaha sohorna urang Pangandaran ka wewengkon luar? 2. Naon sababna bet kasohorna kitu? 3. Kumaha ari padumuk anu matuh di basisir Pangndaran téh? 4. Naon sababna beubeunangan ngala lauk di laut henteu angger? 5. Kumaha ari dina keur usum hujan?


Kurikulum Merdéka 55 6. Naon sababna ari keur gedé angin, pamayang langka ngalaut? 7. Kumaha ari hasil produksi kalapa di Pangandaran? 8. Diolah jadi naon waé kalapa hasil ti Pangandaran téh? 9. Ari nyieun gula beureum anu bahanna tina tangkal kalapa kumaha carana? 10. Naon sababna tangkal kalapa nu geus kolot kudu diganti ku nu alanyar? B Membaca dalam Hati Miara Ingon-ingon Ilaharna patani di Pangandaran mah henteu ngan ukur molah lahan, tapi deuih sok dibarung ku miara ingon-ingon. Anu dimaksud molah lahan di dieu nyaéta sawah atawa kebon. Mun di sawah, nu dipelakna paré. Éta anu sok diutamakeun. Sakapeung baréto mah sok aya pepelakan panyelang, nyaéta palawija, upamana bonténg atawa céngék anu umurna teu lila. Jadi sawah téh teu salilana dipelakan paré. Patani téh sok disebut bulu taneuh, duméh hirupna jeung néangan pakasabanana henteu jauh tina taneuh. Ari di kebon, nu dipelakna bangsaning palawija, malah sok aya anu taunan, upamana waluh, oyong, atawa lopang. Geus puguh deui ari tangkal bubuahan mah, misalna alpuket, peuteuy, jéngkol, kadu, picung, atawa muncang. Aya


WIWAHA BASA | KELAS VII 56 deuih tatangkalan anu diarah kaina, misalna albasia atawa jeungjing, jati, mahoni, cayur, atawa waru. Sajaba ti éta, sok aya deuih anu di kebon téh melak paré, atawa sok disebut ngahuma. Paré anu dipelakna di kebon disebutna paré huma. Para patani téh sok bari miara ingon-ingon, kalolobaanana mah miara embé atawa domba. Sok aya éta gé nu miara sapi, ngan tangtu kudu gedé modalna. Pikeun patani, hasil tina miara ingon-ingon téh lain diarah dagingna wungkul, tapi deuih kokotorna, boh nu asalna tina taina boh tina rarapén, nyaéta parab anu teu béak terus diantep sima buruk. Anu kitu téh disebutna bérak, atawa sok disebut gemuk kandang. Alus pisan pikeun nyuburkeun lahan anu dipaké pepelakan. Miara domba atawa embé leuwih énténg batan miara sapi, boh dina maraban boh dina nyayagikeun kandangna. Biasana domba atawa embé anu dipiara ku patani téh tara jauh ti lima, da lamun loba teuing mah bisi teu kasiwer ngurusna, pangpangna dina ngala parabna. Saleuheung ari parab keur embé mah, teu hésé néanganana, da rupa-rupa dangdaunan gé beukieun. Ku embé mah apan daun awi gé dihakan. Béda jeung parab domba, jukutna kudu nu héjo jeung seger kénéh. Kitu deui domba mah teu kabéh dangdaunan sok dihakan. Patani di Pangandaran anu ngarukut domba atawa embé sumebar di saban désa anu di wewengkonna masih kénéh aya sawah atawa kebon. Tara ukur ngukut hiji, da sarua capéna jeung ngukut lima. Ari sababna, boh ukur ngukut hiji boh ngukutna lima, ari lebah ngarit keur parabna mah sarua waé capéna. Anu matak sakalian wé ngukutna lima. Téréh deui ngarekahanana anu ngukutna leuwih ti hiji mah. Lamun ingon-ingonna geus aranakan, nya engkéna téh terus dijual. Lumayan itung-itung pikeun céngcéléngan ari boga ingon-ingon téh. Biasana tara tepi ka leuwih ti sataun, dikukutna téh. Mun geus rada galedé, sarta kaharti hargana, ingon-ingon kukutan téh terus waé dijarual, hasilna pikeun sumber kahirupan atawa nyumponan kabutuh lianna, sangkan dapur ngebul. Biasana mah pikeun kaperluan nyakolakeun barudakna, patani téh sok ngandelkeun tina hasil ngajual ingon-ingon. Dijualna mah naha rék langsung dibawa ka pasar, atawa dijual di lembur, da apan sok loba bandar anu ngider néangan domba jeung embé anu rék dijual. Lamun hargana hayang undak, ngajual ingon-ingon téh kuduna dina saméméh bulan Rayagung. Enya, apan loba nu butuheun ku domba atawa embé pikeun kurban. Anu matak domba atawa embé jalu mah mun rék dijual téh sok ngadagoan loba nu butuh.


Kurikulum Merdéka 57 Perbendaharaan Kata awi = bambu bérak = pupuh bonténg = mentimun céngék = cabé rawit dibarung = dibarengi, disertai embé = kambing ingon-ingon = hewan peliharaan kasiwer = sempat untuk dikerjakan miara = memelihara molah = mengolah ngadagoan = menanti, menunggu ngarekahan = bertambah jumlahnya paré = padi rarapén = rumput sisa makanan hewan peliharaan saleuheung = mendingan RINGKASAN Petani di Pangandaran tidak hanya mengolah lahan, melainkan juga banyak yang memelihara ternak, sebagai kegiatan sampingan. Umumnya mereka memelihara kambing atau domba. Selain keuntungan penghasilan dari dagingnya, para petani memperoleh kotorannya untuk memupuk lahan. Ternak yang dipelihara umumnya berkisar lima ekor. Kalau sudah bertambah, sebagian dijual untuk menutupi keperluan sehari-hari. Karena itu, memelihara ternak dapat dianggap sebagai tabungan. Waktu untuk menjual ternak, kalau harganya ingin agak mahal, yaitu menjelang Idul Adha. Melengkapi Kalimat Lengkapi kalimat di bawah ini dengan cara memilih kata dari dalam kurung, agar sesuai dengan isi bacaan!


WIWAHA BASA | KELAS VII 58 1. Sajaba ti molah lahan, patani di Pangandaran …. (dibarung ku ngurus ingon-ingon – bari dagang di pasar – sakapeung digawé di pabrik) 2. Palawija anu dipelakna di sawah disebutna pikeun …. (reresepan – salilana – panyelang) 3. Ari nu disebut paré huma nyaéta paré anu …. (binihna meunang ti kebon – dipelakna di kebon – sok djual ka supermarkét) 4. Kalolobanana patani di Pangandaran miara …. (domba atawa embé – sapi jeung munding – kuda jeung sapi) 5. Miara ingon-ingon téh di antarana lantaran butuh …. (tanagana keur mantuan gawé – sorana pikeun dikontéskeun – kokotorna pikeun bérak) 6. Batan miara domba hiji, mending kénéh lima, sabab …. (jadi leuwih énténg – sarua waé capéna – ukuran kandangna sarua waé) 7. Dina urusan maraban, mending ngurus embé batan domba, sabab …. (maraban domba leuwih hésé – maraban domba leuwih babari – domba mah babari karacunan) 8. Dina geus baranahan, sawatara bulan ti harita, anak domba atawa embé téh …. (terus dibibitkeun di tatangga – dipeuncitan pikeun hajat – dijarual ka pasar atawa ka bandar) 9. Miara ingon-ingon téh dianggap céngcéléngan, sabab …. (gancang payu dijual – hasilna pikeun nambah-nambah panghasilan – patani tara butuheun duit) 10. Ngajual ingon-ingon biasana hargana leuwih mahal dina rék …. (nyanghareupan Idul Adha – nyanghareupan taun baru – aya raraméan Agustusan)


Kurikulum Merdéka 59 2. MENYIMAK A Bahasan Mengenai Sisindiran Diterangkan oleh Ibu/Bapak Guru. Ieu aya sisindiran. Geura urang baca, pék ku hidep bandungan. Mun dina basa Indonésia mah disebutna pantun. Dina basa Sunda mah nu disebut pantun téh béda deui hartina. Sisindiran 1: Sisindiran 2: Lawon nu mahal hargana, Ti mangkukna gé diingkeun, hadé corak sarta kandel. diselapkeun dina bilik. Nyarita teu jeung buktina, Paingan diseungseurikeun, tangtu batur moal ngandel. geuning kaos téh tibalik. Sisindiran anu dibandungan ku hidep téh aya dua pada (dina basa Indonésia, pada disebutna bait). Aya sisindiran 1, jeung aya sisindiran 2. Dina sapada téh aya opat jajar. Dua jajar anu mimiti disebutna cangkang, nyaéta jajaran kahiji jeung kadua. Ari jajaran katilu jeung kaopat disebutna eusi. Dina saban jajar téh diwangun ku dalapan engang. Sora dina tungtung jajaran kahiji sarua jeung sora dina tungtung jajaran katilu. Ari sora dina tungtung jajaran kadua sarua jeung sora dina tungtung jajaran kaopat. Jadi pola sisindiran téh kieu: Lawon nu mahal hargana, (dalapan engang, sora na) hadé corak sarta kandel. (dalapan engang, sora del) Nyarita teu jeung buktina, (dalapan engang, sora na) tangtu batur moal ngandel. (dalapan engang, sora del)


WIWAHA BASA | KELAS VII 60 Lamun ditempo eusina, sisindiran kahiji téh eusina piwuruk atawa papatah. Maksudna mah méré papatah atawa naséhat ka anu macana atawa anu ngadéngékeunana. Ari sisindiran kadua mah eusina humor atawa heureuy, sangkan nu macana atawa nu ngadéngékeunana ngarasa gumbira. RINGKASAN Sisindiran adalah bagian dari sastra Sunda. Dalam sastra Indonesia, sama dengan pantun. Persamaannya meliputi: (a) Dalam setiap pada (bait) terdiri atas empat padalisan (baris). (b) Setiap baris terdiri atas delapan suku kata. (c) Baris kesatu dan kedua disebut cangkang (sampiran), baris ketiga disebut eusi (isi). (d) Suara pada ujung baris kesatu, sama dengan suara pada ujung baris ketiga, dan suara pada baris kedua sama dengan suara pada ujung baris keempat. B Jenis Kata Diterangkan oleh Ibu/Bapak Guru. Geura pék bandungan kalimah ieu: 1. Nya tangtu ari nu digedékeun mah melak kalapa, sabab mémang iklimna cocog. 2. Ka dieunakeun ngolah kalapa téh nambahan deui. 3. Hanjakalna téh kiwari loba tangkal kalapa nu geus kolot teuing. Dina kalimah bieu aya kecap anu ditulisna ku aksara kandel, nyaéta kalapa, ngolah, jeung kolot. Mun ditilik tina warna kecapna, éta kecap nu tilu téh bédabéda. Ari warna kecap téh anu nuduhkeun asupna kana golongan naon (mun dina basa Indonésia mah disebutna jenis kata). Kecap kalapa kaasup kana barang, sabab nuduhkeun kana hiji barang anu puguh jentulna, kecap ngolah kaasup kana pagawéan sabab katempo tur kadéngé waktu migawéna, ari kecap kolot nuduhkeun kana sipat atawa kayaan.


Kurikulum Merdéka 61 Kecap anu nuduhkeun barang disebutna kecap barang, kecap anu nuduhkeun pagawéan disebutna kecap pagawéan, jeung kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan disebutna kecap sipat atawa kecap kaayaan. Tangtu aya kénéh sesebutan séjénna, henteu ngan ukur tilu rupa. Tapina éta mah urang guar engké deui. RINGKASAN Istilah warna kecap dalam bahasa Sunda sama dengan jenis kata dalam bahasa Indonésia. Pada pelajaran sekarang, bagian dari warna kecap meliputi kecap barang (kata benda), kecap pagawéan (kata kerja), dan kecap sipat/ kaayaan (kata sifat, keadaan). Latihan Bacalah kalimat di bawah ini dengan seksama! Kamu harus memilih satu kata sesuai dengan warna kecap yang ada di dalam kurung, apakah kecap barang, kecap pagawéan, atau kecap sipat/kaayaan. 1. Mawa lomari mah kudu digotong ku opatan atuh. (kecap barang: _______________) 2. Murid kelas tujuh nyieun karajinan tina kardus urut. (kecap pagawéan: ______________) 3. Kadé ulah sok léléda ari dititah mantuan indung téh! (kecap sipat: ___________) 4. Warga RW Babakan Sari nyumbang ka panti asuhan. (kecap pagawéan: ____________) 5. Arit mintul téh kudu diasah ngarah jadi seukeut. (kecap barang: __________) 6. Barudak resepeun lalajo kuda rénggong di lapang. (kecap sipat: ____________) 7. Kaos téh rék dicelep ku warna biru, terus rék ditulisan. (kecap barang: ___________) 8. Saban soré barudak sok ngangon domba di sawah garing. (kecap pagawéan: _____________)


WIWAHA BASA | KELAS VII 62 9. Jalma soméah tangtu tara dijarauhan ku sobat-sobatna. (kecap sipat: ___________) 10. Harga mobil téh mani mahal, moal kabeuli najan geus nabung gé. (kecap barang: __________) C Babasan Diterangkan oleh Ibu/Bapak Guru. 1. Patani téh sok disebut bulu taneuh, duméh hirupna jeung néangan pakasabanana henteu jauh tina taneuh. 2. Hasilna pikeun sumber kahirupan atawa nyumponan kabutuh lianna, sangkan dapur ngebul. Dina kalimah di luhur aya kecap anu ditulisna ku aksara kandel, nyaéta bulu taneuh jeung dapur ngebul. Anu kitu téh disebutna babasan, mu dina basa Indonésia disebutna ungkapan. Babasan nyaéta gabungan kecap anu miboga harti séjén, sarta béda atawa pajauh jeung harti asalna. Anu dimaksud bulu taneuh nyaéta patani anu digawé pikeun néangan sumber kahirupan ku cara ngamangpaatkeun lahan (taneuh), ari dapur ngebul maksudna bisa nyieun dahareun pikeun kaperluan kulawarga, aopan baréto mah ngasakan kadaharan téh dina hawu maké suluh anu haseupna sok mindeng ngebul. Ieu di handap dibéréndélkeun rupa-rupa babasan. Pék ku hidep apalkeun ungkarana reujeung hartina! 1. gurat batu = pageuh kana kahayang atawa mawa karep sorangan; hanya mengikukuti kemauan diri sendiri, tidak mau mendengar pendapat atau nasihat orang lain 2. héjo tihang = resep pipindahan gawé; suka berpindah-pindah atau berganti-ganti pekerjaan 3. élmu ajug = ukur bisa mapatahan batur wungkul, tapi ku dirina teu dilaksanakeun; hanya bisa menasehati orang lain, tapi dirinya sendiri tidak melaksanakan


Kurikulum Merdéka 63 4. babalik pikir = insap; insaf 5. tuturut munding = nurutan batur bari teu nyaho maksudna; mengikuti perilaku orang lain tanpa mengerti maksud atau tujuannya 6. buntut kasiran = korét; pelit 7. kurung batok = kurang pangalaman sabab tara nyanyabaan; kurang pengalaman karena tidak pernah bepergian ke tempat lain 8. kulak canggeum = milik anu geus ditangtukeun ku Gusti; rezeki sudah ditentukan oleh Tuhan 9. pindah pileumpangan = robah adat; berubah kebiasaan atau perilaku 10. nyolong badé = bangun bageur padahal sabenerna jahat; disangka orang baik padahal jahat RINGKASAN Babasan merupakan ciri kekayaan bahasa Sunda, yang di dalam bahasa Indonesia disebut ungkapan. Babasan secara mudah dapat diartikan gabungan dua kata atau lebih yang melahirkan arti baru, biasanya mengandung unsur perbandingan. 3. BERBICARA A Menceritakan Kembali Isi Bacaan Di bawah ada teks tentang tentang pohon dahon yang daunnya sering dibuat atap bangunan. Membuat atap dari dahan merupakan sebagian dari keahlian warga Pangandaran. Bacalah terlebih dahulu, kemudian ceritakan kembali menggunakan bahasa Sunda sesuai dengan kemampuanmu! Dahon Tangkal dahon téh ilaharna tumuwuh teu jauh ti cai. Di sisi walungan, misalna, komo anu geus deukeut ka muara, loba tangkal dahon. Daunna paranjang, haréjo.


WIWAHA BASA | KELAS VII 64 Di Pangandaran, daun dahon téh sok dipaké hateup imah atawa wawangunan lianna. Carana téh daun dahon diwelit heula sina ngéntép. Baréto mah, waktu potongan imah masih basajan, hateupna téh cukup ku daun dahon, lain ku kenténg. Ilaharna imah panggung atawa imah ngupuk anu hateupna tina daun dahon téh. Kandang sasatoan ogé sok aya nu dihateupan ku daun dahon. Anu sok loba nyieunan hateup tina daun dahon téh di antarana sawatara warga di Désa Babakan. Di kuloneun Parigi gé sok aya deuih, terus di wewengkon Cijulang. Nyieun hateup kawas kitu téh jadi sumber pakasaban, najan hasilna teu gedé, ukur semet lumayan keur kaperluan dapur. Tepi ka ayeuna ogé masih kénéh aya anu leukeun migawéna, najan jumlahna geus ngurangan. Pangna kitu téh imah di Pangandaran jaman ayeuna mah umumna geus ngagunakeun kenténg, lain daun dahon. Lamun keur usum hujan, daun dahon téh sok salubur, rarubak jeung paranjang. Anu matak mun keur usum hujan mah hasil produksi tukang nyieun hateup téh sok loba. Mun dina usum halodo sok ngurangan. Ayeuna, najan imah geus langka pisan nu maraké hateup daun dahon, sawatara urang Babakan mah masih kénéh ngaleukeunan nyieun. Hateup daun dahon loba anu digunakeun pikeun mapantes wawangunan, utamana anu sok jadi pangjugjugan wisatawan. Wangunan anu maké daun dahon dianggap éndah katempona. Kitu deui di réstoran atawa di hotél, sok aya bagian tina wawangunanana anu maké hateup daun dahon. Nya ari tujuanana mah sangkan leuwih sieup.


Kurikulum Merdéka 65 Lain di Pangandaran waé ayeuna mah, wawangunan tempat wisata nu ngagunakeun daun dahon téh. Di tempat séjén gé sarua. Éta pangna hateup daun dahon jieunan urang Pangandaran loba anu dibarawa ka Tasik, Bandung, atawa Jakarta, malah ka Jawa Tengah. Perbendaharaan Kata basajan = sederhana diwelit = disusun berjajar, lalu diikat menjadi lembaran yang agak lebar hateup = atap imah ngupuk = rumah berlantai tanah leukeun = rajin mapantes = memperindah sieup = terlihat lebih bagus B Menceritakan Hasil Pengamatan Di seputar tempat tinggalmu tentu banyak yang mempunyai pekerjaan sebagai sumber kehidupan. Dan tentunya sangat beragam. Cobalah kamu melakulan pengamatan dengan mendatanginya. Simaklah apa yang dikerjakannya, lalu kamu ceritakan kepada teman-temanmu. Untuk memudahkan dalam menyusun bahan, misalnya kamu bisa bertanya mengenai: 1. Apa yang dikerjakan oleh orang yang kami temui itu? 2. Bahannya berasal dari apa saja? 3. Peralatan apa saja yang digunakannya? 4. Barang apa yang dihasilkannya? 5. Ke manakah barang yang dihasilkan itu dijualnya? 4. NULIS A Melengkapi Kalimat Pada pelajaran (2) Menyimak telah dibahas warna kecap. Sekarang isilah kalimat di bawah ini sesuai dengan warna kecap yang telah disediakan!


WIWAHA BASA | KELAS VII 66 Kecap Barang Contoh kecap barang misalna: sapédah, kaléci, buku, pamupus, jeung komputer. 1. Harga ________ téh geuning mani mahal, ari sugan murah. 2. Ieu ________ téh paméré ti babaturan anu imahna di tukang. 3. Wati geus biasa nginjeum _________ ti perpustakaan sakola. 4. Kahadé, ari _______ téh ulah sok dipaké téténggoran atuh. 5. Lilis geus bisaeun ngagunakeun _________ pikeun ngetik. Kecap Pagawéan Contoh kecap pagawéan misalna: diajar, ngadahar, ngilikan, méré, jeung nungguan. 1. Sobari mani getol _________, saban peuting tara kaliwat. 2. Ulah _______ lada jeung és atuh, bisi nyeri beuteung! 3. Maman keur _________ harga dagangan di pasar kojéngkang. 4. Kuring ________ japati pos sajodo ka Jang Rukmana. 5. Rita keur _______ lanceukna anu diopnameu di rumah sakit. Kecap Sipat/Kaayaan Contoh kecap sipat/kaayaan misalna: sabar, bedegong, pedit, murah, jeung anteng. 1. Jalma _______ bisa nahan amarah, najan sakumaha ambekna. 2. Bongan maké _________, antukna cilaka ku pamolah sorangan. 3. Boga tatangga téh mani ________, anu matak sok dijarauhan. 4. Ari keur usum mah, harga kadu téh katitih _______, sapuluh rébuan. 5. Ti tatadi barudak ________ ulin dina téras, tepi ka méméh lohor. B Menyusun Sisindiran Di bawah ini ada tiga bait sisindiran, tapi harus disusun terlebih dahulu. Pertama menentukan bagian sampiran dan bagian isi, kemudian menentukan baris kesatu dan kedua, serta baris ketiga dan keempat.


Kurikulum Merdéka 67 Sisindiran yang kamu susun itu sebaiknya ditulis dulu, setelah itu barulh disampaikan secara lisan di hadapan teman-temanmu. (1) (1) sing beresih méh teu bala Sing beresih méh teu bala, kadé bisi manggih kelos kadé bisi manggih kelos. kadé ulah resep bolos Sing getol urang sakola, sing getol urang sakola kadé ulah resep bolos. (2) (2) mun urang kedul sakola Mun hayang manisan pala, mun hayang manisan pala moal gé jalanna muter. moal jadi murid pinter ___________________________ moal gé jalanna muter ___________________________ (3) (3) tangtu wawuh sarta loma ___________________________ tangtu hadé jeung sasama ___________________________ jalma anu hadé basa Jalma anu hadé basa, jalma lahirna Salasa tangtu hadé ka sasama. 5. LATIHAN A Menuliskan Arti Babasan Di bawah ini terdapat sepuluh babasan yang harus kamu isi dengan maksudnya. Kamu tinggal memilih dari jawaban yang disediakan di bagian bawahnya.


WIWAHA BASA | KELAS VII 68 1. amis budi = __________________________________________________ ____________________________________________________________ 2. gedé hulu = _________________________________________________ ____________________________________________________________ 3. ipis biwir = __________________________________________________ ____________________________________________________________ 4. heuras genggerong = _________________________________________ ____________________________________________________________ 5. panjang leungeun = __________________________________________ ____________________________________________________________ 6. amis daging = _______________________________________________ ____________________________________________________________ 7. beurat birit = ________________________________________________ ____________________________________________________________ 8. galégéh gado = ______________________________________________ ____________________________________________________________ 9. hampang leungeun = _________________________________________ ____________________________________________________________ 10. panjang léngkah = ____________________________________________ ____________________________________________________________ a. najan ukur raheut saeutik sok terus borok; meski hanya sedikit terluka, biasanya terus menjadi borok b. mun aya kaambek sok terus teuteunggeul; ringan tangan, suka memukul pada saat marah c. daréhdéh, boh sikep boh omonganana matak pikaresepeun; manis muka, suka tersenyum, dan baik tutur katanya d. sagala dicaritakeun, sanajan teu perlu; suka mengumbar omongan, meskipun tidak perlu disampaikan


Kurikulum Merdéka 69 e. lampar, jauh panyabaanana sarta loba pangalamanana; banyak pengalaman karena sering bepergian ke tempat lain f. sombong, adigung, ngarasa diri panghébatna; sombong, merasa diri paling hebat g. teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan; omongannya tidak enak didengar h. babari ceurik; mudah menangis i. kedul, hésé dititah; malas, enggan jika disuruh j. resep cukat-cokot kana barang batur; panjang tangan, suka mencuri B Menggunakan Babasan pada Kalimat Sepuluh babasan pada Latihan bagian A di atas, isikanlah pada kalimat di bawah ini! Tentu saja harus dipilih dulu. 1. Ku batur sakelasna ogé tara dibaturan budak éta mah, sabab ____________, ka sasaha téh ngan nyaritakeun kabeungharan kolotna. 2. Ti baréto ogé di kelas urang mah euweuh budak nu____________ , da tacan kungsi aya anu kaleungitan barang atawa duit. 3. Resep ari nyémah ka bumi Pa Kuwu téh sabab putrana ____________ , sok sanajan anu datang ka dinya téh teu mawa kikiriman. 4. Keur budakna manéhna téh ____________, mani babari pisan aya borok dina awakna, ngan ayeuna mah geus cageur. 5. Jaman ayeuna mah hirup téh kudu ____________, ulah cicing waé di lembur, bisi kaéléhkeun ku batur geura. 6. Dasar jelema ____________, sakitu di pangajian ogé teu répéh-répéh ngomong, sakitu ku batur diparelongkeun gé. 7. Tong sok ngaheureuyan budak ____________, sabab ari geus ceurik hésé pisan dirérépéhna, hayoh wé ngawiwiw.


WIWAHA BASA | KELAS VII 70 8. Tara aya anu betaheun digawé di pausahaan éta mah, sabab dununganana ____________, jaba korétna kabina-bina. 9. Rumasa waé kuring mah ____________, teu bisa nyarita lemes bari adab, komo mun kudu rengkuh dodongkoan. 10. Dasar manéh mah____________ , teu pira ogé dititah meuli sabun ka warung, mani nyebut embung.


Kurikulum Merdéka 71 Ujian Seméster Ganjil Pangna disebut pindang gunung téh sabab samara pikeun nyieun kadaharan téh asalna tina rupa-rupa bahan nu aya di gunung. Maksudna mah tutuwuhan anu ilaharna jadi di kebon, lain di basisir. Enya, apan ari penduduk di Pangandaran mah lolobana teu jauh ti basisir. Ti baréto kénéh, urang Pangandaran anu matuhna deukeut basisir geus biasa ngala lauk ka laut. Hasilna sabagian dijual, jeung sabagian deui diolah pikeun kaperluan kulawarga sapopoé. Tah, diolahna téh aya anu dijieun angeun. Ari samarana ngagunakeun buah, beuti, kembang, katut daun tina tutuwuhan nu biasa dipelak di gunung. Jadi wé sesebutanana téh pindang gunung. 1. Téma utama dina bacaan bieu téh nyaéta …. a. pindang gunung pikeun urang Pangandaran b. urang Pangandaran beuki pindang gunung c. di Pangandaran loba nu ngala lauk d. bahan pindang gunung téh lauk 2. Pikeun urang Pangandaran, pindang gunung téh …. a. dianggap kadaharan anu mahal hargana c. geus jadi kadaharan anu dianggap has b. geus mimiti jadi kaolahan ti baréto d. kadaharan anu hésé nyieunna 3. Samara pikeun nyieun pindang gunung téh …. a. kudu meuli heula ti toko c. kudu dipoé heula tepi ka garing b. teu hésé néanganana d. campuran bahan nu dililakeun 4. Pindang gunung téh kiwari dipaké …. a. bahan pameran produksi c. ngabibita nu bareuki dahar b. campuran kadaharan lianna d. daya tarik pikeun wisatawan 5. Lauk asin jambal roti béda rasana, sabab béda …. a. dina bahanna jeung ngolahna b. nu dagangna jeung nu meulina c. dina hargana jeung bungkusna d. dina bentukna jeung warnana


WIWAHA BASA | KELAS VII 72 6. Pikeun nu pariknik ka Pangandaran, jambal roti téh …. a. tara dibareulian sabab mahal c. dijarualan deui leuwih mahal b. dipaké oléh-oléh d. dirariung bari dilalajoan 7. Kalimah anu bener nuliskeunana nyaéta …. a. Wilujeung sumping, mugi sing betah! b. Wilujeung sumping, mugi sing beutah! c. Wilujeng sumping, mugi sing betah! d. Wilujeng sumping, mugi sing beutah! 8. Anu disebut colénak téh bahanna tina …. a. peyem sampe c. péyém sampé b. peuyeum sampe d. peuyeum sampeu Kadaharan tina ketan nu cakial—pan ulén dibeuleumna dina areng mun teu kitu—digoréng sangu ketan ditutuan dicampuran ku kalapa—dipoé 9. Bacaan di luhur téh disebutna …. a. pupuh balakbak c. sajak bébas b. sisindiran d. pantun 10. Éta bacaan téh eusina nerangkeun …. a. kalapa anu dipoé b. areng pikeun meuleum kadaharan c. ulén nu bahanna tina sangu ketan d. kadaharan anu dibeuleum 11. Anu disebut lingkungan pamatuhan téh nyaéta …. a. kayaan alam anu ramé b. lingkungan tempat urang matuh c. tempat anu ramé ku wisatawan d. lingkungan anu dipingpin ku bupati Ari di Cibanten mah, biasana Héndra ulin ka huma atawa kebon, bari sakalian ngarit. Malah sakapeung mah sok milu ka leuweung, mun diajakan ku anu rék moro. Loba kénéh bagong apan di leuweung beulah kalér mah. Mun keur usum halodo téh sok aya anu turun ka kebon, néangan hakaneun. Anu matak sok mindeng diboro. 12. Éta bacaan téh nuduhkeun yén Héndra …. a. tadina matuh di Cibanten c. lega huma jeung kebonna b. tara ulin jauh` d. teu betaheun cicing di Cibanten


Kurikulum Merdéka 73 13. Dina éta bacaan, kecap anu nuduhkeun tempat upamana …. a. halodo jeung hakaneun c. bagong jeung moro b. ulin jeung ngarit d. huma jeung leuweung 14. Jalur karéta api ka Pangandaran kiwari …. a. teu ngaliwat ka torowongan c. keur meujeuhna ramé b. geus lila ditutup d. henteu tepi ka Cijulang 15. Karéta api Banjar-Pangandaran ngaliwat kana … handapeun gunung. a. jambatan c. torowongan b. setasion d. walungan 16. Jalur karéta api Banjar-Pangandaran téh dijieunna …. a. jaman kamerdékaan c. jaman keur aya kénéh karajaan b. jaman révolusi d. jaman Walanda 17. Istilah anu nuduhkeun tempat di walungan upamana …. a. galengan jeung pancuran c. supitan jeung bungin b. leuwi jeung léngkong d. geger jeung basisir 18. Conto kecap anu ngandung pola engangna KKVK upamana …. a. proklamasi c. jaladri b. ngantri d. griya 19. Tsunami anu kungsi kajadian di Pangandaran kaasup …. a. kaayaan alam c. robahna alam b. lingkungan alam d. peristiwa alam 20. Ku ayana tsunami, wawangunan nu teu jauh ti basisir …. a. loba anu kahuruan c. loba anu dipaké ngungsi b. loba anu kaléléd ombak d. euweuh anu ruksak Lawon nu mahal hargana, hadé corak sarta kandel. Nyarita teu jeung buktina, tangtu batur moal ngandel. 21. Bacaan di luhur téh disebutna …. a. pantun c. sajak b. sisindiran d. pupuh balakbak 22. Bacaan di luhur téh eusina …. a. humor c. papatah atawa naséhat b. lalakon nu nyarita d. nyaritakeun lawon mahal


WIWAHA BASA | KELAS VII 74 23. Ari nu disebut kecap pagawéan téh nuduhkeun …. a. kaayaan hiji jalma c. rupa-rupa barang b. kagiatan anu dipigawé d. sipat tina hiji pagawéan 24. Kecap anu nuduhkeun kana hiji barang disebutna …. a. kecap pagawéan c. kecap sipat b. kecap sipat d. kecap barang 25. “Kaahlian pamayang téh ngala lauk di laut.” Kecap pagawéan dina kalimah bieu nyaéta …. a. ngala c. kaahlian b. pamayang d. laut 26. “Jalma buntut kasiran mah sok dijarauhan ku babaturanana.” Harti babasan buntut kasiran nyaéta …. a. galak c. bageur b. sopan d. korét 27. “Ulah sok … ari teu ngarti mah, bisi engké manéh cilaka.” Babasan anu merenah pikeun éta kalimah nyaéta …. a. gurat batu c. tuturut munding b. panjang leungeun d. buntut kasiran 28. “Ayeuna mah manéhna jadi bageur, sabab geus ….” Babasan anu merenah pikeun éta kalimah nyaéta …. a. panjang leungeun c. tuturut munding b. babalik pikir d. buntut kasiran 29. Ari pakasaban patani téh ngandelkeun tina …. a. ngala lauk c. raména pasar b. lauk di walungan d. molah lahan 30. Anu kahirupanana ngandelkeun tina nyadap jeung nyieun gula beureum nyaéta …. a. paneresan c. patani b. pamayang d. pangebon


Tujuan Pembelajaran 1. Memahami unsur kebahasaan yang terdapat dalam naskah bacaan tentang sejarah dan tokoh Pangandaran. 1.1 Menerangkan kata-kata yang termasuk ke dalam istilah pemerintahan. 1.2 Menyebutkan siapa saja yang dianggap sebagai tokoh Pangandaran. 1.3 Menyebutkan jasa Pa Daéng Sutigna terhadap negara Indonésia. 2. Memahami pembentukan kata melalui proses nasalisasi. 2.1 Menyebutkan variasi awalan nasal dalam bahasa Sunda. 2.2 Menggunakan kata-kata yang mendapat awalan nasal dalam kalimat. 3. Memahami berbagai istilah dalam kesenian Sunda. 3.1 Menerangkan jenis-jenis kesenian Sunda, terutama yang menjadi ciri khas daerah. 3.2 Menyebutkan berbagai waditra yang digunakan dalam kesenian tradisional Sunda. 3.3 Menggunakan istilah dalam kesenian Sunda dalam pembentukan kalimat. Pertanyaan Pemantik 1. Apakah kamu memahami unsur kebahasaan pada naskah bacaan tentang sejarah dan tokoh Pangandaran? 2. Apakah kamu memahami pembentukan kata melalui proses awalan nasal, serta menggunakannya dalam kalimat? 3. Apakah kamu memahami dan dapat menggunakan berbagai istilah dalam kesenian tradisional, khususnya yang terdapat di Pangandaran? Pelajaran 4 SAJARAH JEUNG TOKOH PANGANDARAN


WIWAHA BASA | KELAS VII 76 1. MEMBACA A Membaca Nyaring Sajarah Ngadegna Kabupatén Pangandaran Baheulana mah nu ngadeg di wewengkon Pangandaran ayeuna téh hiji karajaan, nelahna Karajaan Pananjung. Ngadegna kira-kira dina abad ka-14. Aya sawatara titinggal sajarah anu ceuk hasil panalungtikan éta téh sésa ngadegna Karajaan Pananjung, upamana waé Situs Batu Kaldé. Ari mimiti ramé ku lobana penduduk mah kira-kira dina ahir abad ka-18. Jul-jol nu daratang, terus ngahiji jeung penduduk asli nu geus aya leuwih ti heula. Lila-lila ti lila, dina taun 1819 nya ngadeg pamaréntahan kacamatan. Penduduk anu maratuh di Kacamatan Pangandaran, caricingna loba anu milih tempat teu jauh ti basisir, sabab maranéhna ngandelkeun sumber Gambar suasana di Pangandaran sanggeus jadi kabupaten


Kurikulum Merdéka 77 kahirupan tina ngala lauk. Ombak di beulah dinya henteu pati gedé, sabab kahalangan ku jojontor anu nelah Pananjung. Ku kituna, anu ngarala lauk ka laut téh biasana narunda parahuna di dinya. Taun 1922, jojontor Pananjung téh ku Y. Everen anu harita jeneng Residén Priangan, dirobah jadi taman. Mémang di dinya téh loba sasatoan jarah. Baretaheun, sabab tempatna lega bari loba hakaneun. Aya uncal, mencek, peucang, rupa-rupa monyét, jeung sasatoan lianna. Malahan mah Everen terus ngencarkeun banténg jalu jeung tilu sapi bikang, sina baranahan. Éta taman téh ayeuna mah jadi cagar alam. Kacamatan Pangandaran téh tadina asup ka wewengkon Kabupatén Ciamis. Ti awal taun 1900-an ogé geus mimiti loba nu daratang pikeun piknik, duméh kaayaan di basisir jeung lautna éndah. Katambah deui aya taman nu loba sasatoan. Beuki dieu beuki ramé. Pangandaran jadi pangjugjugan atawa tempat wisata anu kasohor. Nya ku sabab éta, sawatara tokoh masarakat Pangandaran boga anggapan geus meujeuhna mun Pangandaran ngadeg jadi kabupatén. Sajaba ti jumlah pendudukna geus nyumponan sarat, kakayaan alam di Pangandaran bisa ngarojong pikeun mekarna wewengkon. Katambah deuih ku sumber-sumber lianna. Kitu deui mun ditilik tina legana wewengkon, Pangandaran nyumponan sarat pikeun jadi kabupatén. Nya ngadeg Paguyuban Masarakat Pakidulan (PMP) anu dikokojoan ku para tokoh Pangandaran. PMP ngayakeun riungan di Désa Karangbenda, Parigi, tanggal 18 Juli 2004. Dina éta riungan, PMP ngaluarkeun wawaran atawa déklarasi ngeunaan pamekaran Kabupatén Ciamis Selatan. Tilu taun ti harita, persisna mah dina tanggal 17 Juli 2007, masarakat Pangandaran anu jumlahna kira-kira 35 rébu jalma ngumpul deui pikeun ngasakkeun wawaran ti heula, nyaéta kahayang pikeun ngadegkeun Kabupatén Pangandaran. Anu harita daratang téh masarakat ti Kacamatan Padahérang, Mangunjaya, Kalipucang, Pangandran, Sidamulih, Cigugur, Cimerak, Parigi, Cijulang, jeung Langkaplancar. Salapan bulan ti harita, rarancang pikeun ngadegkeun Kabupatén Pangandaran téh mimiti katémbong hasilna. Kahayang urang Pangandaran pikeun ngadegkeun kabupatén disatujuan dina sidang DPRD Kabupatén Ciamis. Ari jadi putusan pamaréntah di tingkat pusat mah ti taun 2012, nyaéta Pangandaran jadi kabupatén.


WIWAHA BASA | KELAS VII 78 Perbendaharaan Kata bikang = betina dikokojoan = dipimpin jalu = jantan jeneng = menjabat meujeuhna = cukup nelahna = sebutannya ngadeg = berdiri ngarojong = mendukung panalungtikan = penelitian sasatoan jarah = binatang liar titinggal = peninggalan RINGKASAN Pada jaman dahulu, kira-kira abad ke-16, di wilayah Pangandaran terdapat Kerajaan Pananjung. Ada beberapa peninggalan bersejarah, sesuai hasil penelitian. Kawasan Pananjung mulai ramai ditempati pada awal taun 1900-an. Mereka umumnya menjadi nelayan. Awal taun 1900-an, kawasan Pananjung disulap menjadi taman, tempat beberapa jenis binatang liar, bahkan ditambah banteng. Sejak saat itulah pantai Pangandaran dikenal sebagai daerah wisata, swehingga perkembangannya semakin pesat. Masyarakat Pangandaran berkeinginan agar daerahnya menjadi kabupaten, karena persyaratannya dianggap sudah memadai. Dengan adanya perjuangan yang gigih para tokoh masyarakat, akhirnya pada tahun 2012, Pangandaran ditetapkan sebagai kabupaten. Menjawab Pertanyaan Jawablah pertanyaan di bawah ini, sesuai dengan isi bacaan! 1. Ari nu dimaksud Karajaan Pananjung téh naon, jeung di mana tempatna? 2. Kumaha ari kayaan di dinya dina ahir abad ka-18?


Kurikulum Merdéka 79 3. Dina awal abad ka-19, naon anu diadegkeun di dinya? 4. Naon sababna di basisir Pananjung loba anu nunda parahu? 5. Naon anu dipigawé ku Residén Priangan dina taun 1922? 6. Sasatoan naon waé nu asa di dinya téh? 7. Naon sababna ti mimiti awal taun 1900-an ogé loba nu piknik ka Pangandaran? 8. Naon anu dipaké dasarna yén Pangandaran geus meujeuhna jadi kabupatén? 9. Aya kajadian naon dina tanggal 18 Juli 2004, jeung 17 Juli 2007? 10. Diitung tepi ka ayeuna, geus sabaraha taun ngadegna Kabupatén Pangandaran téh? B Membaca dalam Hati Daéng Sutigna Bapa Angklung Indonésia Loba nu nyangka turunan Bugis, duméh jenenganana Daéng, lengkepna Daéng Sutigna. Apan ari sesebutan “daéng” téh gelar pikeun sabagian masarakat di Makassar, Sulawesi Selatan. Mun di Sunda mah kira-kira sarua jeung “radén”. Padahal Daéng Sutigna mah asli turunan Pangandaran. Umumna nyebut ka anjeunna téh Pa Daéng. Geus moal aya nu bireuk, ulah waka pikeun urang Sunda, dalah di sa-Indonésia ogé tangtu réa nu apal. Ari Pa Daéng téh apan jujulukna “Bapa Angklung Indonésia”. Nya anjeunna anu nyiptakeun waditra kasenian angklung anu ngagunakeun nada diatonis, nyaéta maké patokan do-ré-mi-fa-sol-la-si-do. Da ari tadina mah angklung téh ngagunakeun nada pentatonis, nyaéta maké patokan da-mi-nati-la-da. Kiwari angklung téh geus resmi diaku ku UNESCO jadi warisan budaya dunya. Ari UNESCO téh hiji badan dina organisasi PBB, tugasna di antarana dina urusan kabudayaan nu aya di saban bangsa.


WIWAHA BASA | KELAS VII 80 Ramana Pa Daéng téh nyaéta Mas Kartaatmaja, asli urang Pangandaran, ti jaman karuhunna kénéh. Éyangna Pa Daéng téh wadana nu matuhna di Cikembulan. Titinggal kulawarga Mas Kartaatmaja di Pangandaran masih kénéh aya, nyaéta bumi di Karanggedang. Salulusna ti sakola guru, Mas Kartaatmaja janten guru di Pameungpeuk, Garut. Pa Daéng ogé dilahirkeunana di Pameungpeuk, 13 Mei 1908. Pangna dinamian “Daéng” téh mémang aya sajarahna. Jaman sakola guru, Mas Kartaatmaja téh sakelas sareng Daéng Ardiwinata. Nyobat pisan, sarta aya rasa hormat. Mas Kartaatmaja kedal ucap, mun dipareng kagungan putra rék dinamian Daéng. Tah kitu sajarahna nami Daéng Sutigna téh. Ari Pa Daéng Ardiwinata mah mémang ramana urang Bugis, ngan ibuna urang Sunda, tur ti keur murangkalihna gé matuh di Bandung. Saterasna Pa Daéng Ardiwinata janten tokoh pergerakan Indonésia, sastrawan Sunda, tur kantos janten ketua organisasi Paguyuban Pasundan anu munggaran. Pa Daéng Sutigna gé lulusan sakola guru di Bandung, taun 1928. Kantos ngajar di Cianjur, teras dialihkeun ka Kuningan. Kaseneng Pa Daéng téh kana musik, ti jaman sakola kénéh. Éta pangna anjeunna dipikaresep ku muridmuridna. Nya waktos matuh di Kuningan, dina taun 1930-an, Pa Daéng nyiptakeun alat musik angklung anu ngagunakeun nada diatonis téh. Dina jaman harita, angklung téh dianggap taya ajénan. Malah dipakéna téh ukur ku tukang jajaluk. Cék dina émutan Pa Daéng, lamun angklung geus diropéa, tangtu bakal bisa digunakeun dina kagiatan pendidikan di sakola. Pa Daéng diajar ngadamel angklung ka Pa Jaya. Dina mangsa-mangsa awal mah hasil padamelan Pa Daéng téh taya anu nolih. Najan kitu, Daéng teu putus harepan. Nya ahirna, sanggeus ngaliwatan perjuangan anu daria, angklung péntatonis damelan Pa Daéng téh loba anu mikaresep. Angklung dianggap salah sahiji musik nasional Indonésia, tur mindeng dipagelarkeun di mancanagara. Kitu nu jadi kasang tukangna pangna kiwari angklung jadi warisan budaya dunya. Éta téh jasa Pa Daéng Perbendaharaan Kata daria = sungguh-sungguh, serius diropéa = diperbaiki jenenganana = namanya


Kurikulum Merdéka 81 karuhunna = leluhurnya, nenek moyangnya kaseneng = kesukaan munggaran = pertama, awal murangkalih = anak-anak nolih = memperhatikan tukang jajaluk = peminta-minta waditra = instrumen RINGKASAN Pa Daéng Sutigna sering dianggap keturunan Bugis, karena nama depannya “Daéng”, padahal leluhurnya asli Pangandaran. Pa Daéng lulusan sekolah guru di Bandung, lalu diangkat menjadi guru di Cianjur, kemudian dipindahkan ke Kuningan. Pada waktu bertugas di Kuningan, Pa Daéng menciptakan angklung dengan nada diatonis. Pa Daéng berpendirian, angklung dapat digunakan dalam dunia pendidikan. Namun hasil perjuangannya tidak mendapat sambutan. Tanpa berputus asa, Pa Daéng terus berupaya, hingga akhirnya musik angklung disukai masyarakatm bahkan oleh bangsa-bangsa di dunia. Akhirnya UNESCO menetapkan bahwa angklung adalah warisan budaya dunia. Hal itu berkat jasa Pa Daéng Sutigna. Membetulkan Isi Kalimat Betulkan kalimat di bawah ini, agar isinya sesuai dengan bacaan! Tulislah di bagian bawahnya, pada tempat yang disediakan! 1. Pa Daéng Sutigna téh urang Makassar nu matuhna di Pangandaran.____ ___________________________________________________________ . 2. Pa Daéng téh anu nyiptakeun angklung Sunda, maké nada péntatonis. _ ___________________________________________________________ . 3. Angklung téh kiwari ku UNESCO resmi diaku jadi budaya Pangandaran. _ ___________________________________________________________ . 4. Ari Pa Daéng Sutigna téh putrana Pa Daéng Ardiwinata, urang Bugis. ___ ___________________________________________________________ .


WIWAHA BASA | KELAS VII 82 5. Pa Daéng Sutigna téh lulusan sakola kasenian di Pameungpeuk. ______ . ____________________________________________________________ 6. Pa Daéng Sutigna ngadamel angklung diatonis waktos nuju di Bandung. ___________________________________________________________ . 7. Ari nu diguruan ngadamel angklungna nyaéta Mas Kartaatmaja._______ ___________________________________________________________ . 8. Ceuk dina émutan Pa Daéng, angklung bisa digunakeun dina usaha. __ . ____________________________________________________________ 9. Angklung damelan Pa Daéng ti awalna ogé loba nu ngabagéakeun. ____ ___________________________________________________________ . 10. Musik angklung téh ngan dipikaresep ku bangsa Indonésia wungkul.___ ___________________________________________________________ . 2. MENYIMAK A Awalan Nasal Diterangkan oleh Ibu/Bapak Guru. Geura pék bandungan ieu kalimah! 1. Geus meujeuhna mun Pangandaran ngadeg jadi kabupatén. 2. Caricingna loba anu milih tempat teu jauh ti basisir. 3. Jul-jol nu daratang, terus ngahiji jeung penduduk asli. 4. Loba nu nyangka turunan Bugis, duméh jenenganana Daéng. Dina opat kalimah bieu aya opat kecap anu ditulisna ku aksara kandel, kaasupna kecap rundayan. Ari kecap rundayan téh nyaéta kecap anu geus dirobah maké rarangkén (basa Indonésiana imbuhan). Éta kecap rundayan anu lima téh dirobahna ku cara ngagunakeun rarangkén hareup nasal. Geura kieu robahna mah:


Kurikulum Merdéka 83 1. adeg robah jadi ngadeg Kalimahna: Geus meujeuhna mun Pangandaran ngadeg jadi kabupatén. 2. pilih robah jadi pilih Kalimahna: Caricingna loba anu milih tempat teu jauh ti basisir. 3. hiji robah jadi ngahiji Kalimahna: Jul-jol nu daratang, terus ngahiji jeung penduduk asli. 4. sangka robah jadi nyangka Kalimahna: Loba nu nyangka turunan Bugis, duméh jenenganana Daéng. Dina basa Sunda, nasalisasi téh aya sawatara rupa. Geura hég titénan contona anu aya di handap. 1. Robah jadi m lamun nyanghareupan kecap anu dimimitian ku aksara b atawa p. a. Yanti meuli mantéga ti warung Uda Imran. (beuli jadi meuli) b. Jarum jam teu daékeun muter, sabab ruksak. (puter jadi muter) 2. Robah jadi ny lamun nyanghareupan kecap anu di mimitian ku aksara c, j, atawa s. a. Saha nya anu nyandak karajinan tina karton? (candak jadi nyandak b. Asana Rahmi anu tadi nyait poé karpét téh. (jait jadi nyait) c. Unggal isuk Dadan sok nyampeur ka sakola. (sampeur jadi nyampeur) 3. Robah jadi n lamun nyanghareupan kecap anu dimimitian ku aksara t. a. Lantaran pinter, Aisah narima béasiswa ti Bapa Bupati. (tarima jadi narima) b Angkot ka kompléks narik muatan meunang lima balikan. (tarik jadi narik) 4. Robah jadi ng atawa nga lamun nyanghareupan kecap anu dimimitian ku aksara k, w, b, atawa vokal. a. Asép Ramdan sok ngarang carpon dina majalah. (karang jadi ngarang) b. Mama Ajengan nuju ngawuruk para santri. (wuruk jadi ngawuruk) c. Linggis téh ampir ngabanting kana bincurang. (banting jadi ngabanting) d. Ahmad dititah ngala lauk keur ngirim ka kota. (ala jadi ngala)


WIWAHA BASA | KELAS VII 84 B Istilah Kesenian Nya anjeunna anu nyiptakeun waditra kasenian angklung anu ngagunakeun nada diatonis, nyaéta maké patokan do-ré-mi-fa-sol-lasi-do. Da ari tadina mah angklung téh ngagunakeun nada pentatonis, nyaéta maké patokan da-mi-na-ti-la-da. Dina téks anu bieu dibandungan ku hidep aya kecap waditra, nada diantonis, jeung nada péntatonis. Éta téh istilah anu digunakeun dina kasenian. Anu dimaksud waditra nyaéta pakakas atawa alat kasenian (dina basa Indonésia disebutna instrumén). Ari nada diatonis jeung nada péntatonis nyaéta aturan atawa patokan luhur-handap sora dina karawitan atawa musik. Karawitan Sunda ngagunakeun nada péntatonis, anu patokanana da-mi-na-ti-la-da. Ari musik Indonésia anu ngindung ka musik Barat ngagunakeun nada diatonis, patokanana do-ré-mi-fa-sol-la-si-do. Waditra kasenian Sunda téh rupa-rupa, boh cara nabeuhna jeung digunakeunana, boh nu dipaké bahanna. Waditra anu nyadakeunana ku cara ditiup upamana suling atawa tarompét. Waditra anu nyadakeunana ku cara ditakol upamana gambang, saron, jengglong, atawa goong. Waditra anu nyadakeunana ditepak upamana kendang, terebang, atawa dogdog. Waditra anu nyadakeunana ku cara dikését upamana rebab, piul, atawa tarawangsa. Waditra anu nyadakeunana ku cara disintreuk upamana kacapi.


Kurikulum Merdéka 85 Kitu deui dina bahan utamana, aya waditra anu dijieunna tina kulit, tina parunggu atawa tina beusi, tina awi atawa tina kai, jeung tina kawat. Pék geura ku hidep titénan gambarna! Ari kasenian tradisi anu hirup di Pangandaran di antarana aya nu disebut ronggéng gunung, badud, sintrén, éblég, wayang golék, wayang kulit, réngkong, degung, calung, jeung sandiwara. Ari kasenian anu paling dianggap has Pangandaran nyaéta ronggéng gunung jeung badud. C Istilah Pemerintahan 1. Lila-lila ti lila, dina taun 1819 nya ngadeg pamaréntahan kacamatan. 2. Nya ku sabab éta, sawatara tokoh masarakat Pangandaran boga anggapan geus meujeuhna mun Pangandaran ngadeg jadi kabupatén. Dina éta kalimah aya kecap kacamatan jeung kabupatén. Tangtu hidep geus nyaho kana maksudna. Boh kacamatan boh kabupatén, éta téh istilah dina pamaréntahan. Ari di sahandapeun kacamatan téh aya nu disebut désa atawa kalurahan. Kacamatan dipingpinna ku camat, ari désa atawa kalurahan dipingpinna ku kuwu, lurah, atawa kapala désa. Saluhureun kacamatan aya kabupatén anu dipingpin ku bupati. Geura pék regepkeun ieu sawatara kalimah anu ngagunakeun istilah pamaréntahan. 1. Jaman ayeuna mah di tingkat désa ogé geus loba anu ngadegkeun SMP. 2. Aya dalapan taunna Pa Rusmana jadi kapala dusun, sabab kapaké ku warga. 3. Mun rék nyieun surat pindah mah mimitina kudu lapor heula ka Ketua RT. 4. Ibu Camat énjing badé ngaresmikeun Posyandu di wewengkon Karangjaladri. 5. Anu kapilih jadi sekretaris désa téh Pa Tarmana, urang Langkaplancar. 6. Ti sanggeusna jadi kabupatén, di Pangandaran diadegkeun universitas. 7. Geus puluhan taun, Bandung jadi puseur dayeuh Provinsi Jawa Barat. 8. Undang-undang anu ngatur pamaréntah daérah disahkeun ku DPR. 9. Sakur anggota kabinét tugasna ngalaksanakeun program pangwangunan. 10. Ceuk béja mah anu rék nyalonkeun jadi gupernur téh aya opatan.


WIWAHA BASA | KELAS VII 86 3. BERBICARA A Melakukan Percakapan Peragakanlah percakapan di bawah ini di depan kelas bersama temanmu! Tatahar Nyanghareupan Lomba Kelas Hikmat : “Urang kudu geus siap nyanghareupan rupa-rupa perlombaan ahir taun.” Fénty : “Atuh enya. Piraku kelas urang tepi ka teu jadi juara. Géngsi atuh, bo.” Aldi : “Urang mah tong hayang gedé-gedé teuing jadi juara téh, beurat mawana.” Fénty : “Maksudna kumaha?” Aldi : “Enya, cukup jadi juara kahiji gé, ulah hayang kadua atawa katilu.” Éndah : “Lamun hayang jadi juara mah kudu garetol jeung kompak atuh.” Hikmat : “Heueuh kitu, anu matak ayeuna ngajak badami gé, ngarah urang bisa kompak. Targét urang téh di antarana kudu jadi juara


Kurikulum Merdéka 87 kaberesihan jeung kaéndahan kelas. Apan éta téh dipigawéna kudu kompak.” Aldi : “Targét kadua jadi juara naon?” Hikmat : “Maén bal mah jigana moal asup ka semifinal, semifinal acan, da pasti moal kuat ngalawan kelas VII-4.” Éndah : “Baskét ogé sarua, di kelas urang mah taya jagona.” Hikmat : “Anu geus jelas, anu bakal jadi juara mah catur jeung pingpong.” Fénty : “Enya, catur jeung pingpong mah optimis. Jago catur apan ayana di kelas urang, Odang Hudaya. Terus deuih pingpong, tenang lah, apan aya Séna.” Éndah : “Béjaan atuh ti ayeuna kénéh, sina tambah getol latihan.” Hikmat : “Ari Séna mah jelas rutin latihan, da jadi anggota kleup.” Aldi : “Tah, ngan Odang Surodang yeuh anu kudu dipikiran téh.” Fénty : “Naha ku naon kitu, Al?” Aldi : “Ayeuna téh keur ngedul latihan.” Éndah : “Enya, si éta mah ayeuna téh keur resep maén pé-és. Kamari gé basa disampeur rék migawé pé-ér, mani léléda pisan, da keur asik maén pé-és.” Hikmat : “Urang béré sumanget waé ku saréréa.” Fénty : “Geus waé atuh Aldi anu miluan catur mah.” Aldi : “Wah, horéam lebah hulang-hulengna ari catur téh.” Éndah : “Anu teu maké hulang-huleng mah kuduna miluan balap kurupuk, hé-hé-héh ....” Aldi : “Baé lah miluan balap kurupuk gé, asal hadiahna ... kulkas berwarna!” B Menceritakan Kembali Dongeng yang Dibaca Bacalah téks dongeng di bawah ini! Emas Warisan Bapa Tilu sadulur geus lila hirup papencar, harita kabeneran kumpul deui. Maranéhna geus lila pisan ngumbara di kota. Saurang ogé taya senang, malah leuwih ripuh batan keur cicing di lembur. Tapi maranéhna embung balik.


WIWAHA BASA | KELAS VII 88 Cek pikiranana, hirup di kampung mah kudu daék bebelesekan dina leutak, jaba kudu réa korban tanaga. Harita tiluanana keur ngariung-riung bapana di enggon, keur gering ripuh. Ngareluk bangun sedih. Malah ngarasa kaduhung, pédah pleng les ningalkeun kolot. Bapana nyarita ka anak-anakna, “Kahadé, lamun isuk pagéto Bapa maot, rajakaya nu ditinggalkeun kudu dipiara, sanajan ukur sawah jeung kebon nu teu pati lega.” Ngadéngé caritaan bapana kitu, éta tilu dulur téh ukur silih pelong. Maranéhna ngarasa horéam ngalaksanakeun amanat bapana. Komo nu cikal mah, rék pok pisan yén manéhna teu sanggup ari kudu cicing deui di lembur mah. Pok deui bapana nyarita, “Bapa boga titinggal nu tacan kungsi dibéjakeun ka sasaha ogé. Di kebon tukangeun imah téh aya emas!” Anakna silih pelong bangun reuwas kacida. Tapi maranéhna teu wani nanyakeun lebah-lebahna. Anu sidik maranéhna percaya kana éta omongan bapana. Teu kungsi lila bapana terus maot. Tilu poé ti harita, éta tilu sadulur téh singkil rék ngabuktikeun caritaan bapana. Kebonna mah teu lega, nga geus lila teu diurus. Eurih jeung alimusa ngajejembrung.


Kurikulum Merdéka 89 Der kebon téh dipaculan. Dina jero sapoé jeput téh ngan ukur meunang juruna wungkul, bubuhan kudu nyacaran heula eurih. Tapi emas nu diomongkeun ku bapana mah tacan kapanggih raratanana. Meureun lain di beulah dinya ayana, ceuk pikiran maranéhna. Isukna geus der deui digarawé, malah ayeuna mah ti subuh kénéh ngamimitianana. Parat tepi ka magrib, saroson-soson naker, sangkan emas buru-buru kapanggih. Tapi nu ditéangan keukeuh tacan kapanggih. Poé nu kalima ampir parat. Salila digawé lima poé téh ari capéna mah nataku. Malah nu cikal jeung nu panengah mah geus mimiti boboléh. Tinggal nu bungsu nu masih ngeureuyeuh téh. Manéhna keukeuh boga kayakinan, yén di éta kebon téh mémang aya emas. Isukna nu bungsu ngajak deui lanceuklanceukna ngahanca gawé. Tapi batan daraékeun, kalah ka arambek. Malah terus baralik deui ka kota. Panceg saminggu kebon téh parat dipacul ku si bungsu. Tapi emas mah weléh tacan kapanggih. Itung-itung ngareureuhkeun cape, gék manéhna diuk handapeun tangkal kiara. Rét nempo taneuh meunang maculan, sakolépat beungeut bapana némbongan. Dina hiji waktu, cur hujan mani ngagebrét. Atuh isukna kebon meunang maculan téh jadi ledok. Manéhna maksakeun bebelesekan. Susuganan emas téh kapanggih ti jero taneuh. Tapi kawas nu enggeus-enggeus baé, sanajan taneuh ku manéhna geus diidekan disasaran, emas téh lebeng teu kapanggih! Sababaraha poé ti harita taneuh urut bebelesekan manéhna téh jadi léndo. Manéhna ngahuleng. Nyay aya pikiran, jiga bakal pialuseun lamun dipaké tatanén, cek pikirna. Ah, kapalang gawé, matak naon mun ayeuna ku aing dipelakan ieu kebon téh. Enya, hanas meunang maculan sacapé-capé, nyaah temen lamun diantep sina gahgar deui mah. Isukna manéhna mitembeyan melakkeun palawija, kayaning jagong, kacang, cabé jeung sajabana. Keun, sugan wé hasilna alus, itung-itung ngagantian emas téa, cek pikirna. Bubuhan taneuhna subur tur hadé piara, atuh tatanénna téh mokaha hasilna. Pepelakan mani morontod. Dina mangsana geus dipanén, hasilna mucekil. Manéhna bisa ngajual ka pasar. Dina hiji isuk, bari ngajanteng deui nénjokeun kebonna, manéhna ngagerendeng ngomong sorangan, “Enya, aya emas téh. Teu nyalahan omongan bapa téh. Tuh buktina, hasil tatanén sakitu ngaleuyana. Da mun seug aing teu maculan kebon rék néangan emas mah, tacan karuhan bisa kieu.”


WIWAHA BASA | KELAS VII 90 Nya ti harita, manéhna tetep renggenek di lemburna, ngurus rajakaya titinggal bapana. Keur naon maké kudu lunta ka kota, apan di dieu gé geuning bisa kénéh hirup. Jeung deuih mun ieu désa ditinggalkeun ku saréréa, saha nu bakal nuluykeun gawé kolot urang? Kitu cek pikirna. Sababaraha bulan ti harita, lanceuk-lanceukna ogé marulang deui ka lemburna. Lantaran dibéjaan ku manéhna, yén emas titinggal bapa téh ayeuna mah cenah geus kapanggih. Perbendaharaan Kata alimusa = sejenis tanaman perdu berduri bebelesekan dina leutak = berlumpur-lumpur boboléh = mengalah cicing = berdiam, tinggal enggon = kamar tidur eurih = ilalang gahgar = tandus gering ripuh = sakit parah kaduhung = menyesal ledok = berlumpur mitembeyan = memulai, mengawali sakitu ngaleuyana = begitu banyaknya sapoé jeput = sehari suntuk singkil = menyingsingkan lengan baju, siap bekerja tilu sadulur = tiga bersaudara Tugas Setelah dongeng di atas selesai kamu baca, sekarang cobalah kamu ceriatakan kembali dengan bahasa Sunda, sesuai dengan kemampuanmu. Jadi jangan merasa takut salah. Ceritakan di depan kelas di hadapan teman-temanmu!


Kurikulum Merdéka 91 C Menceritakan Dongeng dari Daerah Setempat Di wilayah tempat tinggalmu, atau di seputarnya, tentu terdapat dongeng, khususnya yang dianggap sebagai dongeng has daerah setempat. Cobalah kamu cari atau kamu tanyakan kepada orang tuamu, atau kepada siapa saja yang mengetahuinya. Mintalah agar dongeng tersebut diceritakan, lalu kamu catat atau kamu rekam dengan hapé. Setelah itu, hafalkan dongeng tersebut, lalu kamu ceritakan kembali di depan kelas di hadapan teman-temanmu! 4. MENULIS A Melengkapi Kalimat dengan Istilah Kesenian Lengkapi kalimat di bawah ini dengan istilah kesenian. Kami hanya tinggal memilih dari jawaban yang disediakan. 1. Waditra kasenian Sunda anu bahanna tina awi nyaéta …. a. angklung c. kendang b. gambang d. dogdog 2. Wadita ieu di handap cara nyadakeunana ditepak, nyaéta …. a. kacapi c. kendang b. tarompét d. rebab 3. Kasenian anu dianggap has Pangandaran di antarana …. a. wayang golék c. degung b. ronggéng gunung d. wayang kulit 4. Waditra kasenian anu cara nyadakeunana disintreuk upamana …. a. tarawangsa c. jengglong b. gambang d. kacapi 5. Dina kasenian kendang penca, geus pasti aya waditra …. a. tarompét c. rebab b. suling d. dogdog 6. Pagelaran kasenian anu aya unsur paguneman atawa dialog upamana …. a. kendang penca c. sandiwara b. degung d. jaipongan


WIWAHA BASA | KELAS VII 92 7. Waditra kasenian anu bahan utamana tina kulit upamana …. a. angklung c. goong b. terebang d. piul 8. Anu medar lalakon dina pagelaran wayang golék disebutna …. a. sutradara c. sindén b. panayagan d. dalang 9. Ari anu pancénna nabeuh gamelan dina wayang golék disebutna …. a. panayagan c. sindén b. tukang goong d. dalang 10. Pintonan kasenian anu ngagunakeun kukudaan tina bahan kulit, bilik, atawa giribig nyaéta …. a. rengkong c. calung b. badud d. éblég B Memilih Istilah Pemerintahan Pilihlah istilah pemerintahan yang tepat pada jawaban yang tersedia di sebelah kanan! Setelah itu, isikanlah ke dalam kalimatnya! 1. Puseur dayeuh __________ Pangandaran téh di Parigi a. kabinét 2. Gempungan di kabupatén diiluan ku wakil ti ________. b. provinsi 3. Minggu hareup aya lima ______ anu wargana rék milih lurah. c. presidén 4. Barétona jadi _______, terus naék pangkat jadi kapala dinas. d. législatif 5. Mamang kungsi dua kali kapilih jadi _____ di Désa Cimerak. e. kabupatén 6. Ari saratna jadi ______ téh di antarana unggul dina pilkada. f. camat 7. Pamaréntahan tingkat ________ dipingpin ku gupernur. g. bupati 8. Ari anu disebut mentri téh nyaéta para anggota _______. h. kacamatan 9. Anu mingpin pamaréntah pusat disebutna ________. i. kuwu 10. Ari para wakil rayat diukna téh di lembaga ________ j. désa


Kurikulum Merdéka 93 5. LATIHAN A Memilih Kata yang Tepat Isilah Kalimat di bawah ini dengan kata yang sudah menggunakan awalan nasal! Kamu hanya tinggal memilih dari jawaban yang tersedia di sebelah kanan. 1. Pangna kapal bisaeun _________ téh sabab kolécerna muih. a. nunda 2. Mun rék ______ angkot mah ulah di dieu, sabab geus pinuh b. nyampeur 3. Cing bantuan _________ mobil, Jang, engké diburuhan peremén! c. ngencar 4. Barudak keur ________ di walungan, ramé bari susurakan d. nampa 5. Biasana gé Wida ________ sakola téh tabuh satengah tujuh. e. ngabohong 6. Ari kamari manéh _______ pulpén téh luhureun méja tulis? f. nyingcet 7. Domba téh ulah sina ________ atuh, bisi ngaranjah kebon! g. ngojay 8. Saha waé anu mangkukna _______ hadiah juara kelas téh? h. ngapung 9. Mun teu gancang _______ mah, pasti bakal katabrak motor. i. megat 10. Ulah sok _________, bisi ka manéh moal aya percaya. j. ngadorong B Menyelesaikan Kalimat Selesaikanlah kalimat di bawah ini, sehingga maksudnya menjadi jelas!


WIWAHA BASA | KELAS VII 94 1. Ku ayana jasa Pa Daéng Sutigna, kiwari angklung téh ________________ ___________________________________________________________ . 2. Pa Daéng téh turunan Pangandaran, ari éyangna jadi ________________ ___________________________________________________________ . 3. Anu jadi Pangandaran ayeuna, jaman baheulana mah _______________ ___________________________________________________________ . 4. Pangna di basisir Pananjung loba pamayang sabab _________________ ___________________________________________________________ . 5. Pangandaran kasohor jadi tempat wisata ti mimiti __________________ ___________________________________________________________ . 6. Daya tarik pikeun nu pariknik ka Pangandaran nyaéta _______________ ___________________________________________________________ . 7. Sato jarah nu aya di Cagar Alam Pangandaran misalna _______________ ___________________________________________________________ . 8. Basa keur kacamatan kénéh mah Pangandaran asupna ______________ ___________________________________________________________ . 9. Pangandaran robah jadi kabupatén dumasar kana __________________ ___________________________________________________________ . 10. Sarat jadi kabupatén pikeun Pangandaran di antarana _______________ ___________________________________________________________ .


Pelajaran 5 ÉTIKA JEUNG TATAKRAMA Tujuan Pembelajaran 1. Memiliki pemahaman dan pengetahuan mengenai étika dan tatakrama Sunda, serta dapat menggunakannya dalam kehidupan bermasyarakat. 1.1 Menyebutkan yang dimaksud tatakrama serta fungsinya dalam kehidupan 1.2 Mengidentifikasi minimal 10 istilah dalam tatakrama, baik yang dinggap positif maupun negatif. 1.3 Membuat kalimat menggunakan istilah tatakrama. 1.4 Melakukan percakapan dengan kawan tentang tatakrama. 2. Memiliki pengetahuan tentang bentuk puisi dalam karya sastra Sunda. 2.1 Membacakan sajak dengan pengucapan dan intonasi yang benar. 2.2 Menembangkan pupuh pucung. 2.3 Menuliskan isi sajak yang dibacanya. 3. Memahami akhiran dalam bahasa Sunda. 3.1 Menyebutkan kegunaan akhiran –an -na, dan –eun dalam bahasa Sunda. 3.2 Menggunakan kata yang sudah mengalami proses pembentukan dengan akhiran –an, –na, dan –eun ke dalam kalimat. Pertanyaan Pemantik 1. Mengapa etika dan tatakrama penting diketahui dan diterapkan dalam kehidupan kita, dan apa saja yang termasuk ke dalam tatakrama Sunda? 2. Dapatkah kalian membedakan antara sajak dan guguritan, termasuk dalam menyampaikannya sebagai bentuk keindahan sastra? 3. Apakah kalian bisa menggunakan kata yang sudah berubah karena diberi akhiran –an, –na, dan –eun?


WIWAHA BASA | KELAS VII 96 1. MEMBACA A Membaca Indah Bacalah sajak di bawah ini dengan pengucapan dan intonasi yang benar! Tatakrama Sunda Sopan santun ngan wungkul banda manusa ngajénan reujeung papada hirup kumbuh babarengan sauyunan Urang Sunda soméah henteu adigung teu hayang diugung-ugung sanajan pangkatna nanjung handap asor Ngucap teu dapon disada hadé lisan ka sasama ngomong teu dicampur bohong jauh tina mitenahkeun sok komo mun maséakeun sangkan tingtrim hirup kumbuh


Kurikulum Merdéka 97 Laku lampah anu nembrak dipahing batur teu ngeunah ulah matak jadi bengkah tatakrama keur padoman jeung batur silih ajénan nu dipalar karapihan Ucap jeung lampah eunteungna haté naha ngagenclang hérang resep nempona atawa kotor belewuk euweuh alusna TERJEMAHAN SAJAK Sopan santun hanyalah milik manusia saling menghargai dengan sesama hidup dalam kebersamaan penuh kerukunan Orang Sunda merendah tidaklah sombong tak ingin dipuji-puji meski punya pangkat tinggi tidak tinggi hati


WIWAHA BASA | KELAS VII 98 Berkata tak asal bunyi bagus ucap kepada sesama bicara tanpa dicampur bohong jauh dari memfitnah menghindarkan pertengkaran agar tentram kehidupan Perilaku yang terlihat jangan membuat tak enak hubungan pun jadi jauh tatakrama untuk pedoman satu sama lain menghargai yang diharap ketertiban Ucap dan kelakuan cerminan hati apakah cemerlang membuat orang suka melihatnya atau kotor berdebu sehingga tak tampak bagusnya Membetulkan Isi Kalimat Pernyataan pada kalimat di bawah ini tidak sesuai dengan isi sajak yang barusan kamu baca. Cobalah kamu perbaiki pada bagian di bawahnya! 1. Ucap jeung lampah taya patalina jeung haté. ____________________________________________________________ 2. Ucap jeung lampah hadé, haténa kotor belewuk. ____________________________________________________________


Kurikulum Merdéka 99 3. Ciri tatakrama Sunda mun nyarita sok sulaya. ____________________________________________________________ 4. Ngajénan ka sasama manusa teu kaasup tatakrama. ____________________________________________________________ 5. Jalma anu pupujieun pasti boga pangkat luhur. ____________________________________________________________ 6. Mun urang ngomong mah nya kumaha ceuk urang wé. ____________________________________________________________ 7. Ari nu disebut bener kudu kumaha ceuk diri sorangan. ____________________________________________________________ 8. Nu disebut tatakrama ngan wungkul boga urang Sunda. ____________________________________________________________ B Membaca dalam Hati Punten “Punten ….” Kitu nu sok remen diucapkeun ku urang Sunda mah. Teu awéwé, teu lalaki. Teu kolot, teu budak. Rék ngaliwat ka hareupeun batur, tangtu bakal nyebut punten. Rék nyémah gé sarua sok nyebut punten. Mun urang jol-jol asup ka imah batur, bari teu nyebut punten, sok sanajan ka imah nu wawuh, éta téh dianggap cologog. Ari jalma cologog téh sarua jeung teu nyaho tatakrama. Kumaha ari di Pangandaran? Nya sarua, najan bisa jadi aya anu ngaganti kecap punten ku permisi. Ari maksudna éta-éta kénéh. Hartina punten atawa permisi téh ménta idin, sabab urang rék migawé hiji hal di tempat anu aya batur. Sajaba ti ngaliwat atawa nyémah, mun rék nginjeum barang batur atawa rék ménta dibantuan ogé apan sok nyebut punten atawa permisi. Kitu deui mun rék nyarita dina riungan, atawa rék balik ninggalkeun riungan. Éta téh nuduhkeun permisi atawa ménta idin ka nu araya di dinya.


WIWAHA BASA | KELAS VII 100 “Punten, abdi ngiring ngalangkung.” “Punten, abi badé ngiring nyanggem dina ieu riungan.” “Punten, abdi badé wangsul ti payun.” “Punten, abdi badé nambut kompa sepédah.” Kacida teu hadéna lamun urang ngaliwat ka hareupeun batur, terus urang teu nyebut punten. Komo lamun urang ngaliwatna ka hareupeun jalma anu saluhureun. Upamana ujug-ujug ngaliwat wé. Boro-boro nyebut punten, da ieu mah teu manggut-manggut acan, atawa teu seuri-seuri acan. Jalma anu kitu peta sok disaruakeun jeung hayam. Ceuk batur téh, “Naha ngaliwat téh kawas hayam, mani teu punten-punten acan.” Enya, apan ari hayam mah, kaasup sasatoan séjénna, iraha teuing nyebut punten mun ngaliwat. Da apan éta mah sato. Tangtu waé urang mah ulah hayang disaruakeun jeung sato. Ari manusa mah boga tatakrama pikeun ngatur cara-cara anu kudu dipilampah ku urang sangkan jadi genah dina ngalakonan hubungan jeung papada manusa. Aya tatakrama dina nyarita, tatakrama dina ngagunakeun papakéan, tatakrama jeung tatangga, tatakrama nyémah, tatakrama di sakola, tatakrama di tempat gawé, jeung sajabana. Ari tatakrama téh saenyana mah pikeun némbongkeun sikep silih hargaan atawa silih ajénan. Lamun urang ngajénan ka batur, tangtu batur ogé bakal ngajénan ka urang. Kacida salahna lamun batur ngajénan ka urang, tapi urang teu ngajénan ka batur. Ka jalma anu kitu peta tara aya nu hayangeun ngadeukeutan.


Kurikulum Merdéka 101 Jalma nu hadé tatakramana moal hésé dina campur gaul. Jeung sasaha teu weléh akur, da bisa ngajénan batur téa. Tah, jalma anu kitu téh kaasup anu hadé ahlakna. Kitu ceuk dina budaya Sunda. Perbendaharaan Kata cologog = tidak tahu atau tidak bersikap sopan santun dipilampah = dikerjakan disaruakeun = disamakan jol-jol asup = tiba-tiba masuk nambut = meminjam ngiring nyanggem = ikut bicara némbongkeun = memperlihatkan riungan = pertemuan silih ajénan = saling menghargai teu weléh akur = selalu akur wangsul = pulang RINGKASAN Mengucapkan punten atau permisi maksudnya adalah meminta izin kepada orang lain, karena kita akan mengerjakan sesuatu, misalnya jika akan lewat ke depan orang, masuk rumah orang, meminta bantuan, atau meminjam barang kepada orang lain. Mengucapkan punten adalah bagian dari tatakrama Sunda untuk memelihara hubungan baik dengan orang lain. Tatakrama adalah aturan dalam berbicara atau berperilaku dalam kehidupan bermasyarakat. Orang yang menerapkan tatakrama sama dengan orang yang tahu dan menggunakan sopan santun. Ia akan dihargai orang lain, serta mudah menjalin pertemanan. Tatakrama Sunda sudah mulai ada sejak lama, dan digunakan dalam kehidupan orang Sunda secara turun-temurun. Tujuannya adalah untuk menciptakan ketertiban dan kenyamanan dalam hidup bermasyarakat.


Click to View FlipBook Version