The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by SMP Negeri 3 Pangandaran e-Katalog, 2023-11-13 09:19:38

GALURA BASA PANGANDARAN KLS VII

GALURA BASA PANGANDARAN KLS VII

Keywords: Kurikulum Merdeka

WIWAHA BASA | KELAS VII 102 Menjawab Pertanyaan Jawab atau terangkan! 1. Naon anu dimaksud tatakrama téh? 2. Lamun rék naon waé urang nyebut punten téh? 3. Bakal kumaha lamun urang teu nyebut punten? 4. Ari maksudna disaruakeun jeung hayam téh naon? 5. Naon anu dimaksud tatakrama sumberna tina étika téh? 6. Naon waé gunana tatakrama dina kahirupan urang? 7. Bakal kumaha lamun jalma hadé tatakramana? 8. Bakal kumaha lamun urang teu ngajénan ka batur? 2. MENYIMAK A Istilah dalam Tatakrama Diterangkan oleh Ibu/Bapak Guru. Dua bacaan di luhur téh nerangkeun tatakrama. Di dinya dijelaskeun, ari nu dimaksud tatakrama téh naon, jeung naon deuih tujuanana pangna urang ngagunakeun tatakrama dina kahirupan sapopoé. Dina basa Sunda, loba istilah anu nuduhkeun atawa patali jeung tatakrama, boh sikep atawa paripolah nu dianggap hadé tur kudu dipigawé, boh nu dianggap goréng sarta kudu disingkahan. Istilah dina tatakrama anu dianggap hadé upamana: 1. marahmay = paroman beungeut anu nuduhkeun gumbira tur soméah; roman muka yang menunjukan kegembiraan dan berbudi manis 2. rengkuh = sikep badan anu nuduhkeun hormat ka batur; sikap badan yang menunjukkan rasa hormat terhadap orang lain 3. punten = ucapan anu maksudna menta idin atawa permisi; ucapan yang bermaksud memohon izin atau permisi 4. ngajénan = ngahargaan; menghargai 5. akur = hadé ka sasama tepi ka taya pacogrégan; bersikap baik kepada sesama sehingga terhindar dari pertengkaran


Kurikulum Merdéka 103 6. akuan = sikep hadé ka sémah; sikap baik terhadap tamu 7. béréhan = henteu korét, henteu lebar ku rejeki pikeun ngabantu batur; tidak pelit, tidak sungkan memberikan rezeki untuk membantu orang lain 8. daékan = getol kana gawé, tara nolak mun dititah; rajin bekerja, tidak menolak jika disuruh 9. sungkem = tanda hormat ka saluhureun misalna nyium leungeun, tanda hormat kepada yang lebih tua atau lebih tinggi derajatnya misalnya dengan mencium tangan 10. sabar = henteu gancang peunggas harepan, salawasna leukeun; tidak cepat berputus asa, selalu berupaya untuk mencoba Ari anu dianggap goréng, sarta ulah dipigawé, upamana: 1. pangarahan = migawé kahadéan bari aya maksud séjén pikeun kauntungan dirina; mengerjakan kebaikan namun sebetulnya ada tujuan untuk kepentingan dirinya, atau ada udang di balik batu 2. adigung = sombong; sombong 3. ngarinah = mitnah, nuding bari tanpa bukti; memfitnah, menuding tanpa disertai bukti 4. ngupat = nyaritakeun kagoréngan batur; menceritakan keburukan orang lain 5. cologog = sikep jeung pamolah nu teu nuduhkeun sopan santun; sikap dan kelakuan yang tidak menunjukkan sopan santun 6. pupujieun = migawé hiji hal kalawan harepan aya nu muji; mengerjakan sesuatu dengan harapan mendapat pujian 7. ngojok-ngojok = nitah batur migawé hiji hal bari saenyana mah hayang nyilakakeun; menyuruh orang lain berbuat sesuatu namun sebetulnya ingin mencelakakannya 8. jorok = betah dina kaayaan kotor, ngedul beberesih; merasa betah dalam keadaan kotor, malas bersih-bersih 9. bohong = ngomong teu jeung buktina, biasana pikeun nipu batur; bicara tanpa disertai bukti, biasanya untuk menipu orang lain 10. jalir = ingkar, tara nyumponan jangji; ingkar, tidak menepati janji


WIWAHA BASA | KELAS VII 104 B Akhiran –an, na-, keunGeura urang bandungan kalimah ieu di gandap! 1. Jeung batur silih ajénan. 2. Atawa kotor belewuk euweuh alusna. 3. Ngaliwat ka hareupeun batur, urang kudu nyebut punten. Dina kalimah bieu aya kecap anu ditulisna ku aksara kandel, nyaéta ajénan, alusna, jeung hareupeun. Éta téh kaasup kana kecap anu geus maké rarangkén tukang atawa ahiran. Aya anu ku ahiran –an, -na, jeung -eun. Ari carana mah kieu: 1. ajén ditambah rarangkén tukang -an, jadi ajénan 2. alus ditambah rarangkén tukang -na, jadi alusna 3. hareup ditambah rarangkén tukang –eun, jadi hareupeun Rarangkén tukang –an dina kecap ajénan nuduhkeun pagawéan. Conto séjénna misalna: 1. Atuh eusian heula formulir téh, ulah waka dikumpulkeun! 2. Seuneuna gedéan, Nyi, ngarah angeunna gancang asak! Sajaba ti nuduhkeun pagawéan, rarangkén tukang –an bisa ngawangun kecap barang, kecap sipat, atawa kecap bilangan. Anu ngawangun kecap barang misalna: 1. Ratna dibéré gantungan konci tina bahan pérak, oléh-oléh ti Bangkok. 2. Cing atuh ulah nunda tanggungan di dieu, apan nyaho heurin! Anu ngawangun kecap sipat misalna: 1. Ulah sok pundungan ah, jadi budak téh! 2. Bubuhan jalma daékan, manéhna mah tara susah ku rejeki. Anu ngawangun kecap bilangan misalna: 1. Ari pajeg motor mah apan dibayarna ogé taunan. 2. Pagawé téh dibayarna mending poéan, ngarah teu karasa beurat.


Kurikulum Merdéka 105 Rarangkén tukang –na dina kécap alusna nuduhkeun kaayaan. Conto séjénna misalna: 1. Anu digarawé di dieu téh jumlahna aya dua welas urang. 2. Dina euweuhna gé moal tepi ka teu boga pisan duit atuh manéh mah. Sajaba ti éta, rarangkén tukang –na téh nuduhkeun milik atawa bogana jalma katilu, jeung nuduhkeun hal-hal anu geus tangtu. Anu nuduhkeun milik atawa bogana jalma katilu, misalna: 1. Éta mah mobilna, meunang meuli, lain meunang nginjeum. 2. Lanceukna téh apan jadi pulisi, geus boga pangkat inspéktur. Anu nuduhkeun hal-hal geus tangtu, misalna: 1. Kerja kelompok téh témpatna mending di imah Halimah. 2. Nya atuh capé, da lembur anu rék dijugjug téh sakitu jauhna. Rarangkén tukang-eun dina kecap hareupeun nuduhkeun posisi atawa tempat. Maksudna mah tempatna atawa posisina aya di hareup. Conto séjénna misalna: 1. Saenyana tukangeun imah lanceuk kuring téh aya kuburan. 2. Ari anu diuk gigireun manéh dina angkot, saha éta téh? Rarangkén tukang –eun téh bisa nuduhkeun kaayaan, nuduhkeun pibakaleun atawa anu rék dipigawé, jeung nuduhkeun sipat anu tumerap ka jalma katilu. Anu nuduhkeun kaayaan, misalna: 1. Ulah cicingeun atuh ari nempo buruan barala téh, matak naon beresihan. 2. Salila usum sasalad korona mah pasar téh jadi tiiseun, langka nu dagangna gé. Anu nuduhkeun pibakaleun atawa nu rék dipigawé, misalna: 1. Sawah paculeun téh geuning ngan kari dua kotakan deui. 2. Ieu mah sendal jualeun, anu matak rék dibungkus deui gé. Anu nuduhkeun sipat tumerapna ka jalma katilu, misalna: 1. Manéhna ogé sarua hayangeun piknik ka Ciater mah atuh. 2. Sanggeus mindeng latihan mah, ayeuna Selvy geus bisaeun jaipongan.


WIWAHA BASA | KELAS VII 106 3. BERBICARA A Memperagakan Percakapan Teks petrcakapan di bawah ini dilakukan oleh empat orang. Cobalah kalian peragakan di depan kelas! Tentukan dahulu siapa yang berperan sebagai Yoséf, Ahmad, Pitpit, dan Milati! Kerjakan dengan penuh kesungguhan, sebagaimana layaknya kalian melakukan percakapan dengan teman-teman. Yoséf : “Naon sababna mun urang rék ngaliwat kudu nyebut punten?” Ahmad : “Apan éta téh tatakrama Sunda, nandakeun urang nyaho sopan santun.” Pitpit : “Ari nyebut punten téh sarua jeung permisi.” Milati : “Mun ngaliwat teu nyebut punten, urang bakal disebut cologog.” Yoséf : “Mun rék nginjeum barang batur gé kudu nyebut punten,” Ahmad : “Nya atuh, nyebut punten bari bébéja rék nginjeum barang.” Milati : “Bisi ku anu bogana teu dibikeun, misalna sabab keur dipaké.” Ahmad : “Mun teu dibéré nginjeum, ulah sok maksa.” Pitpit : “Puguh waé ulah sok maksa, da lain pagawéan hadé.” Yoséf : “Matak jadi paséa deuih lamun urang maksa ka batur téh.” Milati : “Keur maksa, jaba terus paséa, atuh jadi dua goréngna gé.”


Kurikulum Merdéka 107 Ahmad : “Lamun urang hayang dihargaan, urang gé sarua kudu ngahargaan ka batur.” Milati : “Kumaha lamun urang ngahargaan ka hiji jalma, tapi manéhna teu ngahargaan ka urang?” Yoséf : “Éta nu kitu téh nandakeun jalma teu nyaho tatakrama.” Milati : “Geus waé jauhan jalma anu kitu peta mah..” Pitpit : “Enya, mending jauhan wé. Teu kudu nyobat jeung jalma anu kitu.” Ahmad : “Ulah nyobat jeung jalma gedé bohong deuih.” Yoséf : “Enya. Jalma gedé bohong mah tara bisa dipercaya.” Pitpit : “Komo mun gedé bohong bari resep mitnah, nya?” Milati : “Wah, éta mah dua atuh goréngna ogé!” Yoséf : “Kudu dibabuk jalma kitu mah!” Milati : “Ah, ulah ari dibabuk mah. Geus waé ku urang jauhan.” Pitpit : “Enya, mending jauhan. Da loba ieuh jalma bageur gé apan.” Ahmad : “Nyobat mah mending jeung jalma bageur.” Milati : “Bageur bari hadé tatakrama deuih.” Ahmad : “Puguh waé kudu jeung nu kitu nyobat mah.” Perbendaharaan Kata bébéja = memberi tahu, memberi kabar dibabuk = dipukul jalma bageur = orang baik lain = bukan nyaho = tahu paséa = bertengkar B Menembangkan Pupuh Contoh dari Ibu/Bapak Guru, atau bisa membuka tautan. Mari kita menembangkan pupuh pucung! Perhatikan dulu contohnya, lalu kita menembang bersama-sama!


WIWAHA BASA | KELAS VII 108 Padoman Hirup Laku lampah sajeroning hirup kumbuh, campur jeung nu lian, masing bisa mawa diri, kudu akur dibarung sili hargaan. Ka sasaha tong tinggal ti sopan santun, nyarita sing adab, teu kucem budi parangi, mun jamotrot tangtu batur ngajauhan. Tong ngedalkeun caritaan matak nyentug, misalna ngahina, ka nu séjén nganggap réméh, asa aing panghébatna pangbenerna. Kitu deui gedé bohong jeung ngarahul, ka batur merdaya, ana jangji tara bukti, enggeus pasti urang moal dipercaya. Perbendaharaan Kata ana = jika asa aing = merasa diri paling hebat dibarung = disertai jamotrot = bermuka masam sambil memperlihatkan kemarahan kucem = bermuka masam ngarahul = berbicara dilebih-lebihkan nu lian = yang lain


Kurikulum Merdéka 109 nyentug = tidak enak didengar sajeroning = selama 4. NULIS A Melengkapi Kalimat Lengkapi kalimat di bawah ini dengan istilah tatakrama yang disediakan! Kamu hanya tinggal memilih istilah yang sesuai dengan kalimatnya. 1. Resep nyémah téh pribumina _____________ mah, henteu kucem. a. bohong 2. Ka sadayana, ___________ abdi ngiring ngalangkung wengi-wengi. b. cologog 3. Ulah dipercaya, jalma éta mah sok ___________ ka sasaha ogé. c. punten 4. Cék saha korét, puguh Pa Haji mah _________, tara lebar ku rejeki. d. marahmay 5. Kudu _____________ ari rék cicing di dieu mah, ulah kedul kana gawé. e. béréhan 6. Cing atuh tong ___________, dosa nyaritakeun kagoréngan batur téh. f. akur 7. Dasar budak _________, asup ka imah batur gé jol-jol geblus wé. g. daékan 8. Saha nu resep ka jalma ____________, awakna bau da langka mandi. h. ngupat 9. Teu hayang wawuh ka jalma _____________, ari ka batur nganggap rendah. i. jorok 10. Nya moal genah atuh mun jeung tatangga henteu ____________ mah. j. adigung


WIWAHA BASA | KELAS VII 110 B Memilih Kata Berakhiran yang Tepat Isilah kalimat di bawah ini dengan kata yang tepat! Kamu hanya tinggal memilih jawaban yang tersedia dalam kuring. 1. Saban aya kajuaraan catur ogé, … sok ku Asép Nurdin, sabab pangpinterna. (beunangna – beunangan – beunangeun) 2. Ulah … atuh ari rumasa urang bener mah, jalma nu pikasebeleun téh kudu dilawan. (éléhna – éléhan – éléheun) 3. Waktu aya pagelaran wayang kulit di balé désa, manéhna lalajo … panggung. (tukangna – tukangan – tukangeun) 4. Ari jadi jalma ulah ukur alus … wungkul, jiga nu enya sopan jeung rengkuh. (hareupna – hareupan – hareupeun) 5. Mun meuli ti koperasi, … gé jauh geuningan, da di toko mah leuwih mahal. (bédana – bédaan – bédaeun) 6. Anu rék kémping di Batukaras téh …, ampir aya wawakilna ti saban kelas. (lobana – lobaan – lobaeun) 7. Manéhna mah teu … dipuji-puji ku batur, da jalmana handap asor. (hayangna – hayangan – hayangeun) 8. Kumaha … harita lalakon wayang téh? Hanjakal teu lalajo tepi ka tamat. (enggeusna – enggeusan – enggeuseun) 9. Budak picontoeun manéhna mah, ka sakola bari mawa … keur ka warung. (dagangna – dagangan – dagangeun) 10. Meungpeung keur boga, iuran ka koperasi rék dibayar … waé, ngarah jongjon. (sataunna – sataunan – satauneun)


Kurikulum Merdéka 111 5. LATIHAN A Memilih Kata yang Tepat Di bawah ini ada kalimat yang harus diisi dengan kata yang menggunakan akhiran –an, -na, atau –eun. Kata yang harus diubah yaitu yang berada dalam kurung. Ubahlah terlebih dahulu, kemudian tuliskan kalimatnya pada lahan yang disediakan di bawahnya! 1. Ti dieu téh (indit) urang leumpang waé, resep geura ari loba batur mah. ____________________________________________________________ 2. Mun rék nunda motor (hareup) imah, kadé poho dikonci heula setangna. ____________________________________________________________ 3. Ari manéh mani (bisa) ngarang carita téh, matak resep macana gé da. ____________________________________________________________ 4. Mobil mahal kitu mah lain (beuli) jalma kawas urang atuh, da moal kabedag. ____________________________________________________________ 5. Moal bisa dicokot ayeuna, da baju nu keur dikaput téh (anggeus) isukan, cenah. ____________________________________________________________ 6. Rapat pangurus désa jeung para Ketua RW téh sok dilaksanakeun (minggu). ____________________________________________________________ 7. Ti saprak rék dipacok oray, ayeuna mah manéhna (embung) ulin ka sawah. ____________________________________________________________ 8. Mun (balik) nyimpang heula ka imah Kang Parman mah pasti disuguhan da. ____________________________________________________________ 9. Paingan hargana mah, tuda ieu mah korsi jati (ukir) jieunan Japara. ____________________________________________________________ 10. Langlayangan téh nyangsang (luhur) suhunan, tikait kana anteneu televisi. ____________________________________________________________


WIWAHA BASA | KELAS VII 112 B Melengkapi Kalimat Di dalam kurung terdapat empat kata yang harus kamu pilih, untuk kemudian diisikan pada kalimat di atasnya. Baca terlebih dahulu, kemudian cari kata yang tepat! 1. Tah kitu, ari ngobrol jeung saluhureun téh kudu ________, cirining sopan. (rengkuh – ngagaya – tungkul – tarik) 2. Lamun urang tara _________ ka batur, tangtu batur gé bakal ngajauhan. (ngamusuhan – nyarékan – ngajénan – mapatahan) 3. Kudu ________ ari ka sémah, najan datangna teu mawa kikiriman. (datang – akuan – permisi – punten) 4. Dina tradisi Sunda, pangantén téh sok _________ ka indung bapana. (mapatahan – nyarékan – seuri – sungkem) 5. Ari dibarengan ku ________, mapatahan budak téh ahirna nurut. (sabar – rurusuhan – léléda – langka) 6. Lamun urang sok ________, engkéna batur moal aya nu percaya. (béréhan – jalir – daékan – nganaséhatan) 7. Pagawéan __________ téh teu hadé, jaba matak nimbulkeun papaséaan. (nyopan – mapatahan – tawekal – ngarinah) 8. Ulah sok ___________, da tangtu batur gé moal aya nu resepeun. (rengkuh – sungkem – pupujieun – adab) 9. Mani ______ atuh manéh mah, kawas enya nu loba kabisa wé. (agul – santun – adab – nyopan) 10. Dasar jalma ____________, daék nulungan téh geuning hayang untung! (pangedulan – pangarahan – béréhan – tawekal)


Pelajaran 6 KAAGAMAAN Tujuan Pembelajaran 1. Memiliki pengetahuan tentang istilah keagamaan serta dapat menggunakannya dalam menyusun kalimat. 1.1 Menyebutkan sedikitnya sepuluh istilah keagamaan. 1.2 Mencari istilah keagamaan yang terdapat dalam kalimat. 1.3 Menggunakan istilah keagamaan untuk menyusun kalimat. 1.4 Menyebutkan isi dongeng yang berisi tentang keagamaan. 2. Memiliki pengetahuan tentang peribahasa Sunda serta dapat menggunakannya dalam menyusun kalimat. 2.1 Menyebutkan yang dimaksud peribahasa. 2.2 Mengidentifikasi ciri peribahasa serta arti yang dikandungnya. 2.3 Memilih peribahasa yang tepat untuk digunakan dalam kalimat. 2.4 Menyusun kalimat menggunakan peribahasa. Pertanyaan Pemantik 1. Dapatkah kalian menyebutkan sedikitnya sepuluh istilah keagamaan dalam bahasa Sunda, serta menggunakannya dalam kalimat? 2. Dapatkah kalian menceritakan kembali isi dongeng yang berisi tentang kegiatan keagamaan? 3. Dapatkah kalian menyebutkan sedikitnya lima peribahasa Sunda, serta menggunakannya dalam kalimat?


WIWAHA BASA | KELAS VII 114 1. MEMBACA A Membaca Indah Pupujian Puasa Sakeudeung Deui Puasa Sebentar Lagi (1) (1) Puasa sakeudeung deui, Puasa sebentar lagi, bulan Romadon maranti, bulan Ramadhan seperti biasanya, éta téh pidawuh Gusti, begitulah firman Tuhan, pikeun nu iman geus pasti. untuk orang beriman sudahlah pasti. (2) (2) Ari galeuhna puasa, Adapun inti puasa, teu sawates nunda hanca, tidak hanya sebatas menunda, dahar nginum sabiasa, kebiasaan makan minum, ti subuh tepi sareupna. dari subuh hingga magrib.


Kurikulum Merdéka 115 (3) (3) Puasa téh nahan napsu, Puasa adalah menahan nafsu, ngadalikeun nu teu perlu, mengendalikan yang tak perlu, amarah entong digugu, amarah janganlah dituruti, antukna matak kalangsu. membuat kita salah jalan. (4) (4) Puasa latihan sabar, Puasa berlatih kesabaran, nu goréng kudu disinglar, perilaku buruk harus dijauhi, amal hadé nu dipalar, amal baik diharapkan, bari haté kudu janglar. dengan hati yang tawakal. (5) (5) Jalma nu enya puasa, Orang yang sesungguhnya puasa, sakumaha ceuk agama, menurut aturan agama, geus jelas ganjaranana, sudahlah jelas ganjarannya, aya hancengan sawarga. memperoleh jatah surga. Memilih Jawaban Pilih jawaban yang tepat dari yang disediakan di dalam kurung! 1. Dina pupujian nu bieu dibaca, dijelaskeun yén puasa …. (keur dilakonan – sakeudeung deui – enggeus kaliwat – kudu disinglar) 2. “Ari galeuhna puasa, teu sawates nunda hanca.” Anu dimaksud galeuh nyaéta …. (inti – mésér – gedé – cabang) 3. Anu dimaksud “nunda hanca” dina pada kadua nyaéta …. (pagawéan – jangji – ibadah – dahar nginum)


WIWAHA BASA | KELAS VII 116 4. “Puasa latihan sabar, nu goréng kudu disinglar.” Maksudna disinglar nyaéta …. (dideukeutan – diantep – dijauhan – dirarasakeun) 5. Ari cirina jalma anu kalangsu téh …. (teu nyaho jalan - hayang balik ka imah – salawasna bungah – goréng milik) 6. Sasaruan kecap dipalar nyaéta …. (ditalar – dipiharep – ditolak – dipigawé) 7. Cirina jalma anu janglar misalna waé sikepna sok …. (babari ambek – wanian – éraan – sabar) 8. Sasaruaan kecap hancengan nyaéta …. (bagian – tugas – kahayang – omongan) B Membaca Nyaring Cikaracak Ninggang Batu Jaman baheula, aya hiji santri anu keur masantrén. Éta santri téh belet pisan. Sakitu diajarna geus mangtaun-taun ogé taya pisan beubeunanganana. Éstuning di pasantrénna téh ngadon ngaliwet wungkul. Sajeroning masantrén téh, teuing geus béak kastrol sabaraha hiji. Ku lantaran kitu, manéhna jadi ngarasa bosen diajar. Meureun mana kieu ogé aing téh geus ditakdirkeun jadi jelema bodo, cék dina pikiranana. Nya ku sabab kitu, ahirna mah manéhna pamitan ka kiyai, rék mulang waé ka lembur, sabab diajar di pasantrén ogé teu maju-maju. Jadi mending kénéh néangan gawé séjén. Cék kiyai, “Ari cék timbangan Mama mah geus kapalang. Hanas hidep geus méakkeun waktu taun-taun di pasantrén, tapi dina waktuna mulang teu bisa mawa élmu. Tapi ari hidep geus teu betah mah, Mama teu bisa ngahalanghalang. Sugan atuh ari diajar di tempat séjén mah aya kamajuan.” Ki Santri henteu panjang carita, ngan ukur pok, “Sumuhun, nyuhunkeun pidu’ana waé ti Mama.” Geus kitu mah manéhna terus amitan.


Kurikulum Merdéka 117 Barang geus jauh ti pasantrén, manéhna nyorang jalan anu kéncakatuhueunana aya gawir laluhur, pinuh ku tatangkalan kai géledé. Ku bawaning ngarasa capé jeung panas, manéhna tuluy eureun handapeun tangkal kai gedé, ngadon ngiuhan. Di dinya aya cinyusu, mapay kana akar tatangkalan, terus nyakclakan kana batu. Ari diteges-teges, batu anu kacakclakan cai téh geus legok. Cék pamikir Ki Santri, “Ieu batu pangna tepi ka jadi legok kieu téh ku sabab haben kacakclakan ku cikaracak. Tangtuna ogé geus puluhan taun lilana, sabab ari batu mah apan sakitu teuasna. Tapi geuning ahirna mah jadi legok, sanajan cai anu nyakclakanana saeutik pisan.” Ki Santri ngahuleng. Naon-naon anu kasaksian harita ku manéhna jadi ngahudang sumanget. “Aing gé kudu terus diajar, ulah putus harepan pédah tepi ka ayeuna teu bisa-bisa. Kapan dina hiji waktu mah bakal hasil pamaksudan, asal dibarung ku temen wekel. Tah geuning ieu buktina, cikaracak anu ngan ukur nyakckalan saeutik-saeutik, tapi ari lila mah bisa ngalantarankeun batu jadi legok.” Geus kitu mah Ki Santri ngabolaykeun niat mulang ka lemburna. Manéhna balik deui ka pasantrén pikeun neruskeun diajar. Barang santrina balik deui bari ngutarakeun pamaksudanana hayang neruskeun masantrén, Mama Kiyai kacida bungaheunana. Ti harita, Ki Santri terus soson-soson diajar, tepi ka ahirna mah hasil pamaksudanana. Manéhna jadi jelema anu lega kanyahona. Cék ujaring carita, nya ti harita ayana paribasa cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok téh.


WIWAHA BASA | KELAS VII 118 Perbendaharaan Kata belet = bodoh beubeunanganana = yang didapatnya, yang diperolehnya cikaracak = air yang menetes dari ujung akar gantung atau dari ujung batu runcing pada atap gua cinyusu = air yang baru keluar dari sumber mata air gawir = bibir jurang haben = terus-terusan kapalang = tanggung ku bawaning = disebabkan kénca-katuhueunana = kiri-kanannya ngabolaykeun = membatalkan ngahudang = membangkitkan ngutarakeun = menyampaikan nyakclakan = menetes soson-soson = sungguh-sungguh temen wekel = melakukan sesuatu dengan sabar dan sungguh-sungguh RINGKASAN Seorang santri merasa putus asa, karena selama belajar di pesantren tidak memperoleh pengetahuan apa-apa. Ia merasa bodoh, sehingga memutuskan untuk mengakhiri belajarnya. Pada saat pulang, di tengah perjalanan ia melihat batu yang melesak karena terus-terusan tertetesi air dari ujung akar gantung. Air yang jatuh setetes demi setetes, serta sangat kecil kekuatannya, namun berlangsung dalam waktu lama, akhirnya bisa meninggalkan bekas pada permukaan batu yang begitu keras. Santri tersebut berpikir, air saja bisa seperti itu, kenapa dirinya tidak? Kenapa harus putus asa dalam menuntut ilmu? Akhirnya ia balik lagi ke pesantren untuk kembali belajar. Ternyata, sekian tahun kemudian, santri yang bersangkutan bisa menjadi orang berilmu.


Kurikulum Merdéka 119 Menyelesaikan Kalimat Selesaikan kalimat di bawah ini sesuai isi bacaan! 1. Santri anu dicaritakeun dina dongéng téh diajarna di _______________ . 2. Sakitu geus lila diajarna, tapi manéhna ngarasa ___________________ . 3. Ahirna éta santri mutuskeun eureun diajar, sabab __________________ . 4. Waktu nyorang jalan rék balik, manéhna manggihan _______________ . 5. Batu anu sakieu teuasna jadi dekok, lantaran _____________________ . 6. Ari anu dimaksud cikaracak téh nyaéta __________________________ . 7. Legokna batu ku cikaracak téh nyababkeun éta santri_______________ . 8. Ahirna manéhna balik deui ka pasantrén pikeun ___________________ . 9. Sanggeus diajar soson-soson éta santri téh jadi ___________________ . 10. Tina dongéng cikaracak téh aya anu bisa dipaké ___________________ . 2. MENYIMAK A Nadoman Diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru. Pupujian atawa nadoman anu tadi dikawihkeun ku hidep téh eusina nyaritakeun kaayaan rék mapag datangna puasa dina bulan Romadon. Lamun dititénan eusina, pupujian téh salawasna patali jeung ajaran agama. Pupujian anu dibaca ku hidep gé apan nerangkeun puasa, kumaha hukumna, kumaha dina migawéna, jeung naon ganjaranana. Pupujian téh aya anu eusina nyaritakeun riwayat Kangjeng Nabi, muji bari ngado’a ka Allah, mépélingan atawa ngingetan urang ngeunaan hirup di dunya, jeung aya deuih anu dieusi pangajaran agama. Ngawihkeun pupujian téh disebutna nadoman. Anu matak pupujian téh sok disebut nadoman.


WIWAHA BASA | KELAS VII 120 Gedé kamungkinan pupujian téh asalna mah pangaruh tina sa’ir anu populér dina sastra Arab. Asupna ka urang bareng jeung mimiti nyebarna agama Islam dina mangsa baheula di Tatar Sunda. Pupujian ditulisna ngajajar ka handap. Dina sagundukna téh disebut sapada. Dina saban pada aya opat padalisan atawa opat jajar, sarta sora dina saban tungtung jajaranana sarua. Geura ayeuna urang buktikeun: Pu-a-sa sa-keu-deung deu-i, 1 2 3 4 5 6 7 8 bu-lan Ro-ma-don ma-ran-ti 1 2 3 4 5 6 7 8 é-ta téh pi-da-wuh Gus-ti, 1 2 3 4 5 6 7 8 pi-keun nu i-man geus pas-ti 1 2 3 4 5 6 7 8 Ilaharna anu dipaké judul dina pupujian mah cukup nyokot tina jajaran anu mimiti waé. Contona pupujian anu ku hidep bieu dinadomkeun, apan judulna téh “Puasa Sakeudeung Deui”, lantaran dina jajaran anu mimiti aya ungkara “puasa sakeudeung deui”. Urang cindekkeun yén anu disebut pupujian téh nyaéta: (1) Sapadana diwangun ku opat jajar. (2) Saban jajar diwangun ku dalapan engang. (3) Purwakanti engang panungtungna a – a – a – a. (4) Eusina: muji jeung do’a ka Allah, riwayat Kangjeng Nabi, pépéling atawa naséhat, jeung pangajaran agama. B Istilah Keagamaan Diterangkan oleh Ibu/Bapak Guru. Geura urang bandungan ieu kalimah:


Kurikulum Merdéka 121 1. Puasa sakedeng deui, bulan Romadon marandi. 2. Pupujian atawa nadoman anu tadi dikawihkeun ku hidep .... 3. Asupna ka urang bareng jeung mimiti nyebarna Agama Islam. 3. Jaman baheula, aya hiji santri anu keur masantrén. 4. Nya ku sabab kitu, ahirna mah manéhna pamitan ka kiyai, rék mulang waé ka lembur 5. “Sumuhun, nyuhunkeun pidu’ana waé ti Mama.” Dina genep kalimah bieu aya tujuh kecap anu nuduhkeun kagiatan patali jeung kaagamaan, disebutna istilah kaagamaan, nyaéta puasa, Romadon, pupujian, nadoman, agama, Islam, santri, masantren, kiyai, jeung pidu’ana. Tangtu hidep ogé geus nyaho harti atawa maksudna. Dina kahirupan sapopoé dina kahirupan urang kiwari, anu disebut istilah kaagamaan téh ngawengku sakabéh agama anu dianut ku masarakat. Geura pék ku hidep bandungan sawatara conto kalimah anu aya di handap. Pancén hidep nyaéta kudu milih atawa nyirian istilah kaagamaan anu aya dina éta kalimah. 1. Aleutan beus anu ngakut jamaah haji geus cunduk ka Bandung. 2. Mun taya nu ngahudangkeun, tadi mah saur téh ampir kabeurangan. 3. Ti baréto ogé cita-cita manéhna mah hayangeun jadi pastur, cenah. 4. Dina poéan upacara waisak mah, biasana ogé sakola diperékeun, lin? 5. Baréto di dieu téh aya pasantrén, ngan ayeuna mah kari urutna. 6. Cing saha nu nyaho, ari upacara nyepi bulan hareup tanggal sabaraha? 7. Ceuk dina undang-undang gé pakir miskin téh jadi tanggungan pamaréntah. 8. Anu tas miluan misa ngabring ka halteu beus kota, rék baralik ka imahna. 9. Amal jariah téh henteu ngan diwajibkeun ka anu baleunghar wungkul. 10. Pikayungyuneun budak téh, sakitu leutik kénéh geus daék nyawalan.


WIWAHA BASA | KELAS VII 122 C Peribahasa Diterangkan oleh Ibu/Bapak Guru. Dina bacaan aya ungkara kieu: Cék ujaring carita, nya ti harita ayana paribasa cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok téh. Dina kalimah bieu aya ungkara cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Anu kitu téh disebutna paribasa, ari dina basa Indonésia istilahna peribahasa, nyaéta susunan kecap anu geus matok tur boga harti nu mandiri, ilaharna ngandung perlambang. cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = lamun dipigawé bari leukeun, pagawéan anu hésé gé ahirna bisa anggeus Paribasa téh bagian tina kabeungharan basa Sunda. Geura ieu aya conto séjénna. Pék ku hidep apalkeun reujeung hartina! 1. monyét ngagugulung kalapa = ukur nyaho kana luarna wungkul, ari kana eusina mah teu taram-taram acan; hanya mengetahui bagian luarnya saja, sedangkan bagian dalamnya sama sekali tidak tahu 2. lodong kosong ngelentrung = jalma anu loba omong biasana tara aya kabisa; orang yang banyak omong biasanya tidak berpengetahuan 3. ngeupeul ngahuapan manéh = ngaheulakeun kapentingan diri sorangan; mendahulukan kepentingan diri sendiri 4. gedé gunung pananggeuhan = gedé andelan pedah boga dulur beunghar; merasa punya yang dapat diandalkan karena punya saudara kaya raya 5. gindi pikir belang bayah = goréng haté, hasud, atawa hianat; buruk hati, suka menghasut, suka berkhianat 6. maut nyéré ka congona = sangsara ka kolotnakeun; sengsara pada saat usia tua


Kurikulum Merdéka 123 7. oray nyampeurkeun paneunggeul = nyampeurkeun picilakaeun; mendekat kepada hal-hal yang bisa mencelakakan 8. ngajul béntang ku asiwung = migawé hal-hal anu pamohalan laksana; mengerjakan sesuatu yang tidak mungkin terlaksana 9. ngadék sacékna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna, teu dikurangan teu dileuwihan; berbicara apa adanya, tidak ditambah tidak dikurangi 10. ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak = salawasna babarengan bari silih bélaan; selalu bersama-sama dan saling menolong 3. BERBICARA A Melakukan Percakapan tentang Peribahasa Di bawah ini ada teks percakapan empat murid tentang peribahasa Sunda. Bacalah terlebih dahulu, kemudian kalian peragakan di depan kelas! Irman : “Nyaho teu hartina paribasa buruk-buruk papan jati?” Gilang : “Henteu paribasa nu éta mah. Nyaho téh paribasa jati kasilih ku junti.” Indah : “Buruk-buruk papan jati maksudna nyaéta najan urang jeung dulur teu pati hadé, tapi ulah tepi ka pegat.” Hésty : “Mun dulur meunang kasusah, ku urang kudu ditulungan, najan ka urang keur teu resepeun.” Irman : “Ari jati kasilih ku junti naon maksudna?” Gilang : “Pribumi kaéléhkeun ku sémah.” Indah : “Ih, nya ulah atuh. Piraku urang nu jadi pribumi bet éléh ku sémah.” Gilang : “Nya heueuh ulah.” Irman : “Paribasa téh loba nu nyokot babandingan tina tutuwuhan, kawas ngaliarkeun taleus ateul.” Hésty : “Tah, éta mah goréng maksudna, nyaéta nyebarkeun kagoréngan sangkan timbul papaséaan.” Indah : “Anu alus mah misalna lamun diarah supana kudu dipiara catangna.” Gilang : “Naon éta téh maksudna?”


WIWAHA BASA | KELAS VII 124 Indah : “Lamun urang boga panghasilan tina hiji barang, kadé éta barang téh kudu dipiara.” Irman : “Contona kumaha?” Indah : “Upamana urang jadi pamayang, apan urang meunang duit téh ku sabab ngandelkeun parahu.” Hésty : “Jadi parahuna kudu dipiara sing hadé. Lamun parahuna ruksak, apan urang moal meunang bisa ngalaut, jadi moal meunang panghasilan.” Irman : “Anu dipahing mah kawas lodong kosong ngelentrung, maksudna jalma anu loba omongna biasana tara loba kabisana, atawa ngan ukur semet bisa ngomong wungkul.” Hésty : “Sok tara aya nu mercaya ka jalma kawas kitu mah.” Indah : “Dipiamis buah gintung gé ulah, ah! Jalma anu ku urang dibageuran, ari pék kalah nyilakakeun.” Gilang : “Jalma pikasebeleun nu kitu mah. Teu nyaho tatakrama, ka anu nulungan kalah nyilakakeun!” Irman : “Aya deuih paribasa anu nyokot babandingan sasatoan jeung tutuwuhan.” Gilang : “Contona naon?” Indah : “Monyét kapalingan jagong.”


Kurikulum Merdéka 125 Hésty : “Oh, enya. Maksudna téh jalma nu sok nipu ka batur, ari pék bet manéhna anu katipu.” Gilang : “Puas, ah! Nu sok nipu mah kudu ditipu deui.” Indah : “Paribasa anu nyokot babandingan tina monyét mah pasti maksudna goréng da.” Gilang : “Sok atuh sebutkeun conto séjénna!” Indah : “Upamana monyét ngagugulung kalapa, atawa monyét dibéré séséngkéd.” Hésty : “Monyét ngagugulung kalapa hartina boga barang tapi teu bisa ngagunakeunana.” Irman : “Ari monyét dibéré séséngkéd maksudna jelema jahat dibéré kasempetan pikeun ngalaksanakeun niat jahatna.” Indah : “Anu kudu diturutan mah manuk hiber ku jangjangna.” Gilang : “Tah, éta mah babari kahartina. Urang kudu ngagunakeun akal sangkan bisa hirup mandiri.” Hésty : “Ih, Gilang mani bisaan.” Gilang : “Saha heula atuh Ibu jeung Bapa Guruna di sakola, hé-héh ….” B Melantunkan Pupujian Ieu aya pupujian séjénna. Pék baca heula, terus kawihkeun babarengan! Hirup di Dunya Hirup di dunya ngumbara, Hidup di dunia mengembara, ngan sakeudeung moal lana, hanya sebentar tidak lama, bakal datang hiji mangsa, akan datang suatu masa, nyawa paturay jeung raga. nyawa berpisah dari raga. Apan maot ngadodoho, Mati selalu mengintip, taya alesan mun poho, tidak ada alasan lupa,


WIWAHA BASA | KELAS VII 126 najan nyumput buni jero, meski sembunyi dalam-dalam, datangna urang teu nyaho. datangnya tidak kita ketahui. Nyawa papisah jeung badan, Nyawa berpisah dengan badan, ngan kari nganti pasaran, tinggal menantikan keranda, dianteurkeun ka kuburan, diantarlah ke kuburan, nu ngajajap pileuleuyan. pengantar mengucap selamat tinggal. Ukur boéh jeung asiwung, Hanya kain kafan dan kapas, geus kitu dirurub padung, setelah itu ditutupi padung, teu paduli pangkat luhung, tak peduli punya pangkat tinggi, goréng amal mah kaduhung. buruk amal tentulah menyesal. Nu langgeng tepi ka jaga, Yang abadi hingga nanti, anak soléh seug ngadu’a, anak soleh yang berdo’a. sodakoh pikeun sasama, sedekah untuk sesama, jeung élmu loba gunana. dan ilmu yang banyak berguna.


Kurikulum Merdéka 127 C Mencari dan Melantunkan Pupujian dari Daerah Setempat Di wilayah tempat tinggalmu tentu sering kamu dengar yang melantunkan pupujian, biasanya dari mesjid atay dari surau sebelum pelaksanaan solat fardu berjamaah. Bisa saja teks pupujian yang dilantunkan itu itu agak berbeda, atau punya ciri khas, serta lagu atau langgamnya pun berbeda dari pupujian di daerah lain. Cobalah kamu catat lalu rekam! Kemudian sampaikanlah atau putarlah rekamannya di kelas, untuk didengarkan kawan-kawanmu! Bandingkanlah dengan pupujian yang disampaikan kawan-kawanmu dari daerah yang berbeda. 4. MENULIS A Melengkapi Kalimat Lengkapilah kalimat di bawah ini dengan istilah keagamaan! Kamu hanya tinggal memilih dari jawaban yang sudah disediakan. 1. Dina acara Muludan di sakola rék diayakeun _________ a. pasantrén 2. Hareupeun imah Bapa Wayan Sudibya aya __________ b. natalan 3. Ayeuna mah Tan Hok Gie beuki rajin datang ka _______ c. tablég 4. Mun solat berjamaah di ________ mah moal bisa lobaan. d. garéja 5. Dina poé Ahad di buruan _______ loba kendaraan diparkir. e. pura 6. Diajar di _______ modéren mah loba saruana jeung di sakola. f. jakat 7. Tempat ibadah nu ngagem agama Buda disebut _________ g. ngaji 8. Jhonny Timisela jeung kolotna keur miluan ________ di garéja. h. kelenténg


WIWAHA BASA | KELAS VII 128 9. Salah sahiji gunana ________ téh pikeun ngabantu pakir miskin. i. musola 10. Kiyai Yusuf nyieun pasantrén pikeun nampung nu diajar _____. j. vihara B Mencari Arti Peribahasa Kalimat di bawah ini menggunakan peribahasa, yaitu yang ditulis dengan huruf tebal. Cobalah kamu cari artinya dari jawaban yang telah disediakan di bagian bawahnya! 1. Puguh mani kacida atohna, ti baréto hayang boga sapéda balap, ari ayeuna dibéré ku Kang Yahya, mani asa ditonjok congcot. (__________________ ____________________________________) 2. Ari manéh ku naon kalah marebutkeun paisan kosong. Teu pupuguh bet marebutkeun calon presidén sagala. (______________________________ ______________________________) 3. Har, atuh pimanaeun kabeuli mobil, kapan hirup ogé ngan sakieu buktina, urang téh ulah kawas anjing ngagogogan kalong. (_________________ _____________________________) 4. Najan lebar ogé kapaksa waé dijual motor téh, ladangna rék dipaké tatamba ka rumah sakit, kapan banda tatalang raga. (_______________________ ___________________________________) 5. Karunya ka manéhna téh, jadi katempuhan buntut maung, padahal ari anu nyieun dosana mah batur sapagawéanana. (____________________ ___________________________________) 6. Ari silang naha atuh bet biwir nyiru rombéngeun, anu teu guna dicaritakeun ka batur, kalah der dibéja-béja. (_______________________ ________________________________) 7. Merenah mun Pa Durahman diangkat jadi ketua koperasi téh, tuda manéhna mah ngadék sacékna nilas saplasna. (___________________ ______________________________________)


Kurikulum Merdéka 129 8. Jalma anu sok gindi pikir belang bayah kitu mah ulah dijenengkeun pamingpin atuh, sabab bakal nimbulkeun kagoréngan. (______________ ______________________________________) 9. Ari silaing maké wani-wani ngalawan Pa Mayor, atuh sarua waé jeung pacikrak ngalawan merak. (____________________________________ ____________) 10. Teu kaharti, naha bet ngawur kasintu nyieuhkeun hayam, sabab ari adi sorangan teu dipiroséa, ari deungeun-deungeun mani diogo. (_________ ___________________________________________) Harti paribasa anu kudu dipilih: a. lamun kaserempek ku pangabutuh, urang ulah ngarasa lebar ku harta banda; andai terdesak oleh kebutuhan, tak ada salahnya jika kita menjual barang milik kita b. meunang kabungah kalawan teu disangka-sangka; memperoleh kegembiraan secara tidak diduga dari sebelumnya c. kudu nanggung dosa atawa atawa katempuhan kasalahan batur; harus menanggung dosa atas kesalahan yang diperbuat orang lain d. resep nyaritakeun hal-hal anu teu perlu, malah bisa nimbulkeun papaséaan; suka menceritakan hal-hal yang tidak perlu, malah bisa menimbulkan pertengkaran e. ari dulur diantep, ari deungeun-deungeun diperhatikeun; saudara sendiri dibiarkan sengsara, sedangkan orang lain duperhatikan dan dibantu f. adil, atawa nempatkeun perkara dina tempatna; berlaku adil, menempatkan perkara sesuai tempatnya g. ngalawan anu lain tandinganana; melawan kepada yang bukan tandingannya h. marebutkeun pasualan anu taya gunana; memperebutkan hal-hal yang tidak ada gunanya i. goréng haté, sok hianat, atawa resep nyilakakeun batur; buruk hati, suka menghasut, suka berkhianat j. ngarep-ngarep atawa boga kahayang anu pamohalan laksana; berharap atau punya keinginan yang tidak mungkin terlaksana


WIWAHA BASA | KELAS VII 130 5. LATIHAN A Menyusun Kalimat Pék jieun kalimah ngagunakeun paribasa di handap! 1. buruk-buruk papan jati ___________________________________________________________ 2. jati kasilih ku junti ____________________________________________________________ 3. ngaliarkeun taleus ateul ____________________________________________________________ 4. lamun diarah supana kudu dipiara catangna ____________________________________________________________ 5. lodong kosong ngelentrung ____________________________________________________________ 6. dipiamis buah gintung ____________________________________________________________ 7. monyét kapalingan jagong ____________________________________________________________ 8. monyét ngagugulung kalapa ____________________________________________________________ 9. monyét dibéré séséngkéd ____________________________________________________________ 10. manuk hiber ku jangjangna ____________________________________________________________


Kurikulum Merdéka 131 B Mencari Istilah Keagamaan Di bawah ini terdapat istilah keagamaan. Jika tiga huruf pada kotak sebelah kiri disambungkan dengan tiga huruf pada kotak kanan, nantinya akan terbentuk istilah keagamaan. Namun tentu saja harus dipilih terlebih dahulu, agar sambungannya tepat. Cobalah kamu perhatikan, lalu kamu sambungkan! Setelah itu tuliskanlah.


WIWAHA BASA | KELAS VII 132 Ujian Seméster Genap Loba nu nyangka turunan Bugis, duméh jenenganana Daéng, lengkepna Daéng Sutigna. Apan ari sesebutan “daéng” téh gelar pikeun sabagian masarakat di Makassar, Sulawesi Selatan. Mun di Sunda mah kira-kira sarua jeung “radén”. Padahal Daéng Sutigna mah asli turunan Pangandaran. Pa Daéng téh apan jujulukna “Bapa Angklung Indonésia”. Nya anjeunna anu nyiptakeun waditra kasenian angklung anu ngagunakeun nada diatonis, nyaéta maké patokan do-ré-mi-fa-sol-la-si-do. Kiwari angklung téh geus resmi diaku ku UNESCO jadi warisan budaya dunya. 1. Dina bacaan di luhur ditétélakeun yén Pa Daéng Sutigna téh …. a. asli turunan Pangandaran b. ahli musik angklung di UNESCO c. urang Bugis ngan lahirna di Pangandaran d. urang Pangandaran ngan lahirna di Bugis 2. Jujuluk “Bapa Angklung Indonésia” pikeun Pa Daéng dumasar kana jasajasana …. a. nyieun koperasi musik angklung b. nyiptakeun angklung diatonis c. ngagabungkeun angklung jeung musik séjén d. ngawanohkeun angklung di Jakarta 3. Ku ayana jasa Pa Daéng, kiwari angklung jadi …. a. bisa dipagelarkeun babarengan b. mahal hargana c. budaya pikeun pariwisata d. budaya warisan dunya 4. Kasenian anu dianggap has Pangandaran di antarana …. a. wayang golék c. degung b. ronggéng gunung d. wayang kulit 5. Anu medar lalakon dina pagelaran wayang golék disebutna …. a. sutradara c. sindén b. panayagan d. dalang 6. Pintonan kasenian anu ngagunakeun kukudaan tina bahan kulit, bilik, atawa giribig nyaéta …. a. rengkong c. calung b. badud d. éblég


Kurikulum Merdéka 133 7. Puseur dayeuh … Pangandaran téh di Parigi. a. kabupatén c. wilayah b. kacamatan d. désa 8. Mamang kuring kungsi dua kali kapilih jadi … di Désa Cimerak. a. camat c. kuwu b. masarakat d. sekretaris daérah 9. Minggu hareup aya lima … anu wargana rék milih kuwu di wewengkon Padahérang. a. kapunduhan c. kacamatan b. désa d. kabupatén 10. Cing bantuan … mobil, Jang, engké diburuhan peremén! a. ngadorong c. dorong b. kadorong d. dorongan 10. Domba téh ulah sina … atuh, bisi ngaranjah kebon! a. kencar c. kencaran b. kakencar d. ngencar Laku lampah sajeroning hirup kumbuh, campur jeung nu lian, masing bisa mawa diri, kudu akur dibarung silihargaan. 12. Bacaan anu bieu téh disebutna …. a. pupuh pucung c. sajak b. sisindiran d. nadoman 13. Ini tina bacaan bieu téh papatah, nyaéta …. a. kudu loba babaturan c. kudu bisa silih hargaan b. ulah pipilueun d. ulah sok cacampuran 14. Resep nyémah téh ari pribumina … mah, henteu kucem. a. gagah c. beunghar b. soméah d. béréhan 15. Cék saha korét, puguh Pa Haji mah …, tara lebar ku rejeki. a. béréhan c. calakan b. beunghar d. soméah 16. Cing atuh tong …, dosa nyaritakeun kagoréngan batur téh. a. mapatahan c. ngupat b. jempé d. mitnah


WIWAHA BASA | KELAS VII 134 17. Teu hayang wawuh ka jalma …, ari ka batur nganggap rendah. a. gedé hulu c. panjang leungeun b. beurat beunghar d. hampang birit 18. Rapat pangurus désa jeung para Ketua RW téh sok dilaksanakeun …. a. minggu c. minggueun b. mingguna d. mingguan 19. Ti saprak rék dipacok oray, ayeuna mah manéhna … ulin ka sawah. a. embungan c. embungna b. embungeun d. embung 20. Ari manéh mani … ngarang carita téh, matak resep macana gé da. a. bisaan c. bisana b. kabisa d. bisaeun Ukur boéh jeung asiwung, geus kitu dirurub padung, teu paduli pangkat luhung, goréng amal mah kaduhung. 21. Anu bieu dibaca téh disebutna …. a. pupuh pucung c. sajak b. sisindiran d. nadoman 22. Dina éta bacaan disebutkeun, mun geus maot mah taya gunana boga …. a. padung c. pangkat luhung b. boéh jeung asiwung d. goréng amal 23. Ari nadoman téh dina saban padalisanana kudu …. a. dalapan engang tur murwakanti b. sapuluh engang tur murwakanti c. opat engang sorana sarua d. opat kecap tur murwakanti 24. Anu tara dipaké eusi dina nadoman nyaéta …. a. sajarah para raja c. muji ka Gusti Alloh b. pangajaran agama d. sajarah Kangjeng Nabi 25. Anu teu kaasup kana istilah kaagamaan nyaéta …. a. misa c. pura b. haji d. provinsi 26. Conto anu lain paribasa upamana …. a. pacikrak ngalawan merak c. ganjaran pikeun nu sabar b. lodong kosong ngelentrung d. dipiamis buah gintung


Kurikulum Merdéka 135 27. Harti anu dikandung dina paribasa ngeupeul ngahuapan manéh nuduhkeun …. a. jalma rapékan b. jalma mentingkeun diri sorangan c. alma resep tutulung d. jalma anu dianggap pamingpin 28. Geus lah tong nyaritakeun nu taya gunana, da ukur …! a. marebutkeun paisan kosong b. ngadék sacékna nilas saplasna c. lodong kosong ngelentrung d. manuk hiber ku jangjangna 29. Paribasa anu ngagambarkeun jalma resep nyaritakeun hal-hal teu guna nyaéta …. a. marebutkeun paisan kosong b. pacikrak ngalawan merak c. biwir nyiru rombéngeun d. katempuhan buntut maung 30. Dina paribasa mun diarah supana kudu dipiara catangna téh nuduhkeun jalma anu …. a. sumanget kana gawé c. usahana kana dagang supa b. mentingkeun diri sorangan d. apik kana barang loba gunana


WIWAHA BASA | KELAS VII 136 Daftar Pustaka Andriansyah, Ari. 2014. “Ngalalar Walahar”. Dina Cupumanik édisi bulan Maret. Bandung. Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat. Faturohman, Taufik. 1982. Tata Basa Sunda. Bandung: Djatnika. Faturohman, Taufik. 2017. Sajiwa Basa. Bandung: Geger Sunten. Faturohman, Taufik. Drs. 1984. Ulikan Sastra Sunda. Bandung: Jatnika. Hadi, Ahmad, Drs. Spk. 1991. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. Iskandar, Yoseph. 2018. Sejarah Jawa Barat; Yuganing Rajakawasa. Bandung: Geger Sunten. Iskandarwassid, Drs. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Mustappa, Abdullah. 1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung. PPDBI, Capaian Pembelajaran Bahasa Sunda SMP. Pusat Bahasa. 2006. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Departemen Pendidikan Nasional. Rosidi, Ajip. 2000. Ensiklopedi Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. Rosidi, Ajip. 2018. Kamus Istilah Sastera Indonesia. Bandung: Pustaka Jaya. Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Suryalaga, Hidayat, R. 1993. Étika jeung Tatakrama. Bandung: Geger Sunten. Tamsyah, Budi Rahayu. 1997. Kamus Undak Usuk Basa. Bandung: Geger Sunten. Wibisana, Wahyu, Drs. Spk. 2008. Katumbiri: Karya Tulis Kamari. Bandung: Geger Sunten Yudibrata, Karna, Spk. 1989. Bagbagan Makéna Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.


Click to View FlipBook Version