The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.

Buku ini berisi hasil karya literasi siswa kelas 8B SMPN 19 Kota Bandung dalam pembelajaran Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila

Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by ana.masliana19, 2022-11-22 23:07:19

Bunga Rampai Karya Literasi Bahasa Sunda

Buku ini berisi hasil karya literasi siswa kelas 8B SMPN 19 Kota Bandung dalam pembelajaran Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila

BUNGA RAMPAI

KARYA LITERASI

BAHASA SUNDA

Kumpulan Karya Literasi Siswa Kelas VIII B

8B

SMP NEGERI 19 BANDUNG

PANGJAJAP

Alhamdulillah, puji sinareng syukur urang
panjatkeun ka hadirat Allah SWT, nu parantos
maparin sagala nikmat sarta limpahan rahmat jeung
karunia-Na, dugi dina danget ieu panyusun tiasa
ngaréngsékeun ieu buku nu judulna nyaeta “Bunga
Rampai Karya Literasi Bahasa Sunda".

Buku nu disusun ieu mangrupa kumpulan karya
literasi barudak kelas VIII B nu eusina mangrupa
ekspresi diri dina bentuk sisindiran, sajak, carpon,
sareng artikel salami ngajalankan pembelajaran
berbasis Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila
bertema “Bangunlah Jiwa dan Raganya”.

Buku ieu tangtos masih seueur kakirangan. Ku
kituna penulis ngahaturkeun kritik sareng saran
pikeun ngembangkeun ieu karya.

Ahir kata, panyusun ngan ukur tiasa ngaharep-
keun mudah-mudahan ieu karya ngabogaan
mangpaat hususna pikeun penyusun sareng umumna
pikeun sakumna pamaca sadayana.

Bandung, November 2022

Panyusun

SISINDIRAN

Sisindiran 1
Ku Shaqila Angelina




Lamun urang maen catur
Kudu boga pikiran aktif
Lamun hayang di hargaan batur
Kudu boga pikiran positif



Meuli emping ka Situraja
Meuli hurang ka darmaga

Kasehatan sing dijaga
Sangkan hirup urang bagja



Meuli teri ti Maroko
Ngagade calana ti Cisaatan
Ulah sok beuki ngaroko
Teu hade jang kasehatan



Jalan-jalan ka Cililin
Balikna liwat Ciwastra
Ulah loba teuing ulin
Tapi kudu loba maca

Sisindiran 2
Ku Linda Nur Hasanah



Ari rek neang alamat

Ulah sabari Salto
Ari hayang awak sehat

Ulah beuki ngaroko



Si Wulan lulumpatan
Nepi ka imah Bi Lili
Ulah nyia-nyiakeun kasempatan
Sabab teu datang dua kali



Beurang-beurang meuli mi kari

Dahar mi kari jeung si Ujan
Diajar mikanyaah ka diri

Sabab nu terang diri sorangan



Meuli buah dina jongko
Meuli gedang di Kalimantan

Ulah resep loba ngaroko
Bisa bahaya pikeun kesehatan

Sisindiran 3
Ku Akbar Afif Fauzan




Si Jajang panggih jeung Alif
Si Alif panggih jeung Hanif

Tong mikir anu negatif
Kudu mikir nu positif



Barudak lalajo tari Saman
Bapa-bapa mah eukeur ngarit
Hayu urang jaga kesehatan
Sabab keur usum panyakit



Akbar meuli kue balok
Apip keur dahar tomat
Tong era mun teu ngarokok
Mun hayang paru paru sehat



Iman Ulin Jeung Salman
Insyaallah jadi urang sukses
Mun dibully tong dilawan
Jadikeun Bullyan panyemangat sukses

Sisindiran 4
Ku Audrey Malika Apfarry



Meuli barang ka Cijagra
Di dinya ningali loba nu anyar
Ulah hilap ngolah raga
Supados salira damang sarta bugar



Isuk-isuk neangan bubur
Mendakna kalahkah kupat

Ari hirup kudu jalujur
Meh salamet dunia akherat



Jalan-jalan ka imah abah

Balikna naek angkot
Ulah poho dahar sayur jeung buah

Supados salira janten kiat



Budak leutik ulin di jalan aspal
Ulinna babarengan di lapang

Jaga kesehatan mental
Supados hirup tentram jeung tenang

Sisindiran 5
Ku Tri Alisa




Ka Pasar Baru jeung si Aat
Balik na meuli baju koko
Lamun urang hayang sehat

Ulah loba ngaroko



Diuk di sisi walungan jeung si Mamat
Balikna aya si lily

Jadi jalmi kudu silih hormat
Ulah silih ngabully



Jalan jalan jeung si Latif
Tong poho ngajak si Amat
Lamun pikiran salilana positif
Bakal jauh tina panyawat



Ka warung meuli batu es
Di jalan aya batu bata
Jalan-jalan leungitkeun stres
Meh bisa ngaraih cita cita

Sisindiran 6
Ku Aprilia Kartini Putri



Aya manuk diudag embe

Ditulungan ku si meri
Lamun hayang mental sae
Kedah inget sholat ngaji



Indit ka pasar jeung Bu Romlah

Balikna meuli katupat
Ulah resep mendem masalah

Bisi rugi dunya aherat



Sarapan nganggo katupat
Henteu hilap jeung bakpia
Lamun hayang paru paru sehat

Cadu udud, solusina



Si mawar mios ka Gresik
Dugi di ditu ningali kadal
Lamun lemah sacara fisik
Tong lemah sacara mental

Sisindiran 7
Ku Muhammad Fauzi Pratama



Jalan jalan ningali genjer
Bari leumpang nyonyo’o gitar
Lamun urang hayang pinter

Kudu getol kana diajar



Jalan jalan ka Belitar
Balik na pendak jeng si Ganjar

Amun anjeun hayang pinter
Kudu getol kana di ajar

Dahar baso campur cuka
Menta hiji di bere lima
Jalma sopan dipikasuka

Akhlak mulia emang nu utama



Papan kotak eusina nyere
Nyere panjang siga na peti

Ari budak nu alus hate
Tangtu nyaho balas budi

Sisindiran 8
Ku Mochamad Fauzi nur Fikri



Aya hujan tos bade raat
Balikna nyimpang ka Pa Oga
Lamun anjen hayang sehat

Kudu rajin olahraga.



Ka pasar meuli baju Koko
Balikna kapanggih si Tantan

Ulah sok beuki ngaroko
Teu alus keur kasehatan.



Ka sakola mawa senter
Balikna aya nu ngejar
Lamun anjeun hoyong pinter

Kudu getol diajar

Sisindiran 9
Ku Rafi putra Pratama



ka kebon nyoo catur
Ka hutan mawa karet
Lamun anjen hayang loba batur
ulah jdi jelma Koret



Jalan-jalan jeng si guntur

Kudu boga akal aktif
lamun anjen loba batur
Kudu boga akal positif



Si Jajang eukeur Mahat

Mahatna di Cianjur
Lamun hayang boga awak sehat

Kudu loba dahar sayur

Sisindiran 10
Ku Laviano Hideyoshi Setiawan




Jalan-jalan ka Tubagus
Balikna panggih si Atal
Lamun hayang mental alus
Kudu bisa jaga kasehatan mental



Si Paiz muka toko
Toko na loba setan
Ulah resep ka roko
Teu alus kana kasehatan



Si Dudung resepna mahat
Beresna papanggih si Arga
Lamun hayang fisik sehat
Kudu bisa loba olahraga



Unggal poe panggih si Bahar

Balikna panggih si Hanif
Lamun hayang otak cenghar

Kudu bisa mikir positif

Sisindiran 11
Ku Muhamad Fauzan Yahya




Si Alif papanggih bagus
Si bagus boga toko

Lamun hayang fisik alus
Tong loba teuing ngaroko



Si dadan boga dadali
Dadali sare dina bantal

Ulah sok nga bully
Sabab mawa pangaruh kana mental



Nagaranna Arif hanif

Adina latif saif
Kudu mikir nu positif
Ulah mikir nu negatif



Si alif keur nyikat
Si arif ka braga
Lamun awak hayang sehat
Kudu getol olahraga

Sisindiran 12
Ku Mohamad Ramdani



Ka sakola mawa gitar
Balik na aya nu ngejar
Lamun anjeun hoyong pintar

Kudu getol diajar



Ka warung nyoo catur
Ka kebon mawa karet
Lamun hoyong loba batur
Ulah jadi jalma koret



Meuli baju jeng Pa Koko
Balikna papangih setan

Ulah beki ngaroko
Teu alus keur kasehatan



Jalan-jalan jeung si Mamat

Balikna papangih Thor
Lamun anjeun hayang dihormat

Jadi budak ulah bangor

Sisindiran 13
Ku Melly Anggraeni




Mihape sisir jeung minyak
Kade kaancloman langeuna

Mihape pikir jeung niat
Supados ke slah langkahna



Lamun urang meuli uyah

Ulah poho meuli cikur
Lamun urang hayang bungah

Ulah poho rasa syukur



Semangka loba bijina
Dijual di pasar Kemis
Eta saha nu diadinya
Meuni loba nu gareulis



Gasing muter na luhur peti

Muterna nepi sagara
Sing pinter tur hade budi
Meh ka pake ku negara

Sisindiran 14
Ku Samuel Habeyahan



Ka sakola jeung si Alber

Jalanna ka Batujajar
Lamun anjeun hoyong pinter

Kudu rajin diajar



Laviano keur masang pager
Maen kaleci jeung Cahya
Lamun hayang fisik cageur
Ulah hoream olah raga


Ulin ka imah si Joko
Balikna ka imah si Maru
Ulah loba teuing ngaroko
Bisa ngarusak paru-paru


Si Adit ulin ka walungan

Balikna ngadangu lagu metal
Hayu hindarkeun tindak perundungan

Bisi bawa pangaruh kana mental

Sisindiran 15
Ku Okta Anjani Safitri



Jalan-jalan ka Cianjur
Balikna kana mobil bu Iyus
Jadi jalma kudu jujur
Meh kasehatan mental na alus



Ka Cigadung meuli balsem

Balikna bari huhujanan
Masalah teh tong sok dipendem

Bisi engke na jadi pikiran



Ka pasar baru meuli baju koko
Meulina jeung Bu Aan

Tong loba teuing ngaroko
Teu alus pikeun kasehatan



Aya manuk ngadahar emping
Emping digoreng tapi can asak
Jadi budak teh tong over thingking
Bisi mental na ke janteun ruksak

Sisindiran 16
Ku Ananda Putra Pratama




Hayu batur ka walungan
Di walungan urang mandi
Hayu urang jaga kaséhatan,
Ku ngadahar anu bergizi.

Meuntas walungan dina rakit,
Rakit tilelep awakna baseuh.
Mun dina awak aya panyakit,

Hirup urang jadi susah.



Haru urang ka walungan
Di walungan neang nu aya
Hayu batur urang latihan
Janten bagja awak jeung jiwa.



Aya balon karasa hampang,
Ditiup angin ka tengah jalan.

Hayu urang ulin ka lapang
Maén bal jeung babaturan

Sisindiran 17
Ku Alivia Putri Hendrianti




Ti Batam mawa pedang
Mending ge mawa ragaji
Tibatan ulin bagadang,
Mending gé diajar ngaji



Lamun hayang hirup boga
Kudu daek jeung susahna
Lamun hayang asup surga

Kudu daek ibadahna



Sing getol nginum jajamu
Nu guna ngakuatkeun urat

Sing getol neangan ilmu
Nu guna dunya aherat



Lamun jalan embung muter

Kudu lewat bale desa
Lamun hayang jadi pinter

Kudu rajin di sakola

Sisindiran 18
Ku Rivaldo Marcellino




Si Cecep ulin jeung si Agus
Indit na ti imah si Yoga

Mun hayang boga tanaga alus
Kudu getol olahraga



Indit mudik ka Tasikmalaya
Naek bes jeung si Tatang
Ngaroko teh berbahaya
Duit beak loba hutang


Jalan jalan ka Ciater
Balik na meli bangku

Lamun maneh hayang pinter
Kudu getol maca buku


Si Raka ulin jeung si Alif

Tong poho nyamper si Latif
Mun urang hayang berpikiran positif
Ulah loba teuing mikiran nu negatif

SAJAK

Overthinking
Ku Sherin Puspita Maharani



Lamun peuting datang kalayan suasana sepi

Kuring ngagoler mikir sakedapan
Overthinking datang ka pikiran
Ngeunaan mangsa nu bakal datang



Jeung harepan kolot anu kudu dicumponan

Lajeung kuring tiasa ngawujudkeun eta?
Pikiran kuring karasa teu puguh
Mugia aya nu merenah



Pikeun ngawujudkeun naon anu dipikahayang
Najan sesah tapi kudu usaha

Sabab sagalana butuh perjuangan

Jaga Kesehatan Fisik

Ku Nisa Khoerotul Ummah



Mimitian ti ayeuna
Dahar kadaharan anu bergizi

Dahar sayuran
Dahar buah

Tong dahar nu teu puguh



Hayu urang dahar nu bergizi
Pikeun awak sehat

Masihan anu pangsaéna pikeun kaséhatan
Sabab dina awak anu sehat, aya jiwa anu kuat



Mun urang gering
Rasa pait karasa
Awak teu daya teu upaya
Karek jangji rék ngadahar anu bergizi
Nginum cai loba

Cukup sare



Kanggo sadayana
Hayu urang jaga kasehatan jasmani

Sabab cageur mahal hargana

Positif Thinking
Ku Dias Andika Pratama




Buka soca, mikir positif
Jadikeun ku anjeun napak sadidinten
Prasangka hade, ngabahagiakeun salira

Nampi takdir Illahi



Teu aya jalmi nu teu aya dosa
Teu aya mahluk anu jumeneng

Tanpa seneng jeng susah
Hibur hate, pikiran positif



Salira kedah sajiwa
Kedah sabar jeung usaha
Margi berkah Allah
pasti sumping teu diduga



HATUR NUHUN SADAYANA

carpon

Ngawangun pikiran positif
Ku zalfa aurellia

Tina sok diajar, ibadah, jeung taat kana aturan, tapi
peunteunna biasa biasa wae, nalika ujian datang Tina,
beuki rajin diajar jeung ngadoa, nalika solat. Waktu ujian
datang, Tina ngalaksanakeun ujian kalayan sumanget sareng
percaya diri.

Sanggeus Tina ujian Tina istirahat bari ngadongeng
kumaha hasil ujianna, poe rapor datang, Tina bungah bari
mikir positif nilaina alus, distribusi rapor Tina pun datang
Tina bungah lantaran peunteun tesna nyugemakeun pisan
sarta Tina meunang rengking ka-1, saengges sakola nyandak
rapor Tina balik ka imah sarta ngabejaan rangkibg dirina
kalawan kulawarga, kulawarga Tina bungah ngadenge beja
Tina, ceuk Tina kabapa "kuring rek menta hadiah" Sabab
geus rengking 1,ceuk bapakna "antosan, mun bapak boga
duit, anjeun pasti bakal dibeuli" Tina ngomong enya kusabab
pamahaman keuangan kulawarga ti keur teu stabil Tina pikir
positif saha nu nyaho naon ku bakal di beuli engke. Sabulan ti
harita, Tina poho yen Tina menta hadiah ka bapakna, Tina
inget yen Tina menta hadiah kabapakna ceuk bapakna
"engke nya masih kurang duit na"

Ulang tahun Tina datang, bapak Tina datang nyampeurkeun
Tina menta hampura sabab can bisa mere kado ka Tina, Tina
oge ngomong "teunanaon" ka bapakna, tapi Tina oge boga
rasa sedih, saengges bapana kaluar Tina asup ka kamar
ceurik sabab dina ulang tahunna teu aya nu istimewa, indung
Tina nyamperkeun Tina sarta nenangkeun Tina, sangkan teu
ceurik deui, indung Tina ngajak Tina ngobrol sangkan leuwih
tenang saengges ngobrol, indubg Tina kaluar ti kamar Tina.
Saengges indung Tina kaliar Tina meureumkeun panonna
ngarah bisa sare saengges 1jam Tina teu bisa sare Tina sare

Isukna poe kahiji Tina indit ka sakola deui, Tiba hudang
siap siap indungna nyiapkeun sarapan jeung bekel Tina, tapi
Tina ngan mawa bekel teu sarapan, indung Tina sedih
lantaran Tina can sarapan tapi indung Tina ngarti meureun
Tina masih sedih. Tina oge datang kasakola kalayan muka
hanjelu babaturan Tina hariwang Tina datang datang sedih
babaturan Tina nanya ka Tina "kunaon maneh Tin" Tina teu
ngajawab pananya ti babaturanana tapi babaturan Tina
mikir positif meureun Tina cape, jadi babaturan Tina
ningalikeun Tina sabab guru geus datang ka kelas.

Tos waktosna balik, indung Tina ngajemput Tina ka sakola,
tapi Tina masih rada hanjelu kusabab kamari sesampainya di
imah, Tina langsung ka kamar ganti baju jeung istirahat,
saengges hudang Tina teu langsung kaluar tapi maen hp.

Teu lila Tina hudang, indung Tina oge ngajak Tina
dahar dimeja makan, Tina kaluar dahar jeung kulawargana,
Tina masih sedih tapi Tina heunteu ningali rarayna sedih di
payunen bapana sabab anjeunna terang sareng kedah
ngartos kumaha kaayaan ekonomi kulawargana. Tina oge
menta hampura ka indung jeung bapakna lantaran Tina teu
mikirkeun kulawargana, saengges Tina menta hampura
bapak Tina oge mere kado anu dipikahayang Tina, Tina ceurik
ngahatur nuhun kabapana, jeung Tina geus teu sedih deui.

--------

Its Okay To Not Be Okay

Ku Chalisa Fikratuha Saputri




Hiji dinten aya mojang siswa SMA anu hirup sareng
bapana saprak kolotna pirak, Wanoja ieu hirup
langkung peurih saprak hubungan kolotna papisah.
Manehna hirup kawas henteu ngabogaan saha-saha,
sepertos awewe anu hirup sorangan margi bapa sarta
indung na anu henteu malire hirupna.

Bapa na didamel minangka pagawe swasta di salah
sahiji perkantoran. Anjeunna langkung condong kana
dunya tibatan ka anakna.

Unggal dinten anjeunna kedah wangsul wengi
kusabab damelna sok ngalembur. Angkat subuh uih
wengi tos jadi kabiasaan. Padamelan di kantorna siga
teu aya beresna. Rengse hiji nambih deui hiji. Kitu
saterasna. Pami uih ka bumi, katingal siga tos teu aya
tanaga.

Hiji waktos, bapa si wanoja nembe mulih ti luar kota
alatan aya padamelan nu kedah direngsekan di ditu.
Harita teh tos wengi pisan anjeuna dugi ka bumi.

Panon layu, awak anu leuleus margi pangaruh kacape
nu luar biasa. Nepi ka imah, anjeunna disanghareupan
ku raray mojang na anu atos panik margi bapana teu
acan wangsul. Nanging naas, sabot mojang eta
naroskeun ka bapana, naha tabuh sakieu nembe
wangsul. Bapana ngawalon kalawan amarah.

Kajadian anu henteu disangka-sangka lumangsung.
Anjeunna ditampiling ku bapana anu nuju carape.
Alatanna pipi karasa nyeri sareng bareuh. Manehna
enggal-enggal ka kamar bari ngompres pipi kalawan
cipanon cirambai na pipi.

Enjingna, manehna mutuskeun balaka ka guru
bimbingan konseling anu aya di sekolah margi salila
ieu manehna sok mendem masalah jeung ngarasakeun
sorangan, Guru BK-na kaget ningali pipi bareuh jeung
biru.
Kalawan nyertakeun serat dokter sarta serat panggilan
orang tua, bapana disauran ka sakola, kanggo nawis
surat perjanjian yen moal nganyenyeri deui sarta
langkung ngajagi putrina.
Ahirna bapa eta Mojang sadar sarta neda hapunten ka
putrinana. Ti dinya anjeunna langkung sadar sarta
langkung mikanyaah putri na.

Teu aya anu langgeng di dunya. Sadayana sipatna
samentara. Kahanjelu, kabungahan, jeung sajabana
eta moal langgeng. Ulah kamalinaan dina kahanjelu
diri. Henteu nanaon lamun urang rumaos yen diri
henteu nuju dina kaayaan henteu sae-sae wae.

--------

Jaga Kaséhatan Sorangan
Carita campur aduk

Ku Raysandra Junaryana Putra



Carita kahiji

Isuk-isuk kuring papanggih jeung Akbar. Hobina dahar
Kamari anjeunna ngagaleuh seueur tuangeun nu seueur
minyak dugi ka 30 bungkus Ka batur teu babagi.

Soré éta anjeunna nyeri beuteung sareng seueul.
Anjeunna oge dibawa ka rumah sakit pikeun dirawat,
ahirna manehna hayang robah ku hirup cageur,
salawasna dahar kadaharan anu bergizi sarta sehat.
Ayeuna unggal indit ka sakola sok mawa sabungkus
dahareun sehat. Anjeuna henteu hoyong tuangeun anu
berminyak sareng teu séhat deui. Sarta pamustunganana
Akbar jadi cageur sarta cergas.

Urang kudu ngajaga diri sabisa-bisa sabab kaséhatan
jeung geringna jalma datang ti nu Maha Kawasa

Carita kadua:




Hiji poé kuring nempo Adit indit ka sakola jeung
kabeneran
Adit teu mawa jas hujan da kabeneran cuacana cerah,
Adit ngamimitian lalampahanana. Waktos ngaliwat, tos
jam 02.15 WIB, waktos Adit mulih tapi ngadadak gess....
Hujan. Alhamdulilah Adit ngan ukur bisa ngadu'akeun
naon anu aya dina pikiran manehna.
"Nu penting balik ka imah," pikirna.
Hujan beuki ngagebrét tur Adit maksakeun hujan dina
jalan ka imah nangtang pisan. Teu bisa nempo naon-
naon nu dihareupeunana ku sabab hujan.

Isukna Adit gering. Gara-gara hujan gede kamari
manehna bungah lantaran teu kudu indit ka sakola tapi
kasenangan teh teu lila, gering parna nepi ka saminggu.
Ayena Adit datang ka sakola mawa jas hujan jeung naon
nu kudu dibawa manéhna lamun hujan badag.

“Haduhh hanjakal teu lebet sakola,” pikir Adit. Tapi
takdir memang kudu kitu. Ti saprak ayeuna urang kedah
janten terang pentingna ngajaga diri sareng kasehatan
supados teu siga adit.

Carita katilu:




Sudut pandang pindah ka jalma nu ngaranna Santi.
Santi ngabéjaan yén manéhna geus katarajang panyakit
rabies, panyakit anu nepi ka ayeuna teu aya ubarna.

Tah jiga kieu. Hiji poe Santi indit ulin jeung
babaturanana. Aya Akbar, Adit, Kevin jeung Santi
sorangan. Maranéhanana hayang maénkeun kaulinan
sumputkeun jeung neangan. Kevin dipilih salaku nu milari
rerencanganna. Nu sanesna aranjeunna paburincay
milari pangnyumputan. Santi nyumput di hiji imah tanpa
permios, Kevin mimiti néangan manéhna néangan di
sakuliah dunya nepi ka Antartika can kapanggih. Akbar
jeung Adit bari metik pelem tina tangkal batur.

Santi nyampak di juru imah nu dipake nyumput. Aya
nu hideung-hideung buntutna, disangka ucing nu keur
dahar. Manehna ngadeukeutan. Nyatana beurit ngegel
suku Santi. Manehna tuluy lumpat ka talang.

Santi ceurik alatan digegel beurit. Kevin datang jeung
nenangkeun manéhna nyebutkeun yén tatu bakal cageur
sarta kudu gancang dikumbah sabab bakal
ngabalukarkeun inféksi tapi Santi nampik sarta balik ka
imah alatan manéhna nolak ngumbah tatu.

Sadinten ti harita, Santi ngalaman seueul sareng pusing
anu parah sarengsesak napas. Anjeunna dibawa ka
rumah sakit.
“Ieu geus rabies,” ceuk dokter.
“Astaghfirullah…,” kulawarga reuwas.

Santi diubaran nepi ka saminggu kalayan hariwang
pisan sabab sieun hudang geus aya dina alam anu beda.
Alatan mujijat anjeunna pulih. Alhamdulillah. Saatos
kajadian éta Santi sok meresihan tatu sareng kaséhatan
sacara teratur sareng anjeunna waspada pisan kana
tempat anu poek sareng kotor.

Mugi-mugi sadayana tiasa janten pelajaran kanggo
ngajaga diri salamina.





---------

Wanoja Hareupeun Bioskop

Ku Gizha Graneta Agustin



Aya hiji wanoja anu umurna 14 tahun. Manehna keur
ngaringkuk jeng mewek di harepeun gedung bioskop.
Eta jalmi mancing perhatian jalmi-jalmi nu ngaliwat,
tapi euweuh nu ngawaro.
"Perempuan putus asa," cek nu ngalaliwat.
Sanggeus satengah jam diuk di harepen gedung
bioskop, ujug-ujug aya nu mere leungeun.
"Ka dieu, ku abdi bantu nantung," ceuk nu boga
leungeun. Eta leungeun narik awak eta wanoja.
Sanaos panon si wanoja eta ng-blur, tapi manehna
masih bisa keneh nempo sosok nu aya di hareupeunna.
"Hatur nuhun," ceuk eta wanoja.
"Naha anjeun bisa di dieu, terus oge naha bisa ceurik
di hareupeun bioskop?" ceuk eta lalaki.
Si wanoja ngajawab, "Abdi boga masalah keluarga
nu ngaruksak mental abdi."
Lalaki eta cicing sabaraha detik terus lengenna eta
nyepeng tak-tak si wanoja.
"Teu kudu dipikirkeun. Kabeh masalah aya jalanna,"
ceuk si lalaki bari ngaleipaskeun leungeun ti tak-tak si
wanoja. Sanggeu mere sumanget, eta lalaki indit ti
tempat eta.

artikel

Pangaruh Positip Gotong Royong
Ku Kameliatun Naelliyah

Dina kurikulum merdeka, barudak kedah diajar
dina kagiatan proyek. Disemester dua taun
palajaran nu geus kaliwat, di SMPN 19 aya
proyek nu kagiatannya nyieun kompos jeung
kaligrafi. Dina proyek ieu, sakelas dibagi kana
sababaraha kelompok. Ti dinya barudak
dipasihan pitunjuk ngadamel kompos sareng
kaligrafi. Sateuacanna dipedar heula ku para
guru IPA sareng PAI. Abdi ditugaskeun pikeun
nampilkeun léngkah-léngkah nyieun kompos.

Sanggeus presentasi tuluy nyieun kompos dina
poé saterusna. Aya anu mawa runtah organik,
taneuh, arang sekam, ember, jeung sajabana.
Nyieun kompos dimimitian ku motong runtah.
Tuluy ngasupkeun taneuh kana ember anu tos di
sadiakeun. Prosedur demi prosedur parantos
dilaksanakeun. Prosés pengomposan berjalan
lancar. Sadaya anggota kelompok milu dina ieu
kagiatan. Urang silih bantuan. Nalika réngsé,
kompos bakal disimpen sareng bakal dititénan
dina dinten-dinten salajengna.

Pikeun nyieun kaligrafi, abdi peryogi
sababaraha barang sapertos Styrofoam,
spidol, sareng karton. Kaligrafi ieu dijieun
maké daun garing. Abdi sareng sababaraha
rerencangan milarian daun-daun anu garing
teras dipotong-potong. Babaturan abdi anu
séjén nulis ayat Al-Quran. Saatos sadayana
beres, kaligrafi ieu bakal dikumpulkeun.

Dina poé saterusna, kompos bakal
dititénan. Observasi ieu lumangsung
saminggu sakali. Unggal minggu, kelompok
abdi giliran niténan kompos. Sadaya
kagiatan ieu didokumentasikeun.
Dokuméntasina dina bentuk poto sareng
vidéo. Dokuméntasi video nu geus diédit
dikirim ka Google Form.

Proyék ieu dipungkas ku ekspo sareng ogé
pamilihan kompos anu pangsaéna. Dina
proyék ieu aya ajén kebersamaan jeung
gotong royong. Kabéh anggota grup gawé
bareng dina nyieun kompos jeung kaligrafi.

Gotong royong bisa nguatkeun rasa
persatuan, ngaraketkeun tali duduluran,
jeung ngaronjatkeun kakompakan sosial.
Mangpaat gotong royong di antarana
nyiptakeun lingkungan anu harmonis,
nyiptakeun lingkungan anu silih tulungan,
jeung pagawean anu gancang. Tujuan
gotong royong nyaeta pikeun ngabina sikep
gotong royong antar masarakat, di mana
jalma-jalma hoyong ngabantosan batur anu
peryogi. Eta pitulung anu bakal
nguntungkeun batur sarta oge sorangan.

-------

Mikir Positip
Ku Geisya Rachma Adrian Putri



Salila urang hirup, pikiran bisa robah
kusabab kaayaan saniskanten hiji hal sarta
barokah kaayaan pikiran urang. Mikir positip
nyaeta hiji daweung mental anu midamel
urang ngaharepkeun kanggo meunangkeun
kenging anu sae serta nguntungkeun. Ieu oge
hartina yen urang tiasa barobah kaayaan
pribadi anu santun ngadep tantangan, sarta
ngalakukeun perkawis - perkawis anu hebat.
Pikiran positip oge tiasa masihan kakiatan ka
urang.
Pikiran positip datang ti kapercayaan, pikiran
negatip dating ti kamangmang. Janten urang
kedah percanten dina pangabisa urang ulah
asa - asa daweng ieu pisan anu bade maehan
kahayang, sarta ngabahayakeun diri sorangan.
Saleresna sesah kanggo teras mikir positip
sabot kaayaan urang papalimpang sareng
impenen urang. Nanging sabot urang
ngabiasakeun diri kanggo mikir positip,
kabiasaan eta tiasa masihan parobahan
angeung. Ku kituna urang tiasa ngalakuken
perkawis anu dianggap mustahil. Pikiran
positip eta sapertos rel kareta hiji pola mikir
anu atos kabentuk ti kabiasaan anu aja tekuni
salila ieu.

Nangging mikir positip kacida pentingna
dilarapkeun dina kahirupan, margi pikiran
eta tiasa janten bekel kanggo ngalakukeun
perkawis - perkawis anu pas. Mikir positip
gampil lamun disebut keun nanging henteu
gampil kanggo dipigawe

Di sajeroeun pikiran positip aya oge anu
ngarana TOXIC POSITIVITY. Toxic
POSITIVITY nyaeta laku lampah anu nyorong
hiji jalma kanggo migawe usaha sarta
berpikir positip dugi nekeun emosi kajabi
negatip. Lamun hiji jalma barobah kaayaan
positip, ku kituna tiasa nekeun emosi awon. I

Stres kaleuleuwihan sarta tiasa midamel
jalmi henteu tiasa rileks. Conto cariosan
Toxic POSITIVITY anu heunte disadari sering
di ucapkan jalmi - jalmi sapertos " Sadaya
aya hikmahna sarta Yuk bisa Yuk ". Eta
sering pisan di ucapkeun ku jalm-jalmi.
Cara menghindari Toxic POSITIVITY sepertos
henteu membandingkeun masalah, usaha
kanggo nyurtian, sanes menghakimi.

Cara mikir positip tiasa dipigawe
kalawan gampil di antawisnya bersyukur,
ngabiasakeun diri kanggo ningali sisi sae
hiji perkawis, dugi ngabayangkeun
pikahareupeun anu sae. Pola ngamanah ieu
masihan mangpaat kanggo kesehatan fisik
sarta mental jalma. Cara mikir positip di
sakola katingal antawisna dina ngiring
pangajian di sakola, ngiring solat
berjamaah di masjid sakola, ngedalkeun
salam ka bapak ibu guru sabot patepang.

Manpaat mikir positip nyaeta nyieun
kapribadian anu sae, percanten diri,
nyiptakeun hubungan anu damang anter
jalmi, nungkukan stres, tiasa nyokot
kaputusan anu leres, hirup langkung bingah,
tiasa ngatur wanci mending, ngaronjatkeun
fokus.

-------


Click to View FlipBook Version