PANGAJARAN
BASA SUNDA
KD 3.1 : MENGENAL TEKS PUPUJIAN
TENTANG INDAHNYA KEBERSAMAAN
KD 4.1 : MELANTUNKAN TEKS PUPUJIAN DAN
MENYUSUN KALIMAT SEDERHANA TENTANG
INDAHNYA KEEBRSAMAAN
A. NGAREGEPKEUN PUPUJIAN
Dina kahirupan sapopoé, jeung sasaha gé, urang téh kudu akur jeung sauyunan. Kawas kumaha
hirup sauyunan téh? Urang regepkeun heula pupujian di handap.
Hirup Ulah Nyorangan
Mun hirup urang nyorangan
moal aya nu marengan
poék taya nu nyaangan
matak jauh panineungan
Hirup ulah mumusuhan
pagirang-girang tampian
jeung batur silih tulungan
ngarah angger sauyunan
Mungguh dina kahirupan
tangtu aya pacogrégan
ulah neundeun kagoréngan
mun salah silih élédan
B. MIKAWANOH PUPUJIAN
Pupujian asalna tina kecap puji, hartina ngedalkeun kecap-kecap nu ngébréhkeun kahadéan atawa
kapunjulan. Tah, ari pupujian mah kaasup puisi nu eusina rupa-rupa puji, du’a, pépéling jeung pangajaran. Tapi
macana lain digalantangkeun, pupujian mah kudu dikawihkeun atawa dilagukeun.
Ari ngawihkeunana biasana di masjid saméméh diajar ngaji, atawa bari nungguan waktuna salat.
Umumna mah, eusi pupujian téh ngawengku:
1. Muji kaagungan Alloh.
2. Salawat ka Kanjeng Nabi Muhammad.
3. Du’a jeung neda ampunan ka Alloh.
4. Neda safaat ka Rasululloh.
5. Naséhat ka umat sangkan ngajalankeun ibadah jeung amal soléh, sarta ngajauhan naon-naon nu dilarang ku
Alloh.
6. Pangajaran agama ngeunaan kaimanan, rukun Islam, fikih, ahlak, jeung sajabana.
Kawih di luhur kaasup kana pangajaran ahlak. Eusina ngajak sangkan hirup sauyunan. Silih hampura
mun aya nu nyieun kasalahan. Manusa mah teu bisa hirup sorangan.
Guru Lagu jeung Guru Wilangan
Mun hi-rup u-rang nyo-rang-an (8 engang)
moal aya nu marengan (8 engang)
poék taya nu nyaangan (8 engang)
matak jauh panineungan (8 engang)
Di luhur, nu disebut jajaran istilahna sarua jeung padalisan tiap padalisan diwangun ku dalapan
engang. Titénan kecap nu dikandelkeun, unggal padalisan tungtung engangna boga sora nu sarua, éta nu
disebut purwakanti. Sakur gundukan pupujian diwangun ku opat jajar, disebutna pada.
tapi teu kabéh pupujian diwengku ku dalapan engang jeung opat padalisan. Kumaha lagam
laguna.
NGAWIHKEUN PUPUJIAN
Tah, ayeuna urang ngawihkeun pupujian babarengan. Di handap aya pupujian, eusina piwuruk
sangkan urang ati-ati dina hirup. Henteu jongjon teuing ku urusan dunya, tapi kudu inget ka
ahérat déuih.
Hayu geura saradia Horéng nyawa reujeung badan
meungpeung keur hirup di dunya nu geus lila babarengan
amal keur sampeureun jaga datang mangsa pipisahan
di ahir moal sulaya paturay tineung amitan
Geuning maot ngadodoho Lain meureun, lain sugan
boro sok dipoho-poho da ieu mah kanyataan
datangna teu méré nyaho kabéh pasti karandapan
Ngageretak taya témpo geuning awak urang pisan
Taya beurang taya peuting
taya raja taya kuring
di mana ajal geus sumping
tara meunang témpo geuning
TUGAS BASA SUNDA
PEK KU HIDEP KAWIHKEUN (NYANYIKEUN) PUPUJIAN JUDUL HIRUP ULAH NYORANGAN
KANA VIDEO (KENGING NINGALI KANA TEKS)
SUMANGET KANGGO SADAYANA NYA …..