MATERI BASA SUNDA : Kémis, 19 Agustus 2021
PANGAJARAN
TEMA 2 NGIRIT ÉNERGI
KD 3.2 : Memahami téks arguméntasi sederhana tentang selalu bérhémat énérgi.
4.2 : Menceritakan isi téks arguméntasi sederhana tentang selalu berhémat
énérgi.
Karangan Argumentasi
Pengertian karangan argumentasi adalah paragraf yang berisi opini atau
pendapat pengarang tentang suatu hal. Pendapat tersebut disertai
dengan alasan, bukti, data atau fakta untuk memperkuat pendapatnya.
Nurutkeun harti dina basa Sunda, karangan arguméntasi teh nyaéta
karya tulis anu dieusi pamadegan atawa pamanggih pangarang ngeunaan
hiji perkara. Éta tulisan téh ilaharna sok disartaan ku alesan, bukti,
data, atawa kanyataan pikeun nguatan pamadegan atawa pamanggihna.
Ciri-ciri paragraf argumentasi
• Terdapat opini atau pendapat pengarang.
• Disertai alasan, bukti, data, atau fakta.
• Bertujuan untuk memengaruhi atau meyakinkan pembaca.
• Pengarang menghindari keterlibatan emosi dalam menyampaikan
pendapatnya.
A. Ngaregepkeun Bacaan
Apik kana Listrik
Basa Galih keur maca buku di kamar, kadéngé kolotna keur ngobrol di
patengahan. Galih nyampeurkeun, milu ngabandungan. Pangpangna mah
panasaran lantaran sora indungna bangun nu keur keuheul. Cenah pédah bulan ieu
mayar listrik naék deui.
Galih bangun nu panasaran. Gek diuk gigireun kolot- na, tuluy nanya: "Ari
jaga mun Galih tos déwasa bakal ka- bagéan listrik, Pa?"
"Moal, da ti ayeuna gé apan mindeng pareum," cék indungna ngaheureuyan.
"Tangtu kabagéan," cék bapana. "Asal ti ayeuna daék ngirit listrik. Ulah
dihambur-hambur. Tuh tingal di kamar Galih, apan lampu téh ngempray waé.
Padahal teu aya sa- saha. Mubadir éta téh."
"Aéh, muhun. Ké atuh urang pareuman heula," Galih ngaléos ka kamar,
meureuman lampu. Teu lila ngurunyung deui.
"Jadi Galih bakal kabagéan nya, Pa?" Galih nanya deui.
"Cék Bapa gé, mun urang hémat kana énérgi, tangtu bakal mahi keur turunan
urang jaga. Jadi ulah sakarep-ka- rep, ulah dihambur-hambur ti ayeuna."
"Énérgi? Apan urang téh nuju nyarioskeun listrik?" Ga- lih kerung.
"Éta gé bagian tina énérgi.
Pan énérgi téh rupa-rupa. Aya énérgi listrik, énérgi panas, énérgi cahaya,
jeung sajabana. Kaasup kadaharan gé sum- ber énérgi."
"Muhun. Da abdi gé tos diajar di sakola, héhéhé," Ga- lih seuri.
"Tuh, komo ari tos diajar mah. Kumaha cék pangajaran di sakola?" bapana
nanya.
"Nu émut mah aya énérgi panas. Nyeuseuh acuk moal garing upami teu aya
énérgi panas mah," jawab Galih.
"Enya, éta téh salah sahiji gunana énérgi tina panonpoé."
"Ari panonpoé jeung angin bakal béak kitu, Pa?" in- dungna Galih nanya.
"Har, naha bet naros kitu?"
"Pédah wé cenah énérgi téh bakal aya béakna. Teu kacipta mun panonpoé
jeung angin béak."
"Tangtu béak upama geus lebur kiamat mah. Maksud bapa kieu, sangkan
énérgi mahi nepi ka jaga, sakur sum- ber énérgi nu bakal béak, ku urang kudu
dihémat. Contona minyak bumi. Mun minyak bumi terus-terusan dikeduk, lila-lila
bakal béak. Nu matak kudu diawét-awét. Salah sa- an Se ME hiji sumber listrik téh
tina bahan bakar minyak. Jadi upa- ma urang ngahambur-hambur listrik, sarua
jeung ngamo- nyah-monyah minyak bumi."
"Pan listrik mah tina tanaga cai, Pa!" omong Galih.
"Éta mah di antarana. Sumber listrik réa pisan. Aya cai, panonpoé, angin,
uap, jeung sajabana. Tapi pan cai gé aya orot- na. Mun caina saat, rék kumaha? Éta
sababna ku naon pang- lem Mer Me na urang kudu miara tatangkalan. Sangkan
siklus cai angger. Jadi bisa kapaké keur sagala rupa. Lian ti éta, sangkan énérgi
mangpaat keur sakumna manusa, urang kudu terus ihtiar. Contona nyieun sumber
énérgi anyar jeung énérgi alternatif. Cék nu palinter mah disebutna énérgi
terbarukan."
"Nu kumaha énérgi terbarukan téh, Pa?" Galih beuki panasaran.
"Engké peuting ku bapa diterangkeun. Ayeuna mah tos adan. Yu, urang ka masjid
heula!" bapana Galih cengkat.