MODUL AJAR TEKS DESKRIPSI [Publish Date] KOMUNITAS BELAJAR GURU LINUHUNG MGMP BAHASA SUNDA Wewengkon Kampung Naga legana lima héktar. Ari anu dijadikeun pakampungan aya 1,5 héktar ngawengku paimahan, pakarangan, balong, jeung pasawahan penduduk. Sésana mangrupa leuweung, anu disebut leuweung karamat, lantaran di éta leuweung téh aya makam karuhun masarakat Kampung Naga. Pakampunganana aya dina léngkob anu kawilang subur. Beulah kulon diwatesan ku leuweung karamat. Beulah kalér jeung wétan diwatesan ku Walungan Ciwulan. Beulah kalér mangrupa lawang asup ka lingkungan pakampungan. Upama urang rék asup ka jero pakampungan kudu ngaliwatan jalan nurutug, magrupa séséngkéd, tapi geus ditémbok jeung dibalay ku batu temple. Sasatna mah kudu ngaliwatan gawir. Malah aya anu nyebutkeun , sesebutan Kampung Naga téh, asalna Kampung Na Gawir, terus robah jadi Kampung Naga. Wangun imahna di Kampung Naga mah kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya nu make kenténg. Teu meunang ditémbok deuih, sanajan mampuh ogé nyieun imah témbok atawa gedong. Sakabéh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kalér. Teu meunang dicét, iwal dikapur atawa diméni. Panto imahna, teu meunang aya panto nu pahareup-hareup dina saimah. Anu matak panto tepas jeung panto dapur téh, sajajar aya dihareup. Lantaran nurutkeun kapercayaanana sangkan rejeki anu asup ka imah henteu bangblas, kaluar deui ngaliwatan panto dapur. Pipinding tepas atawa tengah imah ku bilik anu buni, ari pipinding dapur mah kudu ku anyaman sasag anu carang. Ieu ogé aya alesanana. Ambéh babari kanyahoan ku tatangga lamun dapurna henteu ngebul, hartina henteu masak, upama baé lantaran teu boga béas, jeung sajabana. Di jero imah teu meunang make parabotan saperti korsi, méja jeung ranjang. Teu meunang make listrik deuih. Cukup dicaangan ku cempor baé. Di Kampung Naga aya 113 wangunan, 110 wangunan di antarana mangrupa imah. Wangunan séjénna nya éta bumi ageing, bale patemon, jeung masjid. Bumi ageing tempat neundeun barang-barang pusaka, bale patemon tempat ngayakeun kumpulan warga jeung narima sémah, ari masjid tempat ibadah warga jeung ngayakeun upacara kaagamaan. Ti baheula jumlah wangunan teu leuwih ti sakitu sarta teu bisa nambahan deui. Jadi upama aya warga Kampung Naga anu haying nyieun imah anyar téh, lantaran anggota kulawargana nambahan, nya kapaksa wé kudu di luareun Kampung Naga.
MODUL AJAR TEKS DESKRIPSI [Publish Date] KOMUNITAS BELAJAR GURU LINUHUNG MGMP BAHASA SUNDA Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, saperti wayang golék, dangdut, kendang penca sarta kasenian liana anu make goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya ogé, asal ulah di jero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nya éta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap mangrupa warisan turun tumurun ti karuhunna. Urang Kampung Naga ogé pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poé Salasa, Rebo, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mah mangrupa poéan nyepi. Kampung Naga diadegkeun ku Sembah Dalem Singaparna, anu dianggap karuhun urang Kampung Naga, ratusan taun katukang. Sembah Dalem Singaparna téh salasaurang anu nyebarkeun agama Islam. Anu matak urang Kampung Naga mah kabéhanana ngagem agama Islam. Ngan dina prak-prakan ibadahna diluyukeun jeung adat-cahara katut kabiasaan karuhunna. (Sumber: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat) Pancén 1 Pikeun maham pedaran di luhur, pék jawab pananya di handap! 1. Naon anu disebut karangan déskripsi téh? 2. Naon anu disebut Kampung Adat téh? 3. Aya sabaraha Kampung Adat anu geus kakoncara di Jawa Barat téh? Sebutkeun hijihijina! 4. Nurutkeun hidep, naon sababna masarakat Kampung Adat bisa mertahankeun tali paranti karuhunna? Jéntrékeun! Pancén 2 1. Caritakeun deui ku hidep téks déskripsi ngeunaan “Kampung Naga ”, bisa dina wangun gambar atawa dina teks carita!
MODUL AJAR TEKS DESKRIPSI [Publish Date] KOMUNITAS BELAJAR GURU LINUHUNG MGMP BAHASA SUNDA Asesmen Rekapitulasi Asesmen Diskusi No. Nama Murid Skor Perolehan Aspek yang Dinilai Jumlah Skor Bekerjasama Bertanggungjawab atas pembagian tugas Berkomunikasi 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29
MODUL AJAR TEKS DESKRIPSI [Publish Date] KOMUNITAS BELAJAR GURU LINUHUNG MGMP BAHASA SUNDA 30 31 32 Lampiran 2 : Asesmen membaca Teknik penilaian : tes tertulis Bentuk instrumen : soal uraian Kisi-kisi ❖ Instrumen Soal Baca masing saregep wacana ieu di handap tuluy kalawan jéntré! 1) Jelaskeun ku hidep struktur téks artikel anu ku hidep dibaca! 2) Ngeunaan naon eusina? 3) Prak téangan ku hidep, paragraf nu mana anu nuduhkeun bagian bubuka! 4) Prak téangan ku hidep, paragraf nu mana anu nuduhkeun bagian pedaran! 5) Prak téangan ku hidep, paragraf nu mana anu nuduhkeun bagian pamungkas atawa kacindekan! ❖ Konci Jawaban 1) Paragraf bubuka, paragraf eusi/pedaran, paragraf panutup/kacindekan 2) Kahirupan masarakat adat Kampung Naga 1. Paragraf 1-2 2. Paragraf 3-9 No. KD Indikator Pencapaian Kompetensi Aspek Kognitif Jumlah Soal No Soal 1. Peserta didik dapat: 3.3.1 Menjelaskan struktur teks deskripsi sesuai dengan kaidah-kaidahnya C2 1 1 2. 3.3.2 Menjelaskan isi teks deskripsi tentang Kampung Adat Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya C3 1 2 3. 3.3.3 Menemukan paragraf pembuka teks deskripsi sesuai dengan kaidah-kaidahnya C3 1 3 4. 3.3.4 Menemukan paragraf isi teks deskripsi sesuai dengan kaidah-kaidahnya C3 1 4 5 3.3.5 Menemukan paragraf penutup teks deskripsi sesuai dengan kaidah-kaidahnya
MODUL AJAR TEKS DESKRIPSI [Publish Date] KOMUNITAS BELAJAR GURU LINUHUNG MGMP BAHASA SUNDA 3. Paragraf 10 ❖ Pedoman pensekoran No. Soal Kriteria Skor 1. Jika jawaban benar, tepat, dan lengkap. 2 2. Jika jawaban benar, tepat, dan lengkap. 5 3. Jika jawaban benar, tepat, dan lengkap. 3 4. Jika jawaban benar, tepat, dan lengkap. 5 Jumlah 15 Penghitungan nilai akhir dalam skala 0—100 adalah sebagai berikut. Perolehan Skor Nilai akhir = ------------------------ X Skor Ideal (100) = Skor Maksimum Keterangan Skor : 90 – 100 = pengayaan 70 – 89 = tuntas 50 – 69 = remedial
MODUL AJAR TEKS DESKRIPSI [Publish Date] RPP Teks Deskripsi Kampung Adat Sunda Page 20