The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.

Kumpulan carpon sunda karya siswa SD Negeri Tanjungsari II. Buku disertai juga unsur-unsur intrinsik carpon.

Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by Jajang Sudirman, 2024-06-01 06:11:52

Kumpulan Carpon Sunda

Kumpulan carpon sunda karya siswa SD Negeri Tanjungsari II. Buku disertai juga unsur-unsur intrinsik carpon.

Keywords: #carpon #sunda

OLEH : Dara Nur Adznia Alreval Syahputra Editor: Jajang Sudirman, M.Pd. KUmpulan Carpon Jadi Astronot, Dinten Kamerdekaan, Ulin jeung Adi, Ngukut Hayam, Tahu Sumedang, Bacang jeung Tahu Sunda SDN TANJUNGSARI II


KUMPULAN carita pondok Dara Nur Adznia Karya: DINAMIS SDN TANJUNGSARI II


Juara 2 Ngarang Carpon FTBI 2022 Juara 1 Ngarang Carpon FTBI 2023


Carpon Kahirupan Barudak KUMPULAN CARITA PONDOK SD Negeri Tanjungsari II ALREVAL SYAHPUTRA Karya:


juara 1 ngarang carpon ftbi kecamatan juara 3 ngarang carpon ftbi kabupaten


Carita Pondok (Carpon) Carita pondok téh karangan rékaan (fiksi) anu wangunna pondok, ngasongkeun hiji kajadian, ngabogaan unsur palaku, latar, galur, sarta tema jeung amanat. Panjang carpon kira-kira 3-4 kaca majalah. Ku pangaruh pajamanan, ukuran ‘pondok’ téh kadieunakeun kawas nu terus nyirorot. Nu tadina 10.000 kecap, ayeuna umumna nu disebut carpon téh rata-rata panjangna 2500 kecap.


Unsur Intrinsik Carpon 1.PALAKU jeung SIPATNA 2.GALUR jeung PLOT 3.LATAR jeung SUASANA 4.TEMA jeung AMANAT 5.TITIK TILIKAN (Point of View) 6.SUMPUT BELING (Suspence)


Ide Carpon 1.Pangalaman sorangan. 2.Pangalaman batur. 3.Tina maca buku. 4.Tina lalajo film/ media visual.


KECAP HUSUS BASA SUNDA Kecap Panganteb téh, téa, mah, atuh, da, atuda, geuning, baé, waé, jsb. 1.Arkana murid SDIT Nurul Aiman. 2.Arkana téh murid SDIT Nurul Aiman. 1. Dadang moal milu ka sawah. 2. Dadang mah moal milu ka sawah. 1. Sok nginum ari hanaang mah. 2. Sok atuh nginum ari hanaang mah. 1.Sarua dulurna gé pinter. 2. Sarua da dulurna gé pinter. 1.Manéh mah tara ngaos. 2.Manéh mah atuda tara ngaos. 1.Domba téh paéh? 2.Domba téh paéh geuning? 1.Pék balik tiheula! 2.Pék waé balik tiheula!


KECAP HUSUS BASA SUNDA Kecap Panganteur léos, gék, beretek, hing, geblug,gorowok, nyéh, cikikik, reup, cur, pes, jelegur’, jsb. 1.Tirta indit geus dibéré dahareun mah. 2.Léos Tirta indit geus dibéré dahareun mah. 1.Manéhna diuk dina bangku. 2.Gék manéhna diuk dina bangku. 1. Manéhna lumpat sieuneun diudag. 2. Beretek manéhna lumpat sieuneun diudag. 1. Unang labuh ka susukan. 2. Geblug Unang labuh ka susukan.


KECAP HUSUS BASA SUNDA Kecap Bituna Rasa ah, wah, aduh, leuh, euleuh, éh, ih, iy, yéy, jsb. 1.Moal ngiring ka lapang abdi mah. 2.Moal ngiring ka lapang ah abdi mah. 1.Piraku Tuti teu naék kelas? 2.Wah, piraku Tuti teu naék kelas? 1.Itu cacing mani panjang nya! 2.Euleuh, itu cacing mani panjang nya! 1. Éta aya kutu dina rambut! 2. Iy, éta aya kutu dina rambut!


Titik Tilikan (Point of View) 1. Maké kecap sulur ‘kuring’. Aki Warung, biasa kuring nyebut kitu ka manéhna téh. Pédah akina tukang warung nu aya di hareupeun imah kuring. Cenah mah umurna geus aya kana saratus taunna. Bisa jadi, lantaran Si Aki geus sakitu eumeurna. Kulitna nu bodas geus naroknok ku karang jadi pandeuri. Hurik deuih. Lilinieun lain ngan leungeunna wungkul, geus nepi kana biwir handapna. Halisna geus jiga ramat lancah, ari kumis ngan jadi dina juru-juru biwir, keri, curiwis, lir sikat gigi butut. (Carpon “Aki Warung”, Wahyu Wibisana)


Titik Tilikan (Point of View) 2. Maké kecap sulur ‘uing’. Kumaha manéh ayeuna, cageur? (Teu nanaon di¬sebut manéh ku uing?) Uing teu bisa ngaleuleuwihan kana naon nu dicaritakeun harita. Anging Anjeunna nu langkung ngamaphum kana lalakon satuluyna. Boa, mun bisa mah, sagala rupana bakal dilakonan. Teu rék ngaleuleuwihan gé, kacipta kumaha bingungna manéh nangtukeun tinimbangan (mun uing rék gé-ér). Padahal sagala rupana gé tangtu bakal jadi hiji ca¬tetan. Boa, dina hiji waktu mah bakal aya lalakon nu béda. (Carpon “Méditasi Angin”, Dédén Abdul Aziz).


Titik Tilikan (Point of View) 3. Maké kecap gaganti jalma katilu ‘manéhna’. Ayeuna manéhna ngarasa jadi lalaki pangbelegugna. Budak belet naker gé moal nepi ka kieu kalakuanana. Ti imah niat ka béngkél, rék menerkeun kupling motor, ujug-ujug sasab ka kolong podium di hiji masjid. Mun aya nu ngahongkeun moal teu disangka bangsat. Éta deuih, jajantungna teu eureun ratug. Inggis aya nu ngelol ka dinya, ngagedéan volumeu ampli atawa memener kabel mikrofon. Tangtu hésé néangan alesan ku naon manéhna bet aya di dinya. (Carpon “Laleur Héjo”, Dadan Sutisna).


Titik Tilikan (Point of View) 4. Maké ngaran palaku. EUIS NYUT NYUT: SÉNSASI INDONÉSIA! Kitu ceuk headline. Foto Euis nu dicokot tina video ngajeblag dina surat kabar. Di lapak kios koran, Apép Géhéng méh baé tijengkang. Lat poho niat malak, kalah lung lima rébu kana dadasar, laju lumpat ngepit koran ka Terminal Cicodét, muru kios kopi tempat Euis digawé. (Carpon “Euis Nyut Nyut”, Éndah Dinda Jénura).


Kecap bahasa Sunda anu ngandung vokal eu : Anjeun = kamu Ateul = gatal Bareuh = bengkak Beureum = merah Beuki = suka Beuteung = perut Bikeun = memberi Careuh = musang Ceurik = nangis Deui = lagi Eureun = berhenti Eusi = isi Euceu = kakak (perempuan) Eungap = sesak Eunteung = cermin Euweuh = tidak ada Geura = cepat (suruhan) Geuwat = cepat Jeung = dan Keukeuh = kersikukuh Keueung = menakutkan Lanceuk = kakak Leuweung = hutan Leueur = licin Pareum = mati Peyeum = tape singkong Peupeuh = pukul Meuli = beli Neundeun = simpan Nganteur = antar Nyungkeun = minta Henteu = tidak Heueuh = Heueuh Peuting = malam Reureuh = rehat Reuneuh = hamil Reunceum = memakai perhiasan berlebihan Seueur = banyak Sireum = semut Teukteuk = motong


Kecap bahasa Sunda anu ngandung vokal e, e’ :


Ngaran Wanci Dina Basa Sunda tabuh 01:00 – 03.00 = janari leutik tabuh 03.00 – 04.30 = janari gede tabuh 04.30 = balebat tabuh 04.30 – 05.00 = carangcang tihang tabuh 05.00 – 06.00 = rebun-rebun tabuh 07.00 – 08.00 = wanci haneut moyan tabuh 09.00 – 10.00 = pecat sawed tabuh 11.00 = rumangsang tabuh 12.00 = manceran tabuh 13.00 = lingsir ngulon tabuh 15.00 = panon poe satangtung tabuh 16.00 – 17.00 = panon poe tunggang gunung tabuh 17.00 – 17.30 = sariak layung tabuh 17.30 – 18.00 = sareupna tabuh 18.00 – 19.00 = harieum beungeut tabuh 19.00 = sareureuh budak tabuh 21.00 = sareureuh kolot tabuh 00.00 = tengah peuting


Ngaran Waktu Dina Basa Sunda 1. Isuk-isuk (jam 05.00-10.00) 2. Beurang (siang) 3. Pabeubeurang (jam 11.00-14.30 4. Pasosoré (jam 15.00-18.00) 5. Peuting (malam) 6. Poé ieu (hari ini) 7. Isukan (besok) 8. Pagéto (besok lagi) 9. Pagéto amat (dua hari berikutnya) 10. Kamari (kemarin) 11. Mangkukna (dua hari yang lalu) 12. Tilu poé ka tukang (tiga hari yang lalu).


Usum-Usuman (Musim) Waktu anu aya hubunganna sareng kaayaan Alam 1. Usum mamaréng (maju ka usum hujan ti asalna usum halodo) 2. Usum ngijih (musim hujan) 3. Usum dangdarat (maju ka usum halodo ti asalna usum hujan) 4. Usum katiga (usum halodo) 5. Usum barat (musim angin gedénu ti arah barat, dicampur hujan) 6. Usum selatan (angin ti arah wetan ka kulon). Waktu anu aya hubunganna sareng kaayaan Mayarakat 1. Usum ngagebug (musim banyak orang sakit, dan meninggal) 2. Usum sasalad (musim banyak penyakit menular) 3. Usum parepok (musim kawin atau nikah) 4. Usum paceklik (musim kekurangan banyak makanan) 5. Usum tigerat (musim paceklik) 6. Usum nguyung (musimpaceklik).


Usum-Usuman (Musim) Waktu ngenaan di sawah 1. Usum nyambut(usum mimiti ngagarap sawah 2. Usum tebar(nyieun ipukan pare) 3. Usum tandur(melakkeun binih pare di sawah meunang ngangler) 4. Usum ngarambét(miceunan jujukutan nu jaradi antara tangkal pare di sawah) 5. Usum celetu(cel di dieu,cel di ditu , pare tacan rampak) 6. Usum beukah(parena ngagedean) 7. Usum rampak(pare geus bareng buahan kabeh) 8. Usum beuneur héjo(parena aya eusian) 9. Usum pibuateun(pare waktuna pikeun diala/alaeun) 10. Usum panén(usum ngala pare). Waktu Tatanén di Huma 1. Usum nyacar(ngababad jujukutan jeung tangkal laleutik) 2. Usum ngahuru(ngaduruk jujukutan, ngababad regang beunang nutuhan) 3. Usum ngaseuk(melak binih pare) 4. Usum ngoréd/ngoyos(miceun jujukutan) 5. Usum dibuat/ngétém(usum ngala pare).


Ngaran-ngaran Patempatan Alun-alun = tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten, jsb) Babakan = lembur anyar; ngababakan = nyieun lembur anyar Babantar = bagian walungan anu leah sarta deet. Bobojong = jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan). Bubulak = sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir Dungus = ruyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada remet (di leuweung) Huma = tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan pare tur tara dikocoran cai. Jungkrang / jurang = legok anu jero sarta sisi-sisina gurawes. Karees = sisi walungan nu rea keusikan (mun di sisi laut, basisir). Kebon = tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan. Lamping = bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan. Legon = bagian basisir anu legok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik.


Ngaran-ngaran Patempatan Lembur = kampung, tempat padumukan jelema nu rea imah. Leuwi = bagian walungan anu jero sarta biasana lega (rubak). Monggor/ momonggor = sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik. Muhara/muara = tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gede. Mumunggar/ geger = bagian gunung pangluhurna (tonggong gunung). Pasir = gunung leutik sarta handap. Reuma = tanah darat urut huma Rorah = cai ngocor, sarupa susukan, ayana di leuweung. Sabang = darat nu dihapit ku dua walungan. Sampalan = tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah. Situ = sarupa balong ngan leuwih gede, leuwih lega, (biasana walungan anu dibendung sok ngajanggelek jadi situng). Somang = jurang gurawes sarta jero. Tanjung = jojontor, tanah anu nyodor ka laut.


Ngaran-ngaran Patempatan Tegalan = tanah lega tur rata nu sabagian gede pinuh ku jukut wungkul. Teluk =bagian basisir anu ngelok ka darat (sabalikna tina tanjung). Tepiswiring = sesebutan sejen keur pasisian atawa pilemburan. Tetelar = tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok dipake pangangonan. Tutugan gunung = bagian gunung beulah handap (suku gunung) Wahangan = walungan, cai gede nu ngocor ti girang ka muara; nu leuwih gede disebutna bangawan. Tarikolot = tempat urut lembur; lembur narikolot = lembur nu tadinya gegek imahna jadi corengcang, nu tadina haneuteun jadi tiiseun).


Ngaran Anak Sasatoan Anak ucing bilatung Anak anjing kirik Anak munding énéng Anak maung juag/aden Anak kuda belo Anak hayam ciak Anak domba cémé Anak bandeng nénér Anak buaya bocokok Anak bogo cingok Anak entog titit Anak gajah ménél Anak japati piyik Anak keuyeup boncérét Anak kukupu hileud Anak lele nanahaon Anak lubang leungli Anak monyet begog Anak sapi pedét Anak bagong begu Anak banteng bangkanang Anak belut kuntit Anak deleg boncel Anak kancra badak Anak lauk burayak Anak reungit utek-utek


Jadi Astronot Dara Nur Adznia Wanci balebat, Nining mah atos gugah badē sholat. Saenggeus solat, Nining kaluar ti kamarna tuluy nyamperkeun indungna anu nuju aya di hawu. “Ma, keur naon?” Nining nanya ka Emana. “Keur nyeupan sangu Nining.” Tembal Ema. Sanggeus Nining nanya ka Emana, Nining lēos indit ka kamarna mawa buku perkawis astronot tuluy maca buku di tēras imahna. Ema nyamperkeun Nining anu keur maca buku di tēras imahna sabari mawa susu kanggo nining. “Nining keur naon ?”Ema nanya ka Nining sabari ngasongkeun susuna. “keur maca buku perkawis astronot” Tēmbal Nining sabari nyuruput susu. “Oh… naha Nining bet maca buku perkawis astronot ?”Ema nanya ka Nining. “Kusabab Nining cita-citana hayang jadi astronot” Tembal Nining.


“Naha bet hayang jadi astronot?”Ema nanya ka nining deui. “ Kusabab nining teh hayang nyobaan kumaha rasana ka luar angkasa.”Tembal Nining. “Oh…matakna sing sumanget maca bukuna.”Ceuk Ema. “Muhun Ema, nuhunnya Ma atos nyumangetan Nining sangkan teu kapok ngudag cita-cita anu ku Nining dipikahayang.”Ceuk Nining. Sumber: https://id.lovepik.com/images/1796251.html Ema lēos indit ka hawu deui. Nining maca buku perkawis astronot nepi ka tabuh opat sonten, Nining lēos indit ka jamban badē ibak. Sanggeus


mandi Nining lēos indit ka kamarna badē di acuk. Sanggeus di acuk, Nining lēos indit ka tēras imah na deui nuluykeun maca buku perkawis astronot. Basa di teras, Nining ngahayal lamun manehna tēh jadi astronot. Nining teu kapok ngudag cita-citana anu ku Nining hayang. Jadi urang oge kudu bisa jiga Nining, kusabab Nining teu kapok ngudag cita -citana anu ku Nining hayang, jadi urang oge tong kapok ngudag cita -cita anu ku urang dipikahayang.


Dinten Kamerdekaan Dara Nur Adznia Dinten ieu nincak sasih Agustus. Sasih anu kalintang pentingna kanggē nagara urang. Nyaeta sasih dimana nagara Indonesia netepkeun kamerdekaannana. Biasana sok diayakeun upacara di tiap daerah. Ogē sok upacara di istana kapresidenan. Nining jeung babaturana kabageēan upacara di alun-alun deukeut sakola na Nining. Nining jeung babaturan anu kabagēan upacara di alun-alun hidmat ngaregepkeun upacara. Kuring kalintang bingahna tiasa ningali pengibaran Bendera Merah Putih. Saentos upacara rēngsē, Nining jeung babaturan beretek lumpat neangan jajanan nu ngareunah . “Hayu ah urang jajan jus nu lima rebuan”Ceuk Ais. “Hayu” Tembal babaturan nu sejen.


Nining jeung babaturan meuli jus. Saentos meuli jus, Nining jeung babaturan oge meuli basreng mini. Saeuntos jajan Nining jeung babaturana balik deui ka alun - alun. Basa Nining jeung babaturan ka alun- alun deui, eh ari pēk tēh penampilan anu siga tari, jeung paskibra atos di kawitan. Sumber: https://www.cnbcindonesia.com “Hayu ah urang nonton anu tari” Ceuk Nining. “Oh hayu atuh “Tembal babaturan anu sējēn. Saentos ningali penampilan, Nining jeung Ais dilajengkeun ningali pawēy Kamerdekaan .


“Nining , tingali aya rēak seueur pisan.”Ceuk Ais. “Heueuh. Abdi mah badē mundur ah . Sieun”Tembal Nining. Di pawēy tēh aya reak, lodong, jeung sajabana. Saatos ningali pawey Nining uih. Jadi urang ulah poho kana jasana pahlawan anu atos gugur ngamiheulaan urang.


Tahu Jeung Bacang Dara Nur Azdnia Dina hiji poe, Abdi sareng keluarga keur ngariung di ruang tamu. Abdi sareng keluarga ngarencanakeun badē jalan-jalan ka Sumedang sabari silaturahmi ka dulur-dulur nu aya diditu. Abdi sareng keluarga bade angkat tabuh tujuh isuk-isuk. Sumber:https:makocoh.wordpress.com/2015/0 9/19/tahu-sumedang/ Sateuacan angkat Abdi ibak heula ku cai haneut sabab Abdi ibak tabuh 5 leuwih. Saeuntos ibak Abdi ka kamar Abdi badē di acuk, saeuntos di


acuk Abdi kaluar ti kamar Abdi, basa Abdi kaluar Abdi ningal keluarga Abdi tos salariap badē angkat. Basa keur dijalan pun Bapa baceprot hoyong Tahu sareng Bacang nyaentos weh ku Indung Abdi badē dipangmeserkeun. Pas pisan basa keur dijalan Indung Abdi ningal aya tukang Tahu sareng Bacang, jadi wēh Indung Abdi meser heula. Saeuntos Indung Abdi mēsēr Tahu sareng Bacang, Abdi nyobaan Tahu heula saeuntos nyobian Tahu Abdi nyobian Bacang, saeuntos nyobian Tahu sareng Bacang Abdi nanyakeun ka Indung Abdi perkawis Tahu sareng bacang. ‘’Mah naha Bapa reusep pisan ka Tahu sareng bacang?”Saur Abdi. “Nya enya atuh Bapa rsep pisan ka tahu sareng Bacang sabab pan baheula tēh Bapa orang dieu jadi resep ka Tahu sareng bacang sabab eta tēh jajanan bapa baheula” Saur Indung. “Ooh” Saur Abdi “Ari Bacang?.Saur Abdi.


“Lamun Bacang mah sami jiga leupeut tina sangu ngan bedana tēh eusina hungkul, ari leupeut eusina bisa kacang atawa sayuran, ari bacang mah eusina bisa daging atawa sayuran” Saur Abdi. “Ooh” Saur Abdi. Jadi weh Abdi jadi resep pisan ka Tahu sareng Bacang. Saeuntos sēēp Tahu sareng Bacangna indung Abdi meser deui ka tukang Tahu nu sanes sabari pangmeserkeun kanggo dulur Abdi engkē, Indung Abdi meser Tahuna 2 iyangan, Bacangna meser 10 anu eusina daging 5, jeung nu eusina sayuran 5. Saeuntos meser Tahu sareng Bacang, Abdi sareng keluarga ka imah dulur. Saeuntos nepi ka imah dulur Abdi ameng sareng dulur Abdi nu ngaranna Ajeng. Ajeng tēh budakna pun Abah Abdi. Rambutna tēh alus pisan, luhurna tēh lempeung ari handapna galing.


Basa nuju ameung aya nu nyauran Abdi sareng Ajeng ari pek tēh pun indung Abdi anu nyauran Abdi sareng Ajeng. “Dara, Ajeng hayu urang emam heula Tahu sareng Bacang!”Saur Indung abdi. “Muhun mah, hayu Ajeng bisi kaburu sēēpku Bapa Abdi”Saur Abdi. Sauntos sēēp Tahu na ayeuna Bacangeun. “Sok ayeuna Bacangen, Ajeng badē nu mana bacang na, bade anu eusina daging atawa sayuran?” Saur Indung. Saentos aremam Abdi sareng keluarga wawartos heula ka pun abah badē uih. “Bapa Abdi sareng keluarga bade uih heula nya.”Saur pun Bapa. “Muhun,sing salarameut nya nepi ka tujuan, Amin”Saur pun Abah. “Amin”Saur Abdi sareng keluarga.


Saeuntos wawartos ka pun Abah Abdi sareng keluarga ala ruwih ka Bandung. Jadi urang tēh kedah silih bērē ka sasama jiga ka kolot, ka babaturan, jeug ka sasatoan ameh rezeki urang sadaya berlimpah. Urang tēh ulah pedit ka sasama komo lamun ka babaturan bisi urang dijauhan ku babaturan urang sadaya.


Ulin Jeung Adi Alreval Syahputra Aya dua budak anu keur ditinggalkeun ku kolotna ka pasar. Puput geus balik ulin di luar jeng adina. Puput tēh budak bageur hampang birit deuih jeung ngabogaan sifat teu gedē hulu. Puput sok dititah ngajagaan adina mun kolotna keur indit-inditan. Ayeuna mah Puput dititah bēbērēs imah tapi da ngan sasapu jeung mērēsan tempat sarē adina. Ngaran adina tēh nyaēta Rahmat. Rahmat ogē sarua siga lanceukna hampang birit ngan rada cicingeun. Keur leumpang rēk ka kamar, Rahmat ninggali aya cocooan anu rusak. Aya ogē rorobotan anu badag. Rahmat tēh beurateun mawana. Tuluy waē mēnta tulung ka Puput. “Tēh punten pangnyandakeun rorobotan anu ageung!” Rahmat menta tulung ka lanceukna.


“Muhun…ke sakedap. Urang candak cocooana.” Saur Puput. “Nuhunnya tēh atos pangnyandakeun rorobotan.” Saur adina. Ti dinya tēh Puput nyokot cocooan robot anu Rahmat. Geus kitu mah rorobotan dibawa ku Puput, gēk maranēhna diuk tuluy ningalikeun ēta rorobotan anu rusakna. Ari keur ningalikeun naon anu rusakna tēh, ēh leungeunna gening anu rusakna tēh. Tidinya Puput neangan leungeun cocooan robot ēta. Geus kapanggih ēta leungeun rorobotanna tuluy Puput nanyakeun kumaha cara masangkeun ēta leungeun rorobotanna. “Mat…ari ieu kumaha cara masangkeun leungeunna?”tanya Puput. “Puter-puter waē leungeunna tuluy rada dedetkeun.” Saur Rahmat.


“Oh…kitunya cara masangkeunna tēh!” tembal Puput. “Muhun tēh.” Saur Rahmat. Sumber: https://www.istockphoto.com/id/botwall Geus kabēh leungeunna kapasang tuluy Rahmat nyokot batrēna. Batrē ēta tēh arēk dipasangkeun amēh rorobotanna hurung deui. Sanggeus hurung ēta rorobotan tēh nyeupeungan Puput jeung Rahmat. Tidinya mah manēhna dikēlēkētēk. Duanana barakatak saleuri. “Tēh kabur tēh!” Saur Rahmat.


“Gētēk Mat. Hihihi.” Tembal Puput bari seuri. Maranēhna tēh didinya ngarasakeun ramēna ulin rorobotan. Puput jeung Rahmat mah tara miceun cocooan anu rusak. Malah mah sok disimpen di kamarna. Jadi urang tēh tong sok waka miceun cocooan anu geus rusak. Komo mun rusakna saeutik mah bisa dibenerkeun kēnēh. Leuheung mun kolot urang tēh aya duitna, mun teu aya mah apanan karunya. Arurang ogē entong sok nyusahkeun kolot wae tapi kudu bisa ngabungahkeun.


Ngukut Hayam Alreval Syahputra Dina wanci haneut moyan aya dua hayam bikang nu enggeus endogan. Hayam ēta tēh sok ngajagaan endogna. Hayam ēta tēh sok endogan loba. Dua hayam ēta tēh geus lila dikukut. Di pipir imah tēh teu ngukut hayam wungkul, tapi aya ogē sato nu lianna. Sumber: https://peta-hd.com Budak anu boga kandang hayam tēh ngaranna Udin. Udin sok mērē parab isuk-isuk sabab manēhna sok dititah ku bapana anu digawē ti


subuh kēnēh. Pareng bapana teu digawē mah marab hayam tēh sok ku bapana. Poē ayeuna mah ku Udin marab tēh pēdah bapana keur digawē. Tah dina wanci haneut moyan tēh Udin siap-siap arēk maraban hayam. Salain hayam, Udin ogē ngukut ēntog, soang jeung japati. Teu lila ti dinya, Udin nyiapkeun heula huutna anu arēk diparabkeun ka hayam. Teu poho ogē ēta huutna dibērē vitamin ameh hayamna sarehat. Udin mērē huutna tēh aya carana. Huut jeung vitamin dicampurkeun tuluy dicaian haneut, ulah ku cai tiis. Lamun geus jadi siga bubur karēk diparabkeun ka hayam. Hayam tēh meni langsung nyalamperkeun ka Udin. Teu poho ogē dibērē nginum ku Udin. Tapi da Udin mah sok dihijikeun cai jeung huutna. Bēda jeung bapana anu sok dipisahkeun cai jeung huutna. Waktos keur mērē huutna, Udin ninggali aya endog-endog anu keur meugar. Udin tēh tuluy


ningalikeun ēta endog anu keur meugar. Udin mikir deui isuk waē ah urang tinggali deui. Isukna tēh jol garandēng hayam di kandang tēh. “Aya naonnya Pa?” tanya Udin ka bapana. “Jug waē tinggali atuh nyalira ku Udin ka kandang!” jawab bapana Udin. Udin tēh berebeut lumpat ka pipir imah anu aya kandang hayam. Sugan tēh aya naon, ari pēk tēh pas ditinggali endok anu kamari tēh geus megar jadi ciak atawa anak hayam. Ēta anak hayam tēh lalucu pisan. Aya anu warna bodas, coklat jeung hideung. Tah jadi urang tēh kudu bener-bener mun ngukut ingon-ingonan tēh ulah asal waē. Hayam ogē bakal mulang tarima kanu ngukutna kucara endogan jeung anakan.


Tahu Sumedang Alreval Syahputra Tahu jeung bacang mah kaasup kadaharan sunda.Tahu jeung bacang tēh geus aya ti bareto ngan ayeuna mah geus aya di manamana.Tahu mah rasana tēh meuni ngeunah pisan komo nedana mah di hiji keun jeung leupeut atawa jeung bacang. Aya babaturan kuring ngarana tēh Ujang. Si Ujang mah daharna tēh jeung tahu sumedang waē da pedah ngeunah ceunah rasana tēh. Komo mun bapana geus balik ti Sumedang sok mawa tahu sa kardus jeung bapana tēh teu poho sok mawa jeung bacangna.Tah kamari ogē bapana tēh karek uwih ti sumedang dakan bapana gawe di sumedang. Bapa si Ujangtēh digawena jadi tukang nyieunan tahu. Kamari mah si Ujang tēh ngajak ulin ka kuring. Saacan ulin tēh si Ujang ngajak emam bareng atawa botram ceuk ibu-ibu baheula mah. Si Ujang tēh ngajak emamna jeung tahu nu di dibawa bapana si Ujang.


``Din hayu urang dahar heula urang botram.’’Saur si Ujang ka kuring. ``Kēla heula kuring ēra ey….’’Cuek kuring ka si Ujang. ``Moal nanaon da ceuk mamah abdi ogē emam heula meh kuring baēeun ulin.’’Saur di Ujang ka kuring. ``Nya atuh ari kitu mah.’’Jawab si Udin bari ēra -ēra ogē. Pas botram teh si Udin nambah deui da pedah ngeunah tea. Am dalahar maranehna tēh. Sumber: https://radarmajalengka.disway.id/read/65168 4


Sanggeus dalahar tēh maranehna ulinmaen bal di lapang hareupeun jalan raya. Ngong sora adzan asar, si Ujang ngajak balik da bising di tēangan ku indungna. ``Hayu ah…urang balik geus adan jeung bisi di teangan ku indung.’’saur si Ujang ka kuring. ``Nya atuh da abdi ogē bising di teangan ku si mamah arēk dititah ngaji.’’jawab si Udin ka Ujang. ``Nya atuh buru sing kaburu di teangan.’’Saur si Ujang. Basa rek ngaji tēh si Ujang nyampeur ka ten kuring arēk indit bareng da pedah rorompok kuring deukeut jeung pangajian. Keur di jalan rek ka pangajian tēh ngarobrol heula. ``Jang tadi pas di teun manēh botram na meuni ngeunah pisan tahuna.’’ceuk si Udin. ``Nyaenya atuh da tahu sumedang tēa atuh beut kuring ogē beuki tahu sumedang mah.’’saur si Ujang ka kuring.


``Nya. Komo tadi pas daharna dihijikeun jeung bacangna meuni ngeunah pisan.’’ceuk si Udin ngomong ka si Ujang. Rengsē balik ngaji tēh si Udin ngomong ka bapana hayang tahu jeung bacang di sumedang. ``Pa. Abdi hoyong tahu sumedang jeung bacangna pa.’’saur si Udin ka bapana. ``Nya kēla nya jang bapa keur teu aya artosna jang ka sumedang.’’ceuk bapana si Udin. Da si Udin budak bageur jadi manehna ngarti kaayaan bapana. Wanci peuting tēh manehna keur ngeurjakeun pr sakola. Matak urang tēh kudu jadi budak nu bageur amēh kolot urang tēh ngartieunhayangeun naon nu ku urang hayang. Jadi kolot urang tēh berusaha sangkan urang bungah ameh arurang teu saredih waē. Jeung arurang tēh meh bisa ngabahagiakeun kolot arurang mun kolot arurang kasusahan urang-


urang ogē kudu geus ngarti naon nu moal bisa di penta ulah sok kudu digugu waē ke kolot arurang tēh matak setres neangan nu kahayang arurang tea. Mun urangna ngarti mah kolot arurang na ogē bakal jadi semangat da pedah arurang na ngagugu nu diulah keun atawa nu du baekeun ku kolot arurang. Mun kolot arurang na keur aya mah kolot arurang ogē bakal langsung mere naon nu ku urang dipihayang.


Click to View FlipBook Version