BADMOOD 19 OKTOBER 2022
Nu ngaranna jalma mah pasti loba masalah, ngaranna ogé
kahirupan. Janten kudu kumaha deui, aya masalah nya diatasi lainna
dihindari. Ayeuna kuring keur ngarasakeun pisan loba masalah, boh
éta masalah pribadi, loba tugas, jeung kagiatan ogé. Janten kuring
téh ngarasa poé ieu badmood pisan, nepika aya babaturan kuring nu
nanya téh teu diwaler. Soalna keur haroréam ngomong, jeung ogé
keur hayang nenangkeun diri sorangan.
Kuring sanggeusna ti kampus téh, langsung wé balik kosan. Soalna
mun di kosan mah tenang pisan rasana, langsung wé kuring nyokot
motor diparkiran. Tidinya kuring langsung indit ti kampus, rék balik
kakosan. Pas geus nyampé ka kosan, kuring langsung wé ngagoler
di kasur bari jeung rada ngalamun heula.
Tuluy kuring ogé mun keur badmood téh sok nyetel lagu, bari jeung
nonton video Youtube. Soalna sok béda pisan suasanana, jadi
leuwih tenang jeung énjoy ogé. Kuring sok resep ngadangukeun
lagu ti Last Child, soalna énakeun pisan laguna téh. Eh pas kuring
nyetel lagu, teu karasa horéngmah kuring kasaréan. Jaba pas
hudang téh laptop geus lowbat pisan, bari jeung laguna masih nyala
ogé. Langsung wé ku kuring di pareman éta laptop, soalna rék di cas
ogé.
49
UTS DIALEKTOLOGI 20 OKTOBER 2022
Sapeuting kamari kuring ngulang matéri mata kuliah dialéktologi,
margi poé ayeuna téh mangrupa jadwal utsna. Saméméh kuring
jeung nu lainna asup ka kelas, sapertos biasa pas giliran rék uts mah
rariweuh ngarapalkeun. Sanggeusna tidinya téh, arurang langsung
wé asup ka kelas dialéktologi. Pas geus dikelas téh, siibuna can
datang. Pokonamah poé ieu téh suasana jadi tegang pisan. Rada
lumayan lila nungguan si ibu asup ka kelas, ahirna mah si ibuna
datang ogé.
Langsung wé Bu Asri téh ngabagi janten dua sési dina uts ieu téh,
pas pembagian dina sési kahiji ngaran kuring disebat. Langsung
kuring téh reuwas, jaba can siap pisan éh malah kabagian sési kahiji.
Tapi da rék kumaha deui nya, siap teu siap téh kudu siap.
Sanggeusna kabéh dibagi sési, ayeuna waktuna sési kahiji mulai
ujianna. Janten nu sési kadua mah, dititah kaluar heula. Pas Bu Asri
ngabagikeun kodé ujianna, tidinya kuring langsung degdegan.
Pas geus ngerjakeun ujianna téh, kuring maké laptop jaba kuring
diukna téh paling tukang pisan. Pas kuring keur pokus ngerjakeun
soal, kaleresan ogé aya Bu Asri ditukangeun kuring keur ngawas éh
malah notip wa dina laptop kuring nyala. Kuring téh poho teu nga
silent heula notipna, janten kuring ogé kagét pisan. Horéngmah Bu
Asri téh ngadangu éta si notip wa, langsung tidinya kuring di tuduh
nyonto léwat wa ku Bu Asri.
Padahalmah, notip éta téh ngan saukur notip ti grup ultras sastra.
Tapi Bu Asri mah nyangkana kuring niron. Padahalmah, henteu tapi
da geus wé nu pentingmah kuring henteu ngalakukeun hal éta. Rék
Bu Asri nyangkana kukumaha ogé, kan aya gusti Allah nu maha
melihat jeung maha mendengar.
50
KAPANITIAAN 21 OKTOBER 2022
Poé ieu kuring pokus dina kapanitiaan PPU Pamass, kuring didieu
ogé sakalian nyusun ulang rundown PPU nu saméméhna geus
disusun. Soalna aya sababaraha nu kudu di révisi, janten kuring
jeung staff acara nu lainna ngagawéan ulang. Dina nyusun ulang
rundown ieu, staff nu datang téh henteu kabéh. Margi aya
sababaraha nu béntrok jeung kagiatan maranéhna, nya geus teu
nanaon soalna henteu kabéhan ogé nu teu datang.
Sanggeusna réngsé nyusun rundown, kuring langsung wé
ngalajengkeun kana pembagéan plotingan Divisi Acara dina kagiatan
PPU Pamass ieu. Kuring ngabagina téh kudu teliti pisan, margi
supados kabéh staff acara téh kabagian plotingan. Jeung ogé
supados aya gawéna ogé, pokonamah kudu adil kuring téh.
Dina ngagawéan tupoksi acara ieu, aya meureun sakitar 4 jam-an
mah. Ahirna mah réngsé ogé ieu nyusunna, tidinya kuring jeung staff
acara nu daratang rék ka pujas sakalian meuli sangu soalna can
taruang ogé. Pas dipujas kuring jeung staff acara, langsung milih
tempat nucocok. Sanggeusna aya tempat nu cocok, langsung wé
mésén menuna. Dipujas ogé sakalian kuring ngobrol jeung staff
Divisi Acara, ieumah sih sipatna téh leuwih ka curhat wé. Soalna
kuring hayang nyaho dina Divisi Acara ieu, maranéhna ngarasa aya
beban henteu. Pas kuring ngadéngé ti tiap staff, maranéhna mah
malah ngarasa nyaman pisan di Divisi Acara ieu. Ceuk kuring téh
alhamdulilah pisan ari kitumah.
51
DRAMA PONDOK 22 OKTOBER 2022
Poé ieu kuring ngabogaan dua kagiatan, nyaéta acara FIB Expo
Career Month:Bahasa jeung ningal pidangan Drama Pondok ka
Unpad Dipatiukur. Saméméh kuring indit ka Du, kuring ngahadiran
heula acara Fib Career Month, soalna nu pidangan Drama Pondok
mah ngawitana téh tabuh 13.00, janten masih kabujeng. Dina
kagiatan Fib Career Month:Bahasa ieu, kuring meunang élmu ogé
perkawis sakumaha pentingna bahasa dina jenjang karir téh.
Sanggeusna kuring réngsé kagiatan Fib Career Month ieu, kuring ka
kosan heula mandi jeung ganti raksukan ka Du.
Sanggeusna mandi jeung ganti raksukan, kuring langsung wé indit
ka DU naék motor. Soalna, mun kuring teu ilu moal meunang nilai
dina pidangan Drama Pondok ieu. Da di piwarang ku Pak Taufik
Rahayu téh, sanggeusna pidangan Drama Pondok ieu réngse, kudu
di jieun artikel populér. Di daérah Arcamanik, kuring kahujanan. Jaba
teu mawa jas hujan, nya geus kuring mampir heula ka Indomarét
meuli jas hujan. Tidieu téh, kuring kasieunan telat datangna ka DU.
Tapi alhamdulilah, horéngmah acarana téh can dikawitan.
Kuring langsung wé nyamperkeun babaturan kelas di masjid Unpad
Du nu keur karumpul, tidinya arurang asup ka Balé Rumawatna
babarengan. Sanggeusna di jero Balé Rumawat, kuring jeung nu lain
langsung lalajo Drama Pondok, aya 8 pidangan pas poé éta Téh.
Dina 8 pidangan téh, kuring tertarik ka pidangan nu ka opat nu
judulna téh “Girimis Wanci Magrib”. NU numutkeun kuring mah, dina
pidangan ieu loba pisan pelajaran nu tiasa di candak dina kahirupan
sapopoé. Sanggeusna réngsé pidangan pamungkas, kuring
langsung wé balik ka Jatinangor.
52
GLADI BERSIH PMBS 23 OKTOBER 2022
Isukan mangrupa acara munggaran PMBS VIII, dina poé ieu nyaéta
agénda na téh gladi bersihna. Sakabéh divisi acara ngabogaan
tupoksina séwang-séwangan, hususna kuring ogé salaku staff Divisi
Acara. Dina poé ieu, gladi bersih téh dikawitanna ti isuk-isuk. Kuring
ogé nu biasana saré peuting, kusabab aya acara gladi bersih jadina
téh tabuh sapuluh géh geus saré.
Subuh-subuh kuring geus hudang, tidinya kuring teu langsung
mandi margi cuacanana téh tiris pisan. Janten kuring nungguan
heula cuacana rada teu tiris teuing, nya geus wé kuring maksakeun
mandi soalna kaleresan ogé, kamar mandi dikosan kuring aya water
heater-an. Janten bisa maké cai haneut ogé mandina, tapi da
angger wé sanggeusna mandi téh aya kénéh rasa tiris mah.
Sanggeusna kuring mandi, langsung wé nyetrika heula. Soalna baju
kuring masih teu rapih, makana ku kuring disetrika heula.
Saréngséna nyetrika, kuring langsung manaskeun heula motor di
parkiran kosan. Sabari nungguan motor panas, kuring sakalian maké
sapatu ogé. Sanggeusna kabéh réngsé, kuring langsung wé indit ka
kampus. Jaba masih paroék téa, pas geus nepi dikampus kuring
langsung wé ka PSBJ. Soalna acara PMBS téh dilaksanakeunna di
PSBJ.
Tidinya langsung wé diayakeun heula brieffing ka sakabéh panata
calagara, kuring jeung staff nu lainna téh di brieffing ku ceu Nisya
salaku kadiv acara. Sanggeusna réngsé brieffing, langsung kabéh
panata calagara ngagawéan tupoksina séwang-séwangan. Geus wé
acara gladi bersih PMBS VIII réngsé, kuring langsung balik ka kosan.
Soalna rék istirahat jeung saré soré kénéh, soalna isukanna subuh
téh kudu geus dikampus.
53
PMBS 1 24 OKTOBER 2022
24 Oktober ieu mangrupa PMBS munggaran, dina poé kahiji ieu ogé
sakantenan bubuka acara PMBS. Nu disumpingan ogé ku pémda
Kabupatén Sumedang, tuluy ogé aya pintonan ti unit tari paguyuban
mahasiswa sastra sunda (Pamass). Sanggeusna acara bubuka
réngsé, langsung wé dilajengkeun kana acara inti nyaéta pidangan ti
peserta tingkat SMA/MA/SMK Satata Wanoja.
Kuring ogé kaleresan janten LO Juri, numana tugasna téh nya
ngadampingi juri salami kagiatan lumangsung. Bilihna jurina aya
kabutuhan, kuring salaku LO nu ngabantuanna. Pas pintonan dimulai
téh, kuring lalajo ti nomer urut kahiji dugi ka nomor urut nu ahir.
Kuring lalajona téh resep pisan, margi loba ogé nu mintonkeunna
kreatip pisan. Jeung ogé, acara ieu ngajantenkeun kuring leuwih
resep kana monolog basa sunda téa.
Sanggeusna acara kahiji réngsé, kuring langsung di piwarang ku Ceu
Nisya nganterkeun juri ka penginapan. Numana penginapan na téh
di Red Dorz Sayang, jaba masih hujan kénéh nya geus kuring minjem
jas hujan ka Ceu Yasinta. Sanggeusna kuring di injeum man jas
hujanna, kuring jeung si Putry langsung wé indit ka Red Dorz
Sayang. Dugi ogé kuring jeung si Putry di penginapanna, tidinya
kuring langsung wé méré KTP jeung sarat check in téa. Sanggeusna
ngurus administrasi, para juri tariasa langsung ka jero kamar.
mpus, soalna rék aya évaluasi jeung ogé aya
sési dokumentasi per divisi. Bisina kuring jeung
si Putry teu kabagian popotoan. Ahirna, kuring
jeung si Putry nyampé ogé di kampus. tidinya
langsung wé sési popotoan.
54
PMBS 2 25 OKTOBER 2022
Kuring dina PMBS poé kadua ieu widi telat datangna, kumargi aya
kuliah onliné heula. Sanggeusna kuring réngsé kuliah onliné,
langsung wé kuring maké batik, soalna wajib maké batik poé ieu téh
Sanggeusna kuring réngsé kuliah onliné, kuring langsung wé
lempang ka kampus soalna geus telat pisan ieumah. Untungna
kuring nu janten LO, tiasa diganti heula ku Ceu Desti. Janten teu
hariwang teuing, kumargi bilihna si juri keur butuh nanaon euweuh
LOna.
Ahirna kuring nepi ogé di kampus, langsung wé kuring asup ka jero
PSBJ. Soalna karunya ogé ka Ceu Desti nu ngagantikeun kuring jadi
LO Juri, alhamdulilah kuring bisa asup ogé kajero PSBJ. Poé kadua
PMBS ieu bagian pintonan tingkat SMA/MA/SMK Satata, jeung
paguron luhur. Pas kuring asup ka jero téh geus nomer urut ka tilu,
geus wé kuring langsung lalajo wé. Pintonan poé kadua ieu mah
leuwih ramé tibatan nu kahiji kamari. Tapi kuring ngarasa tunduh
pisan dina poé ieumah, jaba nundutan waé ieu sirah téh. Pokonamah
teu kuat pisan kuring nahanna, geus wé kuring widi ka jamban heula.
Kuring rék ngumbah beungeut heula, supados teu tunduh deui.
Ahirna PMBS Poé kadua réngsé ogé,
sapertos biasa acaramah kudu wajib
poto heula. Nyambi nungguan évaluasi
ceuk Ceu Nisya téamah, jadi acaramah
poto heula di Photobooth. Sanggeusna
popotoan, sakabéh panata calagara
dipiwarang asup ka jero PSBJ, kumargi
rék aya évaluasi heula. Langsung wé
staff acara asup kabéhan, bari jeung rék
évaluasi ogé.
55
PMBS PAMUNGKAS 26 OKTOBER 2022
Poé ieu mangrupa mabim pamungkas, alhamdulilah ahirna PMBS VIII
réngsé ogé,
56
PUNCAK DIES NATALIS FIB 1 NOVEMBER 2022
Ceuk kuring, poé ieu mangrupa salah sahiji poé nu bersejarah pisan
dina kahirupan kuring. Margi dina poé ieu kuring di ulem kanggé
hadir ngawakilan Prodi Sastra Sunda dina puncak Dies Natalis
Fakultas Ilmu Budaya. Saméméh kuring indit ka kampus, kuring
nyiapkeun heula raksukan nu dipiwarang ku Bu Asri téh nyaéta
saragam nusantara. Nya geus wé kuring handapanna maké kaén
batik, supados nyirikeun pisan kuring téh reueus kana pakéan adat
nusantara.
Sanggeusna kuring meunang raksukanna, langsung wé kuring téh
mandi jeung ogé ganti paké raksukan éta. Tuluy kuring langsung
indit ka kampus, mung sanggeusna nepi ka kampus, kuring mampir
heula ka asrama si Bunga. Margi kuring rék ménta bantosan kanggé
maké keun kaén batik téam, soalna mun ku kuring sieun na teu
rapih. Sanggeusna kuring dipaké keun kaén ku si Bunga kuring
langsung indit wé ka PSBJ. Soalna kuring rada telat ogé datangna.
Eh horéngmah pas kuring geus dugi ka PSBJ, acarana téh geus
dikawitan. Kuring nyakséni sababaraha pintonan, sapertos kuliah
umum nu di pedarkeun ku Prof. Julian Millie.
Sanggeusna sési pedaran matéri ti
Prof. Jullian Millie, aya sési béwara
jeung aprésiasi kanggé mahasiswa
FIB nu ngagaduhan préstasi, boh éta
akademik atanapi non akademik.
Alhamdulilah, ngaran kuring disebat
jeung di piwarang naék ka panggung
kanggé dipasihan layang pangajén.
Didieu, kuring ngarasa reueus tur
sedih ogé, soalna tiasa méré
kontribusi ka prodi kuring.
57
KA DEPOK 2 NOVEMBER 2022
Ping 2 November ieu, simkuring geus ngabogaan rencana rék balik
ka imah. Mung, kuring moal mawa motor, margi mun mawa motor
téh sok hoream pisan. Jaba ayeuna mah keur usim hujan, jeung ogé
sok cangkeul dijalanna. Kuring rék naék beus waé, langsung wé
kuring téh ngachat si Diki kanggé nganterkeun kuring ka Cileunyi “Ki,
bisa anterin urang ga ke cileunyi sekarang?” Ceuk kuring ka si Diki.
“Bisa kang, nanti Diki otw nih” waleran si Diki ka kuring.
Teu lila nungguan, ahirna si Diki dugi ogé ka kosan kuring, tidinya
langsung wé kuring jeung si Diki téh indit ka Cileunyi. Kuring di jalan
téh ngobrol heula jeung si Diki “Ki, nanti urang nitip motor ya
dirumah diki soalnya kalo ditaro di kosan takut kenapa-napa”, “Oke
siap kang aman” ceuk si Diki.
Ahirna nepi ogé kuring jeung si Diki di Cileunyi, di Cileunyi kuring
rada lila nungguan beus na téh, jaba panasna panon poé téh karasa
pisan kana kulit kuring. Sakitar 20 menitan kuring nungguan beus,
ahirna aya ogé beusna, kuring langsung wé naek kana beus. Si Diki
ogé langsung wé indit deui, bari mawa motor kuring. Dina jero beus,
kuring ngadengékeun lagu, bari jeung nempo pemandangan jalan nu
énakeun pisan. Di daerah Karawang, jalan tol téh macét pisan,
soalna keur aya nu ngahadean jalan.
Jaba kuring téh hayang ngompol, ku kuring ditahan heula wé nepika
Bekasi. Alhamdulilah, ahirna kuring nepi ogé ka terminal Bekasi.
Langsung tah, kuring téh ka jamban heula. Sanggeusna ti jamban,
kuring nelpon bapa kanggé ngajajap ka terminal. Kuring rada lila
nungguan bapa datang téh, ahirna mah dugi ogé bapa kuring ka
terminal. Langsung wé kuring jeung bapa kuring otw ka imah,
alhamdulilah kuring dugi ka imah kaayaan séhat kalayan salamet.
58
PRAKTIKUM 3 NOVEMBER 2022
Poé ieu mangrupa jadwal kuring praktikum di
kedokteran, kusabab kamari téh kuring indit
heula ti Jatinangor. Saleresna mah capé
pisan kuring téh bulak-balik kieu téh, tapi da
rék kumaha deui kawajiban kuring nu kudu di
lakonan. Dina poé ieu, kuring ogé tiasa
patepang deui jeung babaturan kelas kuring
nu di kedoktéran. Kuring ngarasa atoh pisan
pokonamah.
Kuring ogé ngadokuméntasikeun foto-foto di jero kelas, nya itung-
itung jeung kenang-kenangan ogé. Sanggeusna réngsé praktikum
dikelas, kuring jeung babaturan nu lain rék nongkrong heula di
caffé. Kuring ngarasa pisan, vibes di Jatinangor jeung di Dépok téh
benten pisan. Kuring si ngarasana mun di Nangor mah jalma-jalma
na téh sederhana pisan, tapi ari di Dépok mah bener-bener harédon
pisan.
Danggeusna nepi ka caffé, babaturan kuring mesen heula menu
poé ayeuna. Sabari nungguan menuna datang, kuring jeung nu
lainna téh ngarobrol heula. Sagala rupi obrolan téh dikaluarkeun
dina poé ayeuna, malahan anger wé dina obrolan ieu téh aya unsur
ilmiahna. Bari jeung babaturan kuring ogé, rata-rata jarago pisan
dina bidang paélmuan ilmiahna, wajar si da mahasiswa kedoktéran.
Datang ogé minuman jeung dahareunna, tidinya arurang lajeung
heula taruang. Réngsé taruan téh, langsung wé aya foto-foto
bareng. Lumayan lah, kanggé koleksi digaléri hapé kuring.
Saréngséna nongkrong, arurang langsung wé baralik ka kosanna
séwang-séwangan.
59
SONO 4 NOVEMBER 2022
Poé jumaah ieu, kuring aya rencana rék solat jumaah babarengan
jeung babaturan kuring nu di UI. Rencanana mah, rék solatna di
masjid Universitas Indonésia. Saméméh arindit ka masjid, kuring
jeung babaturan mampir heula ka perpustakaan UI kanggé minjem
buku jeung référénsi matéri perkuliahan. Sanggeusna meunang
bukuna, kuring jeung nu lainna langsung wé lempang ka masjid,
margi bisina katinggaleun solat jumaahna.
Pas kuring asup ka masjidna, rasana téh béda pisan jeung masjid di
Unpad. Mun masjid didieumah, leuwih gedé tibatan MRU. Kuring
ngadangukeun imam nu keur ceramah. Tuluy, sanggeusna réngsé
jumahan, kuring jeung babaturan kuring langsung ngaganti
raksukan. Kumargi rék langsung ka Mall, mung jarak ka Mall na téh
lumayan jauh, janten kuring jeung babaturan maké mobil kuring wé
soalna mun naék angkutan umum sok lila nungguanna.
Nepi ogé ka Mall-na, didieu kuring jeung babaturan nyiaran tempat
tuangeun nu ngeunaheun. Soalna rék sakalian diskusi, meunang ogé
tempat nu nyamanna. Di tempat ieu, kuring jeung nu lainna
ngobrolkeun perkawis kumaha rasana ditampi di Kedoktéran UI téh.
"Eh gais, gua mau nanya nih gimana si rasanya kalian bisa masuk di
FK UI ini?" ceuk kuring nanya ka nu lain. Diwaler patarosan kuring ku
si Alvi "Wih tentu aja seneng sekaligus bersyukur banget yan,
soalnya ini cita-cita gua dari SMP" ceuk si Alvi.
Pokonamah obrolan téh resep pisan lah, kuring ngarasa pisan tali
kakulawargaan didieu beuki raket. Jeung ogé kuring ngarasa bisa
leuwih wanoh kana individu babaturan kuring sorangan.
60
BALIK KA NANGOR 5 NOVEMBER 2022
Teu karasa kuring di Dépok geus tilu poéan, poé ayeuna waktuna
kuring balik deui ka Jatinangor. Padahalmah kuring can ngarasa
puas di Dépok, tapi da kumaha deui kuring ogé kudu ngabagi waktu.
Saméméh indit ka Nangor, kuring balik heula ka Bekasi. Soalna
nganterkeun heula mobil, da mun dibawa ka Jatinangor mah kuring
moal meunang widi ku kolot.
Sanggeusna kuring nepi ka rompok, kuring langsung ménta pang
anterkeun ka dulur kuring ka terminal Bekasi. Soalna kuring mah,
mun dianterkeun nepika Nangor téh sok hoream pisan. Janten
leuwih ngeunah indit naék mobil umum wé, nepi ogé kuring di
Terminal Bekasi. Kuring langsung wé nyiaran mobil nu ka arah
Sumedang, horéngmah nu langsung ka Jatinangor téh karék
leumpang. Janten wé kuring katinggaleun, tapi ahirna mah kuring
naék nu jurusan ka Tasik, paling kuring turunna mah di Cileunyi deui.
Naék ogé kuring kana beus, di jero beus kuring langsung ngechat si
Diki ngapiwarang ngajajap kuring di Cileunyi. Alhamdulilah si Diki
bisaeun ngajajap kuring, kuring saré heula dina beus soalna tunduh
pisan. Eh pas hudang téh, beusna geus nepi ka Jalan Tol Moh. Toha.
Langsung wé kuring gercep ngachat deui si Diki ngabaran, "Ki urang
udah nyampe Moh.Toha nih" ceuk kuring, "Oh iya kang siap, Diki otw
Cileunyi nih" waleran si Diki ka kuring.
Ahirna nepi ogé ka Cileunyi, tidinya kuring langsung wé turun tina
beus. Horéngmah si Diki geus nungguan di harepeun Alfamart,
tidinya langsung kuring nyamperkeun si Diki. Tuluy, langsung wé
kuring jeung Si Diki téh otw ka kosan kuring. Alhamdulilah, ahirna
nepi ogé kakosan kuring.
61
GABUT 6 NOVEMBER 2022
Nya, poé ieu kuring ngarasa gabut pisan soalna teu aya kagiatan nu
nyieun awak téh gerak. Kuring téh ngan saukur ngahuleung wé
dikosan, bari jeung lalajo Youtube. Kuring lalajo chanel Youtubena
Yeol Ayres, nu kaleresan judulna téh "Tabé & Rampé Nonton Dora".
Pokonamah dina tontonan ieu téh, kuring sesurian wé. Margi lucu
pisan eusi konténna téh.
Dina ieu kontén téh, nu nyieun kuring
seseurian mah nyaéta kalakuan si Rampé
nu kocak pisan. Tuluy ogé si Rampé téh
polos pisan, jadi wé kuring nempona téh
hayang seuri wé. Kuring nu tadina gabut
téh jadi sumringah deui, kugagara nonton
kontén si Rampé ieu. Ramé pisan
pokonamah eusi konténna téh.
Sanggeusna kuring lalajo si Rampé, kuring rék kaluar kosan heula,
rencana mah si kuring téh rék meuli lampu. Soalna kuring hayang
pisan ngaganti lampu kosan, geus wé kuring langsung indit nyiaran
toko lampu di Jatinangor.
Kuring nguriling kaunggal tempat, can katimu wé éta toko lampu.
Jaba panas pisan poé ieu téh, kuring nelpon babaturan nanyakeun
toko lampu nu aya di Nangor. Untungna si Febri ngangkat telpon
kuring, ceuk manéhna téh "Toko lampu mah aya di deukeut
Puskésmas Jatinangor". Nya geus wé kuring langsung gas kadinya.
Pas nepi ka tokona téh, kuring langsung nanyakeun lampu jeung
hargana. Nya alhamdulilahna aya lampu nu cocok jeung kahayang
kuring, langsung wé ku kuring di gaskeun. Tidinya kuring langsung
balik ka kosan, rék sabari masang lampu nu tadi.
62
KOMIKACARA 7 NOVEMBER 2022
Kuring téh resep pisan kana nga desain
mah, poé ieu kuring hayang pisan nga
desain poster Divisi Acara PPU Pamass.
Soalna supados staff kuring ogé ngarasa
nyaman di Divisi Acara ieu, jeung ogé
supados leuwih aestetic wé. Ieu di beulah
katuhu mangrupi hasil desain postér nu ku
sim kuring jieun dina poé ayeuna. Langsung
wé ku kuring hasil postérna di kintun ka
grup Divisi Acara.
Salian ti nyieun desain postér,
kuring ogé sakantenan nyieun
postér kanggé méré apéksi ka
staff Divisi Acara. Tujuan kuring
méré apéksi téh supados staff
kuring leuwih sumanget deui
gawéna.
Jeung ogé, kuring mah jalmi na téh sok resep ogé kana masihan
nu kararieu téh. Tuluy etang-etang nabung amal ogé, jeung ogé
ningkatkeun skill kuring dina masalah ngadesain. Mugia wé apéksi
nu dibéré ku kuring ka staff acara, tiasa mangpaat kalayan
barokah. Lain masalah gede henteuna, nu pentingmah ikhlas
méréna. Dina poster apéksina ogé, kuring nyantumkeun kesan
jeung evaluasi kanggé staff kuring. Numana tujuanna téh nyaéta
supados staff kuring leuwih tanggung waler kana tugasna.
63
COUPLE 8 NOVEMBER 2022
Simkuring dina poé ieu téh rada telat pisan asup kuliah, margi
dikosan téh kaburu hujan gedé. Janten wé kuring kudu nungguan
heula hujan raat, jaba hujanna beuki gedé pisan. Nepika kuring
kabingungan, nya sieun telat asup ka kelas. Sanggeusna hujan rada
leutik, kuring maksakeun wé indit ka kampus, bari jeung teu maké
jas hujan. Soalna mun teu dipaksakeun pasti bakal telat pisan
ieumah.
Pas kuring geus nepi ka kampus, kuring
kagét pisan, margi keméja nu dipaké ku
kuring téh sarua jeung si Bunga. Jaba
motifna ogé sarua pisan, tidinya kuring
ngajak foto bareng ka si Bunga, soalna
lucu pisan ieumah. Nepi ka babaturan kelas
kuring nyangkana kuring jeung si bunga
téh bobogohan. Tuluy nepika dipost ogé di
Instagram kelas, pokonamah lucu pisan.
Jaba poto na téh bari maké payung supados jiga ala-ala Koréa téa.
Babaturan kuring ogé nepika nyebat "Couplena Dananjaya". Jaba si
Bunga jeung kuring pas poto téh jiga lanceuk jeung adi, soalna si
Bunga téh jiga masih budak kénéh.
Sanggeusna kuring poto jeung si Bunga, kuring ngalajeungkeun
kana kagiatan nu lain nyaéta radiv acara PPU Pamass. Dina radiv
ieu, kuring salaku kadiv rék ngabahas perkawis kagiatan wawancara
calon pupuhu jeung wakil pupuhu pamass. Kuring ngabéwarakeun
heula di grup Divisi Acara, langsung wé radivna téh di kansan.
Soalna pas radiv ogé, kaleresan hujan gedé deui.
64
PRODUKTIF 8 9 NOVEMBER 2022
Poé ieu simkuring aya jadwal kuis mata kuliah pengkajian budaya,
kuring saméméh ngerjakeun kuisna, maca heula matéri perkawis
"Shojo Manga". Jaba matérina téh maké bahasa Inggris, janten wé
ka kuringna kudu butuh epport pisan. Sanggeusna kuring maca
matérina, langsung wé ku kuring di kerjakeun kuisna. Alhamdulilah
pas ngerjakeunna, kuring teu ngarasa hésé.
Pas geus réngé kuisna, horéngmah nilaina téh langsung kaluar. Pas
kuring nempo nilaina, alhamdulilah henteu awon.
Sanggeusna kuring réngsé ngerjakeun kuis, kuring langsung indit ka
sékré pamass. Soalna kuring aya wagelan heula di kampus, jeung
ogé mun dikosan wé asa gabut pisan. Sanggeusna nepi ka sékré
pamass, kuring nungguan heula si Diki. Soalna sakantenan aya
obrolan perkawis PPU Pamass. Lumayan lila kuring nungguan si Diki,
ahirna aya ogé jelemana. Langsung wé kuring jeung si Diki ngobrol
perkawis PPU Pamass.
Sanggeusna kuring jeung si Diki ngobrol, arurang langsung wé indit
deui kaluar. Pas diluar téh, kuring jeung si Diki rék meuli cimol bojot
nu aya di Sayang. Pas di cimol bojot, malah hujan gedé, nya geus wé
kuring jeung si Diki ngiuhan heula. Sanggeusna cimol bojotna asak
jeung hujanna raat, kuring jeung si Diki indit kakosan. Dikosan
arurang langsung ngadahar éta cimol bojot.
65
PERKULIAHAN OFFLINE 10 NOVEMBER 2022
Perkuliahan poé ayeuna téh offliné, janten kuring kudu siap-siap
heula saméméh indit ka kampus. Sanggeusna réngsé siap-siap,
kuring langsung wé indit ka kampus, kuring indit ka kampusna
sorangan. Nepi ogé kuring dikampus, sanggeusna dikampus kuring
jeung babaturan kelas nu lainna langsung wé asup kakelas. Pas
geus nepi ka kelas téh, Bu Asri na can datang. Tidinya arurang
nyieun heula tiktok, janten hiji-hiji babaturan kuring di potoan.
Eh horéng mah BU Asri téh geus nepi ka kelas, tidinya langsung
jarempé. Langsung wé Bu Asri nitah nyalakeun proyéktor jeung
pematérian poé ayeuna. Sanggeusna réngsé pematérian téh, Bu Asri
miwarang ngabagi kelompok Dialéktologi, numana pembagéan
kelompok ieu téh mangrupa jeung tugas penelitian dialéktologi.
Dina pembagéan ieu téh maké sistem rolling onliné, kuring nu
ngabagikeun kelompokna téh. Pas geus roliing kelompok, kuring
kabagéan nomor kelompokna nyaéta kelompok 8, nu anggotana téh
aya Si Kujang, Revita, Intan, jeung Siska. Sanggeusna pembagéan
kelompok dialéktologi, dilajengkeun kana pembagéan kelompok
mata kuliah Kebudayaan Indonésia. Mung sateuacanna éta, kuring
ménta widi heula ka bu Asri, supados sakantenan. Alhamdulilahna,
bu Asri méré widi.
Réngsé ogé pembagéan kelompok dialéktologi jeung kebudayaan
indonésia téh, tidinya langsung wé dilajeung deui kana matéri
perkuliahan. Sanggeusna réngsé pematérian, kuring jeung nu lainna
langsung wé kaluar kelas. Kuring mah henteu langsung balik ka
kosan, malahan ka kantin Shokudo heula, soalna lapar pisan poé ieu
téh. Pas asup ka Shokudona, horéngmah ngantri pisan, janten kuring
kudu nungguan rada lila didinya téh. Sanggeusna kuring nungguan
rada lila, ahirna tuangeun téh nyampé ogé.
66
PRODUKTIF 9 11 NOVEMBER 2022
Produktifna kuring dina poé ieu mah leuwih ka ngagawéan wagelan
nu aya di kosan. Mung saméméh kuring ngagawéan éta wagelan,
kuring lalajo heula Youtube, supados teu gabut ogé. Soalna
ngumpulkeun niatna téh sok horéam pisan, janten kudu geus bener-
bener kakumpul niatna téh.
Sanggeusna kuring lalajo Youtubé, kuring langsung ngarendeum
heula baju nu geus karotor. Soalna mun teu di rendeum heula sok
rada karotor kénéh, janten kurang leuwih 30 menitan lah kudu di
rendeum heula. Jaba sesehan téh loba pisan, soalna kuring geus tilu
poé teu nyeuseuh. Da biasana mah, kuring téh sok ngalondry wé.
Geus di rendeum baju téh, langsung wé ku kuring di seseuh. Aya
meureun salila dua jam-an kuring nyeuseuh.
Sanggeusna réngsé kabéh diseuseuh, kuring langsung wé moekeun
éta baju di balkon kosan. Jaba keur usim hujan téh sok lila ka
garingna ieu seseuhan téh. Réngsé tah moe baju téh, tidinya kuring
leleson heula sakedeng. Soalna geus ieu, kuring rék langsung
ngerjakeun tugas kuliah. Loba pisan tugas nu kudu di kerjakeun,
janten mun teu dikerjakeun ngereyeuh, moal anggeus-anggeus.
Kabiasaan kuring mun keur ngerjakeun tugas téh kudu sabari nyetel
lagu, soalna asa garing pisan mun teu di laguan mah. Karesep kuring
mah sok nyetel lagu di Spotify, nu laguna Last Child. Soalna lagu
ieumah ceuk kuring ngeunaheun pisan, janten ngarasana tenang tur
nyantai ogé. Hiji-hiji tugas ku kuring di kerjakeun, nya walaupun rada
bété ogé, da kumaha deui geus kawajiban. Aya meureun kuring 3
jam-an nganggeuskeun kabéh tugas téh, alhamdulilah ahirna réngsé
ogé ieu tugas kuring. Tidinya, kuring langsung saré heula supados
ieu otak aya istirahatan.
67
PERGABUTAN 12 NOVEMBER 2022
Poé ieumah kuring asa teu boga kagiatan nu loba, soalna da cicing
wé di kosan, nuaya géh gabut hungkul. Nya paling kuring ngan
saukur gogoléran jeung lalajo Youtube hungkul. Geus mah gabut,
ditambah hujan gedé, janten wé nambahan mager pisan kamamana
téh, nu aya kabawana hayang saré wé.
Ngomekeun hapé nyekrollan medsos wé hungkul, mung kuring lalajo
konten youtube poé ayeuna perkawis pendakian gunung. Soalna
kuring ogé hobi naék gunung mah, nya itung-itung flashback wé.
Soalna kuring geus lila teu naék gunung deui, aya meureun sakitar
dua taunan. Nya ti usim korona wé kuring teu naék gunung téh,
alhamdulilahna ku gara-gara lalajo kontén naék gunung, janten
karasa deui vibes naék gunungna.
Salian ti lalajo kontén naék gunung, kuring ogé lalajo kontén
perkawis ilmu kaséhatan. Itung-itung kuring nambahan référénsi
kanggé matéri di kedokteran, soalna di youtube mah sok asa vibes
na téh belajar dikelas. Sanggeusna kuring lalajo dua kontén éta di
youtube, kuring ngarasa tunduh pisan. Nya geus wé, kuring saré
heula. Pas hudang téh, horéngmah geus magrib. Jaba awak téh
karasa pisan carangkeulna, tidinya kuring langsung wé mandi.
Soalna kuring tiisuk can mandi, janten kana awak téh teu
ngeunaheun pisan.
68
PRODUKTIF 10 13 NOVEMBER 2022
Produktif dina poé ieu mah, kuring rada loba pisan pagawéan téh.
Kuring salaku Kadiv Acara PPU pamass nyieun rundown wawancara
ti poé kahiji nepika poé katilu. Soalna mun teu di jieun rundown téh,
acarana moal terstruktur. Janten kuring bener-bener kudu teliti ogé,
margi supados waktuna teu salah.
Sanggeusna kuring ngajieun rundown wawancara calon pupuhu
jeung wakil pupuhu pamass, kuring ngalajeungkeun nyieun list
patarosan wawancara ogé. Jaba kuring pas nyieun list patarosan
téh kudu heula riset, supados patarosan nu dijieun ku kuring téh
saluyu ogé. Aya meureun dua jam-an kuring ngajieun list
patarosanna. Soalna loba pisan, janten kudu butuh epport nu gedé
ogé.
Réngsé ogé kuring nyieun list patarosan wawancara téh, tidinya
kuring langsung ngajak si Diki ngamusik. Oh nya, kuring ngajieun list
patarosan wawancara téh di imahna si Diki. Kusabab kuring lieur
sanggeusna ngerjakeun nu tadi, ahirna kuring jeung si Diki ngamusik
maké gitar. Soalna si Diki téh jago pisan maén gitarna, geus
pokonamah pas ngamusik jeung si Diki téh jadi ngarasa tenang deui
ieu pikiran kuring. Nu tadina rarungsing jeung teu mood, nya ahirna
mah robih deui.
Sanggeusna kuring ti imah si Diki, kuring teu langsung balik ka
kosan. Soalna kuring di chat ku si Bughni, dititah ka Ciséké heula.
Kuring téh rék aya obrolan ogé jeung si Bunga, si Bughni ogé. Nya
geus wé kuring langsung indit ka Ciséké, jaba geus jam 10 peuting.
Geus mah tirisna kabina-bina dijalan téh, ahirna nepi ogé kuring di
Ciséké. Didieu, kuring jeung si Bughni langsung nyampeur ka kosan
si Bunga. Sanggeusna kuring, Bughni, jeung Si Bunga langsung wé
ngobrol. Sakitar jam satengah hijian, obrolan téh réngsé ogé, soalna
geus peuting. Kuring tidinya langsung wé balik kakosan kuring.
69
WAWANCARA PPU 1 14 NOVEMBER 2022
Runtuyan kagiatan PPU Pamass 2022 geus dikawitan ogé, kagiatan
nu munggaran poé ayeuna téh nyaéta wawancara poé kahiji.
Saméméh ngawitan ieu wawancara poé kahiji, kuring
ngabéwarakeun heula di grup Divisi Acara perkawis rék aya brieffing
heula. Soalna mun teu di brieffing, sieunna staff kuring nu poé
ayeuna janten PJH masih kabingungan kénéh kana tupoksina.
Sanggeusna kuring réngsé nga brieffing staff, langsung wé kuring
jeung staff Divisi Acara nu lainna ka sékré pamass. Margi acara
wawancara na téh tempatna di sékré pamass. Didinya PJH
miwarang ka staff divisi lain nu ka ploting poé ayeuna supados
geura karumpul di sékré, soalna rék aya brieffing ogé. Kuring ngan
saukur nempo hungkul ka staff kuring, kumaha cara manéhna nga
brieffing nu lain. Alhamdulilahna, PJH ti acara teu kabingungan,
soalna geus di brieffing ku kuring.
Dilajeungkeun wé kana ngawitan wawancara poé kahiji, numana
jadwal na téh bagéan si Wildan Solehudin jeung Rizqi Alif Kesumah.
Kuring pas wawancara dikawitan téh, cicingna di luar sékré, soalna
keur ngawas ogé kana kaayan diluar sékré pamass. Supados clear
area jeung ogé euweuh nu ngaganggu. Jaba lila pas wawancara téh,
nya geus wé kuring jajan heula ka pakilun. Eh pas kuring rék balik
deui ka sékré pamass, malahan kabujeng ku hujan gedé. Nya geus
wé, kuring cicing heula di pakilun.
Rada raat hujan téh, kuring langsung wé balik deui ka Pamass.
Alhamdulilah, runtuyan kagiatan wawancara poé ayeuna réngé ogé,
kantun evaluasi hungkul jeung panata calagara nu ka ploting poé
ayeuna. Sanggeusna évaluasi, kuring mah langsung indit wé ka
kosan. Margi carapé pisan, rék istirahat heula.
70
WAWANCARA PPU 2 15 NOVEMBER 2022
Poé ieu, kuring indit ka kampusna teu mawa motor. Margi motor
kuringna can di eusian bénsin, nya geus kuring langsung wé nga
chat si Diki supados indit bareng ka kampusna. Kuring rada lila
nungguan si Diki ngajemput ka kosan téh, aya meureun 30 menitan
mah. Ahirna si Diki nepi ogé ka kosan kuring, tidinya langsung wé
indit ka kampus. Soalna dina poé ieu téh mangrupa runtuyan
kagiatan wawancara calon pupuhu jeung wakil pupuhu pamass poé
kadua.
Nepi ogé kuring ka kampus, tidinya langsung wé PJH téh nga
brieffing ka panata calagara nu ka ploting. Poé ayeuna téh bagian
paslon kadua nyaéta Faiq jeung Rinrin, eh horéngmah si Faiq téh teu
bisa datang ka kampus. Margi ceunah mah manéhna téh rék di
fisioterapi heula, janten wé wawancara poé ayeuna mah hybrid. Nu
wawancara offliné téh ngan si Rinrin hungkul, mun si Faiq mah
wawancarana via telpon WhatssApp.
Sanggeusna réngsé wawancara téh, sapertos biasa aya sési
évaluasi kanggé kabéh staff nu ka ploting. Kuring ogé miluan
ngaévaluasi dina poé ayeuna, soalna aya sababaraha kasalahan.
Réngsé ogé évaluasi panata calagara poé ayeuna, kuring langsung
wé balik kakosan. Soalna dina peuting jam 8-nan aya jadwal monév
BPA jeung PPU Pamass. Dina pas monév téh, panata calagara
meunang évaluasi ti pihak BPA perkawis kagiatan wawancara calon
pupuhu jeung wakil pupuhu pamass, nu diantawisna nyaéta
perkawis ulah ngarumpulna panata calagara di harepeun sékré
pamass, soalna bisa nyebabkeun nu keur di wawancarana teu fokus,
Jeung ogé panata calagara téh sok raribut wé ngarobrol.
Sanggeusna réngsé monév jeung BPA, kuring langsung wé rék saré.
Soalna isukan ogé masih aya kuliah jeung kagiatan wawancara nu
pamungkas.
71
WAWANCARA PPU PAMUNGKAS 16 NOVEMBER 2022
Poé ieu mangrupa wawancara pamungkas calon pupuhu jeung wakil
pupuhu pamass, nyaéta si Juan jeung si Bunga. Mung saméméh
ngawitan kagiatan ieu, simkuring jeung nu lainna téh aya jadwal
kuliah offliné heula di kampus. Sanggeusna réngsé kuliah, kuring
langsung wé ka sékré pamass kanggé ngalajeungkeun kagiatan
wawancara pamungkas dina poé ayeuna.
Dina wawancara poé ayeuna ogé, sistemna téh hybrid ogé. Margi si
juanna masih di Bengkulu, janten ngan si Bunga hungkul nu
wawancara na offliné mah. Alhamdulilah, dina kagiatan wawancara
pamungkas ieu jeung ogé kusabab aya évaluasi ti BPA kamari,
janten kondisina leuwih clear aréa di hareup sékré pamass téh.
Alhamdulilah poé ayeuna mah, teu loba teuing évaluasi. Margi
panata calagara ogé geus leuwih kondusip, janten waktos na leuwih
gancang. Kuring salaku kadiv acara, ngarasa alhamdulilah kagiatan
wawancara ieu réngsé ogé.
Mung sanggeusna wawancara réngsé, kuring jeung staff Divisi
Acara nu lainna ngalajeungkeun kana kagiatan Radiv di kansas.
Soalna kuring aya sababaraha nu kedah di dugikeun ka staff kuring,
boh éta perkawis tupoksi, jeung ogé évaluasi. Dina radiv ieu, aya
meureun 3 jam-an mah soalna loba pisan nu di didiskusikeun téh.
Alhamdulilah kagiatan radiv ogé réngsé, tidinya kuring jeung si Diki
ngalajeungkeun ka pujas. Margi kuring lapar pisan, pas di pujas téh
kuring jeung si Diki mesen sangu goréng hayam. Saréngséna ti
pujas, kuring jeung si Diki langsung balik wé ka kosan. Soalna si Diki
ogé rék mondok di kosan kuring, janten peuting ayeuna kuring aya
babaturan ngobrol dikosan.
72
DISKUSI 17 NOVEMBER 2022
Agénda dina poé ayeuna mangrupa kuliah sabari diskusi kanggé
tempat penelitian dialéktologi, janten diukna téh kudu sakelompok-
sakelompok. Pas diskusi téh, kuring jeung kelompok kuring
ngomongkeun perkawis rék penelitian kamana. Lumayan rada lila
ngadiskusikeun ieu téh, soalna ulah nyampé salah tempat.
Alhamdulilah ahirna mah meunang ogé tempat kanggé penelitianna,
kelompok kuring sapukna di Kabupatén Bandung Barat. Soalna
kaleresan kelompok kuring ogé aya nu kawitna ti Bandung Barat,
nyaéta si Intan.
Sanggeusna sapuk kana tempatna, arurang kantun ngabagi saha wé
nu janten tim lapangan jeung tim laporan. Ahirna geus dibagi ogé,
kuari kuring boga idé jeung nyieun kaos kelompok, soalna supados
leuwih kompak jeung rapih ogé. Alhamdulilahna, kelompok kuring
sarapuk nyieun kaos. Nya geus kuring nyieun heula desain kaosna.
Ieu mangrupa desain hareup kaos kelompok
DIALEKTOLOGI dialéktologi nu ku kuring jieun, dina grup kuring
PRIDE
ménta pendapat heula kanu lainna. Alhamdulilahna
sarapuk kana desain nu dijieun ku kuring, tidinya
langsung wé kuring nyiaran tempat nu sok nyablon
kaos.
Ieu ogé mangrupa desain tukangna, numana kuring
téh ngaluyukeun ogé jeung kagiatanna. Naha bisa
éta potona téh dua jalma nu keur ngarobrol. Soalna
kan dialéktologi mah mangrupa élmu nu ngabahas
perkawis variasi bahasa daérah, janten cocok lah
kanggé ditempelkeun dina desain kaos kelompok
kuring.
73
SHARING SESSION 18 NOVEMBER 2022
Kuduna kuring dina poé ieu téh saréna leuwih awal, soalna aya
kagiatan sharing session PPU Pamass jeung dosén prodi. Tapi da
angger wé, kuring téh saréna sok teu teratur. Soalna loba pisan
pagawéan téh, janten wé kana saré géh sok ka ganggu. Pas kuring
hudang saré, tuluy neleu kana jam téh geus jam 09.00. Tidinya
kuring kagét pisan, soalna kagiatan sharing session téh dikawitanna
tabuh 09.00. Janten kuring telat pisan datangna, langsung wé
kuring téh mandi heula. Sanggeusna mandi, lainna sarapan heula
malah kuring langsung leumpang wé ka kampus.
Pas kuring geus nepi ka kampus, kuring malah nyiaran kelas nu
dipaké sharing session. Kuring ngecék hiji-hiji kelas, ahirna mah
katimu ogé éta kelasna. Mung, berhubung kuring datangna telat nya
geus wé kuring nangguan diluar kelas soalna isin pisan mun
langsung asup téh, soalna aya dosén ogé. Pas kuring nungguan di
luar kelas, horéngmah aya si Rahél ogé. Nya geus wé ujung-ujung na
mah kuring jeung si Rahél ngobrol di luar kelasna.
Ahirna sanggeus kuring nungguan réngsé kagiatan diluar kelas,
réngsé ogé éta sharing session téh. kuring jeung si Rahél asup
bareng ka kelasna, soalna rék aya sési évaluasi. Sanggeusna sési
évaluasi, aya sési dokuméntasi per divisi. Kuring jeung Divisi Acara
potona di harepeun kantin Shokudo, soalna vibes na téh alus pisan.
Sanggeusna sési poto, kuring mah langsung balik wé ka kosan da
rék ngerjakeun tugas kuliah nu numpuk.
74
FULL NUGAS 19 NOVEMBER 2022
Poé ieumah, kuring bener-bener rék nyelesaikeun pancén kuliah
catetan poéan. Soalna kuring masih aya sababaraha nu can di eusi,
jaba deadline na ogé dua poé deui. Janten mun poé ayeuna teu
dikerjakeun, moal geura réngsé ieu pancén catetan poéan téh. Aya
sakitar 15 poé nu ku kuring can di rapihan, janten butuh waktu nu
rada lila ogé. Pokonamah bener-bener lieur pisan ngerjakeun ieu
catetan poéan téh, tapi bismillah wé. Aya meureun kuring
ngerjakeun catetan poéan ieu nepi ka hampir 3 jam-an, nu ahirna
mah réngsé ogé kabéh.
Sanggeusna kuring réngsé ngerjakeun pancén catetan poéan,
kuring réhat heula sakedeng. Soalna cangkeul pisan, jeung ogé rada
tunduh. Mung, kudu aya pancén nu ku kuring ogé kudu di jieun.
Nyaéta pancén nyieun rancangan ngajieun artikel ilmiah, nya geus
wé kuring henteu nunda-nunda deui. Kuring risét heula kanggé judul
penelitian artikel kuring, soalna masih bingung rék nyokot judul nu
kumaha. Ahirna kuring ngabogaan idé nyokot judul artikelna nyaéta
"Pengaruh Teori Big Five Personality Pada Kejadian Burnout
Mahasiswa Double Degree". Soalna ieu ogé aya pakuat-pakaitna
jeung kahirupan kuring.
Numana stressna double degree téh, tuluy pikiran nambahan beuki
loba. Kuring ogé ngajelaskeun naon tujuan kuring nyokot judul ieu,
jeung ogé kaunikan sarta permasalahan dina artikel ieu naon wé.
Ahirna kuring réngsé ogé nyieun rancangan artikel na, langsung wé
ku kuring di kintun kana live unpad. Supados teu kabujeng ku
deadliné, alhamdulilah geus ogé di submit ku kuring. Tidinya kuring
ngarasa lega pisan, soalna pancén kuliah nu rada beurat ahirna
réngsé ogé.
75