A. LAMPIRAN MATERI Kategori Materi Jenis Materi Deskripsi Materi Reguler & Remedial Faktual Conto pidangan video panumbu catur : https://www.youtube.com/watch?v=WOiqUb9Za2s Konsep Pangajaran 3 PANUMBU CATUR Sawala Siswa: Nataharkeun Kagiatan Sakola Prolog: Sababaraha urang pangurus OSIS SMA keur ngayakeun sawala. Para pamilon sawala kacida daria. Ari matéri anu disawalakeunana nyaéta ngeunaan kagiatan PORSAK (Pekan Olahraga & Seni Antar Kelas) anu sakeudeung deui baris dilaksanakeun. Aris nu kapeto jadi Panumbu Catur, pok ngamimitian nyarita. Aris: “Luyu rarancang awal, poé ieu urang sawalakeun ngeunaan méteri naon waé nu bakal dipasanggirikeun dina kagiatan PORSAK (Pekan Olahraga & Seni Antar Kelas) seméster ayeuna. Saha nu rék nepikeun kamandang?” Tatang “Matéri olahraga mah geus wé pertandingan Futsal. Mun matéri seni, kumaha lamun pasanggiri nembangkeun pupuh.” Lesmana “Sigana mun futsal mah leuwih cocog keur barudak lalaki, ari barudak awéwéna kumaha?” Tatang “Yéh, lalaki awéwé gé bisa. Geura engké mun geus prungna, bakal leuwih ramé nempo barudak awéwé.” Lesmana : “Ah, urang mah teu satuju. Kumaha mun barudak awéwé mah geus wé pertandingan voli?” Mirna “Enya, Tang, sigana alus kénéh voli keur awéwé mah.” Aris “Kumaha, Tang, cenah keur barudak awéwé mah voli. Sapuk henteu?” Tatang “Heug atuh, kitu hadé. Urang mah sapuk, ari hayangna kitu mah.”
Aris “Tah kitu Man, Mir, Tatang gé sapuk mun keur barudak awéwé mah pertandingan voli waé. Mun lalakina mah geus wé futsal, nya?” Mirna + Lesmana “Enya, geus wé lalaki mah futsal. Ongkoh ayeuna téh loba pisan nu resep futsal téh.” Aris Kumaha ari matéri senina, naha satuju mun pasanggiri nembang pupuh. Cik, sugan Lisma boga idé. Asa can mairan.” Lisma “Teu pati apal tuda kana olahraga mah. Mun kana matéri seni mah siap. Sigana ulah pasanggiri nembangkeun pupuh, bisi euweuh nu daftar.” Mirna “Euweuh nu daftar kumaha ari Lisma, apan unggal kelas wajib ngirimkeun wawakilna?” Lisma “Yéh ari Mirna, siga teu apal waé, apan teu unggal kelas aya siswa nu bisa nembangkeun pupuh. Apal ieuh, nu bisa nembang pupuh téh ukur barudak nu aktif di éktrakurikulér LISES wungkul. Tinimbang loba kelas nu teu ngirimkeun wawakilna, leuwih hadé keur matéri seni mah pasanggiri ngadongéng wé. Kumaha, sapuk henteu?” Aris “Cik, kumaha Tang, Man, Mir, sapuk henteu mun matéri seni mah pasanggiri ngadongéng?” Lesmana Tatang “Sapuk, lah!” Tatang “Enya, komo urang mah teu bisa mupuh. Sok silung waé. Mun ngadongéng mah bisa wé, hahaha…” Aris “Kumaha, Mirna satuju teu?” Mirna “Nya, teu nanaon atuh rék pasanggiri ngadongéng gé. Nu penting mah matéri seni téh kudu diniatan ngamumulé seni Sunda.” Lisma “Ih, nya geus puguh atuh éta mah. Pan ieu gé pasanggiri ngadongéng basa Sunda. Lain lomba bercerita basa Indonésia atawa story telling basa Inggris.” Teu lila, celengkeung Aris nyarita. Nyindekkeun hasil sawala.
Aris “Mun kitu mah urang cindekkeun wé, yén dina acara PORSAK seméster ayeuna mah urang ngayakeun pertandingan futsal jeung pasanggiri ngadongéng.” Sanggeus sawala dianggap réngsé, Aris nutup acara. Épilog: Kacindekan tina sawala nyaéta yén dina kagiatan PORSAK téh bakal diayakeun pertandingan futsal jeung pasanggiri ngadongéng basa Sunda. A. Panumbu Catur Panumbu catur nya éta jalma anu tugasna mingpin hiji acara kalayan tuntas. Sawala téh loba pisan wandana (jenis). Upamana waé aya nu disebutmuktamar, konférénsi, sawala (diskusi) panél, jeung sawala kelompok. Biasana sawala téh diiluan ku sababaraha urang pamilon (peserta). Ku kituna dina sawala sok aya nu mingpinna anu disebut panumbu catur (moderator). Lian ti panumbu catur, dina sawala gé alusna mah aya nu kabagéan jadi girang serat (notulén), sangkan hasil sawala téh aya nu nyatetkeun. Girang serat gé bisa waé bari ngarékam kagiatan sawala. Anapon sacara umum, galur kagiatan sawala téh aya lima bagéan, nya éta: (1) Bubuka ti panumbu catur; (2) Pedaran ti pangjejer; (3) Kagiatan tanya jawab; jeung (4) Nyusun kacindekan hasil sawala. Kalungguhan panumbu catur dina sawala téh kacida penting, lantaran anu nangtukeun lancar henteuna acara sawala. Lian ti éta aya sawatara pancén poko panumbu catur, di antarana: • Ngatur waktu sawala jeung nepikeun perkara nu rék disawalakeun • Ngatur saha-sahana nu rék mairan atawa cumarita nepikeun pamanggih dina sawala • Ngeureunkeun pamilon sawala anu nyaritana teu museur • Capétang nyarita ngagunakeun basa Sunda anu merenah • Boga kaweruh ngeunaan perkara anu disawalakeun • Kudu adil méré kasempetan ka sakabéh pamilon sawala • Kudu mibanda sikep sopan • Nyusun kacindekan sawala • Nutup acara sawala . Sanggeus nengetan tatakrama dina sawala, ieu di handap dipedar ngeunaan pancén panumbu catur, girang serat, pangjejer, jeung pamilon. 1. Pancén panumbu catur
Panumbu catur (moderator) téh jalma anu ngatur heula-pandeurina omongan unggal pamilon diskusi waktu cacarita. Ulah nepi ka kajadian, pamilon nyarita langsung ka pamilon lianna, tapi kudu ménta idin heula ka panumbu catur. Panumbu catur kudu bisa nyapih atawa misah pamilon anu adurényom paduduaan nepi ka paséa. Antukna pamilon séjén teu kabagéan nyarita. 2. Pancén girang serat Girang serat atawa notulén téh jalma anu pancénna nyatet instisari tina eusi pedaran diskusi. Dina waktu tanya jawab, girang serat ogé boga pancén nyatet saha nu nanya jeung naon pananyana? 3. Pancen pangjejer Pangjejer dina diskusi téh jalma anu mibanda pancén pikeun nepikeun jejer pedaran ka pamilon. Lamun pangjejer nu anyar pinanggih, ilaharna diwanohkeun heula perkara riwayat hirupna kalawan singget. Pangjejer kakara cacarita atawa nepikeun pedaran sabada dihaturanan ku panumbu catur. 4. Pancen pamilon Pamilon atawa peserta diskusi téh jalma anu miluan kana kagiatan diskusi. Dina prungna miluan diskusi, pamilon kudu tuhu kana aturan diskusi. Pamilon kudu ngaregepkeun naon-naon anu ditepikeun ku pangjejer. Ulah ngaganggu, contona ngomong paduduaan jeung babaturan nu aya di gigireun. Lamun rén nanyakeun, ngajawab pananya, atawa ngajukeun pamadegan (kamandang), pamilon kudu ngacung heula. Sabada dihaturanan ku panumbu catur, kakara pamilon nyarita. B. Sikep panumbu catur a. Nyusun runtuyan acara b. Nepikeun kalayan ucapan tur lentong nu jelas c. Basa anu luyu, sopan tur merenah d. Pasemon tur rigig nu hadé Prinsip Kaedah Panumbu Catur Struktur dina téks panumbu catur nya éta: a. Bubuka Salam bubuka Muji sukur, pangjajap ) Pangjajap Inti poko bahasan biantara b. Eusi (materi ti pangjejer) c. Panutup Mungkas acara ku kacindekan Doa Salam panutup
Prosedur Sangkan paguneman dina sawala téh bisa lumangsung kalawan lancar, aya sawatara tatakrama anu kudu diéstokeun, di antarana: • Kudu apal carana jeung iraha waktuna motong omongan batur. • Kudu sopan dina ngedalkeun kateupanujuan atawa kateusugemaan. • Ulah megat atawa motong omongan batur. • Ulah ngomong nyorongot bari popolotot. • Nyarita ulah diborong ku sorangan. • Ulah haharéwosan duaan di tengah-tengah paguneman. • Mun nu séjén nyarita kudu daék ngahaminan. • Témbongkeun rasa resep atawa teu resep sawajarna. • Singkahan jejer (pasualan) nu sipatna pribadi. • Atur bedas launna sora sing merenah. • Ulah pacéntal atawa adu rényom nepi ka paséa. • Ulah api lain ka nu anyar datang kana riungan. • Omongan ulah matak jaheut atawa éraeun batur Pengayaan Materi pengayaan anu dipidangkeun nyaéta conto pidangan panumbu catur anu geus kasohor. Contona bisa ditingali tina link ieu di handap. https://www.youtube.com/watch?v=an36Qrsb3L4
B. LAMPIRAN LKPD Lampiran 1 Nama Sekolah SMAN 1 CILILIN Mata Pelajaran Bahasa Sunda Kelas/ Semester X/ 2 Materi Pokok Panumbu Catur Alokasi Waktu 2x45 (1JP) Tujuan Pembelajaran: Aksi I: • Peserta didik mampu menganalisis isi téks panumbu catur dengan benar C4) • Peserta didik mampu membuat teks panumbu catur secara tulisan(C6) • Peserta didik mampu mempresentasikan téks.panumbu catur sesuai dengan kaidahkaidahnya.(P2). PANUMBU CATUR Sawala Siswa: Nataharkeun Kagiatan Sakola Prolog: Sababaraha urang pangurus OSIS SMA Negeri 1 Mekarsari keur ngayakeun sawala. Para pamilon sawala kacida daria. Ari matéri anu disawalakeunana nyaéta ngeunaan kagiatan PORSAK (Pekan Olahraga & Seni Antar Kelas) anu sakeudeung deui baris dilaksanakeun. Aris nu kapeto jadi Panumbu Catur, pok ngamimitian nyarita. Aris: “Assalamu”alaikum wr.wb luyu rarancang awal, poé ieu urang sawalakeun ngeunaan méteri naon waé nu bakal dipasanggirikeun dina kagiatan PORSAK (Pekan Olahraga & Seni Antar Kelas) seméster ayeuna. Saha nu rék nepikeun kamandang?” Tatang “Matéri olahraga mah geus wé pertandingan Futsal. Mun matéri seni, kumaha lamun pasanggiri nembangkeun pupuh.” Lesmana “Sigana mun futsal mah leuwih cocog keur barudak lalaki, ari barudak awéwéna kumaha?” Tatang “Yéh, lalaki awéwé gé bisa. Geura engké mun geus prungna, bakal leuwih ramé nempo barudak awéwé.” Lesmana : “Ah, urang mah teu satuju. Kumaha mun barudak awéwé mah geus wé pertandingan voli?” Ngaran Kelompok:………………… Kelas:……………….. Nama Anggota Kelompok: 1………………….. 2………………….. 3…………………. 4…………………. 5………………….
Mirna “Enya, Tang, sigana alus kénéh voli keur awéwé mah.” Aris “Kumaha, Tang, cenah keur barudak awéwé mah voli. Sapuk henteu?” Tatang “Heug atuh, kitu hadé. Urang mah sapuk, ari hayangna kitu mah.” Aris “Tah kitu Man, Mir, Tatang gé sapuk mun keur barudak awéwé mah pertandingan voli waé. Mun lalakina mah geus wé futsal, nya?” Mirna Lesmana “Enya, geus wé lalaki mah futsal. Ongkoh ayeuna téh loba pisan nu resep futsal téh.” Aris Kumaha ari matéri senina, naha satuju mun pasanggiri nembang pupuh. Cik, sugan Lisma boga idé. Asa can mairan.” Lisma “Teu pati apal tuda kana olahraga mah. Mun kana matéri seni mah siap. Sigana ulah pasanggiri nembangkeun pupuh, bisi euweuh nu daftar.” Mirna “Euweuh nu daftar kumaha ari Lisma, apan unggal kelas wajib ngirimkeun wawakilna?” Lisma “Yéh ari Mirna, siga teu apal waé, apan teu unggal kelas aya siswa nu bisa nembangkeun pupuh. Apal ieuh, nu bisa nembang pupuh téh ukur barudak nu aktif di éktrakurikulér LISES wungkul. Tinimbang loba kelas nu teu ngirimkeun wawakilna, leuwih hadé keur matéri seni mah pasanggiri ngadongéng wé. Kumaha, sapuk henteu?” Aris “Cik, kumaha Tang, Man, Mir, sapuk henteu mun matéri seni mah pasanggiri ngadongéng?” Lesmana Tatang “Sapuk, lah!” Tatang “Enya, komo urang mah teu bisa mupuh. Sok silung waé. Mun ngadongéng mah bisa wé, hahaha…” Aris “Kumaha, Mirna satuju teu?” Mirna “Nya, teu nanaon atuh rék pasanggiri ngadongéng gé. Nu penting mah matéri seni téh kudu diniatan ngamumulé seni Sunda.” Lisma “Ih, nya geus puguh atuh éta mah. Pan ieu gé pasanggiri ngadongéng basa Sunda. Lain lomba bercerita basa Indonésia atawa story telling basa Inggris.” Teu lila, celengkeung Aris nyarita. Nyindekkeun hasil sawala. Aris “Mun kitu mah urang cindekkeun wé, yén dina acara PORSAK seméster ayeuna mah urang ngayakeun pertandingan futsal jeung pasanggiri ngadongéng.” Sanggeus sawala dianggap réngsé, Aris nutup acara https://bahasasunda.id/teks-panumbu-catur-sunda/
Pituduh: 1. Pék baca téks panumbu catur ‘’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’diluhur sing taliti! 2. Sacara kelompok jawab patalékan-patalékan dihandap ieu kalayan merenah! 3. Tulis dina kolom anu geus disadiakeun! 4. Kumpulkeun kalayan waktu nu geus ditangtukeun! Indikator Pencapaian Kompetensi Instrumen Tes Jawaban Peserta didik mampu menganalisis isi téks panumbu catur dengan benar C4) 1. Perkara naon anu disawalakeun dina téks ‘’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’ di luhur? 2. Sebutkeun saha anu jadi panumbu catur dina téks ‘’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’ luhur! 3. Sebutkeun kalimah nu kaasup kana bagian bubuka tina teks panumbu catur ‘’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’ diluhur! 4. Ngagunakeun ragam basa nu kumaha éta tokoh-tokoh pamaén teks panumbu catur ‘’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’ diluhur téh? 5. Naon waé pancén panumbu catur dina kagiatan sawala téh Peserta didik mampu membuat teks panumbu catur secara tulisan(C6) 6. Naon sababna rék diayakeun futsal jeung voli? 7. Naon alesana anu diasongkeun ku Lisma pangna milih pasanggiri ngadongéng basa Sunda? Peserta didik mampu menjelaskan hasil analisis teks panumbu catur (C2) 8. Kumaha kacindekan sawala diluhur? 1. Kumaha kamandang Mirna ngeunaan seni budaya jeung seni Sunda? 10.Jelaskeun kamandang hidep ngeunaan kacindekan dina téks panumbu catur ‘’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’di luhur