The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by gaganridwan821, 2023-10-11 05:25:24

LKPD fix pdf panumbu catur

LKPD fix pdf panumbu catur

LKPD PANUMBU CATUR KELAS X (FASE E) PANUMBU CATUR Sawala Siswa: Nataharkeun Kagiatan Sakola Prolog: Sababaraha urang pangurus OSIS SMA Negeri 1 Mekarsari keur ngayakeun sawala. Para pamilon sawala kacida daria. Ari matéri anu disawalakeunana nyaéta ngeunaan kagiatan PORSAK (Pekan Olahraga & Seni Antar Kelas) anu sakeudeung deui baris dilaksanakeun. Aris nu kapeto jadi Panumbu Catur, pok ngamimitian nyarita. Aris: “Assalamu”alaikum wr.wb luyu rarancang awal, poé ieu urang sawalakeun ngeunaan méteri naon waé nu bakal dipasanggirikeun dina kagiatan PORSAK (Pekan Olahraga & Seni Antar Kelas) seméster ayeuna. Saha nu rék nepikeun kamandang?” Tatang “Matéri olahraga mah geus wé pertandingan Futsal. Mun matéri seni, kumaha lamun pasanggiri nembangkeun pupuh.” Lesmana “Sigana mun futsal mah leuwih cocog keur barudak lalaki, ari barudak awéwéna kumaha?” Tatang “Yéh, lalaki awéwé gé bisa. Geura engké mun geus prungna, bakal leuwih ramé nempo barudak awéwé.” Lesmana : “Ah, urang mah teu satuju. Kumaha mun barudak awéwé mah geus wé pertandingan voli?” Mirna “Enya, Tang, sigana alus kénéh voli keur awéwé mah.” Aris “Kumaha, Tang, cenah keur barudak awéwé mah voli. Sapuk henteu?” Tatang “Heug atuh, kitu hadé. Urang mah sapuk, ari hayangna kitu mah.” Aris “Tah kitu Man, Mir, Tatang gé sapuk mun keur barudak awéwé mah pertandingan voli waé. Mun lalakina mah geus wé futsal, nya?” Mirna Lesmana “Enya, geus wé lalaki mah futsal. Ongkoh ayeuna téh loba pisan nu resep futsal téh.” Aris Kumaha ari matéri senina, naha satuju mun pasanggiri nembang pupuh. Cik, sugan Lisma boga idé. Asa can mairan.” Lisma “Teu pati apal tuda kana olahraga mah. Mun kana matéri seni mah siap. Sigana ulah pasanggiri nembangkeun pupuh, bisi euweuh nu daftar.”


Mirna “Euweuh nu daftar kumaha ari Lisma, apan unggal kelas wajib ngirimkeun wawakilna?” Lisma “Yéh ari Mirna, siga teu apal waé, apan teu unggal kelas aya siswa nu bisa nembangkeun pupuh. Apal ieuh, nu bisa nembang pupuh téh ukur barudak nu aktif di éktrakurikulér LISES wungkul. Tinimbang loba kelas nu teu ngirimkeun wawakilna, leuwih hadé keur matéri seni mah pasanggiri ngadongéng wé. Kumaha, sapuk henteu?” Aris “Cik, kumaha Tang, Man, Mir, sapuk henteu mun matéri seni mah pasanggiri ngadongéng?” Lesmana Tatang “Sapuk, lah!” Tatang “Enya, komo urang mah teu bisa mupuh. Sok silung waé. Mun ngadongéng mah bisa wé, hahaha…” Aris “Kumaha, Mirna satuju teu?” Mirna “Nya, teu nanaon atuh rék pasanggiri ngadongéng gé. Nu penting mah matéri seni téh kudu diniatan ngamumulé seni Sunda.” Lisma “Ih, nya geus puguh atuh éta mah. Pan ieu gé pasanggiri ngadongéng basa Sunda. Lain lomba bercerita basa Indonésia atawa story telling basa Inggris.” Teu lila, celengkeung Aris nyarita. Nyindekkeun hasil sawala. Aris “Mun kitu mah urang cindekkeun wé, yén dina acara PORSAK seméster ayeuna mah urang ngayakeun pertandingan futsal jeung pasanggiri ngadongéng.” Sanggeus sawala dianggap réngsé, Aris nutup acara https://bahasasunda.id/teks-panumbu-catur-sunda/


Pituduh: 1. Pék baca téks panumbu catur ‘’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’di luhur sing taliti! 2. Sacara kelompok jawab patalékan-patalékan dihandap ieu kalayan merenah! 3. Tulis dina kolom anu geus disadiakeun! 4.Kumpulkeun kalayan waktu nu geus ditangtukeun! Indikator Pencapaian Kompetensi Instrumen Tes Jawaban Mampuh nganalisis eusi téks panumbu catur (C4) 1. Perkara naon anu disawalakeun dina téks ’Nataharkeun Kagiatan Sakola’’ di luhur téh? 2. Naon sababna rék di ayakeun futsal jeung voli? 3. Naon alesana anu diasongkeun ku Lisma pangna milih pasanggiri ngadongéng basa Sunda ? Mampuh ngararancang struktur kalimah téks panumbu catur. (C6) 4. Sebutkeun saha anu jadi panumbu catur dina téks luhur! 5. Sebutkeun kalimah nu kaasup kana bagian bubuka ti salaku panumbu catur diluhur! 6. Kumaha kamandang mirna ngeunaan seni budaya jeung seni Sunda? Mampuh nyieun hasil analisis téks panumbu catur. (P2) 7. Ngagunakeun ragam basa nu kumaha éta tokoh pamaén diluhur téh? 8. Naon waé pancén panumbu catur dina kagiatan sawala téh? 9. Kumaha kacindekan sawala diluhur? 10. Jelaskeun kamandang hidep ngeunaan kacindekan dina éta panumbu catur !


Click to View FlipBook Version