The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by ajat tech, 2024-05-29 22:18:21

ebook Bahasa Sunda

ebook Bahasa Sunda

A. BACAAN Di héndép aya dongéng sasakala di tapel wates Cilegon-Sérang. Geura baca nu bedas sarta lentongna nu ngeunaheun deuih! Sasakala Gunung Pinang Jaman baheula, di hiji lembur nu deukeut ka Selat Sunda, hirup hiji kulawarga nu pohara sangsarana. Tapi kading ari disebut kulawarga mah doangna kurang pas, ja ngan duaan; indung jeung anak. lndungna éta geus kaitung kolot, sedengkeun anakna nu aran Dampu Awang mah budak kénéh, tapi geus mangkat balég. Dampu Awang éta geus heubeul ditinggalkeun paéh ku bapana, malah manéhna mah can nyorang papanggih, ja maot bapana éta waktu manéhna dikandung kénéh ku indungna. Kahirupan sapopoéna pohara susahna. Laju, pikeun nyumponan pangabutuh hirup saduaan géh ngan bisa ngamangpaatkeun naeun-naeun nu aya di sabudeureunana. lndungna nu geus kolot, teu bisa nyiar pangabutuh hirup sakumaha biasana. Sedengkeun Dampu Awang, kasebutna ngora kénéh géh ja teu pati rajin mantuan indungna. Sapopoéna éta leuwih loba ulin di basisir, neuleukeun parahu jeung kapal-kapal nu ngaliwat ka dinya. Sajero neuleukeun, manéhna mah sok dibarengan ku ngalamun. Ngalamunkeun mun manéhna éta aya dina kapal. Ngalamunkeun mun téa mah manéhna nu boga éta kapal. Ngalamunkeun jadi sudagar nu bajuna harérang jeung aréndah.


Kitu ngan kitu baé lamunan Dampu Awang unggal poéna. Indungna ngan bati handeueul neuleu kalakuan anakna nu kitu. Malah, nu tadina ngan saukur lamunan téa, lajuna mah robah jadi cita-cita. "Aing hiji mangsa kudu leumpang ngumbara, milu jeung salah sahiji kapal nu sok balabuh di lemburna. Kudu jadi jelema nu boga kapal. Aing kudu jadi sudagar sugih. Kudu, kudu laksanal" Ku kituna, dina hiji waktu manéhna ngomong ka indungna, "Ma, muga Ema ngidinan Dampu leumpang ti dieu, nyah," cenah ati-ati. Dadana ratug, inggis lain di kieuna, sieun teu diidinan ngumbara. "Dampu,” ceuk indungna bari melong seukeut jasa, "ari manéh teu karunya kana Ema? Piraku manéh téga ninggalkeun Ema sorangan di dieu? Kumaha mun Ema pondok umur?" cenah ditungtungan ku ceurik. Sanggeus nyaho indungna teu ngidinan ngumbara, lamunan Dampu Awang éta teu pareum, malah mingkin ngarosaan baé. Anu mantak, ku lantaran geus teu bisa ditahan-tahan deui kahayangna, lajuna mah ngomong deui ka indungna ménta idin. Ku lantaran katempo anakna doang nu geus teu bisa dihalang-halang deui, lajuna mah indungna ngidinan. Ngadéngé kitu, Dampu Awang saharita ngagabrug, nyuuh dina lahunan indungna. "Nuhun, Ema, nuhun!" cenah bari angger nyuuh,"Dampu jangji rék sering noongan Ema," laju cengkat,"Mun engké geus hasil cita-cita, Dampu rék ngajak Ema sangkan milu ka Dampu" "Kudu, Dampu. Mun teu kitu, deukjeung saha Ema hirup?" ceuk indungna bari ngusapan sirah Dampu Awang. Barang geus datang kana waktuna, Dampu Awang géh leumpang ilu kana kapal nu balabuh di lemburna. lndungna nganteurkeun ku cimata. Dampu nu ngajanteng di sisi kapal, neuleu indungna nu gugupay, mingkin leutik, mingkin leutik, datang ka teu kacirina sakali. Kacaritakeun di pangumbaraan, Dampu Awang digawé kalawan bener-bener. Cita-citana nu geus kebel éta, ditamplokkeun kana pagawéanana. Anu mantak, teu kebel géh hasilna geus kanyahoan. Dampu Awang meunang kapercayaan ti dununganana pikeun ngurus sababaraha kapalna. Malah k rajin-rajinna Dampu Awang, dununganana bungaheun jasa, laju ngidinan manéhna pikeun kawin jeung anakna. Dampu Awang jadi mingkin dipercaya baé. Ngan orokaya, ku lantaran hal éta, manéhna jadi lat poho kana jangji nu pernah diucapkeun ka indungna téa. Najan sok diélingan ku pamajikanana, tapi haténa geus katutup ku napsu duniawi. Sedengkeun indungna di lembur, ngan bati gegetun nungguan jangji ti anakna. Ti poé ka poé, gawéna ngan ngalengo baé di basisir, nungguan kapal anakna balabuh. Ku lantaran kaayaan Dampu Awang éta geus nepi kana ceulina, dibawa ku palaut nu datang ka lemburna. Ngaran Dampu Awang geus katelah salaku sudagar ngora.


Dina hiji poé, nyebar di sakuliah lembur, cenah dina poé éta bakal balabuh kapal gedé Dampu Awang. Indungna pohara hareneunana. Dina haténa, pagaliwota rasa bungah jeung sono. Nu mantak, ti isuk-isuk mula, indungna mah geus tampil datang di basisir. Panonna terus baé neuleu ka tengah laut, doang nu sieun kapalingan. Keur kitu, kadeuleu samar-samar parahu. Haténa mimiti ratug. Parahu ming kin deukeut, ming kin deukeut, datang ka balabuhna di basisir, hareupeun indungnajeung warga kampung nu sarua hayang mapag Dampu Awang. Kapalna éta ku gedé amat. Keur kitu, kadeuleu aya budak ngora maké pakéan sarwa méwah dibarengan ku awéwé nu geulis jasa. Indungna teu kapalingan, yakin éta Dampu Awang. "Dampu, anak Ema!” Cenah ngagorowok. Nu digeroan ngarérét. Waktu neuleu dedegan indungna nu pohara jadugna, jol datang rasa érana. Éra boga indung nu kitu kaayaanana. "Itu Ema mapagkeun, Kaka," pamajikanana ngaharéwos ngingetan. "Naeun? Ema? Teu boga indung doang kitu Kaka mah!” Gebeg indungna ngagebeg ngadéngé omongan anakna. "Dampu, ieu Ema!" "Teu boga indung kadoang dia aing mah!" cenah bari malik naék deui kana kapal. "Dampu, anak Emal" indungna gogorowokan bari terus-terusan ceurik waktu kapal mimiti diiangkeun deui. Tapi nu di luhur kapal teu maliré. Kapal terus balayar maju deui ka tengah. Neuleu kitu, pohara nyeri haténa indungna Dampu, lajuna mah ngangkat leungeun, ngadoa ka Pangéran: "Ya Alloh, muga Anjeun méré panggeuing ka anak kami. Panggeuing nu saluyu jeung kanyeri hate kami!" cenah bari angger ceurik. Anggeus namprakkeun leungeun, langit dadak sakala jadi ceudeum, gelap dor-dar, angin ngahiuk teuing ku rosa. Kapal nu sakitu gedéna éta lir ibarat pangpung nu dialung-boyongkeun ombak. Pangeusina ngan ukur jejeritan, ménta tu lung ka Pangéran, kaasup Dampu Awang. Tapi doangna mah geus telat, ja kaayaan alam kalah mingkin ngamuk. Nepi ka kapalna éta kapangpéngkeun ka darat, nangkub jadi hiji gunung, nyaéta Gunung Pinang. Sedengkeun Dampu Awang dihukum liwat langkung nistana ku Pangéran, ku lantaran talajakna nu teu nyaho mulang tarima. (Dicutat jeung diropéa tina Buku Binekas, 2000: 15-19)


Maham Eusi Bacaan Pikeun maham eusi dongéng di luhur, geura jawab pananya ieu di héndép! 1. Kumaha kaayaan Dampu Awang jeung indungna? 2. Naeun nu dilakukeun unggal poé ku Dampu Awang? 3. Kumaha saterusna nu dilakukeun ku Dampu Awang? 4. Kumaha kaayaan Dampu Awang di pangumbaraanana? 5. Ku naeun sababna Dampu Awang endung ngaku kana indungna? 6. Kumaha sikep indungna sanggeus narima kalakuan anakna nu teu éndah? 7. Jangji naeun nu pernah diomongkeun Dampu Awang kana indungna? 8. Dongéng naeun nu caritana méh sarua jeung ieu dongéng? 9. Naeun baé bédana antara dongéng nu disebutkeun ku maranéh jeung dongéng "Sasakala Gunung Pinang"? Coba caritakeun ku maranéh, kajadian naeun nu bisa dijadikeun pelajaran tina éta dongéng! Pancén 1 Geura caritakeun deui dongéng di luhur ngagunakeun basa sorangan! Pancén 2 1. Diskusikeun jeung babaturan sakelompok: (a) Eusi dongéng"Sasakala Gunung Pinang". (b) Amanat anu aya dina éta dongéng. (c) Patalina éta dongéng jeung kaayaan kuari. 2. Siaran deui dongéng séjén anu aya patalina jeung lembur maranéh atawa wewengkon anu aya di kabupatén/kota maranéh! B. PEDADARAN Mikanyaho Dongéng Dongéng nyaéta carita rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah sarta bisa ngomong kadoang jelema, parahu jadi gunung, atawa jelema jadi maung kajajadén. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan anu ngarangna.


Unggal lembur miboga dongéng séwang-séwangan anu raket patalina jeung kaayaan tempat katut kapercayaan masarakatna. Éta sababna dongéng mangrupa bagian tina folklore (carita rayat). Dongéng "Sasakala Gunung Pinang" mangrupa dongéng anu asalna ti tapel wates Cilegon-Sérang, patali jeung asal-usul ngaran tempat jeung kaayaan nu aya di éta lembur. Di lembur séjén géh aya dongéng anu samodél kitu. Di antarana baé: 1. "Sasakala Rangkasbitung"ti Kabupatén Lebak 2. "Sasakala Sumur Buang" ti Kabupatén Lebak 3. "Sasakala Ranca Léntah" ti Kabupatén Lebak 4. "Sasakala Gunung Kendeng" ti Kabupatén Lebak 5. "Sasakala Batu Kuwung" ti Kabupatén Sérang 6. "Sasakala Tasik Ardi" ti Kabupatén Sérang 7. "Sasakala Ciomas"ti Kabupatén Sérang 8. "Sasakala Tanjung Lesung" ti Kabupatén Pandéglang. 9. "Sasakala Sumur Tujuh"ti Kabupatén Pandéglang. 10. "Sasakala Selat Sunda" ti Kabupatén Pandéglang. Salian ti dongéng sasakala, aya deui dongéng anu nyaritakeun sasatoan (fabel), jalma mahiwal, sakti (farabel), nu patali jeung sajarah (sagé), jeung dongéng anu patali jeung bangsa dedemit atawa kapercayaan (mite). Upama ditilik tina wangunna, dongéng éta aya anu panjang, aya ogé anu pondok. Dongéng anu panjang contona"Sasakala Gunung Pinang". Ari dongéng anu pondok upamana baé "Si Kabayan Ngala Nangka". Dumasar kana eusi jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing, di antarana: 1. Dongéng sasatoan, nyaéta dongéng anu palakuna sasatoan. Contona: (1) "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét" (2) "Peucang ku Leugeut" (3) "Gajah éléh ku Sireum" 2. Dongéng sasakala,nyaéta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna. Contona: (1) "Sasakala Tanjung Lisung" (2) "Sasakala Gunung Kendeng" (3) "Sasakala Rangkasbitung"


3. Dongéng sajarah, nyaéta dongéng anu aya patalina jeung tokoh-tokoh sajarah atawa patempatan anu ngandung sajarah. Contona: (1) "Ki Amukjeung Si Jagur" (2) “Dalem Boncél" (3) "Ki Buyut Mangsur" 4. Dongéng jalma mahiwal, sakti, nyaéta dongéng anu palakuna jalma nu mahiwal jeung nu boga kasaktian. Contona: (1) "Si Kabayan Ngala oay" (2) "Cikaracak Ninggang Batu, Laun-laun Jadi Legok" (3) "Kéan Santang" 5. Dongéng nu nyaritakeun bangsa dedemit, jurig atawa kapercayaan. Contona: (1) "Nyi Roro Kidul" (2) "Siti Munigar" (3) "Bobongkong" Maham Pedaran Pikeun maham eusi pedaran di luhur, geura jawab pananya di héndép, ku cara milih a, b, c, atawa d, dina jawaban anu dianggap pangbeneran! 1. Dongéng nyaéta carita rékaan anu ngandung .... a. pamohalan c. kajadian b. kanyataan d. lalakon 2. Dongéng kaasup karya balaréa, lantaran .... a. kanyahoan anu ngarangna b. teu kanyahoan anu ngarangna c. sumebar sacara lisan d. sumebar sacara tinulis


3. Anu kaasup kana dongéng sasatoan nyaéta .... a. Sasakala Maung Jungkulan b. Si Kabayan Ngadeupaan Linear c. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét d. Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok 4. Dongéng "Sasakala Gunung Pinang" nyaritakeun ngeunaan asal-usul .... a. hiji barang c. Sasatoan B. pacaduan d. tempat 5. Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Pandéglang, nyaéta ... a. Sasakala Kalapa Genep c. Jonggrang Kalapitung b. Sasakala Leuwi Ronggéng d. Sasakala Tanjung Lesung 6. Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Lebak, nyaéta.... a. Sasakala Batu Kuwung c. Sasakala Karang Bolong b. Sasakala SumurTujuh d. Sasakala Sumur Buang 7. Dongéng "Sasakala Tasik Ardi" asalna ti Kabupatén .... a. Sérang c. Pandéglang b. Lebak d. Tangerang 8. Dongéng anu nyaritakeun tukang pandé jeung Putri Cadasari, nyaéta dongéng sasakala ngeunaan Kota .... a. Sérang c. Pandéglang b. Lebak d. Tangerang 9. Dongéng nu palakuna jalma mahiwal atawa nu boga kasaktian, disebut .... a. fabel c. farabel b. sasakala d. sagé 10. Dongéng sagé nyaéta dongéng nu nyaritakeun ngeunaan .... a. asal-usul tempat c. sasatoan b. sajarah d. bangsa dedemit Pancén 3 1. Coba siaran dongéng anu sumebar di lembur maranéh (kacamatan atawa kabupatén/kota). Leuwih hadé upama éta dongéng aya patalina jeung lembur maranéh. Tuliskeun éta dongéng, ulah poho nyebutkeun judul jeung sumberna!


2. Analisis babarengan jeung babaturan sakelompok ngeunaan: (1) jejerna (2) palakuna (3) jalan caritana, jeung (4) amanatna Pancén 4 Di handap aya conto dongéng sasakala ti Kabupatén Pandéglang, geura baca nu harus! Sasakala Gunung Rakata Jaman baheula di PuloJawa beulah barat, nanjeur hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu ngabogaan dua anak. Nu cikal aranna Radén Sundana, nu bungsu ngaran Radén Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa jeung Sumatra éta ngahiji. Ku sabab Prabu Rakata geus kolot jasa, laju masrahkeun karajaan ka anakanakna. Éta karajaan dibagi dua. Anu beulah timur ka Radén Sundana, nu beulah barat ka Radén Tapobrana. Sanggeus ngabagi nagara, Sang Prabu leumpang ti karaton, ngabagawan di hiji tempat nu aya di tapel wates nagara nu dibagi dua téa. Leumpang ti éta karaton, euweuh barang nu dibawa salian ti guci pusaka titinggal karuhunna. Hiji wanci dina taun kagenep, Sang Prabu ngadéngé yén Radén Sundana jeung prajurit nagarana, kuari keur nyerang karajaan adina. Sang Prabu pohara marahna, ceg kana guci pusaka nu geus dieusi ku cai laut, laju leumpang ka médan laga,


kasampak dua anakna keur ngadu kasaktian. Sakurilingeunana paraprajurit keur perang campuh. Ngadeuleu bapana datang, Radén Sundana jeung Radén Tapobrana reuwas jasa. Harita kénéh perang tandingna eureun. Saduana geugeuraan nyampeurkeun, laju nyarembah. Para prajurit ti dua pihakna géh eureun perangna. Anak-anakna harita kénéh béak beresih diseukseukan ku Prabu Rakata. Pangpangna mah Radén Sundana anu geus salah nyerang nagri nu dipingpin ku adina. Saduana sarila tarungkul semu sawan teu ngomong saeutik-eutik acan. Nempo kitu, Sang Prabu nangtung, ceg kana guci pusaka tea. "Doangna kudu ku cara kieu ngawatesanan ieu nagri. Muga-muga baé maranéh bisa tiis tingtrim dina raraga ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagri masing-masing," omong Sang Prabu bari ngucurkeun cai laut tina éta guci pusaka sapanjang tape! wates nagri. Lajuna, éta guci pusaka nu geus kosong disimpen di tempat urut perangna téa, maksudna pikeun peringetan. Sanggeus kitu mah, karak Prabu Rakata balik ka tempat patapaanana. Kebel ti kebel, tapel wates nagri nu dikucuran cai laut tina guci pusaka tea ngajadi selat, nu kuari mah nelah Selat Sunda. Nu mantak diaranan Selat Sunda. Ku lantaran kasalahan Radén Sundana sarakah hayang ngapimilik nagri nu dipingpin ku adina, nepi ka bapana nyieun cara misahkeun éta dua nagri nu diwatesan ku laut. Ari guci pusaka nu disimpen dina tempat urut perangna éta ngajadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atawa Gunung Krakatau, nyokot ngaran Prabu Rakata nu ngabogaan éta guci. C. KAPARIGELAN Ngadongéng Ngadongéng éta mangrupa salasahiji kaparigelan nyarita. Ngadongéng henteu sarua jeung maca dongéng. Anu mantak dina ngadongéng mah urang kudu benerbener apal kana dongéng anu rék didongéngkeun. Copélna apal kana jalan caritana. Aya sawatara hal anu ku urang kudu diperhatikeun upama arék atawa eukeur ngadongéng. Saméméh ngadongéng, urang kudu: (1) maham kana eusi dongéng jeung jalan caritana, (2) maham kana palaku katut pasipatanana, (3) maham kana hal-hal anu dicaritakeun dina dongéng.


Dina prakna ngadongéng, urang kudu: (1) ngagunakeun sora anu bedas, (2) ngedalkeun kekecapanana béntés, (3) bisa ngatur tempo, henteu gancang teuing jeung henteu kendor teuing, (4) wirahmana luyu jeung ungkara anu dikedalkeun, (5) paromanna luyu jeung anu keur didongéngkeun, (6) pasang petana luyu jeung eusi dongéng, (7) sikep sawajarna, henteu kaleuleuwihi. Dina pasanggiri ngadongéng, anu diajén éta sacara umum mah ngawengku: (1) vokal : bedas henteuna sora (2) intonasi : lentong jeung wirahma (3) artikulasi : béntés henteuna ngunikeun kecap (4) éksprési : paroman jeung pasang peta Éta anu opat hal dina basa Sunda mah disebutna wirahma, wirasa,jeung wiraga. Maham Pedaran Pikeun maham pedaran di luhur, pék jawab atawa terangkeun pananya di héndép! 1. Naeun bédana ngadongéng jeung maca dongéng? 2. Saméméh ngadongéng, urang kudu maham kanajalan caritana. Naeun sababna? 3. Dina ngadongéng urang kudu ngagunakeun sora anu bedas tur béntés. Nu kumaha sora anu bedas tur béntés? Kumaha contona? 4. Coba jéntrékeun naon anu dimaksud sikep sawajarna sarta henteu kaleuleuwihi! 5. Naeun baé anu diajén dina pasanggiri ngadongéng? Pancén 5 Kuari maranéh kudu ngadongéng sorangan-sorangan di hareupeun babaturan. Ari dongéngna, nyaéta dongéng anu meunang néangan téa, dongéng anu sumebar di wewengkon maranéh. Anu teu kagiliran ngadongéng jadi pangajén (72).


D. PANGAWERUH BASA Kalimah Wawaran Maranéh geus diajar ngeunaan kalimah paréntah jeung kalimah pananya. Salian ti éta, dina tatabasa ogé aya anu disebut kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu fungsina pikeun méré nyaho hiji hal ka batur. Eusina sangkan batur (anu maca atawa anu ngadéngékeun) nyaho. Upama téa mah miharep tanggapan (réspons), palingpaling ayana perhatian ti nu maca atawa nu ngadéngékeun. Conto kalimah wawaran: 1. Kamari kami diajar maca wawaran di sakola. 2. Tadi peuting di hareupeun imah kami aya mobil tabrakan. 3. Kahalangan kamari Mang Kasim ngala cau di Kebon Pa Haji llyas. 4. Yayan dititah nungguan imah ku bapana. 5. Keur poé Minggu, kami panggih jeung kaka dia di Saketi. Kumaha baé wangunna, kalimah nu di luhur éta kabéh géh méré nyaho hiji hal ka batur. Kuari upama urang ngadéngé hiji kajadian atawa kaayaan ti batur, hayang nepikeun deui ka batur, kalimah wawaranana bisa jadi kieu: 1. CeukTika, kamari di Menés aya mobil tabrakan. 2. Dani nyaritakana kami, yén Yayan éta dititah nungguan imah ku bapana. 3. Ceuk indung dia, dia kudu geugeuraan balik, lantaran di imah aya sémah. Kalimah wawaran teu kudu panjang baé, kieu géh bisa: 1. Tatang éta urang Ciékék. 2. Manéhna aya di Malingping. 3. Jagisuk kami deuk ka Muncang. 4. Bu Euis ngajar di SMPN 2 Cipanas. Pancén 6 Coba, jieun kalimah wawaran tina kecap-kecap di héndép! 1. ngadu bedug 6. muludan 2. nongton ubrug 7. nguseup 3. mulung kadu 8. panén 4. kémping 9. céting 5. babacakan 10. sélfi


PURWAKECAP 1. sabudeureun = sakuriling 2. ratug = keketegan atawa tugteg di jero jajantung 3. nyuuh = sujud 4. balabuh = labuh jangkar deukeut basisir 5. gegetun = handeueul, hanjakal 6. ngalengo = ngalongok sakeudeung 7. pagaliwota = pagalo/pacampur jadi hiji 8. dedegan = potongan badan jelema 9. dialung-boyongkeun = ceuk ti dieu kudu kaditu ceuk ti ditu kudu ka dieu 10. talajak = ajeg henteuna kalakuan hiji jalma 11. pamohalan = mustahil 12. copélna = paling saeutik


Pelajaran 6 | IKLAN LAYANAN MASARAKAT Kompetensi Dasar Mengidentifikasi ragam/jenis informasi, bentuk dan struktur teks iklan layanan masyarakattentang berbagai kegiatan sesuai dengan fungsisosial, struktur teks dan unsur kebahasaan. Menyusun dan mengomunikasikan iklan layanan masyarakat tentang berbagai kegiatan sesuai dengan fungsi sosial, struktur teks dan unsur kebahasaan.


A. CONTO IKLAN LAYANAN MASARAKAT Di luhur aya conto iklan layanan masarakat, titénan nu gemet! Maham Eusi lklan Layanan Masarakat Sabada maranéh nengetan poster iklan layanan masarakat tadi, geura jawab pananya di héndép! 1. Naeun maksudna ungkara: (1) Gunung teu meunang dilebur. (2) Lebak teu meunang diruksak. (3) Lebak ruksak mantak balangsak. (4) Kumaha usaha sangkan leuweung teu ruksak? (5) Naeun amanat anu hayang ditepikeun ku éta poster? (6) Naeun téma iklan layanan masarakat éta di luhur? (7) Ceuk maranéh, sarua atawa henteu éta iklan di luhurjeung kanyataan kuari?


Pancén 1 Diskusikeun jeung batur sakelompok perkara iklan layanan masarakat di luhur ngeunaan: 1. Eusina. 2. Ungkara basana. 3. llustrasi atawa gambarna. B. PEDARAN Mikanyaho lklan Layanan Masarakat Iklan nyaéta salasahiji cara pikeun ngawanohkeun, nawarkeun, atawa méré informasi ngeunaan hiji barang atawa hal. lklan aya anu disebut iklan komérsial, nu patali jeung kauntungan, boh kauntungan matéril, boh kauntungan nonmatéril, aya deui anu disebut iklan nonkomérsial. Iklan layanan masarakat kaasup kana iklan nonkomérsial. lklan layanan masarakat nyaéta iklan anu dituduhkeun kana masarakat bari henteu miharep kauntungan. Maksudna ngajaksupaya masarakat migawé pagawéan anu éndah atawa ulah ngalakukeun pagawéan anu teu éndah. Anu dipiharep supaya kaayaan bisa leuwih éndah, utamana pikeun balaréa ka hareupna. Ciri-ciri iklan layanan masarakat, di antarana: 1. Henteu ngandung unsur komérsial, hartina henteu ngarah piuntungeun. 2. Euweuh unsur produk, boh barang boh jasa. 3. Anu masang iklan layanan masarakat nyaéta yayasan atawa organisasi sosial anu henteu nyiar kauntungan. 4. Mangrupa pangajaran, anjuran, atawa pangajak pikeun ngalakukeun hiji pagawéan. 5. Boga targét anu leuwih lega ambahanana tibatan iklan komérsial. Upama nilik ka dinya, aya tilu ha! anu kudu diperhatikeun dina iklan layanan masarakat, nyaéta: 1. Komunikasi (1) média pikeun nepikeun pesen-pesen nu tangtu; (2) alat pikeun mangaruhan balaréa; (3) ditepikeun sacara persuasif (pangajak, saran-saran, jsb.)


2. Pangajaran (1) Ngajarkeun masarakat sarta ngaronjatkeun kasadaran masarakat kana hiji perkara; (2) anu dipiharep bisa ngarobah tingkah laku masarakat. 3. Seni (1) alat pikeun narik perhatian. (2) mangrupa ébréhan ajén-inajén seni. Sakumaha umumna iklan, iklan layanan masarakat géh ngawengku tilu cara dina midangkeunana: 1. Audio : iklan anu ngan kadéngé, saperti iklan radio, wawaran, jsb. 2. Visual : iklan anu ngan kadeuleu, saperti poster, pamflét, baliho, spanduk, buklét, stiker, jsb. 3. Audio-visual : iklan anu kadéngé jeung kadeuleu, saperti iklan dina televisi atawa dina internét anu diunggah di Youtube. Iklan layanan masarakat anu mangrupa poster, pamflét, atawa stiker sering kapanggih digedong pasilitas umum saperti di rumah sakit jeung puskesmas. Punten, ulah miceun runtah di mana baé, mangga piceun dina wadah anu disadiakeun. Maham Isi Pedaran Pikeun maham eusi pedaran anu tadi, geura eusian titik-titik dina kalimah di héndép! 1. Iklanlayananmasarakat nyaéta iklan anu henteu nyiar .................................... 2. Anudipihareptinaiklan layanan masarakat nyaéta supaya masarakat.............. 3. Iklan layanan masarakat géh nyaéta alat komunikasi pikeun........................... 4. Iklan layanan masarakat biasana dijieunku ....................................................... 5. lklan layanan masarakat anu mangrupa audio-visual dipidangkeun dina..


Pancén 2 Diskusikeun jeung babaturan sakelompok ngeunaan: 1. lklan layanan masarakat anu aya dina radio. 2. lklan layanan masarakat anu mangrupa poster atawa stiker. 3. lklan layanan masarakat dina televisi. 4. Siaran contona tina masing-mas.ing iklan layanan masarakat; bisa nyiartina koran, majalah, atawa internét. C. KAPARIGELAN Nyieun Poster lklan Layanan Masarakat Nyieun poster iklan layanan masarakat mangrupa gabungan kamampuh ngagunakeun basa jeung seni. Basa anu digunakeun kudu narik ati anu maca, kitu deui jeung ilustrasi (gambarna) kudu mantak ngahudang kapanasaran anu neuleu. Aya sababaraha léngkah anu bisa dipigawé upama urang rék nyieun poster atawa stiker iklan layanan masarakat. 1. Tangtukeun témana. 2. Tangtukeun ungkara pesenna anu hayang ditepikeun ka balaréa. 3. Tangtukeun gambar atawa ilustrasina. Pancén 3 Geura jieun iklan layanan masarakat, anu témana (pilih salahiji): 1. Ngajaga lingkungan hirup. 5. Ngamumulé basa Sunda. 2. Ngajaga kabersihan. 6. Ngajaga kaséhatan. 3. Ngahémat cai. 7. Ngahémat listrik. 4. Taat aturan lalu lintas. 8. narkoba. D. PANGAWERUH BASA Kalimah Paréntah Upama ku urang dititénan, iklan éta eusina mangrupa paréntah, pangjurung, pangajak, panyaram, atawa pangharepan. Dina tatabasa, éta kabéh kaasup kana kalimah paréntah. Ari kalimah paréntah nyaéta kalimah anu eusina kahayang atawa


paréntah ka batur supaya ngalakukeun pagawéan anu dipikahayang atawa anu diparéntahkeun ku urang. Cara nuliskeunana ditungtungan ku panyeluk (tanda seru). Supaya leuwih tétéla, tengetan geura contona di héndép! 1. Cik, pangmiceunkeun runtah, Céng! 2. Geura beresihan buruan sakola héh! 3. Urang ngaberesihan susukan, yu! 4. Ulah miceun runtah sambarangan géh! 5. Muga-muga bae sakola urang jadi beresih! Upama nilik kana maksudna kalimah paréntah bisa dipasing-pasing jadi sababarana golongan, di antarana: 1. Kalimah paréntah, nyaéta kalimah anu eusina maksa jalma lian milampah pagawéan, saperti conto kalimah (1). Conto séjénna: Éné, pangmeulikeun sambeleun ka warung! Jagisuk pangalakeun awi, Mang, eukeur pager! 2. Kalimah pangjurung, nyaéta kalimah anu eusina ngajurungkeun jelema lian milampah pagawéan, saperti conto kalimah (2). Conto séjénna: Los baé deuk sakola mah, bising kabeurangan! Geura héés, Céng, ja geus peuting! 3. Kalimah pangajak, nyaéta kalimah anu eusina ngajak jalma lian ngarah migawé babarengan jeung urang, saperti conto kalimah (3). Conto séjénna: Urang nginjeum buku ka perpustakaan, yu! Hayugéh ari hayang balik kuari mah! 4. Kalimah panyaram, nyaéta kalimah anu eusina nyaram nu lian milampah pagawéan, saperti conto kalimah (4). Conto séjénna: Ulah sok ngaroko, henteu séhat! Ulah diuk di dinya, Nok, ja ngahalangan batur!


5. Kalimah pangharepan, nyaéta kalimah anu eusina miharep hiji hal, saperti conto kalimah (5) Conto séjénna: Muga-muga salamet baé di jalanna! Mudah-mudahan ulah hujan, karunya kana nu moé cengkéh! Pancén 4 Geura tuliskeun dina kotak anu aya hareupeun kalimah di héndép: A = lamun kalimah panitah B = lamun kalimah pangjurung C = lamun kalimah pangajak D = lamun kalimah panyaram E = lamun kalimah pangharepan 1. Pangmeresihankeun buruan nyah! 2. Mudah-mudahan baé ulah caah deui! 3. Ulah sok ngaroko, teu séhat! 4. Los geura balik, geus burit! 5. Hayu ah urang ulin ka Sawarna! 6. Dagoan nyah di pasar Ciminyak! 7. Ulah kenceng teuing ngajalankeun motorna, Ris! 8. Los baé rék balik tihela mah! 9. Hayoh geura beresihan susukanana! 10. Cik, pangalakeun awi eukeur pager! 11. Kahayang mah ulah hujan nya kuari mah! 12. Cung, saha anu peunteun salapan! 13. Urang ngabuburit ka Rangkas, yu! 14. Coba baca deui buku anu medar perkara iklan! 15. Punten, anu calik di pengker ngalih ka ka payun! 16. Mangga, urang sami-sami ngadoa ka Gusti Alloh! 17. Mangga, bising deuk balik mah ja geus teu nanaeun! 18. Punten, teu kénging nyandak HP ka kelas! 19. Mugi-mugi baé geura damang nyah! 20. Antosan sakedap, abdi aya peryogi!


Pancén 5 Jieun kalimah paréntah anu ngagunakeun ragam hormat tina kecap-kecap di héndép! 1. punten 6. runtah 2. kahoyong mah 7. leuweung 3. mangga 8. listrik 4. cobi 9. cai 5. teu kénging 10. Hapé Pancén 6 Di héndép aya sababaraha poster iklan layanan masarakat, geura caritakeun pamanggih maranéh ngeunaan éta poster!


PURWAKECAP 1. balaréa = jalma loba, umum 2. poster = plakat anu dipasang di tempat umum mangrupa wawaran atawa iklan 3. pamflét = surat émbaran 4. baliho = publikasi anu pohara pikeun narik perhatian balaréa, biasana mangrupa gambar anu gedé 5. spanduk = kaén anu digebarkeun sarta ditulisan anu eusina slogan, propaganda, jsb. sangkan dipikanyaho ku balaréa 6. buklét = buku leutik anu miboga fungsi émbaran, jsb. 7. stiker = salambar leutik kertas atawa pelastik anu ditémpélkeun.


Pangairan 7 | SAJAK Kompetensi Dasar Mengidentifikasi unsur-unsur bahasa, isi dan amanat sajak, sesuai dengan fungsi sosial, strukturteks dan unsur kebahasaan. Mendeklamasikan sajak dengan penghayatan dan ekspresi yang tepat, sesuai dengan fungsi sosial, struktur teks dan unsur kebahasaan.


A. BACAAN Sajak nyaéta karangan dina wangun basa ugeran. Di héndép aya contona. Geura baca ieu sajak di héndép! Sajak keur Banten Karya Hadi AKS Geus reureuh kami di dieu ngababakan ti Mandala ka Jungkulan nebarkeun binih demi binih ngocorkeun getih Ki Tiremjeung Hasanudin. Geus heubeuL kami di dieu nyeuseup biruna langit Banten ngitung leuweung demi leuweung ngukur taut tepi ka tungtung Rakata Miang kami ka huma, turun kami ka laut sab pikukuh kudu terus dikukuhan najan nasib mungguh gati katorah


Tapi wanci horéng gasik baganti Bumi jeung taut Banten gunjang-ganjing bénténg-bénténg paburisat langit runtuh luhureun ruruntuk Surosowan Ti papat madhab kuku jeung sihung rangseb ngerekeb kuku singa sihung maung ngarewég ngarecah lemah ngagaur murakjajantung Geus seubeuh kami di dieu nyeueung bugang ngababatang di lamping pasir atawa sisi basisir ki dulur nemahan pati, nebus hirup nu teu kauntup Geus ceuceub kami di dieu nénjo napsu terus diduruk kakawasaan ngaguruh ngahuru langit ngagéhéngkeun tulangjeung catang bumi aing, bumi aing ilang dangiang 1993 (Dicutat tina buku kumpulan sajak Ombak Halimun Hadi AKS, 2000) Maham Eusi Sajak Pikeun maham kana eusi jeung unsur-unsur sajak di luhur, geura jawab pananya ku cara milih jawaban anu bener: a, b, c, atawa d. 1. Téma éta sajakdiluhur nyaéta .... a. Kasarakahan c. kapahlawanan b. kaéndahan alam d. lingkungan hirup 2. Naeun nu dicaritakeun dina sajak tadi .... a. Ngagambarkeun kakeuheul ka Banten b. Ngagambarkeun kanyaah ka Banten c. Ngagambarkeun rasa kuciwa ka nu boga kakawasaan di Banten d. Ngagambarkeun rasa kabungah ka nu boga kakawasaan di Banten 3. Nada anu karasa waktu maca éta sajak nyaéta .... a. kacinta c. simpati b. kaceuceub d. Kabungah


4. Amanat anu hayang ditepikeun ku panyajak dina éta sajak nyaéta .... a. nengetan kana kaayaan Banten harita b. ulah mopohokeun pikukuh karuhun c. nu boga kakawasaan kudu miara alam di Banten d. nu boga kakawasaan kudu nyaah ka rahayat Banten 5. Sajak "Hiji Sajak keur Banten" ngahudang rasa .... a. sumanget c. gumbira b. prihatin d. sedih kingkin 6. Katingtriman rahayat Banten aya dina pada (bait) .... a. kahiji, kadua jeung katilu c. kadua, katilu, jeung kaopat b. kahiji, kadua, jeung kaopat d. kadua, kaopat, jeung kalima 7. Ungkara kalimah anu nuduhkeun lobana pangaruh nu datang ka Banten nyaéta .... a. ngocorkeun getih Ki Ti rem jeung Hasanudin b. langit runtuh luhureun ruruntuk Surosowan c. Ti pa pat madhab kuku jeung sihung rangseb ngerekeb d. ki dulur nemahan pati, nebus hirup nu teu kauntup 8. Ceuk maranéh, maca sajak "Hiji Sajak keur Banten" anu merenah nyaéta .... a. ku sora anu rintih jeung harus dibarengan ku rasa gumbira b. ku sora anu harus dibarengan ku sumanget anu ngagedur c. ku sora anu rintih dibarengan ku ceurik melas-melis d. ku sora anu rintih jeung harus dibarengan ku rasa prihatin Pancén 1 Caritakeun deui eusi sajak di luhur ngagunakeun basa lancaran. Mimiti dicaritakeun sacara lisan, terus dituliskeun! Pancén 2 Diskusikeun jeung babaturan sakelompok ngeunaan eusi sajak "Hiji Sajak keur Banten" dipatalikeun jeung kanyataan di masarakat.


B. PEDARAN Mikanyaho Sajak Sajak éta karangan dina wangun basa ugeran (puisi). Ari dina jenisna (genrena) mah, sarua jeung pupuh, sasalawatan, atawa mantra. Ngan ugeran dina sajak mah lain guru lagu, guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana saperti dina pupuh. Mémang umumna sajakdiwangun ku sababaraha pada, saperti sajak di luhur. Tapi henteu saeutik sajak anu ditulisna ngaguluyur saperti tulisan wangun basa lancaran (prosa), contona sababaraha sajak karangan Godi Suwarna. Upama kitu, naeun anu jadi ugeran dina sajak? Di antarana baé, sajak kauger ku diksi (pilihan kecap), wirahma, jeung purwakanti. Kecap-kecap anu dipaké dina sajak, lolobana mah anu dicokot harti injeumanana, mangrupa periambang (simbol) kana hiji hal atawa kajadian, sarta ngawangun wirahma anu ngeunaheun dibacana. Kecap "hujan", upamana, mangrupa perlambang kasubur jeung kabungah (keur patani). Tapi bisa jadi dina sajak séjén mah éta kecap "hujan" mangrupa perlambang kasedih jeung prihatin (keur nu kacaahan). Ari anu disebut purwakanti nyaéta sasaruanana sora basa anu aya dina dua kecap (gundukan kecap) atawa leuwih. Sora basa anu sarua, ayana bisa dina padalisan anu sarua, atawa bisa baé ayana dina padalisan anu béda. Bisa dibagian awal, tengah, atawa tungtung padalisan. Dina sajak di luhur, upamana, anu murwakanti aya dina tungtung padalisan anu béda. Conto: Conto purwakanti dina tungtung padalisan: 1. Ngagéhéngkeun tulang jeung catang -ang 2. Bumi aing, bumi aing ilang dan -ang Asupna wangun sajak kana sastra Sunda kira-kira taun 1950-an. Ti harita sajak kaasup kana salasahiji wangun sastra anu dipikaresep, nepi ka kuari. Sajak Sunda dimuat dina koran, majalah, sarta geus loba anu diterbitkeun mangrupa buku. Loba panyajak Sunda anu muncul, di antarana baé: Kis Ws., Ajip Rosidi, Wahyu Wibisana, Karna Yudibrata, Dédy Windyagiri, Apip Mustopa, Surahman RM, Ayatrohaédi, Rachmat M. Sas Karana, Usép Romli HM, Yous Hamdan, Yayat Héndayana, Juniarso Ridwan, Eddy D. Iskandar, Godi Suwarna, Taufik Faturohman, Etty RS, Nita Widiati Efsa, Acép Zamzam Noor, Soni Farid Maulana, Hadi AKS, Nazarudin Azhar, Dian Héndrayana, Chyé Rétty Isnéndés, Déni A. Fajar, Toni Lesmana, Ari Andriansyah. Hadi AKS salasaurang panyajak ti Pandéglang anu loba nyaritakeun kahirupan jeung tradisi nu aya di Banten. Karya-karya sajakna geus dikumpulkeun dina buku kumpulan sajak Ombak Halimun anu medal taun 2000.


Maham Eusi Pedaran Pikeun maham eusi pedaran di luhur, geura jawab atawa terangkeun pananya di héndép! 1. Naeun éta anu disebut sajak? 2. Naeun bédana sajak jeung pupujian? 3. Kauger ku naeun baé ari sajak? Jéntrékeun! 4. Iraha asupna éta wangun sajak kana sastra Sunda? 5. Sebutkeun paling saeutik lima panyajak Sundal. Pancén 3 1. Sia ran buku kumpulan sajak Sunda, sebutkeun judul bukuna, pangarangna, penerbitna, jeung taun terbitna! 2. Catetkeun lima judul sajak anu aya dina éta buku! 3. Pilih salasahiji sajak ti nu lima téa, anu ku maranéh dipikaresep. Sebutkeun alesanana maranéh resep kana éta sajak! Pancén 4 Jieun tulisan anu mangrupa tanggapan maranéh kana sajakanu dipikaresep! C. KAPARIGELAN (1) Maca Sajak Aya babaraha hal anu kudu diperhatikeun upama deuk maca sajak, di antarana: (1) maham eusi jeung unsur-unsur sajak anu deuk dibaca, (2) maham kana téhnik-téhnik maca sajak. Éta anu dua hal teu bisa dipisahkeun, lantaran saduana gumulung jeung silih pangaruhan, anu ngawengku: (1) Téma Téma nyaéta inti tangtungan karangan rékaan, anu jadi pameungkeut sagemblengna eusi karangan. Ku lantaran kitu, maham kana téma sajak anu deuk dibaca penting jasa. Ari sababna, unsur-unsur sajak lianna saperti suasana, nada, rasa, jeung amanatna museur kana témana.


(2) Suasana Suasana nyaéta kaayaan atawa situasi. Dina sajak, suasana mangrupa hal anu ngahirupkeun eusina. Antara suasana jeung téma kudu nyambung. Sajak. Éta anu témana kaprihatinan sosial, upamana, tangtuna géh kudu diwangun ku suasana anu prihatin. Maca sajak anu suasana prihatin, tangtu kurang ngeunaheun upama ditepikeun ku nada anu gumbira dibarengan ku paroman anu ma rah may. Anu ngeunaheun mah ditepikeun ku nada jeung rasa prihatin dibarengan ku paroman anu nandakeun kaprihatinan. (3) Nada Anu dimaksud nada di dieu mah nyaéta nada nyarita, saperti marah, sinis, pasrah, jeung sajabana. Dina hiji sajak biasana aya sababaraha nada nyarita. Aya anu nadana keuheul, tapi di bagéan séjén aya anu nadana sinis, gumbira, ketir, jeung sajabana. Dina maca sajak, ma ham kana éta nada. Maksudna ulah datang ka papalingpang dina ngedalkeunana. Upamana baé ungkara anu nadana gumbira, hayoh dikedalkeun ku nada sora anu sin is atawa mamarahan. (4) Rasa Rasa raket patalina jeung suasana jeung nada. Anu dimaksud rasa di dieu nyaéta ébréhan rarasaan anu hayang ditepikeun ku panyajak, saperti pikabungaheun, pikasediheun, pikarunyaeun, pikagilaeun, jeung sajabana. Dina maca sajak urang kudu bisa"nyambungkeun" rasa anu aya dina sajak ka nu ngadéngékeun. (5) Wirahma Wirahma dina maca sajak raket patalina jeung lentong, laun-harusna sora, sarta anca-gancangna maca. Urang kudu nyaho kana babagian sajak: mana anu pantes dilaunkeun jeung mana anu pantes diharuskeun; mana anu kudu anca macana jeung mana anu kudu gancang macana. Ari lilinggeranana nyindekel kana nada jeung rasa anu aya dina éta sajak. (6) Sora Sora atawa vokal nyaéta unsur di luar eusi sajak. Dina maca sajak mah sora kudu harus jeung béntés, tapi teu ngandung harti kudu gogorowokan datang ka ranteng urat beuheung. Teu béda ti pamaén drama, euweuh salahna upama hayang jadi pamaca sajak anu éndah mah kudu daék latihan olah vokal.


(7) Paroman Maca sajak kudu dibarengan ku pa roman (mimik) anu luyu jeung bagian sajak anu ditepikeunana. Sanajan kitu, teu perlu kaleuleuwihi. Upamana baé dibarengan kujuuh cimata bari melas-melis pédah eusi sajakna pikasediheun. Apan ieu mah maca sajak lain nyeungceurikan sajak. Anu penting robah-robahna paroman bisa katangén luyu jeung suasana, nada, katut rasa sajak anu ditepikeunana. (8) Pasang Peta Upama urang maca sajak, sadar atawa henteu, sok dibarengan ku pepeta. Malah aya kalana leungeun jeung suku milu obah nuturkeun bagian sajak anu dikedalkeun. Henteu jadi masalah. Anu penting mah ulah datang ka mijah atawa kaleuleuwihi. Sakali deui, kapan ieu mah maca sajak. Ku gerak-gerak awak jeung leungeun (gestur) anu saeutik géh ari merenah mah bisa leuwih éndah. Maca sajak anu éndah mémang mikabutuh latihan, komo lamun dék miluan pasanggiri maca sajak mah. Maham Pedaran Pikeun ma ham pedaran di luhur, geura jawab atawa terangkeun pananya di héndép! 1. Naeun anu kudu diperhatikeun méméh maca sajak? 2. Maham kana téma sajak penting jasa. Naeun sababna? 3. Naeun patalina nada jeung rasa dina maca sajak? Jéntrékeun! 4. Naeun anu disebut wirahma dina maca sajak? Jéntrékeun! 5. Dina maca sajak mah paromanjeung pasang petana kudu merenah. Naeun maksudna éta ungkara? Jéntrékeun! Pancén5 Diskusikeun jeung babaturan sakelompok ngeunaan maca sajak anu éndah! Pancén 6 Pilih salasahiji sajak di héndép, laju baca di hareupeun babaturan di kelas!


Angin Selatan Karya Hadi AKS Datang deui angin selatan mawa kakelar nyiptakeun tangara dina pucuk eurihjeung daun kalapa. Iraha nyacar dimimitian? Ulah geruh dia, angin. Sabab tangkal nu ngarégang huma bangkar ti usum ka usum taun ieu kami rék undur ti leuweung Mending urang mulang baé ka bihari, angin nyeueung leuweung ganggong pihumaeun mireng sada kolécér, kenclong rabeng patémbalan narawas leuweung garapeun tanaga hamo béakeun Enya urang pada-pada nineung baé, angin seungit bumi seungitna taneuh dihuru merul silalatu ka alak paul mumbul harepan paré konéng salantayan usum ngaseuk pupuyuhan usum ngoréd liliuran Mending nyingkah dia, angin singjauh ka ditu ka alas peuntas teu kuat nya hamo kuat tabeng kakelar maseukan dado Ngucur cimata kami ka pasir ka bubulak ka taneuh-taneuh cadas ngabaketrak huma reujeung dungus panineungan saréréa ukur haeubna nu ngahiur kabawa angin ti hiji waktu nujauh kalarung 1993 (Dicutat tina buku kumpulan sajak Ombak Halimun Hadi AKS, 2000) Aki jeung Balon Karya: Ami Raksanagara Beurat teuing léngkah Aki ngukurjalan Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan dibaturan sobat ngaran rancatan anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan


Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun Ujang, Eulis yeuh tingali barang Aki geura galeuh keur ameng engké di bumi Aki! Aki! Abdi mah da hoyong balon deudeuh teuing kasép di Aki mah henteu aya niupna ogé Aki mah geus teu kawasa ripuh teuing da kedah nganggo tanaga ari Aki sakieu nya kakolotan Mending ogé kasép ieu yeuh kokolécéran lamun angin muterna téh aduhjeung tarik pisan resep teuing engkVéameng lulumpatan Aki! Ka dieu! Kétang da abdi mah moal meuli ulah kitu kasép bet abong ka aki-aki ceuk sepuh mah kasép ngaheureuyan téh pamali Hiji dua léngkahna teuing ku beurat aya haté milu lewang paur umurna bret pegat teuing di mana Si Aki tetep nya matuh boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung ngan nu nyata kulitna asak ku poé Aki, mun ngajoprak sisijalan saha teuing nu nulungan Aki, mun ngajoprak dijambatan di mono nya pamatuhan Aki, mun umur pegat dija!an saha anu ngarawatan Aki! Aki! Rék ka mana lamun panonpoé saré (Dicutat tina naskah Kuwung-kuwung: Bacaan Kiwari Murid SMP/M.Ts.) Lalaki nu Balik Jurit Karya: Rachmat M. Sas Karana Wanci layung hurung konéng manéhna datang leungeunna euweuh sapotong bedil nyoléngkrang na tonggong pélor ngabérés handapeun cangkéng Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh di pangperangan taya waktu pikeun nyeuseuh sakiceup waktu ngingintil !angahna musuh mun manéhna masih kénéh embung paéh


Lebah pager imahna manéhna ngarandeg heula uteukna nyarita mépés kanyeri nu baris tumiba "Ema kuring untung bisa mulang sedeng mitra réa nu palastra di hiji taneuh nu direbut ditebus getih." Panto hareup ngagerét aya nu muka hiji wanoja anu geus aya umurna ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng cimata indung maseuhan buuk anakna Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh wanci layung hurung konéng manéhna datang dipapag cimata indung sedeng na beungeutna taya gambar rasa tugenah (Dicutat tina Sajak Sunda Indonésia Emas) (2) Nulis Sajak Sanggeus niténan sajak sarta maca pedaranana, maranéh tangtu meunang gambaran ngeunaan sajak. Maranéh géh bisa nyieun sajak.Tangtu baé henteu kudu sarua jeung sajak anu geus aya. Maranéh bisa nyieun sajak ngeunaan ruparupa hal. Dina sajak, Maranéh géh bisa ngébréhkeun sarupaning rarasaan, upamana baé kabungah, kasedih, kasono, kacinta, kahariwang, kaketir, jeung sajabana. Geura titénan sajak di héndép anu mangrupa ébréhan rasa kacinta Dini Daryani ka lemburna.


Lembur Kuring Karya Dini Daryani Péngkolan jalan ka landeuh, tempat urang sukan-sukan, Saung mencil luhur pasir, Nu éndah tempat bumetah. Kérélék cai walungan, Tetep anteb ngawirahma, Gelik suling nu maranti, Mirig kawih kaéndahan. Panonpoé lingsir ngulon, Gelikna suling kasaweur, Hariringna sato peuting, Nambah tingtrim lembur kuring. (Dicutat tina Manglé Alit No. 911) Upama Dini Daryani ngébréhkeun rasa cinta ka lemah caina, Miati Suci Armilita mah ngébréhkeun rasa cinta ka indung-bapana, anu dianggapna pahlawan sajati dina sajak di héndép: Pahlawan Sajati Karya Miati Suci Armilita Pahlawan sajati mah teu karoohan ku pangkat atawa pujian éstu clik tina ati putih, clak tina héhérangna kahayang keur pamaksudan.


Pahlawan sajati mah teu kaopan katodél mamaras kateuadilan, éstu miati suci, caang gedé bulan pangharepan, keur balaréa. Pahlawan sajati mah teu ngawilah-wilah kanyaah, kawas srangéngé jeung haneutna kawas pumama jeung liuh lindukna nu mikabutuh. Pahlawan sajati mah indung jeung bapa, keur anak-anakna. (Dicutat tina Mangleé Alit No. 976) Cinta éta rupa-rupa. Aya cinta ka lembur sorangan, aya cinta ka aya cinta ka indung bapa, aya ogé cinta ka Rosululloh saperti anu diébréhkeun ku Sép Andika dina sajakna. Panutan Abdi Karya Sép Andika Teu aya deui nu ngalangkungan kasaéan salira Nu teu weléh mikaasih ngalangkungan sasaha Nu teu weléh melang langkung ti sagalana Nu teu weléh janten panutan siang wengi Teu aya anu ngalangkungan salira


Lalaki fangit lalanangjagat Panutan abdi Nu maparin caang narawangan léngkah sorangeun Kadar tumarima wiréh hirup-hurip aya dina kawasa Mantenna Kasabaran nu dipaparinkeun Kajembaran nu baris katarima Sungapan bagja aya di salira Panutan (Kanggo Rosululloh Panutan Abdi Sadaya) (Dicutat tina Manglé Rumaja No. 66) Maham Pedaran Pikeun ma ham pedaran di luhur, geura jawab atawa terangkeun pananya di héndép! 1. Naeun baé anu ku maranéh bisa dijieun sajak? 2. Dina sajak, urang bisa ngébréhkeun naeun baé? 3. Kumaha ari kekecapan anu dipaké dina sajak? Jéntrékeun! 4. Cintaéta rupa-rupa, lain ngan saukur cinta lalaki ka awéwé atawa sabalikna. Cik jéntrékeun, naeun maksudna éta ungkara? 5. Ceukmaranéh, nyieun sajak gampang atawa hésé? Sebutkeun alesanana! Pancén 7 Cik analisis ku maranéh babarengan jeung babaturan sakelompck ngeunaan ciri-ciri sajak jeung cara-cara nyieun sajak! Pancén 8 1. Jieun sajak, témana mah kumaha maranéh baé 2. Sajak beunang maranéh tukeuran jeung nu meunang babaturan sabangku. 3. Peunteun babarengan sajak beunang maranéh jeung beunang babaturan. 4. Hasilna kakarak dipasrahkeun ka guru pikeun dipeunteun.


D. PANGAWERUH BASA Purwakanti Purwakanti mangrupa salasahiji unsur penting pikeun ngawangun sajak (puisi). Dumasar kana harti kecapna purwakanti asalna tina kecap purwa (mimiti, asal) jeung kanti (bareng, marengan). Ari anu dimaksud purwakanti dina karya sastra nyaéta padeukeutna sora-sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kalimah-kalimah, utamana dina sajak (puisi). Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa géh ngaruntuy dina antarpadalisan. Dumasar kana perenahna, aya anu disebut purwakanti rantayan (ngajajar dina saungkara atawa sapadalisan), aya purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), jeung purwakanti gabungan rantayan jeung runtuyan. Conto purwakanti rantayan: narawas leuweung garapeun tanaga hamo béakeun (Sempalan sajak"Angin Selatan" Hadi AKS) Conto purwakanti runtuyan: Ngahéhéngkeun tulang jeung catang Bumi aig, bumi aing ilang dangiang (Sempalan sajak “Hiji Sajak Keur Banten”, Hadi AKS) Conto purawkanti gabungan rantayan jeung runtuyan: Sangkuriang ngaran kuring Tibeurang tukang caringcing Ti peuting tukang ngalining Néangan indung nu nundung ah! Kuring hirup nyingkahan kabingung (Sempalan sajak “Sangkuriang”, Hasan Wahyu Atmakusumah) Maham Pedaran Piekun maham pedaran ngeunaan purwakanti, jawab pananya di héndép! 1. Naeun anu disebut purwakanti? 2. Aya sabaraha rupa éta purwakanti?


3. Naeun bédana purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan? 4. Naeun sababna dina sajak sering kapanggih basa anu murwakanti? 5. Nurutkeun maranéh, ari purwakanti penting atawa henteu dina sajak? Pancén 9 Pigawe sarta diskusikeun jeung babaturan sakolompok: 1. Purwakanti dina sajak anu aya dina pedaran jeung pancén diluhur. 2. Sebutkeun deuih naha éta kaasup kana purwakanti rantayan, runtuyan atawa gabungan? 3. Pentingna purwakanti dina sajak.


PURWAKECAP 1. ngababakan = nyieun lembur anyar 2. mandala = tanah, leuweung Kanékés 3. miang = leumpang 4. pikukuh = aturan adat nu kudu dipaké 5. katorah = kabadé 6. ruruntuk = sésa bangunan 7. Surosowan = ngaran karaton Banten 8. papat madhab = opat arah 9. ngarewég = ngahakan 10. ngababatang = ngajepat 11. nemahan pati = paéh 12. teu kauntup = teu ka ukur 13. dangiang = sima, cahara 14. tangara = tanda 15. geruh = haliwu 16. bangkar = teu kaurus 17. undur = mundur 18. bihari = baheula 19. mireng = ngadéngé 20. kenclong = sarangka arit 21. narawas = mimitian nuaran tatangkalan keur ngahuma 22. hamo = moal 23. silalatu = lebu laleutik anu ngapung bareng jeung haseup 24. salantayan, lantayan = papalang awi tempat nyangsangkeun paré geugeusan 25. pupuyuhan = ngaseuk panganggeusan di huma bari nguriling 26. liliuran = silih béré tanaga, gotong royong 27. nyingkah = ngajauhan 28. tabeng = rosa 29. bubulak = lebak 30. dungus = leuweung leutik sisi huma atawa sawah 31. haeubna = hawana 32. kalarung = kaliwat 33. rancatan = alat paranti nanggung, umumna dijieun tina awi 34. salang = papasangan rancatan, tali atawa tambang anu bisa disawedkeun kana barang anu dék ditanggung maké rancatan 35. rengkong = rancatan awi golondongan, salangna tina awi, nanggungna bari rada digubag-gabig nepi ka pagésrékna salang jeung rancatan nimbulkeun sora kongkongan; masih kénéh sok dipaké dina upacara saperti sérén taun, pikeun ngakut paré ti sawah anu dék diteundeun di leuit di pilemburan


36. pamali = sok aya mantakna nurutkeun kapercayaan kolot baheula 37. lilinggeran = Cara-cara anu merenah dina ngajar barudak, ngalatih sasatoan, ngiritik, digawé, jsb. 38. cuplak = leupas atawa lésot tina parantina 39. solobong awi = awi sateukteuk pikeun ngasupkeun barang minangka gagangna atawa nyambung anu geus pondok saperti patlot (jaman baheula) 40. karucu = kaporo (langlayangan) 41. ngarucu = moro langlayangan 42. palastra = maot di pangperangan, gugur 43. tugenah = teu genah atawa teu ngeunah haté 44. landeuh = lebak, tempat anu aya di héndép, sabalikna tina tonggoh 45. sungapan = tempat ngocorkeun cai ti walungan ka sawah atawa ka balong, jsb.


PUSTAKA PURWABASA Adimihardja, Kusnaka,1983. Thesis Generations from Banten, A Wandering Spiritual Leader and His Followers in West Java. Australian Australian National University. AKS, Hadi. 2000. Ombak Halimun. Tangerang: Pamulang. Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama & UNPAD. Danasasmita, S.1975. Sejarah Jawa Barat. Bandung: Proyek Penunjang Peningkatan Kebudayaan Nasional Provinsi Jawa Barat. Faturohman, Taufik, Spk. 2017. Gapura Basa. Bandung: CV. Geger Sunten. Kurnia, Asep jeung Ahmad Sihabudin. 2010. Saatnya Baduy Bicara. Serang: Bumi Aksara & UNTIRTA. Hadi, Ahmad, Spk. 2015. Peperenian. Bandung: CV. Geger Sunten. Hamidimadja, Nurendah. 1998. Sastra Lisan Baduy dan Lingkungan Hidup. Bandung: Yayasan Paraguna Pakuan. Heriyana, spk. 2000. Binekas. Tangerang: Pamulang. Hidayat, Rahmat Taufiq, spk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Jurusan Pendidikan Basa Daerah. 2008. Palanggeran éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press. Karyana, spk. 2000. Pangajaran Basa Sunda. Jawa Barat: Proyek Perluasan Peningkatann Mutu SLTP (lnduk) Jawa Barat. LBSS. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Ta rate. Mangoendikaria, Mas. 2016. Kamus Sunda Dialek Banten. Serang: Bantenologi. Rosidi, Ajip Spk. 2000. Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. Sudaryat, Yayat, spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Tim Pengembang Kurikulum. 2017. Kurikulum Tingkat Daerah Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda Berbasis Kurikulum 2013 Revisi 2017Jenjang SMP/MTs. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Ba rat.


Sumber séjénna 1. Tina internet: www.pahoman.org www.biem.co www.wikipedia.org www.pandeglang.or.id. www.serang.or.id www.tanggerang.or.id www.lebak.or.id www.banten.or.id 2. Tina majalah: Majalah Manglé No.1657 Majalah Manglé No.2238, Edisi 25 Januari- 1 Febuari 2012 Koran Sunda, 5 Maret 2007 Majalah Parahyangan, 25 September 1930 Majalah Damar, Maret 2006


Click to View FlipBook Version