Pangajaran 1 BIANTARA A. PANITÉN BASA 1. Maca Téks Biantara Ieu di handap aya naskah biantara Pinunjul ka-2 Pasanggiri Biantara Siswa SMA saJawa Barat nu diayakeun ku BKOW Provinsi Jawa Barat (2012). Pék, ayeuna baca ku hidep sing bedas di hareupeun babaturan sakelas! Nu séjénna ngaregepkeun bari nyatetkeun kekecapan anu hésé, tuluy paluruh hartina dina kamus! CAI DINA ANGEN-ANGEN URANG SUNDA Ku Mila Patmawati Assalamualaikum Wr. WB., Sampurasun, Girang Pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, Hadirin anu sami rawuh, Réréncangan parapatandang pasanggiri anu sami hadir, Langkung ti payun, mangga urang sami-sami mujasmédi nyanggakeun puji ka Gusti anu Maha Suci. Urang menekung neda papayung ka Gusti anu Maha Agung. Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Nabi pinuji, Rosul jungjunan alam, Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam. Pamugi sadaya ajaranana sing natrat janten safaat keur umatna saampar jagat. Girang Pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, Ibu/Bapa hadirin anu sami rawuh, Luyu sareng ugeran ti panatacalagara, wiréh pasanggiri biantara ayeuna téh jejerna perkara lingkungan. Mung jalaran perkara lingkungan téh kacida lega ambahanana, sim kuring badé ngawatesanan waé perkara cai dina angen-angen urang Sunda. Hadirin anu sami rawuh, Mun urang maca kamus basa Sansekerta, kacatet léma Sunda téh hartina cai, ngagenclang, jeung hérang. Ieu bisa jadi bukti yén cai dianggap penting ku urang Sunda. Jadi bukti ogé yén kahirupan urang Sunda raket pisan jeung alam, pangpangna jeung cai. Mémang keu kahirupan manusa, kaasup urang Sunda, cai téh dianggap kabutuh anu utama. Ku pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran patempatan atanapi toponimi anu salawasna nuduhkeun cai, atanapi sakurang-kurangna aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dikawitan ku kecap ci. Atuh séképanjang, séképondok, dikawitan tina kecap séké, nu hartosna hulu cai. Aya
deui Balonggedé, Situaksan, Rancabolang, sareng Leuwigajah. Apan kecap balong, situ, ranca, sareng leuwi téh sami nuduhkeun cai. Ngan hanjakal ayeuna mah ngaran lembur téh dirobah bari teu neueul kana kasang tukang sajarah. Geura wé, Rancabolang, ayeuna mah salin rupa jadi Margahayu Indah. Cijaringao, dirobah jadi Antapani Indah? Padahal kecap indah dina basa Sunda, hartosna téh méncrét. Tangtos hal ieu kedah aya panitén ti parapengembang perumahan sareng pamaréntah, yén méré ngaran téh ulah sagawayah. Bisi jadi geuhgeuyan ahli basa jeung sajarah. Hadirin anu sami rawuh, Lain waé tina ngaran tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi dina perkara ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan, jalma nu gawena ngatur cai teh disebutna ulu-ulu. Matak di lembur nu masih kénéh make tradisi ulu-ulu, tara kacatur aya jalma parebut cai. Da cai téh diatur sakumaha mistina. Hadirin anu sami rawuh, Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacukcruk ogé tina paribasa. Geuning aya paribasa anu unina kieu: Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak. Ieu paribasa téh hartina hirup kudu runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, hirup kudu sapapait-samamanis. Mung upami diguar langkung jembar deui, dina éta paribasa téh katitén aya angen-angen anu jero. Kecap leuwi, nuduhkeun tempat anu pangjerona dina walungan. Hartina moal aya leuwi, mun walunganana saat. Kecap darat gé ngantét jeung lebak. Moal aya lebak mun gawirna urug. Gawir urug biasana ku cai limpas ti walungan nu keur caah déngdéng atanapi aya cileuncang anu teu katadah ku kakaian. Ku kituna, mun disusud leuwih jero harti paribasa ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak téh lain ngan saukur nuduhkeun hirup sauyunan, tapi aya pandangan hirup nu ajeg kana lingkungan. Nuduhkeun kumaha raketna urang Sunda jeung lingkungan alam. Hadirin anu sami rawuh, Salajengna, ku naon urang Sunda ngarasa penting ku cai? Dina kahirupan urang Sunda aya kacapangan mun leuweung dibukbak hirup bakal balangsak. Ieu ungkara téh mibanda harti anu lega. Ku naon ulah ngabukbak leuweung, lantaran di leuweung loba kakaian. Ari kai téh sumber cai. Jadi, mun kai dituaran, cai bakal ngorotan. Mun euweuh cai, apan hirup bakal balangsak. Contona, kamari ieu di rorompok teu aya cai. Pun bapa kapaksa muruhkeun ngebor dugi ka tilupuluh méter jerona, atuh waragadna gé dugi ka jutaan. Kapaksa mayar SPP ka sakola dianjuk heula. Ngan cai gé bisa jadi lahan usaha. Geura, aya urang Wonosobo, jenenganana Tirto Utomo. Keur mayar SPP kuliah, anjeunna ngajualan cai hérang dikantongan. Ku babaturanana pada ngahina, majarkeun: “Ari manéh Tirto, kawas nu gélo, ngajualan cai hérang dikantongan. Yeuh, Tirto, batur gé nu ngajualan és krim, loba nu rugi!” Sakitu dipoyok, Pa Tirto téh henteu pundung. Malah beuki yakin kana usahana ngajualan cai. Sapuluh taun ti harita, Pa Tirto jadi milyarder cai. Buktina, cai dagangan Pa Tirto jadi kacapangan urang saréréa, usahana gé geus ngadunya, sohor maké mérk Aqua. Hadirin anu sami rawuh,
Cindekna, cai téh kacida pentingna keur kahirupan manusa, kaasup urang Sunda. Mun urang bisa miarana, cai téh loba pisan mangpaatna. Malah bisa dijadikeun lahan usaha. Nya, Aqua buktina. Ngan mun teu dipiroséa, cai gé bisa jadi mamala. Buktina caah téa. Girang Pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, Hadirin anu sami rawuh, Kitu manawi angen-angen urang Sunda kalebet sim kuring ngeunaan kumaha pentingna cai keur kahirupan manusa. Tangtaos seueur kénéh guareun ngeunaan cai téh, mung jalaran kauger ku waktos, sakieu anu tiasa didugikeun dina ieu biantara. Hapunten bilih kirang tata, da sanés sarjana ahli bahasa. Moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur. Wassalamualaikum Wr. Wb., Hurip Sunda! 2. Maham Eusi Biantara Hidep geus maca jeung ngagalantangkeun biantara. Ayeuna hidep ngelompok opatan-opatan. Geus kitu, tuluy jawab patalékan ieu di handap! 1. Naon jejerna biantara nu judulna “Cai dina Angen-Angen Urang Sunda” téh? 2. Naon hartina kecap Sunda dina éta biantara? Kumaha patalina jeung kahirupan urang Sunda? 3. Naon buktina kahirupan urang Sunda raket patalina jeung alam? Naha cai bisa dijadikeun lahan usaha, kumaha maksudna? 4. Naon pentingna cai keur kahirupan urang Sunda? Naon anu disebut ulu-ulu dina tradisi urang Sunda téh? Naon alesanana pangna leuweung ulah dibukbak? 5. Naon hartina paribasa “Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak” téh? B. PANYUNGSI BASA 1. Mikaweruh Perkara Biantara Hidep tangtu remen ngabandungan nu keur biantara, boh dina situasi formal boh informal. Nu disebut biantara téh nya éta kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting. Jalma anu ahli biantara disebutna orator. Upamana waé Ir. Soekarno jeung Ir. Oto Iskandardinata, duanana ogé orator nu kakoncara. Ku lantaran biantara ditempo jeung diregepkeun ku batur, tangtu wé aya padikapadikana. Sacara umum, dina prakna nepikeun biantara kudu niténan sawatara hal ieu di handap: a. Parigel muka biantara, sing teges nepikeun jejer biantara. Kadé poho kudu nepikeun panghormat ka pamiarsa nu dianggap kudu dihormat. b. Écés nepikeun eusi biantara, biasana mah direumbeuy ku babasan jeung paribasa. Nepi ka nepikeun eusi biantara téh karasa ngaguluyur tur pikatajieun nu ngaregepkeun. c. Ngéntép-seureuhna nyarita sing ngaruntuy. Ulah ka ditu-ka dieu teu puguh. d. Réngkak, pasemon jeung lentong nyarita.
e. Sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa. f. Gaya basa kudu pikatajieun, biasana mah ku cara nyelapkeun banyol atawa humor. g. Kudu bisa ngaluyukeun eusi biantara nu ditepikeun jeung tingkat inteléktualitas pamiarsa. Contona waé kudu dibédakeun biantara hareupeun budak SD, patani, jeung hareupeun guru. Tangtu wé mibutuh kaparigelan dina nepikeunana. Hartina kudu ngawasa kana kaayaan. h. Parigel dina nutup biantara, biasana mah sok dipungkas ku ménta hampura bisi salila biantara aya kekecapan anu nyigeung ka pamiarsa. Kitu deui nu ngaregepkeun, aya sawatara padika anu perlu dikeukeuhan, di antarana: a. Kudu saregep tur daria ngaregepkeun eusi biantara nu ditepikeun ku batur; b. Catetkeun hal-hal nu dianggap penting tur perlu tina eusi biantara; c. Salila batur nepikeun biantara, urang teu meunang ngobrol, lantaran sarua jeung teu ngahargaan ka nu keur biantara, jeung; d. Bisi poho, hadéna biantara nu ditepikeun ku batur téh dirékam (contona: maké alat rékam dina HP). 2. Niténan Struktur Biantara Nilik kana wangun jeung eusina, biantara di luhur téh struktur atawa adeganana kieu: 1. Salam bubuka Eusina ucapan salam, jadi ciri pamuka biantara. Geus jadi kabiasaaan, méméh biantara sok ngucapkeun salam. Assalamualaikum Wr. WB., Sampurasun, 2. Bubuka
Bagéan bubuka dimimitian ku salam bubuka, laju kana nepikeun salam tur muji sukur ka Gusti Alloh SWT. Aya ogé nu sok ngadugikeun solawat salam ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Lian ti éta, dina bubuka gé biasana mah dibéjakeun jejer atawa téma anu rék ditepikeun dina biantara. Girang Pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, Hadirin anu sami rawuh, Réréncangan parapatandang pasanggiri anu sami hadir, Langkung ti payun, mangga urang sami-sami mujasmédi nyanggakeun puji ka Gusti anu Maha Suci. Urang menekung neda papayung ka Gusti anu Maha Agung. Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Nabi pinuji, Rosul jungjunan alam, Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam. Pamugi sadaya ajaranana sing natrat janten safaat keur umatna saampar jagat. Girang Pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, Ibu/Bapa hadirin anu sami rawuh, Luyu sareng ugeran ti panatacalagara, wiréh pasanggiri biantara ayeuna téh jejerna perkara lingkungan. Mung jalaran perkara lingkungan téh kacida lega ambahanana, sim kuring badé ngawatesanan waé perkara cai dina angen-angen urang Sunda. 3. Runtuyan Eusi Runtuyan eusi, nyaéta bagéan biantara anu eusina téh ngeunaan maksud atawa informasi anu rék ditepikeun. Sipatna bisa méré béja, ngageuing, méré pituduh, jsté. Hadirin anu sami rawuh, Mun urang maca kamus basa Sansekerta, kacatet léma Sunda téh hartina cai, ngagenclang, jeung hérang. Ieu bisa jadi bukti yén cai dianggap penting ku urang Sunda. Jadi bukti ogé yén kahirupan urang Sunda raket pisan jeung alam, pangpangna jeung cai. Mémang keu kahirupan manusa, kaasup urang Sunda, cai téh dianggap kabutuh anu utama. Ku pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran patempatan atanapi toponimi anu salawasna nuduhkeun cai, atanapi sakurang-kurangna aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dikawitan ku kecap ci. Atuh séképanjang, séképondok, dikawitan tina kecap séké, nu hartosna hulu cai. Aya deui Balonggedé, Situaksan, Rancabolang, sareng Leuwigajah. Apan kecap balong, situ, ranca, sareng leuwi téh sami nuduhkeun cai. Ngan hanjakal ayeuna mah ngaran lembur téh dirobah bari teu neueul kana kasang tukang sajarah. Geura wé, Rancabolang, ayeuna mah salin rupa jadi Margahayu Indah. Cijaringao, dirobah jadi Antapani Indah? Padahal
kecap indah dina basa Sunda, hartosna téh méncrét. Tangtos hal ieu kedah aya panitén ti parapengembang perumahan sareng pamaréntah, yén méré ngaran téh ulah sagawayah. Bisi jadi geuhgeuyan ahli basa jeung sajarah. Hadirin anu sami rawuh, Lain waé tina ngaran tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi dina perkara ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan, jalma nu gawena ngatur cai teh disebutna ulu-ulu. Matak di lembur nu masih kénéh make tradisi ulu-ulu, tara kacatur aya jalma parebut cai. Da cai téh diatur sakumaha mistina. Hadirin anu sami rawuh, Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacukcruk ogé tina paribasa. Geuning aya paribasa anu unina kieu: Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak. Ieu paribasa téh hartina hirup kudu runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, hirup kudu sapapaitsamamanis. Mung upami diguar langkung jembar deui, dina éta paribasa téh katitén aya angen-angen anu jero. Kecap leuwi, nuduhkeun tempat anu pangjerona dina walungan. Hartina moal aya leuwi, mun walunganana saat. Kecap darat gé ngantét jeung lebak. Moal aya lebak mun gawirna urug. Gawir urug biasana ku cai limpas ti walungan nu keur caah déngdéng atanapi aya cileuncang anu teu katadah ku kakaian. Ku kituna, mun disusud leuwih jero harti paribasa ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak téh lain ngan saukur nuduhkeun hirup sauyunan, tapi aya pandangan hirup nu ajeg kana lingkungan. Nuduhkeun kumaha raketna urang Sunda jeung lingkungan alam. Hadirin anu sami rawuh, Salajengna, ku naon urang Sunda ngarasa penting ku cai? Dina kahirupan urang Sunda aya kacapangan mun leuweung dibukbak hirup bakal balangsak. Ieu ungkara téh mibanda harti anu lega. Ku naon ulah ngabukbak leuweung, lantaran di leuweung loba kakaian. Ari kai téh sumber cai. Jadi, mun kai dituaran, cai bakal ngorotan. Mun euweuh cai, apan hirup bakal balangsak. Contona, kamari ieu di rorompok teu aya cai. Pun bapa kapaksa muruhkeun ngebor dugi ka tilupuluh méter jerona, atuh waragadna gé dugi ka jutaan. Kapaksa mayar SPP ka sakola dianjuk heula.
Ngan cai gé bisa jadi lahan usaha. Geura, aya urang Wonosobo, jenenganana Tirto Utomo. Keur mayar SPP kuliah, anjeunna ngajualan cai hérang dikantongan. Ku babaturanana pada ngahina, majarkeun: “Ari manéh Tirto, kawas nu gélo, ngajualan cai hérang dikantongan. Yeuh, Tirto, batur gé nu ngajualan és krim, loba nu rugi!” Sakitu dipoyok, Pa Tirto téh henteu pundung. Malah beuki yakin kana usahana ngajualan cai. Sapuluh taun ti harita, Pa Tirto jadi milyarder cai. Buktina, cai dagangan Pa Tirto jadi kacapangan urang saréréa, usahana gé geus ngadunya, sohor maké mérk Aqua. Hadirin anu sami rawuh, Cindekna, cai téh kacida pentingna keur kahirupan manusa, kaasup urang Sunda. Mun urang bisa miarana, cai téh loba pisan mangpaatna. Malah bisa dijadikeun lahan usaha. Nya, Aqua buktina. Ngan mun teu dipiroséa, cai gé bisa jadi mamala. Buktina caah téa. 4. Panutup Pamungkas biantara anu eusina kacindekan jeung saran-saran. Satuluyna dipungkas ku salam panutup. Aya ogé anu dideudeul ku du’a, saméméh dipungkas ku salam. Girang Pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, Hadirin anu sami rawuh, Kitu manawi angen-angen urang Sunda kalebet sim kuring ngeunaan kumaha pentingna cai keur kahirupan manusa. Tangtaos seueur kénéh guareun ngeunaan cai téh, mung jalaran kauger ku waktos, sakieu anu tiasa didugikeun dina ieu biantara. Hapunten bilih kirang tata, da sanés sarjana ahli bahasa. Moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur. 5. Salam Panutup Ucapan salam ciri yén biantara geus réngsé. Wassalamualaikum Wr. Wb., Hurip Sunda!
2. Ngaguar Padika Biantara Di sawang tina cara nepikeunana, biantara téh bisa dipasing-pasing kana sawatara padika: (1) Dadakan (Impromptu) Biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula. Ku lantaran ngadadak, biantarana teu maké naskah. Nu biantara ditodong sangkan biantara harita kénéh (improvisasi) ngandelkeun pangaweruh jeung kanyaho nu biantara. Ku lantaran ngadadak, biantara sacara impromtu eusina pondok, jejerna bébas, tur bisa réngsé luyu jeung waktu anu geus ditetepkeun. Ngan aya kahéngkéranana, eusi biantarana kurang ngéntép seureuh jeung bisa ngacacang ka mana karep. (2) Catetan Ringkes (Ekstemporan) Biantara ku cara nempo raraga atawa runtuyan singet eusi biantara. Hal-hal pentingna wungkul. Biantara ékstémporan sok disebut ogé biantara terpola, lantaran matéri biantarana dicatetkeun heulan hal-hal nu pentingna wungkul. Ku lantaran kitu, eusina bisa géntép seureuh luyu jeung jejer kagiatan. Ngan bisa jadi nu biantara nempo waé catetan. (3) Naskah (Manuskrip) Biantara ngagunakeun naskah atawa maca naskah. Biantara ieu sipatna resmi atawa formal. Ku lantaran dijieun heula naskahna, tangtu wé tujuanan pikeun ngurangan kasalahan. Biantara ieu leuwih ngéntép seureuh tur jéntré eusina. Ngan sakapeung sok matak bosen, lantaran nu biantara sok bari maca naskah. (4) Talaran (Memoriter) Biantara ku cara ditalar atawa diapaleun heula naskahna. Henteu maca naskah, tapi naskahna disusun heula. Ku lataran kitu, eusina bisa ngéntép seureuh tur ngalatih daya ingetan. Ngan mun nu biantara poho biasana sok kaciri, da tadina ngapalkeun téa. Anapon ari gaya nepikeun biantara téh unggal jalma béda-béda, gumantung kana kampuhna séwang-séwangan. Ngan sacara husus, bisa dipasing-pasing jadi genep gaya atawa lagam: (1) Lagam Religius Lagam atawa gaya agama nuduhkeun nu biantara téh eusina ngeunaan kaagamaan, upamana dina kagiatan ceramah, hutbah, atawa pangajian. (2) Lagam Agiator Nepikeun biantara sacara agrésif jeung politis. Bisana dina kampanye atawa kagiatan anu udaganan keur mangaruhan batur. (3) Lagam Konvérsasi Nepikeun biantara kalayan antaré, écés jéntré, tur ngéntép seureuh. Bisana dilaksanakeu dina kagiatan-kagiatan rapat, seminar, atawa riungan anu jumlahna kawatesanan. (4) Lagam Didaktik Nepikeun biantara nu eusina ngabéjaan, ngajar, atawa ngalatih. Biasana biantara anu ditepikeun ku saluhureun ka sahandapeun, atawa ti guru ka murid, ti kolot ka budak, jsté.
(5) Lagam Séntiméntil Nepikeun biantara anu eusina ngajén atawa meunteun kana kaunggulan atawa kahéngkéran hiji hal. Bisa ogé eusina téh ngeunaan kabungah atawa kasedih. Biantara dina kagiatan hajata atawa kapapaténan bisa diasupkeun kana wanda biantara séntimentil. (6) Lagam Téater Nepikeun biantara kalayan maké gaya, pasemon, jeung lentong anu diluyukeun jeung eusi biantara. Biasana digunakeun ku artis jeung aktor dina kagiatan pagelaran drama. 3. Nyawalakeun Perkara Biantara Ayeuna hidep ngelompok jeung babaturan sakelas. Pigawé pancén ieu di handap, baca sing gemet pituduhna! Pék sawalakeun patalékan ieu di handap! Jieun kelompok opatan-opatan. Engké unggal kelompok nepikeun hasil gawéna di hareupeun babaturan sakelas! 1. Naon anu disebut padika jeung gaya biantara téh? 2. Cing jéntrékeun deui naon waé babagéan naskah biantara? Naon bédana salam bubuka jeung salam panutup? 3. Naon bédana antara padika dadakan (impromtu), cateten ringkes (ékstémporan), naskah (manuskrip), jeung talaran (memoriter)? 4. Naon nu ngabédakeun nepikeun biantara maké gaya atawa lagam agiator jeung didaktik? 5. Cing saha tokoh di Indonésia nu alus biantarana (orator)? Tétélakeun naon eusi biantara anu pangsohorna! C. PANGGELAR BASA 1. Ngalarapkeun Babasan, Paribasa, jeung Gaya Basa Dina biantara téh sok kapanggih ungkara kalimah anu direumbeuy ku babasan, paribasa, jeung gaya basa. Titénan geura ungkara ieu di handap! Titénan kalimah ieu di Handap! (1) Puguh asa bucat bisul, jalaran sim kuring tiasa lebet ka SMA favorit. (2) Dina alam kasajagatan (globalisasi) kiwari, urang Sunda téh kudu caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket. (3) Pucuk kalapa tinggarupay ka nu rék miang. (4) Angin peuting nyiuman tarang. Dina kalimah (1) di luhur téh aya babasan asa bucat bisul. Hartina éta babasan téh nya éta ngarasa bungah lantaran geus réngsé ngalaksanakeun hiji pagawéan atawa kagiatan. Ari dina kalimah (2) di luhur mah aya paribasa caringcing pageuh kancing,
saringset pageuh iket. Hartina éta paribasa téh nya éta saged atawa siap nyanghareupan pagawéan. Babasan jeung paribasa téh kaasup kana kabeungharan basa Sunda. Ari babasan téh nya éta ungkara basa dina wangun kecap atawa frasa anu harti jeung maksudna geus matok sarta ngandung harti injeuman. Sedengkeun paribasa mah nya éta ungkara basa dina wangun kalimah anu harti jeung maksudna geus matok. Biasana babasan jeung paribasa téh nuduhkeun silokaninng hirup manusa. Loba pisan babasan jeung paribasa Sunda téh. Malah ayeuna mah geus aya buku kumpulan babasan jeung paribasa téh. Upamana waé: Kumpulan Babasan jeung Paribasa (H. I. Buldan Djayawiguna, 1983), 700 Paribasa Sunda (R. Maskar Gandasudirja, 1977), Babasan & Paribasa (Ajip Rosidi, 2005), jsté. Anapon dina kalimah (3) jeung (4) di luhur, ngandung gaya basa mijalma, nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan atawa jalma. Gaya basa mijalma sok disebut ogé personifikasi. Asalna tina basa Latin, persona (jalma) jeung fic (nyieun). Hartina ngabandingkeun barang paék kawas jalma atawa manusa. Gaya basa mijalma téh loba kapanggih dina bacaan wangun karya sastra, pangpangna mah dina sajak, carpon, novel, jeung kawih. Tapi teu saeutik deuih sok kapanggih dina téks biantara atawa ceramah. Geus puguh dina kahirupan sapopoé, sok aya wé jalma nu nyaritana direumbeuy ku gaya basa mijalma. Ku kituna, hidep kudu mikaweruh kana gaya basa mijalma, bisi hiji waktu maca karya sastra atawa nyarita kudu ngagunakeun gaya basa mijalma.