Judul Buku : Modul Bahasa Sunda kelas 7
Penulis : Rahmat Arifin, S.Pd
Penerbit : Fadati Design solution
Alamat : Jl. Sukaresmi No.752B Bandung Tpl. 0878 2570 5000
E-mail : [email protected]
Cetakan 1 : 2020
Cetakan 2 : 2021
i
DAPTAR EUSI i
ii
Judul Buku.................................................................................. iii
Daptar Eusi.................................................................................. iv
Pangjajap.....................................................................................
Daptar Pabukon .......................................................................... 1
4
Pangajaran I
Paguneman ................................................................................. 6
Latihan/ Pancen .......................................................................... 10
Pangajaran 2 11
Kaulinan Barudak ....................................................................... 13
Latihan/Pancen ............................................................................
15
Pangajaran 3 18
Pupujian........................................................................................
Latihan/Pancen ............................................................................ 20
25
Pangajaran 4
Pengalaman Pribadi..................................................................... 26
Latihan/ Pancen ........................................................................... 28
Pangajaran 5 29
Dongéng........................................................................................ 33
Latihan/ Pancen ...........................................................................
34
Pangajaran 6 39
Iklan Layanan Masyarakat ........................................................
Latihan/Pancen ............................................................................ 40
43
Pangajaran 7
Sajak .......................................................................................... ii
Latihan/ Pancen ...........................................................................
Pangajaran 8
Kajembaran Basa .......................................................................
Latihan/ Pancen ...........................................................................
Pengajaran 9 ...........................................................................
Aksara Sunda ...........................................................................
Latihan/ Pancen ...........................................................................
PANGJAJAP
Bismillahirohmanirohiim
Puji sukur kasanggakeun ka Allah Subhanau Wata’ala anu parantos maparin
ni’mat sareng rohmat-Na ka sim kuring dugi ka tiasa ngaréngsékeun Modul Pangajaran
Basa Sunda kelas VII.
Dina nyusun Modul Pangajaran Basa Sunda kelas VII, halangan jeung harungan
anu kalintang seueurna karasa pisan ku panyusun. Tapi ku ayana kakeyeng, pangrojong,
jeung pangdu’a ti sadayana, Alhamdulillah Modul Pangajaran Basa Sunda kelas VII téh
tiasa réngsé.
Panyusun sadar yén Modul Pangajaran Basa Sunda kelas VII téh jauh tina
kasampurnaan. Hal ieu disababkeun ku héngkérna élmu pangaweruh panyusun sarta
kasengkerna waktu dina ngaréngsékeunana. Ku lantaran kitu, kritik jeung saran
kalintang dipiharepna.
Pamungkas, mugia ieu Modul Pangajaran Basa Sunda kelas VII téh sing aya
mangpaatna enggoning ngarojatkeun ajén-inajén basa jeung sastra Sunda katut
pangajaranana.
Bandung , 14 Juli 2021
Panyusun
Rahmat Arifin, S.Pd
iii
DAFTAR PABUKON
Faturohman, Taufik, Drs.& Sumarsono, Tatang 2008. Gapura Basa VII. Bandung: Geger
Sunten.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. 2008. Éjahan Basa Sunda. Bandung:
Sonagar Press. LBSS. 1980.
Satjadibrata, R., 2005, Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.
Sudaryat, Yayat, Drs. 1985. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Tamsyah, Rahayu, Budi, Drs. 1991. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Geger
Sunten.
Tim Unicode Akasara Sunda. 2008. Direktori Aksara Sunda Untuk Unicode. Pemerintah
Provinsi Jawa Barat
Website :
https://id.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Sunda
https://su.wikipedia.org/wiki/Sajak_Sunda
https://id.wikipedia.org/wiki/Oray-Orayan
https://balaibahasajabar.kemdikbud.go.id/budak-teuneung/
http://gaduhurangsunda.blogspot.com/2015/02/pakeman-basa.html
https://basasunda.com/contoh-dongeng-sunda-tentang-sasatoan/
https://youtu.be/MIgX59B4WCY
iv
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
WASTA: .........................................................
KELAS : .........................................................
v
"BASA TÉH CICIRÉN BANGSA"
bahasa merupakan ciri dari suatu bangsa. Jika suatu bahasa itu hilang maka
akan hilang pula bangsa tersebut
vi
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 1
PAGUNEMAN (PERCAKAPAN)
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP
MATERI
Pengetahuan Setelah KBM, peserta didik dapat:
3.1 Memahami dan Paguneman
memperkenalkan diri, berpamitan, mengidentifikasi dengan tepat
memintai mengidentifikasi kaidah,
bentuk, struktur teks, dan aspek secara mandiri isi paguneman
kebahasaan paguneman tentang
menyapa, izin, mengucapkan tentang menyapa,
terima kasih, dan meminta maaf.
memperkenalkan diri, berpamitan,
Keterampilan
4.1 Memahami dan memintai izin, mengucapkan
memperkenalkan diri, berpamitan,
memintai mengidentifikasi kaidah, terima kasih, dan meminta maaf;
bentuk, struktur teks, dan aspek
kebahasaan paguneman tentang menyusun teks paguneman
menyapa, izin, mengucapkan
terima kasih, dan meminta maaf. tentang menyapa,
memperkenalkan diri, berpamitan,
meminta izin, mengucapkan terima
kasih, dan meminta maaf dengan
memperhatikan fungsi sosial,
struktur teks dan aspek kebahasaan
yang benar dan sesuai konteks
secara gotong royong dan
berintegritas;
memperagakan teks paguneman
tentang menyapa,
memperkenalkan diri, berpamitan,
meminta izin, mengucapkan terima
kasih, dan meminta maaf dengan
memperhatikan fungsi sosial,
struktur teks dan aspek kebahasaan
yang benar dan sesuai konteks
secara gotong royong dan
berintegritas.
1
PEDARAN (PEMBAHASAN) PAGUNEMAN
A. Wangenan Paguneman
Paguneman nyaeta (adalah) kagiatan nyarita nu mangrupa kalimah langsung sarta para
palakuna silih tempas ngalakukeun tanya jawab. Paguneman asalna tina kecap gunem
dirarangkenan pa—an. Gunem hartina ngomong silih tempas.
B. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina ngalakukeun paguneman
1. Lafal
2. Lentong kalimah
3. Sora
4. Basa
5. Ngajiwaan
C. Contoh Percakapan Perkenalan Ngawanohkeun Diri
Ronaldo: “Nepangkeun wasta abdi Ronaldo ti SMP Darul Hikam, dupi saderek saha?”
2
(Perkenalkan nama saya Ronaldo dari SMP Darul Hikam, kalau saudara siapa?)
Messi: “Oh, abdi Messi wakil ti sakola SMP PGRI.” (Oh, aku Messi wakil dari SMP PGRI.)
Ronaldo: “Nuhun atuh tiasa ditepangkeun, mudah-mudahan bisa damel sasarengan dina ieu
kagiatan teh.” (Terimaksih yah sudah di pertemukan (maksud: diperkenalkan), mudah-mudahan
bisa kerja sama dalam kegiatan ini.)
Messi: “Muhun, mangkaning salami tilu dinten teh urang kedah sasarengan, abdi mah nembean
ngiring acara Fun Camp teh.” (Iya, padahal selama tiga hari kita harus bersama-sama, aku baru
pertama kali ikut acara Fun camp .)
Ronaldo: “Sami atuh sareng abdi, abdi ge da nembe ngiring. Alhamdulillah urang dipasihan
kasempatan kanggo ngiring kagiatan ieu, mugi-mugi wae tiasa nambihan pangaweruh sareng
pangalaman engkina.” (Sama dong dengan ku, aku juga baru pertama kali ikut. Alhamdulillah kita
diberikan kesempatan untuk mengikuti kegiatan ini, semoga saja dapat menambah pengetahuan
dan pengalaman nantinya)
Messi: “Amin, nu pangutamina mah urang tiasa nambihan rerencangan.” (Amin, yang
terutamanya kita dampat menambah teman)
Ronaldo: “Muhun nya, hayu urang ka lapangan kempel kabujeng dikawitan acarana.” (Benar yah,
mari kita ke lapangan takut nanti keburu dimulai acaranya.)
Amir: “Muhun, hayu.” (Iya, mari)
D. Kecap anu dilarapkeun dina praktek wawanohan (perkenalan)
Wasta : Nama
Nenehna : Nama Panggilan
Ping Gumelar : Tanggal Lahir
Panglinggihan/Padumukan : Alamat
Silokaning Hirup : Moto
Sérélék : E-Mail
Kalangenan : Hobby
Contoh Salam Perkenalan (wawanohan) Murid Bahasa Sunda
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh..
Tepangkeun nami abdi wasta pun Restu Pangestu, Nenehna Restu, Ping Gumelar 12
Agustus 2009. Abdi kawit ti SD Darul Hikam II. Pun biang namina Erni, ari pun bapa
3
namina Jajat.
Abdi gaduh raka dua, sareng adi hiji. Pun raka namina Ramzi sareng Rendi, ari pun adi
namina Irma.
Padamukan abdi di Jl. Cibolerang Barat I,NO.15, RT 02, RW 12, Kacamatan Bandung
Kulon, Kota bandung. Sérélék [email protected], Kalangenan Futsal. Sakitu wae ti
abdi, hatur nuhun.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Jawab Patalékan-Patalékan (Pertanyaan) Dumasar Kana Téks Paguneman
1. Sebutkeun Wangenan (Pengertian) Paguneman ?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
2. Sebutkeun hal-hal nu kudu diperhatikeun dina ngalakukeun (melakukan) paguneman?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
3. Sebutkeun kecap –kecap (kata) dilarapkeun (pelaksanaan) dina praktek wawanohan
(perkenalan)
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
4. Damelkeun (buatlah) ku hidep ngeunaan Salam Perkenalan (wawanohan)
………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………...
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
5. Ceritakan kembali dengan bahasa sendiri( Indonesia atau Sunda) téks Paguneman perkenalan
4
ngawanohkeun diri Ronaldo sareng Messi
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
Nilai Tawisan
5
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 2
KAULINAN (PERMAINAN) BARUDAK
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP MATERI
Pengetahuan Kaulinan
3.2 Mengidentifikasi jenis, mengidentifikasi jenis, ragam Barudak
ragam (varian), istilah, dan (varian), dan prosedur kaulinan
prosedurkaulinan barudak barudak dengan benar dengan
dengan memperhatikan fungsi tepat;
sosial, struktur teks dan aspek
kebahasaan. memperagakan jenis, ragam
(varian), dan prosedur kaulinan
Keterampilan barudak dengan kreatif.
4.2 Mendemonstrasikan jenis,
ragam (varian), dan
prosedurkaulinan barudak
melalui pengamatan langsung
dariberbagai media dengan
memperhatikan fungsi sosial,
struktur teks dan aspek
kebahasaan.
PEDARAN (PEMBAHASAN) KAULINAN BARUDAK
Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina
mangsa keur rinéh. Aya kaulinan barudak anu bisa dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan anu
dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan anu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta ogé, aya kaulinan
husus keur barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa diiluan ku barudak awéwé jeung lalaki.
Upama nilik kana prak-pakanana, kaulinan barudak téh aya anu kaasup kana olahraga
tradisional, aya ogé anu leuwih deukeut kana kasenian. Kaulinan barudak anu mangrupa kasenian
biasana diwuwuhan ku kakawihan.
Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda anu biasana dipake dina waktu keur ulin.
6
Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kakawihan, kawih jeung tembang. Kakawihan
jeung kawih mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta
wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Kaulinan barudak anu maké kakawihan nyaéta : Ambil-ambilan, Cingciripit, Oray-orayan,
Paciwit-ciwit lutung , Ucing-Ucingan. Kaulinan barudak anu henteu make kakawihan nyaeta :
Ucing sumput, Gatrik, Galah, Congklak, Ngadu kaleci jeung éngklé.
Conto Kaulinan Barudak Anu Maké Kakawihan
Oray'-orayan nyaéta kawih kaulinan anu sok dihaleangkeun nalika barudak rék ulin ucing-
ucingan, biasana saméméh prung ulin, barudak sok silih cekel heula taktak. Nu tukang nyekel
taktak nu hareupeunana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga
oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi
kaasup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji
guha katuhu atawa rék milih kelompok nu ka dua guha ka kénca, kawihna kieu:
“ORAY-ORAYAN ”
Oray-orayan luar leor ka sawah
Ulah ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan luar leor los ka kebon
Entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon
Mending ge ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi? anu mandina pandeuri
Oray-orayan …….. oray naon
Oray bungka …….. bungka naon
Bung ka laut …….. laut naon
Laut dipa …….. dipa naon
Dipanderi ri ri ri ri …… !
JENIS-JENIS KAULINAN (PERMAINAN ) BARUDAK
Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda.
7
1 kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu
ambil-ambilan lobaan.
kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak,
2 tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi
anjang-anjangan saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
kaulinan anu dipetakeun ku cara silih beunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg
3 anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
bébénténgan kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero
imah atawa téras.
4 kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu
béklen ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun
bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh
5 pamaén keuna kabalédog.
boy-boyan kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang
6 congklak anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi
7 ucing.
kaulinan bari kakawihan.
cacaburangé kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu
béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
8 cingciripit kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup
9 nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
damdaman kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
10 kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa
batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana
endog-endogan batu séjén anu ditangtungkeun
11 empét-empétan kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang
12 éncrak
13
éngklé
14 galah asin
8
lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku
nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
15 kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan
gatrik diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
16 gugunungan kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
17 kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi
hahayaman careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa
lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
18 jajangkungan kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
19 kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik
luncat tali diluhurkeun.
20 ngadu kaléci kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
21 kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju
oray-orayan siga oray luar-léor.
22 paciwit-ciwit lutung kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
23 kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus
pérépét jéngkol puputeran teu meunang leupas.
24 kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya
sondah kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
25 ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang
sorodot gaplok terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
26 kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu
ucing-ucingan jadi ucing.
27 kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing
ucing sumput ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya
rupa-rupa aturan.
Sumber tina Wikipedia.org
9
Jawab Patalékan-Patalékan (Pertanyaan) Di Handap Ieu Ngeunaan Kaulinan Barudak
1. Sebutkeun (sebutkan ) 3 (tiga) Jenis-Jenis Kaulinan Barudak?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
2. Tuliskeun rumpaka (lirik) kakawihan oray orayan?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
3. Sebutkeun 5 kaulinan barudak anu maké (menggunakan) kakawihan?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
4. Sebutkeun 5 kaulinan barudak nu kaasup (termasuk) kana olahraga tradisional, ?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
5. Jelaskeun kumaha (Bagaiman) carana permainan oray-orayan ?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
Nilai Tawisan
10
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 3
PUPUJIAN
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP MATERI
Pengetahuan Pupujian
3.3 Mengidentifikasi jenis, mengidentifikasi bentuk, struktur,
ragam (varian), istilah, dan
prosedurkaulinan barudak dan isi pupujian dengan tepat;
dengan memperhatikan fungsi
sosial, struktur teks dan aspek memperagakan pupujian
kebahasaan.
(nadoman) sesuai dengan ciri khas
Keterampilan
4.3 Mendemonstrasikan jenis, daerah masing-masing dengan
ragam (varian), dan
prosedurkaulinan barudak kreatif;
melalui pengamatan langsung
dariberbagai media dengan .
memperhatikan fungsi sosial,
struktur teks dan aspek
kebahasaan.
PEDARAN (PEMBAHASAN) PUPUJIAN
Pupujian nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian mangrupa
karya sastra anu meunang pangaruh tina sa’ir ti sastra Arab. Asupna pupujian ka Sunda bareng
jeung mimiti nyebarna agama Islam.
. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat
padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu,
11
aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana.
Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti laras wekas.
Sacara gurat badagna mah, fungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya
nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, fungsi sosialna leuwih gedé ti batan fungsi
éksprésina.
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid
saméméh salat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung
kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, nyaéta:
(1) muji ka Gusti Alloh, (2) solawat ka Kanjeng Nabi, (3) do'a jeung tobat ka Pangéran, (4)
pépéling, jeung (5) ajaran agama.
Ciri – ciri Pupujian
1) Sapada (satu bait) diwangun ku opat padalisan (empat baris)
2) Saban padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata).
Contona: Na – bi u – rang sa – da – ya - na
3) Purwakanti (vokal di ahir padalisan) engang panungtungna a-a-a-a. Contona:
a. …………… Aminah
b. …………… Abdullah
c. …………… Mekah
d. …………… gajah
4) Eusina muji jeung do’a ka Allah, pepeling (nasehat) jeung pangajaran kaagamaan.
Beberapa Contoh Pupujian
Nabi Urang Sadayana
Nabi urang sadayana Robiul Awal bulanna
Kangjeng Nabi anu mulya tanggal kadua welasna
Muhammad jenenganana April bulan Maséhina
Arab Qurés nya bangsana tanggal kadua puluhna
Ibuna Siti Aminah Waktos babarna kacatur
Ramana Sayid Abdullah Siti Aminah misaur
Dibabarkeunna di Mekah
Wengi Senén taun gajah ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur
12
Nabi urang sadayana Nyaritakeun riwayat Kangjeng Nabi
Contoh Video Pupujian Nabi Urang sadayana
https://youtu.be/MIgX59B4WCY
Éling-éling Dulur Kabéh
Éling-éling dulur kabéh Karasana keur sakarat
Ibadah ulah campoléh Nyerina kaliwat-liwat
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Sabab urang bakal mati Kaduhung liwat kalangkung
Nyawa dipundut ku Gusti Tara nyembah ka Yang Agung
Najan Raja nyakrawati
Teu bisa nyingkiran pati Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu meunang embung.
- Contoh video Pupujian
(https://youtu.be/n0SAEJXY21k)
Jawab patalékan-patalékan (pertanyaan) di handap ieu Ngeunaan Pupujian
1. Sebutkeun wangenan pupujian ( Sebutkan pengertian dari Pupujian ) ?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
2. Ari pupujian téh kaasup kana wangun karya sastra naon?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
3. Sebutkan 4 ciri-ciri nu aya (yang ada ) dina pupujian?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
13
4. Sebutkan 5 (lima) golongan Pupujian (berdasarkan) dumasar kana eusina ?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
5. Ceritakan kembali dengan bahasa sendiri( Indonesia atau Sunda) rumpaka conto
Pupujian Nabi Urang Sadayana
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
Nilai Tawisan
14
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 4
PANGALAMAN PRIBADI
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP MATERI
Pengetahuan Pengalaman
3.4 Mengidentifikasi bentuk, mengidentifikasi stuktur teks narasi Pribadi
stuktur, aspek kebahasaan, dan dengan benar
isi teks narasi tentang
pengalaman pribadi. memproduksi teks narasi tentang
pengalaman pribadi dengan
Keterampilan memperhatikan struktur teks dan
aspek kebahasaan dengan kreatif;
4.4 Menyusun dan
mengomunikasikan teks narasi mengomunikasikan teks narasi
tentang pengalaman pribadi tentang pengalaman pribadi dengan
dengan memperhatikan memperhatikan struktur teks dan
struktur teks dan aspek aspek kebahasaan.
kebahasaan
PEDARAN PENGALAMAN PRIBADI
Satacan kana pangalaman pribadi teu aya salahna upama urang maham heula kana naon
ari nu dimaksud pangalaman. Pangalaman nya éta sagalarupa nu kungsi kaalaman (karandapan)
dina kahirupan sapopoé, biasana pangalaman bisa dirasakeun ku sorangan atawa batur. Dumasar
kana éta pamadegan, mangka nu dimaksud pangaklaman pribadi téh nya éta sagala rupa nu kungsi
kaalaman ku urang sorangan dina kahirupan sapopoé. Éta pangalaman téh aya nu pikasediheun,
pikabungaheun, pikaseurieun,pikalucueun, jsb. Pangalaman nu pikabungaheun sok kaingetan baé
nepi ka sok jadi panineungan, sedengkeun nu pikasediheun sakapeung sok jadi trauma.
Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu moal bisa dipopohokeun. Sangkan nu diajak nyarita
resepeun, dina nepikeunana kudu merhatikeun :
1. Basana kudu puguh éntép seureuhna;
2. Lentongna kudu merenah;
15
3. Kalimahna kudu Sistematis;
3. Dibarengan ku ngajiwaan eusi carita.
Hal nu kudu dicaritakeun dina nepikeun pangalaman nyaéta bubuka, eusi carita atawa
kajadian nu kaalaman jeung panutup carita.
1. Bubuka tujuanana sangkan nu diajak nyarita merhatikeun kana lalakon nu bakal ditepikeun.
2. Eusi pangalaman kudu dicaritakeun kalawan sistematis (ngaruntuy) ti mimiti kajadian nepi ka
anggeusna. Sarta pilih kalimah anu efektif .
3. Panutup carita kudu hadé sangkan nu diajak nyarita ngarasa sugema tur leuwih yakin kana
sakur
pangalaman nu geus ditepikeun ku hidep.
Baca conto pangalaman ieu di handap kalawan gemet !
Kajadian nu Pikaseurieun
Dina waktos Paturay Tineung SD, sakola abdi ngayakeun péntas seni sareng bazar. Abdi sareng
réréncangan ngeusi acara kabarét anu judulna “Permaisuri yang terluka”
Abdi kabagéan janten lakon istri, nya puguh abdi kedah nganggo wig sareng acuk istri. Kusabab
dituntut peran kedah profesional. Dina jalan caritana abdi nyandak surat kaléng kanggo ngadu
dombakeun permaisuri sareng pangéran.
Dina waktos acara kabarét di péntaskeun, abdi didangdosan kawas istri, para guru sareng
réréncangan kalinglap ningal abdi, saurna meuni geulis. Abdi mung saukur gumujeung, bari éta
wig téh ku abdi dibuka, kalakah geubis tikoséwad kana karpét, atuh nu lalajo barakatak seuri.
Dina éta pangalaman téh lamun abdi émut sok isin nyalira.
Di handap aya conto tulisan carita pangalaman ti Kang Nano S, salasaurang seniman Sunda.
Pék baca heula ku hidep kalawan daria!
NGAJINGJING KACAPI NGALANGLANG JEPANG
Bet asa kahudang deui, ampir sabulan aya di Jepang. Ari pagawéan sapopoé réréana mah
jalan-jalan. Da maksud mimiti gé rék ulin, sakalian néang si Bungsu Roby, nu keur aya di Jepang.
Saliwat mah meureun jiga nu beunghar, sabaraha pibiayaeunana indit ka nagara Sakura, anu
16
kawéntar sakitu mahalna. Nya kitu tariking milik, ti mana baé jalanna mah. Kurunyung aya nu
ngondang mentas di Jepang. Sagala biaya transportasi, ditanggung ku panitia. Puguh wé asa
ditonjok congcot. Ka Osaka, ka Nagoya, ka Tokyo, jeung ka Fujinomia, alhamdulillah bisa
kaanjangan.
Di Osaka aya Shota Fukuoka jeung Madoka san, istrina. Shota san keur nyiapkeun
program keur ngahontal gelar doktor, anu rek nyokot tema “Modernisasi Karawitan Sunda”.
Sedengkeun Madoka san mah geus meunang predikat professor tina judul masalah “Topéng
Babakan di Cirebon”. Duanana kungsi lila di Bandung. Kungsi lila deuih cicing di imah kuring.
Bagja duanana geus jadi jelema.
Ka Nagoya, aya Mikihiro Moriyama. Manehna geus jadi doktor, tina sastra Sunda. Cenah
mah desertasina téh ngabahas ngeunaan wawacan Panji Wulung karyana Rd. Muhamad Musa ti
Garut. Ayeuna manéhna jadi dosen di Nanzan University di Nagoya. Waktu kuring ulin ka
imahna, Cep Miki téh (kitu kuring ngalandi manéhna) boga rencana taun hareup rék ka Melbourne
Ustrali, salila sataun. Salah sahiji tugasna, rék ngajar Basa Sunda. Teu salah kitu?
Ari ka Tokyo mah rék nepungan Akiko Kawaguchi san. Tapi kusabab Akiko san jeung
babaturanana téh geus nyieun grup degung, nya datang téh sakalian waé nepungan anggotana.
Ngaran grupna téh Paraguna. Éta ngaran memang dibéré ti kuring, nyutat tina istilah nu kapanggih
dina buku Siksa kandang Karesian (1518), anu mertélakeun yén nu sok biasa ngagarap karawitan
(kawih), disebutna Paraguna.
Di Fujinomia, di apartemen Si Bungsu, Roby, nu geus ampir tilu taun leuwih aya di dieu,
kuring kahudang deui ka mangsa awal-awal kuring datang ka Jepang, kira-kira 23 taun ka tukang.
Kabayang kénéh ngajingjing kacapi jeung manggul calung. Ti harita, salian aya urang Jepang nu
nuturkeun ka lembur, aya ogé nu sok ngondang sangkan kuring saparakanca ngayakeun pagelaran
kasenian Sunda di Jepang. Berekah, ku ngajingjing kacapi, bisa ngalanglang ka Jepang. Nya kitu,
mungguhing ari lalakon, sadayana gelar ku kersana Gusti.
(Di ropéa tina Majalah Manglé, No. 1995 Desember 2004.)
17
Kandaga Kecap Bahasa Indonesia
membawa
Basa Sunda kecapi
Ngajingjing kaya
kacapi senang
beunghar menemui
bagja, menjelaskan
nepungan, berangkat
mertelakeun pekerjaan
indit pertunjukan
pagawéan mengundang
pagelaran dapat rejeki nomplok
ngondang melanglang
asa ditonjok congcot (paribasa sunda)
ngalanglang
Jawab Patalékan-Patalékan (Pertanyaan) Dumasar Kana Téks Pangalaman
1. Naon (Apa yang dilakukan ) anu dilakukeun ku Kang Nano S. nalika (ketika) aya
di Jepang?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
2. Ti iraha (kapan) Kang Nano S. bisa ngalanglang (melanglang) ke negara Jepang?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
3. Ka kota mana waé Kang Nano S. salila aya di Jepang, jeung rék naon kadituna téh?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
4. Naon judul desertasi anu keur digarap ku Shota san dina raraga ngahontal gelar
doktorna?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
18
5. Sebutkeun tilu hal nu kedah diperhatoskeun dina nyaritakeun pangalaman sangkan
nu diajak nyarita resepeun
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
II. NULISKEUN PANGALAMAN SORANGAN
Ceritakan kembali pangalaman kalian yang dianggap istimewa dan masih teringat sampai
sekarang pengalam tersebut dengan bahasa sendiri ( Bahasa Sunda atau Bahasa Indonesia)
………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………
………………………
Nilai Tawisan
19
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 5
DONGÉNG
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP MATERI
Pengetahuan mengidentifikasi struktur dongeng Dongeng
3.5 Mengidentifikasi struktur, dengan benar; nilai-nilai
mengidentifikasi
fungsi sosial, aspek
pendidikan yang terkandung dalam
kebahasan, dan nilai-nilai
dongeng dengan tepat.;
kehidupan yang terkandung menyusun parafrase dongeng dengan
dalam dongeng kreatif;
Keterampilan
4.5 Menyusun dan
mengomunikasikan dongeng
yang disimaknya dengan
memperhatikan struktur dan
aspek kebahasaan, pelapalan
dan lagu kalimat (lentong),
serta ekspresi yang tepat.
PEDARAN DONGÉNG
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok
nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang
ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsah
nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana
parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu
kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah
atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
20
Unsur-unsur dongéng:
1) Téma = jejer utama atawa inti persoalan carita
2) Palaku = nu ngalalakon/inti persoalan carita (B. Ina. Pelaku)
3) Galur = runtuyan carita/kajadian (B. Ina. Alur)
4) Latar = tempat jeung waktu lumangsungna carita
Ciri-ciri Dongéng
1)Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi
alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé
kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
2) Aya bagian anu pamohalan.
3)Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4)Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5)Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial. Sanajan
dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan
budi jeung pieunteungeun.
6)Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7)Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.
Papasingan Dongéng
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh nyaéta :
Dongéng sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan
budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. Ilaharna
dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa,
upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran.Dongéng sato biasana watek
palakuna geus dipola.[9] Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana.
Dongéng babad (Sagé)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di
masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna
21
nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa
lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap
mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu
pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé
dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
Dongéng mité
Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku
masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam
gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana
maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam,
jsté. Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nyaéta, mite asli
Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-
nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka
siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi. Mite nu asalna
ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti
manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté. Contona Dongéng Déwi Sri,
Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén.
Dongéng Pieunteungeun
Dongéng Pieunteungeunnyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan
manusa. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
Dongéng Pamuk
Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur
bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon
Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung
sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nyaéta hiji raja
22
nu pernah maréntah wewengkon Pasundan. Contona Weasan Aki Sayang Hawu.
Dongéng sasakala (Légénda)
Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji
kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila,
sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala
mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda
dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan
masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun
asal-muasalna kajadian.
Regepkeun! Ieu carita dongeng Fabel di handap baris dibaca ku salasaurang babaturan hidep
Sireum jeung Gajah
Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur
ramé ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna téh, teu antaparah deui, leyé-leyé
baé ditincakan, bongan cenah maké ngaliud di jajalaneun. Atuh lain ratus deui, tapi aya rébuna
sireum anu paéh téh.
Barang raja sireum ningal baladna réa nu paéh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Éh
Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti
kami. Ulah adigung asa aing. Engké di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!”
Walon gajah bari seuri, “Rék ngajago Sakadang Sireum téh? Lamun enyaan, hég ku kami
didagoan! Di mana hayang perang téh?”“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu
condong ka jalan!” gancang, gajah nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangké deui,
tuluy baé nabeuh tangara, ngumpulkeun kabéh baladna. Teu sabaraha lila, balad sireum téh geus
nakleuk di tegalan.
Ceuk Raja sireum, “Éh balad kami kabéh! Di Jumaah Kaliwon kaula rék perang tanding jeung
Sakadang Gajah, tuh handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab éta, kaula ménta ka aranjeun
sakabéh ulah sisingeun, kudu pada digarawé. Saréréa kudu nyieun lombang sing gedé pikeun
piruang. Nya palebah waru nu itu kudu nyieun piruang téh. Prak geura digarawé ti ayeuna. Tapi
kadé jukutna mah ulah ruksak, kudu angger baé kawas ayeuna. Dikorowot ti jero baé, taneuhna
engké sésakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang Manusa, ka luhurna mah.” Balad
sireum saur manuk, kabéh pada jangji rék pada suhud digarawé, sarta pada sanggup anggeus dina
23
waktu tujuh poé.Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poé piruang téh geus bérés.
Ti luhurna teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poé Jumaah Kaliwon téa, subuh kénéh Raja Sireum geus
ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngétan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaéta:
Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyét.
Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wétan maju ka kulon, nyampeurkeun Raja
Sireum.
Jauh kénéh ogé Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah, “Gancang ka dieu
Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poé tujuh peuting, geus
sadia bakal maéhan sampéan. Lamun enya sampéan sakti, gancang geura rontok kami!”
Barang gajah ngadéngé panangtang Raja Sireum kitu, jol suruwuk baé narajang. Tapi cilaka, teu
kungsi nepi, da awakna kaburu tigebrus mantén kana piruang, sukuna tipitek. Sakadang Gajah
adug-adugan méakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weléh teu bisa. Tungtungna béak
tanaga ngajoprak teu bisa walakaya.
Ceuk raja Sireum ka balad-baladna, “pék ayeuna geura hanca ku aranjeun éta sato telenges
téh!”
Balad sireum nu réana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang
Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. “ampuuun…ampuuun!” Sakadang Gajah tulung-tulungan
ménta ampun. Manéhna taluk tarima éléh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa
sireum. Ti dinya riwayatna, aya paribasa “Sireum ogé ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”.
Atuh lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, éléh ku cinggir anu jadi perlambang
sireum
(Di ropéa tina buku Sabasa 1A (Revisi) kaca 56 – 58)
24
Kandaga Kecap Bahasa Indonesia
semut
Basa Sunda jenis-jenis/golongan
sireum dahulu
papasingan pohon
baheula melewati
tangkal berdiri
ngaliwat lubang
ngabedega rumput
lombang Diinjak
jukut seekor
ditincak kalah
sakadang
éléh
Jawab Patalékan-Patalékan (Pertanyaan) Ngeunaan Dongéng
1. Kajadian naon anu nyababkeun Raja sireun ambek (marah) ka Sakadang Gajah?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
2. Naon anu dipigawé (apa yang dilakukan oleh) ku balad sireum pikeun ngalawan Sakadang
Gajah?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
3. Kumaha (bagaimana) kajadianana sanggeus tepi kana waktuna perang tanding?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
4. Ditilik tina eusina, kaasup kana golongan naon dongéng “Sireum jeung Gajah” téh?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
5. Ceritakan kembali dengan bahasa sendiri ( Indonesia atau Sunda) dongéng “Sireum jeung
Gajah”
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
Nilai Tawisan
25
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 6
IKLAN LAYANAN MASYARAKAT
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP MATERI
Pengetahuan mengidentifikasi bentuk dan struktur Iklan Layanan
Masyarakat
3.6 Mengidentifikasi teks iklan layanan masyarakat
ragam/jenis informasi, bentuk, tentang berbagai kegiatan dengan
struktur teks, fungsi sosial, dan benar;
mengidentifikasi isi teks iklan
aspek kebahasaan iklan
layanan masyarakat dengan tepat;
layanan masyarakat tentang mengidentifikasi fungsi sosial iklan
berbagai kegiatan. layanan masyarakat tentang
Keterampilan berbagai kegiatan dengan benar;
menyusun teks iklan layanan
4.6 Menyusun dan
masyarakat dengan memperhatikan
mengomunikasikan iklan
struktur teks dan aspek kebahasaan
layanan masyarakat tentang
dengan kreatif; dan
berbagai kegiatan dengan mengomunikasikan teks iklan
memperhatikan fungsi sosial, layanan masyarakat dengan
memperhatikan struktur teks dan
aspek kebahasaan.
struktur teks, dan aspek
kebahasaan.
PEDARAN IKLAN LAYANAN MASYARAKAT
Iklan layanan masyarakat teh nyaeta alat komunikasi pikeun nepikeun ajakan ka masarakat
umum pikeun ngalakukeun pagawean atawa tindakan anu aya mangpaatna boh pikeun anu maca
eta iklan masyarakat boh pikeun masarakat umumna.
Iklan layanan masyarakat adalah iklan yang menyajikan pesan-pesan sosial yang bertujuan
untuk membangkitkan kepedulian masyarakat terhadap sejumlah masalah yang harus mereka
hadapi, yakni kondisi yang bisa mengancam keselarasan dan kehidupan umum.
26
Kusabab kitu, biasana kalimah nu aya dina iklan layanan masarakat mah mangrupa kalimah
pangajak. Beda jeung wawaran, ari wawaran mah eusi kalimahna bisa mangrupa kalimah
pangajak, kalimah panyaram atawa kalimah panitah. Contoh wawaran “Ka sakumna siswa Kelas
VII SMP Darul Hikam anu kalebet Tim Ekstrakurikuler Robotik , dinten Saptu tanggal 24
November 2021 aya latihan dina raraga tatahar mayunan Lomba Robotic Nasional nu
waktosna kantun dua minggu deui!”
Iklan layanan masarakat biasana ditempatkeun di tempat umum anu strategis atawa
ditempat anu negrak, nyaeta di tempat anu gampil katempo ti sawatara arah. Biasana eusi dina
iklan layanan masarakat jeung iklan komersial sarua ngagunakeun kalimah pangajak. Iklan
layanan masarakat biasana dipasang ku instansi atawa organisasi anu henteu neangan kauntungan
finansial. Sedengkeun iklan komersial biasana dipasang ku perusahaan anu neangan kauntungan
finansial.Dina iklan layanan masarakat biasana eusina mangrupa kalimah pangajak pikeun
ngalakukeun pagawean anu aya mangpaatna boh keur diri sorangan boh keur masarakat umum.
Sedengkeun dina iklan komersial biasana eusina mangrupa kalimah pangajak pikeun meuli atawa
ngagunakeun produk anu dijual ku perusahaan anu masang iklan komersial
Conto iklan sosial jeung iklan dagang
1. Conto iklan sosial
CONTO IKLAN SOSIAL
( ANJURAN MIARA KABERSIHAN LINGKUNGAN )
2. Conto Iklan dagang
IKLAN DAGANG + GAMBAR
27
Jawab Patalékan-Patalékan (Pertanyaan) Ngeunaan Iklan Layanan Masyarakat
1. Sebutkeun wangenan iklan layanan ( Sebutkan pengertian dari iklan Layanan Masyarakat ) ?
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
2. Titénan gambar ka 1 ieu di handap, tuluy prak jieun teks iklan layanan masarakat dumasar kana
gambar
.............................................................................................
.............................................................................................
.............................................................................................
.............................................................................................
.............................................................................................
.............................................................................................
.............................................................................................
.............................................................................................
............................................................................................
3. Jelaskeun eusi tina iklan layanan masarakat anu dijieun ku hidep ngeunaan iklan tertib lalu lintas!
......................................................................................................................................
......................................................................................................................................
4. Titénan gambar ieu ka 2 di handap, tuluy prak jieun teks iklan layanan masarakat dumasar kana
gambar kalawan maké basa Indonesia
...............................................................................
...............................................................................
...............................................................................
...............................................................................
...
...............................................................................
........................................N...i.l.a..i................T...a.w...i.s..a..n.......
...
...............................................................................
...
...............................................................................
...
28
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 7
SAJAK
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP MATERI
Pengetahuan mengidentifikasi struktur sajak Sajak
3.7 Mengidentifikasi bentuk dengan tepat;
menjelaskan isi teks sajak dengan
dan struktur teks, unsur, aspek
benar;
kebahasaan, serta isi dan membaca dan/atau mendeklamasikan
amanat sajak. sajak dengan penghayatan dan
Keterampilan ekspresi yang tepat, sesuai dengan
4.7 struktur teks dan aspek kebahasaan;
Membaca/mendeklamasikan
sajak dengan penghayatan dan dan
ekspresi yang tepat, sesuai menanggapi pembacaan sajak
dengan struktur teks dan aspek
kebahasaan. dan/atau deklamasi dengan santun,
menghargai pendapat orang lain,
dan penuh rasa tanggung jawab.
PEDARAN SAJAK
Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu ngebrehkeun
pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-patokan. Disebut karangan ugeran
teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa na pilihan
kecap jeung wirahma. Selain eta, sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna oge
relative. Upama dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah
leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina
unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
29
Upama dibandingkeun jeung sisindiran, sajak mah heunteu kudu kauger ku cangkang jeung
eusi. Upamana dibandingkeun jeung mantra, sajak mah heunteu kauger ku pilihan kecap anu
ngandung kakuatan gaib, atawa digelarkeun (diucapkeun, dipapatkeun) pikeun tujuan-tujuan
khusus anu patali jeung kapercayaan.
Sajak bisa dibédakeun jadi dua nyaéta sajak kauger jeung sajak bebas. Disebut sajak
kauger sabab dina nuliskeunana kauger ku patokan-patokan saperti lobana jajaran, lobana
engang, jeung purwakanti. Pangna disebut sajak bébas sabab teu kauger ku patokan-patokan.
Hal nu ngabédakeun antara sajak jeung karangan séjénna nyaéta :
1. Kecap-kecap nu dipaké dina sajak mah pinilih sarta loba nu teu saujratna;
2. Cara nepikeun maksud atawa tujuan téh ku kalimah nu parondok;
3. Kecap-kecap dina sajak ngawirahma;
Aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun lamun hidep rék nulis sajak.
1. Tangtukeun heula téma naon nu rék ditepikeun;
2. Pilih kecap-kecap nu merenah luyu jeung téma;
3. Pikirkeun naha éta sajak téh ngébréhkeun kabungah, kasedih, atawa hal séjénna;
4. Pikirkeun dina nyusun kalimah sangkan miboga makna;
5. Tangtukeun gaya basa, irama jeung purwakantina sangkan sajak téh resep lamun dibaca.
Dina kamekaranana, tetela sajak teh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak bisa disebut
wangun puisi pangpopulerna dina pajemuhan sastra Sunda. Dimuat dina majalah jeung surat kabar
Sunda. Ti dinya kakara dibukukeun. Memang umumna buku kumpulan puisi Sunda mah
mangrupa kumpulan sajak anu samemehna geus dimuat dina surat kabar atawa majalah.
Sangkan hidep boga gambaran, tengetan sajak ieu di handap !
SEUNEU BANDUNG
KARYA : Karna Yudibrata
Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung
geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung
najan Laut Kidul
ngolétrak dipake nyiram?
30
Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkubanparahu jadi seluhna;
sut urang sundut
nyeungeut obor kamerdekaan
bray caang lampu neon jutaan watt
Langit ngempray, langit harepan
seuneu teuneung geni kawani
ngalentab sagara keusik
ngahuru, ngabela-bela
ngaduruk leuweung-ganggong langit langgong
Afrika-Asia bebas merdeka!
Seuneu nyebrot ti dapur Cikapundung
geni sakti, cahya ilahi
hamo bisa dipareuman
Panorama 19 April 1965
WASIAT KONGLOMERAT
KARYA : Taufik faturahman
Lamun Apih paéh
Pangbungkuskeun ku salambar boéh
Lading ngélékéték
Tina rupa-rupa proyék
Lamun Apih nemahan pati
Pangmesenkeun padung jati
Lading ngumpulkeun komisi
31
Jeung rupa-rupa korupsi
Kontrak-kontrak anu can diteken
Jeung SPK-SPK anu can dilaksanakeun
Awurkeun luhureun paésan
Na téténggér heug tulisan
: parantos mulang ka kalanggengan
Apih, konglomerat tuladan
1992
Pangjejer Kecap (memahami kata-kata sulit)
Basa Sunda Bahasa Indonesia
Seuneu Api
Mareuman Memadamkan
Ngaduruk Membakar
Paéh Mati
Salambar Selembar
Konglomerat Orang kaya
Leuweung Hutan
Kidul Selatan
Dipareuman Dipadamkan
32
PANCEN/TUGAS
1. Ceritakan kembali dengan bahasa sendiri ( Indonesia atau Sunda) sajak “Seuneu Bandung”
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
2. Cing ayeuna hidep nyieun hiji sajak bébas. Eusina bisa ngagambarkeun ngeunaan kasedih,
kabungah, kabingung, kanyaah, kaéndahan alam, kaagungan Alloh, jeung sajabana nu kungsi
karasa, katempo jeung kaalaman ku hidep.
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………
Nilai Tawisan
33
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 8
KAJEMBARAN BASA
PEDARAN BASA SUNDA
Basa Sunda téh nya éta salaku basa indung (mothertongue; first language) urang Sunda
anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda, boh di luareun tatar Sunda.
G.P. Roufaer nétélakeun yén kecap ‘Sunda’ téh asalna tina basa Hindu (India), taya bédana
jeung ngaran tempat-tempat séjénna nu aya di Indonesia. Ngarah leuwih jéntré harti jeung
asalna kecap ‘Sunda’, urang titénan hiji-hijina, nya éta numutkeun basa Sansekerta, Kawi,
Jawa, jeung basa Sundana sorangan.
a. Basa Sansekerta;
1) Sunda asal kecapna Sund hartina “caang, moncorong”
2) ngaran Déwa Wisnu, ngaran buta anakna Nikumba, ngaran hiji monyét (wanara).
b. Basa Kawi (Jawa Buhun);
hartina “cai, pangkat, tumpukan, waspada”
c. Basa Jawa;
hartina “numpuk, nyusun, ngarangkep, tunda, tumpakan, susunan, panundaan)
d. Basa Sunda;
dina basa Sunda buhun, kecap Sunda téh diécéskeun kieu:
1) Sa-unda, Satunda hartina “nunda, panundaan”
2) Sonda hartina “alus, panuju, punjul, senang, sugema”
3) Sundara hartina “geulis, kasép, pangkasépna”
4) Sunda hartina “éndah”
5) Sunda hartina “punjul tur alus”
34
Pungsi tina basa nya éta maksudna peran anu dicekel ku basa minangka alat komunikasi.
Pungsi basa ieu bisa muncul dumasar kana sababaraha aspék, di antarana; 1) ayana panyatur,
2) ayana paregep, 3) ayana kontéks nu ditepikeun, 4) ayana kontak antara panyatur jeung
paregep, 5) ayana kode, jeung 6) ayana amanat omongan nu ditepikeun.
Bahasa Sunda manrupakeun cabang ti Melayu-Polinesia tina rumpun bahasa Austronesia.
Anu ngagunakeun basa Sunda aya 42 juta jeung mangrupakeun basa Indung anu penuturna paling
seueur ka dua ti basa lokal basa Jawa. (Wikipedia Jumlah Penutur: 42 juta (sensus 2007)
KAJEMBARAN BASA
1. Kecap Panganteur
Dina basa Sunda aya nu disebut kecap panganteur, boh kecap panganteur pagawéan, boh
kecap panganteur kaayaan. Ieu kecap panganteur téh gunana pikeun ngantebkeun caritaan.
Geura titénan ieu kekecapanana di handap.
Am dahar Jeduk tidagor
Barakatak seuri Jep jempé
Bek dahar Jep jempling
Berebet lumpat Jleng luncat
Berewék soék/soéh Jol datang
Biur ngapung Jung nangtung
Blak nangkarak Jrut turun
Blok bahé Kop nyokot
Blug labuh Kuniang hudang
Bluk nangkuban Lar ngaliwat
Bray beunta Lat poho
Bray caang Leguk nginum
Bray muka Lek neureuy
Breg hujan Léos indit
Brus mandi Lep teuleum
Bus asup Les leungit
Burusut ngising Luk tungkul
Cat unggah Nyah beunta
Celengkeung ngomong Nyéh imut
35
Celengok nyium Nyel ambek
Cep tiis Nyot udud
Cer kiih Orolo utah
Ceuleukeuteuk seuri Paralak hujan
Cikikik seuri Pelenyun udud
Clak tumpak Pes pareum
Cleng ngacleng Pluk murag
Clik murag Pok nyarita
Clong nyembah Pudigdig ambek
Crot nyiduh Rap dibaju
Dug saré Reg eureun
Gampleng nampiling Rot nginum
Gantawang nyarékan Rangkénék ngigel
Gap nyagap Rep tiis/jempé
Gaplok nyabok Reup pareum
Gedig indit Reup poék
Gék diuk Reup saré
Geleber hiber Sebrut narajang
Geleser maju Sedut/dut hitut
Gewewek ngégél Segruk ceurik
Gok paamprok Sirinting/sirintil nyampeurkeun
Golédag ngedeng Térékél naék
Hing ceurik Trét nulis
Jedak diadu
2. Cara Makéna Basa
Basa Loma Basa Lemes
Keur Sorangan Ka Batur/Saluhureun
Boga Gaduh Kagungan
Baju Baju Raksukan
Balik Wangsul Mulih
36
Bawa/nyokot Bantun Candak
Datang Dongkap Sumping
Dahar Neda Tuang
Gering Udur Teu damang
Imah Rorompok Bumi
Indit Mios Angkat
Katénjo Katingal Katingali
Méré Masihan Maparin
Meuli Mésér Ngagaleuh
Ménta Nyuhunkeun Mundut
Mandi Mandi Siram
Nanya Naros Mariksa
Nyaho Terang Uninga
Ngadéngé Nguping Ngadangu
Nginum Nginum Ngaleueut
Poho Hilap Lali
Saré Mondok Kulem
Nyarita Nyanggem Nyarios
Hudang Hudang Gugah
Diuk Diuk Calik
Labuh Labuh Geubis
Hayang Hoyong Palay
Ngomong Nyanggem Saur
3. Ngaran-ngaran Nu Aya Dina Anggota Badan Basa Lemes
Basa Loma
Rambut
Buuk Silalatu
Huis Puntang
Kutu Paseuk
Lisa Mastaka
Sirah
37
Beungeut Raray
Tarang Taar
Halis Kening
Panon Soca
Irung Pangambung
Pipi Damis
Ceuli Cepil
Kumis Rumbah
Biwir Lambey
Sungut Baham
Huntu Waos
Létah Ilat
Gado Angkeut
Beuheung Tengék
Punduk Pundak
Taktak Taraju
Dada Payun
Susu Pinareup
Kélék Ingkab
Beuteung Patuangan
Bujal Udel
Cangkéng Angkéng
Leungeun Panangan
Ramo Réma
Kuku Tangay
Bujur Imit
Alat vital Rarangan
Pingping Paha
Tuur Dengkul
Bitis Wetis
Tunduh Palay
38
Heuay Angob
Saré beurang Leleson
Nyiaran Ngunay
Jawab Patalékan-Patalékan (Pertanyaan) Mengenai Kajembaran Basa
1. Naon (apa ) wangenan (pengertian) tina ‘Basa Sunda:?
…………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
2. Sebutkeun Pungsi tina basa?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
3. Sebutkeun istilah dina Basa Sunda Sansekerta?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
4. Sebutkeun sabaraha jumlah Penutur basa Sunda dina taun 2007 dumasar kana
sensus wikipedia ?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
5. Sebutkeun ngaran-ngaran nu aya dina anggota badan ?
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………………
Pangajen Tawisan
39
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA DARUL HIKAM
TAHUN PEMBELAJARAN 2021-2022
E-mail : [email protected] Website : www.smpdarulhikam.sch.id
Telp. +62 22 2501375
PANGAJARAN 9
AKSARA SUNDA
KOMPETENSI DASAR TUJUAN PEMBELAJARAN LINGKUP MATERI
3.8 Mengidentifikasi bentuk menunjukkan bentuk aksara Sunda Aksara Sunda
dan tata cara penulisan aksara dengan benar;
mengidentifikasi tata cara penulisan
Sunda sesuai dengan kaidah-
aksara Sunda dasar dengan benar;
kaidahnya. menulis aksara Sunda dasar dengan
Keterampilan benar;
menyusun kalimat sederhana
4.8 Menyusun dan
menggunakan aksara Sunda dengan
menyajikan teks aksara Sunda
tepat;
dengan memperhatikan menyusun teks kompleks
ketepatan bentuk dan kaidah menggunakan aksara Sunda dengan
penulisannya. tepat; dan
menyajikan teks aksara Sunda dalam
berbagai media dan bentuk dengan
kreatif.
AKSARA SUNDA “NGALAGENA”
Aksara sunda sok disebut aksara ngalagena. Dina abad ka 14 Masehi tapak lacak aksara
sunda aya dina prasasti Kawali (Prasasti Astana Gedé). Prasasti Kawali ieu dijieun keur miéling
Prabu Niskala Wastukancana, raja Kawali, Ciamis, (1371-1475). Salian ti éta, Prasasti Kebantenan
ti abad ka-15 Masehi, aya dina lémpéngan tambaga, ogé ngagunakeun aksara Ngalagena. Ngan
can aya bukti nu pasti ihwal muasal diciptakeunnana aksara Sunda. Ogé ti iraha urang Sunda
mimiti ngagunakeun aksara Sunda. Saméméh abad ka-14 bukti nu kapanggih nétélakeun yén loba
prasasti di wewengkon Jawa Barat, ditulis ngagunakeun aksara lain. Kakara ti abad ka-14 Masehi,
aksara Sunda mindeng digunakeun dina média batu (prasasti) jeung koropak (naskah kuno).
Aksara Sunda beuki pareumeun pamor saprak urang Eropa di Nusantara, ti abad ka-18
40
Masehi, mimiti ngamasarakatkeun Aksara Latin. Katurug-turug Panguasa Mataram Baru nyaéta
Sultan Agung ngawasa Tatar Sunda. Kakawasaan Jawa di Tanah Sunda nu jadi lantaran sastra-
sastra Sunda periode ieu ngagunakeun aksara Jawa atau Jawa-Sunda (carakan) tur akibatna aksara
Sunda jadi leungiteun. Naskah Sunda nu ditulis ngagunakeun basa kalawan aksara Carakan
salahsahijina "Babad Pakuan" atawa "Babad Pajajaran", nu ditulis awal abad ka-19 Masehi. Ka
béh dieunakeun, urang Sunda loba nu ngarasa kaleungitan aksarana. Tumuwuh kasadaran yén
aksara Sunda téh mangrupa identitas has masarakat Sunda. Nu antukna Pamaréntah Daérah
Provinsi Jawa Barat ngaluarkeun "Perda No. 6 tahun 1996 tentang Pelestarian, Pembinaan dan
Pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda" nu diganti jadi "Perda No. 5 tahun 2003
tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah".
Dihandap ieu (di bawah ini) mangrupakeun aksara & huruf Sunda “Ngalagena”
(Ket: Untuk yang latin dipakai ketika pengetikan pada komputer/ koputerisasi aksara Sunda)
Angka
Aksara Ngalagena
41
Pangobah sora (pengubah suara)
Vokalisasi
Vokal Mandiri
42
PANCÉN (TUGAS)
A. Tarjamahkeun ku hidep aksara Latin kana Aksara Sunda
1. S AY A
2. DAGO
3. I BU
4. BAP AK
43
5. “SAYA PERGI KE SMP DARUL HIKAM “
Pangajen Tawisan
44