1 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
BIODATA PENULIS
Nama : Riki Herdian
Tempat, Tanggal Lahir : Bandung, 12 Mei 1990
Jenis Kelamin : Laki-laki
Alamat : Kp Ranca Rt 48 Rw 15 Desa Mandalahaji Kec Pacet Kab Bandung
No Hp : 0857-9826-6754
Pendidikan Formal : SDN Mandalahaji Lulus tahun 2002
: SMP Islam Pacet Lulus Tahun 2005
: MA YPI Cikujang Lulus Tahun 2008
: STIT AT-TAQWA Lulus Tahun 2016
2 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
BAB I
Pedaran Biantara
A. Harti jeung Ciri-ciri Biantara
Harti Biantara atawa pidato téh nyaéta kagiatan nyarita dihareupeun balaréa. Ari kagiatan nyarita
téh kagolong kana aspék kaparigelan makéna basa, saperti ngaregepkeun. Sacara Teori Biantara
atawa Pidato nya eta mangrupa kagiatan dina nganepikeun pedaran ku lisan ngeunaan hiji
perkara atawa pasualan nu dilakukeun hareupeun jalma rea.
Dina Prakna Biantara bisa ngaliwatan rupa-rupa sarana, diantarana :
1. Biantara langsung, boh make alat atawa henteu
2. Biantara ngaliwatan radio
3. Biantara ngaliwatan Televisi
4. Biantara ngaliwatan rekaman, boh pita kaset, vcd,CD.
Ditilik tina Eusina, biantara mibanda tilu (3) sifat :
1. Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara atawa ngawawarkeun nu ciri-
cirina nya eta saayana nyata,poksang, jeung jujur.
2. Biantara Propogandistis, eusina ngiklankeun atawa mangaruhan sangkan nu
ngadengekeun nurut, milu, jeung biluk kana naon-naon nu ditepikeun, ciri-cirina nya eta
dumasar dumasar kana kahayang pribadi, rekaannana ngagedur, mangaruhan, tur matak
narik ati.
3. Biantara anu sifatna Edukatif, eusina teh biasana ngatik tur ngadidik, ciri-cirina nya eta
saayana, asup akal, dumasar kana kaelmuan, ngukuhan bebeneran, jeung dana.
Pikeun mere pangajén kana kamampuh atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang panitén téh
ngawengku opat unsur nyaéta:
1. Lafal atawa ucapan (kaasup vocal, konsonan, jeung intonasi) ; sora kudu kadenge/eces
tembres jelas.
2. Tatabasa ; perhatikeun titik koma, tanda tanya, tanda seru, jsb.
3. Kabeungharan kecap ; lentong/intonasi basa sing merenah, hade tong pondok tong
panjang teuing luyu jeung kabutuhan.
4. Paéhat/lancaran cumarita ; puguh entep seureuhna, jelas maksud eusina, sarta ngandung
seni orator, babasan, jeung paribasa.
Unsur/runtuyan gede naskah keur Biantara atawa Pidato, diantarana :
1. Salam, atawa pangwilujeng
2. Kalimah bubuka
3. Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara
4. Eusi Biantara
5. Kacindekan atawa ringkesan biantara
6. Kalimah panutup, bisa oge Du’a
7. Salam panutup atawa pangwilujeng
Dina basa Sunda kawilang réa istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah nyarita,
totondén yén dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran atawa indikator
3 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma. Pangpangna upama patalikeun jeung
tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa béh ditu.
Dumasar kana tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran, gagasan
pamaksadan, rasa, ku cara lisan atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu dipiharep nu lian (nu
diajak nyarita) atawa nu ngabandungan bisa ngarti kana maksud jeung tujuan anu dilisankeun.
Ulikan ngeunaan nyarita sabenerna mah kahot pisan. Dina mangsa jaman Yunani kira-kira abad
V jeung ka VI saméméh Maséhi, tiori ngenaan kumaha nyarita di hareupeun balaréa atawa anu
disebut biantara (pidato) téh geus diarulik.
Élmu anu nalungtik ieu perkara téh nyaéta disebutna Rétorika.Numutkeun hartina, rétorika téh
nyaéta ulikan ngenaan seni biantara atawa oratoria. Nu matak jalma anu pinter pidato sok
disebutna ogé orator. Orator anu kamasyur, upamana: Soekarno, Hitler, Kennedy, Barrack
Obama jsté.
Kamampuh biantara (orasi) geus tangtu loba gunana jeung gedé pangaruhna dina kahirupan
sapopoé. Ku kamampuh biantara orator baris bisa mangaruhan balaréa. Loba conto dina
kahirupan, kumaha seukeutna pangaruh biantara. Loba sikep jeung pamadegan hirup, tapi ogé
tujuan.Ku kamampuh biantara bisa ngagedurkeun sumanget, bisa nungtun balaréa pikeun
ngalaksanakeun tujuan anu geus ditangtukeun jsté.
B. Ngaregepkeun jeung Nyatet Eusi Biantara
Titénan conto biantara di handap.
Sadérék sadaya nu ku simkuring dipihormat,
Poténsi uteuk manusa téh luar biasa hébat. Ngan dina éemprona, can digunakeun sacara
optimal. Sebagéan gedé poténsi uteuk manusa dilelebar.teu dialap mangpaatna. Upamana baé
éinstéin, tokoh anu sohor dina widang sains, kacaturkeun ukur 20% poténsi uteukna anu dipaké.
Sésana anu 80% deui wuteuh nepi ka maotna.Mun nya téh kitu, hanjakal geus dimumubah.
Sawatara waktu ka tukang, Howard ardner guru besar Neurologi ti fakultas Kedokteran
Universitas Boston, nulis buku anu judulna Multiple Intelligent: The Theory in Practice. Dina
bukuna, Gardner nétélakeun aya tujuh (poténsi) kacerdasan (nu dipaparinan ku Alloh Swt. ka
manusa).Kahiji, kacerdasan linguistik.Anu tegesna anu patali jeung kaparigelan ngagunakeun
basa lisan atawa tulisan.Kadua, kacerdasan logical-mathematicas.Tegesna anu patali jeung ka
mampuh pikeun ngawasa widang élmu logika, matématika, sains jeung sabangsana.Katilu,
kacerdasan spasial jeung visual.Tegesna anu patali jeung kamampuh nu umumna dipibanda ku
arsiték, ahli patung, ahli ngalukis, navigator, jeung pilot.Kaopat, kacerdasan musical.Tegesna nu
aya patalina jeung kamampuh pikeun ngawasa widang musik.Upamana, composer, konduktor,
jeung musisi.Kalima, kacerdasan kinestétik.Ieu diperlukeun pisan ku atlét, penari, pesenan, jeung
dokter ahli bedah.Kagenep, kacerdasan interpersonal.Tegesna kamampuh nu diperlukeun keur
ngawangun komunikasi atawa hubungan anu hade jeung sasama.Upama, padagang, motivator,
jeung négosiator.Katujuh, kacerdasan intrapersonal. Tegesna kacerdasan anu sipatna
introspéktif atawa anu patali jeung kamampuh ngaragap diri (Sumber: “Ngisep Tina Ngajar Kana
Ngajar” Mahmud Yunus dina Sunda Midang, 20 April 2007 – 20 Mei 2007).
Supaya Biantara bisa diregepkeun kalawan bener, urang kudu ngalakukeun cara-cara saperti di
handap ieu.
1. Méré sikep nu positf. Urang kudu boga anggapan yen juru biantara teh jalma nu penting,
wijak, tur ngabogaan elmu pangaweruh nu luhur. Teangan tur catet sikep jeung ucapan-
4 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
ucapanna nu narik kana hate, lain kagorengan wungkul. Ku cara kitu, manehna ogé
ngarasa dihargaan nu ahirna bakal Mere simpati ka urang
2. Responsif
Hidep kudu paham kana kahayang atawa harepan-harepan juru biantara. Bisa ogé
manehna ngaharepkeun urang jadi tempat curhat, ngabagi parasaan jeung pangalaman-
pangalamanna. Ku sabab kitu, tunjukkeun yen manehna téh bisa menangkeun harepan-
harepan eta.
3. Jauhkeun sagala gangguan. Supaya bisa ngaregepkeun biantara kalawan écés tur jentré,
urang ogé kudu ngajauhkeun sagala rupa nu bakal ngaganggu konsentrasi.Memang bener
yén ieu saran téh hésé dilaksanakeun sanajan gampang diucapkeunana. Sanajan dina
kaayaan lingkungan nu santéy atawa tumaninah, sok aya waé gangguan téh, sapertikeun
harewos bojong babaturan nu aya di sagigireun, sora korsi nu ngagerét, idangan nu
ngaliwat hareupeun. Éléhkeun sagala gangguan saperti kitu téh, pusatkeun perhatian
urang kana sagala nu diucapkeun ku juru biantara.
Ngaregepkeun pidato tangtuna béda jeung ngaregepkeun tembang atawa dongéng. Ku sabab
kitu, konséntrasi jeung kaseuriusan kacida diperlukeunana dina ngaregepkeun pidato.
1. Titénan téma jeung tujuan pidato. Ilaharna dua ha lieu ditepikeun dina bagian bubuka.
2. Catet poko-pokona nu ilaharna aya di bagian tengah atawa dina bagian ahir sabagé
kacindekanana.
3. Titénan basa-basa nu digunakeun ku juru pidato,lafal, jeung intonasi, ogé kaéfektifan
kalimah-kalimahna.
4. Titénan ogé éksprési jeung skip-skip juru pidato ti awal nepi ka ahir.
Supaya bisa nyaritakeun deui eusi biantara, nu ku hidep kudu pisan dilakukeun nyaéta paham
kana téma atawa pasualan utama nu keur diguar ku juru biantara.
Poko-poko biantara di luhur nu bisa ku hidep dicatet saperti kieu.
1. Uteuk manusa hébat.
2. Uteuk manusa can digunakeun sacara optimal.
3. Gardner nétélakeun, aya tujuh kacerdasan manusa, nyaéta kacerdasan linguistic,
kacerdasan logical-mathematics, kacerdasan spasial jeung visual, kacerdasan musical,
kacerdasan kinéstétika, kacerdasan interpersonal, kacerdasan intrapersonal.
Catetan di luhur bisa dicaritakeun deui saperti di handap ieu.
Uteuk manusa téh hébat pisan.Ngan hanjakal ku urang tacan bener-bener digunakeun. Salian ti
kitu, ceuk pamanggih Gardner, otak manusa miboga rupa-rupa poténsi, nyaéta kacerdasan
linguistic, kacerdasan logical-mathematics, kacerdasan spasial jeung visual, kacerdasan musical,
kacerdasan kinéstétika, kacerdasan interpersonal, kacerdasan intrapersonal.
C. Ngoméntaran Naskah Biantara
Titénan deui kutipan biantara di handap ieu.
Solat nu bener sacara sosial kudu ngajanggélék dina lakuning lampah nu sieup. Laku lampah nu
teu pagedrug jeung pandika agama, norma sosial katut étika masarakat. “… jeung adegkeun
solat, saéstuna éta solat téh nyegah diri (migawé) lacut jeung mungkar” (Q.S. Al-Ankabut, 29:45).
5 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
Solat jadi ideologi nu paling épéktip dina nataharkeun kritik sosial keur ngawujudkeun dunya nu
adil palamarta. Kapan dina béhna mah Alloh nyebut umat Islam téh khoiru ummah. Cicirénna
taya han mun éta umat daék ngalakukeun kritik sosial. Ngalakonan amar ma’ruf nahyi munkar
pok dibarung jeung prakna.
Aya sababaraha hal nu bisa dicatet patalina jeung basa nu aya dina éta kutipan ;
1. kecap-kecapna nu ngabogaan daya tarik, saperti ngajengélék, lakuning lampah, adil
palamarta, pok … prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku harti (bernuansa) ogé henteu
monoton sahingga nu ngaregepkeun henteu ngarasa bosen.
2. Kecap-kecap nu kurang kaharti maksudna, saperti khoirun ummah, amar ma’ruf nahyi
munkar. Pikeun nu lain ti kaluaran pasantrén atawa sakola agama mah kecap-kecap samodél kitu
kurang jelas hartina. Ku sabab kitu juru biantara kudu mere hartina supaya nu ngaregepkeuna
bisa leuwih gampang mahamna.
Dumasar kana catetan-catetan di luhur, hidep bisa ngoméntaran kutipan biantara di luhur dina
ungelan samodél kieu :
Numutkeun pamendak abdi, juru biantara téh tos tiasa ngagunakeun kabeungharan basa Sunda
kalawan saé. Hal éta katingali tina kecap-kecapanan nu teu saukur merhatoskeun katepatan
hartina, tapi ogé daya tarikna, sapertoskeun ngajenggélék, lakuning lampah, adil palamarta, pok
prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku harti (bernuansa) ogé henteu monoton sahingga nu
ngaregepkeunana moal ngarasa bosen.
Mung hanjakal aya sababaraha kecap nu sesah dihartoskeunana.Abot teuing upami kanggo
kalangan awam saperti abdi mah, kecap-kecap khoirun ummah ogé amar ma’ruf nahyi munkar
kirang jelas hartina.Ku margi sakitu juru biantara kedah masihan panjelasan tambihan supaya nu
ngaregepkeunana gampil mahamna.
Pancen/Tugas
Nyieun Biantara sewang-sewangan tema Bebas,ulah poho unsur atawa runtuyan nyieun naskah
biantara, alusna make babasan jeung paribasa komo mun kalimah-kalimahna murwakanti.
6 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
BAB II
PANGAWERUH BASA
Kecap Panganteur
Kecap Panganteur teh nya eta kecap paranti nganteurkeun kecap atawa frasa pagawean,
sangkan leuwih anteb tur eces, contona ;
am dahar|biur ngapung|breng haliber|bar ngampar |barabat nyarita|barakatak seuri|berewek
soek|beledug bitu|belenyeh imut|ber hiber |berengbeng lumpat|blak nangkarak|blug
labuh|breg hujan|brek cingogo|brek gering|bus asup|bring arindit|cakakak seuri|cong
nyembah |celenkeung ngomong|clak tumpak|cleng ngacleng |clik murag|celengok
nyium|creng mayar|crot nyiduh|deker digawe|eureuleu teurab|dug sare|dor dibedil|gableng
luncat|gabrug ngarangkul|gantawang nyarekan|gampleng nampiling|gap nyabak|gaplok
nyabok|gedig indit|gewewek ngegel|hing ceurik|jep jempling|jsb.
Tata Wangun Kecap (Morfologi)
Tata Wangun jeung Warna Kecap (Morfologi)
Kecap (harti 1) nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna.atawa bagian kalimah anu dicirian ku
ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap (harti 2)
nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.
Kecap-kecap dina basa Sunda dipasing dumasar kana wangun jeung warna/Rupa Kecap, nyaeta
:
A. Wangun kecap
o Kecap Asal nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
o Kecap Rundayan nyaeta kecap asal anu geus dirarangkénan
o Kecap Rajékan nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
o Kecap Kantétan nyaeta kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar
B. Warna kecap
o Kecap Lulugu
a. Kecap Barang nyaeta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu dianggap barang.
b. Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang
c. Kecap Pagawéan nyaeta kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma
atawa mahluk séjénna
d. Kecap Pananya nyaeta kecap anu dipake pikeun nanya
e. Kecap Sipat nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap
barang
f. Kecap Bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, atawa beungkeutan,
kumpulan, atawa oge tahapan.
o Kecap Pancén
a. Kecap Panganteb nyaeta kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun
((en): emphasis).
b. Kecap Panganteur nyaeta kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap
éta sangkan leuwih anteb tur écés
c. Kecap Panambah Aspék nyaeta kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian anu
nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén
7 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
d. Kecap Panambah Modalitas nyaeta kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun
kecap barang éta jeung kalimah utamana
e. Kecap Panyambung nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa
babagian kalimah
f. Kecap Panyeluk nyaeta kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan
A.1 Kecap Asal
Kecap asal disebut oge wangun asal, nyaetakecap anu teu kungsi ngalaman parobahan.Proses
morfologis basa Sunda nyaeta proses anu ngahasilkeun kecap jadian (kecap turunan) ku cara :
1. Ngararangkenan, hasilna disebut kecap rundayan.
2. Ngarajek, hasilna disebut kecap rajekan.
3. Ngantetkeun, hasilna disebut kecap kantetan.
contona, kecap asalna “dahar” mangsa ngalaman proses morfologi ku cara mere imbuhan
(ngararangken tukang) “-eun” jadi dahareun.
A.2 Kecap Rundayan
Kecap rundayannyaeta kecap asal (kata dasar) nu geus dibere rarangken.
Rarangken (imbuhan) aya opat rupa, nyaeta :rarangken hareup (afiks/awalan), rarangken
tengah (infiks/sisipan), rarangken tukang (sufiks/akhiran),jeung rarangken barung (konfiks).
a. Rarangken hareup (Afiks/awalan) nyaeta rarangken anu disisipkeun di hareup kecap asal.
Rarangken hareup dina basa Sunda, nyaeta : ba-,barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-, pang-, para-,
per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.
b. Rarangken tengah (Infik/sisipan) nyaeta rarangken nu disisipkeun di tengah kecap
asal. Rarangken tengah aya tilu, nyaeta :-ar-, -um-,jeung -in-.
c. Rarangken tukang (Sufiks/akhiran) nyaeta rarangken anu disisipkeun di tukang kecap asal
(kata dasar). Rarangken tukangnyaeta :-an, -eun, - ing/ning, -keunjeung -na.
d. Rarangken barung (Konfiks) nyaeta rarangken nu disisipkeun di hareup jeung tukang dina
kecap asal. Rarangken barungnyaeta :ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika-, pika--
eun, jeung sa--eun.
A.3 Kecap Rajekan
Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali/leuwih, sabagean atawa sagemblengna,
robah sorana atawa henteu.Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa.Kecap kasebut asup
kana kecap rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap rajekan sabagian, boh bagian
hareup atawq bagian tengah.Contona tatajong, babagi, sababaraha.
A.4 Kecap Kantetan
Kecap kantetannyaeta kecap nu diwangun ku cara ngagabungkeun kecap jeung kecap, kecap
dengan cakal, atau cakal jeung cakal. Conto :
1) Kantetan kecap jeung kecap, contona :hejo tihang, panon poe.
2) Kantetan kecap jeung cakal, contona :kurang ajar, kagok asong.
3) Kantetan cakal jeung cakal, contona :adug lajer, huleng jentul.
4) Kantetan kecap jeung morfem unik, conto: sabar darana, keukeuh peuteukeuh
Pangaweruh Basa/Pedaran
A.3 Kecap Rajekan
Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali/ leuwih, sabagean atawa sagemblengna,
robah sorana atawa henteu
8 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
Babagian kecap rajekan, diantarana :
a. Kecap Rajekan Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebutkeun dua kali
engang (suku kata) mimiti kecap asalna. (dwi = dua, purwa = mimiti).
Contona Dwipurwa nurutkeun hartina :
§ Lain nu boga lalakon : bubuntut
§ Barang nu siga : sisiku, babantal
§ Nuduhkeun alat : kakait, cocolok
§ Kecap semu/samar : ririwa, pepetek,papagon
§ Kecap abstrak : papayung, kokojo
Dwipura ditambah rarangken :
§ Leuwih ti sakali : seuseurian, gogorowokan
§ Barang tironan : momobilan, paparahuan, iimahan
§ Rupa-rupa : kekembangan, pepelakan, bubuahan
§ Babagean awak : mumuncangan,peupeuteuyan
§ Mindeng makena : sasapedahan, momotoran
§ Asa : singsireumeun, lilinieun
§ Kasakit : jeungjeuriheun, sisidueun
§ Kalakuan : pupujieun, beubeulieun jrd.
b. Kecap Rajekan Dwimadya(1)(dwi = dua, madya = tengah), nyaeta kecap rajekan nu dijieun ku
cara nyebutkeun dua kali engan ditengah kecap asal. Contona :sababaraha.
c. Kecap Rajekan Dwilingga(2)nyaeta kecap anu dirajek sagemblengna, aya nu robah aya oge nu
teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebutna Dwimurni(3), anu robah sorana
disebut Dwireka(4).
1. Dwimurni,(dwi = dua, murni = asli), kecap rajekan anu diwangun kucara nyebutkeun dua kali
bentuk asal.
a. Loba : bangku-bangku, samak-samak
b. Sarua sifatna : amis-amis, pait-pait
c. Lila milampahna : mikir-mikir, nimbang-nimbang
d. Kahanjakalan : geulis-geulis,pinter-pinter
2. Dwireka ,(dwi = dua, reka = rupa), kecap rajekananu diwangun ku cara nyebutkeun dua kali
bentuk asal tapi jadi beda sorana.
a. Nuduhkeun loba : unak-anik, tulang-taleng
b. Leuwih ti sakali migawena : luak-lieuk, tumpa-tempo
c. Nuduhkeun ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, crung-creng
3. Kecap Rajekan Trilingga(5) nyaeta dirajek tilu kali jeung robah sorana, contona : dag-dig-dug,
hah-heh-hoh, pak-pik-pek.
4. Kecap Rajekan Dwisasana(6)nyaeta kecap nu dirajeknangan engang nu panungtung kecap
asal. Contona :pudigdig, cikikik, cakakak.
5. Kecap Rajekan Binarung Rarangken(7), nyaeta kecap rajekan nu dibentuk ku cara
nyebutkeun dua kali atau lebih bentuk asalna ku nambahan rarangken. Contona :saalus-alus,
patarik-tarik.
9 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
BAB III
Mahamkeun Surat Kabar
Koran atawa Surat Kabar Basa Sunda munggaran, nyaeta Sora Merdika pingpinan Moh.Sanoesi,
edisi ka-3 taun ka-1 medal tanggal 1 Mei 1920. Aya oge nu nyebutkeun koran basa Sunda
munggaran teh Sunda Berita. Jaman pergerakan oge medal Soemanget asuhan Tunggono,
mingguan basa Sunda Pajajaran pingpinan Haris Soema Amidjaya, Pendawa pingpinan Gatot,
jeung Siliwangi nu di aping ku Ema Brata Koesoema.
Koran basa Sunda sejenna, Masa Baroe, Sapoedjagat, Simpaj, Isteri Merdeka, Panglima
jeung Tawekal pingpinan Harsono, Sipatahoenan(1923) pingpinan Ahmad Atmadja jeung Bakri
Suraatmadja nu kabehannana terbit munggaran di Tasikmalaya, Galoeh di Ciamis pingpinan
Arsim Karna Winata, Balaka pingpinan Ikik Wiradikarta, Sinar Pasoendan pingpinan Ali Ratman
sarta pamingpin redaksina Imbi Djajakoesoema jeung wakilna O.K.Yaman, redaktur harian Moh.
A.Afandi jeung Iding Wangsawidjaja (Iding Wangsawidjaja kungsi jadi sekretaris Bung Hatta).
Eta koran basa Sunda teh ku kaom nasionalis dipake dipake alat perjoangan. Koran basa Sunda
tadi nu pangnyongcolangna jeung gede komarana nyaeta Sipatahoenan nu saterusna kantor
redaksina pindah ka Bandung sarta kungsi jadi koran harian. Warta-wartana lolobana ngeunaan
kahirupan masarakat sarta nembongkeun sikep mihak ka Soekarno. Jaman Jepang teu medal.
Taun 1950 dipingpin ku Moh.Kurdi, Sipatahoenan medal deui, tapi ngan kuat tepi taun 1985.
Sanggeus merdeka, koran basa Sunda nu alanyar patingpucunghul di Jawa Barat. Sinar
Madjalengka (1948) di Majalengka, Warga (1954) nu dipingpin ku Eeng di Bogor, Kalawarta
Kudjang(1956) di Bandung, majalah Mangle (1957) di Bogor nu ditaratas ku RH Oeton Muchtar
jeung Ny.RHE Rochimika Sudarmika (kantor redaksina taun 1962 pindah ka Bandung).
Mangle tepi ka ayeuna terus medal kalayan mayeng saminggu sakali. Awal taun 1960-an Ajip
Rosidi nerbitkeun majalah Soenda. Di Bandung taun 1972, medal Giwangkara, Gondewa,
jeung Galura. Taun 1975, Galura jadi anak penerbitan Pikiran Rakyat.
Masarakat Sunda boh nu di Jawa Barat, boh nu cicing di luar Jawa Barat kudu reueus ku reana
media cetak basa Sunda, sabab ;
1. dijaman kolonial ngadeudeul perjoangan bangsa
2. Jadi media informasi, hiburan, jeung atikan
3. Media kontrol sosial
Surat kabar atawa majalah dina basa Sunda anu masih keneh aya kiwari teh diantarana :
1. Galura Sundajeung Giwangkara, terbitna mingguan.(koran)
2. Mangle, terbitna mingguan (majalah)
3. Cupumanik jeung Sunda Midang, terbitna bulanan (majalah)
Unsur Nyieun jeung Nulis artikel ngeunaan kasundaan, nyaeta :
1. Sumberna naon ngaranna? (majalah, koran, internet, jsb.)
2. Titimangsa medalna atawa terbitna artikel?
3. Judulna naon?
4. Topikna ngeunaan naon?
5. Pangarangna Saha?
6. Ringkesna, inti sari,atawa kasimpulana kumaha?
7. Dicutat deui, iyasana, atawa ditulis deui ku saha?
10 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
Pangaweruh Basa
Sisindiran
Sisindiran asalna tina kecap ‘sindir’ nya éta ngomong henteu togmol tapi ku jalan dibalibirkeun,
pikeun ngaragangan nu diajak nyarita, supaya omongan urang henteu karasa nyentug. Jadi nu
disebut sisindiran téh nya éta kasenian ngaréka basa nu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun
ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (M.A. Salmun).
Sisindiran nurutkeun wangunna dibagi tilu, nyaéta:
1. Wawangsalan/bangbalikan
2. Paparikan
3. Rarakitan
Nilik kana sipatna, wangun nu tilu éta mibanda tilu rupa sipat, nya éta: 1) silih asih, 2) piwuruk,
jeung 3) sesebréd.
Wawangsalan/bangbalikan
Wawangsalan asal kecapna tina wangsal anu hartina wangsul, maksudna balik. Éta sababna
wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan anu asal kecapna tina balik.
Wawangsalan/bangbalikan nya éta hiji wangenan sisindiran nu diwangun ku cangkang jeung eusi
sarta disatukangeun eusina mangrupa tarucing (tebakan).
Wawangsalan/bangbalikan dibagi jadi dua, nya éta:
1. Bangbalikan lanjaran
Nya éta wawangsalan nu teu kauger ku patokan pupuh. Contona:
Teu puguh monyét hideungna, teu puguh tungtungna (lutung)
Tepi ka kélor héjona, tepi ka antukna (katuk)
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun (kéjo)
2. Bangbalikan dangding
Nya éta wawangsalan nu kauger ku patokan pupuh. Contona:
Kinanti
Di Cikajang aya gunung,
asa paturay jasmani
Kalong leutik saloa gedang
Kembang biru di astana
abot pisah jeung nu asih.
Paparikan
Paparikan asalna tina kecap ‘parik’ anu asalna tina “parek”, hartina deukeut. Anu padeukeutna
téh nya éta sadana atawa sorana dina cangkang jeung eusi.
Paparikan diwangun ku opat pada, dua pada cangkang jeung dua pada eusi, unggal pada lobana
dalapan engang.
Paparikan dibagi dua, nya éta:
1. Paparikan kawih, nya éta paparikan nu teu kauger ku patokan pupuh. Conto :
Leuleupeutan leuleuweungan
Ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
Ngarah téténjoanana
2. Paparikan dangding, nya éta paparikan nu kawengku ku patokan nyieun pupuh. Contona:
Kapinis ulah disumpit
11 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
Tangkal muncang ngarangrangan
Kembang kopi kembang kopo
Karungkang pucuk karungkang
Lampuyang cocongoan
Bawaeun ka Raja Galuh
Batu tulis di sakola
Nilik kana sipatna, paparikan téh bisa mibanda tilu rupa sipat, nya éta:
1. Silih asih
2. Piwuruk
3. Sesebréd
Rarakitan
Rarakitan salasahiji wangenan sisindiran anu asalna tina kecap “raket” hartina deukeut, tapi raket
mah maknana leuwih deukeut atawa dalit. Raket di dieu nya éta raket sora atawa sadana antara
cangkang jeung eusi téh raket pisan, Nilik kana sipatna, rarakitan mibanda tilu rupa sipat. Nya éta
silis asih, piwuruk, jeung sesebrédcontona:
A. Silih asih
Kaso pondok kaso panjang Sapanjang jalan Soreang
Kaso ngaroyom ka jalan moal weleh diaspalan
Sono mondok sono ngajang sapanjang tacan kasorang
Sono patepang dijalan moal weleh diakalan
B. Piwuruk lamun urang ka Cikole
Sing getol nginum jajamu moal hese tumpak kahar
Nu guna nguatkeun urat lamun urang boga gawe
Sing getol neangan elmu moal hese barangdahar
Nu guna dunya aherat
C. Sesebred Rarasaan ngala mayang
Sok hayang nyaba ka Bandung teu nyaho cangkeuteuk leuweung
Sok hayang nyaho nanjakna rarasaan koneng umyang
Sok hayang nanya nu pundung teu nyaho cakeutreuk hideung
Sok hayang nyaho nyentakna
12 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
BAB IV
Nulis Biografi
Biografi nyaeta riwayat hirup nu kaalaman ku saurang jalma sarta netelekaeun dimana jeung
iraha lahirna, kungsi sakola dimana wae, naon pagaweanana, kaunggulanna, prestasi, karya,
atawa pangalaman istimewa anu penting sarta aya mangpaatna pikeun jalma sejen.
Upamana bae, biografi Rd. Dewi Sartika, Oto Iskandar di Nata, Ali Sadikin, biogafi Soeharto,
biografi SBY, jsb.
Kagiatan nulis anu mangrupa salah sahiji kaparigelan produktif dina pembelajaran basa jeung
sastra Sunda. Kaparigelan nulis mangrupa kagiatan anu paheut patalina jeung kagiatan anu
dilaksanakeun ku guru jeung murid dina proses pembelajaran, boh di sakola boh di luar sakola.
Nulis teh mangrupa
(1) kaparigelan basa anu produktif,
(2) proses nyusun lambang grafis, jeung
(3) proses komunikasi make lambang grafis.
Tujuan Nulis pikeun nepikeun informasi jeung pikeun ngahudang rasa.Salian ti istilah nulis, aya
deui istilah sejen, nyaeta ngarang.
Wujud tina hasil nulis disebut tulisan, sedengkeun wujud tina hasil ngarang disebut karangan.
Nilik kana medium basa nu dipakena, aya nu disebut karangan lisan jeung karangan tulis.
Ari numutkeun warnana (jenisna), aya nu disebut karangan prosa, aya oge anu
disebut karangan puisi.
Dumasar kana jihat wangunna (bentuk), aya nu disebut
1. karangan bahasan (eksposisi),
2. alesan(argumentasi),
3. kisahan(narasi),
4. lukisan(deskripsi),jeung
5. karangan drama.
Standar kompetensi nulis teh nyaeta mampuh nulis pikeun nepikeun rupa-rupa pesen (pikiran,
perasaan, jeung kahayang) sacara tinulis dina warnaning karangan saperti padoman
wawancara, prosa, (pangalaman, biografi, bahasan, berita, esey, surat, carpon, laporan,
bahasan) jeung puisi (sajak, guguritan, sisindiran).
Runtuyan kagiatan Nulis nya eta :
1. Nyalin, nuliskeun deui
2. Nyadur atawa nyundakeun
3. Ningkes jeung ngalaporkeun
4. Nyusun guneman (nyieun daptar pertanyaan, wawancara, angket)
5. Nyieun surat 6. Nulis artikel atawa pedaran)
7. Ngarang pangalaman 8.Nulis naskah biantara
9. Ngararancang kagiatan
10. Nulis memo.
11. Ngarang wangun lancaran, ugeran jeung drama.
13 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
Nulis teh mangrupa sarana pikeun ngutarakeun hiji perkara anu disusun ngagunakeun basa tulis.
Eta wujud tulisan teh bisa ngajengleng dina wangun karangan anu gembleng atawa bisa oge
mangrupa paragraf.
Paragraf nyaeta beungkeutan kalimah-kalimah anu ngandung hiji tema.Paragraf anu eusina
ngajelaskeun hiji hal, proses, atawa peristiwa, disebut paragraf eksposisi.
Conto Nulis Biografi :
Biografi MangKoko
Mang Koko (1917-1985) sosok seniman Sunda, pencipta lagu-lagu Sunda. Dilahirkeun di
Indihiang, Tasikmalaya ping 10 April 1917 jenengna Koko Koswara. Nu janten ramana
nyaeta Ibrahim alias Sumarta, masih turunan Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeuna
namatkeun pendidikan di HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Damelkawit taun 1937 noron di:
Bale Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Surat Kabar Harian Cahaya,
Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Provinsi Jawa Barat, Guru anu jadi Direktur
Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di Akademi Seni Tari Indonesia
(ASTI) Bandung (ayeuna mah STSI/Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung). Anjeuna
ngantunkeun di Bandung, 4 Oktober 1985 dina yuswa 68 taun.
Ti alit keneh anjeuna tos wanoh jeung alat musik saperti kacapi, suling, gitar, biola. Kaleresan
ramana nyayogikeun alat-alat atawa waditra tadi dibumina di Indihiang. Mang Koko
oge sering naek munara masjid kobla subuh ngahaleuangkeun tarhim. Pangemut
anjeuna tarhim oge tiasa diangge cara anu sae kangge ngolah vokal.
Bakat seni nu dipimilik turunan ramana anu kawentar janten juru mamaos
Ciawian jeung Cianjuran. Salajengna anjeuna diajar nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan
Sunda anu toskasohor sareng nyungsi hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga
Koesoema dinata, ahli musik Sunda.
Mang koko hiji budayawan sunda anu mungkin hese diteangan bandingna. Anjeuna nyiptakeun
lagu, nyieun grup-grup seni sunda, mingpin sakaligus jeung ngajarna. Ku ciptaana nu tegar jeung
dinamis, anjeuna hasil ngalanglang wates – wates provinsi jeung tradisi dikenal sacara nasional.
Dinamimiti kamerdekaan, 1946, anjeuna mitembeyan grup kasenian "Kanca Indihiang".
Midangna grup ieungaliwatan siaran Radio Bandung radio nu baheula dipancarkeunti
Tasikmalaya. Kumargi kitu teu matak heran waktu Mang Koko ngalih ka Bandung taun 1950,
Oejeng Soewargana nu gaduh penerbit Ganaco, nyuhunkeun Mang Koko “membukukan” lagu
ciptaana.
Judul bukuna, Tjangkurileung (ketilang) ditaun 1959, nu salajengna diabadikeun
jadi ngaran yayasan anu didirikeunn ku Mang Koko pikeun ngembangkeun karawitan
dikalangan murid, ti SD nepi ka SMTA. Dinahiji dasawarsa, 1960-1970, kacatet
1.800 urang nu meunang sertifikat ti Yayasan Tjangkurileung. Terus Mang Koko nyieun lembaga
pendidikan seni Ganda Mekar keur kalangan mahasiswa jeung umum. Anjeuna oge ngadegkeun
jeung jadi pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara Akademi Seni Karawitan Indonesia
(ASKI), Bandung (1971). Kantos oge anjeuna nerbitkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung"
(1970-1983).
Dinamangsa produktif antara taun 1950-1960, rata-rata Mang Koko nyipta tilu lagu dina tiap
mingguna. Periode 1960-1970, produktivitasna nurun tapi laguna leuwih “berisi”. Kurang
14 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
leuwih 1000 lagu Sunda anu geusdi ciptakeun. Salah sahijina lagu Badminton anu populer, dina
mangsa bulu tangkis nasional digjaya, anjeuna nyiptakeuna dina taun 1943, samemeh Rudy
Hartono jadi juara All England.
Lian ti nyiptakeun lagu, Mang Koko ogejadi “pembaru” musik Sunda. Mang Koko urang
Sunda anu mimiti ngasupkeun dasar perkusi kana lagu-laguna. Upamana wae dina lagu
Mundinglaya, Mang Koko ngasupkeun sora kentongan. Tapi di bagian lain, anjeuna ngalengkepan
sora kacapi jeung naratas kacapi elektrik. Dina hal pembaru musik Sunda ieu
Pamarentah maparin Anugerah Satya Lencana dina taun 1971, nu disimpaykeun ku Menteri P
dan K Mashuri, S.H.
Mang Koko salah asuranganu saleh, basajan jeung“merakyat”nu akrab jeung sakabeh
kalangan masarakat, kitu numutkeun RAF.
Diantara karya cipta kakawihan nu ku Mang Koko dikumpulkeun dina buku-buku, boh nu
geus diterbitkeun atawa masih mangrupa naskah-naskah nya eta :
"Resep Mamaos" (Ganaco, 1948),
"Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952),
"Ganda Mekar" (Tarate, 1970),
"Bincarung" (Tarate, 1970),
"Pangajaran Kacapi" (Balebat, 1973),
"Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984),
"Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984),
"Layeutan Swara" (YCP, 1984),
"Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jeung nu sejenna.
Karya-karyana teu nga saukur dina widang kawih, tapi oge dina widang seni drama jeung gending
karesmen, contona:
"Gondang Pangwangunan",
"Bapa Satar",
Pancen/Tugas
Nyieun jeung teangan Biografi Singket tokoh atawa inohong anu dipikaresep ku hidep dina
wangunan Biografi singket siga conto diluhur, utamakeun tokoh Sunda atawa Seniman Sunda nu
dipikawanoh ku hidep, jieun artikel siga conto.
Gurat Badag Ningkes Biografi
1. Saha nu rek dijadikeun tokoh Biografi nudipikaresep
2. Titimangsa kalahirana jeung tempat lahirna katut kulawargana
3. Widang nu jadi kaunggulana sarta sertifikat/kajuaraan
4. Taun-taun kawentar/kasohor
5. Watek, sipat, kapribadian nu jadi eunteung kahirupan
6. Visi misi cita-cita hirupna
7. Namatkeun Sakola nepi ka paguron luhurna dimana wae
8. Kamandang atawa pesen dirina keur nu maca biografina
15 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
BAB V
Minton Sawala
A. Harti Sawala/Diskusi
SAWALA atawa Diskusi nyaeta kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan jeung
maluruh nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan pikeun
ngarengsekeunana. Ilaharna diskusi ngalibatkeun sababaraha urang. Malah dina kagiatan-
kagiatan umum mah, anu ngalibatkeun jalma loba, kudu loba pangaturan anu jelas supaya
prosesna lancar tur bener.
Lian ti éta aya ogé nu disebut rapat, nyaéta gempungan para pangurus organisasi atawa
perkumpulan nu aya patalina jeung pancén atawa rupa-rupaning pasualan.Rapat biasana
dipimpin langsung ku kapala atawa pupuhu éta organisasi.Sabagé pamingpin, kapala instansi
ngarahkeun obrolan, pamanggih, koméntar para pamilon supaya kaputusan nu dihasilkeunana
bener-bener luyu jeung tujuan rapat.
B. Para PamilonSawala/Diskusi
Para palaksana diskusi ngabogaan pancén séwang-séwangan.Maranéhna aya nu disebut
moderator atawa panumbu catur, sekretaris, narasumber atawa panelis, jeung paserta.
1. Moderator
Pancénna nyaéta saperti di handap ieu.
a) Nepikeun pasualan-pasualan nu baris didiskusikeun.
b) Nepikeun aturan maén atawa tata cara diskusi.
c) Muka jeung nutup jalanna diskusi.
d) Ngatur jalanna diskusi.
e) Ngajaga kalumangsung diskusi luyu jeung tujuan ogé jadual nu ditangtukeun.
f) Nepikeun kasimpulan-kasimpulan diskusi.
2. Sekretaris
Pancén poko sekretaris diskusi.
a) Nyatet ngaran peserta diskusi jeung tanggapan-tangapanana.
b) Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila diskusi.
c) Nyieun catetan jeung kasimpulan-kasimpulan samentara diskusi.
d) Nyieun laporan diskusi sacara lengkep satutasna diskusi.
3. Panelis
Dina diskusi-diskusi gedé, sapertikeun diskusi panel atawa seminar, sok aya petugas diskusi
séjénna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancén pokona nepikeun makalah atawa medar
téma diskusi sacara panjang lébar. Manéhna boga peran sabagé narasumber atawa pananyaan
pikeun para peserta diskusi patalina jeung hiji pasualan.
4. Peserta
Kahadiran jeung andil para peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi. Kateuhadiran
para peserta diskusi sarua hartina jeung teu aya diskusi. Ti para diskusi, sagala pamanggih, jalan
kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan bias dirumuskeun. Ku sabab kitu, para peserta diskusi teu
saukur diharepkeun hadir, nu leuwih penting nyaéta andilna ku mangrupa saran, pandapat,
atawa koméntar- koméntarna.
C. Tata Cara Diskusi
Sacara umum, tata cara diskusi ngawengku sababaraha tahapan saperti di handap ieu.
16 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
1. Meunang idin ti moderator
Saméméh nepikeun saran, pamanggih jeung séjén- séjénna, unggal peserta kudu meunang idin
ti moderator.Teu cukup ku ngangkat leungeun, peserta diskusi meunang nyora lamun ditunjuk
atawa diidinan ku moderator.
2. Ngenalkeun Diri
Ngenalkeun diri diperlukeun dina diskusi-diskusi gedé, utamana anu pesertana teu saling kenal.
Ungggal peserta nu rék nepikeun pamanggih, saran, kritik, jeung sajabana perlu ngamimitian ku
ngenalkeun diri: ngaran, kelas/sakola, atawa alamat.
3. Nepikeun Saran atawa Pamanggih
Dina nepikeun saran atawa pamanggih, hal-hal di handap ieu kudu diperhatikeun.
a. Saran, pamanggih, jeung sajabana kudu dibarengan ku alesan, fakta, atawa conto nu jelas.
b. Saran atawa pamanggih kudu ditepikeun kalawan lancar, jelas, sopan, jeung wijaksana.
Anapon tahapan-tahapan mingpin diskusi/rapat, nyaéta saperti di handap ieu:
1. Muka diskusi
a. Ngucap salam
Assalamualaikum Wr. Wb., hadirin!
Wilujeng énjing para wargi.
b. Nganuhunkeun kana kahadiran para peserta atawa pamilon diskusi.
“Nganuhunkeun ka para pangurus OSIS anu tos sayogi ngalungguhan pangulem pribados
kanggo ngahadiran ieu acara.
c. Nepikeun pamaksudan diskusi.
Anapon pamaksudan prbados ngayakeun ieu diskusi teu aya sanés kanggo ngabadantenkeun
rencana urang dina acara halalbihalal engké. Utamina tempat, waktu, sareng biaya anu
diperyogikeun”.
2. Ngatur jalanna diskusi
Kalimah-kalimah nu ilahar digunakeun ku pamingpin diskusi dina ngatur atawa ngarahkeun
jalanna diskusi, nyaéta saperti di handap.
a. “Mangga ka sadérék sadaya nu bade ngadugikeun saran-saran!”.
b. “Rupina pasualan dana mah éngké waé dibahas ti pengker. Ayeuna mah langkung saé
ngabadantenkeun tempat sareng waktosna heula”.
c. “Supados teu nyangkolon kana waktos, mangga urang putuskeun waé ku cara voting…”
d. “Saéna urang istirahat waé heula atuh supados tiasa seger sareng langkung sumanget deui.
Kinten-kinten tabuh dua urang teraskeun ieu rapat”.
3. Nyimpulkeun jeung nutup diskusi.
a. “Janten aya sababaraha kacindekan nu tos disaluyuan ku sadayana nyaéta…”
b. “Tina hasl babaddantenan tadi, ti siang dugi ka sonten ayeuna, aya sababaraha hal nu tos
tiasa ku urang disimpulkeun…”
c. “Alhamdullilah, sadérék sadaya, rapat tos tiasa ngahasilkeun sababaraha kaputusan penting.
Mudah-mudahan sadayana mangpaat sareng tiasa ku urang dilaksanakeun kalawan lancar”.
D. Niténan Lumangsungna Diskusi.
Dina kahirupan sapopoé, bias ogé urang ngan saukur jadi pamilon diskusi atawa pangamat
wungkul.Éta kassmpetan hade pisan pikeun dijadikeun conto lamun prak-prakan bener-bener
alus, sakaligus bisa dijadikeun pieunteungeun lamun éta diskusi téh goréng.
Pananya-pananya di handap ieu bisa djadikeun padoman dina nganiléy goréng alusna hiji diskusi.
17 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
1. pamingpin diskusina adil tur wijaksana?
2. ngarti pamingpin diskusi téh kana aspirasi anggotanya?
3. para anggota miluan éta diskusi téh serius atawa apilain?
4. pamanggih sarta koméntar-koméntarna ditepikeun sacara lengkep tur jelas?
5. pasualan-pasualan diskusi téh kapecahkeun kalawan tuntas?
Pananya-pananya di luhur bisa ditambahan-tambahan deui, misalna nu aya patalina jeung
kaefektifan waktuna, katartiban dina palaksanaanana, kabersihan tempatna.
E. Ngalaporkeun Hasil Diskusi
Ngalaporkeun hasil diskusi hartina nepikeun jeung nétélakeun sagala rupa hal nu diputuskeun
dina jero diskusi. Laporan diskusi kabiasaanana dijieun sacara tinulis.Gunana pikeun padoman
para anggota diskusi, sabagé dokumén atawa arsip organisasi.Laporan éta perlu ogé ditepikeun
ka pihak-pihak séjénna, atawa kapala sakola.Lamun para pangurus RT nu diskusina, hasilna
ditepikeun ka lurah atawa kuwu.
Anapon widang-widang nu perlu ditepikeun dina laporan diskusi, nyaéta:
1. jejer atawa masalah nu didiskusikeun,
2. tujuan diskusi,
3. para pelaksana jeung pamilon diskusi,
4. tempat jeung waktu diskusi,
5. hasil-hasil diskusi,
6. kacindekan.
Dihandap ieu dicontokeun susunan laporan diskusi,
1. pangbubuka
kasang tukang diskusi
jejer/masalah diskusi
tujuan diskusi
tempat/waktu
pamilon
2. hasil diskusi
poko-poko masalah nu didiskusikeun
pananya sarta tanggapan nu dtepikeun ku pamilon rapat
3. panutup
kacindekan-kacindekan diskusi
pasualan-pasualan nu nyésa, tacan kabahas (lamun aya)
saran-saran
4. lampiran
Bagéan lampiran dieusi ku rupa-rupa dokumén nu aya patalina jeung kagiatan diskusi, saperti;
jadwal diskusi
susunan acara diskusi
daftar pamilon diskusi.
Jalma nu mingpin sawala disebut Panumbu Catur(Moderator), anu nuliskeun hasil sawala
disebut Girang Serat (Sekretaris), ari nu sejenna anu ilubiung dina lumangsungna kagiatan
sawala disebut pamilon(peserta).
18 Resume Pelajaran Bahasa Sunda
Kelas X semester ganjil MA YPI CIKUJANG
Riki Herdian S.Pd.I
Pamingpin sawala/panumbu catur/moderator ngabogaaan kawajiban pikeun ngarumuskeun
masalah kalawan merenah. Tapi masalah anu dirumuskeun teu ukur jawaban anu “bener” atawa
“salah”.
Pamingpin sawala anu hadenyaeta kudu :
1) apal aturan perkara sawala,dina mere lolongkrang nyarita ka para pamilon, ngamangfaatkeun
waktu nu disadiakeun, jeung ngarumuskeun kacindekan;
2) sabar;
3) ngahargaan unggal pamadegananu diasongkeun ku panyatur atawa pamilon;
4) jujur, someah, teu nogencang(beurat sabeulah).
Kagiatan nu aya dina Sawala :
1) Ngawangun sababaraha kelompok sawala;
2) Unggal kelompok nangtukeun materi anu rek disawalakeun, topikna bisa milih, diantarana :
a.Basa Daerah perlu di mumule,
b.Ngamekar– keun Kasenian tradisional,
c.Ngaronjatkeun hasil tatanen,
d.Tarekah ngaronjatkeun prestasi diajar,
e.Miara kabersihan lingkungan.
3) Unggal kelompok nuliskeun perelean (rincian) eusi sawala luyu jeung salah sahiji topik anu
dipilih di luhur:
4) Unggal kelompok nangtukeun saha-sahana anu jadi panyatur, panumbu catur, jeung girang
serat;
5) Merenahkeun meja jeung korsi tempat lumangsungna sawala:
6) Jawab kalawan logis sakur pananya ti pamilon;
7) Wani ngoreksi jeung jembar narima saran ti kelompok sejen;
8) Tuliskeun kacindekan hasil sawala;
Pangaweruh Basa Sunda
Ngaran Tempat
Karapyak : kandang Sapi/Munding
Gedogan : kandang Kuda
Paranje : kandang Domba/Hayam
Pagupon : kandang Japati
Karangkeng : kandang sato galak
Pawon : tempat hawu/dapur
Padaringan : tempat neundeun beas
Pangkeng : tempat sare
Alun-alun : puseur kota
Jongko : wangunan paragi dagang
Palalangon : wangunan nu aya di sisi leuweung paranti ngintip sato bururan
Ubrug : adegan tempat digawe sawatara lilana
Leuit : adegan tempat ngampihan pare
Elos : tempat nyieun jeung gagaringkeun bata atah
Lio : tempat pameuleuman bata
Padumukan : tempat nganjrek/lembur
Saung : tempat ngiuhan patani/tukang kebon ngareureuhkeun cape
Goah : tempat neundeun barubutan/gudang