The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.

Materi pangajaran ka dua nya eta drama

Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by yenninuryani96, 2022-02-14 09:57:54

Materi Drama

Materi pangajaran ka dua nya eta drama

DRAMA

Yenni Nuryani, S.S., M.Pd

DRAMA, NYA ETA ...

• Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali prosés. Kahiji ayana nasakah drama,
kadua éta naskah téh dipintonkeun. Nu ngalaksanakeun pintonan drama téh actor/aktris/palaku
nu baris merankeun karakter nu aya dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting.
Kusabab ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna
kalimah langsung.

ISTILAH DRAMA….

asalna tina basa yunani nya éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau
beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel.
Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu
hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi
Sandiwara. Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah,
wara/ warah miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh
pangajaran tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah.Aya deui istilah séjénna nu
padeukeut jeung drama nya éta teater.Teater asalna tina kecap theatron nu hartina
tempat pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun nyebut drama
modern.

tema UNSUR-
palaku UNSUR
lattar DRAMA
alur
amanat

TEMA……

Téma dina drama, umumna teu jauh bédana jeung téma dina puisi atawa prosa fiksi, nya éta poko
pikiran anu dikandung ku eusi carita. Patali jeung eusi carita atawa lalakon drama, anu bisa jadi aya
patalina jeung téma, aya anu disebut drama komédi, drama tragedi, jeung melodrama. Salian ti éta, téma
ogé bisa mangrupa pasualan nu diungkapkeun dina hiji ciptasastra (Esten, 1993:22). Iskandarwasid
(2003:162) nétélakeun sacara gemet yén téma téh nya éta inti tangtungan atawa inti ageman anu
sipatna abstak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun anu maca; bisa jadi ku
pangarang ditembrakkeun (ditulis).Tapi mimindengna mah implicit.Téma téh jadi pameungkeut
sagemblengna carita.Atawa, muncul tina carita sagemblengan.

PALAKU….

• palaku atawa “penokohan” dina drama téh nya éta ngaran-ngaran
jelema katut pasipatan anu ngalakukeun dina carita drama, palaku
téh biasana disebutkeun dina bagian awal naskah drama, anu
heunteu kaasup kana lalakon. Di dinya diterangkeun saha-saha waé
anti ngaalalakon téh: ngaranna, umurna, pacabakanana, pancakakina,
katut hubunganna jeung palaku liana. Patali jeung kalungguhanana
dina carita, palaku téh bisa dibagi jad tilu rupa, nya éta palaku utama,
palaku pangbantu, jeung palaku panambah.

LATTAR…. Latar téh kabagi kana tilu rupa nya éta latar
tempat, latar waktu jeung latar sosial. Latar
tempat nuduhkeun di mana éta tempat
kajadian téh lumangsungna. Dina bagian
anu disebut pituduh panggung (stage
direction). ta bagian téh nerangkeun
kaayaan panggung; latarna kumaha.
Paripolah palaku, jeung ngatur kaluar-
asupna palaku. Malah sakapeung mah
papakéan palaku ogé ditataan dina éta
bagian téh. Ari anu nétélakeun latar,
biasana aya dina awal babak anyar atawa
adegan anyar. Latar mangrupa idéntitas
pasualan drama salaku karya fiksionalitas
anu ditémbongkeun saliwat ku palaku jeung
alur.

ALUR…..

Alur, galur, atawa plot téh nya éta rakitan rupaning
kajadian nepi ka mgawujud jadi leunjeuran carita. Dina

seuhseuhanana mah alur drama téh teu béda jeung
alur carita dina carita fiksi séjéna. Ngan biasana dina
drama mah anu maca atawa nu lalajo téh teu langsung
“digebruskeun” kana pasualan.Ari tempat jeung waktu

katut para palakuna, biasana diwanohkeun leuwih
tiheula dina prolog, anu aya diluar lalakon. Salaku
rangkay tina hiji kajadian alur téh kudu mertélakeun
hiji anu kausalitas sabab alur nu hade téh nya éta

naskah drama (hasanuddin, 1996:90).

Amanat téh nya éta pesen anu hayang
ditepikeun ku pangarang ka nu maca.
Réréana amanat dina drama téh nyamuni di
satukangeun alur carita. Urang bakal nyaho
atawa bisa nangkep amanatna sanggeus
réngsé maca, atawa lalajo pintonanana.

Bagian-Bagian Drama

1. Babak nya eta bagian tina drama anu ngarangkum sakabeh kajadian lumangsung
dina hiji tempat dina urutan waktu nu tangtu; gabungan atawa kumpulan tina
sababaraha adegan dina hiji drama

2. Adegan nya eta tempat lumangsungna hiji kajadian, nu mangrupa bagian tina
babak dina drama nu ngahasilkeun hiji pasualan atawa hiji akibat nu tangtu
(Sudjiman, 1990 : 2)

3. Dina naskah drama teu sakabeuh naskah aya prolog. Upama ditilik, prolog
mibanda mangpaat mangrupa salah sahiji sarana anu aya gunana pikeun nu lalajo
atawa anu maca (sastra) sangkan menang gambaran ngenaan masalah , gagasan
(ide), amanat pangarang, jalan atawa galur carita, kasan tukang, palaku-palaku nu
makalangan, jste.

4. Bagian nu kacida pentingna, sarta sacara lahiriah ngabedakeun antara sastra
drama jeung fiksi liana nya eta dialog.

5. Pesemon, semu atawa paroman nya eta gambaran rasa hate dina beungeut (LBSS
1995 : 4680).

6. Epilog sabalikna tina prolog,epilog ditempatkeun di tukang, mangrupa panutup.

RUPA-RUPA DRAMA….

1. Tragedi nya eta drama anu pinuh ku hal-hal anu pikasediheun,
katunggaraan, alatan ku teu biasa ngalawan nasib

2. Komedi teh nya eta drama atawa carita anu pungkasna kabagjaan keur
palaku utama atawa temana henteu tragism rupa-rupa pagelaran anu
ngolah humor sarta dipungkas ku kabagjaan palaku utama
(Iskandarwassid 2003 : 64)

3. Melodrama nya eta drama anu rea ngolah konflik batin, rea ngolah anu
ngagambarkeun gerakna lautan rasa (Iskandarwassid 2003 : 82).

4. Farce nya eta carita ( drama ) anu caritana leuwih nyoko kana alur
caritaan tinimbang kana penokohan atawa kana karakteristik, sarta
caritana pikalucueunana kaleuleuwihi atawa sangeunahna.

1. Drama rakyat nyaeta drama nu asalna ti rakyat sarta DUMASAR CARA
tumuwuh dikalangan rakyat, biasana aya jeung dipake MINTONKEUNA
dina kagiatan atawa upacara-upacara nu sipatna tradisi. DRAMA AYA 4

2. Drama modern teh biasana sok disebut tunil atawa
sandiwara, disebut drama modern kusabab dina
pagelarana geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu
maen (panggung, make-up,dialog ), sarta aya naskah
(teks)

3. Drama Klasik nya eta drama carita anu medar caritana
ngeunaan kahirupan dewa-dewi (Yunani).

4. Gending Karasmen Gending Karasmen sok biasa
disebut drama swara, nya eta carita nu dialogna dina
wangun kawih, dipirig ku waditra

TUGAS/PANCEN……

1. Pilari contoh teks drama dina buku, majalah,
atawa internet.

2.Teangan unsur-unsur dramana, kayaning: tema,
palaku, lattar, alur jeung amanatna.

3. Kirim kana GCR, paling elat minggu payun


Click to View FlipBook Version