BAHAN AJAR BAHASA SUNDA
KELAS VII
SEMESTER GENAP
PENYUSUN
ARI YUDI PRATAMA, S.Pd
YENNI NURYANI, S.S., M.Pd
UPTD SMP NEGERI 5 DEPOK
JALAN MANDAR NO 30
BEJI TIMUR - DEPOK
1
PANGAJARAN 1
AKSARA SUNDA
Kompetensi Dasar :
3.8 Mengidentifikasi bentuk dan tata cara penulisan aksara Sunda sesuai dengan kaidah-
kaidahnya.
4.8 Menyusun dan menyajikan teks aksara Sunda dengan memperhatikan ketepatan bentuk
dan kaidah penulisannya.
Tujuan Pembelajaran :
Setelah melalui proses pembelajaran tentang aksara sunda peserta didik dapat
mengidentifikasi bentuk dan tata cara penulisan aksara Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
A. Bacaan
Aksara Sunda
Anu dimaksud aksara Sunda kaganga téh nyaéta aksara Sunda hasil “standarisasi”
anu geus ditetepkeun ku SK Gubernur Jawa Barat No. 434/Sk. 614-Dis.Pk/1999. Sajarahna
mah kieu. Taun 1996, kaluar Peraturan Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat No. 6 taun 1996,
ngeunaan Pelestarian dan Pengembangan Bahasa, Sastra,dan Aksara Sunda.
Hasilna disosialisasikeun, nepi ka ahirna dina taun 1999, aksara hasil standarisasi téh
ditetepkeun ku SK Gubernur.Saterusna, hasil standarisasi téh tuluy diasupkeunkana révisi
Perda No. 6/1996, anu tuluy jadi Perda No. 5taun 2003. Nya ti harita aksara Sunda mimiti
disebarkeun ka masarakat, sarta leuwih populer disarebut aksara kaganga. Bulan April taun
2008, aksara Sunda baku atawa anu disebut aksara kaganga téa téh ahirna dipaténkeun jeung
didaftarkeun ka Unicode Internasional pikeun ditetepkeun jadi font dina computer.
Mikawanoh Aksara Sunda
1) Aksara Swara
2) Aksara Ngalagena
2
3
3) Rarangkén
Berdasarkan letak penulisannya, 13 rarangkén dikelompokkan sebagai berikut:
● rarangkén di atas huruf = 5 macam
● rarangkén di bawah huruf = 3 macam
● rarangkén sejajar huruf = 5 macam
a. Rarangkén di luhur huruf
panghulu, ngarobah vokal aksara ngalagena
tina [a] jadi [i].
Conto: = ka → = ki.
pamepet, ngarobah vokal ngalagena tina [a] jadi [ə].
Conto: = ka → = ke.
paneuleung, ngarobah vokal ngalagena tina [a] jadi [ɤ].
Conto: = ka → = keu.
panglayar, nambah konsonan [r] dina tungtung kecap
Conto: = ka → = kar.
panyecek, nambah konsonan [ŋ] dina tungtung kecap
Conto: = ka → = kang.
b. Rarangkén di handap huruf
panyuku, ngarobah vokal ngalagena tina [a] jadi [u].
Conto: = ka → = ku.
panyakra, nambah konsonan [r] di tengah suku kecap.
Conto: = ka → = kra.
4
panyiku, nambah konsonan [l] di tungtung suku kecap.
Conto: = ka → = kla.
c. Rarangkén sejajar huruf
panéléng, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ɛ].
Conto: = ka → = ké.
panolong, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ɔ].
Conto: = ka → = ko.
pamingkal, nambah konsonan [j] di tengah suku kecap.
Conto: = ka → = kya.
pangwisad, nambah konsonan [h] di tungtung suku kecap.
Conto: = ka → = kah.
patén atau pamaéh, ngaleungitkeun vokal dina suku kecap.
Conto: = ka → pamaeh = k.
Angka
Dalam teks, angka diapit oleh dua tanda pipa | ... |.
Conto: | | = 240
5
6
7
8
Nulis Kecap jeung Kalimah Aksara Sunda
Aksara Latén
éléh déét
kalapa
geledegan
alungkeun
gebyar
alung boyong
Sunda sadu santa budi
mun teu ngakal moal
ngakeul
papagon los ka kolong
batan kahok kalah gawok
salamet ulah cilaka,
mangpaat ulah mudarat,
lahir batin dunya ahérat
1.526.473
Ngaranna Arum, lahirna 12
Désémber 1978
9
PANGAJARAN 2
DONGÉNG
Kompetensi Dasar :
3.5 Mengidentifikasi struktur, fungsi sosial, aspek kebahasan, dan nilai-nilai kehidupan
yang terkandung dalam dongeng.
4.5 Menyusun dan mengomunikasikan dongeng yang disimaknya dengan memperhatikan
struktur dan aspek kebahasaan, pelapalan dan lagu kalimat (lentong), serta ekspresi
yang tepat.
Tujuan Pembelajaran :
Setelah proses pembelajaran peserta didik diharapkan dapat memahami dan mengidentifikasi
struktur, fungsi sosial, aspek kebahasan, dan nilai-nilai kehidupan yang terkandung dalam
dongeng serta mampu mengomunikasikan dongeng yang disimaknya dengan memperhatikan
struktur dan aspek kebahasaan, pelapalan dan lagu kalimat (lentong), serta ekspresi yang tepat.
A. Bacaan
Dongéng Kahiji
SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYÉT MELAK CAU
Hiji mangsa monyét gura-gero ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Di mana Sakadang Kuya téh?”
“Di dieu, handapeun batu.”
“Urang melak cau, yu”
“Hayu!”
Bring, cenah, Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya ka tegal. Monyét mah melakna
téh jantungna, ari kuya anakna.
“Urang paheula-heula buahan, Sakadang Kuya!” cek Monyét téh.
“Hayu! Cenah.
Tuluy baralik. Isukna ditaréang pepelakan téh.
Ceuk Sakadang Monyét, “Geus kumaha cau Silaing, Kuya?”
Témbal Sakadang Kuya, “Nu déwék mah kakara pucukan.”
Ceuk Monyét, “Anu déwék mah atung énéh atung énéh.”
Isukna ditaréang deui, “Geus kumaha cau téh, Sakadang Monyét?”
Témbalna, “Atung-atung énéh aé. Ari anu Sakadang Kuya geus kumaha?”
“Leuh, geus bijil daun,” témbal Kuya.
Lila-lila jantung pelak Sakadang Monyét téh buruk. Ari anak cau mah morontod nepi ka
buahanana.
10
Monyét téh ngomong ka sakadang Kuya, “Ku déwék baé ala cau téh, Sakadang Kuya!
Kapan Ki Silah mah teu bisa Naék.”
”Heug baé,” ceuk kuya téh. “Héh ieuh, kojana keur wadah!”
Éta koja téh meunang molongoan biritna. Térékél monyét téh naék, cau téh dipetikan.
Blus, blus, diasupkeun kana koja. Blus, clik Ragrag, kop ku kuya. Blus, clik, blus clik.
Kuya ngaweswes baé, nyatuan cau. Monyét mah acan ngahakan hiji-hiji acan. Ku
monyét koja téh rék dibawa lumpat. Sakadang Kuya mah moal dibéré.
Ari geus béak petikeun, cau téh, gajleng Sakadang Monyét tuturubun. Deregdeg lumpat
ka leuweung. Ari dibuka, cenah, kojana kosong. Atuh ngégél curuk.
Tuluy balik deui ka Sakadang Kuya. Kasampak keur gulang-guling baé, cenah, kamerekaan.
Sakadang Monyét ambek ka Sakadang Kuya.
Pancén 1
1. Naon anu dipelak ku Kuya jeung Monyét?
2. Saha nu ngajak paheula-heula melak?
3. Dimana sakadang Kuya jeung sakadang Monyét melak?
4. Saha nu pinter akalna dina dongéng di luhur?
5. Pelak cau nu saha nu beuki lila beuki morontod?
6. Naon anu dilakukeun ku monyét waktu pelak jantungna buruk?
7. Naon anu dipaké ngawadahan cau ku sakadang Monyét?
8. Kunaon sakadang monyét bet ngégél curuk?
9. Kumaha nasib sakadang Kuya di ahir carita dongéng di luhur?
10. Kumaha watek Kuya jeung Monyét dina dongéng di luhur?
Dongéng Kadua
SITU BAGENDIT
Kaléreun kota Garut téh aya hiji lembur, ngaranna Bagendit. Didinya aya situ nu sok
dipaké ulin ku barudak, ngaranna Situ Bagendit.
Éta Situ téh baheulana mah mangrupa lembur nu kawilang gegek. Kakocapkeun di
dinya aya hiji imah anu agréng. Malah didinya mah pangagréngna wé. Wangunanana alus
kacida. Éta imah nu bogana téh hiji awéwé. Katelahna Baginda Endit. Manéhna téh jalma
beunghar. Ngan hanjakal korét pisan. Ulah boro ka jalma nu teu wawuh, ka tatangga
salemburna ogé tara daék pisan tutulung. Anu maksakeun ménta tulung ka Nyi Endit, geus
tangtu balikna bakal mawa kanyeri. Sabab tibatan ditulungan mah ku Nyi Endit malah sok
dicarékan.
Dina hiji poé, Nyi Endit kadatangan ku aki-aki nu tangtunganana rudin. Leumpangna
kundang iteuk, matak pikarunyaeun. Awakna begang, kawas anu kurang dahar. Manéhna
11
datang ka imah Nyi Endit téh maksudna mah rék ménta ngingum. Tapi karék gé diburuan, ku
Nyi Endit geus diusir mantén.
“Indit siah! Rék naon manéh asup ka pakarangan imah kami!” ceuk Nyi Endit.
“Duh, tulungan abdi téh, Juag. Teu kuat hanaang hayang nginum!” témbal aki-aki.
“Euweuh! Jig, geura indit! Teus sudi kami mah kaanjangan ku jalma pikarujiteun
kitu!”
Éta aki-aki téh tungtungna mah indit. Tapi saméméh kaluar ti pakarangan, manéhna
nyarita ka Nyi Endit.
“Endit, saéstuna pangéran mah maha adil. Boh amal hadé boh amal goréng, tangtu
aya wawalesna séwang-séwangan.”
Geus nyarita kitu mah léos baé indit. Teu jauh ti imahna Nyi Endit, manéhna
nancebkeun iteukna kana taneuh. Tuluy dicabut deui. Ahéng kacida, tina liang urut iteukna
téh ujug-ujug ngaburial cai. Sarta beuki lila beuki gedé. Nepi ka ahirna liangna téh jadi
sagedé sumur.
Jalma salelembur tuluy ibur. Cai beuki lebleban. Itu ieu pada nyalametkeun dirina
séwang-séwangan. Ari ka Nyi Endit mah geus euweuh nu inget saurang-urang acan. Bubuhan
ngaréwaeun.
Basa cai ngeueum lembur téh, Nyi Endit mah keur tibra saré. Kakara apal sotéh basa
cai naék ka imahna. Manéhna pohara reuwaseunana. Tuluy lumpat muru panto hareup. Tétéla
lembur geus kakeueum. Geus taya jalma saurang-urang acan.
Saenyana harita téh manéhna kaburu kénéh nyalametkeun dirina. Lantaran cai karék
semet bujal. Tapi dasar jalma kagélo ku harta. Nyi Endit mah malah tuluy ngabuntelan heula
emas perhiasan jeung papakéan. Manéhna teu rido lamun harta bandana milu kakeueum ku
cai. Nepi ka basa manéhna kaluar ti imahna, cai téh geus semet gado. Ari Nyi Endit nu
sakitu angkaribungna ku babawaan. Nya nyuhun, nya ngélék, nya ngajingjing. Nyi Endit
roroésan ngojay. Tapi tungtungna mah manéhna titeuleum, bareng jeung harta bandana
sorangan
Pancén 2
1. Kumaha kaayaan aki-aki nu datang ka imah Nyi Endit?
2. Dimana pernahna Situ Bagendit téh?
3. Naon anu nyababkeun kaluarna cai di hareupeun imah Nyi Endit?
4. Kunaon Nyi Endit euweuh nu daék nulungan waktu cai beuki lebleban?
12
Kumaha nasib Nyi Endit dina dongéng di luhur?
13
B. Pedaran Dongéng
Dongéng mangrupa carita fiksi nu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.
Dongéng atawa carita rakyat hirup tumuwuh dina kahirupan masarakat sanggeus manusa
wanoh kana bahasa ku kituna dongeng bisa kaasup kana sastra lama atawa sastra heubeul.
Dongéng atawa dangiang mangrupa salah sahiji golongan carita dina
wangun prosa (lancaran). Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula.
Ilaharna dongéng téh pikeun barudak. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran
kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa
mahluk séjénna. Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawaalegori pikeun
mungkus téma.
Ciri-ciri dongéng nyaéta :
1. Sumebar sacara lisan
2. Teu kanyahoan nu ngarangna atawa anonim
3. Ngandung unsur pamohalan (teu asup akal)
Ditilik tina eusi jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi lima bagian,
nyaéta (1) fabél, dongéng nu nyaritakeun kahirupan sastoan, (2) parabél, dongéng nu
nyaritakeun kahirupan jalma biasa, (3) légenda, dongéng nu nyaritakeun asal-usul kajadian
tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan, (4) mite, dongéng anu nyaritakeun mahluk
ciciptaan bangsaning jurig jeung siluman, (5) sagé, dongéng anu nyaritakeun jelema atawa
kajadian nu ngandung unsur sajarah, osok ogé disebut dongéng babad.
Dongéng sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa
atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa.
Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun
kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung
pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Dina kasusastraan Sunda,
dongéng sato téh pohara lobana.
Dongéng babad (Sagé)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di
masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna
nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa
lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap
mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu
14
pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé
dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
Dongéng mité
Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat
ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana
alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung
ayana maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda
alam, jsté. Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nyaéta,
mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti
nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar
Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta
ngalaman prosés adaptasi.Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat
raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan
saperti sangu, jagong,jsté. Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng
Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.
Unsur-unsur pangwangun dongéng
1. Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina
hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca
atawa ngadéngékeun dongéng.
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun
runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka
pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé, galur
mabok tengah, jeung galur campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.Umumna amanat dina
dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji
carita nu sagemblengna.
15
C. Pangaweruh Basa
Rarangkén –ar-/-al- kaasup kana rarangkén anu ayana di tengah-tengah kecap. Pungsina
pikeun nuduhkeun makna jamak atawa loba.
Conto : Budak -> barudak, maca-> maraca, nulis-> narulis
Rarangkén –ar- bakal robah jadi –al- lamun digunakeun ku kecap anu awalna hurup L atawa
di tungtungan ku hurup R. contona : lapar-> lalapar, bageur -> balageur
Rarangkén –ar- bakal pindah ka hareup kecap lamun kecapna diawalan ku hurup vokal.
Contona nyaéta : indit -> arindit, ulin -> arulin, asup -> arasup
Pancén 5
Tambahkeun rarangkén –ar-/-al- kana kecap-kecap di handap!
1. Bodas =
2. Lintuh =
3. Gugur =
4. Datang =
5. Kumpul =
6. Kasép =
7. Dahar =
8. Lulus =
9. Cageur =
10. Nangtung =
16
PANGAJARAN 3
Iklan Layanan Masarakat
Kompetensi Dasar :
3.6 Mengidentifikasi ragam/jenis informasi, bentuk, struktur teks, fungsi sosial, dan
aspek kebahasaan iklan layanan masyarakat tentang berbagai kegiatan.
4.6 Menyusun dan mengomunikasikan iklan layanan masyarakat tentang berbagai kegiatan
dengan memperhatikan fungsi sosial, struktur teks, dan aspek kebahasaan.
Tujuan Pembelajaran :
Setelah melalui proses pembelajaran peserta didik dapat Mengidentifikasi ragam/jenis
informasi, bentuk, struktur teks, fungsi sosial, dan aspek kebahasaan iklan layanan
masyarakat tentang berbagai kegiatan serta dapat mengomunikasikan iklan layanan
masyarakat tentang berbagai kegiatan dengan memperhatikan fungsi sosial, struktur teks, dan
aspek kebahasaan.
A. Bacaan
Perhatikeun iklan layanan masarakat di handap!
17
Pancén 1
Naon maksud anu ditepikeun dina sababaraha gambar di luhur? Numutkeun hidep
naha mémang saluyu atawa henteu Mindeng urang manggihan tulisan nu eusina mangrupa
wawaran, sakapeung mirip iklan. Atuh hidep ogé apal nu dimaksud iklan, boh iklan pikeun
tujuan komersil boh nonkomersil (henteu ngudag kauntungan matéri), enas-enasna mah
sangkan masarakat wanoh kana sagala rupa anu diiklankeunana. Tina wanoh jadi
kapangaruhan ku éta iklan.
Iklan layanan masarakat anu dipajang di tempat umum, saperti di parapatan jalan
tangtu henteu cukup ukur mangrupa kekecapan atawa kalimah wungkul, tapi kudu
dipasieup atawa dipapantes sangkan nu nénjo kabéngbat hayang maca. Ari cara
mapantesna, pangpangna dina milih aksarana, maké papaés gambar, jenis warna cétna,
ukuran gedé leutikna, jst. Atuh nempatkeunana ogé kudu enya-enya diperhatikeun,
upamana waé di nu negrak malar langsung bréh katénjo. Iklan téh alat anu pohara
ampuhna pikeun ngawanohkeun produk atawa jasa. Ari iklan layanan masarakat tujuan
utamana sangkan timbulna pangjurung tinu maca (masarakat) pikeun partisipasi (ilubiung),
ayana kasadaran, jeung ayana rasa butuh “ngagugu” kana éta iklan. Ku sabab kitu, boh
basana, papaésna, boh tempat masangna kudu enya-enya diperhatikeun.
18
B. Pedaran
Iklan layanan masarakat tujuan utamana mah pikeun ningkatkeun kasadaran
masarakat kana masalah-masalah nu aya di lingkungan sabudeureunna. Iklan layanan
masarakat teu sarua jeung iklan produk nu sipatna komersial. Sabab sipatna nu teu
komersial, iklan layanan masarakat disebut ogé iklan non komersial.
Aya sababaraha ciri iklan layanan masarakat nyaéta:
1. Teu miharep kauntungan atawa non komersial
2. Teu dibarengan ku produk sponsor
3. Dijieun ku yayasan atawa organisasi masarakat
4. Eusina mangrupa ajakan, anjuran atawa wawaran
5. Sipatna umum teu kawatesanan ku golongan nu tangtu
Iklan layanan masarakat bisa ditepikeun ngaliwatan cara atawa média nyaéta:
Iklan Visual
Iklan tinulis, nu jadi andelan basa, kecap, atawa ungkara nu dipaké. Basa iklan dina
tulisan nu dipajang di tempat umum kudu milih basa anu narik perhatian sangkan nu
ngarérét panasaran hayang maca sarta kudu mikat napel dina pikiranana. Atuh nya kitu
deui ukuran huruf jeung jenis aksarana ogé kudu jadi bahan pertimbangan. Mun ditulis
dina wangun kalimah ulah tepi ka ngagebay panjang, tapi kudu bréh langsung katéwak
maknana dina ukuran detik, sabab moal aya jalma anu ngahajakeun datang ka jalan
parapatan pikeun maca iklan.
Cindekna, basa nu dipaké kudu singget, padet, jeung kekecapan nu
miboga daya pikat anu kuat. Salian ti soal milih kecap, ukuran huruf jeung jenis
aksara, perlu ogé dipasieup latar gambar anu narik nepi ka matak resep nénjona.
Saterusna lokasi masangna éta iklan ogé teu éléh pentingna deuih. Iklanna alus upamana,
tapi dipasang di tempat anu nyingkur henteu langsung bréh katénjo apan jadi kurang
pangaruhna. Cindekna, iklan kudu ditempatkeun dinu strategis, katémbong jelas ti unggal
“penjuru”.
Iklan Audio
Iklan nu disiarkeun dina radio (audio) nu paling utama tokoh nu ngeusi sorana jeung
latar sora-sora séjén. Wandana bisa lucu (pikaseurieun), sedih, atawa gumbira gumantung
jenis iklan layanan masarakatna. Atawa bisa ogé gabungan tina tilu wanda éta, upamana
mimiti
pikasediheun/pikarunyaeun tapi ahirna pikabungaheun. Salian ti tokoh nu ngeusi sora kudu
enya-enya geus dipikawanoh ku masarakat, wirahma (intonasi) atawa luhur-handapna nu
ngeusi sora ogé kudu diperhatikeun deuih.
19
Iklan dina radio kudu napak dina alur carita (bercerita) najan durasi waktuna
sakeudeung gé. Diputerna tangtu nyelang-nyelang dina acara resmi éta radio sangkan nyita
sabagian perhatian pamiarsa. Ciri iklan radio nu alus, mangsana hong iklan téh pamiarsa
henteu ngarasa kaganggu, malah alus mun jadi nambahan kahibur ku éta iklan. Atuh leuwih
jauhna deui, omongan atawa kekecapan dina iklan kudu jadi kacapangan masarakat. Iklan
bakal leuwih anteb mun dipasang dina acara pavorit pamiarsa dina éta radio. Nu jadi
pertimbangan, tangtu baé jumlah nu ngareungeukeun targétna leuwih loba. Jadi méh sarua
jeung iklan dina tulisan, kudu dipajang di tempat “ramé”, iklan radio gé dipasang dina acara
“ramé” deuih.
Iklan Audio Visual
Iklan dina tv (audio visual) leuwih loba deui pasaratan nu kudu ditedunan, di antarana
milih figur tokoh palaku dina iklan, téma sarta alur carita, pasaratan visualisasi (gambar),
lokasi shooting, jeung latar sora (boh music boh alat lian) anu pas. Tétéla iklan dina tv mah
leuwih
kompléks dibandingkeun jeung iklan tulisan atawa radio. Tungtutan kréativitas dina iklan tv
mah leuwih daria.
Iklan tv upama digarap kalawan daria bakal leuwih gedé pangaruhna tinimbang dua
iklan tadi (tulisan, radio). Salian ti éta, iklan nu alus bisa nodél fantasi jeung imajinasi nu
lalajo (pamiarsa tv). Soal jam tayang méh sarua jeung iklan radio, dina acara nu dianggap
favorit pamiarsa.
iklan layanan masarakat di luhur jeung kaayaan ayeuna? Pék jelaskeun!
Pancén 2
1. Iklan téh saéstuna mah mangrupa ... anu mibanda tujuan pikeun mangaruhan
masarakat (konsumén).
a. biantara c. obrolan
b. wawaran d. paguneman
2. Iklan nu mibanda tujuan pikeun meunangkeun kauntungan tina jasa ngajual
produkna disebut iklan....
a. komérsil c. nonkomérsil
b. layanan d. sosial
3. Iklan nu teu miharep kauntungan matérial disebut....
a. iklan layanan komérsil c. illan layanan masyarakat
b. iklan haratis d. iklan kulawarga
4. Iklan layanan masyarakat mah syaratna teu meunang ngandung....
a. produk c. paréntah
b. ajakan d. panyaram
5. “Tong miceun runtah kana solokan” Ieu Ungkara kalimah téh aya dina iklan layanan
masarakat nu eusina mangrupa .....
a. Paréntah c. Panyaram
20
b. Anjuran d. Pangajak
6. Iklan layanan masyarakat biasana teu ditepikeun ku ....
a. Pamaréntah c. Organisasi sosial
b. Yayasan d. Pausahaan
7. Nu disebut organisasi sosial téh nya éta nu kagiatanana....
a. Teu néangan kauntungan c. Néangan kauntungan
b. Promosi produk d. Niaga
8. “Ulah éra mun nyarita ku basa Sunda.” Ieu ungkara téh mangrupa iklan layanan
masyarakat nu eusina .... c. pangajak
a. atikan
b. anjuran d. panyaram
9. “Hayu urang ngajaga lingkungan sakola urang.” Ieu ungkara téh mangrupa conto
iklan layanan masyarakat nu eusina....
a. paréntah c. pangajak
b. paréntah d. atikan
10. Iklan nu biasana ngan ditepikeun ngaliwatan sora wungkul disebut iklan ....
a. visual c. audio visual
b. audio d. auto
11. Conto iklam audio biasana ditepikeun ngaliwatan....
a. radio c. televisi
b. internét d. surat kabar
12. Salah sahiji conto iklan visual nya éta ....
a. iklan dina televisi c. iklan dina radio
b. iklan dina poster d. iklam dina internét
13. Iklan nu ditepikeun ngaliwatan televisi atawa internét disebut iklan dina wangun
....
a. audio c. audio-visual
b. visual d. audio-audio
14. Ieu di handap nu lain fungsi tina iklan layanan masyarakat nya éta ....
a. média komunikasi c. média atikan
b. média éksprési seni d, média sosial
15. Iklan téh mibanda fungsi pikeun ngaronjatkeun kasadaran masyarakat kana hiji
perkara anu dipiharep bisa ngarobah paripolahna, anu tadina négatif jadi positif.
Ieu fungsi téh disebut fungsi ....
a. atikan c. komunikasi
b. éksprési seni d. komunikasi seni
C. Pangaweruh Basa
Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran mangrupa kalimah nu pungsina pikeun ngajelaskeun
atawa méré nyaho ka batur. Salah sahiji cirina diahiran ku tanda (.).
Conto : 1. Dadang téh urang Bogor.
1. Isukan Bu Iin rék ka Bandung.
2. Basa poé Minggu, kuring papanggih jeung lanceuk manéh di Cirebon.
3. Abdi nuju diajar maca sajak di sakola.
Kalimah Pananya
Kalimah Pananya mangrupa kalimah nu digunakeun pikeun nanya ka batur.
Cirina ditandaan ku tanda tanya (?) jeung di mimitian ku kecap pananya.
21
Kecap pananya Bahasa Sunda Kata tanya Bahasa Indonesia
Naon Apa
Kumaha Bagaimana
Saha Siapa
Dimana Dimana
Kamana Kemana
Iraha Kapan
Kunaon Mengapa
Nuju naon Sedang apa
Sabaraha Berapa
Ti mana Darimana
Pancén 3
Lengkepan kalimah di handap ngagunakeun kecap pananya!
1. ………. nu teu datang ka kolam renang?
2. ………. sababna loba runtah di walungan?
3. ……….. kamari teu milu ka Bandung?
4. ………. urang nu kamari milu ka Jogjakarta?
5. ………. nu keur masak sayur di dapur?
6. ……….. carana nyieun langlayangan?
7. ……….. oleh-oleh ti Pangandaran téh?
8. ……….. ujianna lancar?
9. ………. urang ulin ka alun-alun?
10. ……….. imah Pa Ranu téh?
22
PANGAJARAN 4
SAJAK
Kompetensi Dasar :
3.3 Mengidentifikasi bentuk dan struktur teks, unsur, aspek kebahasaan, serta isi dan
amanat sajak.
4.3 Membaca/mendeklamasikan sajak dengan penghayatan dan ekspresi yang tepat, sesuai
dengan struktur teks dan aspek kebahasaan.
Tujuan Pembelajaran :
Setelah melalui proses pembelajaran, diharapkan peserta didik dapat Mengidentifikasi bentuk
dan struktur teks, unsur, aspek kebahasaan, serta isi dan amanat sajak.
A. Bacaan
Sajak Kahiji
EMA, APA
Sajak: Moch Gara
Ka saha kudu nyebut Ema?
Ka saha kudu nyebut Apa?
Éstuning hésé jeung sieun
Ti leuleutik, kuring can pernah
Diparéndé ku Ema
Diakod ku Apa
Éstuning Tétéh jeung Aa
Nu unggal poé dicalukan
Naha kuring teu sarua jeung batur
Hayang jajan ménta ka Ema
Hayang cocooan lumpat ka Apa
Naha ka mana jeung di mana
Ari Ema jeung Apa
Ngadéngé béja Ema jeung Apa téh
Tos tilar dunya.
(Dicutat tina Manglé no. 2143/2007)
Pancén 1
Tarjamahkeun kana bahasa Indonesia sajak di luhur ngagunakeun kamus!
23
Sajak Kadua
MARGONDA
Karangan Arif Abdillah
Novémber taun opat lima
Seuneu danalaga ngabebela
Di hiji dayeuh nu karék lilir
Kahudangkeun geleger mortar
Margonda! Margonda!
“Ngaran aing Margonda!
Teureuh Sunda getih Indonésia
Kop cokot ieu nyawa, hé penjajah!
Asal silaing geuwat nyingkah!”
Lalaki umur dua puluh tujuh
Maju jurit dina wanci subuh
Teuneung ludeung narajang subuh
Di hiji palagan nu gumuruh campuh
Margonda! Margonda!
“Ngaran aing Margonda!
Inlander nu cadu dijajah deui!
Geura maju, hé tentara NICA!
Aing moal gimir nangtang pati!
Di sisi Kali Bata, harita
Di dinya gugur hiji putra bangsa
Sasiki pélor niruk awakna
Layonna duka dikubur dimana
Margonda! Margonda!
Pancén 2
Tarjamahkeun sajak di luhur kana bahasa Indonesia ngagunakeun kamus!
B. Pedaran
Sajak dina sastra Sunda lain karya sampakan tapi mangrupa karya sampeuran,
hartina sajak mah mangrupa serepan tina sastra séjén. Sajak mimiti gelar sabada merdeka.
Sajak Sunda munggaran ditulis ku Kis W.S. dina taun 1946.
Medal salaku karya sastra tinulis, sajak sumebar dina rupa-rupa media saperti koran
atawa majalah. Malah mah loba sajak anu geu dikumpulkeun dina hiji buku, nu disebut buku
kumpulan sajak. Buku kumpulan sajak nu munggaran medal dina taun 1963 nya eta Lalaki di
Tegal Pati karangan Sayudi. Sedengkeun sajak munggaran dina sastra Sunda diciptakeun ku
Kis WS. Nu judulna Ilangna Mustika, nu medal dina taun 1946.
Sajak mibanda unsur intrinsik, unsur-unsur intrinsik sajak téh ngawengku :
▪ Téma, nya éta inti pikiran nu ngajiwaan carita atawa jadi dadasar carita, sifatna bisa
nembrak bisa nyamuni
24
▪ Amanat, nya éta pesen atawa talatah ti pangarang nu ditepikeun ngaliwatan karyana
pikeun nu maca atawa nu ngaregepkeun
▪ Rasa, nya éta gambaran rasa anu témbong ngaliwatan kagemblengan eusi
▪ Nada, nya éta gaya pangarang enggoning ngungkab pikiran, idé jeung rarasaanana
ngaliwatan galindengna kekecapan, boh purwakanti boh pilihan kecapna
Sajak Sunda téh dumasar wandana aya dua rupa, nya éta:
1) Sajak epik; nya éta sajak anu eusina ngalalakon.
2) Sajak lirik; nya éta sajak nu eusina mangrupa kedaling rasa.
Aya sababaraha hal anu kudu kapibanda lamun urang rék jadi panyajak (pangarang
sajak), di antara:
1) Panyajak kudu mibanda pangalaman batin. Ngabeungharan pangalaman batin bisa ku
cara ngalakonan langsung hiji kajadian, ngaliwatan papanggihan, atawa tina hasil maca.
Upamana baé dina sajak Turunna Ahmad Ajo, panyajak geus tangtu boga pangalaman
batin ngeunaan Ahmad Ajo, naha ku jalan papanggih langsung jeung jalmana, béja tina
caritaan batur, atawa kungsi maca riwayat ngeunaan rampog anu ngaran Ahmad Ajo.
2) Panyajak kudu bisa ngamekarkeun sarta ngolah imajinasi. Imajinasi atawa panglamunan
téh pikeun panyajak mah mangrupa modal, sabab gelarna hiji sajak ieu mangrupa hasil
tina proses ngamekarkeun jeung ngolah panglamunan atawa imajinasi téa. Pangalaman
batin anu geus kapimilik ku panyajak henteu langsung ngajanggélék jadi hiji sajak, tapi
ditamperkeun heula ngaliwatan prosés “perenungan” (ngalamun).
3) Panyajak kudu mibanda kamampuh ngedalkeun atawa ngaéksprésikeun imajinasina kana
runtuyan kecap atawa ungkara kalimah anu merenah. Kamampuh ngaékprésikeun
imajinasi ieu kudu dirojong ku kamampuh séjénna saperti: mibanda kabeungharan kecap
anu loba, bisa nangtukeun diksi (pilihan kecap) anu merenah, sarta mibanda rasa
kaéndahan (éstétis).
Lamun urang geus mibanda tilu hal anu bieu dipedar hartina urang geus boga modal
dasar pikeun nulis sajak. Sok sanajan taya téhnik anu matok dina nulis sajak, tapi ku mindeng
maca jeung latihan nulis, urang pasti bisa.
Aya sababaraha léngkah anu bisa dipigawé lamun urang arék nulis sajak, nya éta:
1) Nangtukeun téma. Saperti ogé ngarang atawa nulis karya-karya liaana, dina nulis sajak
ogé anu pangheulana jadi puseur implengan téh nya éta téma.
2) Nangtukeun diksi (pilihan kecap). Dina nangtukeu diksi, urang kudu bisa milihan kecap-
kecap anu bener-bener bisa ngaéksprésikeun angen-angen urang. Unggal kecap kudu
boga ma’na anu éféktif ngarojong kana maksud atawa jejer anu rék ditulis ku urang.
Kadé poho pilihan kecap téh salian ti kudu “sarat makna” , ogé kudu mibanda rasa
éstétika atawa ajén kaéndahan, salah sahijina bisa ku cara milihan kecap-kecap anu
asosiatif atawa ngandung siloka.
25
3) Nangtukeun amanat. Amanat mangrupa hal anu penting pisan dina sajak salian ti téma
jeung diksi. Amanat dina hiji sajak kudu positif sangkan bisa méré mangpaat ka nu
macana.
Salian ti bisa nulis, hidep ogé diperedih kudu bisa maca Sajak. Aya dua rupa tujuan maca
sajak. Nu kahiji pikeun tujuan rékréatif, nya éta maca sajak pikeun tujuan hiburan atawa
nohonan rasa kasugemaan sorangan. Maca sajak pikeun tujuan anu ieu, cukup
digalindengkeun dina haté bari terus éta sajak téh dilenyepan nepi ka timbul rasa sugema dina
diri urang sabada maca jeung paham kana eusi éta sajak. Sedengkeun anu kadua, nya éta
maca sajak pikeun tujuan éksprésif, nya éta maca sajak pikeun ngaékprésikeun atawa
ngedalkeun sagala rupa hal anu nyampak boh dina sajak na sorangan, boh dina diri anu
macakeunana. Maca sajak anu ieu mah kudu dibedaskeun sarta diéksprésikeun luyu jeung
eusi sajakna.
Maca éksprésif aya dua rupa, nu kahiji kucara dibaca maké téks, nu kadua ku cara
didéklamasikeun (ditalar kalawan henteu maké téks).
Dina maca éksprésif aya sababaraha perkara anu kudu diperhatikeun, nya éta:
1. Vokal; vokal atawa sora mangrupa perkara anu utama dina maca bedas, boh powerna boh
volumena kudu enya-enya maksimal. Sora nu dipaké maca sajak kudu buleud, nya éta sora
anu kaluar tina dada ngaliwatan tikoro bagian tukang sarta maké napas anu kaluar tina
beuteung.
2. Artikulasi; cara lisan ngunikeun foném-foném atawa sora basa. Artikulasi kudu jéntré
ngunikeun foném /a/, /é/, /e/, /eu/, /i/, /o/, jeung /u/ téh kudu bener-bener jelas, carana ku
jalan muka lisan kalawan maksimal, jadi teu aya sora anu diheumheum.
3. Intonasi; intonasi téh ngawengku lentong (lagu), dinamika (tarik halonna) jeung témpo
(gancang ancana) ngucapkeun kalimah-kalimah dina waktu maca atawa ngadéklamasikeun
sajak. Intonasi raket patalina jeung émosi sarta interprétasi kana hiji sajak. Urang bakal
bisa ngatur émosi kalawan merenah lamun bisa napsirkeun atawa ngainterprétasi hiji sajak
kalawan merenah, ka dituna bakal bisa ngatur intonasi kalawan merenah ogé.
4. Éksprési; éksprési ngawengku riuk paroman jeung usikna géstur. Éksprési gumantung
kana déét jerona penjiwaan urang kana eusi sajak anu dibaca.
Sajak-sajak Sunda kiwari geus loba nu dibukukeun, boh nu mangrupa buku
kumpulan sajak boh manhrupa buku antologi sajak, di antarana:
a. Nu Mangrupa Buku Kumpulan Sajak jeung Pangarangna
1. Lalaki di Tegal Pati → Sayudi
2. Janté Arkidam → Ajip Rosidi
3. Nu Mahal Tibatan Inten → Yus Rusyana
4. Surat Kayas, Basisir Langit →Surahman RM
5. Pamapag, Di Kebon Binatang → Ayatrohaédi
6. Katiga → Yayat Héndayana
26
7. Tepung di Bandung, Ombak Laut Kidul, Surat Panjang ti Cijulang,
→ Rahmat M.Sas Karana
8. Sabelas Taun → Usép Romli HM
9. Sajak-sajak Cilauteureun, Wasiat Konglomérat → Taufik Faturoman
10. Lalaki Langit → Juniarso Ridwan
11. Jagat Alit, Surat-surat Kaliwat, Blus Kéré Lauk → Godi Suwarna
12. Nu Ngaronghéap Mangsa Surup, Jamparing, Kasidah Langit → Éddy D. Iskandar
13. Jamparing, Gondéwa, Maung Bayangan → Étti RS
14. Umbul-umbul Alak Paul → Hasan Wahyu Atma Kusumah
15. Tumbal → Yosép Iskandar
16. Aya Naon di Cinaon →Wahyu Wibisana, jrrd.
b. Nu mangrupa Antologi Sajak
1. Antologi Puisi Sunda Mutahir → Juniarso Ridwan, spk
2. Saratus Sajak Sunda → Abdulah Mustappa
3. Sajak Sunda 50 Taun Indonésia Merdéka → Abdullah Mustappa, spk.
4. Kanjut Kundang (ngahiji jeung carpon katut sempalan novél) → Ajip rosidi jeung
Rusman Sutiasumarga
5. Salumar Sastra (ngahiji jeung carpon katut Éséy) → wahyu Wibisana, spk.
Dina kamekaranana sajak-sajak nu dibukukeun téh loba nu dilélér pangajén ku
lembaga-lembaga nu mikatineung kana dunya sastra Sunda. Salahsahijina Yayasan Rancagé
nu dipingping ku Ajip Rosidi sacara mandeuh méré pangajén kana buku-buku Sunda anu
medal tiap taunna.
Buku-buku sajak nu kungsi meunang hadiah Rancagé di antarana:
1. Blus Kéré Lauk → Godi Suwarna
2. Maung Bayangan → Etty RS
3. Aya Naon di Cinaon → Wahyu Wibisana
4. Kidang Kawisaya → Retty Isnéndés
Pancén 3
1. Sajak “Ema, Apa” eusina ngébréhkeun...
a. Kasedih hiji budak c. Kaayaan hiji budak
b. Kabungah hiji budak d. Tumarimana hiji budak
2. Sajak “Ema, Apa” téh méré amanat ka urang sangkan...
a. nyampakkeun pangharepan b. jadibudak ulah sedih baé
c. kudu tumarima kana kadar jeung nasib d. ulah rék penggas pangharepan
3. Sajak téh kaasup kana wangun karangan...
a. lancaran c. rékaan
b. ugeran d. pondok
4. Talatah nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngadéngékeun disebut...
a. téma c. rasa
b. suasana d. amanat
5. Nu jadi udagan dina sajak mah rasa, ku sabab kitu kekecapan dina sajak mah loba nu
ngandung harti...
27
a. sabenerna c. injeuman
b. sajalantrahna d. satarabasna
28
KAHÉMAN
(Lely Halimah)
(Galindeng asih keur Sétra jeung Gentra)
Anaking,
dina léngkah anjeun nyampakna pangharepan
pikahareupeun ngalangkang sugan jeung sugan
bray beurang nembang kahéman
wanci peuting ngawih kaasih:
“ayun ambing
ayun ambing...”
pareng hudang geura tandang
ngudag bagja ku wiwaha
nyuprih élmu ku kapengkuh
Mun pareng éléh jajatén, anaking
Héman indung ‘na embun-embunan
6. Wacana di luhur téh mangrupa salahsahiji karya sastra wangun puisi anu disebut....
a. guguritan b. pupujian c. sajak d. dongéng
7. Téma tina wacana di luhur téh nya éta....
a. kanyaah anak ka indung c. anak anu dititah néangan élmu
b. anak nu éléh jajatén d .kanyaah indung ka anak
8. Judul wacana di luhur téh kahéman, sinonim tina kecap kahéman nya éta....
a. ceuceub b. kangéwa c. geuleuh d. kanyaah
9. Dina wana di luhur téh aya kecap tandang anu hartina....
a. bajuang b. indit c. digawé d. lunta
10. Rasa anu kagambarkeun dina sajak di luhur téh nya éta....
a. bagja b. asih c. sedih d. waas
11. Sajak munggaran medal dina sastra Sunda kira-kira dina taun....
a. 1946 b. 1953 c. 1956 d. 1963
12. Nu munggaran ngarang sajak dina sastra Sunda nya éta ....
a. Sayudi b. Kis WS c. Surahman RM d. Yus Rusyana
13. Buku Kumpulan sajak nu munggaran muncul taun 1963 beunang Sayudi nu judulna....
a. Ilangna Mustika c. Nu Mahal ti Batan Inten
b. Lalaki di Tegal Pati d. Basisir Langit
14. Sajak nu eusina ngalalakon sarta lain mangrupa kedaling rasa disebut...
a. sajak lirik c. sajal épik
b. sajak biasa d. sajak apik
15. Jejer atawa inti pikiran anu ngajiwaan carita atawa jadi dadasar carita, sifatna bisa nembrak
bisa nyamuni dina jeroeun sajak disebut....
a. amanat b. gaya c. purwakanti d. téma
29