The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by mutiara.kusuma.hapsari.raharjo, 2021-08-19 06:26:33

HOMAGI Mag#02

HOMAGI Mag#02

DANGDANGGULA SUNDANESEPOETRY
BAGJA

YOGASWARA

Cintana 50
Cagap waruga bagja
Catur mirasa
Caritana
Can laksana

Duriatna
Darma raga
Dangdanggula rumasa
Dadaksakala rasa
Dareuda

Ebrehkeun dalingding asih tinekanan tresna
Eling diri hirup sakedet netra
Eces kedal na lawang rasa
Estu mitutur mituhu tawadu laksana
Estokeun ucap jeung lampah daria

SRIGUDRATI
Purwakarta,070221.22:03

HOMAGI.NET

SUNDANESEPOETRY

YOGASWARA

Balaka
Balakutak na raga
Balangantrana
Balangahna
Balangbengsal

Balas raga
Balap atra
Balaga rasa
Balawirina warta
Balatak

Balebat kuat bodas nyacas cahya
Balelol lisan mun ucap balaka
Balem lain wayah kudu wiwaha
Balangsiar di dunya wegah korona
Balakbak nyindir lampah joledar jiwa

SRIGUDRATI
Purwakarta, 040221.

Atep Yogaswara, S.S, M.Pd. atau Kang Yoga adalah lulusan UNPAD Bandung S1 jurusan Sastra
Sunda, S2 Administrasi Pendidikan UPI Bandung. Sekarang, penulis mengajar di SMPN 1
Purwakarta. Penulis aktif dalalm organisasi komunitas guru yaitu MGMP Basa Sunda Purwakarta,
Kelompok Pengajar Penulis Jawa Barat (KPPJB)- Purwakarta, dan Ketua Paguyuban Rumah Laman
Purwakarta.

HOMAGI.NET 51

SUNDANESEPOETRY

CÉNGCÉLÉNGAN JAGO

Achmad Sopian Effendi

Cengcelengan Jago meunang meuli lebaran kamari 52
Nyumput dina jero lomari
Dituruban bubututan masing buni
Ema jeung Bapa teu meunang ningali

Sarebu, dua rebu
Tara ngasupkeun leuwih sakitu
Unggal mulang sakola
Sesa ongkos pasti ditunda

Cengcelengan Jago, warna beureum-hejo
Mun peuting mangsa rek sare
Mindeng ditangkeup diharewosan
Bari terus diusapan
Ambeh sina gancang minuhan

Hayam jago, warna beureum-hejo
Liangna lidig tapak recehan
Karasa geus beurat pisan
Saban wanci ditoong bisi ngurangan
Receh pajejel beuki nambahan

Mun geus datang mangsana
Rek dibawa tembong ka Ema
diburusutkeun eusina
Diitung bareng hiji-hijina
Duh kabayang pasti lobana

Cengcelengan Jago, warna beureum-hejo
Keur meuli tas jeung sapatu,
teruas meuli tiung Ema, peci Bapa
anu geus belel bakat ku lila
Ema Bapa bakal kacida bungahna –

HOMAGI.NET

SUNDANESEPOETRY

ACHMAD SOPIAN EFFENDI

Kring kring kring

Sapedah beureum karanjang bodas SAPÉDAH
Hadiah kuring juara kelas

Di teuteup reueus BEUREUM
Di usap, dielap
ngagurilap

Kring kring kring KARANJANG

Sapedah beureum karanjang bodas

Diboseh, ngabonceng Teteh BODAS
Biur lumpat, angin nebak neumbrag awak

Na bahasi muntang taktak

Kring kring kring
Sapedah beureum karanjang bodas
Ngalabring jeung babaturan
Sasapedahan mangsa liburan
Mapay-mapay jalan
sisi sawah, buruan imah

Euleuh, karunya teuing itu Si Ujang
Babaturan sapaulinan
Ti kamari ngingiclik lulumpatan
nutu-nutur nu sasapedahan
bangun nu hayangeun ngajaran

Kring kring kring
Sapedah beureum karanjang bodas
Kirining ngentring kacida bedas
Si Ujang nojer sapedah linghas
Sapedah beureum karanjang bodas.

Achmad Sopian Effendi menuntut ilmu Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda IKIP Bandung, kemudian
meneruskannya di Program Pasca Sarjana, Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda, UPI Bandung. Berprofesi
sebagai Guru Bahasa Sunda bak jalan terang bagi penulis untuk “handed down” nilai-nilai luhur kepada
generasi penerus bangsa.

HOMAGI.NET 53

HATABATAKONLINE.COM Pendaftaran kursus online: 32
email:
[email protected]

atau Whatsapp:
+62 877 2347 1314

Level Dasar
Level Menengah
Level Advance

BUKU PELAJARAN:
Disediakan buku pelajaran
bahasa Batak Toba untuk
studi para peserta.

AUDIO PENGAJARAN:
Disediakan Audio
pengajaran untuk studi para
peserta.

www.bataktobaonline.com www.homagi.net

FACEBOOK GROUP:

Kursus Bahasa Batak

www.homagi.net Homagi International homagionline

“If it is not you, who else? I am you, you are me. Keep moving forward,
never go back.”

HOMAGI INTERNATIONAL MAGAZINE

email: [email protected] www.homagi.net


Click to View FlipBook Version