RANGKUMAN
BAHASA SUNDA
Kelas 4 _ SDN 212 Harapan
Semester 1 Tahun Pelajaran 2022/2023
1.Hirup Sauyunan
2.Ngirit Energi
sdn212harapan SDN 212 HARAPAN KOTA BANDUNG SDN 212 HARAPAN
BAB 1 - HIRUP SAUYUNAN
Pupujian (asalna tina kecap puji) kaasup puisi anu eusina rupa-rupa
puji, du'a, pepeling jeung pangajaran. Maca pupujian kudu di
kawihkeun atawa dilagukeun. Biasana dikawihkeun di masjid
samemeh diajar ngaji atawa bari nungguan waktu salat.
Umumna mah, eusi pupujian teh ngawengku :
1.Muji kaagunggan Alloh.
2.Salawat ka Kangjeng Nabi Muhammad.
3.Du'a jeung neda ampunan ka Alloh.
4.Neda safaat ka Rasululloh
5.Nasehat ka umat sangkan ngajalankeun ibadah jeung amal soleh.
6.Pangajaran agama ngeunaan kaimanan, rukun Islam, fikih, akhlak,
jeung sajabana.
Conto Pupujian
HIRUP ULAH NYORANGAN
Mun hirup urang nyorangan (8 engang)
moal aya nu marengan (8 engang)
poek taya nu nyaangan (8 engang)
matak jauh panineungan (8 engang)
Hirup ulah mumusuhan (8 engang)
pagirang-girang tampian (8 engang)
jeung batur silih tulungan (8 engang)
ngarah angger sauyunan (8 engang)
Mungguh dina kahirupan (8 engang)
tangtu aya pacogregan (8 engang)
ulah neundeun kagorengan (8 engang)
mun slaah silih eledan (8 engang)
Eusi pupujian di luhur teh ngeunaan :
1. Umajak sangkan hirup sauyunan.
2. Silih hampura mun aya nu nyieun kasalahan.
3.Manusa mah teu bisa hirup sorangan.
4.Lamun pasea kudu akur deui
5.lamun aya nu boga kasusah, kudu daek nulungan.
Padalisan nyaeta baris, engang nyaeta kecap nu diucapkeun dina
sakali ngaluarkeun nafas.
Rarangken Hareup
Rarangken nyaeta engang nu disambungkeun jeung salah sahiji kecap
nepi ka hartina robah. Mun di basa Indonesia disebutna imbuhan. Kecap
nu geus dirarangkenan disebutna rundayan. Cara nulis rarangken teh
dihijikeun jeung kecap asalna. Conto : dipuji, kasedih.
Rarangken Hareup (di-, ka-, ti-)
Kecap nu make rarangken hareup di-, nuduhkeun pagawean.
Conto kalimah :
1.Galih indit ka masjid disaung beureum.
2.Bapa angkat ka uleman diraksukan batik.
Kecap nu make rarangken hareup ka-, nuduhkeun pagawean
atawa kaayaan.
Conto kalimah :
1.Geus kapanggih buku teh acan ?
2.Gita Leumpang di sisi da sieun kadupak ku motor.
Kecap nu make rarangken hareup ka-, nuduhkeun pagawean
nu teu dihaja.
Conto kalimah :
1.Kade ulah tibalik make sendal teh!
2.Aya mobil tiguling di tanjakan.
Kecap bu Saharti (SINONIM)
Sinonim nyaeta kecap nu sarua hartina.
Conto sinonim:
1. Indit --> miang 6. Kuring --> abdi
2. Ngabetem --> jempe 7. Gede --> badag
3. Poek --> meredong 8. Balik --> mulang
4. Murag --> ragrag 9. Nyaho --> terang
5. Kadangu --> kadenge 10. Anyar --> weuteuh
BAB 2 - NGIRIT ENERGI
LATIHAN SOAL
Tangetan deui bacaan di luhur, tuluy jawab pananya di handap ku jawaban
nu geus disayagikeun.
1.Lamun keur teu dipake, lampu kudu ....
2.Urang kudu ... listrik sangkan mahi nepi ka jaga.
3. ... teh salah sahiji sumber energi panas.
4. Sangkan cai angger mayeng urang kudu miara ....
5. Mun minyak bumi terus-terusn ..., lila-lila bakal beak.
panonpoe, tatangkalan, dipareuman, dikeduk, ngahemat.
HARTI SAWATARA KECAP
Fosil : sesa tulang-taleng sasatoan jaman purba nu geus jadi batu di jero
taneuh.
Importir : jalma atawa pausahaan nu ngasup-ngasupkeun barang ti luar
negeri.
Subsidi : bantuan ti pamarentah sangkan harag jadi leuwih murah.
Bendungan : tempat ngumpulkeun cai di walungan keur irigasi atawa
pembangkit listrik.
PEDARAN CARA NGIRIT ENERGI
1.Mun taya sasaha lampu ulah diantep terus-terusan caang.
2.Henteu ngahambur-hambur cai.
3.Mareman pakakas nu make listrik mun teu dipake.
4.Milu ngingeutan ka nu sejen supaya daek ngirit energi.
5.Leumpang upamana tempat nu rek dijugjug ku urang deukeut, teu
kudu naek motor.
BARANG ATAWA PAGAWEAN NU MERELUKEUN ENERGI
1.Moe baju merelukeun energi panas panonpoe.
2.Nyetel tivi merelukeun energi listrik.
3.Senter ngaluarkeun energi cahaya.
4.Nyangu merelukeun energi panas.
5.Kolecer merelukeun energi angin.
WAWANOHAN JEUNG TANDA BACA KOMA (,)
Tanda koma teh rea pisan gunanan :
1. dipake misahkeun unsur-unsur dina wincikan atawa itungan.
Contona : Ridwan ngasupkeun buku, pulpen, jeung jidar kana kantong.
2. dipake pikeun misahkeun bagian kalimah dina kalimah ngantet
sadarajat anu dipake kecap panyambung. (tapi, hanjakal, ari)
Contona : Asa hayang ulin di buruan, hanjakal keur usum hujan.
3. dipake tunkangeun kecap panyeluk saperti tah, wah, aduh, alah, har,jsb.
Contona : Tah, alus ayeuna mah gambar dina tivi teh .
4. dipake samemeh kecap nu dipake sesebutan.
Contona : Rek ka mana, Jang ?
5. dipake samemeh nuliskeun gelar.
Contona : Asih Sulasih, S.Pd.
6. dipake diantara babagian alamat nu ditulis ngaruntuy.
Contona : Jalan Pak Gatot VI, KPAD, Kota Bandung.
7. dipake dihareupeun angka persapuluhan jeung diantara rupia jeung
sen dina wilangan.
Contona : Rp 500,50.
RARANGKEN TUKANG (-keun, -na)
Kecap nu make rarangken hareup di-, nuduhkeun naon-naon
nu kudu dipigawe.
Conto kalimah :
1.Asupkeun kana kantong buku teh !
2.Cik, beakkeun atuh ari dahar teh, lebar !
Kecap nu make rarangken hareup di-, nuduhkeun naon-naon
nu kudu dipigawe.
Conto kalimah :
1.Alusna mah isuk-isuk indit ka pasar teh !
2.Hari kakara nepi ka imahna.
LATIHAN