BAHASA SUNDA
Kelas 1 (satu)
oleh:
Stiti Hana Pertiwi, S.Pd.
Aya hiji ngaran manuk
Awakna hideung tur leutik
Muru eunteup dina dahan
Cilingcingcat taya cicing
Meureun neang kadaharan
Keur ngaganjel eusi peujit
Manuk anteng semu tungkul
Siga anu eukeur mikir
Horeng inget ka anakna
Geus lila teu meunang siki
Ayeuna can beubeunangan
Dahareun bawaeun balik
Keur kitu aya nu cunduk
Budak harak tukang jail
Manuk diincer diarah
Dilelebah rek dibandring
Mun keuna dibawa mulang
Dagingna arek ditiir
Karunya teuing ku manuk
Diarah bakal mubadir
Dagingna leutik kacida
Teu cara ka daging meri
Nu matak tok kaniaya
Ka sasama mahluk deui
1. Dina naon manuk teh eunteupna?
2. Kumaha polah manuk teh?
3. Rek neang naon eta manuk teh?
4. Inget ka saha eta manuk teh?
5. Saha anu cunduk ka dinya teh?
6. Rek naon cenah?
7. Rek dikumaha lamun manuk geus
beunang?
8. Gede mana manuk plit jeung meri?
9. Naon sababna ulah kaniaya ka
sasama mahluk?
10.Kudu kumaha urang ka sasama
mahluk teh?