The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by Asep Taptazana, 2018-03-05 03:29:32

Kawin Jeung Jurig

Kawin Jeung Jurig

KAWIN JEUNG JURIG
ᮊᮝᮤᮔ᮪ ᮏ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪

ASEP TAPTAZANA

ᮃ ᮕ᮪ ᮒᮕ᮪ᮒᮐᮔ

KADAKA SUNDA MEDIA UTAMA

ᮊᮓᮊ ᮞᮔᮥ ᮪ᮓ ᮦᮙᮓᮤᮃ ᮅᮒᮙ

KAWIN JEUNG JURIG
ᮊᮝᮔᮤ ᮪ ᮏ ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪

ASEP TAPTAZANA

ᮃ ᮕ᮪ ᮒᮕ᮪ᮒᮐᮔ

KADAKA SUNDA MEDIA UTAMA

ᮊᮓᮊ ᮞᮔᮥ ᮪ᮓ ᮦᮙᮓᮃᮤ ᮅᮒᮙ

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 1

Halaman legalitas

© Asép Taptazana
Edisi Ebook – Oktober 2017
Penerbit Kadaka Sunda Média Utama
Griya Kalibaru C2 No. 9 – Cilodong
Depok

Ringkasan

Ringkasan Carita: Diserat dina basa Sunda
nganggo aksara Latin, sakantenan ngawanohkeun
aksara Sunda. Dina wangunan carita misteri,
eusina ngeunaan kahirupan Jang Suéb, jeung raja
nu kumawasa di nagara siluman.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 2

Daftar Eusi

Daftar Eusi

Ringkasan Carita

Kawin Jeung Jurig (1) kaca 4
Kawin Jeung Jurig (2) kaca 24
Kawin Jeung Jurig (3) kaca 40
Kawin Jeung Jurig (4) kaca 60
Kawin Jeung Jurig (5) kaca 75
Kawin Jeung Jurig (6) kaca 95
Kawin Jeung Jurig (7) kaca 119

Riwayat Hirup Pangarang

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 3

Kawin Jeung Jurig

(1)

“Saumur nyunyuhun hulu ogé, urang mah can
pernah papanggih jeung jurig,” ceuk Jang
Suéb, bari ngaluarkeun balak genep. Asa
meunang kasempetan, buru-buru
dikaluarkeun, bisi kabebeng mun diingu waé
mah.
Kardi ngahuleng, kartu dina cekelan manéhna
teu boga angka genep.
“Los,”ceuk Kardi bari ngalieuk ka Udin. Nu
dilieuk semu atoh, manéhna ngaluarkeun
kartu genep kosong.

________________________

(1)Asep Taptazana

8 Desember 2016 · Cikaret Barat, West Java

#netpost_fiksi_AT_kjj

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 4

Giliran Ukar, ngaluarkeun dua kosong. Atuh,
Jang Suéb asa meunang jalan.
“Poldan,” ceuk Jang Suéb. Suéb téa dilawan,
cenah, bari cengkat tuluy ka pipir pos ronda.
Jang Suéb nyalingker deukeut dapuran cau.
Jang Suéb ngadon nyébor gedebog nu
ngagolér handapeun tangkal cau. Sapaninggal
Jang Suéb, éta gedebog téh ngaléor asup ka nu
suni.
Peuting éta téh malem Juma'ah kaliwon, nu ka
giliran ronda téh opatan, Kardi, Ukar, Udin,
jeung Suéb.
Nu kawilang pangwanina, nya Jang Suéb.
Katelahna Jang Suéb mah préman pasar. Jang
Suéb téh ngawasa di pasar jeung terminal.
Kabéh euweuh nu wani ka manehna, ngan
duka kumaha geuning nepi ka ayeuna, Jang
Suéb téh can babalik pikir. Tara solat, komo
daék nulung kanu susah, jeung hésé pisan

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 5

dipéntaan tulung, beurat pisan birit.
Kang Haji téh geus béak dengkak unggal usik
ngawurukan Jang Suéb, da dilain-lain ogé,
Jang Suéb téh anak adi Kang Haji. Suéb téh
dirorok ku Kang Haji, ti keur Jang Suéb leutik
kénéh, da ti leutik kénéh ogé jang Suéb mah
geus yatim piatu.
Jang Suéb téh goréng adat, sok sompral, mun
ngomong téh tara ieuh disaring heula. Padu
beletak-beletak waé, teu mikirkeun parasaan
batur.
Teu lila, Jang Suéb nyampeurkeun
babaturanana nu keur ngariung di pos ronda.
Gék diuk dina palupuh, urut tempatna tadi.
Bari heuay, Jang Suéb tuluy ngaharudumkeun
sarung. Lelenggutan, panon geus lima wat.
Hawa karasa tiis pisan. Urut ngadurukan téh
ngan kari haseupna, ngelun, seuneuna
sakapeung hurung, sakapeung pareum.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 6

Maén gapléh téh teu diteruskeun, da geus
tengah peuting, jaba geus tunduh pisan. Kardi
jeung Ukar kabagéan saré tiheula, ari Udin
jeung Suéb mah kabagéan jaga. Ngan éta,
duka kumaha panon téh asa cepel pisan,
mélétét jiga hayam.
Peuting téh kacida geueuman, sora cihcir
kadéngé patémbalan, komo peuting ieu téh
nincak malem Juma'ah. Cenah malem Juma'ah
téh loba jurig nu ngahaja kaluar tina tempatna,
kayaning tangkal caringin, dapuran awi,
tangkal waru, jeung tempat nu sararuni.
Ngan Jang Suéb mah teu boga rasa sieun.
Kalahka jiga nu ngahajakeun, Suéb nyetél
lagu tina tip, lagu dangdut tarik pisan. Tamba
tunduh, cenah mah.
Ngadadak aya angin ngagelebug, reup aya
aliran, listrik di lembur téh pareum, atuh
lampu di pos ronda ogé sarua pareum.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 7

Udin mah nyempod dijuru, ngadeukeutan
Ukar jeung Kardi, nu tibra saréna, nu kadéngé
téh sora kérék patémbalan.
Jleg téh hareupeun Jang Suéb aya nu
ngabelegbeg hideung. Lalaunan éta nu
jangkung hideung téh nyampeurkeun ka Jang
Suéb.
Jang Suéb nu teu boga rasa kasieun,
nyampeurkeun jirim nu jangkung hideung téa.
Buukna gondrong, panon beureum, létah
ngélél nepi ka bujal. Cai ngacay kaluar tina
sungutna. Teu salah deui ieu téh jurig,
gerentes haté Jang Suéb.
“Saha maneh, wani-wani datang kadieu?”
ceuk Jang Suéb bari mulak cangkéng.
“Aing...diutus ku Raja, rék mawa manéh ka
karajaan,”ceuk éta jurig, bari lajag léjég,
létahna ngelél, huntu konéng, ranggéténg
pikagilaeun.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 8

“Naon salah urang?” ceuk Jang Suéb euweuh
kasieun saeutik-eutik acan.
“Manéh geus ngahina Putri Raja. Tadi téh
Putri lapor ka Raja, cenah mah geus dirurujit
ku manusa.” ceuk éta jurig.
“Urang mah teu ngarasa ngarurujit. Titadi ogé
urang mah di dieu,”ceuk Jang Suéb.
"Éta pisan, manéh tadi geus ngiihan Putri
Raja. Ulah loba ékol. Geus diputuskeun,
manéh dihukum kudu daék kawin jeung Putri
Raja.”
Jang Suéb ngahuleng. Aya-aya waé, gerentes
haté Jang Suéb. Jang Suéb kakara inget, nu
disangka gedebog cau téh, nu tadi dikiihan,
horéng Putri Raja.
“Hayu, urang tanggung jawab, lamun éta
katangtuan hukum di nagara manéh “ceuk
Jang Suéb teu euleum-euleum.
Bral éta Jurig téh jeung Jang Suéb indit

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 9

ngajugjug ka karajaan Jurig.
Mapay-mapay jalan satapak, ngaliwatan
kebon awi, ngaliwatan leuweung, jalan éta téh
brasna ka leuwi Sancang.
Ti beurang ogé leuwi Sancang mah geus
geueuman pisan, komo ieu tengah peuting.
Jang Suéb nuturkeun éta Jurig, nepi ka sisi
leuwi.
Geuning katémbong di sisi leuwi beulah kulon
téh aya wangunan jiga istana. Basa Jang Suéb
nepi ka panto istana, katémbong aya dua buta
nu ngajaga. Buukna galing, digelung, panonna
bolotot, huntuna konéng, aya sihungan. Eta
buta téh nyekelan gegendir sagedé orok.
Jurig jeung Jang Suéb arasup ka jero istana.
Kasampak dijero istana téh geus ngumpul
sakabéh mantri jeung Raja. Raja katingali
gagah pisan. Maké makota tina emas,
dipapaés ku intan berlian.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 10

Gék Jang Suéb diuk di payuneun Raja.
Cong, jurig téh nyembah, pokna “Punten anu
kasuhun, ieu pun jurig nyanggakeun budak nu
tos kamawantun ngahinakeun Putri.
"É...ladalah, geuning kasép budak téh. Yap
kadieu, kula rék nanya ka manéh.
Ha...ha..ha.."ceuk Raja, bari seuri, ku kataji
ningali Jang Suéb.
"Kira-kira manéh daék kawin jeung anak
kula?"
Jang Suéb unggeuk,"Mangga, kaula
nun...Ngan punten aya saratna," ceuk Suéb
méré tanjakan.
"Naon saratna?"ceuk Raja, panasaran kana
tanjakan nu dipénta ku Jang Suéb.
"Abdi téh préman pasar, ménta kasaktén jang
modal ngalawan si kumis. Kadua, abdi hayang
pangnyieunkeun imah nu gedé. Katilu, ménta
sawah sabau, jeung mundingna sarakit. Opat,

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 11

ganti wujud putri téh, jadi jalma jiga abdi.
Kalima, ménta motor Ninja. Kagenep, ménta
hapé panganyarna. Éta saratna." Jang Suéb
tandes ngajawabna téh.
Raja ngahuleng ngaraga meneng. Ngan
kumaha deui, éléh géléng, Raja nyanggupan
paménta ti Jang Suéb.
Peuting éta kénéh diayakeun acara nikah
antara Jang Suéb jeung Putri Jurig. Ramé
pisan, nepika urang lembur ngarasa hemeng
ningali di tengah leuwi téh ngadadak caraang,
sora gamelan hawar-hawar kadéngé
patémbalan jeung séahna sora cai ti walungan
nu nuju ka éta leuwi.
Jang Suéb nyanding jeung putri Jurig. Geulis,
camperenik, panonna hideung, hareupna
matak uruy nu nénjo, pokona mah jiga
béntang filem.
Peuting éta, Jang Suéb ngalaman saré jeung

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 12

putri nu geulis kawanti-wanti, nepika tuur asa
coplok, bakating ku seubeuh gugulingan jeung
éta putri. Antukna, Jang Suéb téh ngarasa
leuleus asa dipupul bayu, napasna ngahégak,
ngalempréh teu walakaya.

Isukna urang lembur téh guyur, béja pabéja-
béja, cenah tukang nguseup manggihan Jang
Suéb keur ngagolér teu walakaya, kapiuhan di
sisi leuwi.
Teu jauh ti dinya, gigireun Jang Suéb, aya
oray sanca sagedé tangkal cau, ngagolér teu
usik
teu malik, jiga bugang, ngajepat keur saré
tibra.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 13

1.2.Sunda

ᮊᮝᮤᮔ᮪ ᮏ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪

(1)

“ᮞᮅᮙᮁᮥ ᮑᮥ ᮑᮥ ᮠᮥᮔ᮪ ᮠᮥᮜᮥ ᮇ , ᮅᮛᮀ ᮙᮂ ᮎᮔ᮪ ᮕᮔᮂ ᮕᮕᮍᮀ ᮂᮤ
ᮏ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪,” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪, ᮘᮛᮤ ᮌᮜᮃᮥ ᮊᮁ ᮔᮩ ᮪ ᮘᮜᮊ᮪
ᮍᮔᮨ ᮕᮨ ᮪. ᮃᮞ ᮙᮔᮩ ᮀ ᮊᮞᮨᮙ᮪ᮕᮒᮨ ᮔ᮪, ᮘᮥ ᮛ-ᮥ ᮘᮥ ᮛᮥ ᮓᮤᮊᮜᮥᮃᮁᮊᮔᮩ ᮪,
ᮘᮤ ᮞᮤ ᮊᮘᮨ ᮘ ᮙᮥᮔ᮪ ᮓᮤᮄᮌᮥ ᮝᮆ ᮙᮂ.

ᮊᮓᮁ ᮤ ᮌᮠᮥᮜ, ᮊᮒᮁ ᮥ ᮓᮤᮔ ᮎᮨᮊᮨᮜᮔ᮪ ᮙ ᮂᮔ ᮒᮩ ᮘᮧᮍ ᮃᮊᮀ
ᮍᮔᮨ ᮕᮨ ᮪.

“ᮜᮧᮞ᮪,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮊᮁᮓᮤ ᮘᮛᮤ ᮌᮜᮉᮤ ᮊ᮪ ᮊ ᮅᮓᮔᮤ ᮪. ᮔᮥ ᮓᮤᮜᮤᮉᮊ᮪
ᮞᮙᮨ ᮥ ᮃᮒᮧᮂ, ᮙ ᮂᮔ ᮌᮜᮥᮃᮊᮁ ᮔᮩ ᮪ ᮊᮁᮒᮥ ᮍᮨᮔᮕᮨ ᮪ ᮊᮧᮞᮧᮀ .

ᮍᮜᮤ ᮛᮤ ᮔ᮪ ᮅᮊᮁ, ᮌᮜᮥᮃᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮥᮃ ᮊᮧᮞᮧᮀ . ᮃᮒᮂᮥ , ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪
ᮃᮞ ᮙᮔᮩ ᮀ ᮏᮜᮔ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 14

“ᮕᮧᮜ᮪ᮓᮔ᮪,” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪. ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮃ ᮓᮜᮤ ᮝᮔ᮪,
ᮎᮨᮔᮂ, ᮘᮛᮤ ᮎᮊᮒ᮪ ᮒᮥᮜᮥᮚ᮪ ᮊ ᮕᮕᮤ ᮕᮧᮞ᮪ ᮛᮧᮔ᮪ᮓ. ᮏᮀ
ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮑᮜᮊ ᮓᮊᮩ ᮒᮩ ᮪ ᮓᮕᮛᮥ ᮔ᮪ ᮎᮅ. ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮌᮓᮧᮔ᮪

ᮘᮧᮁ ᮍᮓᮨ ᮘᮨ ᮧᮍ᮪ ᮔᮥ ᮌᮍᮧ ᮁ ᮠᮔ᮪ᮓᮕᮔᮩ ᮪ ᮒᮀᮊᮜ᮪ ᮎᮅ.
ᮞᮕᮔᮍᮜ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪, ᮆᮒ ᮍᮨᮓᮘᮨ ᮧᮍ᮪ ᮂ ᮌ ᮇᮁ
ᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮊ ᮔᮥ ᮞᮥᮔᮤ.

ᮕᮒᮩ ᮆᮒ ᮂ ᮙᮜᮨᮙ᮪ ᮏᮙᮥ 'ᮃᮂ ᮊᮜᮝᮤ ᮧᮔ᮪, ᮔᮥ ᮊ
ᮍᮤᮜᮤᮛᮔ᮪ ᮛᮧᮔ᮪ᮓ ᮂ ᮇᮕᮒᮔ᮪, ᮊᮁᮓᮤ, ᮅᮊᮁ, ᮅᮓᮤᮔ᮪, ᮏ
ᮞᮥᮆᮘ᮪.

ᮔᮥ ᮊᮝᮜᮤ ᮀ ᮕᮝᮀ ᮔᮤᮔ, ᮑ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪. ᮊᮒᮨᮜᮂᮔ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪

ᮙᮂ ᮙᮔ᮪ ᮕᮞᮁ. ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮂ ᮌᮝᮞ ᮓᮤ ᮕᮞᮁ ᮏ

ᮒᮙᮔᮤ ᮜ᮪. ᮊ ᮂ ᮉᮝᮩᮂ ᮔᮥ ᮝᮔᮤ ᮊ ᮙᮔᮨᮂᮔ, ᮌᮔ᮪ ᮓᮊᮥ

ᮊᮙᮥ ᮠ ᮍᮩᮔ ᮔᮨᮕᮤ ᮊ ᮃᮚᮩᮔ, ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮂ ᮎᮔ᮪

ᮘᮘᮜᮤᮊ᮪ ᮕᮤᮊ. ᮒᮛ ᮞᮧᮜᮒ᮪, ᮊᮧᮙᮧ ᮓᮆᮊ᮪ ᮔᮜᮥ ᮀᮥ ᮊᮔᮥ

ᮞᮞᮥ ᮂ, ᮏ ᮕᮤᮞᮔ᮪ ᮓᮤ ᮔ᮪ᮒᮃᮔ᮪ ᮒᮜᮥ ᮥᮀ, ᮘᮩ ᮛᮒ᮪

ᮕᮞᮤ ᮔ᮪ ᮘᮤ ᮛᮒᮤ ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 15

ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮂ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮃᮊ᮪ ᮓᮊᮊ᮪ ᮅᮀᮍᮜ᮪ ᮅᮞᮊᮤ ᮪
ᮌᮝᮛᮥ ᮊᮥ ᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪, ᮓ ᮓᮤᮜᮄᮔ᮪-ᮜᮄᮔ᮪ ᮇ , ᮏᮀ
ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮂ ᮃᮔᮊ᮪ ᮃᮓᮤ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ. ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮂ
ᮓᮤᮛᮧᮛᮧᮊ᮪ ᮊᮥ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ, ᮒᮤ ᮊ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮜᮩᮒᮤᮊ᮪ ᮂ,
ᮓ ᮒᮤ ᮜᮒᮩ ᮤᮊ᮪ ᮂ ᮇ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮙᮂ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮚᮒᮙᮤ ᮪
ᮕᮤᮃᮒᮥ.

ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮂ ᮍᮧ ᮀ ᮃᮓᮒ᮪, ᮞᮧᮊ᮪ ᮞᮧᮙ᮪ᮕᮢᮜ᮪, ᮙᮔᮥ ᮪
ᮌᮧᮙᮧᮀ ᮂ ᮒᮛ ᮄᮉᮂ ᮓᮞᮤ ᮛ ᮠᮩᮜ. ᮕᮓᮥ ᮘᮨ ᮜᮨᮒᮊ᮪-
ᮘᮨ ᮜᮒᮨ ᮊ᮪ ᮝᮆ, ᮒᮩ ᮙᮊᮤ ᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮛᮞᮃᮔ᮪ ᮘᮒᮥᮁ.

ᮒᮩ ᮜᮜᮤ , ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮑᮙ᮪ᮕᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮘᮒᮛᮥ ᮔᮔ ᮔᮥ ᮊ
ᮌᮛᮅᮤ ᮀ ᮓᮤ ᮕᮧᮞ᮪ ᮛᮧᮔ᮪ᮓ. ᮊ᮪ ᮓᮅᮤ ᮊ᮪ ᮓᮤᮔ ᮕᮜᮥᮕᮂᮥ ,
ᮅᮛᮒᮥ ᮪ ᮒᮨᮙ᮪ᮕᮒ᮪ᮔ ᮒᮓᮤ.

ᮘᮛᮤ ᮠᮃᮩ ᮚ᮪, ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮒᮥᮜᮥᮚ᮪ ᮌᮠᮛᮓᮥ ᮥᮙ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮞᮛᮀ.ᮥ
ᮜᮜᮨ ᮍᮒᮥ ᮔ᮪, ᮕᮔᮧᮔ᮪ ᮍᮩᮞ᮪ ᮜᮤᮙ ᮝᮒ᮪. ᮠᮝ ᮊᮛᮞ ᮒᮄᮤ ᮞ᮪
ᮕᮤᮞᮔ᮪. ᮅᮛᮒᮥ ᮪ ᮌᮓᮥᮛᮊᮥ ᮔ᮪ ᮂ ᮌᮔ᮪ ᮊᮛᮤ ᮠᮞᮕᮩ ᮪ᮔ, ᮌᮜᮨ ᮥᮔ᮪,
ᮞᮩᮔᮔᮩ ᮞᮊᮕ ᮠᮥᮛᮀ,ᮥ ᮞᮊᮕ ᮕᮛᮙᮩ ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 16

ᮙᮆᮔ᮪ ᮍ ᮂ ᮂ ᮒᮩ ᮓᮤᮒᮛᮨ ᮞᮥ ᮪ᮊᮩᮔ᮪, ᮓ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮒᮨᮌᮂ ᮕᮒᮩ ,

ᮏᮘ ᮍᮩᮞ᮪ ᮒᮥᮔ᮪ᮓᮥᮂ ᮕᮞᮤ ᮔ᮪. ᮊᮓᮁ ᮤ ᮏ ᮅᮊᮁ ᮊᮘ ᮃᮔ᮪

ᮞ ᮒᮠᮤ ᮩᮜ, ᮃᮛᮤ ᮅᮓᮔᮤ ᮪ ᮏ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮙᮂ ᮊᮘ ᮃᮔ᮪

ᮏᮍ. ᮌᮔ᮪ ᮆᮒ, ᮓᮥᮊ ᮊᮙᮥ ᮠ ᮕᮔᮧᮔ᮪ ᮂ ᮃᮞ ᮎᮕᮨ ᮨᮜ᮪

ᮕᮞᮤ ᮔ᮪, ᮒ᮪ ᮏᮍᮤ ᮠᮚᮙ᮪.

ᮕᮒᮩ ᮂ ᮊᮎᮤᮓ ᮍᮉᮩ ᮙᮔ᮪, ᮞᮧᮛ ᮎᮂᮤ ᮎ ᮊ
ᮕ ᮙ᮪ᮘᮜᮔ᮪, ᮊᮧᮙᮧ ᮕᮩᮒ ᮄᮉ ᮂ ᮔᮔᮤ ᮪ᮎᮊ᮪ ᮙᮜᮨᮙ᮪
ᮏᮥᮙ'ᮃᮂ. ᮎᮨᮔᮂ ᮙᮜᮙᮨ ᮪ ᮏᮥᮙ'ᮃᮂ ᮂ ᮜᮧᮘ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪
ᮔᮥ ᮌᮠᮏ ᮊᮜᮃᮥ ᮁ ᮒᮔᮤ ᮒᮨᮙ᮪ᮕᮒ᮪ᮔ, ᮊᮚᮔ ᮒᮀᮊᮜ᮪
ᮎᮛᮌᮤ ᮤᮔ᮪, ᮓᮕᮥᮛᮔ᮪ ᮃᮝ,ᮤ ᮒᮀᮊᮜ᮪ ᮝᮛ,ᮥ ᮏ ᮒᮙᮨ ᮪ᮕᮒ᮪ ᮔᮥ
ᮞᮛᮛᮔᮥ ᮤ.

ᮌᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮙᮂ ᮒᮩ ᮘᮧᮍ ᮛᮞ ᮞᮉᮤ ᮔ᮪. ᮊᮜᮂᮊ ᮏᮤᮍ
ᮔᮥ ᮌᮠᮏᮊᮩᮔ᮪, ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮑᮨ ᮜ᮪ ᮜᮍᮥ ᮒᮤᮔ ᮒᮕᮤ ᮪, ᮜᮍᮥ
ᮓᮓᮀ ᮥᮒ᮪ ᮒᮛᮊᮤ ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪. ᮒᮙ᮪ᮘ ᮒᮔᮥ ᮪ᮓᮂᮥ , ᮎᮔᮨ ᮂ ᮙᮂ.

ᮌᮓᮓᮊ᮪ ᮃᮚ ᮃᮌᮤᮔ᮪ ᮌᮍᮜᮨ ᮨᮘᮥ ᮍ᮪, ᮛᮕᮩ ᮪ ᮃᮚ ᮃᮜᮤᮛᮔ᮪,
ᮜᮤᮞ᮪ᮒᮊᮤᮢ ᮪ ᮓᮤ ᮜᮨᮙ᮪ᮘᮥ ᮁ ᮂ ᮕᮛᮙᮩ ᮪, ᮃᮒᮂᮥ ᮜᮙ᮪ᮕᮥ ᮓᮤ ᮕᮧᮞ᮪
ᮛᮧᮔ᮪ᮓ ᮇ ᮞᮛᮃᮥ ᮕᮛᮙᮩ ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 17

ᮅᮓᮤᮔ᮪ ᮙᮂ ᮑᮨ ᮙ᮪ᮕᮧᮓ᮪ ᮓᮤᮏᮥᮛ,ᮥ ᮌᮓᮩᮊᮩᮒᮔ᮪ ᮅᮊᮁ ᮏᮩᮀ ᮊᮁᮓᮤ, ᮔᮥ

ᮒᮘᮤ ᮢ ᮞ ᮔ, ᮔᮥ ᮊ ᮂ ᮞᮧᮛ ᮊ᮪

ᮕ ᮙ᮪ᮘᮜᮔ᮪.

ᮏᮨᮍᮣ ᮪ ᮂ ᮠᮛᮕᮩ ᮔᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮃᮚ ᮔᮥ ᮌᮘᮨ ᮜᮨᮍ᮪ᮘᮨ ᮍ᮪
ᮠᮓᮤ . ᮜᮜᮅᮔᮔ᮪ ᮆᮒ ᮔᮥ ᮏᮀᮊᮀᮥ ᮠᮓᮤ ᮂ ᮑᮙ᮪ᮕᮊᮔᮩ ᮪ ᮊ
ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪.

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮔᮥ ᮒᮩ ᮘᮧᮍ ᮛᮞ ᮊᮞᮉᮤ ᮔ᮪, ᮑᮙ᮪ᮕᮊᮩᮔ᮪
ᮏᮤᮛᮙᮤ ᮪ ᮔᮥ ᮏᮀᮊᮀᮥ ᮠᮤᮓ ᮃ. ᮘᮥ ᮅᮊ᮪ᮔ ᮍᮧᮔ᮪ᮓᮢᮧᮀ , ᮕᮔᮧᮔ᮪
ᮘᮩ ᮛᮙᮩ ᮪, ᮒᮂ ᮜ᮪ ᮔᮕᮨ ᮤ ᮊ ᮘᮥ ᮏᮜ᮪. ᮎᮄ ᮌᮎᮚ᮪
ᮊᮜᮃᮥ ᮁ ᮒᮤᮔ ᮞᮥᮌᮥᮒ᮪ᮔ. ᮒᮩ ᮞᮜᮂ ᮓᮄᮩ ᮄᮉ ᮂ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪,
ᮍᮛᮨ ᮔᮨ ᮪ᮒᮨᮞ᮪ ᮠ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪.

“ᮞᮠ ᮙᮔᮨᮂ, ᮝᮔᮤ-ᮝᮔᮤ ᮓᮒᮀ ᮊᮓᮤᮉ?” ᮎᮩᮊ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪
ᮘᮛᮤ ᮙᮜᮥ ᮊ᮪ ᮎᮀ ᮀ.

“ᮃᮄᮀ...ᮓᮤᮅᮒᮞᮥ ᮪ ᮊᮥ ᮛᮏ, ᮊ᮪ ᮙᮝ ᮙ ᮂ ᮊ

ᮊᮛᮏᮃᮔ᮪,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮆᮒ ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪, ᮘᮛᮤ ᮜᮏᮍ᮪ ᮍ᮪,

ᮒᮂᮔ ᮌᮨ ᮜ᮪, ᮠᮥᮔ᮪ᮒᮥ ᮊᮧ ᮀ, ᮛᮀ ᮀ ᮕᮤᮊᮍᮜᮤ ᮉᮔ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 18

“ᮔᮇᮔ᮪ ᮞᮜᮂ ᮅᮛ?ᮀ ” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮉᮝᮩᮂ ᮊᮞᮉᮤ ᮔ᮪
ᮞᮉᮒᮤᮊ᮪-ᮉᮒᮊᮤ ᮪ ᮃᮎᮔ᮪.

“ᮙ ᮂ ᮍᮩᮞ᮪ ᮌᮠᮔᮤ ᮕᮒᮥ ᮢᮤ ᮛᮏ. ᮒᮓᮤ ᮂ ᮕᮥᮒᮤᮢ ᮜᮕᮧᮁ ᮊ
ᮛᮏ, ᮎᮔᮨ ᮂ ᮙᮂ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮓᮤᮛᮛᮥ ᮏᮥ ᮤᮒ᮪ ᮊᮥ ᮙᮔᮥᮞ.” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮆᮒ
ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪.

“ᮅᮛᮀ ᮙᮂ ᮒᮩ ᮌᮛᮞ ᮌᮛᮛᮥ ᮏᮥ ᮤᮒ᮪. ᮒᮤᮒᮓᮤ ᮇ ᮅᮛᮀ ᮙᮂ ᮓᮤ
ᮓᮉᮤ ,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪.

"ᮆᮒ ᮕᮤᮞᮔ᮪, ᮙ ᮂ ᮒᮓᮤ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮌᮤᮄᮠᮔ᮪ ᮕᮥᮒᮤᮢ ᮛᮏ. ᮅᮜᮂ
ᮜᮧᮘ ᮆᮊᮧᮜ᮪. ᮍᮞᮩ ᮪ ᮓᮤᮕᮥᮒᮞᮥ ᮪ᮊᮔᮩ ᮪, ᮙ ᮂ ᮓᮤᮠᮥᮊᮙᮥ ᮪ ᮊᮥᮓᮥ
ᮓᮆᮊ᮪ ᮊᮝᮔᮤ ᮪ ᮏ ᮕᮒᮥ ᮢᮤ ᮛᮏ.”

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮌᮠᮜᮥ . ᮃᮚ-ᮃᮚ ᮝᮆ, ᮍᮛᮨ ᮔᮨ ᮪ᮒᮞᮨ ᮪ ᮠ ᮏᮀ
ᮞᮆᮥ ᮘ᮪. ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮊᮊᮛ ᮄᮌᮒᮨ ᮪, ᮔᮥ ᮓᮞᮤ ᮀᮊ ᮍᮓᮨ ᮨᮘᮧᮍ᮪
ᮎᮅ ᮂ, ᮔᮥ ᮒᮓᮤ ᮓᮊᮤ ᮄᮤ ᮠᮔ᮪, ᮠᮧ ᮀ ᮕᮥᮒᮤᮢ ᮛᮏ.

“ᮠᮚᮥ, ᮅᮛᮀ ᮒᮀᮍᮀᮥ ᮏᮝᮘ᮪, ᮜᮙᮔᮥ ᮪ ᮆᮒ ᮊᮒᮀᮒᮥᮃᮔ᮪ ᮠᮊᮥ ᮥᮙ᮪
ᮓᮤ ᮔᮍᮛ ᮙ ᮂ “ᮎᮊᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮒᮩ ᮉᮜᮙᮩ ᮪-ᮉᮜᮙᮩ ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 19

ᮘᮢ ᮜ᮪ ᮆᮒ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪ ᮂ ᮏ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮄᮔ᮪ᮓᮤᮒ᮪
ᮌᮏᮥᮍ᮪ᮏᮍᮥ ᮪ ᮊ ᮊᮛᮏᮃᮔ᮪ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪.

ᮙᮕᮚ᮪-ᮙᮕᮚ᮪ ᮏᮜᮔ᮪ ᮞᮒᮕᮊ᮪, ᮌᮜᮝᮤ ᮒᮔ᮪ ᮊᮘᮨ ᮧᮔ᮪
ᮃᮝᮤ, ᮌᮜᮝᮤ ᮒᮔ᮪ ᮜᮩᮝ, ᮏᮜᮔ᮪ ᮆᮒ ᮂ ᮘᮢ ᮞ᮪ᮔ ᮊ ᮜᮩᮝᮤ
ᮞᮔ᮪ᮎ.ᮀ

ᮒᮤ ᮘᮩᮛᮀ ᮇ ᮜᮩᮝᮤ ᮞᮔ᮪ᮎᮀ ᮙᮂ ᮍᮩᮞ᮪ ᮍᮉᮩ ᮙᮔ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪,
ᮊᮧᮙᮧ ᮄᮉ ᮒᮨᮌᮂ ᮕᮒᮩ .

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮔᮥᮒᮁᮊᮥ ᮔᮩ ᮪ ᮆᮒ ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪, ᮔᮕᮨ ᮤ ᮊ ᮞᮞᮤ ᮤ ᮜᮝᮩ .ᮤ

ᮍᮔᮩ ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮓᮤ ᮞᮤᮞᮤ ᮜᮩᮝᮤ ᮘᮩ ᮜᮂ ᮊᮜᮥ ᮧᮔ᮪ ᮂ ᮃᮚ
ᮝᮌᮥᮔᮔ᮪ ᮏᮤᮍ ᮄᮞ᮪ᮒᮔ. ᮘᮞ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮔᮨᮕᮤ ᮊ ᮕᮔ᮪ᮒᮧ
ᮄᮞ᮪ᮒᮔ, ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮃᮚ ᮓᮃᮥ ᮘᮥ ᮒ ᮔᮥ ᮌᮏᮍ. ᮘᮥ ᮅᮊ᮪ᮔ
ᮍᮜ, ᮓᮤᮍᮨᮜᮥ,ᮀ ᮕᮔᮧᮔ᮪ᮔ ᮘᮧᮜᮧᮒᮧᮒ᮪, ᮠᮔᮥ ᮪ᮒᮔᮥ ᮊᮧ ,ᮀ
ᮃᮚ ᮞᮠᮤ ᮌᮥ ᮔ᮪. ᮈᮒ ᮘᮥ ᮒ ᮂ ᮑᮨ ᮊᮜᮨ ᮔ᮪ ᮍᮍᮨ ᮨᮔ᮪ᮓ ᮞᮍᮨ
ᮇᮛᮧᮊ᮪.

ᮏᮥᮛᮍᮤ ᮪ ᮏ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮃᮛᮞᮕᮥ ᮪ ᮊ ᮏᮨᮛᮧ ᮄᮞ᮪ᮒᮔ.
ᮊᮞᮙ᮪ᮕᮊ᮪ ᮓᮏᮤ ᮨᮛᮧ ᮄᮞ᮪ᮒᮔ ᮂ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮌᮙᮥ ᮪ᮕᮥᮜ᮪

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 20

ᮞᮊ ᮂ ᮙᮔ᮪ᮒᮢᮤ ᮏ ᮛᮏ. ᮛᮏ ᮊᮒᮌᮤ ᮜᮤ ᮍᮍᮂ ᮕᮤᮞᮔ᮪. ᮙ
ᮙᮊᮧᮒ ᮒᮔᮤ ᮈᮙᮞ᮪, ᮓᮤᮕᮕᮆᮞ᮪ ᮊᮥ ᮄᮔ᮪ᮒᮔ᮪ ᮘᮨ ᮛᮃᮤᮣ ᮔ᮪.

ᮊ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮓᮤᮅᮊ᮪ ᮓᮤ ᮕᮚᮔᮥ ᮔᮩ ᮪ ᮛᮏ.

ᮎᮧᮀ , ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪ ᮂ ᮑᮨ ᮙ᮪ᮘᮂ, ᮕᮧᮊ᮪ᮔ “ᮕᮔᮥ ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮃᮔᮥ
ᮊᮞᮠᮥ ᮥᮔ᮪, ᮄᮉ ᮕᮔᮥ ᮪ ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪ ᮑᮀ ᮍᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮥ ᮓᮊ᮪ ᮔᮥ ᮒᮧᮞ᮪
ᮊᮙᮝᮔ᮪ᮒᮥᮔ᮪ ᮌᮠᮔᮤ ᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮒᮥ ᮤᮢ.

"ᮆ...ᮜᮓᮜᮂ, ᮍᮩᮔ ᮊ ᮕ᮪ ᮘᮥ ᮓᮊ᮪ ᮂ. ᮚᮕ᮪ ᮊᮓᮉᮤ ,
ᮊᮥᮜ ᮊ᮪ ᮔᮑ ᮊ ᮙ ᮂ. ᮠ...ᮠ..ᮠ.."ᮎᮊᮩ ᮪ ᮛᮏ, ᮘᮛᮤ
ᮞᮩᮛ,ᮤ ᮊᮥ ᮊᮒᮏᮤ ᮔᮤᮌᮜᮤ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪.

"ᮊᮛᮤ -ᮊᮛᮤ ᮙ ᮂ ᮓᮆᮊ᮪ ᮊᮝᮤᮔ᮪ ᮏ ᮃᮔᮊ᮪ ᮊᮥᮜ?"

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮅᮍᮀ ᮩᮊ᮪,"ᮙᮀᮍ, ᮊᮅᮜ ᮔᮥᮔ᮪...ᮌᮔ᮪ ᮕᮥᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪

ᮃᮚ ᮞᮛᮒ᮪ᮔ," ᮎᮊᮩ ᮪ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮒᮔ᮪ᮏᮊᮔ᮪.

"ᮔᮇᮔ᮪ ᮞᮛᮒ᮪ᮔ?"ᮎᮊᮩ ᮪ ᮛᮏ, ᮕᮔᮞᮛᮔ᮪ ᮊᮔ ᮒᮔ᮪ᮏᮊᮔ᮪
ᮔᮥ ᮓᮤ ᮔ᮪ᮒ ᮊᮥ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 21

"ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮂ ᮙᮔ᮪ ᮕᮞ,ᮁ ᮔ᮪ᮒ ᮊᮞᮊ᮪ ᮔ᮪ ᮏᮀ
ᮙᮧᮓᮜ᮪ ᮌᮜᮝᮔ᮪ ᮞᮤ ᮊᮙᮥ ᮞᮤ ᮪. ᮊᮓᮥᮃ, ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮠᮚᮀ
ᮕᮑᮀ ᮤ ᮉᮔ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮄᮙᮂ ᮔᮥ ᮍᮨ . ᮊᮒᮤᮜ,ᮥ ᮔ᮪ᮒ ᮞᮝᮂ
ᮞᮘᮅ, ᮏ ᮙᮔᮥ ᮪ᮓᮔ ᮞᮛᮊᮒᮤ ᮪. ᮇᮕᮒ᮪, ᮍᮔ᮪ᮒᮤ ᮝᮏᮥ ᮥᮓ᮪
ᮕᮥᮒᮤᮢ ᮂ, ᮏᮓᮤ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮏᮤᮍ ᮃᮘ᮪ᮓᮤ. ᮊᮜᮤᮙ, ᮔ᮪ᮒ
ᮙᮧᮒᮧᮁ ᮔᮤᮔ᮪ᮏ. ᮊᮍᮔᮨ ᮕᮨ ᮪, ᮔ᮪ᮒ ᮠ ᮕᮌᮑᮁ ᮔ. ᮆᮒ
ᮞᮛᮒ᮪ᮔ." ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮒᮔ᮪ᮓᮞᮨ ᮪ ᮌᮏᮝᮘ᮪ᮔ ᮂ.

ᮛᮏ ᮌᮠᮥᮜ ᮌᮛᮍ ᮙᮔᮨ . ᮌᮔ᮪ ᮊᮙᮥ ᮠ ᮓᮄᮩ , ᮆ ᮂ ᮀ,
ᮛᮏ ᮑᮀ ᮍᮥᮕᮔ᮪ ᮕ ᮔ᮪ᮒ ᮒᮤ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪.

ᮕᮒᮩ ᮆᮒ ᮂ ᮓᮤᮃᮚᮊᮔᮩ ᮪ ᮃᮎᮛ ᮔᮤᮊᮂ ᮃᮔ᮪ᮒᮛ ᮏᮀ
ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮏ ᮕᮒᮥ ᮤᮢ ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪. ᮛ ᮕᮤᮞᮔ᮪, ᮔᮨᮕᮊᮤ ᮅᮛᮀ ᮜᮙᮨ ᮪ᮘᮥ ᮁ
ᮌᮛᮞ ᮠᮙᮨ ᮔᮌᮤ ᮜᮤ ᮓᮤ ᮒᮌᮨ ᮂ ᮜᮝᮩ ᮤ ᮂ ᮌᮓᮓᮊ᮪ ᮎᮛᮃᮀ, ᮞᮧᮛ
ᮍᮙᮜᮨ ᮔ᮪ ᮠᮝᮁ-ᮠᮝᮁ ᮊ ᮕ ᮙ᮪ᮘᮜᮔ᮪ ᮏ ᮃᮂᮔ
ᮞᮧᮛ ᮎᮄ ᮒᮤ ᮝᮜᮌᮥ ᮔ᮪ ᮔᮥ ᮔᮏᮥ ᮥ ᮊ ᮆᮒ ᮜᮩᮝᮤ.

ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮑᮔ᮪ᮓ ᮏ ᮕᮥᮒᮢᮤ ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪. ᮍᮩᮜᮤᮞ᮪,
ᮎᮙ᮪ᮕᮨᮛᮔᮨ ᮊᮤ ᮪, ᮕᮔᮧᮔ᮪ᮔ ᮠᮤᮓ, ᮠᮛᮕᮩ ᮪ᮔ ᮙᮒᮊ᮪ ᮅᮛᮚᮥ ᮪ ᮔᮥ

ᮔ᮪ᮏᮧ, ᮕᮧᮊᮧᮔ ᮙᮂ ᮏᮤᮍ ᮔ᮪ᮒᮀ ᮖᮜᮤ ᮙᮨ ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 22

ᮕᮩᮒ ᮆᮒ, ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮌᮜᮙᮔ᮪ ᮞ ᮏ ᮕᮒᮥ ᮢᮤ ᮔᮥ ᮍᮩᮜᮞᮤ ᮪
ᮊᮝᮔ᮪ᮒᮤ-ᮝᮔ᮪ᮒᮤ, ᮔᮨᮕᮤᮊ ᮒᮥᮅᮁ ᮃᮞ ᮎᮧᮕᮣᮧᮊ᮪, ᮘᮊᮒ ᮊᮥ
ᮞᮩᮘᮩ ᮂ ᮍᮍᮥ ᮥᮜᮌᮤ ᮔ᮪ ᮏ ᮆᮒ ᮕᮥᮒᮤ.ᮢ ᮃᮔ᮪ᮒᮊᮥ ᮪ᮔ, ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪

ᮂ ᮌᮛᮞ ᮜᮩᮜᮞᮩ ᮪ ᮃᮞ ᮓᮤᮕᮕᮥ ᮜᮥ ᮪ ᮘᮚᮥ, ᮔᮕᮞ᮪ᮔ
ᮌ ᮍᮊ᮪, ᮌᮜᮙᮨ ᮪ ᮂ ᮒᮩ ᮝᮜᮊᮚ.

ᮄᮞᮥᮊ᮪ᮔ ᮅᮛᮀ ᮜᮨᮙ᮪ᮘᮥ ᮁ ᮂ ᮍᮥᮚᮁ,ᮥ ᮏ ᮕ ᮏ- ᮏ,
ᮎᮨᮔᮂ ᮒᮥᮊᮀ ᮌᮞᮥ ᮕᮩ ᮪ ᮙᮍᮀ ᮤᮠᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮊ ᮌᮍᮧ ᮁ ᮒᮩ
ᮝᮜᮊᮚ, ᮊᮕᮤᮅᮠᮔ᮪ ᮓᮤ ᮞᮤᮞᮤ ᮜᮩᮝ.ᮤ

ᮒᮩ ᮏᮅᮂ ᮒᮤ ᮓᮑᮤ , ᮍᮍᮤ ᮛᮤ ᮔᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪, ᮃᮚ ᮇᮛᮚ᮪
ᮞᮔ᮪ᮎ ᮞᮍᮨ ᮒᮀᮊᮜ᮪ ᮎᮅ, ᮌᮍᮧ ᮁ ᮒᮩ ᮅᮞᮤᮊ᮪

ᮒᮩ ᮙᮜᮊᮤ ᮪, ᮏᮤᮍ ᮘᮥ ᮍ,ᮀ ᮌᮏᮨᮕᮒ᮪ ᮊ ᮞ ᮒᮤᮘᮢ .

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 23

2.1.

Kawin Jeung Jurig

(2)

Jang Suéb keur diriung-riung ku urang
lembur. Ngahaja digolérkeun di tengah imah,
ambéh gampang nu rék ngadon ngalayad.
Jang Suéb téh ngagolér teu walakaya, ngan
katémbong engapan jiga nu capé tas leumpang
jauh.

Kang Haji ngarasa reuwas nempo kaayaan
Jang Suéb jiga kitu téh. Kang Haji teu weléh
ngado'a ka Gusti Alloh, sangkan Jang Suéb
dicageurkeun deui sabihara-sabihari. Sanajan

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 24

_______________________

(2)Asep Taptazana

15 Desember 2016

#netpost_fiksi_AT_kjj

lain anak pituin, apanan Jang Suéb téh geus
diurus ti keur orok beureum kénéh. Kabeneran
Kang Haji téh teu boga turunan, nya atuh
sakabéh kanyaah téh dibikeun ka Jang Suéb.
Tada teuing hariwangna Kang Haji téh,
nyanghareupan Jang Suéb nu keur dina
kaayaan kieu.
Ti saprak Jang Suéb kapanggih keur
ngalungsar di sisi leuwi, babaturan nu bareng
ngaronda tadi peuting katémbong keur
ngarariung di tepas hareup. Kabéhanana ogé
teu cumarita ka sasaha, da puguh asa sieun
mun rék dibéjakeun ka batur salembur téh.
Boh bisi engké maranéhanana meunang
mamala alatan ku ngabolékérkeun kajadian

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 25

tadi peuting. Babaturannana kabéh geus
sapuk, yén ieu kajadian téh jadi rusiah keur nu
opatan waé.
“Cai...cai...”ceuk Jang Suéb, bari luak-lieuk
ka sakurilingna.
Gura-giru Kang Haji mikeun cai hérang tina
gelas. Glek, glek Jang Suéb téh nginum mani
ngalegik. Geus nginum mah, dug Jang Suéb
téh saré deui.
Harita téh poé Juma'ah, wanci jam sawelasan,
nu ngalayad téh nungtutan amitan ka Kang
Haji, cong sasalaman, bral mulang ka imahna
séwang-sewangan.
Tinggal Kang Haji, Ceu Haji, jeung Jang Suéb
nu aya di imah téh.
“Akang rék Juma'ahan heula. Engké mun aya
nanaon mah nelpon waé,”ceuk Kang Haji,
nyarita ka ceu Haji, bari asup ka kamar, rék
ganti baju.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 26

Teu lila geus kaluar deui ti kamer, tuluy nuju
ka masjid.
Sapaninggal Kang Haji, Ceu Haji nuluykeun
pagawéan di dapur. Nyiapkeun dahareun keur
engké ari Kang Haji mulang ti masjid.
Di tengah imah téh ngan Jang Suéb sorangan,
da babaturanna mah tadi bareng jeung Kang
Haji indit ka masjid.
Jang Suéb hudang tina saréna bari nyekelan
sirah, karasa asa sesenutan, jeung titingalian
téh asa kararoneng. Gék diuk, nyarandé kana
témbok.
“Ma...hayang dahar,” ceuk Jang Suéb.
Torojol Ceu Haji ti dapur bari nanggeuy baki,
aya sangu sapiring metung, jeung goréng lauk
emas.
Jang Suéb nampanan piring eusi sangu jeung
lauk. Am, jang Suéb ngahuapkeun sangu,
cacamuilan, katémbongna téh ni'mat pisan.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 27

Teu cukup ku sapiring, nambahan sapiring
deui. Sangu dua piring metung téh pindah
kana beuteung Jang Suéb.
Réngsé dahar, Jang Suéb kakara regot
nginum. Jung nangtung, rarat-rérét euweuh
sasaha, da Ceu Haji masih uplek di dapur.
Jang Suéb asup ka kamerna, maksudna mah
rék pindah saré. Basa muka lomari, maksudna
rék nyokot salin, da karasa baju téh asa
cararepel, kasampak téh aya nu ngagulung
dina kolong ranjang. Basa ditegeskeun téh,
horéng oray sanca nu tadi di sisi leuwi téh
geus nyampak aya di dinya.
Jang Suéb ngarénjag, sakedapan mah asa
kabur pangacian. Teu lila, bari narik napas,
Jang Suéb nyarita ka éta oray, nu geus jadi
pamajikan ti peuting tadi.
“Geuning, Nyai téh aya didieu ?” ceuk Jang
Suéb, bari mangku éta oray, tuluy ditunda

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 28

dina luhureun kasur.
“Leres, Kang. Abdi tadi nyusul ka dieu.
Punten abdi téh ayeuna aya dina ujud sapertos
kieu, nembé engké wengi, abdi tiasa ngarobah
raga janten manusa,” ceuk éta oray bari
lalaunan ngabeulit awak Jang Suéb. Panonna
seukeut mencrong ka Jang Suéb. Létahna
katingali ngelél, ngalétakan pipi Jang Suéb.
Katémbong oray téh sisitna hérang kasinaran
ku cahaya tina liang bilik nu carang. Jang
Suéb surti, tuluy gura-giru, nutupkeun panto
kamer, boh bisi Ma Haji ningal éta kajadian.
Bérés nyimbeuhan pamajikan ku rasa kasono,
Jang Suéb mangku éta oray, tuluy diasupkeun
kana jero lomari. Ditunda dihandapeun baju
nu ngagarantung. Tuluy Jang Suéb nutupkeun
panto lomari.
Jang Suéb nempo ka luhureun tempat saré.
Dina luhureun tempat saré téh aya bungkusan

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 29

maké lawon sutra warna beureum. Basa
dibuka téh eusina aya emas batangan, aya
kana dua puluh potongna. Salian ti éta aya
pusaka keris dibungkus ku kaén warna bodas.
Jang Suéb ngilikan éta emas, jeung pusaka
keris, tuluy nalikeun deui éta bungkusan, bus
diasupkeun kana laci dina jero lomari. Cetrek
panto lomari téh dikonci.
Jang Suéb téh gogoléran, reup peureum,
nyawang kajadian nu geus kaliwat. Ayeuna
mah katembong jalan nu bakal kasorang téh
jiga hampang pisan. Éta emas mun dijual téh,
leuwih ti cukup keur nedunan sakabéh
kahayangna. Paméntana ka Raja Jurig geus
ditedunan. Harta geus kacekel, pamajikan
geus aya, ogé geus miboga kasaktén
ngaliwatan keris pusaka Sanca Welang. Moal
aya nu bakal ngéléhkeun. Kakawasaan di
pasar jeung terminal geus aya dina cecekelan.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 30

Si Kumis mah teu asup itungan, ceuk Jang
Suéb bari nyéh seuri sorangan.
Hudang sotéh dicalukan ku Kang Haji. Ngajak
dahar babarengan. Jang Suéb kaluar ti
kamerna, nyampeurkeun Kang Haji. Gék diuk
dina samak pahareup-hareup jeung Kang Haji.
Ari Ceu Haji mah pak pik pek nyiapkeun
sangu jeung lalawuhna.
Kulantaran Jang Suéb mah geus dahar tiheula,
ngan geus jadi kabiasaan ti keur leutik kénéh
ogé, dahar téh kudu babarengan. Atuh Jang
Suéb mah nyiuk sangu téh saeutik pisan. Kang
Haji mah teu geruh, meureun can pati napsu
kana dahar, pikir Kang Haji.
Peutingna, Jang Suéb ngerem manéh di
kamer. Kang Haji jeung Ceu Haji teu loba
pananyaan, meureun Jang Suéb keur méakeun
kacapé urut kajadian kamari. Atuh bérés solat
Isa téh, Kang Haji jeung Ceu Haji ogé

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 31

langsung istirahat, da karasa asa capé ku
kajadian poé tadi.
Ari Jang Suéb, nu puguh mah keur sosonoan
jeung pamajikan. Pamajikan nu geus rubah
wujud jadi jelema sabeuleugeunjeur téh,
matak ngahudang rasa nu ngancik dina raga
Jang Suéb.
Geus teu inget kana waktu, Jang Suéb
ngabudalkeun rasa ka pamajikannana. Basa
dur bedug subuh téh, nu keur pada
nyacapkeun rasa téh, kakara lekasan. Ari geus
kacumponan sakabéh kahayang mah, duanana
ngalungsar teu aya tangan pangawasa, nafasna
ngahégak, reup panon téh peureum. Duanana
ngagalolér dibaturan ku récétna sora manuk,
jeung kongkorongok hayam jago nu
patémbalan, jeung cahaya panonpoé nu mimiti
asup kana liang bilik.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 32

2.2. Sunda

ᮊᮝᮔᮤ ᮪ ᮏ ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪

(2)

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮊ ᮓᮛᮤ ᮅᮤ ᮀ-ᮛᮅᮤ ᮀ ᮊᮥ ᮅᮛᮀ ᮜᮙᮨ ᮪ᮘᮥ ᮁ. ᮌᮠᮏ
ᮓᮍᮤ ᮧ ᮊᮁ ᮩᮔ᮪ ᮓᮤ ᮒᮨᮌᮂ ᮄᮙᮂ, ᮃᮙ᮪ ᮂ ᮍᮙ᮪ᮕᮀ ᮔᮥ ᮊ᮪
ᮌᮓᮧᮔ᮪ ᮌᮜᮚᮓ᮪. ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮂ ᮌᮍᮧ ᮁ ᮒᮩ ᮝᮜᮊᮚ,
ᮌᮔ᮪ ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮈᮌᮕᮔ᮪ ᮏᮤᮍ ᮔᮥ ᮎ ᮒᮞ᮪ ᮜᮙᮩ ᮪ᮕᮀ
ᮏᮅᮂ.

ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮌᮛᮞ ᮛᮝᮩ ᮞ᮪ ᮔᮙᮨ ᮪ᮕᮧ ᮊᮃᮚᮃᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮏᮤᮍ
ᮊᮤᮒᮥ ᮂ. ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮒᮩ ᮝᮨ ᮂ ᮌᮓᮧ'ᮃ ᮊ ᮍᮞᮥ ᮪ᮒᮤ
ᮃᮜᮣᮧᮂ, ᮞᮊᮀ ᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮓᮤᮎᮍᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮩᮄ ᮞᮘᮤ ᮠᮛ-
ᮞᮘᮤ ᮠᮛ.ᮤ ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮜᮄᮔ᮪ ᮃᮔᮊ᮪ ᮕᮤᮒᮄᮥ ᮔ᮪, ᮃᮕᮔᮔ᮪ ᮏᮀ
ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮂ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮓᮤᮅᮛᮞᮥ ᮪ ᮒᮤ ᮊ ᮇᮛᮧᮊ᮪ ᮘᮩ ᮛᮙᮩ ᮪ ᮂ.
ᮊᮘᮨ ᮔᮛᮨ ᮔ᮪ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮂ ᮒᮩ ᮘᮧᮍ ᮒᮥᮛᮔᮥ ᮔ᮪, ᮑ ᮃᮒᮥᮂ
ᮞᮊ ᮂ ᮊᮑᮃᮂ ᮂ ᮓᮤᮘᮤ ᮊᮩᮔ᮪ ᮊ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪. ᮒᮓ ᮒᮄᮩ ᮀ
ᮠᮛᮝᮤ ᮀᮔ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮂ, ᮑᮀ ᮠᮛᮕᮩ ᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮔᮥ ᮊ ᮓᮤᮔ
ᮊᮃᮚᮃᮔ᮪ ᮊᮤᮉ.

ᮒᮤ ᮞᮕᮢᮊ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮊᮕᮀᮍᮤᮂ ᮊ ᮌᮜᮥᮞᮀ ᮁ ᮓᮤ ᮞᮤᮞᮤ ᮜᮝᮩ ,ᮤ
ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ᮪ ᮔᮥ ᮘᮛ ᮌᮛᮧᮔ᮪ᮓ ᮒᮓᮤ ᮕᮒᮩ ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮊ

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 33

ᮌᮛᮛᮅᮤ ᮀ ᮓᮤ ᮒᮨᮕᮞ᮪ ᮠᮛᮕᮩ ᮪. ᮊ ᮠᮔᮔ ᮇ ᮒᮩ ᮎᮥᮙᮛᮒᮤ ᮊ
ᮞᮞᮠ, ᮓ ᮕᮍᮥ ᮥᮂ ᮃᮞ ᮞᮉᮤ ᮔ᮪ ᮙᮔᮥ ᮪ ᮊ᮪ ᮓᮤ ᮏᮊᮩᮔ᮪ ᮊ
ᮘᮒᮁᮥ ᮞᮜᮨᮙ᮪ᮘᮥ ᮁ ᮂ. ᮘᮧᮂ ᮘᮤ ᮞᮤ ᮈᮀ ᮙᮛ ᮠᮔᮔ ᮙᮔᮩ ᮀ
ᮙᮙᮜ ᮃᮜᮒᮔ᮪ ᮊᮥ ᮌᮘᮧ ᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮏᮓᮤᮃᮔ᮪ ᮒᮓᮤ ᮕᮒᮩ .
ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ᮪ᮔᮔ ᮊ ᮂ ᮍᮩᮞ᮪ ᮞᮕᮊᮥ ᮪, ᮔ᮪ ᮄᮉ
ᮊᮏᮓᮤᮃᮔ᮪ ᮂ ᮏᮓᮤ ᮛᮞᮥ ᮃᮤ ᮂ ᮊ ᮔᮥ ᮇᮕᮒᮔ᮪ ᮝᮆ.

“ᮎᮄ...ᮎᮄ...”ᮎᮊᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪, ᮘᮛᮤ ᮜᮃᮥ ᮊ᮪-ᮜᮉᮤ ᮊ᮪ ᮊ
ᮞᮊᮛᮥ ᮜᮤ ᮔ.

ᮍᮥᮛ-ᮍᮤᮛᮥ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮙᮊᮤ ᮔᮩ ᮪ ᮎᮄ ᮛᮀ ᮒᮤᮔ ᮍᮜᮨ ᮞ᮪. ᮍᮨᮊᮣ ᮪,
ᮍᮣᮊᮨ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮂ ᮌᮔᮤ ᮥᮙ᮪ ᮙᮔᮤ ᮌᮜᮨᮍᮤᮊ᮪. ᮍᮩᮞ᮪ ᮌᮤᮔᮥᮙ᮪
ᮙᮂ, ᮓᮥᮍ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮂ ᮞ ᮓᮩᮄ.

ᮠᮛᮒᮤ ᮂ ᮕᮧᮆ ᮏᮥᮙ'ᮃᮂ, ᮝᮔ᮪ᮎᮤ ᮏᮙ᮪ ᮞᮝᮨᮜᮞᮔ᮪,
ᮔᮥ ᮌᮜᮚᮓ᮪ ᮂ ᮔᮥᮒᮀ ᮒᮥ ᮔ᮪ ᮃᮙᮒᮤ ᮔ᮪ ᮊ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ, ᮎᮧᮀ
ᮞᮞᮜᮙᮔ᮪, ᮘᮢ ᮜ᮪ ᮙᮥᮜᮀ ᮊ ᮄᮙᮂᮔ ᮝᮀ-ᮞᮨᮝᮌᮔ᮪.

ᮒᮍᮜ᮪ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ, ᮎᮩ ᮠᮏᮤ, ᮏ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮔᮥ ᮃᮚ ᮓᮤ ᮄᮙᮂ
ᮂ.

“ᮃᮊᮀ ᮊ᮪ ᮏᮥᮙ'ᮃᮠᮔ᮪ ᮠᮜᮩ . ᮈᮀ ᮙᮔᮥ ᮪ ᮃᮚ
ᮔᮔᮇᮔ᮪ ᮙᮂ ᮔᮜᮨ ᮪ᮕᮧᮔ᮪ ᮝᮆ,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ, ᮑᮛᮒᮤ ᮊ ᮎᮩ
ᮠᮏᮤ, ᮘᮛᮤ ᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮊ ᮊᮙᮁ, ᮊ᮪ ᮍᮔ᮪ᮒᮤ ᮘᮏᮥ.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 34

ᮒᮩ ᮜᮤᮜ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮊᮜᮃᮥ ᮁ ᮓᮩᮄ ᮒᮤ ᮊᮙ, ᮒᮥᮜᮚᮥ ᮪ ᮔᮏᮥ ᮥ ᮊ
ᮙᮞ᮪ᮏᮤ ᮓ᮪.

ᮞᮕᮔᮍᮜ᮪ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ, ᮎᮩ ᮠᮏᮤ ᮔᮜᮥ ᮥᮚ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮍ ᮃᮔ᮪ ᮓᮤ
ᮓᮕᮁᮥ. ᮑᮤ ᮃᮕ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮓᮠᮛᮔᮩ ᮪ ᮊ ᮈᮀ ᮃᮛᮤ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮙᮜᮥ ᮀ ᮒᮤ
ᮙᮞ᮪ᮏᮤ ᮓ᮪.

ᮓᮤ ᮒᮨᮌᮂ ᮄᮙᮂ ᮂ ᮌᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮞᮧᮛᮌᮔ᮪, ᮓ
ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ᮪ᮔ ᮙᮂ ᮒᮓᮤ ᮘᮛ ᮏ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮄᮔ᮪ᮓᮒᮤ ᮪ ᮊ
ᮙᮞ᮪ᮏᮤ ᮓ᮪.

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮠᮓᮥ ᮀ ᮒᮔᮤ ᮞ ᮔ ᮘᮛᮤ ᮑᮨ ᮊᮜᮨ ᮔ᮪ ᮞᮤᮛᮂ, ᮊᮛᮞ
ᮃᮞ ᮞᮞᮨ ᮨᮔᮒᮥ ᮔ᮪, ᮏ ᮒᮒᮤ ᮌᮤ ᮜᮃᮤ ᮔ᮪ ᮂ ᮃᮞ ᮊᮛᮛᮧᮔ.

ᮊ᮪ ᮓᮤᮅᮊ᮪, ᮑᮛᮔ᮪ ᮊᮔ ᮙ᮪ᮘᮧᮊ᮪.

“ᮙ...ᮠᮚᮀ ᮓᮠᮁ,” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪.

ᮒᮧᮛᮧᮏᮧᮜ᮪ ᮎᮩ ᮠᮏᮤ ᮒᮤ ᮓᮕᮁᮥ ᮘᮛᮤ ᮔᮀᮍᮚᮩ ᮪ ᮘᮊ,ᮤ ᮃᮚ ᮞᮌᮥ
ᮞᮕᮛᮤ ᮙᮒᮨ ,ᮥᮀ ᮏ ᮍᮧ ᮀ ᮜᮅᮊ᮪ ᮈᮙᮞ᮪.

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮔᮙ᮪ᮕᮔᮔ᮪ ᮕᮛᮤ ᮉᮞᮤ ᮞᮌᮥ ᮏ ᮜᮅᮊ᮪. ᮃᮙ᮪,
ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮌᮠᮃᮥ ᮕ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮞᮌᮥ, ᮎᮎᮙᮥᮄᮜᮔ᮪,
ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮔ ᮂ ᮔᮤ'ᮙᮒ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪. ᮒᮩ ᮎᮥᮊᮥᮕ᮪ ᮊᮥ
ᮞᮕᮛᮤ , ᮔᮙ᮪ᮘᮠᮔ᮪ ᮞᮕᮤᮛ ᮓᮩᮄ. ᮞᮌᮥ ᮓᮥᮃ ᮕᮤᮛ ᮙᮒᮨ ᮥᮀ ᮂ
ᮕᮤᮔ᮪ᮓᮂ ᮊᮔ ᮘᮩ ᮒ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 35

ᮀ ᮓᮠ,ᮁ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮊᮊᮛ ᮛᮍᮨ ᮧᮒ᮪ ᮌᮔᮤ ᮥᮙ᮪. ᮏᮀᮥ ᮔᮒᮀ ,ᮀᮥ
ᮛᮛᮒ᮪- ᮒ᮪ ᮉᮝᮩᮂ ᮞᮞᮠ, ᮓ ᮎᮩ ᮠᮏᮤ ᮙᮞᮤᮂ ᮅᮕᮨᮊᮣ ᮪ ᮓᮤ
ᮓᮕᮁ.ᮥ

ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮊ ᮊᮙᮔ, ᮙᮊ᮪ᮞᮥᮓ᮪ᮔ ᮙᮂ ᮊ᮪
ᮕᮤᮔ᮪ᮓᮂ ᮞ . ᮘᮞ ᮙᮥᮊ ᮜᮧᮙᮛ,ᮤ ᮙᮊ᮪ᮞᮓᮥ ᮪ᮔ ᮊ᮪
ᮑᮧᮊᮧᮒ᮪ ᮞᮜᮔᮤ ᮪, ᮓ ᮊᮛᮞ ᮘᮏᮥ ᮂ ᮃᮞ ᮎᮛᮛᮕᮨ ᮨᮜ᮪,
ᮊᮞᮙ᮪ᮕᮊ᮪ ᮂ ᮃᮚ ᮔᮥ ᮌᮍᮜᮥ ᮥᮀ ᮓᮤᮔ ᮊᮧᮜᮧᮀ ᮛᮔ᮪ᮏᮀ. ᮘᮞ
ᮓᮒᮤ ᮍᮨ ᮞᮨ ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮂ, ᮠᮧ ᮀ ᮇᮛᮚ᮪ ᮞᮔ᮪ᮎ ᮔᮥ ᮒᮓᮤ ᮓᮤ ᮞᮞᮤ ᮤ
ᮜᮩᮝᮤ ᮂ ᮍᮩᮞ᮪ ᮑᮙ᮪ᮕᮊ᮪ ᮃᮚ ᮓᮤ ᮓᮑᮤ .

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮌ ᮔ᮪ᮏᮍ᮪, ᮞᮊᮓᮨ ᮕᮔ᮪ ᮙᮂ ᮃᮞ ᮊᮘᮥ ᮁ
ᮕᮌᮎᮃᮤ ᮔ᮪. ᮒᮩ ᮜᮤᮜ, ᮘᮛᮤ ᮔᮛᮊᮤ ᮪ ᮔᮕᮞ᮪, ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪
ᮑᮛᮒᮤ ᮊ ᮆᮒ ᮇᮛᮚ᮪, ᮔᮥ ᮍᮩᮞ᮪ ᮏᮓᮤ ᮕᮙᮏᮤᮊᮔ᮪ ᮒᮤ ᮕᮩᮒ
ᮒᮓᮤ.

“ᮍᮩᮔ, ᮑᮄ ᮂ ᮃᮚ ᮓᮤᮓᮤᮉ ?” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪, ᮘᮛᮤ
ᮙᮀᮊᮥ ᮆᮒ ᮇᮛᮚ᮪, ᮒᮜᮥ ᮥᮚ᮪ ᮓᮒᮤ ᮥᮔ᮪ᮓ ᮓᮔᮤ ᮜᮠᮥ ᮥᮛᮔᮩ ᮪ ᮊᮞᮥ.ᮁ

“ᮜᮛᮨ ᮞᮨ ᮪, ᮊᮀ. ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮒᮓᮤ ᮑᮥ ᮞᮥᮜ᮪ ᮊ ᮓᮉᮤ . ᮕᮥᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪
ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮂ ᮃᮚᮔᮩ ᮃᮚ ᮓᮤᮔ ᮅᮏᮥᮓ᮪ ᮞᮕᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮤᮉ,
ᮔᮙᮨ ᮪ ᮈᮀ ᮝᮨᮌᮤ, ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮒᮃᮤ ᮞ ᮌᮛᮧᮘᮂ ᮛᮍ ᮏᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪
ᮙᮔᮞᮥ ,” ᮎᮩᮊ᮪ ᮆᮒ ᮇᮛᮚ᮪ ᮘᮛᮤ ᮜᮜᮅᮔᮔ᮪ ᮌᮘᮩ ᮜᮤᮒ᮪
ᮃᮝᮊ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪. ᮕᮔᮧᮔ᮪ᮔ ᮞᮊᮩ ᮒᮩ ᮪ ᮙᮔᮨ ᮪ᮎᮢᮧᮀ ᮊ ᮏᮀ
ᮞᮆᮥ ᮘ᮪. ᮒᮂᮔ ᮊᮒᮤᮌᮜᮤ ᮌᮨ ᮜ᮪, ᮌ ᮒᮊᮔ᮪ ᮕᮕᮤ ᮤ ᮏᮀ
ᮞᮥᮆᮘ᮪. ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮇᮛᮚ᮪ ᮂ ᮞᮞᮤ ᮒᮤ ᮪ᮔ ᮛᮀ

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 36

ᮊᮞᮤᮔᮛᮔ᮪ ᮊᮥ ᮎᮠᮚ ᮒᮤᮔ ᮜᮃᮤ ᮀ ᮘᮤ ᮜᮊᮤ ᮪ ᮔᮥ ᮎᮛ.ᮀ ᮏᮀ
ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮞᮥᮒᮁ ,ᮤ ᮒᮥᮜᮥᮚ᮪ ᮍᮛᮥ -ᮍᮛᮤ ,ᮥ ᮔᮒᮥ ᮕᮥ ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮔ᮪ᮒᮧ
ᮊᮙ, ᮘᮧᮂ ᮘᮤ ᮞᮤ ᮙ ᮠᮏᮤ ᮔᮤᮌᮜ᮪ ᮆᮒ ᮊᮏᮓᮤᮃᮔ᮪.

ᮞ᮪ ᮑᮤ ᮙ᮪ᮘᮩ ᮠᮔ᮪ ᮕᮙᮏᮤᮊᮔ᮪ ᮊᮥ ᮛᮞ ᮊᮞᮧᮔᮧ, ᮏᮀ
ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮙᮀᮊᮥ ᮆᮒ ᮇᮛᮚ᮪, ᮒᮜᮥ ᮚᮥ ᮪ ᮓᮃᮤ ᮞᮕᮥ ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮊᮔ
ᮏᮨᮛᮧ ᮜᮧᮙᮛ.ᮤ ᮓᮒᮤ ᮔᮥ ᮪ᮓ ᮓᮤᮠᮔ᮪ᮓᮕᮩᮔ᮪ ᮘᮏᮥ ᮔᮥ ᮌᮍᮛᮔ᮪ᮒ.ᮥᮀ
ᮒᮥᮜᮚᮥ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮔᮥᮒᮥᮕ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮔ᮪ᮒᮧ ᮜᮧᮙᮛ.ᮤ

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮔᮨᮙ᮪ᮕᮧ ᮊ ᮜᮥᮠᮛᮥ ᮔᮩ ᮪ ᮒᮨᮙ᮪ᮕᮒ᮪ ᮞ . ᮓᮔᮤ
ᮜᮠᮥ ᮥᮛᮔᮩ ᮪ ᮒᮙᮨ ᮪ᮕᮒ᮪ ᮞ ᮂ ᮃᮚ ᮘᮥ ᮀᮊᮥᮞᮔ᮪ ᮙ
ᮜᮝᮧᮔ᮪ ᮞᮥᮒᮢ ᮝᮁᮔ ᮘᮩ ᮛᮙᮩ ᮪. ᮘᮞ ᮓᮘᮤ ᮥ ᮊ ᮂ ᮉᮞᮤᮔ ᮃᮚ
ᮈᮙᮞ᮪ ᮘᮒᮌᮔ᮪, ᮃᮚ ᮊᮔ ᮓᮃᮥ ᮕᮜᮥ ᮥᮂ ᮕᮧᮒᮧᮀ ᮔ. ᮞᮜᮃᮤ ᮔ᮪
ᮒᮤ ᮆᮒ ᮃᮚ ᮕᮥᮞᮊ ᮊᮨᮛᮞᮤ ᮪ ᮓᮤᮘᮥ ᮊᮀ ᮞᮥ ᮪ ᮊᮥ ᮊᮆᮔ᮪ ᮝᮔᮁ
ᮘᮧᮓᮞ᮪.

ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮌᮤᮜᮤᮊᮔ᮪ ᮆᮒ ᮈᮙᮞ᮪, ᮏ ᮕᮞᮥ ᮊ ᮊᮛᮨ ᮞᮤ ᮪,
ᮒᮜᮥ ᮥᮚ᮪ ᮔᮜᮊᮤ ᮔᮩ ᮪ ᮓᮩᮄ ᮆᮒ ᮘᮥ ᮀᮊᮞᮥ ᮔ᮪, ᮘᮥ ᮞ᮪
ᮓᮃᮤ ᮞᮥᮕ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮊᮔ ᮜᮎᮤ ᮓᮔᮤ ᮏᮨᮛᮧ ᮜᮧᮙᮛ.ᮤ ᮎᮨᮒᮊᮨᮢ ᮪
ᮕᮔ᮪ᮒᮧ ᮜᮧᮙᮛᮤ ᮂ ᮓᮊᮤ ᮧᮔ᮪ᮎᮤ.

ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮂ ᮍᮧᮍᮧ ᮛᮔ᮪, ᮛᮕᮩ ᮪ ᮕᮛᮩ ᮙᮩ ᮪, ᮑᮝᮀ
ᮊᮏᮓᮤᮃᮔ᮪ ᮔᮥ ᮍᮩᮞ᮪ ᮊᮜᮤᮝᮒ᮪. ᮃᮚᮩᮔ ᮙᮂ ᮊᮒᮨᮙ᮪ᮘᮧᮀ
ᮏᮜᮔ᮪ ᮔᮥ ᮘᮊᮜ᮪ ᮊᮞᮧᮛᮀ ᮂ ᮏᮤᮍ ᮠᮙ᮪ᮕᮀ ᮕᮤᮞᮔ᮪. ᮆᮒ
ᮈᮙᮞ᮪ ᮙᮔᮥ ᮪ ᮓᮤᮏᮥᮃᮜ᮪ ᮂ, ᮜᮝᮩ ᮂᮤ ᮒᮤ ᮎᮊᮥ ᮕᮥ ᮪ ᮊ ᮔᮨᮓᮔᮥ ᮔ᮪
ᮞᮊ ᮂ ᮊᮠᮚᮔᮀ . ᮕ ᮔ᮪ᮒᮔ ᮊ ᮛᮏ ᮏᮛᮥ ᮍᮤ ᮪ ᮍᮩᮞ᮪

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 37

ᮓᮤᮒᮓᮨ ᮔᮥ ᮔ᮪. ᮠᮒᮁ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮊᮎᮊᮨ ᮨᮜ᮪, ᮕᮙᮏᮤᮊᮔ᮪ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮃᮚ,
ᮇ ᮍᮩᮞ᮪ ᮙᮤᮘᮧᮍ ᮊᮞᮊ᮪ ᮔ᮪ ᮌᮜᮤᮝᮒᮔ᮪ ᮊᮛᮨ ᮞᮤ ᮪ ᮕᮞᮥ ᮊ
ᮞᮔ᮪ᮎ ᮝᮨᮜᮀ. ᮙᮧᮃᮜ᮪ ᮃᮚ ᮔᮥ ᮘᮊᮜ᮪ ᮂᮊᮩᮔ᮪.
ᮊᮊᮝᮞᮃᮔ᮪ ᮓᮤ ᮕᮞᮁ ᮏ ᮒᮙᮤᮔᮜ᮪ ᮍᮩᮞ᮪ ᮃᮚ ᮓᮤᮔ
ᮎᮨᮎᮊᮨ ᮨᮜᮔ᮪. ᮞᮤ ᮊᮙᮥ ᮞᮤ ᮪ ᮙᮂ ᮒᮩ ᮃᮞᮕᮥ ᮪ ᮄᮒᮌᮥ ᮔ᮪, ᮎᮩᮊ᮪ ᮏᮀ
ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮘᮛᮤ ᮂ ᮞᮛᮩ ᮤ ᮞᮧᮛᮌᮔ᮪.

ᮠᮓᮥ ᮀ ᮞᮧ ᮂ ᮓᮤᮎᮜᮊᮥ ᮔ᮪ ᮊᮥ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ. ᮌᮏᮊ᮪ ᮓᮠᮁ
ᮘᮘᮛᮌᮨ ᮔ᮪. ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮊᮜᮥᮃᮁ ᮒᮤ ᮊᮙᮔ, ᮑᮙ᮪ᮕᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮀ
ᮠᮏᮤ. ᮊ᮪ ᮓᮤᮅᮊ᮪ ᮓᮤᮔ ᮞᮙᮊ᮪ ᮕᮠᮛᮕᮩ ᮪-ᮠᮛᮕᮩ ᮪ ᮏ ᮊᮀ
ᮠᮏᮤ. ᮃᮛᮤ ᮎᮩ ᮠᮏᮤ ᮙᮂ ᮕᮊ᮪ ᮕᮤᮊ᮪ ᮕᮨᮊ᮪ ᮑᮤ ᮃᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮞᮌᮥ
ᮏ ᮜᮜᮝᮂᮥ ᮔ.

ᮊᮜᮥ ᮔ᮪ᮒᮛᮔ᮪ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮙᮂ ᮍᮩᮞ᮪ ᮓᮠᮁ ᮒᮠᮤ ᮩᮜ, ᮌᮔ᮪ ᮍᮩᮞ᮪
ᮏᮓᮤ ᮊᮘᮤ ᮃᮞᮃᮔ᮪ ᮒᮤ ᮊ ᮜᮒᮩ ᮤᮊ᮪ ᮂ ᮇ , ᮓᮠᮁ ᮂ
ᮊᮥᮓᮥ ᮘᮘᮛᮌᮨ ᮔ᮪. ᮃᮒᮥᮂ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪ ᮙᮂ ᮑᮤ ᮅᮊ᮪ ᮞᮌᮥ ᮂ
ᮞᮉᮒᮤᮊ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪. ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮙᮂ ᮒᮩ ᮍᮨᮛᮂᮥ , ᮙᮛᮩ ᮔᮩ ᮪ ᮎᮔ᮪ ᮕᮒᮤ
ᮔᮕ᮪ᮞᮥ ᮊᮔ ᮓᮠᮁ, ᮕᮤᮊ ᮊᮀ ᮠᮏᮤ.

ᮕᮩᮒᮔ, ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮌᮛᮨ ᮙᮨ ᮪ ᮙ ᮂ ᮓᮤ ᮊᮙ. ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮏ ᮎᮩ
ᮠᮏᮤ ᮒᮩ ᮜᮧᮘ ᮕᮔᮑᮃᮔ᮪, ᮙᮛᮩ ᮔᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮊ

ᮃᮊᮔᮩ ᮪ ᮊᮎ ᮅᮛᮒᮥ ᮪ ᮊᮏᮓᮃᮤ ᮔ᮪ ᮊᮙᮛ.ᮤ ᮃᮒᮂᮥ
ᮞ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮄᮞ ᮂ, ᮊᮀ ᮠᮏᮤ ᮏ ᮎᮩ ᮠᮏᮤ ᮇᮍᮦ

ᮜᮞᮀ ᮥᮀ ᮄᮞ᮪ᮒᮛᮤ ᮠᮒ᮪, ᮓ ᮊᮛᮞ ᮃᮞ ᮎ ᮊᮥ ᮊᮏᮓᮃᮤ ᮔ᮪
ᮕᮧᮆ ᮒᮓ.ᮤ

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 38

ᮃᮛᮤ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪, ᮔᮥ ᮕᮍᮥ ᮂᮥ ᮙᮂ ᮊ ᮞᮧᮞᮧᮔᮧᮃᮔ᮪ ᮏ
ᮕᮙᮏᮤᮊᮔ᮪. ᮕᮙᮏᮤᮊᮔ᮪ ᮔᮥ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮛᮘᮥ ᮂ ᮝᮥᮏᮥᮓ᮪ ᮏᮓᮤ ᮏᮨᮜᮨᮙ
ᮞᮘᮩ ᮜᮩᮍᮔᮩ ᮪ᮏ ᮂ, ᮙᮒᮊ᮪ ᮌᮠᮓᮥ ᮀ ᮛᮞ ᮔᮥ ᮌᮔ᮪ᮎᮤᮊ᮪ ᮓᮤᮔ
ᮛᮍ ᮏᮀ ᮞᮥᮆᮘ᮪.

ᮍᮩᮞ᮪ ᮒᮩ ᮄᮌᮒᮨ ᮪ ᮊᮔ ᮝᮊ᮪ᮒᮥ, ᮏᮀ ᮞᮆᮥ ᮘ᮪ ᮌᮘᮥ ᮓᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪
ᮛᮞ ᮊ ᮕᮙᮏᮊᮤ ᮔ᮪ᮔᮔ. ᮘᮞ ᮓᮁᮥ ᮘᮨ ᮓᮥᮍ᮪ ᮞᮥᮘᮥ ᮂ ᮂ, ᮔᮥ ᮊ
ᮕᮓ ᮑᮎᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮛᮞ ᮂ, ᮊᮊᮛ ᮜᮊᮨ ᮞᮔ᮪. ᮃᮛᮤ ᮍᮞᮩ ᮪
ᮊᮎᮙᮥ ᮪ᮕᮧᮔᮔ᮪ ᮞᮊ ᮂ ᮊᮠᮚᮀ ᮙᮂ, ᮓᮥᮃᮔᮔ ᮌᮜᮥᮞᮀ ᮁ ᮒᮩ
ᮃᮚ ᮒᮌᮔ᮪ ᮕᮌᮝᮞ, ᮔᮖᮞ᮪ᮔ ᮌ ᮍᮊ᮪, ᮛᮕᮩ ᮪ ᮕᮔᮧᮔ᮪

ᮂ ᮕᮩᮛᮙᮩ ᮪. ᮓᮥᮃᮔᮔ ᮌᮍᮜᮧ ᮁ ᮓᮘᮤ ᮒᮛᮥ ᮔ᮪ ᮊᮥ ᮒ᮪ᮔ
ᮞᮧᮛ ᮙᮔᮊᮥ ᮪, ᮏ ᮊᮧᮀ ᮊᮧᮛᮧᮌᮧᮊ᮪ ᮠᮚᮙ᮪ ᮏᮍᮧ ᮔᮥ
ᮕ ᮙ᮪ᮘᮜᮔ᮪, ᮏ ᮎᮠᮚ ᮕᮔᮧᮔ᮪ᮕᮧᮆ ᮔᮥ ᮙᮙᮤ ᮒᮤ ᮤ ᮃᮞᮕᮥ ᮪
ᮊᮔ ᮜᮤᮃᮀ ᮘᮤ ᮜᮊᮤ ᮪.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 39

3.1.

Kawin Jeung Jurig

(3)

Geus tilu bulan, Jang Suéb boga kahirupan nu
béda tianggalna. Ayeuna mah Jang Suéb téh
geus jadi jelema beunghar. Bro di juru, bro di
panto téh lain bobohongan. Atuda, ti saprak
kawin jeung urang leuwi téa, Jang Suéb téh
pindah ti imah Kang Haji. Nyicingan imah
sorangan, nu ceuk ukuran urang lembur mah,
gedong sigrong, jiga istana karajaan. Imahna
téh dua tingkat, modél Sepanyol. Dina

_____________________

(3)Asep Taptazana

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 40

19 Desember 2016 · Dukuh, Daerah Khusus Ibukota Jakarta,
West Java

#netpost_fiksi_AT_kjj

garasina ogé, aya mobil modél panganyarna.
Ogé motor mérek kakoncara nu ukuran gedé.
Di tukangeun imah téh aya kolam renang,
paranti Jang Suéb kokojayan. Parabot imah
téh lengkep pisan. Korsi jeung méja tamu
modél ukiran ti Japara. Aya tilu lomari pinuh
ku piring porselén ti nagara luar. Jam ukuran
gedé ditunda di juru ruang tamu. Tipi LCD
ogé ukuran nu panggedéna. Kamar aya lima
siki. Ruang tempat dahar téh meja ukuran
gedé, cukup keur dahar sapuluh urang.
Ngan nu jadi pananyaan urang lembur téh,
iraha Jang Suéb téh rék boga pamajikan.
Nyaah cenah, loba banda ogé teu manfaat ari
hirup nyorangan mah.
Urang lembur mah teu apal kana kahirupan

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 41

Jang Suéb sapopoéna. Atuda imah téh
dikurilingan ku témbok jangkung. Tatangga
ogé moal nyaho kajadian sapopoé di éta imah.
Di lawang pager hareup aya sekuriti nu
ngajaga beurang jeung peuting. Atuh nu
ngaberesihan imah, jeung masak dahareun téh,
ari burit mah baralik ka imahna. Isukna kira-
kira jam tujuh, kakara datang deui.
Éta ogé geus aya nu datang ka Kang Haji,
ménta ka Kang Haji, ngan kulantaran jinisna
mah teu boga niat, atuh Kang Haji téh ngan
saukur nganuhunkeun ka nu geus datang
jeung niat rék mulung mantu.
Kang Haji mah ngan saukur ngusap dada
ngabandungan kahirupan Jang Suéb téh.
Sanajan teu panuju, Kang Haji teu bisa majar
kumaha, ngan ngadu'a mah unggal tas solat,
sangkan Jang Suéb daék rarabi, teu léléngohan
jiga ayeuna.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 42

Ari Jang Suéb, henteu kapangaruhan ku
omongan urang lembur. Da dina waktu
ayeuna mah Jang Suéb téh keur aya dina
gunung kakawasaan, jeung sagara kabagjaan.
Sanajan nu apal jeung ngarasakeun kahirupan
téh ngan Jang Suéb wungkul.
Hiji poé, Jang Suéb keur diuk dina korsi
panjang di sisi kolam renang, ngareureuhkeun
karep, tas kokojayan sorangan. Kirining hapé
téh disada. Horéng geuning ti awéwé nu
baheula dipikahayang ku Jang Suéb. Ngan
nolak sapajodogan, pedah apal Jang Suéb ukur
préman di pasar, teu boga pagawean nu
matuh.
“Kang Suéb, kumaha wartosna, damang...?”
ceuk Néng Lusi dina WA.
“Saé,”ceuk Jang Suéb, pondok pisan.
“Kumaha wartosna, Ma Haji téh, hoyong
pendak, sono pisan.” ceuk Néng Lusi.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 43

“Saé,”ceuk Jang Suéb, pondok deui waé
ngajawab pananya ti Néng Lusi téh.
“Ih, akang mah mani kitu. Waler atuh rada
panjang. Tos sabaraha murangkalih.... ?” ceuk
Néng Lusi, rada maksa, asa teu diajénan.
“Can boga,” ceuk Jang Suéb. Puguh mun
dicaritakeun mah moal ngarti.
“Oh, abdi mah mung hiji. Naha teu acan
gaduh?”ceuk Néng Lusi.
“Puguh akang mah teu acan nikah,” ceuk Jang
Suéb. Da geus kawin ogé jeung jurig, nu
pamohalan bisa boga turunan.
“Akang téh hayang panggih jeung Lusi, bisi
teu kaburu ménta dihampura...” Jang Suéb
mungkas omongan.
“Apan geus kolot akang téh, bisi kaburu
gering. Meureun moal bisa kamamana.
Mangkaning asa loba dosa ka Lusi téh.”
“Lusi nu seueur dosa ka Kang Suéb mah.”

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 44

Néng Lusi asa boga rumasa geus ninggalkeun
Jang Suéb, alatan ka goda ku Haji Lukman.
“Henteu Lusi mah. Puguh baheula téh, abong
keur ngora, asa ngaganggu ka Lusi. Da bogoh
téa. Ngan harita apan Lusi boga pilihan
séjén.” Inget kénéh, harita téh Néng Lusi
ditikah ku Haji Lukman, duda beunghar,
sanajan geus kapala genep ogé.
Ngahaja Jang Suéb téh teu daék narima deui
Néng Lusi, sanajan ayeuna geus jadi randa,
Haji Lukman téh geus tilar dunya, tilu bulan
geus kaliwat. Jang Suéb geus boga patékadan
moal ngalayanan Néng Lusi, sanajan baheula
mah Jang Suéb téh kagégéloan ku Néng Lusi.
Teu aya piomongeun deui. Jang Suéb ngahaja
maéhan hapé, tuluy asup ka jero imah. Lila
teuing di kolam renang, asa kabulusan,
sanajan tadi geus moé karep di sisi kolam
renang.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 45

Peutingna, Jang Suéb sanggeus nyacapkeun
kasono kanu jadi pamajikan. Jang Suéb
nyarita alon pisan, boh bisi néng Uli téh
kasinggung haténa.
“Geulis, akang téh geus boga sakabéh nu
diimpikeun ku jalma du dunya. Harta,
kakawasaan, atuh pamajikan ogé sakitu
geulisna. Ngan akang téh hayang pisan boga
turunan, keur jaga lamun akang geus kolot.”
ceuk Jang Suéb, anca pisan.
Ari Neng Uli, ngaregepkeun caritaan nu jadi
salaki. Manéhna ogé ngarti, rumasa ngan jadi
manusa téh keur dina peuting wungkul.
Sanajan ari manéhna mah, umur téh nepikeun
ka ahir jaman, ngan moal bisa boga turunan ti
manusa, da béda alam téa.
Sanggeus ngahuleng sakedapan, Neng Uli
ngajawab paménta salakina, bari kadua
leungeuna ngagulantung dina beuheung nu

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 46

jadi salaki.
“Mangga waé, Akang. Enéng mah moal
ngahalang-halang. Pilari istri nu kersaeun ka
Akang, ngan Akang tetep janten salaki
Enéng.”
Ari Jang Suéb, duméh ngadéngé pamajikan
nyatujuan paméntana, teu carékna asa
meunang lolongkrang tinu jadi pamajikan.
Jang Suéb nangkeup néng Uli, tetus
digaléntoran, bakat ku bungah, jeung teu
nyangka bakal bisa kacumponan boga
turunan, sanajan lain ti pamajikan nu ayeuna.
“Ngan aya saratna,”ceuk Néng Uli.
“Naon saratna téh?”ceuk Jang Suéb
panasaran.
“Upami tos lahir éta jabang bayi, Indung nu
ngandung téh bakal maot.” ceuk Néng Uli bari
imut, panonna seukeut mencrong ka Jang
Suéb. Jang Suéb sakedapan mah asa teu

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 47

napak. Baruk geuning saratna sakitu beuratna.
Meureun Jang Suéb téh kudu ngurus éta
budak nepi ka gedé. Tuluy kumaha lamun
Jang Suéb aya rasa ka éta indung budak. Asa
pikumahaeun teuing nyerina ditinggalkeun
maot ku pamajikan nu keur meujeuhna
dipikasono, jeung geus méré katurunan.
Dipikir dibulak-balik, antukna mah Jang Suéb
nyanggupan.
“Enya ari kitu saratna mah. Akang sanggup.”
Isukna Jang Suéb ngahajakeun datang ka
bumi Kang Haji. Kasampak téh keur dariuk di
patengahan.
Derekdek Jang Suéb nyaritakeun
pamaksudannana, hayang boga pamajikan,
ambéh geuwat boga turunan. Atuh Kang Haji
jeung Ceu Haji téh asa meunang anugrah ku
béja ti Jang Suéb téh.
“Sukur, ari Ujang geus boga pamadegan kitu

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 48

mah. Kabeneran kamari aya babaturan Abah,
ngahajakeun ulin kadieu, geus lila teu
papanggih. Ayeuna mah budakna nu
pangleutikna awéwé, kakara lulus kuliahna.
Ceuk sobat Abah téh, moal dikasasahakeun
deui, iwal ti ka anak Abah.” Kitu ceuk Kang
Haji téh. Atuh Ceu Haji ogé ngahaminan, bari
muji sagala, cenah budakna téh bageur, pinter
masak, jeung geulis pisan.
Ari Jang Suéb mah asa mobok manggih nu
bolong, teu diengkékeun deui mundut ka
Kang Haji, geura nangtukeun mangsa keur
ngalamar éta wanoja. Diputuskeun ku Kang
Haji, poé isuk ba'da solat Subuh, rék
ngajugjug ka Tasik, rék manggihan sobat
Kang Haji, sakalian ngalamar Néng Nia,
wanoja keur pipamajikaneun Jang Suéb.

Asép Taptazana --- Kawin Jeung Jurig 49


Click to View FlipBook Version