The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by Asep Taptazana, 2018-03-04 22:53:10

Puncak Pinuh Cinta

PUNCAK PINUH CINTA

PUNCAK
PINUH
CINTA

ᮕᮔᮥ ᮪ᮎᮊ᮪ ᮕᮔᮤ ᮂᮥ ᮎᮤᮔ᮪ᮒ

ASEP TAPTAZANA
ᮃ ᮕ᮪ ᮒᮕ᮪ᮒᮐᮔ

KADAKA SUNDA MEDIA UTAMA

ᮊᮓᮊ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮦᮙᮓᮤᮃ ᮅᮒᮙ

PUNCAK PINUH CINTA

ᮕᮥᮔ᮪ᮎᮊ᮪ ᮕᮔᮤ ᮂᮥ ᮎᮔᮤ ᮪ᮒ

ASEP TAPTAZANA

ᮃ ᮕ᮪ ᮒᮕ᮪ᮒᮐᮔ

KADAKA SUNDA MEDIA UTAMA

ᮊᮓᮊ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮦᮙᮓᮤᮃ ᮅᮒᮙ

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 1

© Asép Taptazana
Edisi Ebook – Oktober 2017
Penerbit Kadaka Sunda Média Utama
Griya Kalibaru C2 No. 9 – Cilodong
Depok

Ringkasan Carita: Diserat dina basa Sunda
nganggo aksara Latin, sakantenan ngawanohkeun
aksara Sunda. Dina wangunan carita, eusina
ngeunaan kahirupan Jajaka nu sabagean hirupna
matuh di luar nagri. Mulang ka lemah cai, mawa
adat kabiasaan luar nu papalimpang jeung
kaayaan hirup urang lembur. Ngadadak hayang
ngarobah kabiasaan, sanggeus panggih jeung
wanoja nu narik atina.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 2

Daftar Eusi

Ringkasan Carita

Puncak Pinuh Cinta (1) kaca 4
Puncak Pinuh Cinta (2) kaca 22
Puncak Pinuh Cinta (3) kaca 36
Puncak Pinuh Cinta (4) kaca 57
Puncak Pinuh Cinta (5) kaca 79

Riwayat Hirup Pangarang

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 3

PUNCAK PINUH CINTA

(1)

Poé Saptu, isuk-isuk kénéh, Dén Boy nyupiran

mobil ka Puncak. Keur meujeuhna macét jalur
arah ka Puncak téh. Mobil Dén Boy nu maké
kupling mah, béda jeung mobil métik, matak pegel
kana pingping. Komo macétna téh di Puncak mah
dina tanjakan nu manjang.

Kurang-kurang tapis mah, kanpas kupling téh sok
ngebul. Ngan duka kumaha, sanajan kaasup mobil
mahal, Dén Boy mah tetep leuwih milih mobil
manual nu aya kuplingna, tinimbangan mobil

_______________

(1)Asep Taptazana

30 Desember 2016 · Daerah Khusus Ibukota Jakarta

#net_fiksi_AT_ppc

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 4

métik. Maké mobil métik, ceuk Dén Boy mah asa
aya nu kurang.
Mobil nu ditumpakan ku Dén Boy téh sakapeung
maju, kakara sabaraha méter, geus eureun deui
waé, nepi ka lima welas menitna. Kituna téh, nepi
ka wates Bogor jeung Cianjur. Ti dinya mah jalan
téh mimiti manggihan tungturunan, sanajan macét
ogé teu beurat teuing, ngan saukur maénkeun erém
wungkul.
Sapanjang jalan téh loba nu nawarkeun villa, ngan
kulantaran Dén Boy teu niat nginep di Puncak, teu
katarik ku panawaran éta. Ogé aya wewengkon
keur pelesiran, ngan katémbongna nu daratang téh
urang ti Timur Tengah wungkul. Ti dinya masih
macét, komo katémbong loba nu lalar liwat,
ngadon balanja atawa kuliner sapanjang kénca
katuhueun jalan.
Dén Boy méngkolkeun mobilna, markirkeun
mobil di parkiran toko, tuluy asup ka toko
swalayan. Ngahaja rék istirahat heula, méméh
neruskeun lalampahan ka wewengkon Cipanas,

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 5

ngadon ngalempengkeun suku heula. Sakalian
ngopi, jeung dahar roti.
Kakara ogé gék diuk dina korsi nu aya hareupeun
toko, kring téh aya sora telepon tina hapé. Telepon
téh diangkat, horéng téh ti Mise, kabogoh nu keur
nungguan di wewengkon Cipanas.
“Hallo, Aa tos dugi ka mana?” ceuk Néng Mise,
rada teu sabaran, pédah ti tadi ngadadago, nu
ditungguan can kurunyung waé, can nepi ka
tempat acara.
“Puguh ieu macét, teu gerak,” ceuk Dén Boy, bari
nyuruput kopina.
“Énggal atuh, tos diantos ku Apa sareng
Mamah,”ceuk éta sora, satengah maksa.
Heueuh, ceuk Dén Boy, ngan dina jero haté,
henteu kedal.
Keur anteng ngopi, bari ningalikeun mobil nu lalar
liwat, jeung nu laleumpang sapanjang jalan. Aya
nu nyampeurkeun, awéwé jeung budak lalaki.
Jigana mah rék balanja ka éta toko.
Ditelek-telek ku Dén Boy, geuning nu awéwé mah

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 6

kacida geulisna, sanajan teu dipulas ogé. Ngan
saukur maké kurudung jeung baju muslimah nu
basajan.
Nu di pelong téh ngan bati tungkul, terus asup ka
éta toko. Teu lila awéwé nu tadi téh geus kaluar
deui, bari rebo ku balanjaan.
Ngawanikeun karep, Dén Boy uluk salam.
“Assalamualaikum...tiasa ku abdi
dipangnyandakeun?” ceuk Dén Boy, nawar gatra
tadina mah.
“Waalaikumsalam, mangga, ari Akang kersa
ngabantuan Tia mah,”ceuk éta awéwé, geuning
ngaranna téh Néng Tia, teu disangka malahan
malik nawaran. Atuh Dén Boy nu tadina saukur
babalédogan téh, tawar gatra téa, kapaksa
nyanggupan.
Cengkat tina diukna, Dén Boy tuluy nampanan
balanjaan, kantong kérésék beulah kénca, jeung
katuhu nyepengan tabung gas ukuran leutik.
“Tadina mah, badé kana ojég. Ngan ari nuju macét
kieu mah langkung cepet kénéh mapah,” ceuk

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 7

Néng Tia, bari terus leumpang ti heula. Dén Boy
jeung budak lalaki nuturkeun ti tukangeun.
Leumpang mapay-mapay sisi jalan, tuluy
meuntasan mobil nu keur caricing kapegat macét.
Ti dinya tuluy asup ka jalan leutik nuju ka
tonggohkeun.
Atuh Dén Boy téh nu teu biasa leumpang jauh,
mana nanjak bari jeung babawaan, mani asa capé
pisan. Késang ngoprot, napasna ngahégak, bitis
asa beurat, peurih palebah suku, jigana lécét.
Atuda, lumayan leumpang téh, ngaliwatan villa,
tuluy asup ka pakampungan, aya satengah jam
leumpang téh.
Bumi Néng Tia téh deukeut masjid, lumayan gedé,
aya madrasah, ngan harita téh keur peré.
Dén Boy ngéncagkeun balanjaan. Basa Dén Boy
rék balik deui, dicaram ku Néng Tia.
“Ulah waka uih, Kang. Urang ngaleueut heula.”
ceuk Néng Tia bari mukakeun panto imahna.
Sup, Dén Boy asup ka jero imah. Kasampak téh
aya Akina Néng Tia, nuju calik dina korsi,

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 8

nyepengan tasbéh, bari teu weléh babacaan.
“Assalamualaikum,”ceuk Dén Boy, bari
ngasongkeun leungeun.
“Waalaikumsalam, mangga calik,” saur Akina
Néng Tia, bari neraskeun wiridna.
Sajeroning diuk téh, Dén Boy niténan kaayaan di
éta imah. Imah téh modél baheula, ngan
katémbong nu boga imah téh bisa ngarawatna.
Sakabéh parabotan téh katémbongna bararesih,
jeung mantes nempatkeunana.
“Mangga, Kang, ieu kopina,”ceuk Néng Tia bari
nunda cikopi jeung lalawuhna. Aya kulub cau, hui,
jeung taleus bogor.
Teu tatanya deui, suruput kopi téh diinum. Ngan
orokaya, cai kopi panas kénéh, atuh Dén Boy
eueuleugeugan, bari nyepengan beuheungna, jiga
hayam tas dipeuncit, da tikoro téh karasa panas,
kaléob kopi panas anyar ninyuh.
Wanci solat Lohor, Dén Boy solat berjamaah di
masjid. Rada rengkag-rengkog, ti mimiti wudu
nepi ka solat téh. Wudu téh nu inget ngan

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 9

ngumbah leungeun, beungeut jeung suku. Ngan
poho mana nu kudu tiheula. Solat ogé, poho
babacaanana, nu inget téh ngan
bismillahirrohmanirohim wungkul.
Atuda geus lila teu wudu, komo solat mah.
Puguh ti saprak kuliah di luar nagri, poho kana
solat. Antukna pas balik deui ka lemah cai téh,
nerus teu solatna téh. Komo ku sibukna pagawéan
ti isuk nepi ka ampir peuting téh, lat waé poho
kana solat. Ngan sataun sakali solat téh, pédah
babarengan jeung kulawarga waé, rada éra
ninggalkeun solat katempo ku dulur atawa batur
téh.
Réngsé solat, Dén Boy asup deui ka tempat mimiti
asup tadi. Gék deui diuk dina korsi. Di ruang tamu
téh tos aya Aki sareng Néng Tia.
“Sok calik heula, urang ngobrol sakedap,” ceuk
Aki.
“Mangga,”ceuk Dén Boy.
“Aki téh ngahaja, henteu panjang lébar. Aki
ngawakilan ieu incu Aki, da indung bapana geus

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 10

tilar dunya, hayang nanya ka hidep, kira-kirana
sarieus ka incu Aki téh?” saur Aki daria pisan.
Gebeg, Dén Boy ngagebeg asa dibéntar gelap.
Kakara panggih jeung ieu awéwé, geus ditanyaan
kieu. Ngan dipiki-pikir teu aya salahna, lamun
sarieus tuluykeun, mun ukur keur heuheureuyan
mah leuwih hadé diputuskeun ti ayeuna kénéh.
Dén Boy ngahuleng sakedapan.
“Abdi badé sarieus, Ki,” ceuk Dén Boy, tadina
mah rék ngomong satarabasna, yén manéhna téh
harita papanggih jeung Néng Tia di toko
swalayan. Harita téh manehna keur istirahat, rék
nuntaskeun lalampahan ka villa, ngaluuhan acara
ulang taun Mise, kabogohna, sakalian acara
tunangan manéhna jeung Mise.
Ngan teu kedal, létah téh jiga dikonci ku batin Dén
Boy nu geus kataji ku Néng Tia, nu kakara anyar
panggih, tapi Dén Boy teu walakaya tilelep kana
jero sagara, nu éndahna kabina-bina, nu pinuh ku
rasa cinta.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 11

ᮕᮥᮔ᮪ᮎᮊ᮪ ᮕᮤᮔᮂᮥ ᮎᮔᮤ ᮪ᮒ

(1)

ᮕᮧᮆ ᮞᮕ᮪ᮒ,ᮥ ᮄᮞᮥᮊ᮪-ᮄᮞᮥᮊ᮪ ᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮑᮥ ᮕᮤᮛᮔ᮪ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮊ ᮕᮔᮥ ᮪ᮎᮊ᮪. ᮊ ᮙᮏᮩ ᮩᮂᮔ ᮙ ᮒ᮪ ᮏᮜᮥᮁ
ᮃᮛᮂ ᮊ ᮕᮥᮔ᮪ᮎᮊ᮪ ᮂ. ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮔᮥ ᮙ
ᮊᮥᮕᮣ ᮙᮂ, ᮓ ᮏ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮒᮊᮤ ᮪, ᮙᮒᮊ᮪ ᮕᮨᮍᮨᮜ᮪
ᮊᮔ ᮕᮕ. ᮊᮧᮙᮧ ᮙ ᮒ᮪ᮔ ᮂ ᮓᮤ ᮕᮔᮥ ᮪ᮎᮊ᮪ ᮙᮂ ᮓᮔᮤ
ᮒᮔ᮪ᮏᮊᮔ᮪ ᮔᮥ ᮙᮔ᮪ᮏᮀ. ᮊᮛᮥ -ᮀ ᮊᮥᮛᮀ ᮒᮕᮞᮤ ᮪ ᮙᮂ, ᮊᮔ᮪ᮕᮞ᮪
ᮊᮕᮥ ᮣ ᮂ ᮞᮧᮊ᮪ ᮌᮨᮘᮥ ᮜ᮪. ᮌᮔ᮪ ᮓᮊᮥ ᮊᮥᮙᮠ, ᮞᮔᮏᮔ᮪
ᮊᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮙᮠᮜ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮙᮂ ᮒᮨᮒᮕᮨ ᮪
ᮜᮩᮝᮂᮤ ᮙᮜᮤ ᮤᮂ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮙᮔᮃᮥ ᮜ᮪ ᮔᮥ ᮃᮚ ᮊᮕᮥ ᮣᮔ,
ᮒᮤᮔᮙᮤ ᮪ᮘᮌᮔ᮪ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮒᮊᮤ ᮪. ᮙ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮒᮊᮤ ᮪,
ᮎᮊᮩ ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮙᮂ ᮃᮞ ᮃᮚ ᮔᮥ ᮊᮥᮛ.ᮀ

ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮔᮥ ᮓᮤᮒᮙᮥ ᮪ᮕᮊᮔ᮪ ᮊᮥ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮞᮊᮕ
ᮙᮏᮥ, ᮊᮊᮛ ᮞᮘᮛᮠ ᮒ, ᮍᮞᮩ ᮪ ᮉᮛᮔᮩ ᮪ ᮓᮩᮄ ᮝᮆ, ᮔᮕᮨ ᮤ ᮊ
ᮜᮙᮤ ᮝᮜᮨ ᮞ᮪ ᮙᮨᮔᮒᮤ ᮪ᮔ. ᮊᮤᮒᮔᮥ ᮂ, ᮔᮨᮕᮤ ᮊ ᮝᮒᮞᮨ ᮪ ᮘᮧᮍᮧᮁ
ᮏ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮁ. ᮒᮤ ᮓᮤᮑ ᮙᮂ ᮏᮜᮔ᮪ ᮂ ᮙᮤᮙᮒᮤ ᮤ ᮙᮍᮀ ᮤᮠᮔ᮪

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 12

ᮒᮒᮥᮀ ᮥᮛᮔᮥ ᮔ᮪, ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮙ ᮒ᮪ ᮇ ᮒᮩ ᮘᮩ ᮛᮒ᮪ ᮒᮩᮄᮀ, ᮌᮔ᮪
ᮞᮅᮊᮁᮥ ᮙᮆᮔ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮈ ᮙ᮪ ᮝᮀᮥᮊᮜᮥ ᮪.

ᮞᮕᮔ᮪ᮏᮀ ᮏᮜᮔ᮪ ᮂ ᮜᮧᮘ ᮔᮥ ᮔᮝᮊᮁ ᮔᮩ ᮪ ᮗᮤᮜᮣ, ᮌᮔ᮪
ᮊᮥᮜᮔ᮪ᮒᮛᮔ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮒᮩ ᮔᮃᮤ ᮒ᮪ ᮌᮔᮤ ᮨᮕ᮪ ᮓᮤ
ᮕᮔᮥ ᮪ᮎᮊ᮪, ᮒᮩ ᮊᮒᮛᮊᮤ ᮪ ᮊᮥ ᮕᮔᮝᮛᮔ᮪ ᮆᮒ. ᮇ ᮃᮚ
ᮝᮨᮝᮊᮧᮔ᮪ ᮊ ᮕᮜᮨ ᮨᮞᮛᮤ ᮔ᮪, ᮌᮔ᮪ ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮔ ᮔᮥ ᮓᮛᮒᮀ ᮂ
ᮅᮛᮀ ᮒᮤ ᮒᮤᮙᮁᮥ ᮒᮌᮨ ᮂ ᮝᮥᮀᮊᮜᮥ ᮪. ᮒᮤ ᮓᮑᮤ ᮙᮞᮤᮂ ᮙ ᮒ᮪, ᮊᮧᮙᮧ
ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮜᮧᮘ ᮔᮥ ᮜᮜᮁ ᮜᮤᮝᮒ᮪, ᮌᮓᮧᮔ᮪ ᮘᮜᮔ᮪ᮏ
ᮃᮒᮝ ᮊᮥᮜᮔᮤ ᮞᮕᮔ᮪ᮏᮀ ᮔ᮪ᮎ ᮊᮒᮥᮠᮥᮉᮔ᮪ ᮏᮜᮔ᮪.

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮀᮊᮧᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ᮔ, ᮙᮁᮊᮊᮔᮩ ᮪ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪
ᮓᮤ ᮕᮊᮁ ᮛᮤ ᮔ᮪ ᮒᮧᮊᮧ, ᮒᮜᮥ ᮚᮥ ᮪ ᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮊ ᮒᮧᮊᮧ
ᮞ᮪ᮝᮜᮚᮔ᮪. ᮌᮠᮏ ᮊ᮪ ᮄᮞ᮪ᮒᮤᮛᮠᮒ᮪ ᮠᮩᮜ, ᮂ
ᮔᮨᮛᮞᮥ ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮜᮜᮙ᮪ᮕᮠᮔ᮪ ᮊ ᮝᮝᮨ ᮊᮧᮔ᮪ ᮎᮤᮕᮔᮞ᮪, ᮌᮓᮧᮔ᮪
ᮌᮜᮨᮙ᮪ᮕᮊᮔᮩ ᮪ ᮞᮊᮥ ᮥ ᮠᮜᮩ . ᮞᮊᮜᮃᮤ ᮔ᮪ ᮌᮧᮕᮤ, ᮏ ᮓᮠᮁ ᮛᮧᮒ.ᮤ

ᮊᮊᮛ ᮇ ᮊ᮪ ᮓᮅᮤ ᮊ᮪ ᮓᮔᮤ ᮊᮧᮁᮞᮤ ᮔᮥ ᮃᮚ ᮠᮛᮕᮩ ᮔᮩ ᮪
ᮒᮧᮊᮧ, ᮊᮢ ᮂ ᮃᮚ ᮞᮧᮛ ᮒᮜᮨ ᮨᮕᮧᮔ᮪ ᮒᮔᮤ ᮠ .

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 13

ᮒᮨᮜᮕᮨ ᮧᮔ᮪ ᮂ ᮓᮤᮃᮊᮀ ᮒ᮪, ᮠᮧ ᮀ ᮂ ᮒᮤ ᮙᮤᮞ,ᮨ ᮊᮘᮧᮍᮧᮂ
ᮔᮥ ᮊ ᮔᮀᮍᮥ ᮥᮃᮔ᮪ ᮓᮤ ᮝᮝᮨ ᮊᮧᮔ᮪ ᮎᮕᮤ ᮔᮞ᮪.

“ᮠᮜᮣᮧ, ᮃᮃ ᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮥᮍᮤ ᮊ ᮙᮔ?” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ, ᮛᮓ ᮒᮩ
ᮞᮘᮛᮔ᮪, ᮓᮂ ᮒᮤ ᮒᮓᮤ ᮌᮓᮓᮍᮧ, ᮔᮥ ᮓᮤᮒᮥᮀᮍᮃᮥ ᮔ᮪ ᮎᮔ᮪
ᮊᮥᮛᮑᮥ ᮥ ᮀ ᮝᮆ, ᮎᮔ᮪ ᮔᮨᮕᮤ ᮊ ᮒᮨᮙ᮪ᮕᮒ᮪ ᮃᮎᮛ.

“ᮕᮥᮍᮥᮂ ᮄᮉ ᮙ ᮒ᮪, ᮒᮩ ᮍᮛᮨ ᮊ᮪,” ᮎᮩᮊ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪,
ᮘᮛᮤ ᮑᮥ ᮛᮕᮥ ᮒᮥ ᮪ ᮊᮧᮕᮔᮤ .

“ᮆᮀᮍᮜ᮪ ᮃᮒᮥᮂ, ᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮃᮤ ᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮥ ᮃᮕ ᮞᮛ
ᮙᮙᮂ,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮆᮒ ᮞᮧᮛ, ᮞᮒᮨᮌᮂ ᮙᮊ᮪ᮞ.

ᮠᮩᮉᮂ, ᮎᮊᮩ ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮌᮔ᮪ ᮓᮔᮤ ᮏᮨᮛᮧ ᮠ , ᮠᮔᮨ ᮪ᮒᮩ
ᮊᮨᮓᮜ᮪.

ᮊ ᮃᮔ᮪ᮒ ᮌᮧᮕ,ᮤ ᮘᮛᮤ ᮔᮌᮤ ᮜᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮔᮥ ᮜᮜᮁ ᮊ᮪
ᮜᮤᮝᮒ᮪, ᮏ ᮔᮥ ᮜᮜᮙᮩ ᮪ᮕᮀ ᮞᮕᮔ᮪ᮏᮀ ᮏᮜᮔ᮪. ᮃᮚ ᮔᮥ
ᮑᮙ᮪ᮕᮊᮩᮔ᮪, ᮃ ᮏ ᮘᮥ ᮓᮊ᮪ ᮜᮜᮊᮤ. ᮏᮤᮍᮔ ᮙᮂ
ᮘᮜᮔ᮪ᮏ ᮊ ᮆᮒ ᮒᮧᮊᮧ.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 14

ᮓᮒᮤ ᮜᮨ ᮊᮨ ᮪-ᮒᮨᮜᮊᮨ ᮪ ᮊᮥ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮍᮩᮔ ᮔᮥ ᮃ ᮙᮂ
ᮊᮎᮓᮤ ᮍᮩᮜᮤᮞ᮪ᮔ, ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮒᮩ ᮓᮕᮤ ᮜᮥ ᮞ᮪ ᮇ . ᮌᮔ᮪ ᮞᮅᮊᮁᮥ
ᮙ ᮊᮥᮛᮓᮥ ᮀᮥ ᮏ ᮘᮏᮥ ᮙᮥᮞᮙᮤᮣ ᮂ ᮔᮥ ᮘᮞᮏᮔ᮪.

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮕᮨᮜᮧᮀ ᮂ ᮌᮔ᮪ ᮘᮒᮤ ᮒᮥᮊᮀ ᮜᮥ ᮪, ᮒᮨᮛᮞᮥ ᮪ ᮃᮞᮕᮥ ᮪ ᮊ
ᮆᮒ ᮒᮧᮊᮧ. ᮒᮩ ᮜᮤᮜ ᮃ ᮔᮥ ᮒᮓᮤ ᮂ ᮍᮩᮞ᮪ ᮊᮜᮥᮃᮁ
ᮓᮩᮄ, ᮘᮛᮤ ᮛᮘᮨ ᮧ ᮊᮥ ᮘᮜᮔ᮪ᮏᮃᮔ᮪.

ᮌᮝᮔᮊᮤ ᮔᮩ ᮪ ᮊᮛᮕᮨ ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮅᮜᮊᮥ ᮪ ᮞᮜᮙ᮪.

“ᮃᮞ᮪ᮞᮜᮙᮥᮃᮜᮄᮊᮙᮥ ᮪...ᮒᮃᮤ ᮞ ᮊᮥ ᮃᮘ᮪ᮓᮤ
ᮓᮕᮤ ᮀᮑᮔ᮪ᮓᮊᮔᮩ ᮪?” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮔᮝᮁ ᮍᮒᮢ ᮒᮓᮔᮤ
ᮙᮂ.

“ᮝᮃᮜᮄᮊᮙᮥ ᮪ᮞᮜᮙ᮪, ᮙᮍᮀ , ᮃᮛᮤ ᮃᮊᮀ ᮊᮞ ᮌᮘᮔ᮪ᮒᮃᮥ ᮔ᮪
ᮒᮃᮤ ᮙᮂ,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮆᮒ ᮃ , ᮍᮩᮔ ᮌᮛᮔ᮪ᮔ ᮂ ᮀ ᮒᮤᮃ,
ᮒᮩ ᮓᮞᮤ ᮊᮀ ᮙᮜᮠᮔ᮪ ᮙᮜᮤᮊ᮪ ᮔᮝᮛᮔ᮪. ᮃᮒᮥᮂ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮔᮥ ᮒᮓᮤᮔ ᮞᮅᮊᮥᮁ ᮘᮘ ᮓᮧᮍᮔ᮪ ᮂ, ᮒᮝᮁ ᮍᮒᮢ ᮃ,
ᮊᮕᮊ᮪ᮞ ᮑᮀ ᮍᮕᮥ ᮔ᮪.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 15

ᮎᮊᮒ᮪ ᮒᮔᮤ ᮓᮤᮅᮊ᮪ᮔ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮒᮥᮜᮚᮥ ᮪ ᮔᮙ᮪ᮕᮔᮔ᮪

ᮘᮜᮔ᮪ᮏᮃᮔ᮪, ᮊᮔ᮪ᮒᮧᮀ ᮊ᮪ ᮘᮩ ᮜᮂ ᮔ᮪ᮎ, ᮏ

ᮊᮒᮠᮥ ᮥ ᮑᮨ ᮕᮌᮨ ᮔ᮪ ᮒᮘᮥ ᮀ ᮍᮞ᮪ ᮅᮊᮛᮥ ᮔ᮪ ᮜᮩᮒᮤᮊ᮪.

“ᮒᮓᮤᮔ ᮙᮂ, ᮘ ᮊᮔ ᮇ ᮍ᮪. ᮌᮔ᮪ ᮃᮛᮤ ᮔᮥᮏᮥ ᮙ ᮒ᮪
ᮊᮉᮤ ᮙᮂ ᮜᮊᮀ ᮀᮥ ᮎᮕᮨ ᮨᮒ᮪ ᮂ ᮙᮕᮂ,” ᮎᮩᮊ᮪ ᮀ ᮒᮤᮃ, ᮘᮛᮤ
ᮒᮨᮛᮞᮥ ᮪ ᮜᮩᮙ᮪ᮕᮀ ᮒᮤ ᮠᮜᮩ . ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮏ ᮘᮥ ᮓᮊ᮪ ᮜᮜᮊᮤ
ᮔᮥᮒᮥᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮒᮤ ᮒᮊᮥ ᮌᮩᮔ᮪.

ᮜᮙᮩ ᮪ᮕᮀ ᮙᮕᮚ᮪-ᮙᮕᮚ᮪ ᮞᮤᮞᮤ ᮏᮜᮔ᮪, ᮒᮥᮜᮚᮥ ᮪ ᮙᮔᮩ ᮪ᮒᮞᮔ᮪
ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪ ᮔᮥ ᮊ ᮎᮛᮎᮤ ᮊᮕᮍᮨ ᮒ᮪ ᮙ ᮒ᮪. ᮒᮤ ᮓᮤᮑ ᮒᮜᮥ ᮥᮚ᮪
ᮃᮞᮕᮥ ᮪ ᮊ ᮏᮜᮔ᮪ ᮜᮩᮒᮊᮤ ᮪ ᮔᮏᮥ ᮥ ᮊ ᮒᮧᮀ ᮍᮧᮂᮊᮔᮩ ᮪.

ᮃᮒᮂᮥ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮔᮥ ᮒᮩ ᮘᮤ ᮃᮞ ᮜᮙᮩ ᮪ᮕᮀ ᮏᮅᮂ, ᮙᮔ

ᮔᮔ᮪ᮏᮊ᮪ ᮘᮛᮤ ᮏ ᮘᮘᮝᮃᮔ᮪, ᮙᮔᮤ ᮃᮞ ᮎ ᮕᮞᮤ ᮔ᮪.

ᮞᮀ ᮌᮧᮕᮢᮧᮒ᮪, ᮔᮕᮞ᮪ᮔ ᮌ ᮍᮊ᮪, ᮘᮤ ᮒᮞᮤ ᮪ ᮃᮞ

ᮘᮩ ᮛᮒ᮪, ᮕᮩᮛᮂᮤ ᮕᮜᮨᮘᮂ ᮞᮊᮥ ,ᮥ ᮏᮤᮍᮔ ᮒ᮪. ᮃᮒᮓᮥ ,

ᮜᮥᮙᮚᮔ᮪ ᮜᮙᮩ ᮪ᮕᮀ ᮂ, ᮌᮜᮝᮤ ᮒᮔ᮪ ᮗᮜᮤ ,ᮣ ᮒᮜᮥ ᮥᮚ᮪ ᮃᮞᮕᮥ ᮪

ᮊ ᮕᮊᮙ᮪ᮕᮥᮌᮔ᮪, ᮃᮚ ᮞᮒᮨᮌᮂ ᮏᮙ᮪ ᮜᮩᮙ᮪ᮕᮀ ᮂ.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 16

ᮘᮥ ᮙᮤ ᮀ ᮒᮃᮤ ᮂ ᮓᮊᮩ ᮩᮒ᮪ ᮙᮞ᮪ᮏᮤᮓ᮪, ᮜᮥᮙᮚᮔ᮪ ᮍᮨ ,
ᮃᮚ ᮙᮓᮢᮞᮂ, ᮌᮔ᮪ ᮠᮛᮒᮤ ᮂ ᮊ ᮕᮨ .

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮔ᮪ᮎᮍ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮜᮔ᮪ᮏᮃᮔ᮪. ᮘᮞ ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮛᮦᮊ᮪ ᮘᮜᮤᮊ᮪ ᮓᮩᮄ, ᮓᮎᮤ ᮛᮙ᮪ ᮊᮥ ᮀ ᮒᮤᮃ.

“ᮅᮜᮂ ᮝᮊ ᮅᮄᮂ, ᮊᮀ. ᮅᮛᮀ ᮌᮜᮉᮩ ᮒ᮪ ᮠᮜᮩ .” ᮎᮩᮊ᮪ ᮀ ᮒᮤᮃ
ᮘᮛᮤ ᮙᮥᮊᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮔ᮪ᮒᮧ ᮄᮙᮂᮔ.

ᮞᮥᮕ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮃᮞᮕᮥ ᮪ ᮊ ᮏᮨᮛᮧ ᮄᮙᮂ. ᮊᮞᮙ᮪ᮕᮊ᮪
ᮂ ᮃᮚ ᮃᮊᮤᮔ ᮀ ᮒᮤᮃ, ᮔᮏᮥ ᮥ ᮎᮜᮊᮤ ᮪ ᮓᮤᮔ ᮊᮧᮁ ᮞᮤ,

ᮑᮨ ᮕᮨᮌᮔ᮪ ᮒᮞ᮪ ᮂ, ᮘᮛᮤ ᮒᮩ ᮝᮨ ᮂ ᮘᮘᮎᮃᮔ᮪.

“ᮃᮞ᮪ᮞᮜᮙᮃᮥ ᮜᮄᮊᮙᮥ ᮪,”ᮎᮊᮩ ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮘᮛᮤ
ᮌᮞᮧᮀ ᮊᮩᮔ᮪ ᮜᮩᮌᮔᮩ ᮪.

“ᮝᮃᮜᮄᮊᮥᮙ᮪ᮞᮜᮙ᮪, ᮙᮀᮍ ᮎᮜᮤᮊ᮪,” ᮞᮅᮁ ᮃᮊᮔᮤ ᮀ ᮒᮃᮤ ,
ᮘᮛᮤ ᮔᮛᮨ ᮞ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮝᮛᮤ ᮓᮤ ᮪ᮔ.

ᮞᮏᮨᮛᮧᮔ ᮓᮤᮅᮊ᮪ ᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮔᮤ ᮔᮔ᮪ ᮊᮃᮚᮃᮔ᮪
ᮓᮤ ᮆᮒ ᮄᮙᮂ. ᮄᮙᮂ ᮂ ᮙᮧ ᮜ᮪ ᮘᮠᮩᮜ, ᮌᮔ᮪

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 17

ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮔᮥ ᮘᮧᮍ ᮄᮙᮂ ᮂ ᮘᮤ ᮞ ᮌᮛᮝᮒ᮪ᮔ. ᮞᮊ ᮂ
ᮕᮛᮘᮧᮒᮔ᮪ ᮂ ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮔ ᮘᮛᮛᮞᮨ ᮤᮂ, ᮏ ᮙᮔ᮪ᮒᮨᮞ᮪
ᮔᮨᮙ᮪ᮕᮒ᮪ᮊᮩᮔᮔ.

“ᮙᮀᮍ, ᮊᮀ, ᮄᮉ ᮊᮧᮕᮤᮔ,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮀ ᮒᮤᮃ ᮘᮛᮤ ᮔᮥᮔ᮪ᮓ
ᮎᮤᮊᮧᮕᮤ ᮏ ᮜᮜᮝᮥᮂᮔ. ᮃᮚ ᮊᮥᮜᮥᮘ᮪ ᮎᮅ, ᮠᮄᮥ , ᮏ ᮒᮜᮩᮞ᮪
ᮘᮧᮍᮧᮁ .

ᮒᮩ ᮒᮒᮑ ᮓᮄᮩ , ᮞᮛᮥ ᮕᮥ ᮥᮒ᮪ ᮊᮧᮕᮤ ᮂ ᮓᮤᮄᮔᮥᮙ᮪. ᮌᮔ᮪
ᮇᮛᮧᮊᮚ, ᮎᮄ ᮊᮧᮕᮤ ᮕᮔᮞ᮪ ᮂ, ᮃᮒᮥᮂ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮉᮉᮜᮩᮍᮩᮍᮔ᮪, ᮘᮛᮤ ᮑᮨ ᮕᮌᮨ ᮔ᮪ ᮘᮩ ᮠᮔ, ᮏᮤᮍ ᮠᮚᮙ᮪ ᮒᮞ᮪
ᮓᮤᮕᮔᮩ ᮪ᮎᮒᮤ ᮪, ᮓ ᮒᮊᮤ ᮧᮛᮧ ᮂ ᮊᮛᮞ ᮕᮔᮞ᮪, ᮊ ᮇᮘ᮪
ᮊᮧᮕᮤ ᮕᮔᮞ᮪ ᮃᮑᮁ ᮔᮤᮑᮥ ᮂ.

ᮝᮔ᮪ᮎᮤ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮜᮧᮠᮧᮁ , ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮘᮏᮙᮃᮂ
ᮓᮤ ᮙᮞ᮪ᮏᮤᮓ᮪. ᮛᮓ ᮛᮊᮍ᮪-ᮛᮊᮧᮍ᮪, ᮒᮤ ᮙᮙᮤ ᮒᮤ ᮤ ᮝᮥᮓᮥ ᮔᮕᮨ ᮤ ᮊ
ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮂ. ᮝᮥᮓᮥ ᮂ ᮔᮥ ᮄᮌᮒᮨ ᮪ ᮌᮔ᮪ ᮌᮙᮥ ᮪ᮘᮂ ᮜᮩᮌᮔᮩ ᮪,
ᮘᮩ ᮌᮩᮒ᮪ ᮏ ᮞᮊᮥ ᮥ. ᮌᮔ᮪ ᮕᮧᮠᮧ ᮙᮔ ᮔᮥ ᮊᮓᮥ ᮥ ᮒᮤᮠᮩᮜ. ᮞᮧᮜᮒ᮪
ᮇ , ᮕᮧᮠᮧ ᮘᮘᮎᮃᮔᮔ, ᮔᮥ ᮄᮌᮒᮨ ᮪ ᮂ ᮌᮔ᮪
ᮘᮤ ᮞ᮪ᮙᮤᮜᮠᮣ ᮛᮤ ᮧᮢ ᮂᮙᮔᮤᮛᮧᮠᮤᮙ᮪ ᮝᮀᮊᮥ ᮜᮥ ᮪.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 18

ᮃᮒᮓᮥ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮜᮜᮤ ᮒᮩ ᮝᮓᮥ ,ᮥ ᮊᮧᮙᮧ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮙᮂ.

ᮕᮍᮥ ᮂᮥ ᮒᮤ ᮞᮕᮊᮢ ᮪ ᮊᮥᮜᮃᮤ ᮂ ᮓᮤ ᮜᮥᮃᮁ ᮔᮍ,ᮤᮢ ᮕᮧᮠᮧ ᮊᮔ
ᮞᮧᮜᮒ᮪. ᮃᮔ᮪ᮒᮊᮥ ᮪ᮔ ᮕᮞ᮪ ᮘᮜᮤᮊ᮪ ᮓᮩᮄ ᮊ ᮜᮨᮙᮂ ᮎᮄ

ᮂ, ᮔᮨᮛᮞᮥ ᮪ ᮒᮩ ᮞᮧᮜᮒ᮪ᮔ ᮂ. ᮊᮧᮙᮧ ᮊᮥ ᮞᮤᮘᮥ ᮊ᮪ᮔ
ᮕᮍ ᮃᮔ᮪ ᮒᮤ ᮄᮞᮊᮥ ᮪ ᮔᮕᮨ ᮤ ᮊ ᮃᮙ᮪ᮕ ᮕᮩᮒ ᮂ, ᮜᮒ᮪
ᮝᮆ ᮕᮧᮠᮧ ᮊᮔ ᮞᮧᮜᮒ᮪. ᮌᮔ᮪ ᮞᮒᮅᮔ᮪ ᮞᮊᮜᮤ ᮞᮧᮜᮒ᮪

ᮂ, ᮓᮂ ᮘᮘᮛᮌᮨ ᮔ᮪ ᮏ ᮊᮥᮜᮝᮁᮍ ᮝᮆ, ᮛᮓ ᮆᮛ
ᮔᮍᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮊᮒᮙᮨ ᮪ᮕᮧ ᮊᮥ ᮓᮥᮜᮥᮁ ᮃᮒᮝ ᮘᮒᮥᮁ ᮂ.

ᮀ ᮞᮧᮜᮒ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮃᮞᮕᮥ ᮪ ᮓᮩᮄ ᮊ ᮒᮙᮨ ᮪ᮕᮒ᮪
ᮙᮤᮙᮒᮤ ᮤ ᮃᮞᮕᮥ ᮪ ᮒᮓ.ᮤ ᮊ᮪ ᮓᮩᮄ ᮓᮅᮤ ᮊ᮪ ᮓᮤᮔ ᮊᮧᮁ ᮞᮤ. ᮓᮤ ᮛᮃᮥ ᮀ
ᮒᮙᮥ ᮂ ᮒᮧᮞ᮪ ᮃᮚ ᮃᮊᮤ ᮞᮛ ᮀ ᮒᮤᮃ.

“ᮞᮧᮊ᮪ ᮎᮜᮤᮊ᮪ ᮠᮜᮩ , ᮅᮛᮀ ᮌᮧᮘᮢ ᮧᮜ᮪ ᮞᮊᮨᮓᮕ᮪,” ᮎᮊᮩ ᮪
ᮃᮊᮤ.

“ᮙᮀᮍ,”ᮎᮩᮊ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 19

“ᮃᮊᮤ ᮂ ᮌᮠᮏ, ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮕᮔ᮪ᮏᮀ ᮘᮁ . ᮃᮊᮤ ᮌᮝᮊᮜᮤ ᮔ᮪
ᮄᮉ ᮄᮔ᮪ᮎᮥ ᮃᮊᮤ, ᮓ ᮄᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮘᮕᮔ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮒᮤᮜᮁ ᮓᮥᮑ, ᮠᮚᮀ
ᮔᮑ ᮊ ᮠᮓᮤ ᮕᮨ ᮪, ᮊᮛᮤ -ᮊᮛᮤ ᮔ ᮞᮛᮉᮤ ᮞ᮪ ᮊ ᮄᮔ᮪ᮎᮥ ᮃᮊᮤ

ᮂ?” ᮞᮅᮁ ᮃᮊᮤ ᮓᮛᮃᮤ ᮕᮞᮤ ᮔ᮪.

ᮍᮨᮘᮨ ᮍ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮍᮘᮨ ᮨ ᮍ᮪ ᮃᮞ ᮓᮤ ᮔ᮪ᮒᮁ ᮍᮨᮜᮕ᮪.
ᮊᮊᮛ ᮕᮀᮍᮤᮂ ᮏ ᮄᮉ ᮃ , ᮍᮞᮩ ᮪ ᮓᮤᮒᮑᮃᮔ᮪ ᮊᮉᮤ . ᮌᮔ᮪
ᮓᮤᮕᮤᮊᮤ-ᮕᮤᮊ ᮒᮩ ᮃᮚ ᮞᮜᮂᮔ, ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮞᮛᮉᮤ ᮞ᮪
ᮒᮥᮜᮚᮥ ᮪ᮊᮔᮩ ᮪, ᮙᮔᮥ ᮪ ᮅᮊᮥᮁ ᮊ ᮠᮠᮩ ᮩᮛᮚᮩ ᮔ᮪ ᮙᮂ ᮜᮩᮝᮤᮂ ᮠ
ᮓᮤᮕᮥᮒᮥᮞ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮒᮤ ᮃᮚᮩᮔ ᮂ.

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮠᮜᮥ ᮞᮊᮨᮓᮕᮔ᮪.

“ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮘ ᮞᮛᮉᮤ ᮞ᮪, ᮊᮤ,” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮒᮓᮤᮔ
ᮙᮂ ᮊ᮪ ᮌᮧᮙᮧᮀ ᮞᮒᮛᮘᮞ᮪ᮔ, ᮔ᮪ ᮙ ᮂᮔ ᮂ ᮠᮛᮒᮤ
ᮕᮕᮀᮍᮤᮂ ᮏ ᮀ ᮒᮃᮤ ᮓᮤ ᮒᮧᮊᮧ ᮞ᮪ᮝᮜᮚᮔ᮪. ᮠᮛᮒᮤ ᮂ
ᮙᮔᮨᮂᮔ ᮊᮩᮁ ᮄᮞ᮪ᮒᮤᮛᮠᮒ᮪, ᮊ᮪ ᮔᮔᮥ ᮪ᮒᮞ᮪ᮊᮔᮩ ᮪
ᮜᮜᮙ᮪ᮕᮠᮔ᮪ ᮊ ᮗᮤᮜ,ᮣ ᮌᮜᮥᮅᮠᮔ᮪ ᮃᮎᮛ ᮅᮜᮀ ᮒᮅᮔ᮪
ᮙᮤᮞᮨ, ᮊᮘᮧᮍᮧᮂᮔ, ᮞᮊᮜᮃᮤ ᮔ᮪ ᮃᮎᮛ ᮒᮔᮥ ᮌᮔ᮪ ᮙ ᮂᮔ ᮏ
ᮙᮞᮤ ᮨ.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 20

ᮌᮔ᮪ ᮒᮩ ᮊᮨᮓᮜ᮪, ᮒᮂ ᮂ ᮏᮤᮍ ᮓᮊᮤ ᮧᮔ᮪ᮎᮤ ᮊᮥ ᮘᮒᮔᮤ ᮪
ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮔᮥ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮊᮒᮏᮤ ᮊᮥ ᮀ ᮒᮃᮤ , ᮔᮥ ᮊᮊᮛ ᮃᮑᮁ

ᮕᮍᮀ ᮤᮂ, ᮒᮕᮤ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮒᮩ ᮝᮜᮊᮚ ᮒᮜᮤ ᮜᮨ ᮕᮨ ᮪ ᮊᮔ
ᮏᮨᮛᮧ ᮞᮍᮛ, ᮔᮥ ᮆᮔ᮪ᮓᮂᮔ ᮊᮘᮤ ᮔ-ᮘᮤ ᮔ, ᮔᮥ ᮕᮤᮔᮂᮥ ᮊᮥ ᮛᮞ
ᮎᮤᮔ᮪ᮒ.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 21

Puncak Pinuh Cinta

(2)

Réngsé ditaros ku Aki, Dén Boy dariuk

paduduaan di tepas. Sanajan kakara panggih, Dén
Boy téh teu ngarasa karagok, atuda Néng Tia mah
bisa mawakeun dirina, leubeut picaritaeun téh,
jeung sok nyambung waé.

Néng Tia mah soméah pisan, sagala dicaritakeun,
ti mimiti karesepna, babaturan keur sakola, nepika
pangalaman ayeuna jadi guru Madrasah. Atuh Dén

Boy téh beuki kataji waé, jeung ngarasa tambah
deukeut jeung Néng Tia.

______________________
(2) Asep Taptazana

31 Desember 2016 · Daerah Khusus Ibukota Jakarta

#net_fiksi_AT_ppc

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 22

“Puguh Akang téh badé terus terang, poé ayeuna
téh saleresna badé tunangan,” ceuk Dén Boy, alon
pisan, bisi kakuping ku Aki nu keur wirid di
tengah bumi.
“Har, naha teu nyarios titadi. Abdi mah teu kedah
diémutan. Upami jodona mah, moal kasasaha
deui,” ceuk Néng Tia, teu riuk-riuk acan, teu aya
kahariwang saeutik-eutik acan.
Sajongjongan mah, Dén Boy ngahuleng. Keur Dén
Boy mah, hiji kaanéhan aya jalma pasrah kana
katangtuan ti Gusti Alloh téh. Apanan ari Dén Boy
mah geus diajar dina widang usaha téh, kudu hasil
kumaha waé carana, kaasup dina meunangkeun
Néng Tia.
“Upami kitu mah, Akang téh pamit heula, badé
ngahadiran acara nu di Villa téa,” ceuk Dén Boy,
bari cengkat tina diukna. Tuluy pamitan ka Aki,
ngan ka Aki mah can wani balaka.

Dén Boy neruskeun lalampahannana, ngajugjug ka
Cipanas, rék ngahadiran acara ulang taun, sakalian

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 23

tunangan jeung Néng Mise. Sapaparat jalan téh,
Dén Boy nyawang kahirupanna nu geus kaliwat.
Utamana mah kahirupan jeung Néng Mise.

Dén Boy téh geus wawuh jeung Néng Mise ti keur
leutik kénéh. Wawuhna mah keur Néng Mise
anyar pindah ka Dépok. Kulawarga Néng Mise téh
asalna ti Bandung. Sepuhna Néng Mise téh muka
pausahaan di Dépok. Kabeneran, kulawarga Néng
Mise téh sakomplék jeung kulawarga Dén Boy.
Basa anyar wawuh téh, Dén Boy geus kelas opat
SD, sedengkeun Néng Mise kakara kelas hiji.
Kabeneran sasakola, atuh unggal poé téh bareng,
boh rék mangkat atawa mulang ti sakolana.
Tamat SD, Dén Boy neruskeun ka SMP, SMA,
tuluy kuliah ka luar nagri. Ari Néng Mise mah
kuliahna téh di Dépok waé. Panggih deui jeung
Dén Boy téh, basa Dén Boy mulang ti luar nagri
tuluy mimiti gawé di pausahaan bapana Néng
Mise.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 24

Harita téh Néng Mise kakara mimiti kuliah di
Dépok. Kulantaran geus asa jeung dulur, nya Dén
Boy téh dijodokeun Jeung Néng Mise. Padahal
basa Dén Boy kuliah di luar nagri, Néng Mise téh
boga hubungan jeung Jefri, babaturan sakolana.
Ngan kulantaran, sepuhna geus jangji Néng Mise
rék dijodokeun jeung Dén Boy, hubungan téh teu
disatujuan ku sepuhna Néng Mise. Tada teuing
raheutna haté Néng Mise. Ngan teu bisa majar
kumaha, atawa nolak paménta ti sepuhna.
Ari Dén Boy, basa rencana tunangan jeung Néng
Mise téh can boga kabogoh. Atuh teu ngarasakeun
peurih jiga Néng Mise. Ngan saprak Dén Boy
wawuh jeung Néng Tia, kapeurih nu kaalaman ku
Néng Mise téh kakara karasa ogé ku Dén Boy.

Dén Boy ngahuleng ngarasakeun peurihna haté
mun ninggalkeun Néng Tia nu anyar pinanggih.
Sarua jeung nyerina haté Néng Mise nu kudu
ninggalkeun Jang Jefri, pujaan haténa.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 25

Geus nepi kanu dituju, Dén Boy markirkeun mobil
di buruan Villa. Jrut turun tina mobil, kasampak
téh kulawarga Néng Mise jeung sepuhna Dén Boy
tos caralik di ruang tengah. Sanggeus munjungan,
gék Dén Boy diuk deukeut sepuhna.
Ari Néng Mise katémbong marahmay basa ningali
Dén Boy datang téh, rada telat, ngan dimalum ku
sakabéh nu hadir, da macét di jalan.
Dén Boy ngarasa héran geuning Néng Mise mah
teu katémbong sedih atawa nalangsa
nyanghareupan kajadian ieu.

“Alhamdulillah, urang sadaya tos kempel di ieu
tempat, teu aya sanés badé nyacapkeun nuhun ka
Gusti Alloh nu tos maparinan kaséhatan, ogé
utamana mah milangkala pun anak Néng Mise,”
saur Haji Jamhur, sepuhna Néng Mise.
Dén Boy ngarasa tambah deg-degan, haténa teu
puguh rasa. Mun bisa mah hayang ngagorowok
satarikna, yén manéhna jeung Néng Mise téh
sabenerna teu satuju, ngan lamun teu nurut ka

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 26

sepuh, tada teuing kuciwana sepuh téh.
Teras Haji Jamhur téh ngalajengkeun caritaanana.
“Nu kadua, badé ngahijikeun pun anak hiji-hijina
sareng ... Jang Jefri,”
Gebeg Dén Boy téh ngagebeg, asa teu percaya
kana cariosan Haji Jamhur.
Néng Mise katémbong marahmay, imut bari
ngagelenyu. Maju kahareup, tuluy niup lilin nu ka
duapuluh lima. Teu lila, jol téh Jang Jéfri dianteur
ku sepuhna.
Asa teu percaya, Dén Boy ngusap beungeutna.
Alhamdulillah.

Réngsé acara tunangan, kabéh kulawarga nu hadir
téh pada bungah, teu kacuali Dén Boy jeung Néng
Mise. Kulawarga Néng Mise sareng kulawarga
Dén Boy angger ngajaga duduluran, sanajan teu
jadi ngajodokeun palaputrana.
Réngsé acara, Dén Boy pamitan ka sepuhna, ogé
ka kulawarga Néng Mise, ogé kulawarga Jang
Jefri.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 27

Ti Cipanas muru ka Cisarua, Dén Boy geus
hayang geura panggih jeung pujaan haténa.
Sanajan kakara panggih, Dén Boy geus ngabogaan
kayakinan kana pilihan haténa.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 28

ᮕᮥᮔ᮪ᮎᮊ᮪ ᮕᮔᮤ ᮂᮥ ᮎᮤᮔ᮪ᮒ

(2)

ᮀ ᮓᮒᮤ ᮛᮧᮞ᮪ ᮊᮥ ᮃᮊᮤ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮓᮛᮅᮤ ᮊ᮪
ᮕᮓᮥᮓᮃᮥ ᮃᮔ᮪ ᮓᮤ ᮒᮕᮨ ᮞ᮪. ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮊᮊᮛ ᮕᮍᮀ ᮂᮤ , ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮒᮩ ᮌᮛᮞ ᮊᮛᮍᮧᮊ᮪, ᮃᮒᮥᮓ ᮀ ᮒᮃᮤ ᮙᮂ ᮘᮤ ᮞ
ᮙᮝᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮤᮛᮔᮤ , ᮜᮩᮘᮩ ᮒ᮪ ᮕᮎᮤ ᮛᮒᮤ ᮉᮔ᮪ ᮂ, ᮏ ᮞᮧᮊ᮪
ᮑᮙ᮪ᮘᮥ ᮀ ᮝᮆ.

ᮀ ᮒᮃᮤ ᮙᮂ ᮞᮧ ᮃᮂ ᮕᮤᮞᮔ᮪, ᮞᮍᮜ ᮓᮤᮎᮛᮒᮤ ᮊᮩᮔ᮪, ᮒᮤ
ᮙᮙᮤ ᮤᮒᮤ ᮊᮛᮞᮨ ᮨᮕ᮪ᮔ, ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ᮪ ᮊ ᮞᮊᮧᮜ, ᮔᮨᮕᮊᮤ
ᮕᮌᮜᮙᮔ᮪ ᮃᮚᮩᮔ ᮏᮓᮤ ᮍᮛᮥ ᮥ ᮙᮓᮞᮢ ᮂ. ᮃᮒᮥᮂ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪

ᮂ ᮘᮩ ᮊᮤ ᮊᮒᮏᮤ ᮝᮆ, ᮏ ᮌᮛᮞ ᮒᮙ᮪ᮘᮂ ᮓᮊᮩ ᮩᮒ᮪ ᮏ ᮀ
ᮒᮃᮤ .

“ᮕᮍᮥ ᮂᮥ ᮃᮊᮀ ᮂ ᮘ ᮒᮛᮨ ᮞᮥ ᮪ ᮒᮛᮨ ,ᮀ ᮕᮧᮆ ᮃᮚᮔᮩ ᮂ
ᮞᮜᮨᮛᮞᮨ ᮪ᮔ ᮘ ᮒᮥᮔᮌᮔ᮪,” ᮎᮩᮊ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮃᮜᮧᮔ᮪
ᮕᮤᮞᮔ᮪, ᮘᮤ ᮞᮤ ᮊᮊᮥᮕ ᮊᮥ ᮃᮊᮤ ᮔᮥ ᮊᮩᮁ ᮝᮛᮤ ᮓᮤ ᮪ ᮓᮤ ᮒᮌᮨ ᮂ ᮘᮥ ᮙᮤ.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 29

“ᮠᮁ, ᮔᮠ ᮒᮩ ᮑᮛᮇᮤ ᮞ᮪ ᮒᮒᮤ ᮓᮤ. ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮙᮂ ᮒᮩ ᮊᮨᮓᮂ
ᮓᮤᮆᮙᮒᮥ ᮔ᮪. ᮅᮕᮙᮤ ᮏᮧᮓᮧᮔ ᮙᮂ, ᮙᮧᮃᮜ᮪ ᮊᮞᮞᮠ ᮓᮄᮩ ,”
ᮎᮩᮊ᮪ ᮀ ᮒᮃᮤ , ᮒᮩ ᮛᮅᮤ ᮊ᮪-ᮛᮅᮤ ᮊ᮪ ᮃᮎᮔ᮪, ᮒᮩ ᮃᮚ
ᮊᮠᮛᮝᮤ ᮀ ᮞᮉᮒᮊᮤ ᮪-ᮉᮒᮊᮤ ᮪ ᮃᮎᮔ᮪.

ᮞᮏᮀᮧᮏᮧᮌᮔ᮪ ᮙᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮠᮥᮜ. ᮊ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮙᮂ, ᮠᮤᮏᮤ ᮊᮃ ᮠᮔ᮪ ᮃᮚ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮕᮞᮢᮂ ᮊᮔ ᮊᮒᮒᮀ ᮃᮥ ᮔ᮪
ᮒᮤ ᮍᮥᮞ᮪ᮒᮤ ᮃᮜᮧᮣ ᮂ ᮂ. ᮃᮕᮔᮔ᮪ ᮃᮛᮤ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮙᮂ
ᮍᮩᮞ᮪ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮓᮤᮔ ᮝᮤᮓᮀ ᮅᮞᮠ ᮂ, ᮊᮥᮓᮥ ᮠᮞᮜᮤ ᮪ ᮊᮥᮙᮠ
ᮝᮆ ᮎᮛᮔ, ᮊᮃᮞᮕᮥ ᮪ ᮓᮔᮤ ᮙᮔᮩ ᮊᮀ ᮔᮩ ᮪ ᮀ ᮒᮃᮤ .

“ᮅᮕᮙᮤ ᮊᮒᮤ ᮥ ᮙᮂ, ᮃᮊᮀ ᮂ ᮕᮙᮒᮤ ᮪ ᮠᮜᮩ , ᮘ ᮌᮠᮓᮤᮛᮔ᮪
ᮃᮎᮛ ᮔᮥ ᮓᮤ ᮗᮤᮜᮣ ᮃ,” ᮎᮊᮩ ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮘᮛᮤ
ᮎᮊᮒ᮪ ᮒᮔᮤ ᮓᮅᮤ ᮊ᮪ᮔ. ᮒᮥᮜᮚᮥ ᮪ ᮕᮙᮤᮒᮔ᮪ ᮊ ᮃᮊᮤ, ᮌᮔ᮪ ᮊ
ᮃᮊᮤ ᮙᮂ ᮎᮔ᮪ ᮝᮔᮤ ᮘᮜᮊ.

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮔᮨᮛᮞᮥ ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮜᮜᮙ᮪ᮕᮠᮔ᮪ᮔᮔ, ᮌᮏᮍᮥ ᮪ᮏᮥᮍ᮪ ᮊ
ᮎᮕᮤ ᮔᮞ᮪, ᮊ᮪ ᮌᮠᮓᮛᮤ ᮔ᮪ ᮃᮎᮛ ᮅᮜᮀ ᮒᮅᮔ᮪, ᮞᮊᮜᮤᮃᮔ᮪
ᮒᮔᮥ ᮌᮔ᮪ ᮏ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ. ᮞᮕᮕᮛᮒ᮪ ᮏᮜᮔ᮪ ᮂ, ᮔ᮪

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 30

ᮘᮧᮚ᮪ ᮑᮝᮀ ᮊᮠᮤᮛᮕᮥ ᮔ᮪ᮔ ᮔᮥ ᮍᮩᮞ᮪ ᮊᮜᮤᮝᮒ᮪. ᮅᮒᮙᮔ ᮙᮂ
ᮊᮠᮤᮛᮕᮥ ᮔ᮪ ᮏ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ.

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮝᮝᮥᮂ ᮏ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮒᮤ ᮊ ᮜᮒᮩ ᮊᮤ ᮪
ᮂ. ᮝᮝᮥᮂᮔ ᮙᮂ ᮊ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ ᮃᮑᮁ ᮕᮔᮤ ᮪ᮓᮂ ᮊ ᮕᮧᮊ᮪.

ᮊᮥᮜᮝᮍᮁ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ ᮂ ᮃᮞᮜ᮪ᮔ ᮒᮤ ᮘᮔ᮪ᮓ.ᮀᮥ ᮞᮕᮨ ᮂᮥ ᮔ ᮀ
ᮙᮞᮤ ᮨ ᮂ ᮙᮊᮥ ᮕᮅᮞᮠᮃᮔ᮪ ᮓᮤ ᮕᮧᮊ᮪. ᮊᮘᮨ ᮔᮨᮛᮔ᮪,
ᮊᮥᮜᮝᮍᮁ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮂ ᮞᮊᮧᮙ᮪ ᮊ᮪ ᮏ ᮊᮥᮜᮝᮁᮍ ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪.

ᮘᮞ ᮃᮑᮁ ᮝᮝᮥᮂ ᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮍᮩᮞ᮪ ᮊᮜᮨ ᮞ᮪ ᮇᮕᮒ᮪
ᮞ᮪ᮓ᮪, ᮞᮓᮨ ᮊᮔᮩ ᮪ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮊᮊᮛ ᮊᮨᮜᮞ᮪ ᮠᮤᮏᮤ. ᮊᮘᮨ ᮔᮛᮨ ᮔ᮪
ᮞᮞᮊᮧᮜ, ᮃᮒᮥᮂ ᮅᮀᮍᮜ᮪ ᮕᮧᮆ ᮂ ᮘᮛ, ᮘᮧᮂ ᮊ᮪
ᮙᮀᮊᮒ᮪ ᮃᮒᮝ ᮙᮜᮥ ᮀ ᮒᮤ ᮞᮊᮧᮜᮔ.

ᮒᮙᮒ᮪ ᮞ᮪ᮓ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮔᮨᮛᮞᮥ ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮊ ᮞ᮪ᮙ᮪ᮕ᮪,
ᮞ᮪ᮙ, ᮒᮥᮜᮥᮚ᮪ ᮊᮥᮜᮃᮤ ᮂ ᮊ ᮜᮥᮃᮁ ᮔᮍᮢᮤ. ᮃᮛᮤ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ ᮙᮂ
ᮊᮜᮥ ᮤᮃᮂᮔ ᮂ ᮓᮤ ᮕᮧᮊ᮪ ᮝᮆ. ᮕᮀᮍᮤᮂ ᮓᮩᮄ ᮏ ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ, ᮘᮞ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮙᮥᮜᮀ ᮒᮤ ᮜᮥᮃᮁ ᮔᮍᮤᮢ
ᮒᮜᮥ ᮚᮥ ᮪ ᮙᮤᮙᮤᮒᮤ ᮍ ᮓᮤ ᮕᮅᮞᮠᮃᮔ᮪ ᮘᮕᮔ ᮀ ᮙᮤᮞ.ᮨ

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 31

ᮠᮛᮒᮤ ᮂ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮊᮊᮛ ᮙᮤᮙᮒᮤ ᮤ ᮊᮥᮜᮃᮤ ᮂ ᮓᮤ ᮕᮧᮊ᮪.
ᮊᮥᮜᮔ᮪ᮒᮛᮔ᮪ ᮍᮩᮞ᮪ ᮃᮞ ᮏ ᮓᮥᮜᮥ,ᮁ ᮑ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ
ᮓᮤᮏᮧᮓᮧᮊᮔᮩ ᮪ ᮏ ᮀ ᮙᮤᮞ.ᮨ ᮕᮓᮠᮜ᮪ ᮘᮞ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮊᮜᮥ ᮃᮤ ᮂ ᮓᮤ ᮜᮃᮥ ᮁ ᮔᮍᮢ,ᮤ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮂ ᮘᮧᮍ ᮠᮘᮥ ᮥ ᮌᮔ᮪ ᮏ
ᮏᮨᮖ,ᮤᮢ ᮘᮘᮒᮛᮥ ᮔ᮪ ᮞᮊᮧᮜᮔ. ᮌᮔ᮪ ᮊᮥᮜᮔ᮪ᮒᮛᮔ᮪, ᮞᮨᮕᮂᮥ ᮔ
ᮍᮩᮞ᮪ ᮏᮀᮏᮤ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ ᮊ᮪ ᮓᮏᮤ ᮧᮓᮧᮊᮔᮩ ᮪ ᮏ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪,
ᮠᮥᮘᮥ ᮌᮔ᮪ ᮂ ᮒᮩ ᮓᮤᮞᮒᮥᮏᮥᮃᮔ᮪ ᮊᮥ ᮞᮕᮨ ᮥᮂᮔ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ. ᮒᮓ
ᮒᮩᮄᮀ ᮛᮠᮒᮩ ᮪ᮔ ᮠ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ. ᮌᮔ᮪ ᮒᮩ ᮘᮤ ᮞ ᮙᮏᮁ ᮊᮥᮙᮠ,
ᮃᮒᮝ ᮔᮧᮜᮊ᮪ ᮕ ᮔ᮪ᮒ ᮒᮤ ᮞᮕᮨ ᮥᮂᮔ.

ᮃᮛᮤ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪, ᮘᮞ ᮛᮔᮨ ᮪ᮎᮔ ᮒᮔᮥ ᮌᮔ᮪ ᮏ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ
ᮂ ᮎᮔ᮪ ᮘᮧᮍ ᮊᮘᮧᮍᮧᮂ. ᮃᮒᮂᮥ ᮒᮩ ᮌᮛᮞᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮩᮛᮂᮤ ᮏᮤᮍ
ᮀ ᮙᮞᮤ .ᮨ ᮌᮔ᮪ ᮞᮕᮢᮊ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮝᮝᮥᮂ ᮏ ᮀ ᮒᮤᮃ,

ᮊᮕᮩᮛᮂᮤ ᮔᮥ ᮊᮃᮜᮙᮔ᮪ ᮊᮥ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ ᮂ ᮊᮊᮛ ᮊᮛᮞ ᮇ
ᮊᮥ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪.

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮠᮥᮜ ᮌᮛᮞᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮛᮩ ᮂᮤ ᮔ ᮠ ᮙᮔᮥ ᮪
ᮔᮍᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮀ ᮒᮤᮃ ᮔᮥ ᮃᮑᮁ ᮕᮔᮤ ᮀᮍᮤᮂ. ᮞᮛᮃᮥ ᮏ ᮑᮨ ᮛᮔᮤ

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 32

ᮠ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮔᮥ ᮊᮓᮥ ᮥ ᮔᮍᮜ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮏᮀ ᮏᮨᮖ,ᮤᮢ ᮕᮥᮏᮃᮔ᮪
ᮠ ᮔ.

ᮍᮞᮩ ᮪ ᮔᮕᮨ ᮤ ᮊᮔᮥ ᮓᮒᮤ ᮏᮥ ,ᮥ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮙᮊᮁ ᮊᮔᮩ ᮪ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪
ᮓᮤ ᮘᮥ ᮛᮃᮥ ᮔ᮪ ᮗᮜᮤ ᮣ. ᮏᮒ᮪ ᮒᮛᮥ ᮔᮥ ᮪ ᮒᮤᮔ ᮙᮧᮘᮤ ᮜ᮪, ᮊᮞᮙ᮪ᮕᮊ᮪

ᮂ ᮊᮥᮜᮝᮍᮁ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮏ ᮞᮨᮕᮥᮂᮔ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮒᮧᮞ᮪
ᮎᮛᮜᮤᮊ᮪ ᮓᮤ ᮛᮃᮥ ᮀ ᮒᮨᮌᮂ. ᮞᮍᮀ ᮞᮩ ᮪ ᮙᮥᮔ᮪ᮏᮌᮥ ᮔ᮪, ᮊ᮪ ᮓᮦᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮓᮅᮤ ᮊ᮪ ᮓᮩᮊᮩᮒ᮪ ᮞᮕᮨ ᮂᮥ ᮔ.

ᮃᮛᮤ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮙᮛᮂᮙᮚ᮪ ᮘᮞ ᮔᮤᮌᮜᮤ ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮓᮒᮀ ᮂ, ᮛᮓ ᮒᮜᮨ ᮒ᮪, ᮌᮔ᮪ ᮓᮤᮙᮜᮥᮙ᮪ ᮊᮥ
ᮞᮊ ᮂ ᮔᮥ ᮠᮓ, ᮓ ᮙ ᮒ᮪ ᮓᮤ ᮏᮜᮔ᮪.

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮛᮞ ᮛᮔ᮪ ᮍᮩᮔ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮙᮂ ᮒᮩ
ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮞᮨᮓᮤᮂ ᮃᮒᮝ ᮔᮜᮀᮞ ᮑᮀ ᮠᮛᮕᮩ ᮔ᮪ ᮊᮏᮓᮃᮤ ᮔ᮪
ᮄᮉ.

“ᮃᮜ᮪ᮠᮙ᮪ᮓᮥᮜᮜᮤ ᮂᮣ , ᮅᮛᮀ ᮞᮓᮚ ᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮙᮨ ᮪ᮕᮨᮜ᮪ ᮓᮤ ᮄᮉ
ᮒᮙᮨ ᮪ᮕᮒ᮪, ᮒᮩ ᮃᮚ ᮞ ᮞ᮪ ᮘ ᮑᮎᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮔᮠᮥ ᮥᮔ᮪ ᮊ
ᮍᮞᮥ ᮪ᮒᮤ ᮃᮜᮧᮣ ᮂ ᮔᮥ ᮒᮧᮞ᮪ ᮙᮕᮛᮔᮤ ᮔ᮪ ᮊ ᮠᮒᮔ᮪, ᮇ

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 33

ᮅᮒᮙᮔ ᮙᮂ ᮙᮜᮤ ᮀᮊᮜ ᮕᮔᮥ ᮪ ᮃᮔᮊ᮪ ᮀ ᮙᮞᮤ ᮨ,” ᮞᮅᮁ ᮠᮏᮤ
ᮏᮙ᮪ᮠᮁᮥ, ᮞᮨᮕᮥᮂᮔ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ.

ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮛᮞ ᮒᮙ᮪ᮘᮂ ᮓᮨᮍ᮪-ᮓᮍᮨ ᮔ᮪, ᮠ ᮔ ᮒᮩ
ᮕᮥᮍᮂᮥ ᮛᮞ. ᮙᮔᮥ ᮪ ᮘᮤ ᮞ ᮙᮂ ᮠᮚᮀ ᮌᮍᮧᮛᮧᮝᮧᮊ᮪ ᮞᮒᮛᮊᮤ ᮪ᮔ,

ᮔ᮪ ᮙ ᮂᮔ ᮏ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮂ ᮞᮘᮨ ᮔᮔ ᮒᮩ ᮞᮒᮏᮥ ,ᮥ ᮌᮔ᮪
ᮜᮙᮔᮥ ᮪ ᮒᮩ ᮔᮛᮥ ᮒᮥ ᮪ ᮊ ᮞᮨᮕᮥᮂ, ᮒᮓ ᮒᮄᮩ ᮀ ᮊᮥᮎᮤᮝᮔ ᮞᮨᮕᮥᮂ ᮂ.

ᮒᮨᮛᮞ᮪ ᮠᮏᮤ ᮏᮙ᮪ᮠᮥᮁ ᮂ ᮌᮜᮏᮊᮩᮔ᮪ ᮎᮛᮒᮤ ᮃᮔᮔ.

“ᮔᮥ ᮊᮓᮃᮥ , ᮘ ᮌᮠᮏᮤ ᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮥᮔ᮪ ᮃᮔᮊ᮪ ᮠᮤᮏᮤ-ᮠᮤᮏᮤᮔ
ᮞᮛ ... ᮏᮀ ᮏᮨᮖᮤᮢ,”

ᮍᮘᮨ ᮨ ᮍ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮌᮍᮨᮘᮨ ᮍ᮪, ᮃᮞ ᮒᮩ ᮕᮎᮚ ᮊᮔ
ᮎᮛᮇᮤ ᮞᮔ᮪ ᮠᮏᮤ ᮏᮙ᮪ᮠᮥᮁ.

ᮀ ᮙᮤᮞᮨ ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮙᮛᮂᮙᮚ᮪, ᮄᮙᮒᮥ ᮪ ᮘᮛᮤ ᮌᮍᮜᮨ ᮨᮑᮥ .
ᮙᮏᮥ ᮊᮠᮛᮕᮩ ᮪, ᮒᮥᮜᮚᮥ ᮪ ᮔᮅᮤ ᮕ᮪ ᮜᮤᮜᮔᮤ ᮪ ᮔᮥ ᮊ ᮓᮃᮥ ᮕᮥᮜᮂᮥ
ᮜᮙᮤ . ᮒᮩ ᮜᮜᮤ , ᮏᮧᮜ᮪ ᮂ ᮏᮀ ᮖᮤᮢ ᮓᮤᮃᮔ᮪ᮒ ᮊᮥ ᮞᮨᮕᮂᮥ ᮔ.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 34

ᮃᮞ ᮒᮩ ᮕᮎᮚ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮞᮥ ᮕ᮪ ᮘᮩ ᮌᮒᮩ ᮪ᮔ.
ᮃᮜ᮪ᮠᮙ᮪ᮓᮜᮥ ᮜᮤ ᮣᮂ.

ᮀ ᮃᮎᮛ ᮒᮔᮥ ᮌᮔ᮪, ᮊ ᮂ ᮊᮥᮜᮝᮍᮁ ᮔᮥ ᮠᮓ ᮂ ᮕᮓ
ᮘᮥ ᮌᮂ, ᮒᮩ ᮊᮎᮃᮥ ᮜᮤ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮏ ᮀ ᮙᮤᮞᮨ. ᮊᮥᮜᮝᮍᮁ ᮀ
ᮙᮤᮞᮨ ᮞᮛ ᮊᮥᮜᮝᮁᮍ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮃᮀᮍ ᮌᮏᮍ ᮓᮥᮓᮥᮜᮥᮛᮔ᮪,
ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮒᮩ ᮏᮓᮤ ᮌᮏᮧᮓᮧᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮜᮕᮥᮒᮢᮔ.

ᮀ ᮃᮎᮛ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮕᮙᮒᮤ ᮔ᮪ ᮊ ᮞᮨᮕᮥᮂᮔ, ᮇ ᮊ
ᮊᮥᮜᮝᮁᮍ ᮀ ᮙᮞᮤ ,ᮨ ᮇ ᮊᮥᮜᮝᮁᮍ ᮏᮀ ᮏᮨᮖᮤᮢ.

ᮒᮤ ᮎᮤᮕᮔᮞ᮪ ᮙᮛᮥ ᮥ ᮊ ᮎᮤᮞᮛᮃᮥ , ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮍᮩᮞ᮪ ᮠᮚᮀ ᮍᮩᮛ
ᮕᮀᮍᮂᮤ ᮏ ᮕᮏᮥ ᮃᮔ᮪ ᮠ ᮔ. ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮊᮊᮛ ᮕᮍᮀ ᮤᮂ, ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮌᮘᮧᮍᮃᮔ᮪ ᮊᮚᮊᮤᮔᮔ᮪ ᮊᮔ ᮕᮤᮜᮤᮠᮔ᮪
ᮠ ᮔ.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 35

Puncak Pinuh Cinta
(3)

Nepi ka Cisarua téh jam sapuluhan, Dén Boy

nemonan Aki nu nuju wirid di Masjid.
“Isuk hidep jadi imam solat Subuh,” saur Aki, bari
neraskeun wiridna.
Ari Dén Boy asa teu nyangka rék ditugaskeun jadi
imam ku Aki téh. Atuda, boro-boro jadi imam,
solat sorangan ogé masih léléngkah halu. Rék
nolak kumaha, apanan Dén Boy geus nyanggupan
rék sarieus jeung Néng Tia, hartina

________________________

(3)Asep Taptazana

2 Januari · Daerah Khusus Ibukota Jakarta

#net_fiksi_AT_ppc

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 36

kudu nurut kana paménta ti Aki.
Gura-giru Dén Boy muka hapé. Néangan di
Google, ngeunaan bag-bagan solat. Alhamdulillah
manggihan. Pedaranana lengkep pisan. Kabayang
mun jaman baheula, meureun kudu maca kitab nu
karandel, jeung teu saeutik maké tulisan Arab
gundul téa.
Antukna mah, Dén Boy téh teu bisa saré, teu bisa
meureumkeun panon sakerejep-kerejep acan, da
sapeupeuting téh waktuna dipaké keur ngapalkeun
prak-prakan solat. Mimiti ti ngapalkeun Al
Fatihah, jeung babacaan solat nu parondok. Kituna
téh teu inget kana waktu nu geus mimiti maju ka
subuh.

Teu karasa, waktu peuting téh beuki nyérélék ka
tungtung peuting. Panon teu bisa diajak
kompromi. Kulantaran tunduh téa, teu sakerejep-
kerejep acan bisa peureum, komo bisa saré mah,
Dén Boy lelenggutan sirahna téh, ngan angger
keyeng ngapalkeun babacaan solatna.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 37

Lila-lila mah, teu kaampeuh deui, lep panon téh
lalaunan ngeleyep, terus peureum. Panon téh
dibelél-belél, angger waé teu kuat nahan
pitunduheun, antukna mah, Dén Boy téh kasaréan.
Hudang-hudang sotéh, basa Dén Boy ngadéngé
adan Subuh. Dén Boy gura-giru hudang, tuluy
wudu, teu mandi heula da bisi kaburu tinggaleun
solatna.
Réngsé wudu, Dén Boy téh solat sunah dua rokaat.
Kulantaran rék jadi imam solat, Dén Boy diukna
panghareupna.
Teu sawatara lila, Jang Surip maca komat. Jung
Dén Boy téh nangtung. Dén Boy nangtung
nyanghareup ka kiblat. Dén Boy ngamimitian
solatna téh ku niat jadi imam karana Alloh ta'ala,
tuluy takbiratul ihram, maca surat al fatihah, surat
pondok, ruku, sujud, diuk diantara dua sujud,
sujud, jung nangtung deui, jeung saterusna nepika
salam. Tumaninah pisan, malahan keur sujud mah
rada lila, kasempetan nyuhunkeun pangampunan
tina sagala dosa ka Gusti Alloh.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 38

Alhamdulillah. Solat Subuh téh réngsé, sanajan
Dén Boy kakara saumur hirup jadi imam solat, ari
dipaksakeun mah, bisa. Tuluyna mah, Dén Boy
téh maca do'a panutup. Plong, asa ngemplong
rarasaan Dén Boy pédah geus suksés jadi imam,
sanajan jauh kénéh tina sampurna. Dén Boy mah
ngan bisa pasrah, mugia solatna ditampi ku Gusti
Alloh.
Aki nu diuk tukangeun Dén Boy téh, katémbong
marahmay, basa ningali Dén Boy geus nuntaskeun
tugasna, jadi Imam solat, sanajan masih loba nu
kudu dioméan.

Kira-kira tabuh lima isuk-isuk, Dén Boy dicalukan
ku Aki.
“Ayeuna, hidep kudu ka Pasar Cisarua,
pangjualkeun hayam jago jeung embé, tah engké
balikna meuli béas jeung sayuran,” saur Aki.
Dén Boy teu bisa nolak, unggeuk, tuluy ka pipir
imah, dibaturan ku Surip, rék néwak hayam, jeung
nalian embé keur jualeun ka pasar téa.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 39

Réngsé ngopi, duaan jeung Surip, Dén Boy indit
ka pasar Cisarua naék motor. Kacipta mawa embé
ditukang, dipangku ku Jang Surip, jeung hayam
digantungkeun kana setang motor, kénca katuhu.
Kira-kira satengah jam geus nepi ka pasar Cisarua.
Teu hésé ngajual hayam jeung embé téh, da Jang
Surip mah geus biasa. Ngan ari keur Dén Boy
mah, ieu téh pangalaman anyar. Dén Boy mah teu
kudu ngajual hayam jeung embé keur piduiteun
téh, tinggal ngagésékkeun ATM, kelar sakabéh
urusan nu merlukeun duit.
Balik ti pasar jam sapuluh. Nepika bumi Aki téh
jam satengah sawelas. Dén Boy istirahat heula
sakeudeung, ngareureuhkeun capé bari nuuskeun
késang.
Keur anteng diuk, bari ngararasakeun angin nu
ngahiliwir. Torojol Néng Tia ti dapur, manggihan
Dén Boy nu keur diuk di handapeun tangkal
kérsen.
“Tuang heula, Kang,” ceuk Néng Tia.
“Nuhun, akang téh rék ka cai heula, ti isuk can

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 40

mandi,” ceuk Dén Boy. Brus, Dén Boy téh mandi
heula, di kamer mandi nu aya di masjid.
Réngsé mandi, jeung salin baju kunu beresih, da
baju jeung calana nu tadi isuk mah, geus
kakeunaan ku bau késang jeung bau awak embé.
Dén Boy dahar bareng jeung Aki, ogé Néng Tia.
Ti mimiti harita téh, kahirupan Dén Boy robah
saratus dalapan puluh darajat. Apanan,
saméméhna mah, Dén Boy téh hirup sagala aya,
hayang dahar tinggal am, hayang pakaian nu
aralus tinggal rap, hayang indit-inditan maké
kandaraan tinggal jung, tinggal milih rék maké
mobil modél kumaha waé.
Ari ayeuna, Dén Boy karék bisa dahar téh, geus
rada beurang. Isuk-Isuk mah, cukup ku mumuluk
jeung kulub sampeu, jeung nginum kopi.
Kulantaran miboga tugas husus, ngajual hayam
jeung embé ka pasar téa, nyiar piduiteun keur
meuli kaperluan sapopoé.
Teu karasa geuning, geus wanci solat lohor. Dén
Boy gura-giru ka Masjid, tuluy solat lohor

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 41

berjamaah. Nu jadi imam Akina Néng Tia. Dén
Boy ngarasa sukur teu ditunjuk deui jadi imam
téh.
Bérés solat lohor, Dén Boy jeung Néng Tia ngajar
barudak santri di Madrasah. Ari Dén Boy mah
méré kursus basa Inggris waé. Sedengkeun ari
Néng Tia mah geus biasa ngajar, da manehna mah
boga ijasah pendidik ti paguron luhur nu aya di
Bandung.
Pasantrén tempat Dén Boy ayeuna téh kaasup
gedé, santrina ogé leuwih ti sarébu. Madrasahna ti
mimiti Diniyah, nepika Aliyah. Baheulana, cenah
nu nyieun pasantrén téh Akina Aki. Geus tilu
turunan éta pasantrén téh. Alumni pasantrén téh
loba nu neruskeun ka paguron nu aya di nagara-
nagara Islam di wewengkon Timur Tengah.
Keur Dén Boy mah, ngajar téh hiji pangalaman
anyar. Salila ieu Dén Boy digawé di pausahaan
bisnis, nu ngutamakeun untung matéri wungkul.
Sabalikna, geuning ari ngajar mah ngutamakeun
kapuasan batin. Karasa bagja barudak nu diajar

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 42

basa Inggris téh bisa ngucapkeun sababaraha
kecap basa Inggris, sanajan lentongna teu leungit
masih kénéh lentong urang Sunda.

Wanci sareupna, Dén Boy keur ngariung tiluan di
tepas imah, bari nungguan solat magrib.
Aki muka caritaan.
“Aki méré témpo sabulan, ti poé ayeuna, Boy
kudu apal juz ama,” saur Aki.
“Énggal teuing panginten, Ki. Hawatos Kang Boy
panginten kirang waktosna,” ceuk Néng Tia,
ngabélaan Dén Boy, ménta témpo leuwih lila keur
Dén Boy.
“Ih, teu bisa kitu. Malahan ku Aki ditambahan
engké tugasna,” saur Aki.
“Naon tambihna, Ki?”ceuk Dén Boy.
“Aki rék méré endog asin. Kahadé ulah peupeus,
lamun bener-bener ditakdirkeun kudu ngajodo, éta
endog asin bakal robah jadi Meri,” saur Aki, bari
masihkeun endog asin nu dibungkus ku lawon
bodas.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 43

Dén Boy nampanan éta endog, tuluy diasupkeun
kana kantong.
Dén Boy ngahuleng sajongjongan mah. Asa teu
asup akal, gerentes haté Dén Boy. Apanan nu bisa
jadi Meri mah endog atah, lain endog asin. Ngan
bener ogé, apan endog atah ogé lamun lain jodo
mah moal jadi Meri, kalahka kacingcalang
meureun.
Hiji nu jadi cecekelan Dén Boy, nyaéta caritaan
Néng Tia, yén jodo mah geus ditangtukeun ku
Gusti Alloh, lamun geus jodo mah moal kasasaha
deui. Manusa mah darma nyuhunkeun ka
manténna waé, bari teu poho usaha nu husu.

Jam sapuluh peuting, Dén Boy pamit ka Aki jeung
Néng Tia, rék mulang ka Dépok. Dén Boy ngarasa
leungiteun, karasa aya bagéan tina kanyaah haténa
nu tinggaleun. Dén Boy ngarasakeun haténa téh
jiga nu nyambat ulah waka mulang, ulah waka
papisah jeung buah haté. Haténa hayang terus
ngahiji jeung pasangannana nu ditinggalkeun di

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 44

Cisarua.
Sapanjang jalan téh, Dén Boy teu weléh
ngalieukan ka tukang, nempoan tina kaca sapion
mobilna, nu kagambar téh beungeut jeung prilaku
Néng Tia, nu basajan ceuk ukuran urang kota mah.

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 45

ᮕᮥᮔ᮪ᮎᮊ᮪ ᮕᮤᮔᮥᮂ ᮎᮔᮤ ᮪ᮒ

(3)

ᮔᮕᮨ ᮤ ᮊ ᮎᮤᮞᮛᮃᮥ ᮂ ᮏᮙ᮪ ᮞᮕᮜᮥ ᮠᮥ ᮔ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮔᮨᮙᮧᮔᮔ᮪ ᮃᮊᮤ ᮔᮥ ᮔᮥᮏᮥ ᮝᮛᮤ ᮓᮤ ᮪ ᮓᮤ ᮙᮞ᮪ᮏᮤᮓ᮪.

“ᮄᮞᮥᮊ᮪ ᮠᮓᮤ ᮕᮨ ᮪ ᮏᮓᮤ ᮄᮙᮙ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮞᮥᮘᮥ ᮂ,” ᮞᮅᮁ ᮃᮊᮤ,
ᮘᮛᮤ ᮔᮨᮛᮞ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮝᮤᮛᮓᮤ ᮪ᮔ.

ᮃᮛᮤ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮃᮞ ᮒᮩ ᮑᮀ ᮊ ᮊ᮪ ᮓᮤᮒᮍᮥ ᮞ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮏᮓᮤ

ᮄᮙᮙ᮪ ᮊᮥ ᮃᮊᮤ ᮂ. ᮃᮒᮥᮓ, ᮘᮧᮛᮧ-ᮘᮧᮛᮧ ᮏᮓᮤ ᮄᮙᮙ᮪,

ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮞᮧᮛᮌᮔ᮪ ᮇ ᮙᮞᮤᮂ ᮊᮀ ᮂ ᮠᮜᮥ. ᮊ᮪

ᮔᮧᮜᮊ᮪ ᮊᮙᮥ ᮠ, ᮃᮕᮔᮔ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮑᮀ ᮍᮕᮥ ᮔ᮪

ᮊ᮪ ᮞᮛᮉᮤ ᮞ᮪ ᮏ ᮀ ᮒᮤᮃ, ᮠᮁᮒᮔᮤ ᮊᮓᮥ ᮥ ᮔᮥᮛᮒᮥ ᮪ ᮊᮔ

ᮕ ᮔ᮪ᮒ ᮒᮤ ᮃᮊᮤ.

ᮍᮥᮛ-ᮍᮤᮛᮥ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮙᮥᮊ ᮠ . ᮃᮌᮔ᮪ ᮓᮤ ᮍᮧᮇᮍᮣᮨ,
ᮌᮔᮩ ᮃᮔ᮪ ᮘᮍ᮪-ᮘᮍᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪. ᮃᮜ᮪ᮠᮙ᮪ᮓᮥᮜᮤᮜᮣᮂ
ᮙᮀᮍᮤᮠᮔ᮪. ᮕᮓᮨ ᮛᮔᮔ ᮜᮊᮕᮨ ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪. ᮊᮘᮚᮀ ᮙᮔᮥ ᮪ ᮏᮙᮔ᮪

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 46

ᮘᮠᮜᮩ , ᮙᮩᮛᮔᮩ ᮪ ᮊᮓᮥ ᮥ ᮙᮎ ᮊᮒᮤ ᮘ᮪ ᮔᮥ ᮊᮛᮔ᮪ᮓᮨᮜ᮪, ᮏ ᮒᮩ
ᮞᮉᮒᮤᮊ᮪ ᮙ ᮒᮜᮥ ᮤᮞᮔ᮪ ᮃᮛᮘ᮪ ᮍᮔᮥ ᮪ᮓᮥᮜ᮪ ᮃ.

ᮃᮔ᮪ᮒᮥᮊ᮪ᮔ ᮙᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮒᮩ ᮘᮤ ᮞ ᮞ , ᮒᮩ
ᮘᮤ ᮞ ᮙᮩᮛᮙᮩ ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮔᮧᮔ᮪ ᮞᮊᮛᮨ ᮏᮨ ᮨᮕ᮪-ᮊᮨᮛᮏᮨ ᮨᮕ᮪ ᮃᮎᮔ᮪, ᮓ
ᮞᮕᮩᮕᮒᮩ ᮂ ᮝᮊ᮪ᮒᮥᮔ ᮓᮤᮕ ᮊ ᮌᮕᮜ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮊᮢ ᮪-
ᮕᮊᮢ ᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪. ᮙᮙᮤ ᮒᮤ ᮤ ᮒᮤ ᮌᮕᮜ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮃᮜ᮪ ᮖᮒᮤᮠᮂ, ᮏ
ᮘᮘᮎᮃᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮔᮥ ᮕᮛᮧᮔ᮪ᮓᮧᮊ᮪. ᮊᮒᮤ ᮥᮔ ᮂ ᮒᮩ
ᮄᮌᮨᮒ᮪ ᮊᮔ ᮝᮊ᮪ᮒᮥ ᮔᮥ ᮍᮩᮞ᮪ ᮙᮙᮤ ᮒᮤ ᮤ ᮙᮏᮥ ᮊ ᮞᮥᮘᮥ ᮂ.

ᮒᮩ ᮊᮛᮞ, ᮝᮊ᮪ᮒᮥ ᮕᮩᮒ ᮂ ᮘᮩ ᮊᮤ ᮊ᮪ ᮊ ᮒᮥᮀᮒᮀᮥ

ᮕᮩᮒ. ᮕᮔᮧᮔ᮪ ᮒᮩ ᮘᮤ ᮞ ᮓᮤᮃᮏᮊ᮪ ᮊᮧᮙ᮪ᮕᮧᮢ ᮙ.ᮤ ᮊᮜᮥ ᮔ᮪ᮒᮛᮔ᮪

ᮒᮔᮥ ᮪ᮓᮥᮂ ᮃ, ᮒᮩ ᮞᮊᮛᮨ ᮏᮨ ᮨᮕ᮪-ᮊᮛᮨ ᮏᮨ ᮨᮕ᮪ ᮃᮎᮔ᮪ ᮘᮤ ᮞ

ᮕᮩᮛᮙᮩ ᮪, ᮊᮧᮙᮧ ᮘᮤ ᮞ ᮞ ᮙᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮜᮨᮜᮍᮥᮒᮔ᮪

ᮞᮤᮛᮂᮔ ᮂ, ᮌᮔ᮪ ᮃᮍᮀ ᮊᮨᮚ ᮌᮕᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮘᮎᮃᮔ᮪

ᮞᮧᮜᮒ᮪ᮔ.

ᮜᮤᮜ-ᮜᮜᮤ ᮙᮂ, ᮒᮩ ᮊᮃᮙ᮪ᮕᮩᮂ ᮓᮄᮩ , ᮜᮕᮨ ᮪ ᮕᮔᮧᮔ᮪ ᮂ
ᮜᮜᮅᮔᮔ᮪ ᮌᮨᮜᮨᮚᮕᮨ ᮪, ᮒᮛᮨ ᮞᮥ ᮪ ᮕᮛᮩ ᮙᮩ ᮪. ᮕᮔᮧᮔ᮪ ᮂ
ᮓᮤᮘᮨ ᮜ᮪-ᮘᮨ ᮜ᮪, ᮃᮀᮍ ᮝᮆ ᮒᮩ ᮊᮥᮃᮒ᮪ ᮔᮠᮔ᮪

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 47

ᮕᮤᮒᮔᮥ ᮪ᮓᮠᮥ ᮔᮩ ᮪, ᮃᮔ᮪ᮒᮥᮊ᮪ᮔ ᮙᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ
ᮊᮞ ᮃᮔ᮪.

ᮠᮓᮥ ᮀ-ᮠᮥᮓᮀ ᮞᮧ ᮂ, ᮘᮞ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌ ᮃᮓᮔ᮪
ᮞᮘᮥ ᮥ ᮂ. ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮍᮥᮛ-ᮍᮤᮛᮥ ᮠᮓᮥ ᮀ, ᮒᮥᮜᮥᮚ᮪ ᮝᮥᮓ,ᮥ ᮒᮩ
ᮙᮔ᮪ᮓᮤ ᮠᮜᮩ ᮓ ᮘᮤ ᮞᮤ ᮊᮘᮥ ᮛᮥ ᮒᮍᮜᮔᮩ ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ᮔ.

ᮀ ᮝᮓᮥ ᮥ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮞᮔᮥ ᮂ ᮓᮃᮥ ᮔ᮪
ᮛᮧᮊᮃᮒ᮪. ᮊᮥᮜᮔ᮪ᮒᮛᮔ᮪ ᮊ᮪ ᮏᮓᮤ ᮄᮙᮙ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪,
ᮘᮧᮚ᮪ ᮓᮤᮅᮊ᮪ᮔ ᮕᮠᮀ ᮛᮕᮩ ᮪ᮔ.

ᮒᮩ ᮞᮝᮒᮛ ᮜᮜᮤ , ᮏᮀ ᮞᮛᮥ ᮕᮤ ᮪ ᮙᮎ ᮊᮧᮙᮒ᮪. ᮏᮀᮥ ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ ᮔᮀᮒᮀᮥ. ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮔᮒᮀ ᮥᮀ ᮑᮀ ᮠᮛᮕᮩ ᮪ ᮊ
ᮊᮤᮘᮣ ᮒ᮪. ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮌᮙᮤᮙᮒᮤ ᮤᮃᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ᮔ ᮂ ᮊᮥ
ᮔᮃᮤ ᮒ᮪ ᮏᮓᮤ ᮄᮙᮙ᮪ ᮊᮛᮔ ᮃᮜᮧᮣ ᮂ ᮒ'ᮃᮜ, ᮒᮜᮥ ᮥᮚ᮪
ᮒᮊ᮪ᮘᮤ ᮛᮒᮥᮜ᮪ ᮄᮠᮢᮙ᮪, ᮙᮎ ᮞᮛᮥ ᮒ᮪ ᮃᮜ᮪ ᮖᮒᮤᮠᮂ, ᮞᮛᮥ ᮒ᮪
ᮕᮧᮔ᮪ᮓᮧᮊ᮪, ᮛᮊᮥ ,ᮥ ᮞᮏᮥ ᮓᮥ ᮪, ᮓᮅᮤ ᮊ᮪ ᮓᮃᮤ ᮔ᮪ᮒᮛ ᮓᮥᮃ ᮞᮥᮏᮥᮓ᮪,
ᮞᮥᮏᮓᮥ ᮪, ᮏᮥᮀ ᮔᮒᮀ ᮥᮀ ᮓᮩᮄ, ᮏ ᮞᮒᮛᮨ ᮞᮥ ᮪ᮔ ᮔᮨᮕᮊᮤ ᮞᮜᮙ᮪.
ᮒᮙᮥ ᮔᮔᮤ ᮂ ᮕᮤᮞᮔ᮪, ᮙᮜᮠᮔ᮪ ᮊ ᮞᮏᮥ ᮥᮓ᮪ ᮙᮂ ᮛᮓ ᮜᮤᮜ,

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 48

ᮊᮞᮨᮙ᮪ᮕᮒᮨ ᮔ᮪ ᮑᮥ ᮠᮥᮔ᮪ᮊᮔᮩ ᮪ ᮕᮌᮙ᮪ᮕᮔᮥ ᮔ᮪ ᮒᮔᮤ ᮞᮍᮜ ᮓᮧᮞ
ᮊ ᮍᮞᮥ ᮪ᮒᮤ ᮃᮜᮧᮣ ᮂ.

ᮃᮜ᮪ᮠᮙ᮪ᮓᮥᮜᮜᮤ ᮣᮂ. ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮞᮘᮥ ᮥ ᮂ ᮂ ᮀ , ᮞᮔᮏᮔ᮪
ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮊᮊᮛ ᮞᮅᮙᮥᮁ ᮠᮛᮤ ᮕᮥ ᮪ ᮏᮓᮤ ᮄᮙᮙ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪,

ᮃᮛᮤ ᮓᮕᮤ ᮊ᮪ᮞᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮂ, ᮘᮤ ᮞ. ᮒᮥᮜᮥᮚ᮪ᮔ ᮙᮂ, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮂ ᮙᮎ ᮓᮧ'ᮃ ᮕᮔᮥᮒᮥᮕ᮪. ᮕᮣᮧᮀ , ᮃᮞ ᮌᮙᮨ ᮪ᮕᮧᮣᮀ

ᮛᮛᮞᮃᮔ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮓᮂ ᮍᮩᮞ᮪ ᮞᮊᮥ ᮪ ᮞ᮪ ᮏᮓᮤ
ᮄᮙᮙ᮪, ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮏᮅᮂ ᮂ ᮒᮔᮤ ᮞᮙ᮪ᮕᮁᮥᮔ. ᮔ᮪
ᮘᮧᮚ᮪ ᮙᮂ ᮌᮔ᮪ ᮘᮤ ᮞ ᮕᮞᮂᮢ , ᮙᮥᮍᮃᮤ ᮞᮧᮜᮒ᮪ᮔ ᮓᮒᮤ ᮙ᮪ᮕᮤ
ᮊᮥ ᮍᮥᮞ᮪ᮒᮤ ᮃᮜᮧᮣ ᮂ.

ᮃᮊᮤ ᮔᮥ ᮓᮅᮤ ᮊ᮪ ᮒᮊᮥ ᮌᮩᮔ᮪ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮂ, ᮊ ᮙ᮪ᮘᮧᮀ
ᮙᮛᮂᮙᮚ᮪, ᮘᮞ ᮔᮌᮤ ᮜᮤ ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪ ᮍᮞᮩ ᮪ ᮔᮥᮔ᮪ᮒᮞ᮪ᮊᮩᮔ᮪
ᮒᮥᮍᮞ᮪ᮔ, ᮏᮓᮤ ᮄᮙᮙ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪, ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮙᮞᮂᮤ ᮜᮧᮘ ᮔᮥ
ᮊᮓᮥ ᮥ ᮓᮇᮤ ᮃᮔ᮪.

ᮊᮛᮤ -ᮊᮤᮛ ᮒᮘᮥ ᮂ ᮜᮤᮙ ᮄᮞᮊᮥ ᮪-ᮄᮞᮥᮊ᮪, ᮔ᮪ ᮘᮧᮚ᮪
ᮓᮤᮎᮜᮊᮥ ᮔ᮪ ᮊᮥ ᮃᮊ.ᮤ

Asép Taptazana --- Puncak Pinuh Cinta 49


Click to View FlipBook Version