1
MODUL BASA SUNDA A
PIKEUN MURID SMA/SMK/MA/MAK
KELAS XI
LUYU JEUNG KURIKULUM 2013
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
1
2
MODUL BASA SUNDA A
PANGAJARAN 1
TÉKS BIANTARA
PETUNJUK BELAJAR
Dengan adanya modul ini, peserta didik dapat diarahkan ke materi yang akan
dipelajari sesuai dengan Kompetensi Dasar yang akan dibahas. Sehingga peserta didik
dapat menguasai berbagai bentuk pemikiran, seperti berpikir kritis (critical thinking),
berkreatif (creativity), bekerjasama (collaboration), dan berkomunikasi (communication).
KOMPETENSI INTI (KI)
11.3 Memahami, menerapkan, meng-analisis dan mengevaluasi pengetahuan faktual,
konseptual, prosedural, dan metakognitif pada tingkat teknis, spesifik, detil, dan
kompleks berdasarkan rasa ingin tahunya tentang (a) ilmu pengetahuan, (b)
teknologi, (c) seni, (d) budaya, dan (e) humaniora dengan wawasan kemanusiaan,
kebangsaan, kene-garaan, dan peradaban terkait penyebab fenomena dan kejadian,
serta menerapkan pengetahuan pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan
bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah.
11.4 Menunjukkan keterampilan menalar, mengolah, dan menyaji secara (a) efektif, (b)
kreatif, (c) produktif, (d) kritis, (e) mandiri, (f) kolaboratif, (g) komunikatif, dan (h)
solutif, dalam ranah konkret dan abstrak terkait dengan pengembangan dari yang
dipelajarinya di sekolah, serta mampu menggunakan metode sesuai dengan kaidah
keilmuan.
KOMPETENSI DASAR (KD)
11.3.1 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan téks biantara.
11.3.1.1 Menguraikan isi, struktur, dan aspek kebahasaan téks biantara dengan baik dan
santun.
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
2
3
MODUL BASA SUNDA A
11.4.1 Mendemonstrasikan biantara dengan memperhatikan kesantunan dan penggunaan
kaidah bahasa.
11.4.1.1 Menampilkan biantara dengan memperhatikan kesantunan dan kaidah bahasa
dengan penuh tanggungjawab.
TUJUAN PEMBELAJARAN
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep,
berdiskusi atas fakta dan konsep, menginterprétasi, mengasosiasi dan
mengomunikasikan, peserta didik dapat menganalisis isi, struktur, dan aspek
kebahasaan téks biantara dan mendemonstrasikan biantara dengan memperhatikan
kesantunan dan penggunaan kaidah bahasa.
MATERI
TÉKS BIANTARA
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
3
4
MODUL BASA SUNDA A
A. MACA TÉKS BIANTARA
Pék ku hidep baca heula téks Biantara ieu di handap kalawan daria!
Conto Téks Biantara 1 :
NGAMUMULÉ BASA SUNDA
Assalamualaikum wr.wb
Bapa miwah ibu girang pangajén anu ku simkuring dipihormat, ogé hadirin sadaya
anu sami hadir anu ku sim kuring dipihormat.
Alhamdulillah wa syukrulillah, dina danget ieu sim kuring baris ngadungikeun
biantara anu jejerna “Ngamumulé Basa Sunda di Lingkungan Sakola”. Naon margina?
Kumargi, basa Sunda téh basa daérah anu kaasup kana kabudayaan daérah. Basa Sunda téh
basa anu diagungkeun ku urang Sunda. Jalaran urang sadaya putra daérah seuweu-siwi
Pasundan, nu matak wajib ngamumulé basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Namung,
hanjakalna dina mangsa kiwari basa Sunda anu kasohor lemesna téh tos méh-méhan teu
diadaban ku para nonoman. Tah, nilik kaayaan kitu, urang salaku bibit-buit Ki Sunda kedah
kumaha atuh? Dina perkara ieu pisan, sim kuring baris babalagonjangan ngadugikeun
pamadegan sim kuring.
Urang salaku seuweu-siwi Siliwangi kedah ngagunakeun basa Sunda dina
kahirupan sapopoé. Numatak ayeuna mah Kabupatén Cianjur tos ngarintis sadaya lembaga
kaasup sakola, yén dina saminggu téh aya poé basa Sunda.
Dina lebah dieu pisan sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu
program téh, urang biasakeun nyarita ku basa Sunda. Da kapan, geuning tacan sakum
sakola di Cianjur ngarojong kana ieu program, malihan, aya sakola teu teu apal-apal acan
kana éta program téh.
Saupama sakumna sakola ngarojong tur ngalaksanakeun ieu program, tangtos baé
tarékah miara jeung ngamumulé basa Sunda téh langkung ronjat.
Prak! Urang rampak gawé babarengan ngahudagkeun deui komara basa Sunda
wewengkon Cianjur nu kasohor lemes basa lemes budi.
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
4
5
MODUL BASA SUNDA A
Saupama lain ku urang dipiara dimumulé, badé ku saha deui basa Sunda dijaga-diraksa?
Naha urang téga jolédar ka basa indung urang sorangan? Saupama leungit basa Sunda,
tangtu leungit ogé budaya jeung jati diri urang Sunda.
Ampun paralun teu pisan-pisan seja mapatahan ngojay ka meri, utamina ka para
budayawan katut inohong basa Sunda, ieu mah pilakadar tawis asih ti nonoman nu buta
tulang buta daging, nu ngaraos cinta tur reueus ka basa jeung lemah caina. Cag.
Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum Wr. Wb.
http://tekadpangestu.wordpress.com/
--o0o—
Conto Téks Biantara 2 :
Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim. Bismilah hirohman nirohim. Ashadu ala ilaha
illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi
abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi
dunya katut eusina, nyaétaAllah Subhanahu Wata Ala. Sakumaha hidayah sareng inayahna
urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikmat iman sareng nikmat islam nyaéta nikmat
anu pang ageung-ageungna. Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya
nyaétaNabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam. Kusabab anjeunanana urang sadaya
tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka
asup umatna amin yarobal alamin.
Teu hilap nu di pikahormat bapa…………….,
Nu di pikahormat bapa………………,
Nu di pikahormat bapa……………..
Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen naon-naon wae anu
bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu bakal nulungan urang eungke di jero kubur.
Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh cak hadis rosul aya tilu, hiji elmu nu
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
5
6
MODUL BASA SUNDA A
manpaat, nyaétaelmu anu ku urang diamal keun diwaktu hirup mamagahan batur,
mamagahan barudak, jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.
Nu kadua nyaétaamal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas, dimana utang
sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir,
nu miskin jeng mere sumbangan keur pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu
soleh bari jeung rido iklas sodakoh karma Allah Subhanahu Wata Ala. Nu terakhir nyaétanu
katilu amal nubakal nulungan urang teh nyaétaanak anu soleh, nyaétabudak anu
ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala
elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna.
Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal sodakoh, tos
ngadidik barudak, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang
mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe ieu, sakumaha amal-amal anu dipikarido ku gusti Allah
Subhanahu Wata Ala.
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu,
bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaéan eta
datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun
dihapunteun.
Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.
http://makalahkumakalahmu.wordpress.com/2008/10/29/dongeng-asal-usul-ngaran-tempat-
pidato-jeung-pupujian-sunda/
--o0o—
Conto Téks Biantara 3 :
Assalamu’alaikum Wr Wb
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
6
7
MODUL BASA SUNDA A
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok
jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu
dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu
sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati,
rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu
mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya
pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi
ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa
Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng
geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi
Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka
jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu
antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda
meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa
langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa –
ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku
salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya
basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug
aya nu naros, kawit ti mana, dijawab teh “ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
7
8
MODUL BASA SUNDA A
teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring
diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku
batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul,
tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa
Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun
diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun
amanah anu aya dina batang tubuh UUD ‘45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung
ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu
dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun
basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga
nagara anu hade.
Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng
parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke
ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes
ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S
Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa
nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina
hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu
Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge
upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha
sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu
disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi
ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda,
diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
8
9
MODUL BASA SUNDA A
basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu
cacarita papada ngarti kana basa sunda.
Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda
malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan
kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina
ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet
kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku
Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana
basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana
basana.
Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi
kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos
pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun
buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus
dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.
Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah
diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule
ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi
mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku
nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi
mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku
nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
9
10
MODUL BASA SUNDA A
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah
sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar
sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.
B. MAHAM EUSI BACAAN
Pikeun maham eusi Biantara Ngamumulé Basa Sunda di luhur, pék ku hidep jawab
pananya ieu di handap!
1. Ditilik tina aspek kabudayaan Basa Sunda téh kaasup kana?
____________________________________________________________________________________________________
2. Salaku putra daérah seuweu-siwi Pasundan, naon nu jadi kawajibanana?
____________________________________________________________________________________________________
3. Dimana waé ayana daérah pringan téh?
____________________________________________________________________________________________________
4. Dina ngamumulé basa sunda, naon waé nu kudu dipilampah salaku nonoman téh?
___________________________________________________________________________________________________
5. Simpulkeun sacara singket biantara nu judulna ‘ngamumule basa sunda’ basa
sorangan!
____________________________________________________________________________________________________
C. PEDARAN MATÉRI
a. Wangenan:
Biantara nyaéta hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun
sawangan atawa kamandang ngeunaan hiji perkara atawa hal. Hiji jalma nu boga
kaparigelan ngabiantara (berpidato) nu hadé bisa ngalantarankeun éta jalma téh leuwih
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
10
11
MODUL BASA SUNDA A
ngaronjat dina naratas karirna, atawa sakurang-kurangna bakal meunang pangajén ti
masarakat nu ngadanguna. Conto-conto ngabiantara di antarana waé biantara kanagaraan,
biantara kaagamaan, biantara mapag atawa pangéling-ngéling poé istiméwa, biantara
panghudang sumanget, biantara pamapag acara, jeung sajabana.
Dina ngabiantara, sawatara hal nu kaasup faktor intérn kayaning tagog diri, gaya
jeung panampilan (style and performance), pasemon jeung kapercayaan diri, ogé faktor-
faktor ékstérn saperti situasi jeung kondisi, umur jeung kaayaan sosial nu ngadangu, tempat
jeung waktu, kacida perlu diperhatikeunana sangkan nu ngadangu kataji ati tur puseur
paniténna sarta kapangaruh ku biantara nu dipidangkeun, nu antukna jadi ukuran hasil
atawa nyugemakeun-henteu hiji proses ngabiantara
b. Tujuan Biantara
Biantara mibanda sawatara tujuan-tujuan nu bisa dihontal. Di antarana:
1. Tujuan Instruktif : pikeun maréntah atawa méré instruksi
2. Tujuan Informatif : pikeun méré informasi atawa pangaweruh
3. Tujuan Persuatif : pikeun mangaruhan nu ngadangu
4. Tujuan Rékréatif : pikeun ngahibur atawa ngabungahkeun nu ngadangu
5. Tujuan Simpatif : pikeun meunangkeun pangwelas atawa pangarunya.
c. Ciri-ciri Biantara nu Merenah:
Sawatara ciri-ciri biantara nu merenah atawa hadé, di antarana:
1. Tujuanana jelas
2. Eusina mibanda ajén bebeneran
3. Paséhat ucap (artikulasi) nu jéntré, bari dibarung ku pasemon nu
merenah/luyu
4. Midangkeunana luyu jeung kondisi nu ngadangu
5. Midangkeunana ngawasa puseur panitén nu ngadangu
6. Midangkeunana matak narik ati
d. Struktur Biantara:
Struktur biantara ilaharna diwincik jadi sawatara bagian, nya éta:
1. Salam jeung ucap sukur
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
11
12
MODUL BASA SUNDA A
2. Salam hurmat atawa salam pangajén
3. Bubuka
4. Eusi
5. Kacindekan (kesimpulan)
6. Panutup + Salam
e. Nyusun Rangkay Biantara
Léngkah-léngkah nu kudu disiapkeun pikeun panyusunan naskah biantara, di antarana
nya éta:
1. Milih atawa nangtukeun jejer biantara
2. Ngumpulkeun bahan biantara
3. Nyieun rangkay atawa struktur biantara
4. Medar atawa ngembangkeun rangkay biantara
5. Nyunting atawa ngaédit naskah
6. Ngalatih atawa nataharkeun/nyiapkeun diri pikeun ngabiantara
f. Métode Biantara
1. Manuskrip/Naskah : nyaéta métode ngabiantara kalawan maca naskah
atawa téks biantara
2. Ékstémporan : nyaéta métode ngabiantara kalawan nyiapkeun
gurat badag hungkul ideu poko biantara
3. Impromtu : nyaéta métode ngabiantara nu spontan atawa
langsung tanpa ayana naskah biantara
4. Talaran (hafalan) : nya éta métode ngabiantara ku cara ngapalkeun
naskah biantara nu geus disusun
Prinsip (generalisasi antar konsep-konsep yang berkaitan):
Karakteristik biantara
Ciri-ciri kebahasaan dalam biantara
Perbedaan biantara dengan bercerita, memandu acara, dan ceramah
Prosedur (langkah-langkah sistematis menerapkan konsep):
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
12
13
MODUL BASA SUNDA A
Langkah-langkah penyusunan téks biantara
Proses penyuntingan dan penyajian laporan hasil penyusunan téks biantara
Teknis meragakan biantara
D. TINGKESAN
Biantara nyaéta hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan
atawa kamandang ngeunaan hiji perkara atawa hal. Hiji jalma nu boga kaparigelan
ngabiantara (berpidato) nu hadé bisa ngalantarankeun éta jalma téh leuwih ngaronjat dina
naratas karirna, atawa sakurang-kurangna bakal meunang pangajén ti masarakat nu
ngadanguna. Conto-conto ngabiantara di antarana waé biantara kanagaraan, biantara
kaagamaan, biantara mapag atawa pangéling-ngéling poé istiméwa, biantara panghudang
sumanget, biantara pamapag acara, jeung sajabana.
Biantara mibanda sawatara tujuan-tujuan nu bisa dihontal. Di antarana:
1. Tujuan Instruktif : pikeun maréntah atawa méré instruksi
2. Tujuan Informatif : pikeun méré informasi atawa pangaweruh
3. Tujuan Persuatif : pikeun mangaruhan nu ngadangu
4. Tujuan Rékréatif : pikeun ngahibur atawa ngabungahkeun nu ngadangu
5. Tujuan Simpatif : pikeun meunangkeun pangwelas atawa pangarunya.
Sawatara ciri-ciri biantara nu merenah atawa hadé, di antarana:
1. Tujuanana jelas
2. Eusina mibanda ajén bebeneran
3. Paséhat ucap (artikulasi) nu jéntré, bari dibarung ku pasemon nu merenah/luyu
4. Midangkeunana luyu jeung kondisi nu ngadangu
5. Midangkeunana ngawasa puseur panitén nu ngadangu
6. Midangkeunana matak narik ati
Struktur biantara ilaharna diwincik jadi sawatara bagian, nya éta:
1. Salam jeung ucap sukur
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
13
14
MODUL BASA SUNDA A
2. Salam hurmat atawa salam pangajén
3. Bubuka
4. Eusi
5. Kacindekan (kesimpulan)
6. Panutup + Salam
Léngkah-léngkah nu kudu disiapkeun pikeun panyusunan naskah biantara, di antarana nya
éta:
1. Milih atawa nangtukeun jejer biantara
2. Ngumpulkeun bahan biantara
3. Nyieun rangkay atawa struktur biantara
4. Medar atawa ngembangkeun rangkay biantara
5. Nyunting atawa ngaédit naskah
6. Ngalatih atawa nataharkeun/nyiapkeun diri pikeun ngabiantara
E. EVALUASI
I. TES PANGAWERUH (KOGNITIF)
Soal Pilihan Ganda
Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap pangbenerna!
1. Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan atawa
kamandang ngeunaan hiji perkara atawa hal, nyaéta …
A. Biantara
B. Pidato
C. Béja
D. Bébéja
E. Pabéja-béja
2. Hiji jalma nu boga kaparigelan ngabiantara (berpidato) nu hadé bisa ngalantarankeun
éta jalma téh leuwih ngaronjat …
A. Kahayangna
B. Kamapuhna
C. Karirna
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
14
15
MODUL BASA SUNDA A
D. Statusna
E. Pangkatna
3. “Nu matak nu hésé téh lain diajar prihatin, tapi diajar beunghar. Papatah ka barudak
ulah sing bisa hirup prihatin wungkul, tapi ogé sing bisa hirup beunghar”.
Pamungkas biantara di luhur dieusi ku ....
A. Nutup ku cara klimaks
B. Nyindekeun eusi biantara
C. Ngadorong audién pikeun bertindak
D. Nyebutkeun deui gagasan utama ku cara kalimah nu béda
E. Nepikeun conto nu mangrupakeun ilustrasi pikeun jejer biantara
4.
Dina kasempetan ieu pribados badé ngadugikeun pasualan penting nu dina jaman
ayeuna seueur nu teu maliré. Komo kanggo kalangan jalmi nu tos jeneng atanapi
gaduh kalungguhan mah, sapertos kaluli-lulikeun. Padahal éta pasualan téh penting
pisan kana kasuksésan hirup aranjeuna dunya ahérat, nya umumna kanggo urang
saréréa. Naon atuh éta pasualan téh? Nya teu aya deui iwal ti diajar hirup prihatin.
Sempalan biantara di luhur nepikeun …
A. Maksud biantara
B. Motivasi biantara
C. Eusi biantara
D. Kasang tukang biantara
E. Sumber biantara
5. Biantara mikabutuh kaparigelan, cindekna aya senina. Mun di batur (nagara séjén) mah
biantara téh sok disebut ...
A. Seni nyarita
B. Wangkongan
C. Paguneman
D. Sawala
E. Gosip
6. “Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi
dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW”. Ungkara di luhur ka
asup kana ...
A. Salam pamuka
B. Mukadimah
C. Ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir
D. Eusi biantara
E. Salam panutup
7. “Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring”. Ungkara di luhur ka asup kana ...
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
15
16
MODUL BASA SUNDA A
A. Sanduk-sanduk ménta dihampuran
B. Eusi biantara
C. Ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir
D. Salam bubuka
E. Mukadimah
8.
Poténsi uteuk manusa téh luar biasa hébat. Ngan dina émprona, can digunakeun sacara
optimal. Sabagéan gedé poténsi uteuk manusa dilelebar. Teu dialap mangpaatna.
Upamana baé Ěinstein, tokoh anu sohor dina widang sains, kacaturkeun ukur 20%
poténsi uteukna anu dipaké. Sésana anu 80% deui weuteuh nepi ka maotna. Mun enya
téh kitu, hanjakal geus dimumubah.
Simpelan biantara ieu disusun kalawan ngagunakeun pola …
A. Umum husus
B. Analogi
C. Conto/ilustrasi
D. Parbandingan
E. Husus umum
9. “Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa.... mung du’a anu ku sim kuring diteda
sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan”. Ungkara di luhur ka asup
kana …
A. Eusi biantara
B. Mukadimah
C. Panutup
D. Pangwilujeng
E. Sanduk-sanduk ménta
10. “Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu
kalintang pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim
kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa
Guru...... jst”. Ungkara di luhur ka asup kana …
A. Salam bubuka
B. Salam panutup
C. Mukadimah
D. Eusi biantara
E. Pangwilujeng
Soal Uraian
Jawab partanyaan-partanyaan ieu di handap kalayan bener!
1. Jéntrékeun Biantara sacara harfiahna?
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
16
17
MODUL BASA SUNDA A
____________________________________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________________________________
2. Jéntrékeun tujuan nu aya dina Biantara?
____________________________________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________________________________
3. Jéntrékeun ciri-ciri nu aya dina Biantara?
___________________________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________________________
4. Jéntrékeun Struktur nu aya dina Biantara?
____________________________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________________________
5. Jéntrékeun léngkah-léngkah nu aya dina Biantara?

II. TES KAPARIGELAN (PSIKOMOTOR)
Pék hidep nulis hiji Naskah Biantara dumasar kana kajadian anu aya di sabudeureun
hidep kalayan ngagunakeun éjahan jeung tanda baca anu bener tur merenah!
TEMPAT MIGAWÉ
_________________________________________________________________________________________________________
_________________________________________________________________________________________________________
_________________________________________________________________________________________________________
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
17
18

Pék ku hidep bacakeun Naskah Biantara hasil tulisan hidep di hareupeun kelas
kalayan singget tur jéntré!
Perhatikeun!
1. Ngucapkeun salam
2. Nyarita ngagunakeun basa anu sopan
3. Sikep jeung penampilan anu hadé
4. Percaya diri
5. Volume sorana ngoncrang tur béntés
6. Matéri anu ditepikeun jelas jeung sistématis
Format Panileyan Tes Kaparigelan
NO. SASARAN ASPÉK KRITÉRIA SKALA SKOR
A. Diksi Jelas 6,0 – 10,0
Merenah 6,0 – 10,0
1 Basa B. Éféktif tur Merenah 6,0 – 10,0
komunikatif Paham 6,0 – 10,0
Sistématis 6,0 – 10,0
A. Pamahaman eusi Luyu 6,0 – 10,0
Ngaguluyur 6,0 – 10,0
2 Eusi B. Sistématika eusi
C. Hubugan eusi
3 Téhnik/sikep A. Pidangan bahan
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
18
19
MODUL BASA SUNDA A
B. Réngkak jeung peta Saregep, sopan 6,0 – 10,0
JUMLAH
Nu Meunteun Siswa ,
Peunteun Paraf Guru _________________________
Tanggal Migawé _____________________
_
Catetan
F. PENILEYAN DIRI
Jawab partanyaan-partanyaan ku cara nandaan (√ ) kana kolom Ya atawa Tidak
NO PARTANYAAN JAWABAN
YA TIDAK
1 Kuring mampu ngajelaskeun harti Biantara sacara harfiah
2 Kuring mampu nangtukeun tujuan téks Biantara
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
19
20
MODUL BASA SUNDA A
3 Kuring mampu nangtukeun téma téks Biantara
4 Kuring mampu nangtukeun amanat téks Biantara
Kuring mampu nyawalakeun (ngadiskusikeun) amanat téks
5
Biantara
Kuring mampu méré jawaban tina eusi téks Biantara dumasar hasil
6
sawala (diskusi) nu hadé tur bener.
7 Kuring mampu nyebutkeun bagian-bagian téks Biantara
8 Kuring mampu nyebutkeun unsur-unsur téks Biantara
9 Kuring mampu milih idé, téma jeung judul téks Biantara
10 Kuring mampu nyusun téks Biantara nu hadé tur bener
Catatan:
Saupama hidep mampu ngajawab min. 7 (tujuh) partanyaan di luhur, hidep dianggap bisa
neruskeun ka Kompetensi Dasar saterusna.
Disusun oleh : Iwan Kurniawan, S.S.
Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2021/2022
20