The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.

Basa Sunda Paguneman Pembelajaran 1

Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by rizkiinova, 2021-10-06 21:24:21

Basa Sunda Pauneman

Basa Sunda Paguneman Pembelajaran 1

Basa Sunda

Paguneman

Pembelajaran 1

Sumanget diajar!

Paguneman
Paguneman, nyaéta kagiatan nyarita dua arah

(dialog). Bisa ogé diartikeun mengungkapkeun
perasaan jeung pikiran ka hayang.
Tata karma nu dibutuhkeun: Entong nyaritana urang
kudu merhatikeun intonasi. Pasemon (raut wajah
atawa mimik). Lengkuh atawa gerak awak. Tata
busana. Kita mesti memperhatikeun tata basa juga.
Aya tilu jenis tata basa, nyaéta: kasar, loma, jeung
lemes

Contohna:
Desi: "Neng, dupi ari di kampung Eneng pami HUT
Bandung sok aya lomba-lomba tara?"
Eneng: "osok, mung tara sarame dinu sanesna, da nu
ngiringanna tara seueuran."
Desi: "naha? teu rarame panginten lomba-lombana?"
Eneng: a"h da nu ngaramekeun mah pamaenna rek
sakumaha teu rame lombana ge Des. Panginten teu
level ngiringan nu karitu teh."
Desi: "muhunnya da pidunya we orang kota mah. Tapi
ari saur abdi mah, ngeusi acara HUT Bandung teh
mending ku sholawatan sasarengan, maos yasin
sasarengan, ngadu'a sasarengan, teras
merogramkeun ngarencanakeun Bandung ka hareupna
sangkan leuwih alus."
Eneng: "muhun ogenya daripada ku hura-hura teu
puguh mah, duit hambur, Alloh teu suka, lingkungan
bala, alah satuju pisan Des abdi mah."

Biasana Bahasa sunda teh rupi rupi ragam Bahasa
nateh misalna : ragam budak biasa dipake bubarudak
leutik, Bahasa loma biasana sok di pake dina
pergaulan anak muda, basa kasar, Bahasa lemes
biasana sok digunaken dina ragam formal missal
nateh diango na dina acara, rapat, atanapi
tisahandapen ka saluhuren. dina Bahasa sunda aya nu
disebut percakapan, tapi sabenernamah percakapan
sareng paguneman teh sami arti tapi beda kalimat,
mun cek Bahasa Indonesia namah percakapan mun di
tarjamah ken kana Bahasa sunda paguneman, tapi
orang sunda ge aya anu teu apalen naon-naon nu
ngarana paguneman matakan sebatan nana meren di
saruaken jeung nu Bahasa Indonesia. Paguneman
dina Bahasa sunda rupi-rupi aya nu sifatna saarah,
aya nu sifatna dua arah, paguneman anu sifatna
saarah nyaeta sapertos pagumuman, khutbah jum’at,
jeung sajabana. Paguneman nu sifatna dua arah
atanapi dialog rek pajonghok atanapi teu pajonghok,
atau percakapan nu sapopoe kuurang di ucapken ka
babaturan atau mamah sareng bapak.

Paguneman nyaeta kagiatan ngobrol atawa
ngawangkong dua arah, silih tempas atawa tanya
jawab. Palaku dina paguneman aya dua urang atawa
leuwih, kalimahna mangrupakeun kalimah langsung.
Aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi
jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi
saperti sawala atawa diskusi, sedengkeun conto
paguneman teu resmi saperti ngawangkong atawa
ngobrol jeung babaturan atawa jeung indung bapa.
Dina paguneman aya sababaraha rupa aturan atawa
unsur penting anu perlu diperhatikeun sangkan
paguneman bisa dilakukan saluyu jeung nu
dipikahareup. Unsur-unsur nu penting antara lain
nyaeta bentesna sora, luhur handapna sora atawa nu
sok disebut lentong, pilihan kecap-kecap anu
disaluyukeun jeung lawan nyarita, sarta unsur
penjiwaan pikeun mastikeun yen pesen atawa
cacaritaan teh bisa nepi kalayan jelas.

Jawab pananya di handap!
1.Naon nu di maskud paguneman?
2.Aya baraha jenis tata basa?
3.Naon anu dimaksud paguneman anu sifatna
saarah jeung dua arah?
4.Aya baraha rupa paguneman?
5.Sebutkeun paguneman resmi sareng henteu resmi!


Click to View FlipBook Version