The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.
Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by rizkiinova, 2021-09-16 22:19:30

Bahasa Sunda Pembelajaran 1 (1)

Bahasa Sunda Pembelajaran 1 (1)

Bahasa Sunda

Pembelajaran 1

Memandu acara

Dina basa Sunda, memandu acara disebut Panata
Acara. Panata Acara nyaeta jalma anu ngatur
susunan hiji acara sarta mingpin atawa ngarahkeun
jalanna hiji acara. Panata Acara ngabogaan tugas
mingpin acara ti mimiti bubuka acara nepi ka panutup
acara. Eta acara bisa mangrupa acara saperti acara
resepsi kawinan, acara perayaan hari kamerdekaan
atawa acara anu lianna.

Supaya saurang Panata Acara bisa sukses dina
mingpin jeung ngarahkeun hiji acara, aya sababaraha
hal anu perlu pikeun diperhatikeun dina ngalakukeun
pagawean jadi Panata Acara. Hal-hal anu perlu
diperhatikeun dina ngalaksanakeun tugasna, saurang
Panata Acara kudu nunjukkeun pasemon anu
gumbira jeung someah, ngagunakeun pilihan
kekecapan anu merenah, lentong atawa intonasi anu
merenah, sarta lafal atawa tarik launna sora oge
kudu pas.

Struktur teks memandu acara aya tilu, nyaéta salam
pamuka, isi acara dan salam penutup.
Berikut conto teks memandu acara ulang tahun.

Salam pamuka

Kalawan ngedalkeun syukur, alhamdulillah, sami-sami
hayu urang ucapkeun syukur ka-asih ka pangeran anu
suci tur maha kawasa, margi kalawan rahmat-Na urang
sadaya tiasa patepang di ieu tempat dina kaayaan sehat
wal’afiat. (amin)
Luhur wasta Kulawargi.. (Nama keluarga), simkuring
ngucapkeun hatur nuhun pisan ka sadérék, réréncangan,
sadaya anu atos cios ikhlas nyempatkeun sumping kana
acara patepang taun pun anak.. (Nama anak), anu ku
simkuring pikanyaah.

Mugi-mugi saniskanten hiji hal anu atos urang usahakan
ieu, tiasa meunang Pangestu sarta Pahala ti Allah Swt.
Amin yaa robbal alamin..

Isi Acara

Sadérék anu ku simkuring muliakeun, kanggo
ngamangpaatkeun waktos, mangga urang geura waé
bacakeun susunan acara patepang taun dina
énjing/siang/sonten ieu. Susunan acarana nyaéta :

1. Bubuka
2. Sambutan-sambutan
3. Pesan sareng Kesan
4. Do’a
5. Nganyanyikeun lagu patepang taun
6. Niup lilin
7. Potong kueh sarta ramah tama

Sakitu waé acara teupang taun dina énjing/siang/sonten
ieu, sateuacan urang neruskeun kana acara saterusna,
mangga urang buka tiheula acara ieu kanggo maca surat
Al-Fatihah, ilaa hadhratin nabiyyil musthafa, al-
faatihah..

# (Membaca: surat al-fatihah, dan dilanjutkan dengan
memulai acara: Bubuka, Sambutan-sambutan, Pesan
dan Kesan, Do’a, Menyanyikan lagu ulang tahun, Tiup
lilin, Potong kue, serta ramah tama)

Salam penutup

Hatur nuhun.. Mugi-mugi acara patepang taun ieu, tiasa
lancar sarta masihan mangpaat kanggo urang sadayana,
utamana kanggo pun anak.. (Nama anak). Ku kituna
mugi-mugi panjang umur, nambah dewasa, sarta seueur
rizkinya, amin yaa robbal alamin..

Sakitu waé ti simkuring, nu kirang langkung ménta
hapunteun bilih aya kalepatan sarta kakirangan nana,
simkuring neda sihapunten ka para wargi sadaya dina
mandu acara patepang taun ieu. Mudah-mudahan Allah
SWT masihan kaberkahan kana sadaya permaksadan
ieu. Amin ya robbal alamin..

Jawablah pertanyaan di bawah ini!
1.Naon ngaran basa sundana memandu acara?
2.Naon nu di maksud panata acara?
3.Naon tugas ti panata acara?
4.Aya baraha struktur teks memandu acara?
5.Naon wae struktur teks memandu acara?


Click to View FlipBook Version