Alam Kiwari Alam dunya matak ketir Gunung dugul pasir bulistir Sasatoan ti leuweung jicir Ngalanto ke lembur ge diusir Datang hujan balalanjir Jol halodo caah nyingkir Ngan watir kanu di hilir Ngala cai oge digilir Kalakuan nu teu mikir Nuaran kai teu diijir Dapon leuitna buncir Paduli teuing batur nyengir.