NYIEUN CARITA PONDOK DISUSUNKU MURANGKALIH KELAS V (LIMA) UPTD SDN 2 MEKARJAYA DESA MEKARJAYA KEC. KIARAPEDES KABUPATEN PURWAKARTA
KEUR ULIN DI TAMAN Karya : SUGIH HARTI NURHASANAH Nina, Putra, Niko keur ulin di taman. Barudak teh ulin na keur geus balik ti acara lomba 17 agustusan, barudak teh ulin sapedah, badminton jam 12.34. barudak direncangan ku mamah sareng bapak, salain Nina, Putra, Niko, aya Sisi, Asep, Lala, Riko. Barudak salain ulin oge ceunah keur piknik di ieu tempat, ngaran tempatna teh Cipancar. Barudak dibabarkeunna teu sami, ari Niko Sareng Riko mah di Ciamis, ari Sisi, Nina, Putra di Cikampek, ari Lala asli orang Prancis mamahna orang cina har tos lami cicing di Bandung. Teu kalamian nina geubis dibantuan ku Lala. Ceuk Lala teh “Nina Kamu Gak Apa-Apa”. Si Lala untungna bisa Bahasa Indonesia. Terus ceuk si Nina teh “Teu kunanaon da abdi mah”. Si Lala ngartieun deuih bahasa sunda lamun henteu aduh kudu make bahasa indonesia jaba urang teh bahasa indonesia na kirang terang, untung
gaduh rerencangan teh kos karieu balageur, palinter, jalujur, ceuk si Nina dina jero hate. Teu lila daratang Niko, Riko, Asep da soalna tos jarajan, lalapareun langsung jajan ka Bi ayi. Jarajan Baso, sosis, pop es, sareep langsung. Nina ngajakan uih da tereh magrib, lantaran can solat asar. Terus barudak oge langsung aruih ka bumina masing-masing.
HEUREUY DI TAMAN Karya : MUHAMMAD AGUNG PRATAMA Beni, Eli, jeung Joni keur hereuy di taman, tapina pas arek mangkat kadinya teh tiluan eta teh sasalaman heula ka mamah bapana. Si Joni mah ekeur maen sapedah sedengkeun Si Beni jeung si Eli mah ekeur maen raket di taman teh. Tiluan eta teh kuat betah di taman nepi ka poho waktu, teu karasa geus jam dua belas deui. Indung Si Joni teh datang rek nitah pangmeulikeun gula boda jang masak, Si Joni teh langsung ka warung meuli gula tea. Geus meuli gula teh Si Joni ngalanjutkeun maen sapedah tapi pas di taman teh aya budak orang Cianjur anu eukeur ka ninina. Si Joni teh nginjeman sapedahna ka budak eta teh tapi budak eta teh malah tisusruk ka solokan, untung aya Si Joni anu langsung mantuan, pas ditulungan teh aya indung bapana anu rek ngajak budakna balik ka Cianjur.
Indung bapakna langsung lumpat pas ninggali budakna nyusruk ka solokan langsung ngilu mantuan pas ditinggali teh na mastakana teh bocak kanu tembok solokan. Ku indung bapana teh langsung ngajak ka rumah sakit, ku dokter teh langsung diperban. Si Joni teh balik deui kataman pas tepi teh atos magrib, Si Joni langsung uih ka bumina.
AMENG DI TAMAN JEUNG BABATURAN KARYA : REFALINA Pas poe Minggu, Udin, Asep, Siti ameng di taman. Pas tengah poe tereh adzan dzuhur. Udin, Asep, Siti arameng di taman. Siti jeung Asep mah maen badminton sasarengan. Lamun Udin mah sasapedahan di taman kukurilingan, Udin mah nganggo topi da sieun kapanasan. Saentos ameng, Siti nebeng ka Udin da aratosan amengna lantaran tos adzan, jadi sadayana arawoh heula ka bumi. Asep mah calik ngantosan Udin nganterkeun Siti. Tos dugi ka bumi, Siti langsung ka cai abdas teras netepan langsung. Udin mah mapagkeun heula Asep ka masjidna sakalian Udin ge sholat bareng di mesjid. Tos sarolat Udin jeung Asep langsung aruih ka bumina masing-masing. Tos aruih di bumi langsung aribak, barobo siang da carape. Siti oge sami langsung barobo lantaran cape.
Pas sonten siti gugh teras ibak, saatosna diacuk siti dipiwarang ku mamahna meser cengek jeung kecap, tos dugi ka warung pependak sareng babaturanna da sami saurna dipiwarang ku mamahna. Tos uih ti wararung tos ka bumi, siti arameng deui da bosen ceunah di bumi wae. Amengna di taman sakola ameng sasapedahan deui, Udin mah sasapedahanna tarik pisan, makin gancang wae, aya batu di tengah jalan gebis ti soledat ban sapedahna kana batu. Udin ceurik, dibantosan weh Asep sareng Siti da karunya ka si Udin. Tos eta Udin, sareng sadayana aruih ka bumina masing-masing katambah tos burit, di bumina sadayana diseselan pedah amengna kamalinaan teuing.
NUJU OLAHRAGA DI TAMAN KARYA : MUHAMMAD RIFKI Nuju hari Saptu, Udin ngajak olahraga ka Adi. “Hayu” ceuk adi teh. “Memei ngiring?” saur Udin teh. “Abdi mah bade nyandak sapedah“ saur Adi. “Memei bade wawartos heula ka mamah” . diteruskeun ku adi nu sami bade wawartos heula ka mamah na bade arameng. “Dimana aramengna?” patarosan memei. Urang ameng na di pakarangan di jawab ku Adi jeung Udin. Adi jeung Memei nyandak badminron, Udin mah nyandak emameun lantaran mun tos olahraga teh sok lapar. Tos dugi ka pakarangan Udin mah bade sasapedahan, Adi sareng Memei mah maen raket. “Adi nyadak acis?” saur udin. Lamun nyandak tos olahraga urang jajan es kalapa. Tos olahraga sadayana jarajan es kalapa. “Gaskeun jajan teh” ajak Adi ka Memei jeung udin. “Es kalapa teh sabarahaan?” patarosan memei ka tukang es kalapa.
“lima rebu” jawab tukang es Adi langsung mesen tilu bungkus. “jang saha wae meuni kot 3” udin nanya ka adi. Ceuk adi “jeung abdi, emih, bapak”. Terus sadayana langsung aruih.
AMENG DI LAPANG JEUNG BABATURAN KARYA : MUHAMMAD YUSUF Poe ieu badi ameng di lapang jeung babaturan abdi. Namina Afa, Sasri jeung Azmi. Ayeuna abdi nuju ka lapang. Samemeh ka lapang abdi salim heula ka Abah, saentos salim abdi bade jajan heula jeung bekeul ka lapang. Abdi ka lapang naek sapedah, saatos nepi ka lapang abdi jeung babaturan abdi, enggal-enggal maen bola bisi dicandak ku barudak gede. Saentos maen bila abdi jeung babaturan uih ka bumi masing-masing. Enjing na abdi bade nyamper babaturan abdi tapi malah hujan. Tos lami abdi nunungguan eh hujanna teu lireun-lireun, nya entos abdi ngabantosan mamah nyiapkeun emameun jeung jaga-jaga bisi aya tamu anu dongkap ka bumi. Nembe ge dicarioskeun bisi aya tamu, langsung aya nu ngagegedor panto, pas dibuka pantona suganteh saha, ari heg teh Pak RT anu datang nyungkeun
sumbangan keur fakir miskin, sareng masihan ka wargawarga an u ngabutuhkeun bantuan. Saatos pa RT masih-masihkeun acis ka wargawarga langsung nongkrong di Warung Bu Siti, Pak RT oge meser kopi nu hargana 3.000. saatos eta pa RT uih.
KEUR ULIN DI TAMAN KARYA : AZRIL AL ARAFAH Poe ieu aya tilu jalmi keur ulin di Taman Bandung, Avira jeung Azmi keur maen badminton terus aya Si Agung keur naek sapedah. Si Avira ngageroan ka Si Azmi. Ceuk Avira ereun heula maen badminton. Terus arek maen naon deui ceuk azmi. Si Agung keur resep maen sapeda terus pependak sareng Azmi jeung Avira. Si Agung ngageroan ka barudak, terus Deni jeung Diah keur neangan barudak. Diah jeung Deni ngadangu sora si Agung keur ngageroan Azmi. Terus Deni lumpat kalah ka labuh. Agung nu ningali Deni labuh ninggalkeun sapedahna terus nulungan. Diah anu ninggali deni labuh disengseurikeun. Ceuk si Agung, diah tulungan si deni yeh berat. Terus digarotong. Terus barudak sadayana aruih ka bumina. Si Deni dicarekan ku emak na di titah ibak. Deni angkat ngaos pas keur waktuna solat Deni, Azmi, Agung hereuy pas solat dicarekan ku Pak Ustad dititah uih kabumina.
BARUDAK KEUR OLAHRAGA DI TAMAN KARYA : SITI HABIBAH Caskia, Iman, jeung Sonuk keur olahraga di taman. Ceuk Caskia “hey barudak urang maen badminton yuk”. “Urang mah moal ah” ceuk Sonik teh. “kunaon emang sonik?” Caskia naros ka Sonik Sonik langsung ngawaler “ah, embung weh, hoream” “ke moal rame atuh” cek Caskia “Bae atuh aya si Imam ieuh” tembal Sonik “Heeh aya abi ieuh” ditembal oge ku Imam. Barudak heureuy masing-masing, Sonik sasapedahan, Caskia jeung Imam hereuy badminton. Sonik nu sasapedahan labuh, Caskia jeung Imam langsung lumpat nyamperkeun Sonik. Tas disamperkeun kitu teh, Sonik dibawa ka dekeut tatangkalan, Caskia uih heula ka bumina nyandak obat heula, Imam ngadagoan Sonik. Teu lila Caskia tos datang deui langsung diobatan, tah didinya teh Sonuk diteangan ku mamahna, sadayana dipapagkeun. Caskia uih ti
payun, soalna caskia mah nyandak obat, bisi leungit. Saur sonik abdi oge bade uih, imam sami uih oge. Dugi ka bumina langsung solat lohor. Caskia dititah meser saos sambel ku mamahna, nu lain oge sami. Didinta barudak papanggih, tah tos ti warung barudaj araruih deui ka bumina masing-masing.