BAHAN AJAR KELAS VI SEMESTER GANJIL
EVALUASI
Pek teangan ku hidep kecap sabalikna tina kecap-kecap di handap!
1. panjang >< ...........................
2. luhur >< ...........................
3. gede >< ...........................
4. jangkung >< ...........................
5. alus >< ...........................
6. beresih >< ...........................
7. bener >< ...........................
8. pinter >< ...........................
9. poek >< ...........................
10. anyar >< ...........................
Pek lengkepan kalimah di handap ku kecap anu geus diraangkenan ku rarangken ka –an, nya eta tina
kecap anu aya dina kurung di satukangeunana!
1. Lembur Euis ............................... kuJalan Tosl Soroja. (liwat)
2. Basa balik ti kebon Jajang ............................... di jalan. (hujan)
3. Anu getol mah tara ............................... ka sakola. (beurang)
4. Bareto Pasar Cibeureum kungsi ............................... . (huru)
5. Kurupuk mah lamun ............................... sok liat. (tiis)
6. Gatrik teh nya eta ............................... barudak lalaki. (ulin)
7. Bakating ku cape, Mang Udin ............................... dina papan. (sare)
8. Ti imah Toni ka masjid teh ngan ............................... ku dua imah. (halang)
9. Basa di Kawah Putih teh ............................... papanggih jeung babaturan. (bener)
10. Uran gulah sok nguar-nguar ............................... batur, teu hade. (goreng)
Saha ari Bill Gates teh?
Ku ayana teknologi anu ngarubah alam dunya, teu bisa lepas ti tokoh-tokoh hebat di tukangeunana.
Sebut wae ngaran Bill Gates anu kasohor nya eta ngadirikeun Microsoft, software komputer anu dipake
di sakuriling alam dunya. William Henry "Bill" Gates III, lahir di Seattle, Washington, 28 Oktober
1955. Gates resepkanu komputer ti leuleutik keneh.
51
BAHAN AJAR KELAS VI SEMESTER GANJIL
EDISON BUDAK MOTEKAR
Edison teh urang Amerika. Ngaran lengkepna Thomas Alva Edison. Lahir tanggal 11 Februari 1847
di Kota Milan, Ohio, Amerika. Di dunya elmu pangaweruh mah, ngaran Edison teh geus kaceluk ka
mana-mana. Lantaran salila hirupna, manehna geus manggihan teu kurang ti 3000 papanggihan anyar
dina widang elmu jeung tehnologi. Padahal sakolana mah ukur tilu bulan. Kitu oge dikalurkeun ku
guruna, lantaran Edison dianggap bodo. Papanggihan Edison teh di antarana lampu listrik, tape recorder,
kamera pilem, kareta listrik, mikropon, telegraf, jeung sajabana ti eta.
Ti keur leutik, Edison mah geus minculak. Dina umur genep taun, manehna nurutan hayam
ngereman endog. Umur tujuh taun asup ka sakola. Tapi ukur tilu bulan di sakolana teh, lantaran
dikaluarkeun ku guruna. “Bodo pisan Edison teh!” kitu ceuk guruna.
Sanggeus kalur ti sakola, Edison diajar ngitung, nulis, jeung maca ka indungna. Tah, ti saprak bisa
maca, sagala rupa bacaan dilalab ku Edison mah. Ti mimiti bacaan anu babari nepi ka nu hese, ku
manehna mah dibaca. Lian ti resep maca, Edison oge resep mikir jeung nyieun percobaan.
Umur 12 taun Edison dagang koran, kacang, permen, jeung kueh dina kareta. Nya dina kareta
manehna nerbitkeun koran Weekly Herald. Lian ti eta terus ngayakeun eksperimen. Tapi hiji mangsa
manehna diusir tina kareta, lantaran eksperimenna meh bae ngabalukarkeun kahuruan dina gerbong.
Umur 15 taun manehna diajar ka kepala setasion ngeunaan cara ngirimkeun telegram. Dina waktu tilu
bulan, Edison geus paham kumaha cara gawe telegram. Tuluy manehna nyieun alat sangkan berita berita
telegram teh bisa dibaca ku mesin cetak. Eta mesin teh dingaranan telegraf. Basa dijual, payu 40.000
dolar. Edison ukur colohok nampa duit anu sakitu lobana teh.
Eta duit teh tuluy dipake nyieun pabrik mesin telegraf anu ngagawekeun 300 urang buruh. Mesin
telegraf jieunanana bisa ngirim berita opat sakaligus. Edison antukna lain bae kaceluk geus bisa nyieun
mesin telegraf anu canggih, tapi oge jadi jalma anu lubak libuk ku harta. Manehna tuluy nyieun
laboratorium sorangan. Rupa-rupa penelitianana ngahasilkeun papanggihan-papanggihan anyar sejenna.
Diantarana lampu listrik jeung piringan hitam. Edison maot taun 1913 di West Orange, New Jersey,
Amerika.
Bacaan anu tadi dibaca ku hidep teh bisa ditingkes, nyaeta ditulis bagian-bagian okokna hungkul. Tah,
pancen hidep ayeuna, pek jieun tingkesanana tina eta bacteh. Tulis dina kolom anu diadiakeun di
handap!
Tingkesan :
...........................................................................................................................

52

Pek jawab ieu pananya di handap!
1. Urang mana Edison teh?
2. Kunaon Edison dikaluarkeun ti sakola ku guruna?
3. Ku indungna Edison diajar naon?
4. Naon pagawean Edison dina umur 12 taun?
5. Edison diusir tina kareta lantaran naon cenah?
6. Edison diajar naon ka kepala setasion teh?
7. Naon ngaranna mesin telegraf ciptaan Edison teh?
8. Sabaraha urang karyawan anu digawe di pabrik Edison teh?
9. Cing itung ku hidep, sabaraha puluh tahun hirupnya Edison teh?
10. Cing sebutkeun naon bae papanggihan anyar Edison salila hirupna!
53