DONGENG SUNDA
BAHASA SUNDA
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI 1 CIMALAKA
KABUPATEN SUMEDANG
SAKADANG KUYA & SAKADANG MONYET NGALA NANGKA
Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi hutan
deukeut walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare dihandap
disela-sela akar, ari sakadang monyet mah sare dina dahan anu
panghandapna, teu pajauh.
Maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare, atawa bisa silih
geuingkeun bisi aya nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra. Teungah
peuting sakadang monyet nyaring, terus ngahudangkeun sakadang kuya.
“Sakadang kuya, sakadang kuya..” ceuk sakadang monyet “naon sakadang
kuya” tembal sakadang monyet “kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu
buahna geus arasak, dina mimpi teh katingali deuih tempatna dimana” ceuk
sakadang monyet “dimana ?” ceuk sakadang kuya.
“Diteungah leuweung” ceuk monyet “keun atuh isuk wang teang,
ayeunamah sare deui we da peuting keneh.” tembal kuya ari geus kitu teh
dug weh sakadang monyet mah langsung sare, meni dug sek. ari sakadang
kuya mah hulang huleng keneh dan hese sare deui.
Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet
ngalindur, pokna teh “Ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka teh
kusorangan, keun we da sakadang kuya mah teu bisaeun naek tangkal ieuh,,
hahaha”.
Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang
monyet keur ngalindur. kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila
mikiran, akhirna manehna meunang akal. trus dug weh sare.
Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang
kuya. “Kuya, kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea” ceuk
sakadang monyet “Kela atuh tunduh keneh..” tembal sakadang kuya “Eeh
buru, kaburu kubatur” ceuk sakadang monyet bari ngoyag ngoyag awakna
ngameh hudang.
“Nya hayu atuh ari kitu mah” ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh Arindit
weh maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang
monyet. Ari pek teh bener, tangkal nangka eta teh aya.
Ceuk kuya, “Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek
tangkal..” “Kela, urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung
mana nangka nu atah keneh kuya” ceuk monyet memeh naek Bari seuri dina
hate.
Sakadang kuya ngajawab, “Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta
geus asak, lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh..”
“Oh heug atuh” ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari
gagalantungan neangan nangka, dina jero hate na manehna ngomong,
“kuurang mah rek dibere nu atah we sakadang kuya mah, keun we lamun
protes naha mere nu atah, rek dititah naek tangkal we. hahaha”
Terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah
diteundeun diluhur keur didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk
mah dialung-alungkeun kahandap.
Padahal mah nu asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk
pluk pluk anu dialung-alungkeun ka si kuya.
Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah
narapel si geutahna kana awak jeung kana biwir. “Uya, naha nanga urang
mah atah euningan ? ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da
biwirna pinuh ku geutah.
“Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan
saukur narima hungkul.” bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak.
“Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah” bari
cireumbay da teu ngadahar nangka asak.
Akhirna mah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah
indit duka kamana da baeud tea.
GAGAK HAYANG KAPUJI
Aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Geleber hiber bari ngaheumheum
déngdéng téa kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun
ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina.
Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya
dihandapeun, boro-boro ditanya teu di rérét-rérét acan. Anjing mikir
piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku manéhna.
Sanggeus manggih anjing ngomong, “Leuh aya manuk alus-alus teuing.
Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya
ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung
cendrawasih gé moal éléh.”
Mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. Tapi sanggeus aya omongan
“moal éléh ku cendrawasih,” gagak atoheun pisan. Manéhna kungsi beja yén
cendrawasih téh manuk pang hadéna. Tapi ceuk anjing “manéhna moal
éléh”.
Kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. Malah ceuk
pikirna deui asa hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. Ngan kusabab hésé
meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna.
Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon heséna muji-muji
keur ngahontal kahayangna.
Ku sabab kitu pok deui anjing, “Lamun daékeun mah hayang nyobat jeung
manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina.
Saumur-umur kudu ngadunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun
ogé pasésaan. Tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh
ngadéngé-ngadéngé sorana. Meureun moal panasaran teuing!”
Barang ngadéngé pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur
ngaheumheum déngdéng, ngan ngong wé disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh
barang engab pamatukna barang pluk wé déngdéng teh murag. Anjing
gancang nyantok déngdéng nu murag téa tuluy dihakan di nu bala.
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak téh
cindekul wé dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan
anjing.
Manéhna karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu
keur diheumheum ku manéhna. Ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana
tangkal kai rék neangan hileud keur ganti déngdéng nu disantok ku anjing.
Pesan moral: Lamun boga kadaangan kudu daek babagi ka anu lain,
sarta ulah ngarasa gede hulu ku pamuji batur nu can puguh bener.
SAKADANG BAGONG ANU SOMBONG NANGTANG KA
MANUSA
Di hiji leuweung aya sakadang bagong jalu, bagong nunggal, sihungna geus
ngeluk buluna bodas, awakna badag. Boroning bangsa bagong dalah sato-
sato nu sejenna oge ngarasa sieun ka manehna, da teu aya nu wani
ngadeukeutan manehna.
Hiji mangsa sakadang Bagong kapanggih jeung sakadang peucang. “Hey,
sakadang peucang! kadieu maneh sakeudeung!”
Sakadang peucang kacida reuwaseunana, sabab teu disangka bakal
kapanggih jeung sakadang bagong nu dipikasieun tea. Ngan dasar peucang
mah loba akal jeung bisa neger-neger maneh. Peucang ngajawab bari tenang,
“Rek naon Sakadang Bagong?”
“Maneh nyaho ayeuna yen saleuweung ieu geus teu aya deui nu wani ka
kaula! Kabeh sato-sato sarieuneun!” ceuk bagong bari sombong. “Bener!
Bener!” tembal peucang bari unggeuk-unggeukan. “Ngan..?”
“Ngan naon?!” ceuk sakadang bagong bari mureleng. “Ngan jigana sampean
ge moal wani ka manusa mah.” Ceuk sakadang peucang.
“Hah! Nu kos kumaha sato nu di ngaranan manusa teh?” Sakadang bagong
nanya. “Ari pangawakana mah teu gede-gede amat, gede henteu leutik
henteu, lamun leumpang make dua suku teu siga urang kieu, ngan manehna
mah pinter loba akalna” ceuk peucang teh.
“Cik atuh buru urang teangan ayeuna! Ku aing rek diamuk!” Ceuk bagong
teh ujug-ujug napsu, sabab aya makhluk nu cenah leuwih gagah tibatan
manehna.
“Hayu! Tapi kudu jangji heula upama engke aya nanaon ulah nyalahkeun
kuring da kuring mah ukur nuduhkeun hungkul!” Ceuk peucang. “Moal,
malah maneh jadi saksi kumaha eta kahebatan kaula!” Ceuk sakadang
bagong bari sombong.
Peucang jeung bagong tuluy neangan nu ngarana manusa, nyarumput di nu
buni di sisi jalan nu biasa sok diliwatan ku jelema.
Teu lila jol budak sakola, make pakean seragam keneh bari mamawa tas nu
isina buku, kawasna mah rek indit ka sakola. Bagong nanya ka peucang
lalaunan, “Ieu lain nu ngarana manusa teh?” Tembal peucang, “Enya ieu,
ngan ari ieu mah pentil keneh, pimanusaeun.” Bagong ukur unggeuk.
Teu lila jol deui datang aki-aki nu geus kolot utak-iteuk bari mamawa
tongkat. “Ieu lain manusa mah? Sakadang baong nanya, Peucang gancang
ngajawab, “Bener, ngan ieu mah geus dalu mun cara buah mah. Ke sabar,
moal lila deui ge datang geura!” Bagong unggeuk deui.
Teu kungsi lila jol panigaran ngajingjing-jingjing bedil, leumpang dangah
bari rurat-reret ka kenca-kakatuhueun jalan.
“Tah mun ieu bener manusa nya?” Bagong nanya bari kawas nu teu sabar
pisan. Peucang gancang ngajawab, “Tah ieu bener nu ngarana manusa!”
Barang ngadenge jawaban kitu, sakadang bagong tuluy lumpat gancang ti
panyumputan nuju ka manusa maksad rek nu nubruk ti hareup.
Paninggaran barang nempo bagong nu rek nubruk, gancang ngekang bedilna
tuluy ngecengkeun bedilna ka bagong. Barang geus deukeut, jederrr!!! sora
bedil ka sada, pelorna nyamber kana sirahna. Bagong nu tadi keur mempeng
lumpat gancang, sakoteapan nambru nepi ka teu hudang deui.
Paninggaran nyampeurkeun ka sakadang bagong nu geus ngagoler bari
ngomong, “ieu yeuh sato nu sok ngaruksak pepelakan aing teh!” Cenah.
Ari sakadang peucang mah barang nempo kitu teh ukur ngagideg hungkul
tuluy ngaleos deui asup kana leuweung.
Pesan moral : Dina kahirupan, urang ulah sok ngarasa sombong
(Adigung) gede hulu, ulah ngarasa atawa miara sikep sombong dina
jero diri, sabab ari eta the teu aya mangpaatna pikeun urang, nu aya
kalah nyieun mamala atawa picilakaeun. Leuwih hade miboga sikep
handap asor siga elmu pare, bageur ka sasama beh dipikareseup ku
batur. Sabab diluhur langit mah aya langit lian deui nu leuwih luhur.
LELE BOGA PAMATIL
Jaman baheula mah lauk nu pang loba huntuna téh mujaér, ekeur mah
awakna gedé ditambah boga pakarang (senjata). gerakanana rancingeus
(sigap). dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa
lauk, da jelema ogé ngarasa sieun atuh ari dipatil mah.
Lauk-lauk harirup tumaninah bari nyararantai kalem di hiji balong di sisieun
walungan, anu dihalangan hungkul ku tambakan taneuh nu teu sakumaha
gedéna.
Hiji waktu maranéhna ngadéngé nu boga balong ngomong ka anakna. ”Geus
galedé geuning lauk téh, Jang! Pagéto mah urang bedahkeun balong téh,
laukna urang alaan kabéh.”
Barang ngadéngé kitu, lauk-lauk téh kacida rareuwaseunana. Kabéh lauk
sing haruleng, inget kana nasib anu moal lila deui palastra (gugur di medan
laga).
Harita kénéh lauk-lauk ngayakeun riungan, nyawalakeun kumaha carana
sangkan salamet tina bahaya. Lauk emas anu panggedéna, nanya ka
sakadang keuyeup.
”Kumaha sakadang keuyeup, sanggup teu andika nyieun liang pikeun
norobos tambakan ka walungan? Kapan andika mah biasa nyieun liang?”
Ceuk keuyeup teh, ”Teu sanggup, da kandel teuing tambakanana keur kuring
mah.”
Ceuk bogo, ”Kawasna mah sakadang lélé anu baris bisaeun mah, sabab geus
biasa nyieun gorowong.” Pok lélé nyarita, ”Hadé kuring nyieun gorowong,
tapi kudu dibantuan ku saréréa.” Kabéh panuju.
Harita kénéh ger baé digarawé nyieun gorowong éta, norobos ti balong ka
walungan. Beuki lila beuki jero, beuki jero nya beuki teuas. Atuh digarawé
téh teu bisa gancang.
Sakadang lélé beuki lila beuki leuseuh. Manéhna nyarita, ”Mun aya geusan
muntang mah, meureun moal hésé teuing.”
”Atuh ieu paké nu kuring!” ceuk mujaér némbongkeun pamatilna. ”Nya ari
anjeun rido mah nginjeumkeun, sok kadieu!” témbal lélé. Sanggeus aya
pamunangan mah nyieun gorowongna lélé téh bisa gancang. Teu lila, geus
tobros sarta geus bisa dipaké maloncor ku saréréa ka walungan.
Nu boga balong datang téh ngan ukur bisa molohok leuseuh, nénjokeun
balongna nu tadina loba laukan ayeuna mah geus sa’at jeung laukna euweh
nu nyésa sapotong-potong acan.
Di walungan lélé mulangkeun pamatil ka mujaér, tapi lauk mujaér
embungeun narima, pokna téh ”Kop baé meré jang maneh, ku ditulungan
ogé kuring mah geus pirang-pirang nuhun.” Tah tisaprak harita lauk lele téh
jadi bogaen pamatil.
HAYAM KONGKORONGOK TI SHUBUH
Dicaritakeun dijaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila
hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray sok ngalamun baé bari
jeung sok dangdan mapantes manéh, tapi keukeuh baé manehna ngarasa teu
pantes lantaran teu boga tanduk, mangkaningan rék ngahadep ka déwa.
Sanggeus mikir lila, manéhna karak kaingetan ka babaturana sakadang
titinggi, maksudna arék titah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da
baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.
Teu lila, si naga ménta anteur ka sakadang titinggi. Sanggeus kapanggih
jeung jago, dicaritakeun tah kabéh maksudna ka jago, rék nginjeum tanduk
heula cenah, engké dianteurkeun deui ku sakadang titinggi ceuk sakadang
naga téh ka jago.
Hayam jago teu nembalan, da lantaran geus apal pikiran jahat jeung licikna
si naga. Tapi, lila-lila naga ngarayu, ahirna jago ogé merekeun tandukna ka
sakadang naga.
Ceuk naga téh ka jago “Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun
ku sakadang titinggi samemeh panon poé bijil, lamun can balik baé, bisi
kaula poho, maneh méré tanda wéh kongkorongok sing ka tarik!”
Geus kitu mah, jug wéh naga jeung titinggi téh marangkat. Ari isukna
saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok satarik-tarikna. Sakali, dua
kali, tilu kali, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh.
Terus jago téh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep wéh titinggi
teu datang-datang. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang-
datang. Keun sugan cenah peuting isukan ceuk hayam téh. Tapi angger wéh
anu ditanggoan nepi ka beurang titinggi teu datang kénéh baé.
Saking ambekna kacida éta hayam jago téh, nepi ka rék nyancem lamun
ceunah si sakadang titinggi datang, arék di pacok nepikeun ka paéhna.
Ti harita hayam jago téh tiap isuk, sok kongkorongok sarta mun kapanggih
jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paéhna, males pati dumeh kungsi
ngabobodo.
Eusi atawa hikmah anu bisa di cokot nya éta: Ari hirup téh ulah sombong,
adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek baé di titah lamun
salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang
percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.