The words you are searching are inside this book. To get more targeted content, please make full-text search by clicking here.

e-book ini berisi tentang cerita dongeng bahasa sunda

Discover the best professional documents and content resources in AnyFlip Document Base.
Search
Published by Hendi Sugiri, 2023-08-26 00:30:53

Bahan ajar

e-book ini berisi tentang cerita dongeng bahasa sunda

Keywords: Bahan ajar,cerita sunda,dongeng sunda

BUKU KUMPULAN CARITA DONGENG SUNDA Disusun ku : Hendi Sugiri,S.Pd.I KEMENTERIAN KABUPATEN BOGOR MADRASAH TSANAWIYAH NEGERI 4 BOGOR TAHUN 2021 PENGESAHAN


Yang bertanda tangan dibawah ini Nama : Drs.H.Enur Nurdin,MM.Pd Jabatan : Kepala Madrasah NIP : 196902041994031006 Unit Kerja : MTs Negeri 4 Bogor Dengan ini menyatakan bahwa bersangkutan atas nama Hendi Sugiri,S.Pd.I bener-bener salah satu guru di Madrasah kami yang mengajar mata pelajaran Akidah Akhlak dan mata pelajaran Mulok Bahasa sunda telah menyusun buku kecil dan sederhana tentang Kumpulan cerita dongeng sunda,untuk memberikan kemudahan kepada para siswa dalam mengikuti pembelajaran khususnya mata pelajaran Mulok Bahasa Sunda. Demikian pengesahan ini dibuat.Dan semoga dapat digunakan sebagaimana mestinya. Mengetahui Kepala Madrasah Drs.H.Enur Nurdin,MM.Pd NIP.196902041994031004


SAUCAP PANGANTEUR Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh. Wilujeng sumping saparakanca di alam magis sareng kaajaiban kumpulan dongeng sunda ieu. Dina kaca-kaca anu ngabeungkeut waktu jeung rohangan, anjeun bakal manggihan carita-carita nu geus turun-tumurun turun-tumurun, diwariskeun ku lisan ku karuhun urang. Carita-carita ieu sanés ngan ukur untaian kecap, éta mangrupikeun jandela pikeun warisan budaya anu beunghar sareng warni. Dongéng-dongéng ieu ngajak urang balik deui ka mangsa katukang, karasa hiliwirna angin ngahiliwir di pasir-pasir Sunda, ngadéngékeun gugupayna walungan nu ngamalir di tengah leuweung geledegan. Di dieu, anjeun bakal terang karakter anu luar biasa: ti para pemberani anu nyanghareupan tantangan anu teu kabayang dugi ka mahluk gaib anu nuju jalan satapak manusa ngalangkungan petualangan magis. Ngaliwatan carita-carita ieu, hayu urang ngartos langkung jero ajén-inajén anu diwariskeun ku karuhun urang. Kawani, kawijaksanaan, kerja keras, sareng sumanget gotong royong aya dina manah unggal carita anu anjeun bakal mendakan. Sanaos jaman parantos robih, seratan-seratan ieu tetep relevan sareng tiasa masihan inspirasi dina kahirupan modern. Mudah-mudahan ieu kumpulan dongéng-dongéng basa Sunda ngajak anjeun pikeun ngeunteung, seuri, jeung kataji ku pesona budaya nu taya hargana. Ngarasakeun petualangan balik ieu kaca gaib. Bogor, Desember 2021 Panulis


KUDA ANU NGEDUL Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota. Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan. Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai. Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid. Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana. Isukna, Abdul néangan akal 1


sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda. Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh. Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.


ENTOG EMAS Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulurbaraya, malih garwa mah. Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan. Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah. Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen 2


cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog emas. Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna. Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin. Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog. Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake kabutuhan sapopoena.


MONYET JEUNG KUYA NGALA CABE Monyét jeung kuya ngala cabé ka kebon Pa Tani. Monyét buru-buru ngahakan cabé anu geus beureum. Monyét ladaeun, terus ngucap, seuhah... lata, ... lata,... lata. Pa Tani kaluar tina saung, Monyét lumpat sedengkeun kuya katéwak, sabab lumpatna boyot. Geus kitu, kuya ku Pa Tani dikurungan, cenah isukna rék dipeuncit. Peutingna monyét ngadatangan kuya. Kuya nyaritakeun ka monyét yén manéhna rék dikawinkeun ka anak Pa Tani. Monyét kabitaeun, tuluy manéhna ménta nukeuran ka kuya. Si sakadang kuya ka luar tuluy sakadang monyét asup ka jero kurung. Isukna, Pa Tani ngasah bedog maksudna rek meuncit kuya anu dikurungan. Monyet reuwas ngadenge Pa Tani rek meuncit sato nu dikurungan. Loba akal, monyet papaehan dina jero kurung. Barang Pa Tani muka kurung, Pa Tani reuwas sabab di jero kurung lain kuya, tapi monyet paeh. Monyet dialungkeun ka kebon. Geus dialungkeun, berebet monyet lumpat sataker kebek. Pa Tani olohok sabab katipu ku jeung kuya monyet. 3


DALEM BONCEL Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di kadaleman. Boncel gawena rapékan jeung getol. Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta arang disi disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncel, sabab Boncel gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna. Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncel diangkat jadi dalem. Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél. Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh karena doraka ka kolotna. 4


\\ PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani. Bonténgna keur méujeuhna arasak. Am, Peucang ngahakanan bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru indit ninggalkeun kebon Pa Tani. Teu pati lila, jol Pa Tani datang ka kebon. Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna béak dihakanan Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun baru Peucang. Sanggeus ngarasa panceg, Pa Tani nyieun jajalmaan nu dibaluran ku leugeut. Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang reuwas sabab di kebon aya jalma keur nangtung. Peucang panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya sababaraha kali, tapi teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul. Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet deui. Di teunggar ku huluna, huluna ogé milu rapet. Antukna Peucang ceurik ngageunggeuik, pasrah kana nasib. Pak Tani pohara bungahna nempo Peucang rapet dina jajalmaan. 5


Peucang nu geus teu walakaya di téwak ku Pa Tani. Ayeuna moal aya deui nu ngaruksak ken Pa Tani.


GAGAK HAYANG KAPUJI Aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Geleber hiber bari ngaheumheum déngdéng téa kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu di rérét-rérét acan. Anjing mikir piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku manéhna. Sanggeus manggih anjing ngomong, "Leuh aya manuk alusalus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal éléh." Mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. Tapi sanggeus aya omongan "moal éléh ku cendrawasih," gagak atoheun pisan. Manéhna kungsi beja yén cendrawasih téh manuk pang hadéna. Tapi ceuk anjing "manéhna moal éléh". 6


Kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. Ngan kusabab hésé meulahna kahayangna teu kalaksanakeun. Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon heséna muji-muji keur ngahontal kahayangna Ku sabab kitu pok deui anjing, "Lamun daékeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun ogé pasésaan. Tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh ngadéngé-ngadéngé sorana. Meureun moal panasaran teuing!" Barang ngadéngé pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum déngdéng, ngan ngong wé disada, "Gaak Gaaak" cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk wé déngdéng teh murag. Anjing gancang nyantok déngdéng nu murag téa tuluy dihakan di nu bala.


Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak téh cindekul wé dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manéhna karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu keur diheumheum ku manéhna. Ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana tangkal kai rék neangan hileud keur ganti déngdéng nu disantok ku anjing.


KUDA HADE BUDI Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Satosato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung di hareup maung nu keur gegerungan tea. Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil maung nu keur gegerungan. Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan. Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg. Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh. Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge 7


paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu. Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui. Pesan : "Jadi jalma ulah sok nganyenyeri ka batur jiga sakadang macan, Ulah ogé ngabales kalakuan jahat ku kalakuan jahat jiga sakadang munding. Sabab sagala kalakuan mah ogé pasti aya babalesna, jeung ulah ngan ukur wani kanu lemah wungkul." Terjemahan: "Kuda Baik Budi" Ada macan sudah mah udah tua ditambah lagi sakit, terbaring dibawah pohon bambu sambil maraung-raung. Hewan-hewan yang pernah disakiti olehnya berkumpul bersama-sama di depan macan yang sedang meraung-raung kesakitan itu. Kata kerbau, "Ah kamu malah meraung-raung! Mau memanggil siapa? Tidak ada yang kasihan kepada mu!


Hewan jahat!" Kerbau berbicara seperti itu sambil menggadil macan yang sedang maraung-raung itu. Melihat kelakuan kerbau begitu, semua hewan yang dulu ada disitu tertawa terpingkal-pingkal. Semua hewan yang ada disitu manjahili macan yang lagi sekarat, kecuali se'ekor kuda. Melihat hewan-hewan lain bersenang-senang, dia hanya malah menggelengkan kepala. Kata kambing, "Kenapa se'ekor kuda hanya menggelengkan kepala begitu? Bukannya menendang si belang itu dengan kaki! Bukanya dulu si anak kuda di bekuk?" Jawab kuda, "aku mah bukannya tidak benci dengan perbuatan macan itu. Cuman sekarang keadaanya kan lagi sakit parah, dia itu lagi sekarat, sebentar lagi juga mati. Harusnya hewan yang lagi sekarat itu jangan di jahili begitu. Mungkin kata orang lain, sekalinya ada keberanian dengan yang lagi sekarat!." Sesudah mendengar ucapan kuda begitu, semua hewan yang ada disitu terdiam dan pergi diam-diam ke hutan lagi.


HAYAM KONGKORONGOK TI SUBUH Dicaritakeun dijaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray sok ngalamun baé bari jeung sok dangdan mapantes manéh, tapi keukeuh baé manehna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk, mangkaningan rék ngahadep ka déwa. Sanggeus mikir lila, manéhna karak kaingetan ka babaturana sakadang titinggi, maksudna arék titah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan. Teu lila, si naga ménta anteur ka sakadang titinggi. Sanggeus kapanggih jeung jago, dicaritakeun tah kabéh maksudna ka jago, rék nginjeum tanduk heula cenah, engké dianteurkeun deui ku sakadang titinggi ceuk sakadang naga téh ka jago. Hayam jago teu nembalan, da lantaran geus apal pikiran jahat jeung licikna si naga. Tapi, lila-lila naga ngarayu, ahirna jago ogé merekeun tandukna ka sakadang naga. Ceuk naga téh ka jago "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi samemeh panon poé bijil, 8


lamun can balik baé, bisi kaula poho, maneh méré tanda wéh kongkorongok sing ka tarik! Geus kitu mah, jug wéh naga jeung titinggi téh marangkat. Ari isukna saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok satarik-tarikna. Sakali, dua kali, tilu kali, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh. Terusjago téh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep wéh titinggi teu datang-datang. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang-datang. Keun sugan cenah peuting isukan ceuk hayam téh. Tapi angger wéh anu ditanggoan nepi ka beurang titinggi teu datang kénéh baé. Saking ambekna kacida éta hayam jago téh, nepi ka rék nyancem lamun ceunah si sakadang titinggi datang, arék di pacok nepikeun ka paéhna. Ti harita hayam jago téh tiap isuk, sok kongkorongok sarta mun kapanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paéhna, males pati dumeh kungsi ngabobodo. Eusi atawa hikmah anu bisa di cokot nya éta: Ari hirup téh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek baé di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang


di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.


SAKADANG BAGONG NU SOMBONG Di hiji leuweung aya sakadang bagong jalu, bagong nunggal, sihungna geus ngeluk buluna bodas, awakna badag. Boroning bangsa bagong dalah sato-sato nu sejenna oge ngarasa sieun ka manehna, da teu aya nu wani ngadeukeutan manehna. Hiji mangsa sakadang Bagong kapanggih jeung sakadang peucang. "Hey, sakadang peucang! kadieu maneh sakeudeung!" Sakadang peucang kacida reuwaseunana, sabab teu disangka bakal kapanggih jeung sakadang bagong nu dipikasieun tea. Ngan dasar peucang mah loba akal jeung bisa neger-neger maneh. Peucang ngajawab bari tenang, "Rek naon Sakadang Bagong?" "Maneh nyaho ayeuna yen saleuweung ieu geus teu aya deui nu wani ka kaula! Kabeh sato-sato sarieuneun!" ceuk bagong bari sombong. "Bener! Bener!" tembal peucang bari unggeuk-unggeukan. "Ngan..?" "Ngan naon?!" ceuk sakadang bagong bari mureleng. "Ngan jigana sampean ge moal wani ka manusa mah." Ceuk sakadang peucang. "Hah! Nu kos kumaha sato nu di ngaranan manusa teh?" Sakadang bagong nanya. "Ari pangawakana mah teu gedegede amat, gede henteu leutik henteu, lamun leumpang 9


make dua suku teu siga urang kieu, ngan manehna mah pinter loba akalna" ceuk peucang teh. "Cik atuh buru urang teangan ayeuna! Ku aing rek diamuk!" Ceuk bagong teh ujug-ujug napsu, sabab aya makhluk nu cenah leuwih gagah tibatan manehna. "Hayu! Tapi kudu jangji heula upama engke aya nanaon ulah nyalahkeun kuring da kuring mah ukur nuduhkeun hungkul!" Ceuk peucang. "Moal, malah maneh jadi saksi kumaha eta kahebatan kaula!" Ceuk sakadang bagong bari sombong. Peucang jeung bagong tuluy neangan nu ngarana manusa, nyarumput di nu buni di sisi jalan nu biasa sok diliwatan ku jelema. Teu lila jol budak sakola, make pakean seragam keneh bari mamawa tas nu isina buku, kawasna mah rek indit ka sakola. Bagong nanya ka peucang lalaunan, "Ieu lain nu ngarana manusa teh?" Tembal peucang, "Enya ieu, ngan ari ieu mah pentil keneh, pimanusaeun." Bagong ukur unggeuk. Teu lila jol deui datang aki-aki nu geus kolot utak-iteuk bari mamawa tongkat. "Ieu lain manusa mah? Sakadang baong nanya, Peucang gancang ngajawab, "Bener, ngan ieu mah geus dalu mun cara buah mah. Ke sabar, moal lila deui ge datang geura!" Bagong unggeuk deui.


Teu kungsi lila jol panigaran ngajingjing-jingjing bedil, leumpang dangah bari rurat-reret ka kenca-kakatuhueun jalan. "Tah mun ieu bener manusa nya?" Bagong nanya bari kawas nu teu sabar pisan. Peucang gancang ngajawab, "Tah ieu bener nu ngarana manusa!" Barang ngadenge jawaban kitu, sakadang bagong tuluy lumpat gancang ti panyumputan nuju ka manusa maksad rek nu nubruk ti hareup. Paninggaran barang nempo bagong nu rek nubruk, gancang ngekang bedilna tuluy ngecengkeun bedilna ka bagong. Barang geus deukeut, jederrr!!! sora bedil ka sada, pelorna nyamber kana sirahna. Bagong nu tadi keur mempeng lumpat gancang, sakoteapan nambru nepi ka teu hudang deui. Paninggaran nyampeurkeun ka sakadang bagong nu geus ngagoler bari ngomong, "ieu yeuh sato nu sok ngaruksak pepelakan aing teh!" Cenah. Ari sakadang peucang mah barang nempo kitu teh ukur ngagideg hungkul tuluy ngaleos deui asup kana leuweung..


KUYA NGAGANDONG IMAHNA Dijaman baheula, kapungkur mah imah-imah kuya téh aya di sisi-sisi muara. Saban poé kuya gawéna ngan ukur ngahuma (berladang). Kuya getol pisan kana ngahumana téh, indit isuk balik magrib. Hiji mangsa basa manéhna keur di huma, aya hujan angin anu gedé kacidaan. Tatangkalan loba anu rarubuh, kitu deui jeung imah sakadang kuya milu hiber katiup angin, Brus wéh.. Lép kalem, ragag ka leuwi. Sakadang kuya atuh sedih kapisan, barang balik imahna geus teu aya. Isukna, kuya nyieun deui hiji imah anu tohaga (bangunan ageung jeung kuat) supaya ulah kabawa angin deui. Hiji poé, kuya balik ti huma tuluy masak keur dahar soré. Sabot masak manéhna ka cai hela, keur di cai manéhna nempo haseup ngebul dina suhunan imahna. Kuya gancang mareman, tapi geus teu kaburu. Tungtungna mah kuya téh hing baé ceurik bari nempo imahna anu béak ka beuleum. Teu lila, keur kitu ujug-ujug jol baé sakadang monyét kolot anu geus loba huisan. Éta monyét téh ngomong ka kuya. "Tong diceurikan sakadang kuya, nyieun deui baé imah mah!" "Lain mantak sakali ieu baé sakadang monyét, harita gé kitu baé aya hujan angin gedé, imah kuring ruksak keur ditinggakeun ka huma. Kudu kumaha atuh akalna supaya hayang boga imah anu awét téh?" 10


"Gampang atuh kuya, ngarah imah hayang ulah cilaka mah babawa baé ulah di tinggakeun. Pék ayena mah, manéh nyieun deui imah anu alus jeung kuat. Engké lamun geus anggeus, ku urang pasangkeun ka tonggong manéh, jieun pantona sakira asup kana sirah baé supaya gampang ngasupkeun sirahna ka jero." Éta omongan monyét téh di turutkeun ku kuya, tuluy manéhna nyieun deui imah anu alus jeung kuat, nu gedéna ngukur kana awak, panto di harepna ukur bisa longgor sirah paranti kaluar asupna baé. Saengges imahna jadi, prok baé dipasangkeun kana tonggongna, ari sakadang monyét anu memenerkeun nana. Tah ti harita mah imah sakadang kuya téh sok di babawa baé di gagandong. Pesan moral : Jadi jalma mah kudu getol kos sakadang kuya tapi tong gampang putus asa jeung teu boga akal. Sarta kudu daék babantu ka batur kos sakadang monyét.


SUMBER REFERENSI https://www.sonora.id/read/423656311/4-contoh-dongeng-bahasa-sundapendek-seru-dan-mudah-dipahami https://basasunda.com/kumpulan-dongeng-fabel-sasatoan-bahasasunda/#1._ https://katadata.co.id/intan/lifestyle/645b4d487fcae/4-dongeng-bahasasunda-pendek-ini-mudah-dihafalkan https://berita.99.co/dongeng-sunda-penuh-pesan-moral/


Click to View FlipBook Version