10 Ieu paguneman téh pikeun ngalatih murid, kumaha prak-prakanana lamun
ngobrol jeung anu umurna saluhureun. Jadi mangrupa latihan dina tatakrama
basa. Uwa Angga bisa dianggap wawakil generasi kolot an keur ngadongéng
ka Nugraha salaku wawakil generasi budak. Uwa Angga nyaritakeun perkara
maén bal dina jaman baheula anu ku Nugraha mah teu kaalaman.
11. Guru nugaskeun murid pikeun maca ieu paguneman dina jero haté heula.
Geus kitu kakara ditangtukeun, saha anu merankeun Nugraha, jeung saha nu
merankeun Uwa Angga.
12. Ieu paguneman kudu dipolahkeun di hareupeun kelas, dibarandungan ku
murid séjénna. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara macana.
13. Ku guru dicatet saha-sahana murid anu dianggap geus merenahkeun diri jadi
tokoh dina paguneman.
D. NGAPALKEUN HARTI KECAP
No. Kagiatan
14. Dina ieu bagian, guru kudu nerangkeun sasaruaan atawa sinonim sawatara kecap
tina wacana anu dianggap hésé. Dina lebah nerangkeunana alus pisan mun guru
ngagunakeun gambar, atawa sakapeung bari dipolahkeun, sangkan ku murid
kahartieun pisan.
15. Pikeun ngukur tepi ka mana murid dina nangkep pangajaran, ku guru dites
saurang-saurang, sina nyebutkeun harti kecap anu geus diterangkeun. Murid
anu séjénna sina ngabandungan, terus méré koréksi mun aya anu salah atawa
kurang merenah.
16. Kecap-kecap anu diterangkeun dina ieu bagian aya patalina jeung pangajaran
saterusna dina ngalarapkeun kecap kana kalimah, nyaéta kecap-lecap anu méh
padeukeut hartina.
E. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH
No. Kagiatan
17. Dina ieu bagian murid dibéré pancén ngalarapkeun dua kecap kana dua
kalimah anu geus disayagikeun. Éta kecap anu kudu dilarapkeun aya anu
mangrupa homonim atawa kecap sabalikna, jeung aya kecap anu padeukeut
hartina.
Bab 2 Pituduh Husus 43
18. Ieu pancén téh dipigawéna dina buku tulis. Ku guru dicontoan heula
sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran.
Contona: sakapeung – salilana
Dina lebah tanjakan mah sakapeung sok eureun heula.
Ah, salilana ogé panonpoé mah bijilna ti beulah kulon.
Yén kecap sakapeung téh sabalikna atawa lalawanan tina kecap salilana.
Ari kecap anu padeukeut hartina upamana waé dibubuy jeung dibeuleum,
anu sarua nuduhkeun kana hiji kagiatan anu ngagunakeun seuneu.
19. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan. Salah saurang murid sina maca
kalimah anu ditulisna, dibarandungan ku anu séjén.
1. tutugan gunung – puncak gunung
Dina lebah tutugan gunung aya saung paranti reureuh.
Nanjak pisan mun leumpang ka puncak gunung mah.
2. haneut moyan – tengah poé
Indit ti imah téh waktu haneut moyan, henteu kana ojég.
Ulah ngapungkeun langlayangan tengah poé atuh, panas.
3. béntang lapang – béntang baranang
Barétona cenah Uwa Angga kungsi jadi béntang lapang.
Di langit béntang baranang, tambah éndah pamandangan.
4. dibubuy – dibeuleum
Méméh dipaké maén bal, jeruk bali téh kudu dibubuy heula.
Lauk emas mah rék digoréng atawa dibeuleum ogé angger ngeunah.
5. ditigrig – diteunggar
Kiper anu rék néwak bal téh ditigrig tepi ka labuh ka gigireun gul.
Panto pager téh tepi ka ucutan lantaran diteunggar domba anu leupas.
F. NATAAN SESEBUTAN DINA AWAK
No. Kagiatan
20. Tujuan pangajaran dina ieu bagian nyaéta sangkan murid wanoheun kana
ngaran-ngaran atawa sesebutan dina babagian awak urang. Dina wacana
disabit-sabit aya kecap bincurang. Nya kecap éta pikeun nyukanganana mah.
Alus pisan mun pikeun nerangkeun ieu bagian téh guru ngagunakeun gambar
ukuran rubak, ditapelkeun dina bor, utamana dina waktuna murid dités.
21. Ku guru disebutkeun bari dituduhkeun saban babagian anu aya dina awak,
sakumaha anu dibéréndélkeun dina buku pangajaran, nyaéta babagian anu
aya dina suku, leungeun, jeung ngaran ramo.
44 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
22. Sanggeus diterangkeun,saban murid dités sina nyebutan deui éta babagian awak.
Anu nuduhkeun gambarna mah bisa guru, bisa murid deuih, sina bagilir.
G. NYUSUN KECAP JADI KALIMAH
No. Kagiatan
23. Pangajaran dina ieu bagian téh pikeun mentés kamampuh murid dina nyusun
kecap jadi kalimah. Materi dina ieu bagian aya patalina jeung pangajaran
saméméhna, hususna dina mahamkeun sesebutan babagian awak.
24. Dina prak migawéna,murid dituyun heula ku cara disayagikeun sawatara kecap
anu geus disusun. Cindekna mah maranéhna téh ngan kari nganggeuskeun
wungkul. Ieu tugas téh sina dipigawé di imah masing-masing.
25. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun. Pikeu
padoman dina meunteun, bisa dititénan ieu di handap.
1. sapédah – labuh – tina – baréd –manéhna – urut – tuur
Tuur manéhna baréd urut labuh tina sapédah.
2. katajong – teu – bincurang – nyingcet – bakal – lamun
Lamun teu nyingcet bincurang bakal katajong.
3. paku – keuneung – nyeri – lebah – mani – kacugak – dina
Kacugak paku mani nyeri dina lebah keuneung.
4. mumuncangan – kaos – kudu – kaki – nutupan – maké – mun
Mun maké kaos kaki kudu nutupan mumuncangan.
5. érloji – pigeulang – ogé – biasana – atuh – dina – mah – maké
Maké érloji mah biasana ogé dina pigeulang atuh.
6. pilar – siku – labuh – dipaké – tina – nahan – waktu – luhur
Siku dipaké nahan waktu labuh tina luhur pilar.
7. ramo – ngitung – dititah – mun – maké – sok – baréto – mah
Baréto mah mun dititah ngitung sok maké ramo.
8. jauh – barang – anu – nuduhkeun – curuk – sok – dipaké
Curuk sok dipaké nuduhkeun barang anu jauh.
9. jariji – ali – maké – mah – biasana – kénca – dina – lamun
Lamun maké ali mah biasana dina jariji kénca.
10. cinggir – sok – téh – sireum – suten – diibaratkeun – dina
Dina suten cinggir téh sok diibaratkeun sireum
Bab 2 Pituduh Husus 45
H. NGABANDUNGAN PEDARAN NGEUNAAN KAULINAN
No. Kagiatan
26. Pangajaran dina ieu bagian téh pikeun ngawanohkeun salah sahiji kaulinan.
Ku guru diterangkeun sakumaha anu aya dina buku pangajaran.
27. Saterusna murid sina maca wacana déskripsi anu nerangkeun prak-prakan
kaulinan ucing puntang. Ku guru terus diterangkeun kumaha prak-prakanana,
malah leuwih alus lamun terus dipolahkeun. Barudak sina aya nu ka hareup.
Cukup opatan gé, terus maranéhna sina molahkeun kaulinan ucing puntang,
itung-itung simulasi.
28. Ieu kaulinan téh ngalatih barudak sangkn bisa rikat, henteu kuuleun. Lamun
dina aspék ngawangun karakter, barudak dilatih jujur jeung daék ngaku
kaunggulan batur.
Lian ti éta, ngalatih sangkan tong gancang putus asa, hususna pikeun budak
anu kabeneran keur jadi ucingna.
29. Kacida alusna mun guru ngbingbing barudak sina molahkeun ucing puntang
anu saenyana. Tempatna ogé ulah di jero kelas, tapi di buruan sakola, ngarah
laluasa. Guru bakal bisa niténan, saha budak anu gesit, rancingeus, jeung anu
kuuleun. Kitu deui bakal kanyahoan sha anu jujur ngaku kaunggulan batur,
jeung teu gancang putus asa.
I. NGANGGEUSKEUN KARANGAN
No. Kagiatan
30. Materi dina ieu bagian masih patali jeung jejer kaulinan barudak. Ari jenis
kaulinanana nyaéta ucing sumput.Ayeuna mah murid dibéré pancén nganggeus
karangan.
31. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dina minggu hareupna
terus dibahas babarengan. Sakabéh karangan ku guru kudu dipariksa, terus
dipeunteun.
32. Ku sabab ngaranna ogé ngarang, tangtu waé saban murid bébas ngutarakeun
pamanggihna dina wangun kalimah. Minangka pikeun padoman guru, bisa
dititénan sakumaha nu aya ieu di handap.
46 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
UCING SUMPUT
Kira-kira tabuh satengah lima soré,barudak keur ulin di buruan.Kabeneran
keur teu hujan. Maranéhna rék ulin ucing sumput.
Barudak anu keur ucing sumput téh aya limaan, nyaéta Rahmat, Wida,
Nurul, Tédi, jeung Komara. Pikeun nangtukeun saha nu jadi ucing, barudak
téh hompimpah heula.
Anu pangheulana kapilih jadi ucing téh Nurul. Barudak anu opatan deui
terus néangan panyumputan. Rahmat nyumput dina tukangeun panto,Wida
jeung Komara arasup ka jero garasi, ari Tédi nyumputn téh pipireun
imah.
Anu pangheulana kapanggih nyumputna nyaétaTédi.Atuh terus waéTédi
anu jadi ucingna. Barudak anu opatan gancang nyarumput pabuni-
buni.
Saterusna anu kagiliran jadi ucing téh Komara. Ayeuna mah barudak
nu opatan téh nyumputna baruni pisan. Komra kudu kukurilingan
néangan an keur nyarumput.
Sanggeus burit, barudak terus enggeusan, sabab kudu buru-buru
mandi. Mn geus bérés mandi, marnéhna kudu terus ka masjid, rék
solat magrib. Sanggeus bérés solat terus dialajar ngaji.
Bab 2 Pituduh Husus 47
PANGAJARAN 6
Tema : Sosobatan
Bahan : Carpon
Waktu : Tilu minggu
Carpon atawa carita pondok kiwari geus jadi bagian penting tina dunya sastra Sunda.
Murid kelas III mimiti diwanohkeun kana carpon.Tangtu waé ukur carpon basajan, boh
ditilik tina basa nu digunakeunana boh ditilik tina eusina.
Aya dua carpon anu kudu dibaca ku murid. Anu dipalar maranéhna bisa mimiti
wanoh kana ieu karya sastra.Tangtu waé ku guru kudu diterangkeun, naon anu dimaksud
carpon téh. Diterangkeunana sacara basajan waé, teu kudu nyosok jero.Anu penting mah
barudk téh resep macana, jeung ngarti kana eusina, lain sina apal kana tiorina.
Anu diperedih dina kurikulum, carpon ajarkeuneun téh anu témana ngeunaan
sosobatan. Ku maca éta carpon, dipiharep rasa sosobatn dina diri barudak beuki kuat.
KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR
A. MACA BEDAS
No. Kagiatan
1. Dina Pangajaran 6, murid diwanohkeun kana karya sastra anu ditulis dina
wangun carita pondok atawa carpon. Kabeneran ieu carpon anu diwanohkeun
téh ditulisna ku murid SD. Ku kituna lamun dibaca ku papada budak deui gedé
kamungkinan bakal leuwih babari neuleuman eusina atawa ngajiwaanana.
2. Carpon kahiji judulna”Kastrol Panas”, karangan Déa Lugina. Carpon kadua
judulna “Lalajo Lumba-lumba”, karangan Ani Mulyani. Ngahaja deuih anu
dipilih téh karangan budak lalaki jeung budak awéwé. Maksudna mah ngarah
saimbang dina lebah aspék kajiwaanana. Najan lain hartina carpon karya budak
lalaki kudu dibaca ku lalaki deui, atawa jijieunan budak awéwé kudu dibaca
ku budak awéwé deui.
3. Ieu carpon téh anu kahiji macana kudu dibedaskeun,ari nu kadua kudu dibaca dina
jero haté. Pangna kitu téh ngarah aya variasi, anu dipalar murid bias ngararasakeun
bédana. Ngeunaan prak-prakan maca bedas jeung maca dina jero haté cukup ukur
diterangkeun saliwat waé, apanan dina pangajaran saméméhna ogé geus kungsi
dipigawé ku murid.
48 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
4. Ku guru diterangkeun saliwat, naon ari nu dimaksud carpon.Yén carpon téh
karangan rékaan anu ditulis dina basa lancaran (prosa). Dina dua carpon anu
rék dibaca ku murid eusina nyaritakeun pangalaman diri sorangan.
5. Mimitina guru nugaskeun murid pikeun maca bedas carpon kahiji,dibagilirkeun,
upamana waé saurangna opat atawa lima alinéa séwang. Hal éta mah gumantung
kana panjangna. Sajeroning dibaca, murid anu séjénna sina ngabarandungan.
B. MACA DINA JERO HATÉ
No. Kagiatan
6. Sanggeus réngsé maca carpon kahiji, diteruskeun kana carpon kadua. Sakur
murid sina nyanghareupan wacana nu kudu dibaca dina jero haté.
7. Lamun ditilik tina eusina, ieu carpon kadua téh tingkat kasulitanana leuwih
luhur batan carpon kahiji. Mémang enya, duanana gé nyaritakeun lalampahan,
tapi dina ieu carpon leuwih mindeng nyaritakeun hasil nengetan palakuna.Ari
dina carpon kahiji mah gegedéna nyaritakeun lalampahan anu nonggérak.
8. Saréngséna dibaca, guru ngasongkeun pertanyaan ka murid, naha maranéhna
bisa nangkep kana eusi éta carpon. Guru bisa waé neruskeun pertanyaan, resep
mana maca carpon kahiji jeung carpon kadua. Jawaban murid tangtuna gé
rupa-rupa. Keun waé, hal éta nuduhkeun tingkat aprésiasi maranéhna.
C. NYUSUN PERTANYAAN
No. Kagiatan
9. Dina pangajaran nu geus karaliwat, saréngséna mca hiji wacna téh murid
dititah ngajawab pertanyaan ngeunaan eusi wacana, boh lisan boh tinulis.Tah
ayeuna mah dibalikkeun, murid sina diajar nyusun pertanyaan, dumasar kana
jawaban anu geus disayagikeun.
Pertanyaan anu kudu disusun ku murid téh kudu dumasar kana eusi wacana.
Éta pertanyaan téh dipigawéna dina buku tulis.
10. Ieu tugas téh dipigawéna babarengan, dibagi jadi dua kelompok. Kelompok
kahiji kudu nyusun pertanyaan dumasar kana carpon kahiji, ari kelompok
kadua dumasar kana carpon kadua.
Dip;iharep murid barisaeun ngalarapkeun kecap pananya dina kalimah,
kayaning saha, naon, kumaha, ka mana, kumaha, jeung naon sababna.
Bab 2 Pituduh Husus 49
11. Hasil pagawéan kelompok dibahas babarengan. Saban pertanyaan anu disusun
ku murid sina dibaca sacara bagilir,dibarandungan ku anu séjén.Hasil pagawéan
maranéhna ku guru kudu dipeunteun.
12. Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititénan sakumaha ieu di handap:
Kelompok 1
1. Pertanyaan: Saha anu datang nyampeurkeun Udin téh?
Jawaban :Anu datang nyampeurkeun Udin téh nyaéta Asép.
2. Pertanyaan: Naon sababna Udin ngarénjag?
Jawaban : Sabab ngarasa reuwas tepi ka ampir ngahéden kai jati.
3. Pertanyaan: Naon tujuan Asép nyampeur Udin téh?
Jawaban :Asép nyampeur Udin téh rék ngajak ngaliwet.
4. Pertanyaan: Bogaeun naon waé Udin keur bekel ngaliwet téh?
Jawaban : Udin ngan bogaeun béas jeung céngék wungkul.
5. Pertanyaan: Ti dinya terus arindit ka mana Asép jeung Udin téh?
Jawaban :Asép jeung Udin nyampeur Si Peucang jeung Si Ajat.
6. Pertanyaan: Saha ari ngaran asli Si Peucang téh?
Jawaban : Si Peucang téh ngaran aslina Unang.
7. Pertanyaan: Naon sababna maké disebut Si Peucang?
Jawaban : Disebut Si Peucang téh lantaran tarik lumpatna.
8. Pertanyaan: Saha ari ngaran aslina Si Ajat?
Jawaban : Si Ajat ngaran aslina Ujang Sopandi.
9. Pertanyaan: Naha maké disebut Si Ajat?
Jawaban : Disebut Ajat sotéh pédah jago maén bal.
10. Pertanyaan: Di mana barudak téh ngaliwetna?
Jawaban : Ngaliwetna di kebon Aki Undang.
11. Pertanyaan: Ari Asép kabagian mawa naon waé?
Jawaban :Asép kabagian mawa suluh jeung uyah.
12. Pertanyaan: Dikumahakeun snggeus liwet asak téh?
Jawaban : Liwet téh diwadahan kana daun cau.
13. Pertanyaan: Kumaha barudak téh daharna?
Jawaban : Barudak téh daharna mani paronyo pisan.
14. Pertanyaan: Naon sababna barudak lalumpatan?
Jawaban : Barudak lalumpatan sabab aya Aki Undang.
15. Pertanyaan: Naon sababna Aki Undang ngagorowok waktu najong
bujur kastrol?
Jawaban : Sabab bujur kastrol téh panas.
50 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Kelompok 2
1. Pertanyaan: Di mana tempatna pintonan lumba-lumba téh?
Jawaban :Tempatna di lapangan Tugu Bandung Lautan Api,Tegallega.
2. Pertanyaan: Iraha biasana sok loba nu lalajona?
Jawaban :Ari poé Minggu mah sok loba pisan anu lalajo.
3. Pertanyaan: Sajaba ti barudak, saha waé nu lalajo pintonan lumba-
lumba téh?
Jawaban :Anu lalajo téh aya ibu-ibu jeung bapa-bapa.
4. Pertanyaan: Sato naon anu sina dadangsaan téh?
Jawaban :Anu sina dadangsaan téh nyaéta anjing laut.
5. Pertanyaan: Kumaha carana anjing laut ngajawab itungan?
Jawaban :Anjing laut ngajawab ku ngagoyangkeun bél.
6. Pertanyaan: Kumaha mimitina lumba-lumba téh waktu ngajawab
sual?
Jawaban : Mimitina mah lumba-lumba téh ngajawabna salah.
7. Pertanyaan: Kumaha sikep panongton waktu lumba-lumba bener
ngajawab sual?
Jawaban : Panongton surak ngarasa bungah.
8. Pertanyaan: Saha aria nu tinggalejebur ka balong?
Jawaban :Anu tinggalejebur ka balong téh Bapa Badut.
9. Pertanyaan: Kumha harita lumba-lumba téh?
Jawaban : Lumba-lumba nulungan Bapa Badut.
10. Pertanyaan: Saterusna lumba-lumba téh dititah naon?
Jawaban : Lumba-lumba ngajlengan buleudan seuneu.
11. Pertanyaan: Sato naon anu tumpak paparahuan?
Jawaban :Anu tumpak paparahuan téh lutung leutik.
12. Pertanyaan: Terus dikumahakeun éta paparahuan téh?
Jawaban : Paparahuan disurung ku lumba-lumba.
13. Pertanyaan: Saha ari nu dicium ku lumba-lumba?
Jawaban :Anu dicium ku lumba-lumba téh panongton.
14. Pertanyaan: Sanggeus pintonan réngsé, barudak dibagi naon?
Jawaban : Barudak dibagi jidar hiji séwang.
15. Pertanyaan: Kumaha perasaan pangarang sanggeus lalajo pintonan
lumba-lumba?
Jawaban : Resep tapi bari karunya nempo sasatoan bisa maén téh.
Bab 2 Pituduh Husus 51
D. NYARITAKEUN EUSI CARPON
No. Kagiatan
13. Ku maca dua carpon, murid dipiharep bisa pahm kana eusina. Patali jeung
pangjaran di luhur, lamun murid barisaeun nyusun pertanyaan, éta ogé kaasup
geus mampuh nangkep eusi carpon.
Cara séjénna pikeun ngukur kamampuh murid dina mahamkeun carpon
nu geus dibacana nyaéta nyaritakeun deui eusina. Dina hal ieu, murid sina
nyaritakeun tingkesan carpon anu geus dibacana.
Sajaba ti pikeun mahamkeun eusina, murid dilatih nyarita deuih, utamana
dina lebah kawanterna.
14. Saterusna murid dibéré pancén nyaritakeun eusi carpon dina ungkara anu
disusun ku dirina sorangan. Pikeun conto, dina buku pangajaran dipidangkeun
conto nyaritakeun eusi carpon nu judulna “Kastrol Panas”.
Udin diajak ngaliwet ku Asép, tempatna di kebon Aki Undang. Udin jeung Asép
nyampeur dua sobatna, nyaéta Unang jeung Ujang Sopandi. Udin mawa béas sakilo
jeung céngék.Asép mawa suluh jeung uyah. Unang mawa asin.Ajat mawa kastrol jeung
coét. Sanggeus tepi ka kebon Aki Undang, prak ngaliwet. Udin kabagian ngurus liwet.
Unang meuleum asin, Ujang Sopandi nyambel, ari Si Asép ngala sayuran, kayaning
bonténg, jeung saladah. Sanggeus asak, liwet diwadahan kana daun cau. Terus waé
dalahar, mani ponyo. Keur kitu datang Aki Undang. Barudak lalumpatan, da sieuneun
dicarékan. Kastrol panas ku Aki Undang ditajong.Aki Undang panaseun, terus ngajleng
kana embel. Sanggeus Aki Undang indit, barudak nyokot liwet anu tadi ditinggalkeun.
15 Tingkesan anu bieu téh sina dibaca bedas ku slah saurang murid,dibarandungan
ku anu lian.
Ku guru kudu diterangkeun yén anu bieu dibaca téh disebutna tingkesan
tina carpon anu geus dibaca. Éta téh sarua waé jeung urang nyaritakeun deui
eusi carpon.
16. Murid sina nyaritakeun eusi carpon kadua ku basana sorangan. Lamun
katimbang hésé,ku guru bisa dicukangan heula,sangkan murid boga gambaran
anu jelas kana eusi éta carpon,tepi ka mampuh nyaritakeun deui.Anu dimaksud
nyukangan di dieu nyaéta ku ngasongkeun rupa-rupa pertanyaan, terus siona
dijarawab ku murid, upamana waé:
- Aya pintonan naon di Tegallega téh?
- Saha waé anu lalajona?
- Naon anu dipintonkeun dina acara mimiti?
- Ari anu dipintonkeun ku lumba-lumba naon waé?
- Kumaha sanggeus pintonan réngsé?
Lamun murid mmpuh ngajawab éta pertanyaan, hartina manéhna geus bisa
nyaritakeun deui eusi carpon dina tingkat anu basajan.
52 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
17. Lamun disusun dina ungkara kalimah dina wangun paragraf, anu dicaritakeun
ku murid téh kira-kira kieu:
Di Tegallega aya pintonan lumba-lumba. Anu lalajona lolobana barudak. Anu
dipintonkeun dina acara mimiti nyaéta anjing laut sina dadangsaan, terus dititah
ngitung. Anu dipintonkeun ku lumba-lumba téh rupa-rupa. Mimitina sina ulin bal,
terus dititah ngitung. Ari anu matak paur mah waktu lmba-lumba sina ngajlengan
seuneu dina buleudan beusi. Dina bagian panungtung, lumba-lumba téh dititah nyium
panongton. Sanggeus pintonan réngsé, barudak dibagi jidar hiji séwang.
E. NGAPALKEUN HARTI KECAP
No. Kagiatan
18. Dina carpon anu dibaca ku murid aya sawatara kecap anu diterangkeun
hartina. Sajaba ti au geus dipidangkeun dina buku pangajaran, bisa waé
ditambahan ku kecap séjénna anu dipilih ku murid.
19. Dina nerangkeun harti kecap, bakal leuwih alus lmun guru ngagunakeun alat
peraga, di antarana gambar parabot dapur jeung gambar babagian imah.
20. Kecap anu kudu diterangkeun hartina téh minimal ngawengku:
- bancunur = melendung sabab tidagor
- ngahéden = tidagor
- sori = maap
- kacatur = kacaritakeun
- calakan = pinter
- inggis = paur atawa sieun
- embel = leutak jero di sawah
- paronyo = ngarasa ngeunah atawa ni’mat
- hateup = bagian luhur anu nutupan wangunan
- bangus = sungut sasatoan bagian hareup
- héman = boga rasa nyaah
- kastrol = pakakas atawa parabot paranti ngaliwet
21. Tina béréndélan kecap di luhur, aya sawatara di antarana anu bisa dipolahkeun
dina wangun gerak. Kecap ngahéden, upamana, ku guru bisa dipolahkeun.
Kitu deui kumaha ari nu dahar paronyo.
22. Éta harti kecap téh ku murid sina diapalkeun. Saterusna ku guru dités saurang-
saurang, sina nataan hartina.
Bab 2 Pituduh Husus 53
F. NYEBUTKEUN GUNANA PAKAKAS
No. Kagiatan
23. Ieu pangajaran téh nyambung jeung carpon kahiji. Di dinya disebut-sebut
ngaran pakakas atawa parabot dapur,nyaéta kastrol.Dina éta carpon disebutkeun
deuih, naon ari gunana kastrol, nyaéta paranti ngaliwet.
24. Saterusna dibéréndélkeun sawatara pakakas atawa parabot dapur lianna,
kayaning panci, sééng, katél, coét jeung mutu, talenan, parud, jeung blénder.
Teu mustahil aya sawatara parabot dapur anu ku barudak dina jaman ayeuna
mah geus langka kapanggih,malah boa teu nyahoeun-nyahoeun acan,upamana
sééng. Najan kitu, urang terangkeun naon gunana, da éta parabot téh geus jadi
bagian tina pakaya budaya Sunda.
25. Dina nerangkeun naon gunana éta pakakas atawa parabot dapur anu aya dina
gambar, guru bisa waé ku cara nanya heula ka murid.Teu mustahil aya di antara
maranéhna anu geus apaleun. Katerangan ti hiji murid bisa waé dilengkepan
ku katerangan ti murid séjénna. Mun kateranganana geus dianggap bener,
guru nugaskeun murid pikeun nyatet dina buku tulis.
26. Sagemblengna anu kudu diterangkeun ku guru téh ngawengku:
- Gunana kastrol pikeun ngaliwet
- Gunana panci pikeun naheur cai, ngangeun, ngolek
- Gunana sééng pikeun nyangu
- Gunana katél pikeun ngagoréng
- Gunana coét jeung mutu pikeun ngaréndos samara, nyambel
- Gunana talenan pikeun nyiksik atawa ngeureutan
- Gunana parud pikeun marud
- Gunana blénder pikeun ngalembutkeun atawa ngalemeskeun dahareun
G. NATAAN NGARAN POÉ
No. Kagiatan
27. Pangajaran dina ieu bagian patali jeung eusi carpon kadua, duméh di dinya
disabit-sabit ngaran poé, nyaéta Minggu jeung Senén. Barudak tangtu apaleun,
naon waé ari ngaran poé dina jero saminggu. Alusna ku guru diterangkeun
yén dina basa Sunda mah anu merenah téh lain poé Minggu, tapi Ahad.
28. Tujuan ieu pangajaran téh nyaéta sangkan murid paham kana ngaran poé anu
patali jeung poé ieu, boh anu rék disorang boh anu geus kaliwat.
Katerangan ngeunaan hal ieu geus dijéntrékeun dina buku pangajaran:
54 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Lamun ayeuna poé Senén, kamari téh poé Ahad atawa Minggu (mundur
sapoé), ari isukan poé Salasa (maju sapoé). Kamari maksudna sapoé saméméh
ayeuna, ari isukan mah sapoé sanggeus ayeuna. Aya deui sesebutn séjénna,
nyaéta pagéto jeung mangkukna. Pagéto nyaéta dua poé sanggeus ayeuna. Ari
mangkukna mah dua poé saméméh ayeuna.Jadi lamun ayeuna poé Senén,pagéto
téh poé Rebo (maju dua poé), ari mangkukna poé Saptu (mundur dua poé)
29. Murid sina nyebutan ngaran poé anu ngawengku isukan, pagéto, kamari, jeung
mangkukna. Sual dibaca ku guru, sina dijawab ku murid saurang-saurang,
sacara bagilir, murid séjénna sina ngabarandungan.
30. Sual jeung jawaban anu ditugaskeun ka murid téh sagemblengna kieu:
1. Lamun ayeuna poé Jumaah, ari isukan poé naon, jeung ari kamari poé
naon?
Jawabanana: Saptu jeung Kemis.
2. Lamun ayeuna poé Ahad, ari kamari poé naon, jeung ari isukan poé
naon?
Jawabanana: Saptu jeung Senén.
3. Lamun ayeuna poé Rebo, ari isukan poé naon, jeung ari kamari poé
naon?
Jawabanana: Kemis jeung Salasa.
4. Lamun ayeuna poé Saptu, ari kamari poé naon, jeung ari mangkukna poé
naon?
Jawabanana: Jumaah jeung Kemis.
5. Lamun ayeuna poé Salasa, ari kamari poé naon, jeung ari pagéto poé
naon?
Jawabanana: Senén jeung Rebo
6. Lamun ayeuna poé Kemis, ari isukan poé naon, jeung ari pagéto poé
naon?
Jawabanana: Jumaah jeung Saptu
7. Lamun ayeuna poé Ahad, ari pagéto poé naon, jeung ari mangkukna poé
naon?
Jawabanana: Senén jeung Jumaah.
8. Lamun ayeuna poé Rebo, ari mangkukna poé naon, jeung ari pagéto poé
naon?
Jawabanana: Senén jeung Jumaah.
Bab 2 Pituduh Husus 55
PANGAJARAN 7
Tema : Hémat Energi
Bahan : Prosa Argumxntasi
Waktu : Tilu minggu
Hirup hémat geus jadi program pamarxntah.Anu disebut hémat téh lain hartina ukur
kana duit wungkul, tapi deuih dina sagala widang, kaasup hémat kana xnergi, kaasup
listrik, pulsa, jeung gas. Kitu deui cai ogx kudu dihxmat.
Hémat kana duit maksudna duit anu dipiboga ku urang ulah dipaké pikeun hal-hal
anu teu perlu, mana komo anu matak bahaya mah. Ari hémat kana xnergi maksudna
ngagunakeun xnergi ukur lamun keur perlu.
Di sagigireun pikeun nambahan kaweruh, materi anu txmana hxmat xnergi the
dipiharep bisa ngadeudeul sikep murid dina kahirupan sapopoxna, nyaxta mampuh
ngahxmat xnergi jeung sumber alam lianna.
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
A. MACA JERO HATÉ
No. Kagiatan
1. Wacana ngeunaan téma hémat énergi téh ditulis dina wangun prosa arguméntasi
dina tahap basajan. Dina xta wacana dixbrxhkeun naon pangna urang kudu
ngahémat énergi
2.
3.
B. NGAJAWAB PANANYA
No. Kagiatan
Pikeun padoman guru dina meunteun hasil pagawxan murid, bisi dititxnan
sakumaha di handap ieu:
56 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
1. Naon sababna di jalan atawa gang nu poék kudu dilampuan?
Jawabanana: sabab lamun poxk mah bisi nu ngaliwat cilaka
2. Iraha kuduna urang nyaangkeun lampu di jero imah?
Jawabanana: peuting wungkul, tapi mun rék saré mah teu kudu kabéh sina
hurung
3. Pakakas naon waé di antarana anu butuh ku énergi listrik?
Jawabanana: kulkas, televisi, jeung kompa cai
4. Bakal kumaha lamun énergi listrik terus-terusan dipaké?
Jawabanana: bakal ngurangan, ahirna béak
5. Kumaha contona urang ngahémat énergi listrik téh?
Jawabanana: lamun geus teu dilalajoan, televisi gancang pareuman
6. Naon sababna urang kudu ngahémat énergi listrik?
Jawabanana: sabab énergi listrik téh kudu dibeuli atawa dibayar
7. Bakal kumaha lamun televisi terus hurung padahal euweuh nu lalajona?
Jawabanana: bakal hambur listrik jeung televisina téréh ruksak
8. Naon akibatna mun istrikaan terus hurung padahal geus teu dipaké?
Jawabanana: bisa nimbulkeun kahuruan
9. Naon sababna ngahémat listrik téh sarua jeung ngahémat duit?
Jawabanana: sabab lamun ngagambur-hambur listrik tangtu bakal
hambur duit
10. Kumaha contona mun urang ngahémat cai?
Jawabanana: cai ukur dipaké saperluna ulah dipiceunan
C. NGAJELASKEUN CARA-CARA NGAHEMAT
No. Kagiatan
Kelompok 1
1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat listrik?
2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur listrik?
Jawabanana:
Cara-cara ngahxmat listrik nyaxta lamun lampu geus teu dipakx kudu
dipareuman, lamun televisi geus teu dilalajoan kudu dipareuman, lamun kipas
angin atawa kompa cai geus teu dipakx kudu dipareuman.
Mun urang ngahambur-hambur listrik sarua jeung ngahambur-hambur duit,
sabab rekening listrik anu kudu dibayar bakal ngagedxan, atawa urang jadi
kudu mindeng ngeusi pulsa listrik.
Bab 1 Pituduh Umum 57
Kelompok 2
1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat pulsa
telepon?
2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur pulsa telepon?
Jawabanana:
Cara-cara ngahxmat pulsa telepon nyaxta urang ngagunakakeun telepon
atawa ngirim sms txh pikeun hal-hal anu penting wax, kitu deui lamun
urang nelepon nyaritana cukup saperluna wax, ulah lila-lila teuing atawa ulah
panjang-panjang teuing.
Mun urang ngahgambur-hambur pulsa telepon sarua jeung ngahambur-
hambur duit, sabab ari pulsa txh apan kudu dibeuli.
Kelompok 3
1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat cai?
2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur cai?
Jawabanana:
Cara-cara ngahxmat cai nyaxta urang ulah miceunan cai pikeun hal-hal anu
teu perlu. Lamun urang ngocorkeun cai tina keran ulah poho tutup deui. Kitu
deui dina ngagunakeun kompa cai, lamun bakna geus pinuh kudu gancang
dipareuman.
Lamun urang ngahambur-hambur cai, dina geus datang usum halodo tangtu
bakal saat. Kitu deui lamun urang ngahambgur-hambur cai lxdeng, rxkening
anu kudu dibayar bakal ngagedxan. Jadi ngahambur-hambur cai txh sarua
jeung ngahambur-hambur duit.
Kelompok 4
1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat gas?
2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur gas?
Jawabanana:
Cara-cara ngahxmat gas nyaxta dihurungkeunana kompos gas txh lmun keur
perlu wax. Dina geus teu dipakx, kudu gancang dipareuman deui.
Ngahambur-hambur gas txh sarua wax jeung ngahambur-hambur duit. Lian ti
xta,lamun kompor gas terus-terusan hurung,komo lamun bari teu ditungguan,
bisa nyababkeun kahuruan.
58 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
D. NGALARAPKEUN KECAP SABALIKNA
No. Kagiatan
1. Tong hayang nu mahal meuli sapatu téh. Geus waé nu murah asal pantes
dipakéna.
2. Ditempo keur di luhur mah kapal terbang téh jiga leutik. Tapi ari geus di
handap mah geuning gedé, nya.
3. Mani capé ngaboséh sapédah di jalan nu nanjak mah.Teu kawas di jalan anu
mudun mani hampang.
4. Tah, nu ieu mah kamar téh lega, bisa asup tempat tidur jeung lomari. Lamun
kamar nu di tukang mah heureut.
5. Sanggeus diberesihan jeung disemprot ku parfum mah, kamar mandi anu
tadina bau téh ayeuna jadi seungit.
6. Ari sugan geus garing sapatu téh, boro rék dipaké olahraga. Geuning ieu mah
baseuh kénéh, Jang.
7. Urang kudu inget kana jasa batur sanajan sakumaha leutikna ogé, peupeujeuh
ulah tepi ka poho.
8. Ulah kandel teuing ngeureutan témpé nu rék digoréng téh, mending sing
ipis waé ngarah téréh asak.
9. Ulah waka dipeuncit ayeuna hayam nu ieu mah, sabab begang. Mending nu
jago geura, ngarah lintuh.
10. Teu kabeneran meuli kadu téh atah kénéh, ari sugan geus asak, da warna
kulitna geus konéng.
Bab 1 Pituduh Umum 59
PANGAJARAN 8
Téma : Ngajénan Sasama jeung Hormat ka Kolot
Bahan : Téks dongéng
Waktu : 3 minggu
Ngajénan ka sasama atawa papada, sarta hormat ka kolot—hususna indung-bapa, jadi
kawajiban sakumna jalma.Ieu sikep téh kudu sina mimiti tumuwuh ti mangsa budak kénéh.
Atikan anu tujuanana ka dinya bisa waé ditepikeunana ngaliwatan média dongéng.
Dina pangajaran ayeuna aya tilu dongéng anu baris diajarkeun. Dongéng ngeunaan
kumaha kuduna sikep urang dina silih ajénan jeung papada diébréhkeun dina lalakon“Gajah
Éléh ku Sireum”.Ari dongéng anu eusina kawjiban urang hormat ka kolot ditepikeun dina
lalakon “EmasWarisan Bapa”. Dongéng anu katilu, judulna “Mang Juhéb Dagang Kopéah”
leuwih loyog mun dianggap pikeun pangbeberah, sabab eusina pikaseurieun.
Sangkan murid meunang gambaran nu leuwih jéntré, guru kudu nerangkeun naon
ari nu disebut dongéng katut conto-contona.Aya waktu husus pikeun medarna. Sangkan
pedaran ngeunaan dongéng mundel, guru kudu nambahan kaweruh ku maca rupa-rupa
dongéng anu aya dina sastra Sunda.
Dina bagian pamungkas, murid dibéré tugas néangan dongéng, terus sina
didongéngkeun hareupeun babaturanana. Tangtuna ogé dongéng basajan, boh eusina
boh basana, anu sakirana kahontal ku alam pikiran murid kelas III.
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
A. MACA BEDAS
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sangkan maruka buku anu midangkeun Pangajaran 8. Anu
rék dibaca ku murid téh téks dongéng, judulna “Gajah Éléh ku Sireum”. Dina
ieu dongéng, anu ngalalakon téh bangsa sasatoan, nyaéta gajah jeung sireum.
2 Sina dibaraca heula dina jero haté sangkan katangkep eusina. Ieu dongéng téh
ngagambarkeun kalakuan anu ngarugikeun batur dina ahirna bakal meunang
wawales. Eusina ngandung picontoeun enggoning ngadidik murid sangkan
boga sikep hadé, jeung kumaha laku lampah dina kahirupan sapopoé.
60 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
3. Guru nitah ka salah saurang murid pikeun maca éta karangan. Guru nyontoan
heula cara macana, dua-tilu paragraf. Sajeroning kitu, murid sina saregep
ngaregepkeunana.
4. Hiji karangan bisa dibaca ku tilu atawa opat murid, dibagilirkeun. Sangkan
kanyahoan tepi ka mana sikep dina ngaregepkeun, alusna murid anu dibéré
pancén maca téh dicékclok.
5. Mun katimbang perlu jeung waktuna nyukupan, sakabéh murid kudu
kabagian giliran maca. Saméméh pindah kana bagian séjénna, guru nanya
heula ngeunaan éta dongéng, tepi ka mana rasa resep anu tumuwuh dina diri
murid sanggeus ngabandungan eusina. Tumuwuhna ieu sikep penting pisan
pikeun ngipuk pendidikan morl atawa étika.
B. MACA BEDAS
No. Kagiatan
6. Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh dina nyangkem eusi dongéng, murid
sina ngajawab pertanyaan sacara lisan.
7. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha urang murid, terus
maranéhna sina nyieun babandingan antara hiji jawaban jeung jawaban
lianna. Guru kudu mukakeun lolongkrang sangkan murid bisa ngasongkeun
pamanggihna.
8. Pikeun padoman dina ngajén jawaban anu diasongkeun ku murid, bisa diténan
sakumaha ieu di handap.
1. Kumaha sikep gajah pédah ngarasa jadi sato panggedéna téh?
Jawaban: Sikepna sok asa aing, tara ngajénan ka sasatoan séjénna,
pangpangna ka sato leutik.
2. Naon sababna sireum ngarasa mindeng dikakaya ku gajah?
Jawaban: Sabab sayang sireum téh remen katincak ku gajah tepi ka ancur.
3. Sanggeus diomongan ku pamingpin sireum, naha gajah ngagugu?
Jawaban: Gajah henteu ngagugu kana omongan sireum.
4. Kumaha badamina sireum pikeun males ka gajah téh?
Jawaban: Sireum nyieun rencana rék males ka gajah.
5. Naon sababna lombang téh ditutupan ku régang jeung dangdaunan?
Jawaban: Sabab sangkan ku gajah teu katempoeun aya lombang.
6. Kumaha gajah téh barang ngaliwat ka luhureun lombang?
Jawaban: Leumpangna angger kawas sasari, teu nempo tincakeun.
Bab 2 Pituduh Husus 61
7. Sanggeus gajah asup kana lombang, terus dikumahakeun ku sireum?
Jawaban:Awak gajah terus ditapuk ku sireum, dicocoan, malah aya nu asup
kana panon, irung, jeung ceuli gajah.
8. Naon sababna gajah terus ampun-ampunan jeung ngaku éléh?
Jawaban: Sabab gajah teu bisaeun ngalawan.
9. Ti harita, kumaha sikep gajah téh lamun inget kana kalakuanana?
Jawaban: Gajah sadar kana kalakuanana nu mindeng ngarugikeun batur.
10. Ceuk pamanggih hidep, naon mangpaatna hirup ngahiji?
Jawaban: Lamun ngahiji bisa nimbulkeun kakuatan.
C. MACA DINA JERO HATÉ
No. Kagiatan
9. Dongéng anu kadua judulna “Emas Warisan Bapa”. Béda jeung dongéng
saméméhna, dina nu kadua mah palakuna téh jelema, ari eusina ngébréhkeun
kawajiban anak pikeun hormat ka kolotna. Eusina nyaritakeun tilu sadulur anu
dibéré amanat ku bapana pikeun néangan emas anu dikubur tukangeun imah
10. Murid sina muka buku pangajaran, terus guru nuduhkeun wacana anu kudu
dibaca dina jero haté. Geus kitu maranéhna sina ngamimitian maca. Guru
niténan kaayaan di jero kelas, bisi aya murid anu caliweura.
11. Ieu dongéng téh kaitung rada panjang, tur jalan caritana ogé teu salancar kawas
dina dongéng “Gajah Éléh ku Sireum”. Ku kituna waktu anu disayagikeun
pikeun macana ogé kudu rada panjang. Malah alusna mah maranéhna bisa
maca dua-tilu balikan, sangkan eusina enya-enya kacangkem.
12. Mun geus réngsé dibaca, murid dibéré tugas nyusun kalimah anu patali jeung
eusi éta dongéng. Ieu tugas alusna mah sina dipigawé di imah masing-masing.
Minggu hareupna dipariksa ku guru bari dibahas babarengan.
D. NYUSUN KALIMAH
No. Kagiatan
13. Dina buku pangajaran dipidangkeun béréndélan kecap anu kudu disusun jadi
kalimah. Ieu téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem dongéng
“Emas Warisan Bapa”.
14. Kalimah anu kudu disusun ku murid téh geus dicukangan heula ku sawatara
kecap awal anu geus disusun. Jadi murid mah ngan kari nuluykeun sangkan
kalimah anu disusunna anggeus atawa sampurna.
62 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
15. Hasil pagawéan murid dipariksa, terus dibahas babarengan. Pikeun padoman
guru dina mariksana, bisa dititénan sakumaha ieu di handap.
1. emas – keur – ngawaris – dikubur – di tukangeun – bapa – imah –
maranéh
Bapa ngawaris emas keur maranéh dikubur di tukangeun imah.
2. di lebah – henteu – mana – éta – diterangkeun – dikuburna – téh – ari
– emas
Henteu diterangkeun ari éta emas dikuburna téh di lebah mana.
3. ku bapana – sadudulur – Salhiam – emas – néangan – anu - dicaritakeun
Salhiam sadudulur néangan emas anu dicaritakeun ku bapana.
4. kapanggih – sakitu – dua minggu – geus – téh – ogé – henteu – waé –
emas
Sakitu geus dua minggu ogé emas téh henteu kapanggih waé.
5. percayaeun – Salwati – bapana – mun – ngabohong – tepi ka – henteu –
mah
Salwati mah henteu percayaeun mun bapana tepi ka ngabohong.
6. Salhapi – pagawéan – indit – nyiar – ka kota – rék – Salhiam – jeung –
pikeun
Salhiam jeung Salhapi rék indit ka kota pikeun nyiar pagawéan.
7. maculan – lebar ku – sabab – indit – Salwati – meunang – moal – mah –
lahan
Salwati mah moal indit sabab lebar ku lahan meunang maculan.
8. jagong – dipelakan – ku tiluan – ahirna – téh – maculan – meunang – lahan
Lahan meunang maculan téh ahirna dipelakan jagong ku tiluan.
9. hasil – jagong – panén – ka pasar – dijual – lobana – sawaréh – anu – sakitu
Jagong hasil panén anu sakitu lobana sawaréh dijual ka pasar.
10. yén – bener – téh – ahirna – omongan – ngaenyakeun – bapana –
maranéhna
Ahirna maranéhna ngaenyakeun yén omongan bapana téh bener.
E. NGABANDUNGAN PEDARAN JEUNG CONTO DONGXNG
No. Kagiatan
16. Anu dimaksud pedaran di dieu lan hrtina kudu mesék téori dongéng, tapi
cukup ukur nerangkeun saliwat naon anu dimaksud dongéng, katut conto-
contona.
Bab 2 Pituduh Husus 63
17.
Matéri pangajarn anu diterangkeun ku guru téh upamana kieu:
Dongéng téh rupa-rupa. Dongéng sasatoan di Sunda lolobana
dilalakonkeun ku kuya jeung monyét. Disebutna téh Sakadang Kuya jeung
Sakadang Monyét. Aya dongéng anu nyaritakeun ngala cabé, ngala cau,
jeung sajabana. Salian ti éta, aya deuih dongéng anu palakuna Sakadang
Peucang.
Ari anu palakuna jelema nyaéta dongéng Si Kabayan. Hidep gé tangtu
geus kungsi ngadéngé, nya? Dina dongéng Si Kabayan mah lolobana
eusina pikaseurieun.Aya dongéng anu nyaritakeun Si Kabayan ngala tutut,
ngala nangka, jeung sajabana.
Tujuan urang ngadéngékeun atawa maca dongéng téh pikeun hiburan.
Sajaba ti éta, dina dongéng téh sok aya conto anu kudu ditiru, jeung conto
anu kudu dijauhan. Dongéng “Gajah Éléh ku Sireum” némbongkeun yén
jeung papada mahluk kudu silih hargaan. Lamun henteu ngahargaan ka
batur, engkéna sok meunang wawales. Contona gajah anu sombong sabab
ngarasa jadi sato panggedéna. Gajah henteu ngahargaan ka sireum, da ceuk
panyangkana ukur sato leutik.Tapi najan enya gé leutik, lamun geus ngahiji
mah sireum téh jadi boga kakuatan, tepi ka bisa ngéléhkeun gajah.
Ari dina dongéng “Emas Warisan Bapa” diébréhkeun kanyaah kolot
ka barudakna. Kolot anu nyaah ka budakna lain hartina kudu ngogo,
tapi kudu ngadidik sangkan bisa hirup sorangan atawa hirup mandiri.
Bapa Dulmanan ngadidik barudakna sangkan daék digawé. Tadina mah
barudakna nyangka yén Bapa Dulmanan ngawariskeun emas. Padahal anu
dimaksud emas dina éta dongéng téh kakayaan atawa harta banda hasil
tina digawé.Anu dimaksud digawé dina éta dongéng nyaéta ngolah lahan,
terus dipelakan ku tatangkalan anu bisa ngahasilkeun. Lamun teu digawé,
éta harta banda téh moal aya.
18. Sanggeus diterangkeun, dipiharep timbul karesep kana dongéng. Murid
mampu ngaprésiasi dongéng anu ditepikeun ka marnéhna. Malah mun bisa
mah henteu ngan saukur resep wungkul, tapi deuih bisa nangkep rupa-rupa
conto kalakuan anu aya dina éta dongéng.
19. Pikeun ngalengkepan conto séjénna, murid sina maca dongéng katilu, judulna
“Mang Juhéb Dagang Kerepus”. Macana bisa dibedaskeun, bisa deuih dina
jero haté. Ieu dongéng téh pikeun panglipur kalbu, pangbeberah manah.
20. Boh maca boh ngabandungan,dipiharep murid bisa nangkep eusi ieu dongéng,
sabab aya patalina jeung tugas sapandeurieunana.
64 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
21. Alus pisn mun di antara murid aya nu bisaeun ngadongéngkeun deui hareupeun
batur sakelasna. Sina ngadongéng di hareup, dibarandungan ku anu séjén.
F. NGALENGKEPAN KALIMAH
No. Kagiatan
22. Patali jeung dongéng “Mang Juhéb Dagang Kerepus”, pikeun ngukur
kamampuh murid dina nyangkem pedaran guru jeung eusi éta dongéng,
maranéhna dibéré tugas ngalengkepan kalimah ku cara milih jawaban tina nu
geus disadiakeun
23. Murid migawé itu tugas téh dina buku tulis. Hasil pagawéan maranéhna terus
dibahas babarengan. Pikeun padoman dina ngabahas pagawéan murid, bisa
dititénan ieu di handap
1. Sasatoan anu mindeng ngalalakon dina dongéng Sunda nyaéta ________
a. kuya jeung monyét
2. Eusi dongéng Si Kabayan téh lolobana nyaritakeun anu _____________
b. pikaseurieun
3. Sajaba ti pikeun hiburan, dina dongéng téh ngandung ______________
c. picontoeun
4. Dina dongéng “Emas Warisan Bapa” ngébréhkeun yen urang _________
b. kudu daék digawé
5. Dina dongéng Mang Juhéb dicaritakeun yén manéhna téh __________
b. tukang dagang kopéah
6. Mang Juhéb dagangna teu payu, sabab harita téh __________________
a. keur usum paceklik
7. Mang Juhéb kasaréan di handapeun tangkal kiara, sabab _____________
a. ngarasa lungsé
8. Waktu hudang Mang Juhéb ngarasa kagét sabab ___________________
b. daganganana euweuh
9. Kopéah dagangan Mang Juhéb téh singhoréng ____________________
c. diparaké ku monyét
10. Bakat ku keuheul, ahirna Mang Juhéb ngabantingkeun ______________
a. kopéah nu dipakéna
Bab 2 Pituduh Husus 65
G. MIGAWÉ PANCÉN
No. Kagiatan
24. Murid dibéré tugas néangan dongéng séjénna. Dongéng anu basajan waé.
Maranéhna bisa néangan tina buku dongéng, atawa tina majalah/koran basa
Sunda. Lian ti éta, bisa deuih nanyakeun ka kolotna, ka lanceukna, atawa ka
saha waé anu sakirana barogaeun dongéng Sunda.
25. Carana ku guru dijelaskeun heula.Lamun dongéngna meunang ngadéngékeun,
kudu dicatet dina buku tulis. Teu kudu panjang-panjang. Minggu hareupna,
dongéng meunang nyatetkeun téh sina dibaca di hareupeun kelas.
26. Murid dititah ngadongéng di hareupeun kelas. Alus pisan mun tepi ka bisa
ditalar, lain dibaca. Saban murid nu ngadongéng, ku guru dipeunteun. Alus
pisan mun dina saréngséna téh murid disina ngadiskusikeun dongéng anu tas
dibarandunganana.
66 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
PANGAJARAN 9
Tema : Miara Lingkungan
Bahan : Téks Sajak
Waktu : 3 minggu
Téma miara lingkungan dina pangajaran ayeuna téh pikeun numuwuhkeun sikep
murid salaku mahluk Gusti Alloh anu boga pancén ngariksa lingkungan tempat hirupna.
Ieu téma diwadahan dina téks winangun sajak. Murid dilatih maca éndah, anu maksudna
pikeun aprésiasi. Kumaha carana murid bisa paham kana eusi sajak. Lian ti éta, maranéhna
dilatih nulis sajak deuih, najan karék dina tatahapan anu basajan.
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
A. MACA ÉNDAH
No. Kagiatan
1. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana maca éndah, ngaliwatan
karya sastra winangun sajak. Naon ari anu dimaksud maca éndah, pedaranana
bisa dititénan dina bab saméméhna anu nerangkeun rupa-rupa maca.
2. Maca éndah dina pangajaran ayeuna tangtu waé ukur dina tatahapan basajan,
diluyukeun jeung kamampuh murid kelas III SD. Lantaran anu dibacana
winangun sajak, anu dimaksud maca éndah di dieu téh ukur sawates bener tur
merenah, ngawengku dina artikulasina jeung dina lentongna, tacan tepi kana
tatahapan maca pikeun neleuman karya sastra sacara gembleng.
3. Saluyu jeung téma anu ditangtukeun dina KI-KD, eusi sajak anu
dipidangkeun pikeun dibaca éndah téh medar perkara miara lingkungan.
Demi sajakna ditulis dina wangun anu basajan. Sapadana diwangun ku opat
jajar, jeung saban jajarna diwangun ku dalapan engang. Cindekna téh sajak
anu mangrupa sa’ir. Aya anu purwakantina a-a-a-a, a-b-a-b, jeung a-b-b-a.
4. Sajak kahiji judulna “Tatar Sunda”, ari sajak kadua judulna “Usum Panén”, tur
masing-masing diwangun ku opat padalisan.
5. Éta sajak anu dua téh ku murid sina dibaraca heula dina jero haté sangkan
eusina bisa kajugjugan atawa katangkep.
Bab 2 Pituduh Husus 67
6. Guru méré conto kumaha prak-prakan maca éta sajak, murid sina
ngabarandungan. Ku guru dibaca heula sabalikan. Mimiti sajak anu kahiji
heula.
7. Guru maca sapada, sina diturutan ku kabéh murid. Lamun geus réngsé méré
conto opat pada, kakara murid dipentés sina maca éndah.
8. Murid maca éndah saurang-saurang,anu séjénna sina ngabarandungan.Ngarah
saréréa meunang giliran, teu nanaon mun saban murid ukur maca sapada tepi
ka dua pada ogé.
9. Saban murid maca sajak,ku guru kudu diperhatikeun,saha anu macana dianggap
geus bener tur merenah. Nya murid anu macana geus bener ur merenah ieu
anu dipentés sina maca sajak sagemblengna, di hareupeun babaturanana.
10. Saterusna maca éndah téh pindah ka sajak anu kadua. Anu ieu mah pola
engangna rada béda ti sajak kahiji. Dina pada katilu, aya jajaran anu ngan ukur
diwwangun ku opat engang.
11. Dina maca sajak kadua, mun salah saurang murid keur maca, alusna aya bagian
anu sina dibaca babarengan atawa rampak, nyaéta pada katilu, nyaéta lebah:
Sieuh, sieuh
manuk ulah rék nyampeurkeun
hoyah, hoyah
manuk ka ditu nyaringkah
B. NGAJAWAB PANANYA
No. Kagiatan
12. Najan kagiatan utamana maca éndah, tapi tangtu waé dipiharep murid bisa
nangkep eusina. Ku kituna, maranéhna ngarti kana maksud anu dikandung
dina éta dua sajak.
13. Saréngséna maca sajak, guru nerangkeun perkara eusina. Dina sajak kahiji,
eusina nyaritakeun alam di Tatar Sunda anu kiwari geus robah. Alam geus
diganggu ku pamolah jalma-jalma, tepi ka anu tadina éndah téh ayeuna mah
ngan kari nineungna waé. Ngamumulé alam téh jadi kawajiban urang saréréa.
Dina sajak kadua, eusina nyaritakeun kaayaan di sawah dina rék datang usum
panén. Pikeun patani, usum panén téh matak bungah, sabab hasil capé gawé
salila molah sawah bakal gancang kaala. Ku kituna wajib ngucapkeun sukur
alhamdulillah.
68 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
14. Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi sajak, murid dipentés sina
ngajawab pertanyaan. Saban murid sina ngajawab, dibagilirkeun. Bisa waé hiji
pertanyaan sina dijawab ku sababaraha murid.
15. Jawaban anu diasongkeun ku murid sacara lisan, terus dibahas babarengan.
Pikeun padomanana, bisa dititénan ieu di handap.
Sajak 1
1. Naon sababna Tatar Sunda anu gemah ripah ayeuna geus robah?
Sabab kiwari geus robah alamna.
2. Saha anu boga gawéna tepi ka kaayaan Tatar Sunda téh jadi kitu?
Anu boga gawéna téh jalma.
3. Geus robah jadi kumaha walungan anu asalna caina hérang téh?
Ayeuna mah caina kiruh.
4. Naon atuh anu nyésa tina éndahna pamandangan alam téh?
Ukur nyésakeun kawaas.
5. Naon sababna gunung téh ayeuna mah jadi loba anu bulistir?
Sabab tatangkalanana dituaran.
6. Kawajiban saha ngamumulé Tatar Sunda téh?
Kawajiban urang saréréa.
7. Tepi ka iraha urang kudu mikanyaah Tatar Sunda téh?
Tepi ka mangsa jaga.
8. Kumaha ari kaayaan lingkungan di sabudeureun hidep cicing?
Jawabanana dipasrahkeun ka murid.
Sajak 2
1. Kumaha kaayaan sawah di tutugan gunung téh?
Paréna mimiti konéng.
2. Naon sababna patani moal ngarasa kaduhung?
Sabab téréh cunduk usum panén.
3. Ari barudak di saung ranggon téh keur naraon?
Keur ngagebahan manuk.
4. Naon sababna manuk maké diusir sina nyaringkah?
Sabab bisi ngahakanan paré.
Bab 2 Pituduh Husus 69
5. Manuk naon waé anu sok daratang ka sawah téh?
Manuk piit, galéjra, jeung bondol.
6. Naon hasilna ladang késang capé gawé patani téh?
Sawah ngahasilkeun paré.
7. Kudu ngucapkeun naon ku ayana hal éta téh?
Kudu ngucapkeun alhamdulillah.
8. Ari di sabudeureun hidep cicing aya sawah? Pék caritakeun.
Jawabanana dipasrahkeun ka murid.
C. NGABANDUNGAN PEDARAN MIARA LINGKUNGAN
No. Kagiatan
16. Pikeun nambahan kaweruh murid ngeunaan miara lingkungan, guru
nerangkeun matéri anu ngungkab hal éta. Tujuanan utamana nyaéta sangkan
murid engeuh kana kaayaan dirina salaku mahluk anu pangmulyana di ieu
bumi, tur ku Gusti Alloh dibéré pancén pikeun miara alam.
17. Pedaran guru ngeunaan miara lingkungan dicukangan ku hiji wacana anu
judulna“Leuweung Sancang Ruksak Parna”.Ieu wacana cukup ku dibaca waé,
dibedaskeun, murid sina ngabarandungan. Eusina nerangkeun yén kaayaan di
Leuweung Sancang téh ayeuna mah geus ruksak ku sabab pamolah jalma.
Leuweung di tempat séjénna ogé beunang disebutkeun kitu deuih, kaayaanana
geus ruksak. Tur padahal lamun leuweung ruuksak, hartina kahirupan urang
ogé bakal kaganggu.
18. Ngarah saimbang, guru kudu nerangkeun yén aya ogé jalma anu iklas miara
lingkungan. Hal ieu sakumaha anu diébréhkeun dina wacana “Lauk Kancra
di Darmaloka”. Dijurung ku rasa tanggung jawab, Bapa Jaénudin miara
lingkungan nu mangrupa obyék wisata Darmaloka anu perenahna aya di
wewengkon Kabupatén Kuningan.
19. Satutasna ngabandungan pedaran guru ngeunaan miara lingkungan, murid
dipentés sina migawé sual anu patali jeung matéri pedaran.
70 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
D. NGALENGKEPAN KALIMAH
No. Kagiatan
20. Murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah ku kecap anu geus disayagikeun.
Sakabéh kalimah anu kudu dilengkepan téh eusina patali jeung miara
lingkungan.
21. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dina minggu hareupna ku
guru dipariksa, terus dibahas babarengan, jeung dipeunteun.
22. Pikeun ppadoman guru dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap.
Kecap anu kudu dieusikeun kana saban kalimah:
1. d. mahluk 11. g. polusi
2. e. miara 12. m. runtah
3. a. alam 13. h. pelastik
4. i. pakidulan 14. k. lingkungan
5. b. kaboa 15. l. kuncén
6. j. cagar alam 16. n. kancra
7. c. manusa 17. t. sumber
8. r. sasatoan 18. q. jasa
9. s. dunya 19. p. wisatawan
10. f. leuweung 20. o. mulya
E. MAHAMKEUN SAJAK
No. Kagiatan
23. Matéri ieu pangajaran téh pikeun ngawanohkeun naon anu disebut sajak,
sanggeusna dina pangajaran saméméhna aya kagiatan maca éndah sajak. Ku
sabab kitu, guru kudu nerangkeun perkara sajak. Teu kudu jero, tapi cukup
ukur pedaran saulas waé, sangkan murid bisa ngabédakeun mana sajak, jeung
mana anu lain sajak.
Bab 2 Pituduh Husus 71
24. Guru nyutat salah sahiji pada tina sajak kahiji anu judulna “Tatar Sunda”,
nyaéta pada
Kaéndahan pamandangan
walungan hérang ngagenyas
ayeuna kari kenangan
ukur nyésakeun kawaas
Guru nerangkeun naon anu dimaksud pada dina sajak, yén dina sapada téh
diwangun ku opat padalisan,jeung naon anu disebut purwakanti dina tungtung
padalisan.
25. Ti dinya guru kudu ngabandingan,eusi anu sarua,tapi ditullis dina dua wangun
anu béda, nyaéta anu winangun sajak jeung anu dina basa lancaran. Hal ieu
geus ditétélakeun dina buku pangajaran.
26. Pedaran guru dina mahamkeun sajak téh minangka pikeun nyukangan murid
sina latihan ngarang atawa nulis sajak.
F. NULIS SAJAK
No. Kagiatan
27. Guru ngamotivasi murid sangkan maranéhna aya karep nulis atawa ngarang
sajak. Anu dimaksud ngarang di dieu ukur dina tatahapan munggaran. Anu
penting mah maranéhna aya karep ngarang enggoning ngébréhkeun kereteg
batinna séwang-séwangan. Anu jadi obyék tulisan maranéhna dipedar heula.
Upamana waé sajak anu eusina nyaritakeun kaéndahan alam, kaayaan di sakola,
rasa nyaah ka lemah cai, pangalaman anu pikabungaheun, atawa pangalaman
anu pikasediheun.
28. Dina ngamotivasi téh bisa waé ku ngaliwatan heula gambar. Upamana guru
némbongkeun kaayaan di sisi basisir. Guru tumanya ka murid, aya perasaan
naon sanggeusna nempo éta gambar? Cing pék ku hidep sebutkeun. Tina
nyebutkeun, terus dilalanyahan sina nuliskeun sakur perasaan anu ngancik dina
dirina, sakumaha anu aya dina buku pangajaran.
29. Saterusna guru némbongkeun gambar séjénna anu ngébréhkeun kaayaan di
suku gunung. Prak-prakanana mah teu béda ti nu geus dilaksanakeun bieu
waé. Conto sajak ngeunaan kaéndahan atawa lalampahan ulin ka gunung
sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran.
72 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
30. Dina tahap munggaran, tugas nulis sajak anu dibikeun ka murid téh cukup ku
ngalengkepan jajaran wungkul, ku kecap-kecap anu geus disayagikeun. Éta
tugas pikeun migawé sajak kahiji, judulna “Di Sakola”.Ari pikeun sajak kadua
mah murid sina néangan kecap sorangan.
31. Ieu tugas téh sina dipigawé di imah masing-masing. Hasil pagawéan murid
dibahas babarengan, terus saban sajak anu ditulis ku maranéhna sina dibaca
éndah hareupeun kelas, dibarandungan ku anu lian. Sajak anu ditulis ku murid
téh kudu terus dipeunteun.
32. Pikeun padoman guru dina meunteunna,bisa dititénan sajak anu aya di handap.
Ieu mah sakadar pikeun babandinganana waé.
Sajak 1
Di sakola nyiar élmu
diaping ku para guru
élmu anu mangpaat
keur bekel dunya ahérat
Masing getol kudu rajin
kadé kaliwat ngapalkeun
saban poé pék disiplin
naséhat guru regepkeun
Sajak 2
Ulin ka kebon binatang
haté téh ngarasa senang
loba sasatoan galak
dina kandang teu ngalencar
Sato kabeukina daging
maung nu kitu ngaranna
ari nu bogaeun sihung
apan gajah katelahna
Nempo manuk rupa-rupa
dina dahan disarada
disarada suka bungah
alam asa tambah éndah
Bab 2 Pituduh Husus 73
G. NGAPALKEUN HARTI KECAP
No. Kagiatan
33. Pangajaran dina ieu bagian téh pikeun ngalegaan kaweruh murid ngeunaan
kabeungharan basa Sunda.
34. Kecap-kecap anu diterangkeun téh meunang nyutat tina wacana atawa pedaran
saméméhna. Sina dibaraca dina jero haté, tepi ka maranéhna apal kana sakur
kecap reujeung hartina.
35. Ku guru dipentés sangkan murid nerangkeun hartina, bagilir saurang-saurang,
anu séjénna sina ngabarandungan.
74 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
3Bab
Pituduh
Meunteun
A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM)
1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid.
2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah
komonén dina unggal pangajaran.
3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna.
4. Conto rubrik KKM Pangajaran 8
Kritéria Katutasan Minimal (KKM)
Kritéria Meunteun Katerangan Tutas
Enggeus Encan
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN
B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN
C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN
D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN
E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN
F. NGALARAPKEUN KECAP
G. NEMBANGKEUN PUPUH
B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)
Kritéria ALus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1)
Ngaregepkeun Api lain
Saregep Kurang saregep
Api lain
Komunikasi non- Ngaréspon Kurang réspon
verbal
Ilubiung AKtif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun
Omongan Nepikeun Nepikeun Cicingeun
pamadegan pamadegan kurang
ngaruntuy ngaruntuy
76 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Katerangan:
1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun.
2. Cara meunteun : Total peunteun
____________ x 10
12
3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8
____________ x 10 = ____ = 6,7
12 12
C. Rubrik Meunteun Sikep
No. Sikep Encan Mimiti Mimiti Dibiasakeun Kat.
écés écés Mekar
1. Taliti
2. Tanggung jawab
3. Disiplin
4. Jujur
5. Santun
6. Peduli
7. Percaya diri
D. Rubrik Meunteun Latihan
1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana.
2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10.
3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.
Bab 3 Pituduh Meunteun 77
E. Daftar Peunteun Murid
(Kaweruh jeung Kaparigelan)
No. Ngaran 1 Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran 9 M
Murid 2345678
1.
2.
3.
4.
5.
F. Refleksi Guru
Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna,
guru kudu ngajawab pananya ieu di handap.
1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup?
Kumaha léngkah-léngkahna?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................
78 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
G. Glosarium = taliti
= balikan
apik = apik
balénan = apik tur beresih
berséka = gundul
berséka = goréng
buleneng = goréng
buruk = caang ngebrak, caang pisan
butut = pinter nyarita
caangna mabra = ciciptaan, diwangun tina kecap cipta ditambah Rdp+-an,
capétang
ciciptan jieunan
= eunteup, cicing
cindeten = cai nu tuluy kaluar tina jero taneuh, biasana dina gawir
cinyusu = jail, julig, resep nyilakakeun batur
culika = ménak
dalém = rupa-rupa daun
dangdaunan = dibenerkeun
diomékeun = dibére kahakanan
diparaban = diwangun tina kecap séngléd ditambah rarangkén gabung
disénglédkeun
di-+-keun, hartina diangsrodkeun ka luhur.
diundeur = daun nu dipetik pucungna wungkul
gemuk = pupuk
genaheun = ngeunaheun
getén = tulatén,némbohkeun rasa nyaah ku mindeng ngalongokan/
geuwat ngurus
gurunggusuh = gancang
guyub = gagancangan
harééng = akur
jaligrah = muriang, paranas turus
janari = arataoh, barungah
jarian = waktu samémeh subuh
kabuyutan = juru buruan pamiceunan runtah
= diwangun tina kecap buyut jeung rarangkén barung ka—an,
kakaut
kalam pancakaki kalima ka luhur atawa turunan katilu; kabuyutan
kaniaya hartina karamat.
= kokoét ku kuku
= péna, alat paranti nulis maké mangsi
= telenges, nganyenyeri
Glosarium 79
kecap bilangan panangtu = kecap nu nangtukeun wanda bilangan urang keur jalma:
Barudak téh aya lima urang., turuy keur cau: Cau téh aya
lima turuy., Perékét keur jéngkol: Cing ngala jéngkol lima
pérékét mah.
kokocok = kukumbah leungeun
kujur = awak, badan
lagondi = laban, ngaran tangkal nu kaina sok diaréng, daunna dipaké
ubar.
lalawora = gagabah, ceroboh
layeut = sauyunan, tara pasé
lebar = nyaah
makayakeun = makayakeun, diwangun tina kecap pakaya (harta) jeung
rarangkén gabung N-+-keun, hartina matéahkeun atawa
ngokolakeun
melid = males
meuheuy = leubeut buahna
mimitran = mimitraan, duduluran, sosobatan
mindeng = sering
moyan = cicing di nu panas kira-kita jam 8-an sangkan awak teu
katirisan
muncugug = nonjol ka luhur
mupus = ngaberesihan
nandangan = ngalaman
ngahiliwir = diwangun tina kecap hiliwir dirarangkénan hareup di-, niup
lalaunan (angin)
ngarandeg = eureun
ngémploh = dangdaunan anu gomplok
ngingu = miara sasatoan
ngukut = miara sasatoan
nyoréndang = nyalindangkeun kantong kana taktak
océs = bangor, teu daék cicing
odoh = jorok, lodroh
omat-omatan = wanti-wanti
ompong = euweuh huntuan
osok = sok, biasa
pacilingan = pamiceunan, sarua gunana jeung toilét, tapi aya di balong.
pamandangan = panénjoan, panorama
panganggo = papakéan
pangaweruh = kaweruh, kanyaho, pengetahuan (B. Ind)
papanggé = golodog, babancik
80 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
pasapon = pasapuan, diwangun tina kecap sapu jeung rarangken barung
pa—an
pinanggih
= diwangun tina kecap panggih dirarangkénan tengah –in-,
poék mongkléng papanggih
rarat-rérét = poék meredong, poék pisan teu katémbong curuk-curuk
raresik acan
réngsé
rikat = nempo ka kénca ka katuhu ku juru panon
sabilulungan = beresih, bérés sarta alus
saged = anggeus
sasarap = tangginas, cepet dina sagala rupa gerak
satengahing = babarengan, sauyunan
sauyunan = siap-siap, sayaga
sayaga = dahar isuk-isuk
silih asah = tengah-tengah
silih asih = babarengan
silih asuh = siap-siap
sirik pidik = silih béré kanyaho atawa pangalaman
sobat dalit = silih pikanyaah
soméah = silih aping, silih bimbing
soson-soson = dengki
srangéngé = babaturan deukeut
suhud = handap asor
susuci = enya-enya, daria, giat
tambarakan = panonpoé
tapis = getol, rajin
tarapti = beberesih awak
tengi = sagala didahar
tigin = parigel, mahér
tiis tingtrim = bérés, sagala sadia pikeun indit
tingkarelip = hapeuk
tumuwuh = tukuh, kukuh, pageuh
tutuwuhan = adem ayeum
= tingcarélak, cahaya kucap-kiceup tina jarak anu jauh
uluk salam = diwangun tina kecap tuwuh dirarangkéna hareup di-, jadi.
= diwangun tina kecap tuwuh ditambah Rdp+-an, sakur tangkal
nu
= ngucapkeun salam “assalamualaikum”
Glosarium 81
DAPTAR PUSTAKA
Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat.
Hadi,Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya.
Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya.
Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi
Jawa Barat.
Wibisana,Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya.
Bandung: SPs UPI.
82 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
CATETAN
....................................................................................................................................

...................................................................................................................................

.....................................................................................................................................
Glosarium 83

84 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III