SUMANGET DI AJAR
latihan u.s
yuuk
JELAS BAHASA SUNDA R Titin K
Amir : Pan urang tèh aya tugas sakola kudu nyieun karajinan,
kumaha aya anu boga usul?
Beni : Kumaha lamun nyieun tempat tissue tina kertas koran
urut?
Caca : Enya bener èta alus, naha sabaraha urang kitu
sakelompokna?
Beni : Pan kudu tiluan, jadi urang tiluan,kuring, Beni, jeung
Caca
Caca : Enya atuh, iraha jeung rek di mana nyieun èta karajinan
tèh?
Amir : Alusna mah isukan waè, pan kudu dikumpulkeun
minggu hareup
Caca : Enya atuh alusna mah di imah Amir, ambeh leuwih
deket ti imah kuring naon baè
atuh anu diperlukeun?
Amir : Nya paling ogè masing-masing mawa koran urut jeungn
udunan lima rebuan keur
meuli tipung aci jeung bahan-bahan nu lianna.
Beni : Enya atuh urang langsung waè isukan balik ti sakola ka
imah amir. EUSI TINA PAGUNEMAN DI LUHUR
NYAETA...
sebutkeun
hidep sebutkeun fungsi
sosial tina jenis kaulinan
boy-boyan
upload
Cari conto iklan layanan
masyarakat ngeunaan
pendidikan !
susun
Pek baca ku hidep pangalaman pribadi ieu di handap anu sacara acak!
a.Abdi sareng si andi ahirna uih deui teu jadi nganterkeun baju batik éta, padahal baju
éta téh badé dianggo énjingna ku si dinda. Énjingna, ahirna si dinda ogé anu neangkeun
ka bumi énjing-énjing kénéh, di dinya abdi nyaritakeun kajadian weungi éta, tapi si
dinda ngan ukur ngajawab “oh muhun” hungkul, jiga teu ngarasa sieunen saetik-etik
acan.
b. Abdi gé di titah si andi, saurna abdi baé anu ngajajapkeun baju éta mapah ka bumina
si dinda, da kaparengan ari bumina téh caket sareng kuburan, mani jempling naker basa
weungi éta téh, da puguhan tos weungi ongkoh merennya?
c. Dina malem jum’aah sakitaran jam 10 peting, abdi sareng babaturan abdi nu
namina
si andi harita téh badé nuju ngajajapkeun baju batik ka bumina si dinda naék motor dua-
an. Da puguhan jalan-na asup ka gang leutik kacida, barang rék neupi ka bumina si
dinda jadina abdi anu nganterkeunana ka jéro.
d. Teu lila abdi ogé mapah nuju ka bumina sosorangan, basa abdi keur mapah abdi
jenis dongeng naon ieu
!“Nyai Putri Gilang Rinukmi, mangga tampi bari dianggo ieu hadiah ti Ama
sareng ti Ibu.” Kitu kasauran Nyi Mas Prabu Purbamanah bari nganggokeun
kongkorong permata téa. Tapi éstu jauh ti sangka jalma sanagara anu
nyaksian éta kajadian, Nyi Putri lain atoh dipéstakeun dihadihan téh, ieu
mah malah jamedud, rarayna ngageunteu kawas beusi atah beuleum bari
panangan ngarawél kongkorong, dijambrét bari dibalangkeun kaburuan
karaton.Ningali kalakuan putrana kitu, Nyi Mas Prabu Purbamanah teu
kinten isin sareng benduna asa diwiwirang hareupeun rahayat. Teu kiat
nahan bendu sareng isin, Nyi Mas Purbamanah nangis kanyeunyeurian,
cisocana murubut salirana leuleus ngarumpuyuk nyuuh diburuan bari
sasauran ka putrana, “aduh Nyai ulah kitu-kitu teuing. Bet kitu nya lampah.
Teu sangka ku sepi harti. Boga lampah nu minculak. Ieu Ibu bangeut isin
hate peurih. Diwiwirang anak. Teu sangka mopokan tai. Hareupeun kabeh
rahayat. Ibu seja miharep wawales Gusti. Azab nu doraka. Cilaka anak teu
bakti. Moal bagja salawasna.”Ti harita, teu aya nu nganyahokeun, salira Nyi
Mas Prabu les leungit ngilang tanpa karana, sarta tina lebah Nyi Mas Prabu
Purbamanah nyuuh ngaburial cai hérang ngagenyas anu beuki lila beuki
gedé sarta terus ngajumbleng ngajadi hiji talaga anu warna caina sok
robah-robah rupana sakapeung beureum, héjo, konéng atawa hérang
ngagenyas.Tah éta talaga katelah nepi ka ayeuna Talaga Warna anu
pernahna di Puncak, kurang leuwih dua ratus meter katuhueun jalan mobil
Bandung-Jakarta.Jenis dongéng dina sempalan ieu dongéng nya éta ...
sebutkeun Sora tembakan moal anjeun
tema ! hiraukeun
pikeun ngabela bangsa
indonesian nu bebas tina
panjajahan
Harta sarta nyawa anjeun
korbankeun
Moal pernah gentar pikeun
ngusir para panjajah
Mugi sumanget joang nu harita
anjeun wariskeun
tiasa dirasakeun nungtun
bangsa nu leuwih maju
Tema anu merenah pikeun
sajak di luhur nyaeta ....
sebutkeun !
Nabi urang sadayana
Kangjeng nabi anu Mulya
Muhamad jenenganana
Arab quraes nya bangsanya
Ramana Sayid Abdullah
Ibuna SIti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah
Wengi Senèn taun gajah
Eusi pupujian di luhur Aya patalina jeung ...
tulisan wilujeng enjing anu
bener nyaeta
sebutkeun
Teu honcéwang
sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lari rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Ikhlas ridho keur korban merdéka
Eusi kawih diluhur nyaéta ....
Naon anu di
maksud
warta
objektif ..?
pilih nu Cita-cita mun hayang ngajadi
bener ! Diajar sing getol
Najan bangga ulah sok talangké
Tong kagoda ku nu matak rugi
Sangkan sugih mukti
Subur pangaweruh
Dumasar kana guru wilang, guru lagu
sarta watekna, éta téks guguritan téh
maké patokan pupuh ….
A.Durma
B.Asmarandana
C.Kinanti
D.Mijil
pilih nu naon bedana rarakitan jeung paparikan
bener ! ....
A.aya dina kecap-kecap anu diulang.
B.Aya dina awal kecap jeung padalisan
sejen anu beda.
C.Aya dina strukturna.
D.Teu aya bedana.
susun
Ieu di handap rangkay susunan acara
1. Bubuka
2. Du’a/ tutup
3. Hiburan
4. Sanduk-sanduk ti Pupuhu Panata
Calagara
5. Pangdeueul ti Pupuhu Komite Sakola
6. Pangdeudeul ti Pupuhu SMP Widya
Mandiri
7. Acara inti Paturay Tineung Kelas IX
Rangkay susunan acara Paturay Tineung
nu merenah nyaéta ....
Artikel anu di tulis
dimimitian tina hal - hal
umum tuluy kana hal-hal
husus disebut …
A.Induksi
B.Deduksi
C.Atraksi
D.Deskripsi
susun nu bener!
di handap ieu susunan laporan
kagiatan
1. Pamilon
2. Kagiatan
3. Panutup
4. Bubuka
5. Waktu jeung Tempat
6. Waragad
Susunan Laporan anu merenah
nyaéta …
Tunjukeun
Sakitu anu kapihatur. Boh bilih
langkung saur bahé carék, bobo
sapanon carang sapakan,
hapunten anu kasuhun.
Ungkara di luhur biasana dipaké
dina bagian ....
A. Bubuka biantara
B. Panutup biantara
C. Salam biantara
D. Eusi biantara
aya istilah hateup dina
kampung adat sunda
ngandung harti ….
jelaskeun...!
Sebutkeun urutanna...!
Dumasar kana gambar di
gigir , urutan anu bener tina
ngaran-ngaran suhunan
adat Sunda ti nomer hiji ka
nomer genep nyaéta ....
Kang Dadang ngahuleung tapi
ngaraos gumbira kacida teu sangka
bakal dibere duit ku dunungan nu
sakitu lobana, kang Dadang ngaraos
asa ditonjok congcot.Kalimah "asa
ditonjok congcot" kaasup kana ...
A.Babasan
B.Cacandraan
C.Paribasa
D.Caturangga
.Karunya budak tèh jadi … sabab
indungna galak teuing.Babasan
pikeun ngalengkepan kalimah di
luhur nyaéta ...
A.Hulu peutieun
B.pucuk awian
C.Tinggar kalongeun
D.Kokolot begog
Jadi jalma mah ulah abong beunghar
tuluy ... ké batur teu
raresepeun.Babasan nu mana nu
cocog pikeun ngalengkepan kalimah
di luhur nya éta ...
A.Panjang leungeun
B.Hampang birit
C.Gede hulu
D.Amis budi
Ceuk indungna si Jaka, ari si Jaka
mah gawè na teh tara beutaheun, sok
pundah pindah wae. Babasan nu
leres keur kaayaan carita di luhur
nyaèta...
A.Kurung Batok
B.Hejo tihang
C.Jalma Atah Warah
D.Hampang birit
(panon poè geus rada luhur, kira-kira
wanci rumangsang, si Kabayan can usik
kènèh. Pagawéanana ngalageday dina
balé bari ngagéré ceulina ku bulu hayam.
Kayaan kitu téh matak keuheul pikeun
Nyi Iteung).
Bagian drama di luhur kaasup kana ....
A.Monolog
B.Dialog
C.Prolog
D.Epilog
Si Kabayan : (bari leuleuy jeung
ngahajakeun). "Eeeehhh, kunaon ari
Nyai? Mani tara aya kabosen kana
ambek-ambekan tèh, teu isuk, teu
beurang, teu sorè, mani euweuh
eureunna. Ulah kitu, Nyai, matak tèrèh
kolot, kè!"Nyi Iteung: "Yeuh Akang. Nyai
mah, asa ku kaluman tuda, boga salaki
teh meuni euweuh pisan gawèna. Ngala-
ngala suluh atuh!"
Potongan drama di luhur disebut
bagian ....